You are on page 1of 52

Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

PANGAJARAN 1:
NGAREGEPKEUN BIANTARA
A. BUBUKA

I. Deskripsi
Modul ngaregepkeun biantara nya éta modul nu pangmimitina dina diajar basa Sunda
tingkat SMA. Standar kompetensina nya éta mampuh ngaregepkeun, maham, jeung méré
tanggapan kana rupa-rupa wacana lisan nu mangrupa biantara jeung siaran radio/televisi.
Kompeténsi dasarna nya éta ngaregepkeun eusi biantara. Indikatorna nya éta ngaregepkeun
biantara kalayan sumanget, nyatetkeun kekecapan nu digunakeun dina biantara, nyaritakeun
deui eusi biantara ku basa sorangan, méré kamandang kana basa Sunda nu dipaké dina
biantara, jeung nyieun eusi biantara sorangan.

II. Pituduh ngagunakeun modul


1)Pituduh pikeun murid
a. Saacan diajar ngagunakeun ieu modul, hidep kudu ngadéngékeun heula
pituduh ti guru, hidep ogé kudu maca jeung maham kana uraian matéri.
b. Pikeun ngajaga karapihan jeung kaberesihan modul, hidep migawé modul dina
buku tulis.
c. Mun aya poko bahasan atawa kecap nu teu kaharti, bisa langsung ningali kana
kamus atawa tatanya ka guru basa Sunda.
2)Peran Guru
a. Mantuan murid dina ngararancang prosés diajar.
b. Ngabingbing murid dina nyangharepan pancén modul.
c. Mantuan murid sangkan bisa maham kana konsép.
d. Mantuan murid dina ngaaksés sumber anu lian pikeun diajar.
e. Ngabingbing murid dina nyieun kelompok diajar.
f. Méré penilaian.
g. Méré penjelasan ngeunaan matéri anu can meneran.
h. Nyatetkeun kamajuan diajar murid.

III. Tujuan Ahir


Kinérja nu dipiharep nya éta murid kudu bisa maham kana eusi biantara bari tuluy
nyieun téks biantara sorangan, ogé maham kana babasan jeung paribasa nu digunakeun dina
naskah biantara.

IV. Cék Kamampuh


1) Lamun hidep dipenta sangkan ngenalkeun diri ka guru di hareupeun kelas,
bakal kumaha pok-pokanana?
2) Lamun hidep manggil guru nu rék ngajar, kumaha nyaritana?
3) Lamun hidep dipenta nyiapkeun babaturan di kelas ngagunakeun basa Sunda,
bakal kumaha pok-pokanana?

Cucu Ratna Sundayani, S.S


1
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

B. PEMBELAJARAN

I. Ngaregepkeun Biantara
• Ieu di handap aya naskah biantara nu kungsi dipaké waktu Pasanggiri
Biantara Basa Sunda sa-Kota Bandung.
• Pék baca tur tengetan ku hidep eusina!

Nonoman Sunda Kiwari

Assalamu’alaikum Wr. Wb.


Bapa miwah Ibu girang pangajén anu ku sim kuring dipihormat,
Hadirin anu sami linggih di ieu patempatan anu ku sim kuring dipihormat, katut réréncangan
nu sami janten patandang anu ku sim kuring dipikanyaah tur dipikacinta.
Sateuacanna sim kuring ngaguar ngeunaan téma nu parantos ditangtoskeun, hayu urang
sasarengan sanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu Maha Agung anu parantos masihan
kaséhatan réhna dina dinten ieu urang tiasa kempel riung mungpulung paamprok jonghok di
ieu patempatan dina kaayaan séhat wal afiat.
Solawat miwah salam mugia tetep dilimpah curahkeun ka jungjunan urang sadaya Nabi
Muhammad SAW.
Hadirin hormateun sim kuring ......
Urang sadaya panginten parantos uninga, réhna murangkalih jaman kiwari téh seueur
pisan anu kakeunaan ku “virus budaya deungeun”. Naha pangna bet tiasa kitu? Manawi aya
nu terang teu? Kieu waleranana téh. Murangkalih jaman kiwari mah apalna téh ka Grup Band
sapertos Ungu, Déwa, D’Masiv, Nidji, Peterpan, jeung sajabana. Ari ka Juru Kawih atanapi
pangarang lagu sapertos Nining Méida, Euis Komariah, Nénéng Fitri, Atang Warsita, Mang
Koko, Nano S., Bény Corda, Kostaman Jaya jeung nu séjénna mah moal arapaleun. Dimana
aya nu apal ogé panginten tiasa kaétang ku panangan.
Teras kasenian Sunda sapertos Jaipongan, Longsér, Degung, Calung, Réog, Wayang
Golék téh, tos kahilapkeun ku murangkalih jaman kiwari. Padahal éta kasenian téh dipilari ku
bangsa deungeun mah. Contona baé kasenian Angklung nu tos diaku ku bangsa Malaysia.
Upami ditingal tina raksukanana, conto anu gampil urang tingal wé tina anggoan
murangkalih jaman kiwari, nu kakirangan bahan, pajar cenah gaya siga di India yén nu
ngaranna udel kedah katingal ku nu sanés. Kitu ogé sareng lancingan nu disebat gaya “rock
n’roll” atanapi “lancingan pensil”. Kacida pisan sampéan saageung tangkal kalapa kedah
dilebetkeun kana lancingan saageung paralon 2 in.
Hadirin hormateun sim kuring .......
Basa Sunda ogé kedah janten émutan urang sadaya, réhna kiwari aya nu disebat “hari
berbahasa ibu”. Di sababaraha sakola tos diwajibkeun nyarios nganggo basa Sunda unggal
dinten Rebo. Tapi angger kénéh waé teu digugu. Pajar téh géngsi, jeung teu “gaul”. Sim
kuring ngaraos prihatin, asa karunya ningal kasénian, budaya, sareng basa urang ayeuna siga
nu henteu diaku deui ku nonomanana. Haget urang téh diajar kana budaya deungeun. Badé
iraha atuh mekarkeun budaya sorangan?
Hadirin hormateun sim kuring .......
Ku kaayaan urang ayeuna, ku kanyataan kahirupan urang ayeuna, hayu urang bebenah
diri urang ku cara mekarkeun basa, budaya jeung kasenian urang di lingkungan kulawarga,
masarakat, sakola atanapi lingkungan pamaréntah.
Sakola urut Walanda,
ayana di kota Banda,
lamun ngaku urang Sunda,

Cucu Ratna Sundayani, S.S


2
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

kudu nyaho budayana.


Panginten mung sakitu anu tiasa kapihatur, hapunten kana samudaya kalepatan. Akhirul
kalam billahi taufi wal hidayah.
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.

Pikeun maham eusi biantara, jawab pananya ieu di handap!


1. Dina acara naon éta biantara téh
ditepikeunana?....................................................................
2. Naon pangna barudak jaman ayeuna teu daék nyarita ku basa
Sunda?..................................
3. Kasenian naon anu geus diaku ku bangsa
deungeun?.............................................................
4. Kudu kumaha cenah urang Sunda ayeuna
téh?.......................................................................
5. Naon anu dimaksud “hari berbahasa ibu” dina biantara di
luhur?..........................................
6. Naha nonoman ayeuna teu ngarasa reueus kana budayana
sorangan?...................................
7. Naon téma biantara di
luhur?..................................................................................................
8. Tarékah naon anu kudu dilaksanakeun ku nonoman Sunda pikeun mekarkeun
budaya
sorangan?................................................................................................................................

Kamus Alit

deungeun, batur;asing
girang pangajén, juri
hadirin, jalma-jalma nu aya dina riungan
haget, ujug-ujug daék atawa sanggup
kiwari, ayeuna
mekar, 1) beukah (tina kuncup jadi muka, kembang);2) ngarekahan, ngalegaan
ngaguar, nyaritakeun
nonoman, nu aranom
paamprok jonghok, papanggih teu dihaja
reueus, 1) agul;2) boga rasa bagja
unggal, saban

II. Pedaran Biantara


Biantara nya éta nyarita dihareupeun balaréa kalawan aya maksud nu tangtu.
Bagéan-bagéan tina biantara nya éta:
1. Bubuka, nu dimimitian ku salam bubuka.
Contona:
Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Bapa miwah Ibu girang pangajén anu ku sim kuring dipihormat,
Hadirin anu sami linggih di ieu patempatan anu ku sim kuring dipihormat, katut
réréncangan nu sami janten patandang anu ku sim kuring dipikanyaah tur
dipikacinta.

2. Eusi biantara.
Cucu Ratna Sundayani, S.S
3
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

Contona:
Hadirin hormateun sim kuring ......
Urang sadaya panginten parantos uninga, réhna murangkalih jaman kiwari téh
seueur pisan anu kakeunaan ku “virus budaya deungeun”. Naha pangna bet tiasa
kitu?............jste.

3. Panutup, nu dina tungtungna aya salam panutup.


Contona:
Panginten mung sakitu anu tiasa kapihatur, hapunten kana samudaya kalepatan.
Akhirul kalam billahi taufi wal hidayah.
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.

C. KAMAHÉRAN BASA

Maham kana Babasan jeung Paribasa


I. Babasan
Tengetan conto kalimah di handap ieu !
1. “Ka budak nu panjang leungeun mah, moal aya nu resepeun”
2. “Éta mah Si Ibro, dasar budak atah adol, teu kira-kira hitut hareupeun sémah!”
3. “Si Dudung mah teu dipikaresep ku batur téh, pantes wé da budakna haseum
budi.”
Dina kalimah di luhur aya ungkara panjang leungeun, atah adol, jeung haseum
budi. Ieu téh kaasup kana babasan. Ari anu dimaksud babasan téh nya éta ucapan
matok anu geus puguh éntép seureuhna nu dipaké dina harti injeuman, jadi lain harti
sabenerna. Dina ungkara panjang leungeun ngabogaan harti injeuman sok pulang-
paling atawa ceceremed, lain hartina ‘leungeunna anu panjang’. Atah adol ngabogaan
harti injeuman kurang ajar atawa teu sopan. Kitu ogé dina ungkara haseum budi
ngabogaan harti injeuman leuwih loba baeud batan seuri, sabalikna tina amis budi.

Latihan 1
Pék téang ku hidep harti tina babasan ieu di handap, tuluy jieun
kalimahna!
1. Atah anjang
Hartina : …………………………………………………………………...
Kalimahna : …………………………………………………………………...

2. Ajak Jawa
Hartina : …………………………………………………………………...
Kalimahna : …………………………………………………………………...

3. Akal koja
Hartina : …………………………………………………………………...
Kalimahna : …………………………………………………………………...

4. Bodo katotoloyoh
Hartina : …………………………………………………………………...
Kalimahna : …………………………………………………………………...

5. Bodo aléwoh

Cucu Ratna Sundayani, S.S


4
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

Hartina : …………………………………………………………………...
Kalimahna : …………………………………………………………………...

6. Buntut kasiran
Hartina : …………………………………………………………………...
Kalimahna : …………………………………………………………………...

7. Ceuli lentaheun
Hartina : …………………………………………………………………...
Kalimahna : …………………………………………………………………...

8. Hampang birit
Hartina : …………………………………………………………………...
Kalimahna : …………………………………………………………………...
9. Laér gado
Hartina : …………………………………………………………………...
Kalimahna : …………………………………………………………………...

10. Salieuk béh


Hartina : …………………………………………………………………...
Kalimahna : …………………………………………………………………...

II. Paribasa
“Si Onéng mah, bet kawas anjing ngagogogan kalong, bogoh ka Dudé Hérlino
béntang pilem téa.”

Dina ungkara kalimah di luhur aya ungkara anjing ngagogogan kalong. Éta
ungkara téh kaasup kana paribasa,anu hartina mikahayang nu pamohalan. Teu béda
jeung babasan, paribasa ogé teu bisa dirobah ungkara jeung kekecapanana, bédana téh,
ari paribasa mah mangrupa kalimah.

Latihan 2
Larapkeun paribasa nu aya di beulah katuhu, kana kalimah ieu di handap!

Cucu Ratna Sundayani, S.S


5
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

1. Ari maksudna mah rék nyilakakeun batur, a. pacik


antukna mah ……… keuna ka dirina sorangan. rak ngalawan
2. Jadi pamingpin mah kudu …….. gedé merak
tinimbangan, ulah getas harupateun. b. lodo
3. Karunya ka Mang Oman téh, jadi …….. padahal ng kosong
ari nu nyieun dosana mah batur sapagawéanana. ngelentrung
4. Mani kacida atohna Jang Soma téh, ti baréto c. biwir
hayang boga laptop, ari pék meunang hadiah, puguh nyiru
mani asa …….. rombéngeun
5. “Ari manéh, naha atuh bet …….. anu teu kudu d. asa
dicaritakeun ka batur, kalah dibéja-béja.” ditonjok congcot
6. “Tong wawanianan ngalawan Si Junéd, nyaho e. kate
manéhna mah jéger, sarua jeung …….” mpuhan buntut
7. Keuna ku paribasa …….. Mang Oyib mah, loba maung
teuing omong, leuheung mun bener. f. leule
8. Nu boga pagawéan mah pamajikanana, ari us jeujeur liat
salakina mah ngan ukur …. tali
9. Néng Dési mah kalahkah gaya wé diheulakeun, g. tami
ari kana gawé mah angger sagala embung, ceuk kolot ang meulit ka
mah …… bitis
10. Ngeunah ari jadi pejabat, keur mah gajih gedé h. nyali
katambah loba nu méré ibaratna …… ndung ka gelung
i. hanta
ng-hantung
hantigong
hantriweli
j. hulu
gundul dihihidan

Cucu Ratna Sundayani, S.S


6
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

D. ÉVALUASI

Béré tanda cakra (x) dina jawaban nu dianggap pangbenerna!


1)Biantara téh sasaruanana jeung .........
a. béwara d. wawacan
b. wawaran é. pengumuman
c. pidato

2)Hadirin anu sami linggih .......... Linggih lemesna tina kecap ......
a. araya d. datang
b. mios é. diuk
c. indit

3)Panginten mung sakitu anu tiasa kapihatur, hapunten kana samudaya kalepatan.
Kalimah di luhur téh mangrupa .........
a. salam bubuka d. eusi biantara
b. bubuka é. salam panutup
c. panutup biantara

4)Sakola urut Walanda


Ayana di kota Banda
Lamun ngaku urang Sunda
Kudu nyaho budayana
Wacana di luhur kaasup kana wangun ........
a. sisindiran d. wawaran
b. paparikan é. pupuh
c. béwara

5)Ninggang dina poé naon ari “hari berbahasa ibu” téh?


a. senén d. rebo
b. minggu é. salasa
c. kemis

6)Kasenian urang Sunda nu geus diaku ku urang Malaysia, nya éta .........
a. angklung d. wayang
b. sasagon é. calung
c. longsér

7)Saha ari seniman sunda nu ngajieun lagu Karatagan Pahlawan téh?


a. Atang Warsita d. Kostaman Jaya
b. Darso é. Nano S.
c. Mang Koko

8)Kalimah Assalamu’alaikum Wr.Wb. dina biantara di luhur kaasup kana?


a. salam bubuka d. eusi biantara
b. kacindekan é. salam panutup
c. panutup biantara

Cucu Ratna Sundayani, S.S


7
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

9)Saha ari seniman nu ngajieun lagu Bubuy Bulan téh?


a. Kostaman Jaya d. Nano S.
b. Ismail Marzuki é. Beny Corda
c. Mang Koko

10) Kecap naon anu sami hartina jeung lomba?


a. pangarang d. patandang
b. siswa é. penulis
c. pasanggiri

Tugas Terstruktur (TT):


Jieun koméntar ngeunaan basa Sunda nu dipaké dina biantara di luhur!

Kegiatan Mandiri Tidak Terstruktur (KMTT):


Jieun hiji naskah biantara basa Sunda témana bébas!

E. PANUTUP

Sanggeus migawé modul 1 kalayan hadé, hidep meunang nuluykeun kana modul 2. Tapi,
mun modul 1 can kajawab kabéhanana kalayan sampurna, hidep kudu ngulang deui,
konsultasikeun jeung guru pangajar atawa babaturan.

Ajén ti Guru Tawisan Guru Katerangan

Cucu Ratna Sundayani, S.S


8
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

PANGAJARAN 2:
BIANTARA
A. BUBUKA

I. Deskripsi
Modul nepikeun biantara nya éta modul nu kadua dina diajar basa Sunda tingkat
SMA. Standar kompetensina nya éta mampuh ngébréhkeun pikiran, rarasaan, jeung kahayang
sacara lisan dina nyaritakeun pangalaman, biantara, ngadongéng, sawala kelompok, jeung
guneman dina rupa-rupa situasi. Kompeténsi dasarna nya éta biantara. Indikatorna nya éta
nangtukeun bagéan-bagéan biantara dumasar kana sistematika biantara, nyusun rangkayan
biantara dumasar kana sistematika anu bener, nyarita dina wangun biantara di hareupeun guru
jeung babaturan kalawan éksprési anu hadé, lentong, jeung sikep anu hadé.

II. Pituduh ngagunakeun modul


1.Pituduh pikeun murid
a. Saacan diajar ngagunakeun ieu modul, hidep kudu ngadéngékeun heula
pituduh ti guru, hidep ogé kudu maca jeung maham kana uraian matéri.
b. Pikeun ngajaga karapihan jeung kaberesihan modul, hidep migawé modul dina
buku tulis.
c. Mun aya poko bahasan atawa kecap nu teu kaharti, bisa langsung ningali kana
kamus atawa tatanya ka guru basa Sunda.
2.Peran Guru
a. Mantuan murid dina ngararancang prosés diajar.
b. Ngabingbing murid dina nyangharepan pancén modul.
c. Mantuan murid sangkan bisa maham kana konsép.
d. Mantuan murid dina ngaaksés sumber anu lian pikeun diajar.
e. Ngabingbing murid dina nyieun kelompok diajar.
f. Méré penilaian.
g. Méré penjelasan ngeunaan matéri anu can meneran.
h. Nyatetkeun kamajuan diajar murid.

III. Tujuan Ahir


Kinérja nu dipiharep nya éta murid kudu bisa nangtukeun bagéan biantara sarta bisa
nyarita dina wangun biantara kalawan téhnik, lentong, intonasi anu hadé tur merenah éntép
seureuhna.

IV. Cék Kamampuh


1) Lamun hidep dipenta sangkan biantara di hareupeun guru-guru,
bakal ngagunakeun ragam basa naon?
2) Sanggup teu lamun hidep dipenta miluan pasanggiri biantara,
tapi ngadadak dibéjaanana?
3) Aya rupa-rupa cara biantara téh, cara biantara nu kumaha nu
bakal digunakeun ku hidep?

Cucu Ratna Sundayani, S.S


9
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

B. PEMBELAJARAN

I. Maca Biantara
Pék baca heula téks biantara ieu di handap kalawan saregep!

Biantara Budaya Sunda

Assalmu’alaikum Wr.Wb
Réréncangan nu dipikareueus
Para hadirin nu dimulyakeun ku Alloh SWT!
Bismillah nu jadi sekaring pangiring catur pangréka basa, malah mandar sagala amaliyah
katut lalampahan jadi utama.
Diwuwuh ku Alhamdulillah mugia sing janten rarabuning takabur nu ngagujud dina kolbu
nyeuseuh geugeuleuh, nyegah ria jeung sum’ah anu pasoléngkrah dina manah.
Dina ieu waktos sim kuring badé medar perkawis budaya Sunda anu patali jeung
kahirupanana. Mung bawiraos tipayun sim kuring neda tawakup nu kasuhun bilih dina
ngadugikeunana kirang éntép seureuhna, kirang malapah gedang, rumaos sim kuring mah
sanés bujangga anu mahér ngarangkén carita.
Budaya numutkeun Prof Kuntjoroningrat nya éta hasil tina cipta, karsa, jeung kréasi
umat manusa anu diwujudkeun dina wangun paripolah. Matak jalma anu luhung élmu, loba
pangabisa, tangtu moal poho kana budayana. Salah sahiji moto sepuh urang baheula mah
jalma kudu luhung élmuna, pengkuh agamana, jembar budayana. Urang Sunda kudu intelék,
urang Sunda kudu bisa jadi téhnokrat, urang Sunda kudu jadi birokrat, tapi bari teu
mopohokeun kana budaya karuhunna.
Lamun nonoman Sunda pengkuh kana budayana, bakal jadi cendikiawan, tapi
cendikiawan nu berbudaya, jadi politikus, politikus nu berbudaya, jadi ékonom, ekonom anu
berbudaya. Jalma anu pengkuh kana budaya nagrina jalma éta kaasup jalma anu ngamumulé
kana nagrina, sabalikna jalma anu mopohokeun kana budayana kaasup kana jalma anu bakal
ngaruksak kana nagrina sorangan. Kunaon margina kitu?
Dawuhan Rosululloh SAW dina haditsna : Hubbul watoni minal iman” anu hartosna
micinta tanah air (baligeusan ngajadi téh) sabagian tina rasa iman”. Mun kitu mah micinta,
ngarumat, jeung ngamumulé budaya sunda ogé kaasup kana micinta sareng iman ka
Pangéranna. Sawangsulna mopohokeun kana budaya kaasup éra maké budaya Sunda kaasup
kana ingkar ka Pangéranna.
Budaya téh mangrupa hazanah anu dipibanda ku umatna. Ciri tina jati diri manusa nu
ngancik tina hiji nagri. Lamun urang Sunda sorangan mopohokeun kana budayana, lain hal nu
mustahil deui, tanah Sunda ogé bakal leungit, kagusur ku panéka jaman. Kusabab, hiji nagri
dihargaan di mata nagri lian, kulantaran budayana. Nanjeurna hiji nagri salah sahijina
gumantung kana luhung peradaban budayana.
Tuh urang rérét sababaraha abad katukang Kunaon Nagri Romawi, Yunani jeung nagri-
nagri lianna kaceluk ka awun-awun kawéntar ka janapria masih napak, masih tanggoh nepi ka
iraha waé, naon margina? kulantaran peradaban budayana anu luhung. Budaya Sunda anu
mibanda kaéndahan sampurna sanés ngan di nagrina sorangan, tapi ogé di nagri séjénna.
Kaéndahan nu sampurna éta, mangrupa hasil pamikiran sepuh urang baheula anu moal laas
digéléng ku roda pajamanan. Asal urang bisa neruskeun éstapéta budayana. Matak tengtrem
kana ati sanubari kanggo urang nu ngagunakeunana. Anu ngawujud dina pasipatan urang
Pasundan, soméah hadé kasémah, tur daréhdéh kumargi pangaruh budaya sadidinten.

Cucu Ratna Sundayani, S.S


10
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

Namung hanjakal pisan jaman kiwari, sawatara nonoman Sunda tos ampir hilap kana
budaya warisan karuhun urang. Teu sadar upama laun-laun budaya, nu kapungkur
dipikareueus sarta diagul-agul bakal ilang tanpa karana tina kahirupan tatar Sunda. Nonoman
Sunda anu kirang ngahargaan kana budaya Sunda boh dina sasauran boh dina réngkak
paripolahna, sigana téh parantos tebih tina ajén-inajén bangsa, komo ajén-inajén Ki Sunda
mah. Urang leuwih resep ngagunakeun budaya deungeun tibatan budaya sorangan, adam lali
ka tapél ceuk paribasa mah urang asa jadi tamu di nagri urang sorangan. Salah sahiji conto
leutik mangga tingali di sawatara pakampungan urang, ampir mopohokeun kana kaulinan
barudak. Geus kaganti ku kaulinan bangsa deungeun nu teu leupas unsur negatipna. Mun
baheula mah barudak kumpul ulin ucing sumput, galah, jeung sajabana. Anu lamun
ditalungtik mah kaulianan barudak téh lain ngan ukur heureuy guyon wungkul tapi nyamuni
sipat gotong royong, sauyunan, sabobot sapihanéan sabata sarimbagan. Numuwuhkeun sipat
sportifitas anu teu meunang licik ka batur. Ayeuna barudak leuwih wanoh kana playstation,
internét, anu sacara teu langsung numuwuhkweun sipat individualistik jeung égoistik di
kalangan nonoman urang. Ieu téh teu leupas tina pangaruh kamekaran élmu pangaweruh
jeung téhnologi ti bangsa deungeun. Anu antukna urang Sunda dididik jadi jalma anu
konsumtif jeung poho kana budaya sorangan, urang Sunda éléh ku bangsa deungeun, jati ka
silih ku junti. Urang nyémah di imah sorangan.
Sim kuring umajak ka sakumna dulur-dulur anu boga rasa kacinta jeung katineung kana
kasundaan. Hayu urang paheuyeuk-heuyeuk leungeun, paantay-antay tangan kanggo:
Hiji, saringsing pageuh kancing saringset pageuh iket ngabénténgan pala putra, putu urang
tina budaya-budaya deungeun anu bakal ngaruksak kana ajén-inajén Ki Sunda.
Dua, paheuyeuk-heuyeuk leungeun kanggo ngarumat sarta ngamumulé budaya Sunda
sangkan Ki Sunda tetep nanjeur komara katut dangiangna di jaman mana jeung iraha waé.
Amien
Hadirin hormateun sim kuring, mung sakitu anu kapihatur. Boh bilih aya saur nu teu
kaukur, basa kirang karéka, aya cariosan anu matak ngagedrug kana manah, ngoét kana ati
hapunten anu kateda. Sasieureun sabeunjeureun mah mugia aya mangpaatna. Wabillahi taofik
hidayah wal inayah Nun walkolami wama yasturun.
(Salah sajahiji naskah dina pasangggiri tingkat SMA/SMK kota Bandung 2010)

Pikeun maham eusi biantara, jawab pananya ieu di handap!


1. Naon anu dimaksud
biantara?.................................................................................................
2. Pék jelaskeun bédana antara biantara maca naskah jeung biantara dadakan!.........................
3. Naon balukarna lamun urang mopohokeun kana budaya sorangan?......................................
4. Naon anu dimaksud lentong dina biantara?............................................................................
5. Sebutkeun hal-hal pokok dina biantara di luhur!....................................................................

Kamus Alit

ajén inajén, niley; harga diri


kaceluk ka awun-awun, kasohor kamamana
nonoman, para rumaja
ngarumat, ngajaga
numuwuhkweun, mekarkeun

Cucu Ratna Sundayani, S.S


11
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

II. Pedaran Biantara


1. Wangenan Biantara
Biantara nya éta nyarita dihareupeun balaréa, kalawan miboga maksud nu
tangtu. Biantara anu hadé kudu saluyu antara téma jeung eusi anu dibawakeun
dina biantara. Biantara dina basa deungeun sok dipikawanoh ku istilah orasi.
Jalma nu pidato atawa ahli pidato sok disebut orator.

2. Rupa-rupa Biantara
Aya rupa-rupa cara dina nepikeun biantara téh, nya éta:
• Biantara dadakan (impromtu), tanpa persiapan nya éta biantara anu
sipatna dadakan tanpa dipersiapkeun heula ku oratorna. Contona biantara dina
acara ulang taun,
• Biantara ku cara ngapalkeun nya éta disiapkeun heula ku cara
ngapalkeun naskah. Contona biantara pupuhu sakola dina paturay tineung,
• Biantara ku cara maca naskah. Contona: Biantara pupuhu nagara RI
• Biantara ku cara teu maké naskah (ékstémporan), tapi aya galur eusina,
ngan dina prakna mah ditalar. Contona: Biantara sérén sumérén.

3. Runtuyan nepikeun Biantara:


• nepikeun bubuka
• nepikeun watesan masalah
• medar eusi
• kacindekkan
• panutup

C. KAMAHÉRAN BASA

UNDAK-USUK BASA SUNDA (UUBS)


Mimiti aya UUBS di tatar Sunda nya éta abad ka 17, saméméh kaéréh ku Mataram.
UUBS nya éta tahapan-tahapan atawa tingkatan dina nyarita, kasaluhureun,
kasapantareun, kaasup kasahandapeun kalawan tujuan supaya jalma bisa silih ajénan
jeung silih hormat antar papadana.
UUBS téh diluyukeun jeung:
• Kaayaan umur
• Kalungguhan
• Situasi nu nyarita
• Saha nu diajak nyarita
• Eusi nu dicaritakeun
Supaya ngababarikeun hidep nu di ajar, UUBS sacara gurat badag dibagi kana tilu
tahapan.

No. Basa Loma Basa Lemes keur Sorangan Basa Lemes keur Batur
(BL) (BLS) (BLB)
1. dahar neda Tuang
2. indit mios angkat
3. datang dongkap sumping
4. asup lebet lebet

Cucu Ratna Sundayani, S.S


12
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

5. acan teu acan teu acan


6. bapa Pun bapa Tuang rama
7. mondok saré kulem
8. bageur bageur saé manah
9. balik wangsul mulih
10. baju baju raksukan
11. jst…… …… ….

Conto dina wangun kalimah


1. Si Ujang keur dahar jeung kurupuk di dapur.
2. Abdi nuju neda sangu liwet di kantin.
3. Pung Bapa nuju tuang sangu goréng di dapur.

D. ÉVALUASI

I. Béré tanda cakra (x) dina jawaban nu dianggap pangbenerna!


1. Nyarita di hareupeun jalma anu réa bari ngabogaan maksud anu tangtu,
mangrupa ….. biantara
a. babagéan d. singgetan
b. jenis-jenis é. rupa-rupa
c. wangenan

2. Biantara ku cara maca naskah disebut biantara ..…


a. ékstémporan d. upacara adat
b. impromtu é. resmi
c. bébas

3. Dina ieu waktos sim kuring badé medar perkaawis “Budaya Sunda” mung
hapunten bilih aya kalepatan dina ngadugikeunna. Ungkara kalimah di luhur dina
biantara mangrupa bagéan tina …..
a. bubuka d. pedaran
b. panutup é. kacindekkan
c. eusi

4. “Budaya téh mangrupa hasil tina cipta, karsa jeung kréasi manusa, numutkeun
Kunjtoro Ningrat. Ungkara kalimah di luhur dina biantara kaasup kana …..
biantara
a. panutup d. pedaran
b. rangkayan é. kacindekkan
c. bubuka

5. Mung sakitu anu tiasa didugikeun dina ieu bianatara, pamugi seueuer
mangpaatna husus kanggo simkuring umum kanggo hadirin sadaya. Ungkara
kalimah di luhur dina biantara kaasup kana …..
a. kacindekkan d. eusi
b. bubuka é. panutup
c. pedaran

Cucu Ratna Sundayani, S.S


13
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

6. Nepikeun bubuka, medar matéri, tuluy nyieun kacindekkan tina pedaran biantara
mangrupa …..
a. panutup d. jenis-jenis
b. rangkayan é. lengkah-lengkah
c. bubuka

7. Turun naékna sora dina nepikeun biantara mangrupa wangenan tina…biantara


a. éksprési d. rengkuh
b. mimik é. hormat
c. intonasi

8. Ieu di handap kaasup kana hal-hal penting anu kudu diperhatikeun dina enggoning
nepikeun biantara, iwal….
a. éksprési d. waktu
b. intonasi é. bayaran
c. audien

9. Istilah pikeun jalma anu sok nyarita di hareupeun balaréa, disebut….


a. nayaga d. orator
b. dalang é. ustadz
c. komedian

10. Dina nepikeun biantara ulah nepika “ngayayay”. Ngayayay ngandung harti…
a. teu pokus kana intina d. teu ramé
b. matak bosen é. monoton
c. lila

II. Pék lengkepan ieu bagan kalawan ngagunakeun tahapan basa anu
bener jeung merenah!

No. Basa Loma Basa Lemes keur Sorangan Basa lemes keur Batur
(BL) (BLS) (BLB)
1. indung Tuang ibu
2. gering teu damang
3. bisa tiasa
4. boga kagungan
5. beuki beuki
6. antara antawis
7. bakti baktos
8. mésér
9. patuangan
10. anggeus anggeus
11. …… …… ……

Cucu Ratna Sundayani, S.S


14
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

Tugas Terstruktur (TT):


Jieun kalimah anu bener tur sampurna tina kecap-kecap ieu di handap!
Ngagaleuh 3. Wangsul 5. Kagungan
Mios 4. Udur

E. PANUTUP

Sanggeus migawé modul 2 kalayan hadé, hidep meunang nuluykeun kana modul 3. Tapi,
mun modul 2 can kajawab kabéhanana kalayan sampurna, hidep kudu ngulang deui,
konsultasikeun jeung guru pangajar atawa babaturan.

Ajén ti Guru Tawisan Guru Katerangan

Cucu Ratna Sundayani, S.S


15
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

PANGAJARAN 3:
CARITA PANGALAMAN
A. BUBUKA

I. Deskripsi
Modul nepikeun carita pangalaman nya éta modul nu katilu dina diajar basa Sunda
tingkat SMA. Standar kompetensina nya éta mampuh ngébréhkeun pikiran, rarasaan, jeung
kahayang sacara lisan dina nyaritakeun pangalaman, biantara, ngadongéng, sawala kelompok,
jeung guneman dina rupa-rupa situasi. Kompeténsi dasarna nya éta nyaritakeun pangalaman
sorangan. Indikatorna nya éta milah babagéan carita dumasar kana sistematika, nyusun
wincikan kaayaan carita pangalaman kalayan hadé, jeung nyieun carita pangalaman sorangan.

II. Pituduh ngagunakeun modul


1.Pituduh pikeun murid
a. Saacan diajar ngagunakeun ieu modul, hidep kudu ngadéngékeun heula
pituduh ti guru, hidep ogé kudu maca jeung maham kana uraian matéri.
b. Pikeun ngajaga karapihan jeung kaberesihan modul, hidep migawé modul dina
buku tulis.
c. Mun aya poko bahasan atawa kecap nu teu kaharti, bisa langsung ningali kana
kamus atawa tatanya ka guru basa Sunda.
2.Peran Guru
a. Mantuan murid dina ngararancang prosés diajar.
b. Ngabingbing murid dina nyangharepan pancén modul.
c. Mantuan murid sangkan bisa maham kana konsép.
d. Mantuan murid dina ngaaksés sumber anu lian pikeun diajar.
e. Ngabingbing murid dina nyieun kelompok diajar.
f. Méré penilaian.
g. Méré penjelasan ngeunaan matéri anu can meneran.
h. Nyatetkeun kamajuan diajar murid.

III. Tujuan Ahir


Kinérja nu dipiharep nya éta murid kudu bisa maham kana ngagunakeun kecap
panyambung jeung kecap pangantét dina nyieun kalimah wangun tulisan nyaritakeun
pangalaman sorangan.

IV. Cék Kamampuh


1) Lamun hidep dipenta nyaritakeun pangalaman sorangan, bakal ngagunakeun
basa nu kumaha? Naha?
2) Kumaha kasiapan hidep lamun kudu nyaritakeun pangalaman di hareupeun
babaturan sakelas?
3) Lamun hidep dipenta nyieun carita pangalaman, rék nyokot topik ngeunaan
naon?
Cucu Ratna Sundayani, S.S
16
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

B. PEMBELAJARAN

I. Maca Carita Pangalaman


Pék baca carita pangalaman ieu di handap tuluy tengetan ku hidep eusina!

Ngasaan Jadi Pangantén ???


(dumasar kana carita pangalaman Yani Rahmawati)

Basa harita poé Saptu, 26 Juni 2006. Aya acara “Paturay Tineung” di SMP Negeri 1
Margahayu. Haté kuring kacida sedihna, sabab dina poé éta kuring kudu papisah jeung
babaturan. Lamun ditingali deui sababaraha poé katukang, kuring jeung babaturan sakelas asa
deukeut pisan. Contona baé basa rék dilaksanakeunna Ujian Nasional (UN) téa, saacanna
unggal kelas kudu ngayakeun “Paméran jeung Pagelaran Seni Rupa”. Nu dipeunteun tina
acara éta téh salah sahijina nya éta kakompakan ti unggal kelas. Puguh waé daék teu daék
kuring jeung babaturan kudu bisa gawé babarengan najan sok bari loba heureuy ogé.
Acara paméran jeung pagelaran téh kawilang sukseus, sanajan teu jadi pinunjul tapi bisa
ngaraketkeun kuring jeung babaturan saréréa. Babaturan sakelas jadi leuwih deukeut,
pangpangna jadi sok ulin babarengan. Ngan ayeuna mah kagiatan saperti kitu téh can tangtu
bakal kaalaman deui ku kuring, sabab kuring jeung babaturan kudu papisah.
Harita jam dalapan isuk-isuk barudak kudu geus daratang. Ari kuring mah kudu datang
jam lima subuh. Lain ngahaja hayang béda ti nu lian, ngan kabeneran kuring téh kapilih jadi
pangantén dina acara éta. Kuring kapilih téh kulantaran kuring meunang peunteun
panggedéna dina Ujian Sakola. Sanajan bari nundutan kénéh ogé kuring ngarasa sumanget
pisan, sabab kasempetan saperti kieu can tangtu datang unggal poé.
Kulantaran subuh kénéh, tangtuna di jalan ogé can loba jelema. Asa sieun ari rék indit
sorangan mah, ku kituna kuring ménta anteur ka tétéh. Barang geus nepi ka Sakola, kuring
tuluy didangdanan. Teu lila basa kuring keur didangdanan, torojol téh Dimas anu sarua rék
jadi pangantén babarengan jeung kuring.
Acarana téréh dimimitian, kuring nangtung maké kabaya jeung sinjang dibarengan ku
Dimas anu maké baju taqwa, sinjang, jeung bendo. Sakabéh babaturan nempo, aya nu muji,
aya ogé nu sura-seuri. Karasa pisan bédana, anu biasana mah kuring téh ngan ukur nempo
dina hajatan dulur atawa dina acara TV, ayeuna kuring sorangan nu jadi pangantén. Kacida
bagja jeung bungah euweuh tandinganana, sok sanajan bari rada éra saeutik lantaran ningali
babaturan nu séjén maké baju nu aralus.
Alhamdulillah acara téh bérés dina waktu tilu jam. Tuluy kuring geuwat salin deui ku baju
biasa. Kuring jeung babaturan sakelas ngarasakeun kasedih, tangtuna moal bisa kapohokeun
pangalaman kuring éta téh.

Pikeun maham eusi carita pangalaman, jawab pananya ieu di handap!


1. Naon jejer tina carita pangalaman di luhur?..........................................................................
2. Kénging saha carita pangalaman di luhur téh?......................................................................
3. Naon anu jadi téma tina éta acara téh?...................................................................................
4. Jam sabaraha nu ngajieun carita kudu kumpul di sakolana?.................................................
5. Naon nu ngabalukarkeun panulis ngarasa sedih?..................................................................
6. Dimana latar caritana?...........................................................................................................

Cucu Ratna Sundayani, S.S


17
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

7. Kumaha galur caritana nu dijieun ku panulis téh?.................................................................


8. Naon kacindekan tina carita pangalaman di luhur téh?.........................................................

Kamus Alit

bendo, sabangsaning topi dibungkus kaén pikeun lalaki urang Sunda.


kabaya, raksukan kaluhuran pikeun awéwé urang Sunda.
pangantén, 1) nu anyar kawin; 2) nu diréndéngkeun.
paturay tineung, pipisahan.
pinunjul, juara.
sinjang, kaén papakéeun pikeun ngabunian awak ti cangkéng ka handap.

II. Pedaran Carita Pangalaman


Carita pangalaman téh nya éta carita anu perenah kaalaman atawa karandapan dina
kahirupan sapopoé. Sawatara hal nu kudu diperhatikeun mun urang rék nulis carita
pangalaman, nya éta:
a. nangtukeun heula jejer picaritaeun;
b. nangtukeun keur ka saha éta pangalaman bakal dicaritakeunana;
c. bisa nepikeun heula bubuka tina éta pangalaman;
d. nyaritakeun nurutkeun kaédah tata basa, merenah luyu jeung kontéks situasi
kaasup pilihan kecap;
e. galur caritaanana kudu ngaguluyur ulah kapotong-potong;
f. eusina bisa dina wangun paragraf, gumantung panjang pondokna;
g. panutup pangalaman cukup saparagraf.

C. KAMAHÉRAN BASA

I. Kecap Panyambung
Kecap panyambung (konjungsi) nya éta kecap pancén anu gunana pikeun
nyambungkeun wangun katatabasaan (kecap, frasa, klausa, kalimah) jadi wangun
katatabasaan anu leuwih jembar. Diteundeunna bisa di awal kalimah, di tengah
kalimah, atawa di awal jeung di tengah kalimah. Nilik kana sipat patalina, kecap
panyambung diwincik jadi tilu nya éta:
1. Kecap panyambung satata nya éta kecap panyambung anu gunana
nyambungkeun unsur-unsur anu satata: jeung, atawa, tapi, da, jste.
2. Kecap panyambung teu satata nya éta kecap panyambung anu nyambungkeun
unsur-unsur anu teu satata: lamun, basa, sangkan, yén, jste.
3. Kecap panyambung papasangan nya éta kecap panyambung anu gunana
nyambungkeun unsur-unsur basa boh satata boh henteu, tapi biasana ngayakeun
papasangan jeung kecap pancén lianna.
Contona: boh.....boh......
boh....atawa......
najan......tapi......

Conto dina kalimah:


1. Puguh waé daék teu daék kuring jeung babaturan kudu
bisa gawé babarengan najan sok bari loba heureuy ogé.
Cucu Ratna Sundayani, S.S
18
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

2. Acara paméran jeung pagelaran téh kawilang sukseus,


sanajan teu jadi pinunjul tapi bisa ngaraketkeun kuring jeung babaturan saréréa.

Latihan 1
Jieun kalimah ngagunakeun kecap panyambung nu aya di handap!
1. Boh.......boh.......
Kalimahna : …………………………………………………………………...

2. Lamun........
Kalimahna : ……………………………………………………………….......

3. Sangkan.......
Kalimahna : ……………………………………………………………….......

4. .......atawa.......
Kalimahna : …………………………………………………………………....

5. Sok sanajan...........tapi.........
Kalimahna : …………………………………………………………………....

II. Kecap Pangantét


Kecap pangantét (préposisi) nya éta kecap anu diteundeun di hareupeun kecap
barang atawa frasa barang gunana pikeun ngawangun frasa pangantét. Balukar
tepungna kecap pangantét jeung kecap atawa frasa sabadana, muncul rupa-rupa harti
saperti nuduhkeun:
1. ‘tujuan’: keur manéhna, pikeun kuring;
2.‘tempat’: di imah, dina méja;
3.‘asal’: ti Jakarta, tina beusi;
4.‘babandingan’: kawas monyét, ala Paris;
5.‘pangwates’: nepi ka Agustus;
6.‘alat’: ku bedog, ku mobil; jste.
Conto dina kalimah:
1. Nu dipeunteun tina acara éta téh salah sahijina nya éta kakompakan ti unggal
kelas.
2. Alhamdulillah acara téh bérés dina waktu tilu jam.

Latihan 2
Jieun kalimah ngagunakeun kecap pangantét nu aya di handap!
1. .........nepi ka............
Kalimahna : …………………………………………………………………

2. ........dugi ka.............
Kalimahna : …………………………………………………………………

3. .........pikeun......
Kalimahna : …………………………………………………………………

4. ..........kawas.............

Cucu Ratna Sundayani, S.S


19
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

Kalimahna : …………………………………………………………………

5. ..............dina..........di.........
Kalimahna : …………………………………………………………………
D. ÉVALUASI
Béré tanda cakra (x) dina jawaban nu dianggap pangbenerna!
1. Aya acara naon di SMP 1 Margahayu téh?
a. paamprok jonghok d. teuneung ludeung
b. paturay tineung é. gupay tineung
c. upacara nikah

2. Duaan jeung saha ari jadi panganténna?


a. Damara d. Dedi
b. Doni é. Dimas
c. Déni

3. Tanggal sabaraha acara téh diayakeunana?


a. 26 Juni 2006 d. 26 Juli 2005
b. 26 Juli 2006 é. 25 Juni 2006
c. 25 Juli 2007

4. Jam sabaraha acarana dimimitianana?


a. lima subuh d. lima soré
b. dalapan peuting é. dalapan isuk-isuk
c. salapan isuk-isuk

5. Saha nu meunang peunteun panggedéna dina ujian Sakola?


a. Yeni d. Yeti
b. Yani é. Yuni
c. Yati

Kegiatan Mandiri Tidak Terstruktur (KMTT):

Jieun tulisan nu eusina nyaritakeun pangalaman sorangan ngagunakeun basa


Sunda nu merenah!

E. PANUTUP

Sanggeus migawé modul 3 kalayan hadé, hidep meunang nuluykeun kana modul 4. Tapi,
mun modul 3 can kajawab kabéhanana kalayan sampurna, hidep kudu ngulang deui,
konsultasikeun jeung guru pangajar atawa babaturan.

Ajén ti Guru Tawisan Guru Katerangan

Cucu Ratna Sundayani, S.S


20
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

PANGAJARAN 4:
NGADONGÉNG
A. BUBUKA

I. Deskripsi
Modul nepikeun dongéng nya éta modul nu kaopat dina diajar basa Sunda tingkat
SMA. Standar kompetensina nya éta mampuh ngébréhkeun pikiran, rarasaan, jeung kahayang
sacara lisan dina nyaritakeun pangalaman, biantara, ngadongéng, sawala kelompok, jeung
paguneman dina rupa-rupa situasi. Kompeténsi dasarna nya éta ngadongéng. Indikatorna nya
éta ngaaktifkeun siswa pikeun ngaregepkeun dongéng, ngalatih siswa pikeun medar eusi
dongéng, nyawalakeun dongéng ditilik tina téma, amanah, jeung palakuna, sarta metakeun
dongéng salasahiji dongéng Sunda.

II. Pituduh ngagunakeun modul


1.Pituduh pikeun murid
a. Saacan diajar ngagunakeun ieu modul, hidep kudu ngadéngékeun heula
pituduh ti guru, hidep ogé kudu maca jeung maham kana uraian matéri.
b. Pikeun ngajaga karapihan jeung kaberesihan modul, hidep migawé modul dina
buku tulis.
c. Mun aya poko bahasan atawa kecap nu teu kaharti, bisa langsung ningali kana
kamus atawa tatanya ka guru basa Sunda.
2.Peran Guru
a. Mantuan murid dina ngararancang prosés diajar.
b. Ngabingbing murid dina nyangharepan pancén modul.
c. Mantuan murid sangkan bisa maham kana konsép.
d. Mantuan murid dina ngaaksés sumber anu lian pikeun diajar.
e. Ngabingbing murid dina nyieun kelompok diajar.
f. Méré penilaian.
g. Méré penjelasan ngeunaan matéri anu can meneran.
h. Nyatetkeun kamajuan diajar murid.

III. Tujuan Ahir


Kinérja nu dipiharep nya éta murid kudu bisa ngadongéng kalawan ngagunakeun lafal,
lentong, wirahma, paroman, katut tagog nu luyu jeung karakter palaku dina dongéng.

IV. Cék Kamampuh


1) Lamun hidep dipenta sangkan ngadongéng di hareupeun guru-guru, bakal
ngagunakeun ragam basa naon?

Cucu Ratna Sundayani, S.S


21
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

2) Sanggup teu lamun hidep dipénta miluan pasanggiri ngadongéng, tapi


ngadadak dibéjaanana?
3) Aya rupa-rupa jenis dongéng téh, lamun hidep dipenta ngadongéng ka
babaturan, bakal milih dongéng naon?

B. PEMBELAJARAN

I. Maca Dongéng
Pék baca heula téks dongéng ieu di handap kalawan saregep!

Taun

Dina hiji mangsa Si Kabayan keur ngobrol jeung Ki Émés. Ki Émés nanya ka Si Kabayan
“Ari umur énté sabaraha taun, Bay?”. Si Kabayan ngajawab, “Wah geus kolot kuring mah”.
Ki Émés nanya deui “Geus kolot téh sabaraha taun?”. “Duka teuing atuh da kuring mah tara
leukeun ngitung jumlah taunna. Nu sok diitung téh .... unggal poé umur ngurangan saban poé
saban peuting dicontangan”.
Ki Émés némpas ka Si Kabayan “Nya heueuh atuh saréréa ogé kitu ari umur mah, maksud
ana mah ....eu...., geus aya kana genep puluh taun?”. “Ceuk kuring gé tara diitung! Ih, bet
maksa, pék itung wé ku didinya, méméh jaman Jepang, jaman nanahaon deui mah, asa kuring
téh geus aya!” témbal Si Kabayan. Ki Émés nanya deui “Atuh waktu jaman révolusi téh geus
aya nyah?”. “Komo wé atuh béh dieu éta mah, ceuk kuring ogé pék wé ku didinya, sabaraha
umur kuring!” ceuk Si Kabayan.
“Enya nya kolot baheula mah tara ngitung jumlah umur. Sakapeung mah cukup ku kitu
wé.... basa gedong saté diwangun téh, Abah olo lého kénéh jeung sajabana leuheung mun
dijadikeun patokan téh, bisa kanyahoan taun-taunna. Éta mun geus kawas énté, jaman anu
jaman anu bari jeung hésé nangtukeun taun-taunna, matak bingung cara nu kaalaman ku
Khalifah Umar bin Khatab” ceuk Ki Émes.
Si Kabayan balik nanya, “Sameledok! Naha bet los-los ka Sayidina Umar......?”. “Hiji
mangsa, aya nu mawa dokumén ka payuneun Umar bin Khattab. Ari titimangsa éta dokumén
téh bulan sya’ban nu mana, taun ieu atawa taun nu geus kaliwat. Euweuh saurang ogé nu bisa
ngécéskeun” témbal Ki Émés.
“Euleuh mangkaning dokumén téh surat penting, nya?” tanya Si Kabayan. “Meureun!
Nurutkeun riwayat séjén mah disebutkeun yén Abu Musa Al-Asy’ari ngintun serat ka
Khalifah Umar nu eusina nyebutkeun yén anjeunna kantos nampi serat ti Khalifah Umar anu
teu maké titimangsa, tanggal, poé, jeung bulan, atuh puguh wé matak bingung jeung bisa
nimbulkeun kakaliruan” tembal Ki Émés. Si Kabayan nanya deui. “Atuh kumaha?”. “Ah teu
kumaha, kitu wé éta mah, najan dua riwayat nu tadi disebutkeun téa saliwat mah siga béda
tapi dasarna sarua...”. Si Kabayan nanya deui “Sarua kumaha?” Ki Émés némbalan “Sarua
lantaran can aya taun kalénder anu bisa dijadikeun patokan”. “Heueuh, terus kumaha?” tanya
Si Kabayan. “Kulantaran ngarasa perlu téa, Khalifah Umar bin Khattab ngayakeun sawala
pikeun nangtukeun taun kalénder!”. “Ramé hog-hagna?” tanya Si Kabayan deui. Ki Émés
némbalan, “Duka atuh da ana mah teu miluan!”. “Deuleu tah, ari ngomong téh.... !” ceuk Si
Kabayan.
Ki Émés némpas deui, “Naha atuh meuni nanyakeun hog-hagna? Biasa wé meureun, aya
nu usul, aya nu nyempad. Aya ogé nu usul supaya ngagunakeun pananggalan Romawi, aya
ogé nu usul supaya ngagunakeun kalénder bangsa Pérsia...”. Si Kabayan nanya, “Usul mana

Cucu Ratna Sundayani, S.S


22
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

nu ditarima?”. “Euweuh nu ditarima, geus kitu wé, saenggeus asak nimbang-nimbang itu ieu,
diputuskeun yén anu digunakeun téh anu anyar, nya éta taun Hijriah!” ceuk Ki Émés. “Taun
sabaraha éta téh Més?” tanya Si Kabayan. “Éh, ari énté, nya baheula atuh!” ceuk Ki Émés.
“Heueuh taun sabaraha?” tanya Si Kabayan deui. “Taun kaopat kakhalifahan Umar bin
Khattab, tujuh bélas taun saenggeus ayana hijrah …”, ceuk Ki Émés. “Ké, ké heula, Més! Ari
ngaran bulan geus aya ti harita nya?” tanya Si Kabayan. “Euh, geus aya ti baheula ari ngaran-
ngaran bulan mah. Nu acan téh taunna. Memang éta ogé aya, tapi henteu diresmikeun sacara
nasional mun ceuk cara ayeuna téa mah. Upamana baé, aya taun Adan, taun Ijin Perang, taun
Puasa, taun Zakat, taun Kurban, jeung sajabana anu diitung dumasar kana ayana kajadian-
kajadian penting dina perkembangan agama Islam” témbal Ki Émés bari seuri.
Si Kabayan nanya deui, “Naha atuh henteu dicokot salah sahijina tinu geus aya?”.
“Wallahu a’lam ....! Éta ogé aya nu ngusulkeun téa mah, tapi Sayyidina Umar ngajén yén
ayana hijrah téh mangrupa kajadian kacida pentingna, nepi ka pantes mun dijadikeun patokan
pikeun perhitungan taun. Kapan ku ayana hijrah, Kangjeng Nabi salamet tina ancaman maut,
salamet ti panyiksa kaum musrikin Mekah, saenggeusna hijrah mah laluasa pikeun da’wah.
Enya saréatna tangtuna ogé. Tuluy deui kapan hijrah téh mangrupa kajian sajarah anu
misahkeun période Mekah jeung Période Madinah. Komo kapan saur Sayyidina Ali mah taun
Hijrah téh mangrupa taun kaunggulan, taun ancurna kabatilan jeung nanjeurna hak!” jawab Ki
Émés kalawan daria pisan. “Leuh penting pisan hijrah téh geuning nya?” tanya Si Kabayan.
“Puguh wé nu matak urang ogé kudu hijrah kapan... !” témbal Ki Émés. Si Kabayan nanya
deui “Deuleu tah, hijrah kamana deui Més?”. “Hijrah mun baheula mah ti Mekah ka Madinah,
ayeuna mah tina salah kana bener, tina batil kana hak, tina mentingkeun diri sorangan kana
mentingkeun kaperluan umum, demi nusa jeung bangsa, salian ti éta aya deui nu disebut
bulan Romadon nu katelahna bulan Puasa téa” jawab Ki Émés. “Lian ti bulan Romadon,
bulan naon deui Més?” tanya Si Kabayan. “Dina itungan taun hijrah mah Muharam, Safhar,
Rabiul Awal, Rabiul Ahir, Rajab, Sya’ban, Romadon, Syawal, Dzulqo’idah, jeung Dzul
hijjah!” jawab Ki Émés.
Si Kabayan nanya deui, “Pédah hésé ngapalkeunana kitu, nu matak nepi ka teu arapal
kana bulan-bulan dina taun Hijrah téh?”. Ki Émés ngajawab deui, “Duka atuh, da ceuk ana
ogé, dina bulan-bulan Maséhi mah sok apal jeung béntang-béntangna sagala. Heueuh saperti
Virgo, Taurus, Léo jeung sajabana. Hayu ah, urang dahar beuteung kuring geus
kekerebekan!”. “Hayu atuh, da kuring ogé sarua lapar!” témpas Si Kabayan bari duanana indit
ngaléos muru ka dapur.
(Dicutat tina Manglé Alit No. 1110 )

Pikeun maham eusi dongéng, jawab pananya ieu di handap!


1. Dina dongéng di luhur palakuna aya sabaraha urang?
2. Unsur pamohalan naon anu aya dina dongéng di luhur?
3. Kumaha pasipatan Ki Émés téh?
4. Kumaha pasipatan Si Kabayan téh?
5. Naon anu disebut hijrah dina jaman Kangjeng Nabi?
6. Naon ari anu disebut titimangsa?
7. Sebutkeun ngaran-ngaran bulan dina taun Hijriyah!
8. Naon hartina “hijrah” di jaman kiwari téh?
9. Naon téma dongéng diluhur téh?
10. Kumaha kacindekkan tina eusi dongéng di luhur?

Kamus Alit

ana, anu asalna tina basa Arab nu hartina abdi, atawa kuring

Cucu Ratna Sundayani, S.S


23
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

énté, sabalikna tina kecap ana


laluasa, bébas; euweuh halangan
saban poé, unggal poé
titimangsa, tanggal; waktu contona dina nulis surat

II. Pedaran Dongéng


Dongéng téh nya éta carita rékaan anu loba ngandung unsur-unsur pamohalan.
Dongéng aya nu kaasup kana dongéng sasatoan (fabel), dongéng sasakala (légénda),
dongéng anu nyaritakeun dedemit/siluman (mité), dongéng jalma biasa (parabel),
jeung dongéng babad (sagé).

C. KAMAHÉRAN BASA

• Basa Kosta (basa Asing)


Nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda, kecap kosta téh asalna tina basa Sangsekerta
hartina asing. Jadi basa Kosta téh hartina basa Asing.
Sagala basa diunggal bangsa, teu aya nu tulen sagemblengna. Biasana sok aya baé
kacampuran ku basa séjén. Kitu deui basa Sunda, loba meunang pangaruh ti basa séjén.
Sanajan urang ayeuna geus teu terang yén hiji kecap téh sabenerna mah lain pituin basa
Sunda.
Lolobana mah kecap kosta dina basa Sunda téh tina basa Arab. Pangna kitu téh bisa
jadi lantaran pangaruh agama Islam anu dianut ku urang Sunda. Contona baé aya kecap
kosta anu memang teu aya basa Sundana, pédah mangrupa perkara anyar, saperti: salat,
zakat, malaikat, salawat, saréat, haji, tahlil, wulu, jste.

• Kecap-kecap nu asalna tina basa Arab


Ajal, ajal

Akad, ‘aqd
Almanak, al-manak
Badan, badan
Baka, baqa
Baleg, balig
Da’wah, da’wah
Dalil, dalil Ijazah, ijazah
Daptar, daftar Ijtihad, ijtihaad
Hajat, hajjah Iklas, ikhlas
Jama, jama
Jasad, jasad
Jenatna, jenazah
Kapir, kafir
Lanat, la’nah
Maksud, maqsuud
Napsu, nafs
Jste.

Cucu Ratna Sundayani, S.S


24
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

Latihan
Pék téang ku hidep harti tina kecap ieu di handap, tuluy jieun kalimahna!
1. Adan
Hartina : …………………………………………………………………...
Kalimahna : …………………………………………………………………...

2. Zakat
Hartina : …………………………………………………………………...
Kalimahna : …………………………………………………………………...

3. Khalifah
Hartina : …………………………………………………………………...
Kalimahna : …………………………………………………………………...

4. Sya’ban
Hartina : …………………………………………………………………...
Kalimahna : …………………………………………………………………...

5. Hijrah
Hartina : …………………………………………………………………...
Kalimahna : …………………………………………………………………...

D. EVALUASI

Béré tanda cakra (x) dina jawaban nu dianggap pangbenerna!


1. Carita dongéng diluhur téh kaasup kana dongéng .........
a. parabel d. légénda
b. mitos é. babad
c. Fabél

2.Saha ari palaku dongéng diluhur teh ......


a. Si Kabayan d. Ki Émés
b. Sayidina Ali é. Si Kabayan jeung Ki Émés
c. Khalifah Umar bin Khattab

3. Carita rékaan anu méré kesan pamohalan disebut........


a. carpon d. éséy
b. dongéng é. biografi
c. novél

4. Saur saha yén hijrah téh mangrupa taun nu pang pentingna ........
a. Sayidina Ali d. Khalifah Umar bin Khattab
b. Abu Musa Al-asyari é. Si Kabayan
c. Ki Émés

5. Nu misahkeun antara période Mekkah jeung Madinah nyaéta.........


a. bulan haji d. hijriyah
b. hijrah é. perang mut’ah
c. perang tabuk
Cucu Ratna Sundayani, S.S
25
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

6. Dina dongéng aya bagian dina ngucapkeun naskah dongéng, kudu bener dina bagian
vokalisasina anu disebut........
a. lafal dongéng d. sora vokal
b. lentong dongéng é. sora konsonan
c. tagog ngadongéng

7. Si Kabayan naya deui, “Pédah hésé ngapalkeunana kitu, nu matak nepi ka teu arapal
kana bulan-bulan dina taun Hijrah téh?”. Ki Émés ngajawab deui, “Duka atuh, da ceuk
ana ogé, dina bulan-bulan Maséhi mah sok apal jeung béntang-béntangna sagala.
Heueuh saperti Virgo, Taurus, Léo jeung sajabana. Hayu ah, urang dahar beuteung
kuring geus kekerebekan!”. “Hayu atuh, da kuring ogé sarua lapar!” témpas Si
Kabayan bari duanana indit ngaléos muru ka dapur.
Wacana diluhur aya kecap “kekerebekan’ hartina ........
a. lapar d. aya cai dina jero beuteung
b. nyeuri beuteung é. usus buntu
c. busung lapar

8. Dina sempalan dongéng diluhur aya kecap ‘ana’ serepan tina Basa Arab nu
hartina.......
a. kuring d. kami
b. anjeun é. urang sararéa
c. anjeuna

9. Tema carita dongéng diluhur nyaéta ........


a. kudu apal kana ngaran-ngaran bulan dina taun Hijriyah
b. kudu apal kana ngaran-ngaran bulan dina taun Maséhi
c. kudu apal kana arti hijrah
d. urang kudu hijrah ka Mekkah
é. Si Kabayan nanyakeun taun

10. Dihandap téh ngaran bulan-bulan Hijriyah, iwal.........


a. bulan haji d. Dzul hijjah
b. Sya’ban é. Safhar
c. Dzulqo’idah

E. PANUTUP

Sanggeus migawé modul 4 kalayan hadé, hidep meunang nuluykeun kana modul 5. Tapi,
mun modul 4 can kajawab kabéhanana kalayan sampurna, hidep kudu ngulang deui,
konsultasikeun jeung guru pangajar atawa babaturan.

Ajén ti Guru Tawisan Guru Katerangan

Cucu Ratna Sundayani, S.S


26
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

PANGAJARAN 5:
MACA CARITA BABAD
A. BUBUKA

I. Deskripsi
Modul maca carita babad nya éta modul nu kalima dina diajar basa Sunda tingkat
SMA. Standar kompetensina nya éta mampuh maca, maham, jeung méré tanggapan kana
wacana tinulis anu mangrupa sajarah lokal atawa carita babad, puisi, carita pondok, jeung
warta tina surat kabar, kalawarta, média éléktronik. Kompeténsi dasarna nya éta maca carita
babad/carita sajarah. Indikatorna nya éta ngawincik carita babad jeung dongéng babad,
ngébréhkeun hubungan kausalitas kajadian jeung sajarah, nyusun runtuyan dumasar kana
kalungguhan jeung peranan tokoh, nyindekkeun jeung méré tanggapan kana eusi kajadian
sajarah.

II. Pituduh ngagunakeun modul


1.Pituduh pikeun murid
a. Saacan diajar ngagunakeun ieu modul, hidep kudu ngadéngékeun heula
pituduh ti guru, hidep ogé kudu maca jeung maham kana uraian matéri.
b. Pikeun ngajaga karapihan jeung kaberesihan modul, hidep migawé modul dina
buku tulis.
c. Mun aya poko bahasan atawa kecap nu teu kaharti, bisa langsung ningali kana
kamus atawa tatanya ka guru basa Sunda.
2.Peran Guru
a. Mantuan murid dina ngararancang prosés diajar.
b. Ngabingbing murid dina nyangharepan pancén modul.
c. Mantuan murid sangkan bisa maham kana konsép.
d. Mantuan murid dina ngaaksés sumber anu lian pikeun diajar.
e. Ngabingbing murid dina nyieun kelompok diajar.
f. Méré penilaian.
g. Méré penjelasan ngeunaan matéri anu can meneran.
h. Nyatetkeun kamajuan diajar murid.

III. Tujuan Ahir


Kinérja nu dipiharep nya éta murid kudu bisa maca jeung maham kana eusi carita
babad, bisa maham kalungguhan jeung peranan tokoh, bisa maham hubungan kausalitas
kajadian jeung sajarah, bisa maham patalina antar tokoh, kajadian jeung wewengkonna, bisa
nyindekkeun eusi téks (kajadian sajarah), jeung bisa méré tanggapan ngeunaan aspék-aspék
sajarah lokal/babad.

IV. Cék Kamampuh


1) Sebutkeun judul carita babad nu dipikanyaho ku hidep?
2) Ti wewengkon mana éta carita babad téh?
2) Carita babad nu disebutkeun ku hidep téh nyaritakeun ngeunaan naon?

Cucu Ratna Sundayani, S.S


27
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

B. PEMBELAJARAN

I. Maca Carita Babad


• Di handap aya sempalan tina carita babad.
• Pék baca tur tengetan ku hidep eusina!

Prabu Siliwangi di Pakuan Padjadjaran

Aya hiji Raja Agung nu ngadeg di Pakuan Padjadjaran, Sang Prabu Siliwangi
jenenganana, Anjeunna téh putra Sang Prabu Anggalarang, di Galuh kulawarga (dinasti)-na;
nu kapungkur linggih di Karaton Surawisésa di Priangan palih wétan perenahna. Nalika di
tempat anu sanés kacaritakeun Sang Raja nu jenenganana Radén Mamanah Rasa, anjeunna
dirorok ku uana nya éta Sang Jurulabuan, nu jenenganana téh Ki Gedéng Sindangkasih, anu
ngawasa pangeureunan parahu muara Jati ngaranna, teu tebih perenahna wétaneun pasir
Amparan Jati. Kaleresan Ki Gedéng téh kagungan putra nu jenenganana Nyai Ambetkasih.
Ahirna Sang Prabu Siliwangi téh nikah sareng Nyai Amberkasih.
Kacaritakeun Sang Raja nalika nuju anom ngiring makalangan perang di Nagara
Surantaka, teras ngiring sayémbara nu diayakeun ku Ratu Singapura nu jenenganana Ki
Gedéng Tapa anu janten Mangkubimi bawahan Padjadjaran. Ahirna Sang Siliwangi unggul
perangna. Kumargi kitu anjeunna ditikahkeun ka Nyai Subanglarang. Nalika nuju alit Raja
Putri téh jenenganana Nyai Larang Tapa, istri anu sampurna geulisna, lir bulan caang opat
welas moncorongna.
Saparantos Ki Gedéng Sindangkasih pupus, Sang Prabu Siliwangi dijenengkeun Raja di
Nagara Sindangkasih, tangtosna saparantos unggul ti sadaya musuhna. Salah sahiji
diantawisna nya éta Sang Ratu Japura anu sakti mandraguna, anu Nagarana aya sawétaneun
pasir Amparan Jati, ari nagara Singapura mah perenahna kaléreun pasir Ampatan Jati. Teu
kantos lami ti harita Sang Prabu Siliwangj ddiistrénana janten Raja di Pakuan Padjadjaran ku
uana. Nya diresmikeun jenenganana janten Sang Prabu Déwantawisésa, linggih di Karaton
Pakuan anu disebat Sang Bima. Sparantosna kitu, Nyai Subanglarang dicandak ngalih ka
Keraton téa.
(dicutat tina Danasasmita, 2003; 130-131)

Pikeun maham eusi carita babad, jawab pananya ieu di handap!


1. Raja di Karajaan mana Prabu Siliwangi
téh?..........................................................................
2. Ku saha Prabu Siliwangi diangkat jadi Rajana
téh?...............................................................
3. Saha Prabu Déwantawisésa
téh?.............................................................................................
4. Naon hubunganana Prabu Siliwangi sareng Prabu
Anggalarang?..........................................
5. Saha Sang Ratu
Japura?..........................................................................................................
6. Ku saha Prabu Siliwangi dijenengkeun raja di Nagara
Sindangkasih?..................................
7. Tuliskeun kacindekanana tina carita babad di
luhur?.............................................................
8. Dumasar kana buku saha, carita babad di luhur
téh?..............................................................

Cucu Ratna Sundayani, S.S


28
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

II. Pedaran Carita Babad


Carita babad/sajarah nya éta carita anu dumasar kana kajadian sajarah. Dongéng
babad/sajarah nya éta nyaritakeun kajadian atawa jelema nu ngandung unsur sajarah.
Dongéng babad/sajarah, unsur-unsur kasajarahanana téh henteu jelas jeung teu bisa
dicekel faktana, sabab ngandung unsur pamohalan téa.

Kamus Alit

anom, lem. tina ngora.


diistrénan, disumpah; dianggkat jadi Raja.
dirorok, dikukut, miara anak batur.
kacindekan, kasimpulan.
nalika, lem. tina basa (=waktu).
ngadeg, 1)nangtung;2)ngajabat.
makalangan, pangalaman.
mangkubumi, nu ngajalankeun paréntah ti Raja; perdana mentri.
palih, lem. tina beulah.
pasir, gunung leutik.
perenahna, lebah-lebahna.
wétan, tempat bijilna panonpoé.

KAMAHÉRAN BASA

1. Pancakaki
Pancakaki téh nya éta pernahna jelema ka jelema deui anu sakulawarga atawa nu
kaasup baraya kénéh. Pancakaki rundayan/turunan kawincik jadi:
• Anak, turunan kahiji.
• Incu, turunan kadua.
• Buyut, anakna incu.
• Bao, anakna buyut.
• Janggawaréng/Canggahwaréng, anakna bao.
• Udeg-udeg, anakna janggawaréng, incuna bao.
• Kait-siwur/Gantung-siwur, anakna udeg-udeg.
• Bau sinduk, anakna gantung-siwur.

2. Istilah nu séjénna tina Pancakaki:


• Bapa, lalaki nu boga anak, salaki indung.
• Indung, awéwé nu boga anak, pamajikan bapa.
• Aki, bapana indung atawa bapa.
• Nini, indungna bapa atawa indung.
• Adi, dulur sahandapeun.
• Lanceuk, dulur saluhureun.
• Emang/paman, adina bapa/indung (lalaki).
• Bibi, adina bapa/indung (awéwé).
• Ua, lanceukna bapa/indung.
• Alo, anak lanceuk.
• Suan, anak adi.

Cucu Ratna Sundayani, S.S


29
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

• Kapiadi, anakna emang/bibi.


• Kapilanceuk, anakna ua.
• Adi beuteung, adina pamajikan/salaki.
• Dulur teges, dulur enya saindung sabapa.
• Indung téré, pamajikan bapa tapi lain nu ngalahirkeun urang.
• Bapa téré, salaki indung, tapi lain nu ngalantarankeun urang lahir.
• Anak téré, anak sampakan ti salaki/pamajikan.
• Dulur patétéréan, anak indung téré/bapa téré.
• Cikal, anak panggedéna.
• Pangais bungsu, lanceuk bungsu.
• Bungsu, anak pangleutikna.
• Baraya, sakur anu aya pakuat-pakaitna pancakaki.
• Karuhun, luluhur, jalma-jalma nu kungsi aya lila heulaeun urang, nu
ngarundaykeun urang.

C. ÉVALUASI

Béré tanda cakra (x) dina jawaban nu dianggap pangbenerna!


1. Saha ari Ki Gedéng Sindangkasih téh .........
a. nu miboga pangeureunan parahu Jati
b. nu ngurus pangeureunan parahu muara Jati
c. nu ngawasa pangeureunan parahu muara Jati
d. nu beberes di pangeureunan parahu muara Jati
e. nu ngajaga pangeureunan parahu di muara Jati

2. Putrana Ki Gedéng Tapa nu ditikah ku Prabu Siliwangi nya éta..


a.Nyai Sucilarang d. Nyai Tapa Larang
b. Nyai Amberwati é. Nyai Subanglarang
c.Nyai Amberkasih

3. Salah sahiji tokoh anu jadi musuhna Sang Prabu Siliwangi nya éta .........
a.Ratu Japura d. Ki Gedéng Sindanngkasih
b. Ki Gedéng Tapa é. Prabu Anggalarang Ratu Japura
c.Radén Mamanah Rasa

4. Di wewengkon mana Prabu Siliwangi janten Raja?


a.di Cirebon d. di Amparan Jati
b. di Surakarta é. di Pakuan Padjadjaran
c.di Singapura

5. Kacaritakeun migarwa sabaraha urang Prabu Siliwangi téh dumasar kana carita di
luhur ?
a.nol d. tilu
b. hiji é. opat
c.dua

6. Érna boga lanceuk nu geus lakirabi tur boga budak hiji lalaki nu ngaranna Aji.
Perenahna Aji ka Érna nya éta ………

Cucu Ratna Sundayani, S.S


30
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

a. Alo d. Kapiadi
b. Toa é. Kapilanceuk
c. Suan

7. Sakur jalma nu aya pakuat-pakaitna dina pancakaki disebut ogé ……….


a. Baraya d. Baraya laér
b. Dulur teges é. Dulur sabrayna
c. Dulur pituin

8. Icih boga budak nu ngaranna Imas. Kulantaran pipirakan, Imas cicing jeung
Bu Késih nu kawin ka bapana. Perenahna Imas ka Bu Késih nya éta ………..
a. Adi téré d. Indung téré
b. Bibi téré é. Lanceuk téré
c. Dulur téré

9. Anakna Ema téh aya opat, nu kahiji ngaranna Wawan, nu kadua ngaranna
Dudi, nu katilu ngaranna Wittri, ari nu panungtung ngaranna Cucu. Nu jadi pangais
bungsu nya éta ………
a. Ema d. Wittri
b. Dudi é. Wawan
c. Cucu

10. Pa Ito parantos nikah sareng Ceu Maryani, padahal mah Ceu Maryani téh adi
pamajikanana Pa Ito nu kahiji. Perenahna Pa Ito ka Ceu Maryani sateuacan nikah nya
éta ………
a. dahuan d. dulur sabrayna
b. dulur teges é. deungeun-deungeun
c. adi beuteung

Tugas Terstruktur (TT):


Jieun pancakaki kulawarga nu sorangan!

Kegiatan Mandiri Tidak Terstruktur (KMTT):


1. Sebutkeun masing-masing sajejer carita anu kaasup kana
Carita Babad/Sajarah jeung Dongéng Babad/Sajarah !
2. Tuliskeun gurat badag tina eusina, tong poho nyebutkeun
sumberna!

D. PANUTUP

Sanggeus migawé modul 5 kalayan hadé, hidep meunang nuluykeun kana modul 6. Tapi,
mun modul 5 can kajawab kabéhanana kalayan sampurna, hidep kudu ngulang deui,
konsultasikeun jeung guru pangajar atawa babaturan.

Ajén ti Guru Tawisan Guru Katerangan

Cucu Ratna Sundayani, S.S


31
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

PANGAJARAN 6:
MACA SAJAK
A. BUBUKA

I. Deskripsi
Modul maca sajak nya éta modul nu kagenep dina diajar basa Sunda tingkat SMA.
Standar Kompetensina nya éta maca, maham, jeung méré tanggapan kana wacana tinulis anu
mangrupa sajarah lokal atawa carita babad jeung warta tina surat kabar, majalah, atawa media
éléktronik. Kompeténsi dasarna nya éta maca sajak. Indikatorna nya éta milah-milah unsur-
unsur sajak, maluruh téma, nada jeung ma’na dina sajak, sarta macakeun sajak kalawan
intonasi, éksprési jeung sikep anu saluyu jeung nada dina éta sajak.

II. Pituduh ngagunakeun modul


1.Pituduh pikeun murid
a. Saacan diajar ngagunakeun ieu modul, hidep kudu ngadéngékeun heula
pituduh ti guru, hidep ogé kudu maca jeung maham kana uraian matéri.
b. Pikeun ngajaga karapihan jeung kaberesihan modul, hidep migawé modul dina
buku tulis.
c. Mun aya poko bahasan atawa kecap nu teu kaharti, bisa langsung ningali kana
kamus atawa tatanya ka guru basa Sunda.
2.Peran Guru
a. Mantuan murid dina ngararancang prosés diajar.
b. Ngabingbing murid dina nyangharepan pancén modul.
c. Mantuan murid sangkan bisa maham kana konsép.
d. Mantuan murid dina ngaaksés sumber anu lian pikeun diajar.
e. Ngabingbing murid dina nyieun kelompok diajar.
f. Méré penilaian.
g. Méré penjelasan ngeunaan matéri anu can meneran.
h. Nyatetkeun kamajuan diajar murid.

III. Tujuan Ahir


Kinérja nu dipiharep nya éta murid kudu bisa maca sajak kalayan ngagunakeun lafal
jeung lentong nu merenah, penampilan jeung improvisasi anu hadé, maham kana kecap-kecap
dina sajak tur bisa ngoméntaran cara maca sajak babaturan sakelasna.

Cucu Ratna Sundayani, S.S


32
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

IV. Cék Kamampuh


1) Naon ari sajak téh?
2) Naon nu kudu diperhatikeun lamun hidep rék maca sajak?
3) Lamun hidep dipenta ngajieun sajak, hidep bakal nyokot topik ngeunaan naon?

Saacan medar matéri, pék gerendengkeun heula ieu sajak, tuluy lenyepan nepi ka
karasa ku haté hidep nadana jeung ngarti kana maksud ieu sajak!

Sajak I
Carita dina Carita
Nendi, S. Teguh

- Antara kuring jeung anjeun


lir Roméo jeung Juliet
kungsi aya rasa nu sarua
kungsi aya nu dipatri dina ati

- antara kuring jeung anjeun


lir Khaiz jeung Laéla
kungsi leumpang dina asihna
kungsi silih anjang ku kahéman

-kuring jeung anjeun


lir Ujang Kusén jeung Nyi Rapiah
kungsi aral subaha
kungsi malati ligar dina dua mangsa
023628
(kungsi dimuat dina Galura taun 2005)

Sajak II
Tangara Samoja
Nendi, S. Teguh

Samoja
ngajadi wirahma mangsa
dirumpakaan asmarandana
diwawaas beureum kayas
sihoreng ringkang paudag-udag jeung kahayang
kalangkang diwatesanan ku layung nu hibar
kauger ku gugunungan ‘na pawayangan
kapan tembrés nganjang mah kudu mulang
sajorélat lir balébat-épisod mah kudu baganti
kapireng hariring di tepiswiring
samoja muguran-gugupay méré tangara
kumelendang ukur anjang-anjangan.

Cucu Ratna Sundayani, S.S


33
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

( dimuat dina Cupumanik, no. 31 Taun III-Pebruari 2006)

Pikeun maham eusi sajak, jawab pananya ieu di handap!


1. Dimana latar tempat dina sajak Tangara Samoja?................................................................
2. Naon harti tepis wiring dina sajak di luhur?..........................................................................
3. Naon harti kontotatif tina kumelendang anjang-anjangan?..................................................
4. Naon anu jadi téma dina sajak anu judulna Carita dina Carita?...........................................
5. Kumaha nada dina sajak anu judulna Carita dina Carita?....................................................
6. Kumaha rasa hidep nalika maca judul sajak Tangara Samoja?............................................
7. Naon amanat anu nyangkaruk dina judul sajak Tangara Samoja?........................................
8. Pék téangan ku hidep kecap anu ngandung harti konotatif jeung dénotatif masing-masing
tilu kecap tina judul sajak Tangara Samoja tuluy paluruh hartina dina kamus!...................

Kamus Alit

aral subaha, teu bisa narima kaayaan


kapireng, kadéngé
kumelendang, hirup
ringkang, kalangkang
sajorélat, sakeudeung pisan
tangara, béja
tembrés, jelas

B. PEMBELAJARAN

1. Wangenan Sajak
• Sajak nya éta salah sahiji karya sastra nu mangrupa ébréhan tina sikep, jiwa
jeung éksprési pangarang. Wangun sajak kaasup kana wangun ugeran, tapi disusun
sakarep pangarang.
• Sajak mangrupa ébréhan pikiran jeung rarasaan tina hasil ngimpleng (répleksi)
pangarang anu ngagunakeun basa anu munel tur pepel.
• Sajak mangrupa salah sahiji wanda puisi atawa wangun ugeran anu teu pati
kauger ku patokan wangunna. Kulantaran kitu, dina mangsa gelarna sok disebut
sajak bébas. Gelarna sajak mimiti awal 50-an.

2. Dumasar kana eusi sajak dibagi jadi dua nya éta:


• Sajak épik: sajak anu eusina ngadadarkeun atawa ngalalakonkeun.
Conto: Janté Arkidam kénging Ajip Rosidi
• Sajak lirik: sajak anu eusina ngébréhkeun rasa panyajakna.
Contona: Lalaki di tegal Pati kénging Sayudi.

3. Unsur-unsur dina jero sajak diantarana:


• téma : pikiran poko pangarang dina éta sajak
• nada : sikep pangarang kana éta karyana
• rasa : sikep urang nu maca karya
• amanat : maksud anu rék ditepikeun ku pangarang
• ma’na konotasi jeung dénotasi: harti sabenerna jeung teu sabenerna

4. Hal anu kudu diperhatikeun dina maca sajak diantarana:


Cucu Ratna Sundayani, S.S
34
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

• lenyepan : saacan maca sajak teuleuman heula eusi


sajak,
nadana, rasa jst.
• wirahma : anca-gancangna dina maca sajak.
• vokal : patalina jeung sora, lafal, béntés henteuna dina
ngucapkeun kecap.
• nada jeung rasa : patalina jeung sikep urang kana
karyana dina
maca sajak.
• éksprési : patalina paroman jeung réngkak polah
maca sajak.

C.KAMAHÉRAN BASA

1. Wangenan Gaya Basa


Pikeun ngalengkepan pangajaran sajak, urang pedar ogé perkawis gaya basa. Gaya
basa dina basa indonésia mah disebut gaya bahasa atawa majas téa. Basa Inggrisna
mah style. Gaya basa nya éta, rakitan basa anu dipaké ku panyatur sangkan ngahudang
pangaruh (éfék) anu leleb karasana ka pamiarsa. (Yayat Sudaryat: kamus Istilah
élmuning Basa)

2. Jenis-jenis Gaya Basa


Gaya basa téh loba pisan lamun ku urang diguar mah. Di handap baris diguar
sababaraha gaya basa di antarana:
a. Gaya basa rarahulan : gaya basa anu nuduhkeun hiji hal sacara kaleuleuwihi
Contona: Manéhna ceurik getih basa ngadéngé indungna maot.
b. Gaya basa mijalma : gaya basa anu nuduhkeun barang paéh saolah-olah
ngalakukeun pagawéan jalma hirup.
Conto: Angin ngagupayan kuring bangun nu ngajak ulin.
c. Gaya basa lalandian : gaya basa nu ngébréhkeun hiji hal ngaliwatn
babandingan ku cara méré panglandi.
Conto: R. Oto Iskandardinata nelah Si Jalak Harupat.
d. Gaya basa kadalon : gaya basa nu ngagunakeun kecap-kecap pikeun
ngébréhkeun maksud nu leuwih ti mistina.
Contona: Cing maju ka hareup!
e. Gaya basa ngasor : gaya basa anu dipaké pikeun ngahandapkeun manéh
miboga maksud ngahormat jalma anu diajak nyarita.
Contona: Iraha atuh badé linggih ka saung butut téh!

Latihan
Jieun kalimah ngagunakeun gaya basa ieu di handap!
1. Kageurihan hinis
…………………………………………………………………………………..
2. Bulan maturan kuring
…………………………………………………………………………………..
3. Béntang lapang
…………………………………………………………………………………..
4. Turun ka handap

Cucu Ratna Sundayani, S.S


35
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

…………………………………………………………………………………..
5. Tanah satapak peucang
…………………………………………………………………………………..

D.ÉVALUASI

Béré tanda cakra (x) dina jawaban nu dianggap pangbenerna!


1. Unsur penting dina maca sajak nya éta?
a. sora d. patokan
b. margaluyu é. intonasi
c. sora, aliterasi, efoni.

2. Pupuh jeung sajak kagolongkon kana karya sastra ...


a. wangun ugeran d. wangun puisi
b. wangun pakeman é. majas
c. wangun sastra buhun

3. Kungsi malati ligar dina dua mangsa.


Kecap ligar ngandung harti ....
a. muguran d. saé
b. mekar é. éndah
c. ragrag

4. Nada dina judul sajak “tangara samoja” nya éta….


a. sedih d. keuheul
b. gumbira é. lucu
c. ambek

5. Kapan tembrés nganjang mah kudu mulang. Harti nganjang dina éta sempalan
sajak nya éta…
a. ulin d. babarengan
b. uleman é. balik
c. sakola

E. PANUTUP

Sanggeus migawé modul 6 kalayan hadé, hidep meunang nuluykeun kana modul 7. Tapi,
mun modul 6 can kajawab kabéhanana kalayan sampurna, hidep kudu ngulang deui,
konsultasikeun jeung guru pangajar atawa babaturan.

Ajén ti Guru Tawisan Guru Katerangan

Cucu Ratna Sundayani, S.S


36
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

PANGAJARAN 7:
NARJAMAHKEUN
A. BUBUKA

I. Deskripsi
Modul narjamahkeun nya éta modul nu katujuh dina diajar basa Sunda tingkat SMA.
Standar kompetensina nya éta mampuh nulis pikeun ngébréhkeun eusi pikiran, rarasaan,
jeung kahayang dina wangun narjamahkeun ngagunakeun aksara Sunda, surat jeung biografi.
Kompeténsi dasarna nya éta narjamahkeun kana basa Sunda. Indikatorna nya éta ngawincik
(ngawilah-wilah) kalimah basa Indonesia dina artikel, ngébréhkeun kalimah-kalimah basa
Indonesia kana basa Sunda bari maliré kana pesen katut basana, ngalatih masangkeun
(ngajodokeun) kecap-kecap basa Indonesia kana basa Sunda, jeung narjamahkeun kalimah-
kalimah basa Indonesia kana basa Sunda dina salah sahiji artikel bari maliré kana pesen katut
basana.

II. Pituduh ngagunakeun modul


1.Pituduh pikeun murid
a. Saacan diajar ngagunakeun ieu modul, hidep kudu ngadéngékeun heula
pituduh ti guru, hidep ogé kudu maca jeung maham kana uraian matéri.
b. Pikeun ngajaga karapihan jeung kaberesihan modul, hidep migawé modul dina
buku tulis.
c. Mun aya poko bahasan atawa kecap nu teu kaharti, bisa langsung ningali kana
kamus atawa tatanya ka guru basa Sunda.
2.Peran Guru
a. Mantuan murid dina ngararancang prosés diajar.
b. Ngabingbing murid dina nyangharepan pancén modul.
c. Mantuan murid sangkan bisa maham kana konsép.
d. Mantuan murid dina ngaaksés sumber anu lian pikeun diajar.
e. Ngabingbing murid dina nyieun kelompok diajar.
f. Méré penilaian.
g. Méré penjelasan ngeunaan matéri anu can meneran.
h. Nyatetkeun kamajuan diajar murid.

Cucu Ratna Sundayani, S.S


37
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

III. Tujuan Ahir


Kinérja nu dipiharep nya éta murid kudu bisa narjamahkeun kalimah dina téks basa
Indonesia kana basa Sunda, tina salah sahiji artikel bari maliré kana pesen katut basana.

IV. Cék Kamampuh


1) Hal naon anu mimiti bakal dilakonan ku hidep lamun dipénta
pikeun narjamahkeun téks basa Indonésia ka basa Sunda?
2) Sanggup teu lamun hidep dipénta narjamahkeun téks basa Sunda ka basa
Indonésia?
3) Aya hiji hal anu teu meunang pisan dilakonan ku urang lamun rék
narjamahkeun téks. Nyaéta ...

B. PEMBELAJARAN

Nulis Tarjamahan
• Di handap aya tilu cutatan jeung salah sahiji artikel anu ditulis ngagunakeun dua
basa, nya éta basa Indonesia jeung basa Sunda.
• Pék baca sing nepikeun ka paham kana cara-cara narjamahkeunana!

a. Cutatan kahiji
Pada saat ini, bahasa Sunda menduduki posisi ke-33 di dunia, sedangkan bahasa
Cirebon di atas posisi 100 dari 330 bahasa daerah di dunia. Untuk menjaga agar bahasa
Ibu di seluruh dunia tidak musnah, maka sejak tahun 1999 UNESCO menetapkan tanggal
21 Februari sebagai hari bahasa Ibu Internasional.
(Dicutat tina harian umum Pikiran Rakyat,edisi22 Februari 2008)

Tarjamahan Sundana
Kiwari, basa Sunda aya dina urutan ka-33, sedengkeun basa Cirebon aya dina urutan
leuwih ti 100 tina 330 basa daérah di sakuliah dunya. Pikeun ngariksa sangkan basa
Indung di sakuliah dunya henteu musna, mangka ti mimiti tahun 1999 UNÉSCO
netepkeun tanggal 21 Pebruari minangka poé basa Indung Internasional.

b. Cutatan kadua
Menurut para leluhur Sunda ada empat karakter yang tidak boleh ada dalam diri orang
sunda yaitu:
1. Mudah tersinggung
2. Merajuk
3. Berkeluh kesah
4. Menggerutu
(Dicutat tina buku kasundaan Rawayanjati,Hidayat Suryalaga,Wahana Raksa Sunda 2003)

Tarjamahan Sundana
Numutkeun Sesepuh urang Sunda, aya opat pasipatan anu teu meunang aya dina diri
urang Sunda nya éta:
1. Babarian
2. Pundungan
3. Humandeuar
4. Kukulutus

Cucu Ratna Sundayani, S.S


38
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

c. Cutatan katilu
Balita, juga batita (bawah tiga tahun), sebaiknya jangan dimanjakan dengan tontonan
televisi. Riset terbaru membuktikan, bocah yang rajin menonton televisi, cenderung
mengalami gangguan daya ingat. Inilah peringatan peneliti dari Children’s Hospital and
Regional Medical Center.
(Dicutat tina Pamager Basa hal.157-158)

Tarjamahan Sundana
Balita, ogé budak Batita (kurang tilu taun), alusna entong diogo ku cara terus-terusan
sina lalajo televisi . Tina panalungtikan panganyarna kabuktian, budak nu mindeng
moncongok televisi, bisa mangaruhan kana gawé uteukna, nya éta rada pohoan. Kitu
nurutkeun panalungtik ti Children’s Hospital and Regional Medical Center.

d. Artikel Sekilas Bandung


Pengelola Grand Aquilla akan Ditindak
Walikota Bandung Dada Rosada akan menindak tegas pengelola Hotel Grand Aquilla
terkait masalah kelalaian pembayaran upah dan persoalan ketenagakerjaan. Ia menegaskan
akan menggunakan kewenangannya sebagai Kepala Daerah untuk menyelesaikan
permasalahan yang tidak kunjung selesai sejak tahun 2008 itu.
Pernyataan Dada dikatakan dalam pertemuan antara Pemkot Bandung, pihak yang
mewakili Hotel Grand Aquilla, serta Serikat Pekerja di ruang tengah Balai Kota Bandung,
Jumat 4 Juni 2010.
Ketua Serikat Pekerja Mandiri Hotel Grand Aquilla Bandung (SPM HGAB),
Sopandi mengatakan, Walikota bisa mencabut izin operasional hotel jika hingga Kamis 10
Juni 2010 Management hotel belum menunaikan kewajibannya. Dikatakan Management
hotel harus segera membayar upah pegawai sesuai dengan ketentuannya dan
mempekerjakan kembali 137 pengurus serikat pekerja beserta anggotanya yang
diberhentikan sepihak pada Oktober 2008.
Kepala Dinas Tenaga Kerja Kota Bandung Hibarani Andam Dewi mengatakan,
ketegasan Walikota dilakukan untuk mempercepat penyelesaian masalah.
(Dicutat tina Koran Pikiran Rakyat Sabtu 5 Juni 2010)

Tarjamahan Sundana
Artikel Saulas Ngeunaan Bandung

Anu ngokolakeun Hotél Grand Aquilla Bakal Ditindak

Walikota Bandung Dada Rosada méré kategasan ka anu ngokolakeun Hotél Grand
Aquilla ku ayana pasualan kataledoran mayar gajih pagawé jeung pasualan
ketenagakerjaan. Anjeunna negeskeun dina pasualan anu teu bérés-bérés ti taun 2008 ieu
baris dibenerkeun sacara kadinasan luyu jeung kalungguhan anjeunna nya éta salaku
Kepala Daérah.
Kamandang Dada disebutkeun dina acara rapat antara Pemkot Bandung, pihak anu
ngawakilan Hotél Grand Aquilla, sarta Serikat Pekerja di rohangan tengah Balai Kota
Bandung, Jumaah 4 Juni 2010.
Pupuhu Serikat Pekerja Mandiri Hotél Grand Aquilla Bandung (SPM HGAB),
Sopandi nyebutkeun Walikota bisa nyabut ijin operasional hotél lamun nepi ka poé Kemis
10 Juni 2010 Manajemen hotél henteu méréskeun kawajibanana. Manajemen hotél kudu
buru-buru mayar gajih pagawé luyu jeung katangtuanana sarta ngagawékeun deui 137

Cucu Ratna Sundayani, S.S


39
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

pengurus serikat pekerja sarta anggotana anu geus dieureunkeun ku pihak hotél bulan
Oktober 2008.
Pupuhu Dinas Tenaga Kerja Kota Bandung Hibarani Andam Dewi nyebutkeun,
kategasan Walikota ménta dilakukeun pikeun ngaréngsékeun pasualan sagancangna.

Pikeun maham eusi tarjamahan, jawab pananya ieu di handap!


1. Aya sabaraha jumlah basa daérah di sakuliah
dunya?............................................................
2. Basa Sunda aya dina urutan ka
sabaraha?...............................................................................
3. Kumaha carana basa Indung di sakuliah dunya henteu
musna?.............................................
4. Pasipatan naon anu kudu dijauhkeun ku urang
Sunda?..........................................................
5. Naon ari Balita jeung Batita
téh?............................................................................................
6. Naon sababna Balita jeung Batita teu meunang terus-terusan lalajo
televisi?........................
7. Hasil risét ti rumah sakit mana nu nyebutkeun yén budak Balita jeung budak Batita teu
meunang moncongok di televisi?............................................................................................
8. Naon masalahna di Hotél Grand Aquilla
téh?........................................................................
9. Kumaha jalan kaluarna supaya Hotél Grand Aquilla gancang bérés tina pasualan nu
karandapan?............................................................................................................................
10. Saha waé anu milu ngabéréskeun pasualan Hotél Grand
Aquilla?.........................................

C. KAMAHÉRAN BASA

Narjamahkeun kana Basa Sunda


Umumna urang Sunda téh ngagunakeun dua basa (dwibahasawan) dina hirup kumbuh
sapopoéna, nya éta basa Sunda jeung basa Indonesia. Munasabah upama loba kecap-kecap
basa Indonésia nu asup kana basa Sunda.
Nyundakeun atawa narjamahkeun artikel henteu kudu ditarjamahkeun sakecap-
sakecap, lantaran henteu kabéh basa atawa kecap dina basa Indonésia bisa langsung
disundakeun, nya kitu deui sabalikna, sabab basa Sunda jeung basa Indonésia téh béda .
Dina narjamahkeun kudu tetep ngindung kana basa, kalimah, jeung kecap aslina.
Upama urang rék nyundakeun artikel, hal-hal anu kudu diperhatikeun nya éta:
1. Baca heula éta artikel sakabéhna;
2. Baca saalinéa-alinéa;
3. Hartikeun sakalimah-sakalimah;
Cucu Ratna Sundayani, S.S
40
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

4. Kakara narjamahkeun kecap-kecapna.

Latihan
Jodokeun ieu kecap-kecap di handap kana kecap-kecap nu aya di beulah
katuhueunana!
1. Mudah Tersinggung a. Dicutat
2. Merajuk b. Pasipatan
3. Berkeluh Kesah c. Panalungtik
4. Menggerutu d. Anu ngokolakeun
5. Dicuplik e. Pasualan
6. Karakter f. Negeskeun
7. Peneliti g. Pundungan
8. Pengelola h. Kukulutus
9. Permasalahan i. Babarian
10. Menegaskan j. Humandeuar

D. ÉVALUASI

Baca wacana ieu di handap, tuluy tarjamahkeun kana basa Sunda,


pigawé laporanana dina buku tugas!

Istana Bogor Terbuka untuk Umum

Memperingati hari jadi ke – 528 Bogor, Istana Bogor di jalan Ir.Juanda, Kota Bogor,
dibuka untuk umum selama tujuh hari kerja, 14-17 Juni dan 21-23 Juni. “Hari biasa,
masuk Istana Bogor harus ada izin dari Sekretariat Negara di Jakarta. Pada kesempatan
peringatan hari jadi Bogor, warga yang berminat ke Istana Bogor hanya perlu mendaftar
di panitia Istana Bogor Open di jalan Kapten Muslihat Nomor 12, Bogor Tengah, mulai
Senin ( 7/6 ),” Kata Kepala Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Kota Bogor Artiana Yanar
Anggraeni di Bogor.( RTS ). Kompas,Selasa, 8 Juni 2010.

E. PANUTUP

Sanggeus migawé modul 7 kalayan hadé, hidep meunang nuluykeun kana modul 8. Tapi,
mun modul 7 can kajawab kabéhanana kalayan sampurna, hidep kudu ngulang deui,
konsultasikeun jeung guru pangajar atawa babaturan.

Cucu Ratna Sundayani, S.S


41
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

Ajén ti Guru Tawisan Guru Katerangan

PANGAJARAN 8:
NGAGUNAKEUN AKSARA SUNDA
A. BUBUKA

I. Deskripsi
Modul ngagunakeun aksara Sunda nya éta modul nu pangpandeurina dina diajar basa
Sunda kelas X semester kahiji tingkat SMA. Standar kompetensina nya éta mampuh nulis
pikeun ngébréhkeun eusi pikiran, rarasaan, jeung kahayang dina wangun narjamahkeun,
ngagunakeun aksara Sunda, sarta nulis surat jeung biografi. Kompeténsi dasarna nya éta
Cucu Ratna Sundayani, S.S
42
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

ngagunakeun Aksara Sunda. Indikatorna nya éta maham ngagunakeun aksara Sunda (aksara
Kaganga), nulis ngagunakeun aksara Sunda, jeung nyalin téks ngagunakeun aksara Sunda.

II. Pituduh ngagunakeun modul


1.Pituduh pikeun murid
a. Saacan diajar ngagunakeun ieu modul, hidep kudu ngadéngékeun heula
pituduh ti guru, hidep ogé kudu maca jeung maham kana uraian matéri.
b. Pikeun ngajaga karapihan jeung kaberesihan modul, hidep migawé modul dina
buku tulis.
c. Mun aya poko bahasan atawa kecap nu teu kaharti, bisa langsung ningali kana
kamus atawa tatanya ka guru basa Sunda.
2.Peran Guru
a. Mantuan murid dina ngararancang prosés diajar.
b. Ngabingbing murid dina nyangharepan pancén modul.
c. Mantuan murid sangkan bisa maham kana konsép.
d. Mantuan murid dina ngaaksés sumber anu lian pikeun diajar.
e. Ngabingbing murid dina nyieun kelompok diajar.
f. Méré penilaian.
g. Méré penjelasan ngeunaan matéri anu can meneran.
h. Nyatetkeun kamajuan diajar murid.

III. Tujuan Ahir


Kinérja nu dipiharep nya éta murid kudu bisa maham kana ngagunakeun aksara, ogé
prakték nulis ngagunakeun aksara Sunda.

IV. Cék Kamampuh


1) Hidep apal henteu kana aksara Sunda Kaganga?
2) Coba tuliskeun ngaran hidep sorangan maké aksara Kaganga? (keur
nu geus apal)
3) Aya sabaraha hiji sakanyaho hidep ngeunaan aksara Sunda téh?

PEMBELAJARAN

Pedaran Aksara Sunda Kaganga


• Aksara Sora ‘Vokal Mandiri’ jumlahna aya 7 nya éta:

A I U É E EU O

a I U{ E } O
Contona: aa = aa Oa = oa aI = ai I} = ieu
• Aksara Ngalagena ‘Konsonan’ jumlahna aya 25 nya éta:

Cucu Ratna Sundayani, S.S


43
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

• Vokalisasi ‘Penanda Bunyi’


1. Vokalisasi nu ditulis di luhur lambang aksara ngalagena jumlahna aya 5
(lima), nya éta:

a. ....i panghulu,fungsina ngarobah sora /a/ jadi /i/.


=

Conto k= ka jadi ki= ki


:

Latihan 1
Tuliskeun ieu kecap-kecap di handap maké aksara Sunda!

h HA n NA c CA r RA k KA

d DA t TA s SA w WA l LA

M
p PA j JA y YA J NYA MA
m
g GA b BA G NGA KHA SYA

f FA q QA v VA x XA z ZA
1. bibi = ………………. 6. nini = ………………..

2. basi = ………………. 7. tadi = ………………..

3. babari = ………………. 8. mimiti = ………………..

4. kamari = ………………. 9. harita = ………………..

5. pamali = ………………. 10. tarasi = ………………..

b. ....e = pamepet, fungsina ngarobah sora /a/ jadi


/e/. Conto: k= ka jadi ke= ke

Latihan 2
Tuliskeun ieu kecap-kecap di handap maké aksara Sunda!

1. sepi = ………………. 6. teri = ………………..

Cucu Ratna Sundayani, S.S


44
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

2. meri = ………………. 7. peti = ………………..

3. tepi = ………………. 8. demi = ………………..

4. neda = ………………. 9. pepeta = ………………..

5. depa = ………………. 10. ngabedega = ……………......

c. ....] = paneuleung, fungsina ngarobah sora /a/ jadi


/eu/. Conto k
: k]= keu
= ka jadi

Latihan 3
Tuliskeun ieu kecap-kecap di handap maké aksara Sunda!
1. beuli = ………………. 6. ceuli =
………………..

2. beuti = ………………. 7. beusi =


………………..

3. deupa = ………………. 8. geura =


………………..

4. seuneu = ………………. 9. deuleu =


………………..

5. ceuceu = ………………. 10. weureu =


………………..

d. ....Q = panglayar, fungsina nambah konsonan /


+r/ dina tungtung aksara ngalagena.

Conto: k= ka jadi kQ= kar

Latihan 4
Tuliskeun ieu kecap-kecap di handap maké aksara Sunda!

1. darma = ………………. 6. kasar =


………………..

Cucu Ratna Sundayani, S.S


45
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

2. karma = ………………. 7. lapar =


………………..

3. sarta = ………………. 8. jajar =


………………..

4. parna= ………………. 9. lebar =


………………..

5. harta = ………………. 10. sebar =


………………..

e. ....N = panyecek, fungsina nambah konsonan /


+ng/ dina tungtung aksara ngalagena.

Conto: k = ka jadi kN= kang


Latihan 5
Tuliskeun ieu kecap-kecap di handap maké aksara Sunda!

1. barang = ………………. 6. sawang =


………………..

2. carang = ………………. 7. tarang =


………………..

3. damang = ………………. 8. garang =


………………..

4. dalang = ………………. 9. gedang =


………………..

5. karang = ………………. 10. terang =


………………..

2. Vokalisasi nu ditulis di luhur lambang aksara ngalagena jumlahna aya 3


(tilu), nya éta:

a. ....u = panyuku, fungsina ngarobah sora /a/

jadi /u/. Conto: k = ka jadi ku = ku

Latihan 6
b. Conto: k= ka jadi kN= kang
Tuliskeun ieu kecap-kecap di handap maké aksara Sunda!

Cucu Ratna Sundayani, S.S


46
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

1. bulu = ………………. 6. batur = ………………..

2. hulu = ………………. 7. catur = ………………..

3. kuku = ………………. 8. sakur = ………………..

4. ruku = ………………. 9. cukur = ………………..

5. suku = ………………. 10. dulur = ………………..

b. ....R = panyakra, fungsina nambah konsonan /

+ra/ dina tungtung aksara ngalagena. Conto: k


= ka jadi

Latihan 7
kR = kra

Tuliskeun ieu kecap-kecap di handap maké aksara Sunda!

1. cakra = ……………….

2. krama = ……………….

3. citra = ……………….

4. prabu = ……………….

5. drama = ……………….

c. ....L = panyiku, fungsina nambah konsonan /+la/


dina tungtung aksara ngalagena. Conto: k ka jadi=

Latihan 8 kL kla
=

Tuliskeun ieu kecap-kecap di handap maké aksara Sunda!

1. cipleu = ……………….

2. klasifikasi = ……………….

3. klarifikasi = ……………….

4. ngajleng = ……………….

5. racleng = ……………….

Cucu Ratna Sundayani, S.S


47
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

3. Vokalisasi nu ditulis sajajar jeung aksara dasar ngalagena jumlahna aya 5


(lima), nya éta:

a. [.... = panéléng,fungsina ngarobah sora /a/ jadi

/é/. Conto: k = ka jadi [k = ké

Latihan 9
Tuliskeun ieu kecap-kecap di handap maké aksara Sunda!

1. saré = ……………….

2. méré = ……………….

3. hésé = ……………….

4. réhé = ……………….

5. kéré = ……………….

b. ....o = panolong, fungsina ngarobah sora /a/


jadi /o/. Conto: k ka jadi ko = ko
=

Latihan 10
Tuliskeun ieu kecap-kecap di handap maké aksara Sunda!

1. lolong = ……………….

2. korong = ……………….

3. omong = ……………….

4. pamong = ……………….

5. bolong = ……………….

c. ....H = pangwisad, fungsina nambah konsonan /


+h/ dina tungtung aksara ngalagena.

Conto:
Cucu Ratna Sundayani, S.S
k= ka jadi kH = kah

48
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

Latihan 11
Tuliskeun ieu kecap-kecap di handap maké aksara Sunda!

1. sémah = ………………. 6. polah =


……………….

2. léngkah = ………………. 7.
rongkah = ……………….

3. bungah = ………………. 8.
mapah = ……………….

4. cenah = ………………. 9.
pageuh = ………………..

5. baseuh = ………………. 10.


nyeupah = ………………..

d. ....Y = pamingkal, fungsina nambah sora /+ya/

dina aksara ngalagena . Conto: k = ka jadi kY =


kya

Latihan 12
Tuliskeun ieu kecap-kecap di handap maké aksara Sunda!

1. madya = ……………….

2. gebyar = ……………….

3. setya = ……………….

4. widya = ……………….

5. sanghyang = ……………….

e. ....; = pamaéh, fungsina ngaleungitkeun sora dina

aksara ngalagena. Conto: k = ka jadi k; =k

Latihan 13
f. Conto: k= ka jadi kN= kang
Cucu Ratna Sundayani, S.S
49
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

Tuliskeun ieu kecap-kecap di handap maké aksara Sunda!

1. samak = ……………….

2. lamak = ……………….

3. rungkad = ……………….

4. neleg = ……………….

5. berkat = ……………….

4. Vokalisasi nu bisa ditulis bari dibarengkeun (dikombinasikeun)


jeung aksara sora jumlahna aya 3 (tilu), nya éta:

a. ....Q = panglayar aQ ar ; {Q
:
ér , jsb.

b. ....N = panyecek: aN ang ; {N


éng , jsb.
1 ....H
c.
2 6 7 aH
3 4 5= pangwisad: 8 9ah 0{H ; •
1234567890 •

Angka (aya 10):

Latihan 14
Tuliskeun ieu angka di handap maké aksara Sunda!

1. 27 =......................... 4. 10.300 =......................


2. 250 = ....................... 5. 115.000 =......................
3. 1.500 = ........................

Latihan 15
Salin kana Aksara Latén!

lmun; UrN k ciko[l


Cucu Ratna Sundayani, S.S
50
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

moal; [h[s tum;pk;


khQ
lmun; UrN bog g[w
moal; [h[s brNdhQ
Latihan 16
Salin kana Aksara Kaganga!

Kawih murangkalih Ayang-Ayang Gung


Ayang-ayang gung
……………………………………………………………………………….
gung goongna ramé
……………………………………………………………………………….
ménak Ki Wastanu
……………………………………………………………………………….
nu jadi wadana
……………………………………………………………………………….
naha manéh kitu
……………………………………………………………………………….
tukang olo-olo
……………………………………………………………………………….
loba anu giruk
……………………………………………………………………………….
ruket jeung kompeni
……………………………………………………………………………….
niat jadi pangkat
……………………………………………………………………………….
katon kagoréngan
……………………………………………………………………………….
ngantos Kangjeng Dalem
……………………………………………………………………………….
lempa-lempi lempong
……………………………………………………………………………….
ngadu pipi jeung nu ompong
……………………………………………………………………………….
jalan ka Batawi ngemplong.
……………………………………………………………………………….

C. PANUTUP

Cucu Ratna Sundayani, S.S


51
Modul Basa Sunda Kelas X 2010/2011

Modul 8 nyaéta modul pangpandeurina dina pangajaran basa Sunda kelas X semester
kahiji. Sanggeus hidep bisa migawé modul ieu kalawan hadé jeung sampurna, hidep bisa
konsultasi ka guru pangajar ngeunaan hasil penilaian.

Ajén ti Guru Tawisan Guru Katerangan

Cucu Ratna Sundayani, S.S


52