You are on page 1of 181

FUNGSI PRAGMATIS TÉKS LAKU BASA SUNDA DINA ROHANG STATUS FACEBOOK

TÉSIS Diajengkeun pikeun nyumponan sarat nyangking Magister Pendidikan Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

ku DADANG NURJAMAN 0907667

PROGRAM STUDI PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA SEKOLAH PASCASARJANA UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2011

LEMBAR PENGESAHAN

FUNGSI PRAGMATIS TÉKS LAKU BASA SUNDA DINA ROHANG STATUS FACEBOOK

DADANG NURJAMAN 0907667

DISALUYUAN TUR DISAHKEUN KU PANGAPING: Pangaping I,

Dr. Yayat Sudaryat, M.Hum. NIP 19630210 198703 1 001

Pangaping II,

Dr. Dingding Haérudin, M.Pd. NIP 19640822 198903 1 001

Kauninga ku: Pupuhu Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana UPI,

Dr. Ruhaliah, M.Hum. NIP 19641110 198903 2 002

PERNYATAAN

Dengan ini saya menyatakan bahwa tesis dengan judul ‘Fungsi Pragmatik Téks Laku Basa Sunda dina Rohang Status Facebook’ ini beserta seluruh isinya adalah benar-benar karya saya sendiri, dan saya tidak melakukan penjiplakan atau pengutipan dengan cara-cara yang tidak sesuai dengan etika keilmuan yang berlaku dalam masyarakat keilmuan. Atas pernyataan ini, saya siap menanggung risiko/sanksi yang dijatuhkan kepada saya apabila kemudian ditemukan pelanggaran terhadap etika keilmuan dalam karya saya ini, atau ada klaim dari pihak lain terhadap keaslian karya saya ini.

Bandung, 15 Juli 2011 Yang membuat pernyataan,

Dadang Nurjaman, S.Pd.

opat warna di antarana digunakeun salaku laku basa dina rohang status facebook. Sumber datana mangrupa téks basa Sunda dina rohang status facebook nu dipedalkeun dina bulan Mei 2011 ku panyatur nu kalibet dina jaringan akun facebook panalungtik. i . ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: 1) kontéks laku basa dina rohang status facebook. sarua jeung. 4) kumaha fungsi laku basa dina rohang status facebook. Dumasar hasil panalungtikan. informatif-manipulatif. téks basa Sunda nu digunakeun dina rohang status facebook ditalungtik sacara déskriptif tina jihat laku basa kalawan pamarekan pragmatik fungsional. dicangking 15 téks nu dijadikeun data panalungtikan. pagawéan. kalawan téhnik ngumpulkeun datana ngawengku téhnik rékam jeung dokuméntasi. jeung kecap panyambung babandingan. tur miboga unsur métaforis. carita pondok. sipat. jeung 5) téhnik métaforis nu digunakeun dina laku basa dina rohang status facebook. Métode nu digunakeun nyaéta métode déskriptif-analitis. ngawengku fungsi informatif. pangbanding. 2) Tina lima warna laku basa sakumaha nu diébréhkeun ku Searle. dua di antarana digunakeun salaku laku basa dina rohang status facebook. Dumasar éta sumber data. sarta rasa katut nada nu tangtu. Masalah nu ditalungtik ngawengku: 1) kumaha kontéks laku basa dina rohang status facebook. 2) kumaha wangun laku basa dina rohang status facebook. 3) kumaha wanda laku basa dina rohang status facebook.FUNGSI PRAGMATIK TÉKS LAKU BASA SUNDA DINA ROHANG STATUS FACEBOOK DADANG NURJAMAN ABSTRAK Basa Sunda kiwari geus digunakeun dina ramatloka jaringan social facebook pikeun nuliskeun rupa-rupa hal. jeung paripolah. Pabanding jeung motif karéréanana disamunikeun. kahayang. catetan. nu nyarita. sawangan. keyakinan. jeung suasana. kudu dipaluruh tina pangbandingna nu mangrupa barang. jiga. sarta ibarat. waktu. nyaéta laku basa langsung teu literal jeung teu langsung teu literal. Dina ieu panalungtikan. manipulatif. 4) fungsi laku basa dina rohang status facebook. jeung 5) kumaha téhnik métaforis nu digunakeun dina laku basa dina rohang status facebook. 3) Tina opat interséksi wanda laku basa. digunakeun dina sabagian leutik téks. Dumasar éta masalah. komisif. ekspresif. Ikon-ikon budaya modéren leuwih réa batan budaya tradisional. lalayang. nyaéta laku basa representatif. 5) Unsur métaforis téks laku basa dina rohang status facebook bisa disungsi ngaliwatan pabanding. kasang tukang tempat. dan direktif. 2) wangun laku basa dina rohang status facebook. 4) Aya genep fungsi laku basa dina rohang status facebook. jeung sajak. nu dicaritakeun. informatif-estetik dan informatifkeyakinan. 3) wanda laku basa dina rohang status facebook. bisa dicindekkeun: 1) Kontéks laku basa dina rohang status Facebook némbongkeun komponén UUBS. Kecap-kecap lir. motif. kayaning idé.

FUNGSI PRAGMATIK TEKS TINDAK TUTUR BAHASA SUNDA DALAM RUANG STATUS FACEBOOK DADANG NURJAMAN ABSTRAK Saat ini bahasa Sunda telah digunakan secara luas dalam situs jejaring sosial facebook untuk menuliskan berbagai hal, seperti ide, pemikiran, keinginan, undangan, catatan, cerita pendék, dan sajak. Dalam Penelitian ini, teks bahasa Sunda dalam ruang status facebook diteliti secara deskriptif dalam jihat tindak tutur melalui pendekatan analisis pragmatik fungsional. Ada lima permasalahan yang diteliti, yaitu 1) bagaimana konteks tindak tutur dalam ruang status facebook,2) bagaimana jenis tindak tutur dalam ruang status facebook, 3) bagaimana bentuk tindak tutur dalam ruang status facebook, 4) bagaimana fungsi tindak tutur dalam ruang status facebook, dan 5) bagaimana teknik metaforis digunakan dalam tindak tutur dalam ruang status facebook. Berdasarkan permasalahan tersebut, penelitian ini bertujuan mendeskripsikan: 1) konteks tindak tutur dalam ruang status facebook,2) jenis tindak tutur dalam ruang status facebook, 3) bentuk tindak tutur dalam ruang status facebook, 4) fungsi tindak tutur dalam ruang status facebook, dan 5) teknik metaforis yang digunakan dalam tindak tutur dalam ruang status facebook. Untuk menjawab permasalahan tersebut, digunakan metode deskriptif dengan teknik rekam dan studi dokumentasi. Sumber data berupa teks-teks bahasa Sunda dalam ruang status facebook yang dimuat bulan Mei 2011, berasal dari jejaring akun facebook peneliti, dan mengandung unsur metaforis. Berdasarkan sumber data tersebut, diperoleh 15 (lima belas) teks yang dijadikan data penelitian. Berdasarkan hasil analisis, diperoleh kesimpulan: 1) konteks tindak tutur dalam ruang status facebook menunjukkan komponen UUBS, pemakai bahasa, topik, latar belakang waktu, tempat dan suasana, serta rasa dan nada tertentu; Ikon-ikon budaya modern lebih banyak ditemukan daripada ikon-ikon budaya tradisional; 2) dari lima jenis tindak tutur menurut Searle, terdapat empat jenis tindak tutur yang digunakan dalam teks ruang status facebook, yaitu tindak tutur representatif, ekspresif, komisif, dan direktif; 3) dari empat bentuk interseksi tindak tutur, dua bentuk digunakan dalam teks ruang status facebook, yaitu tindak tutur langsung tidak literal dan tindak tutur tidak langsung tidak literal; 4) terdapat enam fungsi tindak tutur dalam ruang status facebook, yaitu fungsi informatif, manipulatif, keyakinan, informatif-manipulatif, informatif-estetik dan informatif-keyakinan; 5) unsur metaforis teks dalam ruang status facebook memiliki makna-makna tertentu yang dapat dianalisis melalui pebanding, pembanding, motif dan kata sambung perbandinganSebagian besar aspek pebanding dan motif disembunyikan sehingga harus dicari melalui pembanding yang berupa benda, sifat, dan tindakan. Kata lir, jiga, sarua jeung dan ibarat digunakan sebagai kata sambung perbandingan dalam sebagian kecil teks.

ii

PRAGMATIC FUNCTION OF SUNDANESE SPEECH ACTS IN THE FACEBOOK STATUS SPACE by DADANG NURJAMAN ABSTRACT Nowadays Sundanese language is widely used in the social networking sites Facebook to write various things, such as ideas, thoughts, wishes, invitations, notes, short stories, and poems. In this study, Sundanese language text in a facebook status is examined descriptively in speech act through pragmatic functional analysis approach. There are five problems studied: 1) how context of speech act in the facebook status space, 2) how type of speech act in the facebook status space, 3) how form of speech act in the facebook status space, 4) how function of speech act in the facebook status space, and 5) how metaphorical technic of the text in the facebook status space. Based on the research problem, the study aims to describe: 1) context of speech act in the facebook status space, 2) type of speech act in the facebook status space, 3) form of speech act in the facebook status space, 4) function of speech act in the facebook status space, and 5) metaphorical technic of the text in the facebook status space. Discusses the problem are used descriptive method with recording techniques and documentation. A source of data in the form of sundanese language texts in the facebook status that was published in May 2011, comes from the networking of researchers facebook account, and contains a metaphorical element. Based on these data sources, obtained 15 of text used as research data. From the analysis, found a few conclusions: 1) context of speech acts in the facebook status space indicates UUBS components, user language, topic, background time, place and ambience, as well as a certain flavor and tone; icons of modern culture were more common than the traditional cultural icons; 2) of the five types of speech acts according to Searle, there are four types of speech acts used, that is representative, expressive, comisive, and directive speech acts; 3) of the four intersection forms of speech acts, two forms used, namely the direct nonliteral speech act and indirect non- literal speech act; 4) there are six functions of speech acts used in the facebook status space, that is informative, manipulative, beliefs, informative-manipulative, informative-aesthetic, and informativeconfidence functions; 5) elements of metaphorical can be analyzed through comparative, comparison, motif and conjunctive comparison. From the analysis, most comparative and motives aspects are hidden that should be through a comparison of objects, properties, and action. Some conjunctions, namely are lir, jiga, sarua jeung and ibarat, used as the conjunctive comparison only in a small portion of text.

iii

PANGJAJAP

Taya kecap nu bisa ngagambarkeun rasa, taya kalimah nu bisa ngagambarkeun tumarimana diri, anging puji sukur ka kersaning Gusti Nu Maha Suci, réhing sim kuring tiasa ngaréngsékeun ieu tésis dina waktosna. Solawat miwah salam mugia kahaturkeun ka jungjungan alam Muhammad Saw., kulawargina, para sohabatna, tug dugi ka urang sadaya salaku umatna. Salasahiji sarat nalika rék ngaréngsékeun tolab élmu di paguron luhur jenjang S-2, unggal mahasiswa anu geus cumpon wates hontalan SKS-na diperedih pikeun nyusun karya ilmiah winangun tésis. Éta tésis kudu dipertanggungjawabkeun dina ujian sidang nepi ka bakal nangtukeun lulushenteuna saurang mahasiswa. Sok sanajan kitu, tangtu sakuduna lain alatan hal di luhur baé éta tésis disusun. Hal anu sarua pentingna anu kudu dijadikeun panitén dina nyusun tésis téh napak dina tujuan sangkan mahasiswa mampuh sacara profésional ngaorganisasikeun hasil diajar sarta nerapkeunana dina ngungkulan pasualan-pasualan luyu jeung widang studina kalawan ngagunakeun métode mikir ilmiah. Dumasar alesan-alesan di luhur pisan ieu tésis disusun, kalawan dijudulan “Fungsi Pragmatik Téks Laku Basa Sunda dina Rohang Status Facebook”. Najan nurutkeun tataran idéal disusunna ieu tésis téh tangtu „ngalak paul‟, tapi tétéla kasalahan jeung kahéngkéran kalintang ageung pisan kamungkinanana. Éta hal téh lain dihaja, tapi anu pangutamana mah alatan kurangna kamampuh jeung

iv

Pamungkas. Salian ti éta. mugia bisa nambahan hasanah pustaka dina widang basa Sunda jeung pangajaranana. v .kaweruh si kuring dina ngawasa paélmuan anu pakait jeung pasualan dina ieu tésis. mugia ieu usaha nyusun tésis téh méré mangpaat pikeun usahausaha lianna dina ngungkulan gelarna pasualan-pasualan sabudeureun basa jeung pangajaranana.

2) Ibu Dr. salaku pupuhu Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana UPI. anging haturan séwu nuhun laksa keti kabingahan kana sagala rupi bantosan sareng pangrojong anu parantos dipaparinkeun ka sim kuring.Hum.Hum.. staf TU Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana UPI. salaku pangaping II.). Dingding Haérudin. M.. M. 5) 6) 7) 8) 9) Mamah Ratnasih sareng Bapa Nana Rukmana (alm. M. Abah Usman sareng Ema Oné. Mungguhing ku ayana bantosan sareng dorongan ti seueur pihak. sim kuring dina ngaréngsékeun ieu tésis téh mayunan teu kirang halangan tur harungan anu kapendak. Ku kituna. salaku pangaping I. miwah Bapa Dr. alhamdulillah ieu tésis tiasa ngawujud. taya basa pangéndahna anu kedal tina kaweningan ati sareng kajembaran manah. Ruhaliah. vi . Tian Kustiawan sareng Tio Faradha Dinan Azka. utamina ka: 1) Bapa Dr.Pd.TAWIS NUHUN Kawatesanan ku pangaweruh sareng pangalaman. Si Jalu. 4) Ibu Wulan. Yayat Sudaryat. Ambu Éma Sukaésih. Arfannizzar Mugi Yatmika. 3) Bapa miwah Ibu Dosén di Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana UPI.

). 15) sugri sadaya anu teu tiasa diwincik hiji-hiji. Ai Nurhayati. Mamay Rahayu Tresna Adhi. Jajat. 13) Bapa Ahmad Rohman Somantri. Dési Éndah Puspitaningsih. Suprihatin Rohana. 14) Kanca Mitra dina Facebook. 11) Kang Rahmat Hidayat. Haryadi Pramudita. Cécé Hidayat. 12) Bapa Nandang Komara. sareng Ratna Nur Aisyah. Pupuhu SMP Negeri 2 Rancabali Kabupaten Bandung. Hadi AKS. Dadang Nurjaman vii . Moh. Eli Awaludin Jamil. Ceu Wiwin Widaniawati.10) Kang Otong (alm. Ceu Hj. Ibu Nina Hasanah. Komalawati. Mugia. 15 Juli 2011 Tabé pun. Témmy Widyastuti. Apip Ruhamdani. Darpan. amin. sareng Rini Sri Indriyani. Caca Danuwijaya. Solihabudin. Budi Budiawan. Farid. Ridha Hérdiani. sareng Astrini Nursyamsiah. Dian Héndrayana. Ineu Setyawati. Sulé Nurharismana. sagala rupi bantosan sareng rojongan ti sadayana mangrupi amal kasaéan anu dipaparinan ganjaran anu langkung ti Gusti Nu Maha Suci. Dudung Ruswandi. Nur Aliawati Aliyah. Bandung.

..............3 Kasang Tukang Tempat.......................................2 Watesan jeung Rumusan Masalah Panalungtikan ..............3..................................3........... 7 1... 1 1....................................3........................................3......................2 Téks .... vi DAFTAR EUSI ............................................................... 2..........6 Anggapan Dasar .............................................................................5 Wangenan Operasional ................................2 Warna Laku Basa ........................................... 2...........1......3.......................................................................3 Wanda Laku Basa .. 2.................................... jeung Ragam Basa ............................... jeung Suasana ....... viii DAFTAR TABÉL ......................4 Mangpaat Panalungtikan ..................................1 Komunikasi Vérbal Tinulis ...................................... 12 12 23 33 33 33 36 37 37 38 46 47 50 viii ......................................................................... 6 1........................1..........1..................... waktu...................... 1 1..................................2 Rumusan Masalah Panalungtikan .................. 2.......... 2........................................................................................................................................ x DAFTAR BAGAN ...2 Nu Maké Basa jeung Nu Dicaritakeun ............. 2................................ 10 Bab II TÉKS VERBAL DINA ROHANG STATUS FACEBOOK MINANGKA LAKU BASA DINA KAGIATAN KOMUNIKASI VERBAL TINULIS .................................................. xi DAFTAR GAMBAR .....................................................1 Undak Usuk atawa Tatakrama Basa .......... xiii Bab I BUBUKA ...................................3............................................................................................... 2.....................................5 Rasa............................................. 6 1.................................3 Tujuan Panalungtikan .................... 5 1.........2............ i PANGJAJAP .................................1 Watesan Masalah Panalungtikan ..............1................................... 2........................................................................................................2.........................1...................................................................... iv TAWIS NUHUN ...............................3.......3.................................................................. 2..................................................... 2.................................... Nada...........DAFTAR EUSI ABSTRAK .................................... 5 1................ 8 1................................1 Kontéks Laku Basa ...............6 Amanat jeung Tujuan Omongan ........................................................................................................ xii DAFTAR GRAFIK ....................3 Laku Basa ........3..........................................................................................1 Kasang Tukang Panalungtikan ................................ 2.............1.......................................4 Alat Nu Digunakeun ......... 2....................

.................. 52 2......2....... 80 4..................................................................................................................................2 Laku Basa Direktif ........................... 3................................................... 79 4.............................................3.....................2 Saran ................1 Métode Panalungtikan ..........3. 140 5......2.4 Wanda Laku Basa dina Rohang Status Facebook . 130 Bab V KACINDEKAN JEUNG SARAN .............................................................................................................................4 Kasang Tukang Tempat........ 87 4.......................................................................................................................2..................................... 146 DAFTAR PUSTAKA .....................................6 Téhnik Métaforis Téks Laku Basa dina Rohang Status Facebook ..........................................................................3 Laku Basa Éksprésif .............................................................................4 Laku Basa Komisif ......................7 Pedaran Hasil Panalungtikan .......4 Instrumén Panalungtikan........................2...............................................................................................................................................................................3 Warna Laku Basa dina Rohang Status Facebook ..............2 Kontéks Laku Basa dina Rohang Status Facebook .....3....................5 Fungsi Laku Basa dina Rohang Status Facebook ................ 62 Bab III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN ....................................2......... 104 4.............................................1 Kacindekan .......4......................................................3.... 112 4..................... 84 4...5 Rasa jeung Nada ................ waktu...........................................................6 Prosédur Analisis Data ..............................................................2 Laku Basa Teu Langsung Teu Literal ............................................. 3............ 64 64 65 66 69 73 74 Bab IV FUNGSI PRAGMATIS LAKU BASA DINA ROHANG STATUS FACEBOOK ...............................................1 Déskripsi Data ...... 3........2 Nu Maké Basa .... 95 4.... 77 4.......................................................5 Rohang Status dina Facebook ...............................4 Téhnik Métaforis .................................................................................. 3......1 Undak Usuk atawa Tatakrama Basa .........4................3......................................................................................... 55 2............................ 3...................1 Laku Basa Répréséntatif ...2 Paradigma Panalungtikan ...............4 Fungsi Laku Basa .......................... 140 5....1 Laku Basa Langsung Teu Literal ............ 118 4....................... 89 4........................ 104 4...3 Sumber Data .............5 Prosédur Ngumpulkeun Data ........................................................................................................................... 100 4............ 96 4................... 94 4................................... 93 4........................................... 148 ix .......... 3... 83 4.................................. 77 4... 106 4................3 Nu Dicaritakeun ................................... jeung Suasana.................2.....

.............. 3....................................... 4.......................... 2. Data Téks dina Rohang Status Facebook ................................................................................LAMPIRAN-LAMPIRAN: 1............................................................................................. SK Pembimbing Tésis ................................................... Conto Data Intertékstual .................................... 164 x .... 153 158 160 161 162 RIWAYAT HIRUP ............................................................................................... Format Kartu Data .............. Korpus Data .................... 5...................

Waktu.1 4.12 3.3 4.4 3. jeung Suasana Laku Basa dina Rohang Status Facebook Kontéks Rasa Laku Basa dina Rohang Status Facebook Kontéks Nada Laku Basa dina Rohang Status Facebook Warna Laku Basa dina Rohang Status Facebook Wanda Laku Basa dina Rohang Status Facebook Fungsi Laku Basa dina Rohang Status Facebook Aspék Métaforis Laku Basa dina Rohang Status Facebook Kaca 51 67 70 70 70 70 71 71 71 71 72 72 72 72 78 80 84 86 88 89 92 102 111 116 129 x .3 3.6 3.10 3.5 4.8 3.5 3.7 4.9 4.13 4.2 3.1 3.1 3.7 3.2 4. Waktu. jeung Suasana Laku Basa dina Rohang Status Facebook Format Tabél Kontéks Rasa Laku Basa dina Rohang Status Facebook Format Tabél Kontéks Nada Laku Basa dina Rohang Status Facebook Format Tabél Kontéks Ragam Basa dina Laku Basa dina Rohang Status Facebook Format Tabél Kontéks Amanat Omongan Laku Basa dina Rohang Status Facebook Format Tabél Warna Laku Basa dina Rohang Status Facebook Format Tabél Wanda Laku Basa dina Rohang Status Facebook Format Tabél Fungsi Laku Basa dina Rohang Status Facebook Format Tabél Aspék Métaforis Laku Basa dina Rohang Status Facebook Data Tékstual Laku Basa dina Rohang Status Facebook Kontéks Undak Usuk Laku Basa dina Rohang Status Facebook Kontéks Nu Dicaritakeun patali jeung Sipat dina Laku Basa dina Rohang Status Facebook Format Tabél Kontéks Nu Dicaritakeun patali jeung Situasi dina Laku Basa dina Rohang Status Facebook Kontéks Kasang Tukang Tempat.4 4.6 4.10 4.DAFTAR TABÉL Tabél 2.11 Modus Kalimah dina Laku Basa Conto Data Tékstual Format Tabél Kontéks Undak Usuk Laku Basa dina Rohang Status Facebook Format Tabél Kontéks Nu Maké Basa dina Laku Basa dina Rohang Status Facebook Format Tabél Kontéks Nu Dicaritakeun dina Laku Basa dina Rohang Status Facebook Format Tabél Kontéks Kasang Tukang Tempat.9 3.11 3.8 4.

2 3.1 3.3 2.4 3.3 Prosés Komunikasi Basajan Modél Komunikasi nurutkeun Johnson Modél Uses and Gratifications Rosengren Modél Komunikasi Liniér Paradigma Panalungtikan Tehnik Analisis Interaktif Prosédur Analisis Laku Basa dina Rohang Status Facebook Kaca 13 13 16 21 65 74 76 xi .1 2.2 2.DAFTAR BAGAN Bagan 2.

1 Tepas jeung rohang status dina situs facebook 3.DAFTAR GAMBAR Gambar 1.2 Format Kartu Data kaca 3 68 69 xii .1 Conto Data Intertékstual jeung Sosio-Kultural 3.

1 Kontéks Undak Usuk Laku Basa dina Rohang Status Facebook 81 4.3 Kontéks Nu Dicaritakeun patali jeung Situasi Laku Basa dina Rohang Status Facebook 86 4.DAFTAR GRAFIK Grafik Kaca 4.5 Kontéks Rasa Laku Basa dina Rohang Status Facebook 90 4.7 Warna Laku Basa dina Rohang Status Facebook 103 4.4 Kontéks Kasang Tukang Laku Basa dina Rohang Status Facebook 89 4.6 Kontéks Nada Laku Basa dina Rohang Status Facebook 93 4.2 Kontéks Nu Dicaritakeun patali jeung Sipat dina Laku Basa dina Rohang Status Facebook 85 4.9 Fungsi Laku Basa dina Rohang Status Facebook 117 xiii .8 Wanda Laku Basa dina Rohang Status Facebook 111 4.

Laku basa dina situasi komunikasi massa di antarana nyampak dina rohang status ramatloka (website. mikawanoh jeung némbongkeun poténsi diri. basa Sunda kiwari geus digunakeun dina komunikasi massa. sumebar kalawan tatalépa. Ilaharna ramatloka media sosial. Dina kontéks komunikasi tinulis. situs) jaringan sosial (social network) facebook. kawas virus anu ngainféksi sél organisme biologis sakumna mahluk hirup. sarana pikeun promosi. laku basa dina rohang status facebook miboga fungsi pragmatik. Kamekaran facebook mawa pangaruh positif keur pamiarsana. Sedengkeun dina prosés komunikasina sorangan. sarana diskusi. ayana facebook téh mantuan urang dina ngayakeun interaksi atawa komunikasi jeung sing saha waé di sakuliah dunya. 1 .1 Kasang Tukang Panalungtikan Salian ti digunakeun dina komunikasi sirkulér (gunem catur sapopoé). bisa ditilik tina jihat psikologis jeung mékanistis. méré pangaruh positif pikeun pamiarsana enggoning ngaraketkeun duduluran. Konsép facebook mangrupa viral marketing1 anu bisa nyebar samakta kalawan gratis.BAB I BUBUKA 1. jeung sarana nepikeun angen-angen atawa sawangan. Kagiatan nuliskeun rupa-rupa perkara dina rohang status téh enas-enasna mah mangrupa kagiatan laku basa dina komunikasi vérbal wangun tinulis. 1 Kecap viral ma‟nana „mibanda sipat kawas virus‟. patali jeung pamakéan basa sacara naratif jeung aktif pikeun komunikasi dina kahirupan sapopoé. Viral Marketing nyaéta sistem pamasaran anu sumebarna kalawan gancang.

jeung maksud ungkarana mibanda . nepi ka warna. kagiatan interaksi interpersonal sacara langsung (face to face) beuki ngurangan. Salian ti éta. nyulik. Salian ti mangpaat positif. atawa agama. ngaliwatan facebook ogé dimungkinkeun pisan sumebarna informasi bisa lumangsung kalawan leuwih gancang.com (diaksés 1 Séptémber 2010) facebook bisa ngabalukarkeun pasualan hukum. dipangaruhan ogé ku kontéks. Contona. sabab aya anggapan yén komunikasi ngaliwatan facebook karasa leuwih praktis. nganyerikeun haté. prostitusi. Salian ti éta.2 kalawan biaya nu diperlukeun kaitung murah dibandingkeun misalna jeung ngagunakeun telepon.wordpress. ngaganggu produktifitas gawé. Ku ayana facebook. pamahaman anu béda-béda ti séwangséwang pamiarsa réa anu ngabalukarkeun munculna pacogrégan. nu mangrupa laku basa nu wajar. Salian ti éta. Minangka pakakas pikeun nepikeun pesen nu tangtu dina kontéks komunikasi. nipu. alesan pikeun maéhan manéh. adat-istiadat. sok sanajan eusining rohang status facebook henteu miboga maksud atawa tujuan anu sipatna négatif.laksamana12. jeung nyebarkeun paham-paham atawa idéologi anu pasalia jeung konsép nagara. Di antarana jadi sarana pikeun ngahina atawa ngagoréngkeun ngaran. téks vérbal dina rohang status facebook némbongkeun aspék-aspék situasi jeung motif nu tangtu. wanda. anu béh dieuna bisa dipasualkeun ngaliwatan hukum pidana jeung perdata. fungsi. facebook ogé mawa pangaruh nu négatif. boh sacara pribadi boh sacara hukum. status jeung koméntar anu maksudna heureuy bisa dianggap serius atawa ngahina. Dina ambahan nu leuwih lega. jeung ngagogoréng. bisa dipastikeun yén unggal ungkara (téks) dina basa Sunda. salingkuh. nurutkeun www.

3 hubungan kontékstual.com) Aya sawatara karakteristik umum urang Sunda nalika ngayakeun komunikasi. pesen nu hayang ditepikeun téh aya kalana nyamuni ngaliwatan rupa-rupa laku basa ngagunakeun téhnik métaforis.1: Tepas jeung rohang status dina situs facebook (Foto: www. sok sanajan bisa jadi komunikatorna sorangan teu sadar geus ngalakukeun polah sarupa kitu. Patali jeung éta hal. Gambar 1. pamikiran.facebook. Sangkan komunikasi ngaliwatan rohang status facebook bisa lumangsung kalawan hadé jeung teu matak ngabalukarkeun gelarna pasualan-pasualan anu sipatna négatif. perlu pisan simbol-simbol téks vérbal basa Sunda anu digunakeunana dina rohang status facebook téh dima‟naan kalawan teleb. atawa kahayangna ngaliwatan ungkara-ungkara basa nu . di antarana kabiasaan nyumputkeun atawa nyamunikeun parasaan.

nganuhunkeun. nekenkeun udagan panalungtikanana kana déskripsi variasi laku basa nu dilakukeun ku panyatur basa Sunda patali jeung laku basa nyatakeun hal nu tangtu . jsté. 2) “Deskripsi Maksud Tuturan Sindiran Nyungkun dalam Bahasa Sunda Dialek Priangan”. jeung 3) “Realisasi Tindak Tutur Poyok Ungkal (TTPU) Pada Masyarakat Desa Ungkal Kecamatan Conggeang Kabupaten Sumedang: Kajian Sosiopragmatik dan Pemanfaatannya Sebagai Bahan Ajar Di SMPN 1 Jatinunggal Kabupaten Sumedang”. geus réa panalungtikan nu dilaksanakeun. mangrupa tésis di Univérsitas Monash. nolak. aya ogé nu mangrupa nitah. Patali jeung laku basa ménta. Aminudin Azis (1996). Aya ogé nu najan dipertélakeun. ku Yudi Permana (2001). Australia. boh nu dipuseurkeun kana hiji basa. atawa humandeuar. nu dina istilah masarakat Sunda sok disebut malapah gedang. boh nu sipatna lintas-budaya.4 disumputsalindungkeun maksudna. ku Dadan Andana (2009). saméméhna direumbeuy heula ku omongan-omongan lianna nu ceuk pangrasana bisa nganteurkeun kana maksud saenyana. nganuhunkeun (complimenting). Kedalna ungkara-ungkara nu nyamunikeun maksud sarupa kitu téh biasana dina laku basa (speech act) ménta (requesting). ngambek. skripsi di Universitas Gadjah Mada. kritik. ngajak. panalungtikan perkara laku basa nu kungsi dilaksanakeun di antarana: 1) “The Language of Refusals in Sundanese Society: a Workplace Case”. Sawatara panalungtikan perkara laku basa sakumaha nu dipedar di luhur. Salian ti éta. ku É. jeung humandeuar (complaining). nolak (refusing). tesis di Program Studi Pendidikan Bahasa Indonésia SPS UPI. Dina kontéks basa Sunda.

Panalungtikan perkara ma‟na téks vérbal basa Sunda dina rohang status facebook tacan kungsi dilaksanakeun. 1. pon kitu deui sabalikna tujuan négatif bisa robah jadi positif. Aya atawa henteuna tujuantujuan anu tangtu dina prakna laku basa dina rohang status facebook. panalungtikan perkara fungsi pragmatis téks laku basa Sunda dina rohang status facebook téh perlu pikeun dilaksanakeun. ngagelarkeun sawatara pangaruh positif jeung négatif. Pamahaman anu béda-béda ti papada pamiarsa dina ngama‟naan téks dina rohang status facebook. boh patali jeung adeganana boh patali jeung ma‟nana.2 Watesan jeung Rumusan Masalah Panalungtikan 1. Salian ti éta. Data panalungtikanana mangrupa ungkara basa Sunda nu digunakeun dina situasi komunikasi sirkulér sacara langsung.1 Watesan Masalah Panalungtikan Laku basa dina rohang status facebook téh némbongkeun ciri atawa karakteristik anu tangtu.2. ngabalukarkeun tujuan positif bisa robah ma‟nana jadi négatif. Ku kituna. 2) ieu panalungtikan mangrupa studi kasus tunggal (embedded case study). aya ogé pangaruh-pangaruh intertékstual jeung sosio-kultural anu milu marengan dipedalkeunana status dina facebook.5 dumasar kana prinsip kasopanan. nyoko kana hiji karakteristik anu sasaran jeung lokasi studina ukur hiji jeung teu némbongkeun . Kalawan tinimbangan-tinimbangan: 1) ieu panalungtikan nyoko kana hiji déskripsi pamakéan basa Sunda ngaliwatan téks verbal.

3 Tujuan Panalungtikan Sacara umum. jeung 3) waktu jeung biaya panalungtikan anu samporét. pasualan anu baris ditalungtik dirumuskeun sakumaha ieu di handap. pasualan anu baris ditalungtik téh diwatesanan. 1) Kumaha kontéks laku basa dina rohang status facebook? 2) Kumaha warna laku basa dina rohang status facebook? 3) Kumaha wanda laku basa dina rohang status facebook? 4) Kumaha fungsi laku basa dina rohang status facebook? 5) Kumaha téhnik métaforis nu digunakeun dina téks laku basa dina rohang status facebook? 1. sangkan teu lega teuing.6 atawa ngabandingkeun karakteristik anu béda.2 Rumusan Masalah Panalungtikan Nyoko kana watesan di luhur. ieu panalungtikan mibanda tujuan pikeun maluruh ma‟nama‟na anu nyangkaruk dina téks vérbal basa Sunda nu digunakeun pikeun nepikeun rupa-rupa hal dina rohang status facebook. sangkan kagambar hiji konsép anu bisa némbongkeun pangaruh atawa mangpaat facebook pikeun . perkara laku basa ngaliwatan téhnik métaforis dina status facebook anu mangrupa téks vérbal basa Sunda. 1.2.

ieu panalungtikan mibanda tujuan pikeun ngadéskripsikeun: 1) kontéks laku basa dina rohang status facebook. sosial budaya. 2) Salaku bagian unsur budaya. Sedengkeun sacara husus. Sedengkeun sacara husus. 3) wanda laku basa dina rohang status facebook. 1.7 kahirupan urang Sunda. boh pasualan pribadi. 4) fungsi laku basa dina rohang status facebook.4 Mangpaat Panalungtikan Sacara umum. 2) warna laku basa dina rohang status facebook. utamana dina mekarkeun sikep leuwih taliti jeung résponsif anu didadasaran ku sikep méntal positif. déskripsi ma‟na métafora téks vérbal basa Sunda nu digunakeun dina rohang status facebook mangrupa bahan anu penting . status jeung koméntar facebook anu ngagunakeun basa Sunda dipiharep teu matak ngabalukarkeun gelarna pasualan-pasualan dina hirup kumbuh sapopoé. dipiharep mawa mangpaat sakumaha ieu di handap. 5) téhnik métaforis nu digunakeun dina téks laku basa dina rohang status facebook. ieu panalungtikan dipiharep méré mangpaat pikeun usaha ngamumulé kahirupan basa Sunda dina rupaning widang. Ku éta hal. bisa digunakeun salaku wahana ngajembaran pangaweruh jeung sawangan hirupna. boh pasualan hukum. 1) Pikeun sakumna masarakat Sunda.

laku basa diréktif. . Ku Austin (1962) dirumuskeun dina tilu wengkuan: 1) laku basa lokusi. 1) Laku Basa Laku basa nyaéta kontéks kawacanaan nu mangrupa paripolah omongan (ungkara) nu digunakeun ku pamaké basa nalika lumangsungna komunikasi. laku basa éksprésif. Kalawan ngagunakeun bahan pangajaran anu deukeut jeung dunya siswa atawa nu diajar basa Sunda. jeung nulis. 4) Pikeun dunya atikan basa Sunda di sakola. 1. istilah anu aya patalina jeung judul ieu panalungtikan didéfinisikeun sacara operasional dumasar kana watesan-watesan sakumaha ieu di handap. kalawan diébréhkeun dina wangun téks pérformatif ngaliwatan pamakéan vérba dina kalimah-kalimah komisif. jeung 3) laku basa perlokusi.5 Wangenan Operasional Sangkan écés. ngawengku: laku basa répréséntatif. nyarita. sedengkeun nurutkeun Searle. éksprésif. Béh dituna bisa numuwuhkeun sikep hadé enggoning ngamumulé hirup-huripna basa Sunda. 3) Pikeun élmu basa Sunda sorangan bisa dijadikeun dokuméntasi dina hirupkumbuhna ngawarnaan kamekaran kahirupan masarakat Sunda. jeung asértif.8 pikeun nyuprih ajén-inajén kamekaran basa Sunda salaku pakakas komunikasi masarakat Sunda. 2) laku basa ilokusi. bisa dijadikeun salaku alternatif bahan pangajaran maca. impositif. dipiharep kagiatan diajar basa Sunda téh bisa leuwih narik ati.

3) Fungsi Pragmatis Pragmatik mangrupa cabang élmu basa nu ngulik struktur basa sacara éksternal. disungsi wangun. pabanding (ékuivalén jeung petanda). motif. gaya. jeung teu langsung-teu literal. langsung-teu literal. teu langsung-literal. jeung ma‟nana tina téks vérbal basa Sunda dina rohang status facebook. fungsi pragmatis téh patali jeung analisis téks vérbal basa Sunda dina rohang status facebook kalawan puseur sawangan atawa titik . Dua wengkuan laku basa kasebut. 2) Rohang Status Facebook Rohang status facebook mangrupa rohang atawa kaca (page) bagian tina fasilitas news feed dina ramatloka jaringan sosial facebook. rohang status facebook téh ditekenkeun kana rohang nu digunakeun pikeun medalkeun téks-téks vérbal. Salasahiji téhnik nu digunakeun dina laku basa nyaéta téhnik métaforis. dina prakna bisa pagalo ngawangun interséksi: langsung-literal. kumaha satuan kabasaan digunakeun dina prakna komunikasi. digunakeun pikeun nuliskeun rupa-rupa hal jeung ngirimkeun atawa némbongkeun gambar jeung pilem. perlu dianalisis opat hal nu ngawengku pangbanding (ékuivalén jeung penanda).9 laku basa komisif. jeung kecap panyambung babandingan. Dina ieu panalungtikan. Pikeun nyungsi ma‟na dina ungkara nu ngagunakeun métafora. mangrupa téhnik pikeun nyiptakeun asosiasi ngaliwatan analogi nu ngabandingkeun dua hal sacara langsung dumasar fungsi laku basa nu dipilih ku panyatur. jeung laku basa déklarasi. Laku basa aya dina dua wengkuan langsung-teu langsung jeung literal-teu literal. Dina ieu panalungtikan.

Pamiarsa ramatloka jaring sosial facebook ngamangpaatkeun fitur jeung aplikasi anu nyampak pikeun digunakeun salaku sarana komunikasi. 2) Kagiatan nuliskeun rupa-rupa perkara dina rohang status téh enas-enasna mah mangrupa kagiatan laku basa dina komunikasi vérbal wangun tinulis. Patali jeung hal di luhur.10 pamianganana tina konsép laku basa. Parandéné kitu. . éta wawasan téh sabisa-bisa diusahakeun teu ngaganggu dina ngobét jeung ngarumuskeun timuan-timuan anu dianggap penting dina ieu panalungtikan. jeung ngawewegan ieu panalungtikan. 1) Basa Sunda geus digunakeun pikeun nuliskeun rupa-rupa hal dina rohang status ramatloka jaring sosial facebook.6 Anggapan Dasar Tujuan ieu panalungtikan henteu nekenkeun kana nguji hipotésis anu tangtu. dina prak-prakanana mah anu nalungtik teu bisa leupas tina ayana wawasan anu nganteurkeun. jeung téhnik laku basa dina prakna komunikasi vérbal tinulis liniér. jadi kasang tukang. di antarana bisa didadarkeun wawasan-wawasan sakumaha ieu di handap. patali jeung kontéks. warna. 3) Basa Sunda anu digunakeun pikeun nuliskeun rupa-rupa hal dina rohang status ramatloka jaring sosial facebook gayana mangrupa ragam lisan anu ditulis. 1. Sok sanajan. 4) Kagiatan nuliskeun rupa-rupa hal dina rohang status facebook bisa ditilik tina rangkay kamekaran komunikasi intrapersonal jeung komunikasi massa.

wacana anu nyampak réa anu ngagunakeun simbol-simbol. sawangan-sawangan sosial budaya gelar mangrupa réspon masarakat anu milu mangaruhan kana kawangunna opini ngeunaan rupa-rupa pasualan sosial budaya.11 5) Dina tujuanana pikeun komunikasi. eusining rohang status facebook dipangaruhan ku aspék motif. Pikeun tujuan-tujuan anu tangtu luyu jeung motifna. . 6) Kaayaan sosial budaya dina pajamanan atawa dangka waktu eusining rohang status facebook diterbitkeun atawa ditulis milu mangaruhan kana wacana anu digelarkeun. Ku kituna.

Ashley Montagu (Rakhmat. Hakekatna komunikasi téh mangrupa prosés nepikeun pikiran atawa parasaan hiji jalma ka jalma lianna kalawan ngagunakeun basa salaku pakakasna (Effendi. 2007:28). sedengkeun eusi pikiran atawa parasaan nu ditepikeun téh mangrupa pesen. Tina éta hal. manusa bisa numuwuhkeun pacogrégan. kurang leuwih 75% nepi ka 90% waktu anu kasorang ku unggal jalma dina sapoéna digunakeun pikeun ngayakeun kagiatan komunikasi. mendet kamajuan. silipikangéwa. manusa ngawangun hiji sistem silipikaharti pikeun numuwuhkeun duduluran. jeung mendet munculna pamikiran-pamikiran anyar (Rakhmat. 2007:12) nétélakeun yén manusa saéstuna diajar jadi manusana sorangan ngaliwatan komunikasi. ngagelarkeun rasa mumusuhan. jeung ngamumulé peradaban. jalma lianna anu narima pesen disebutna komunikan (pamiarsa). mekarkeun pangaweruh. Ngaliwatan komunikasi. 2007:vii).1 Komunikasi Vérbal Tinulis Nurutkeun sawatara panalungtikan. komunikasi téh bisa disebutkeun salaku prosés nepikeun pesen ti komunikator ka komunikan. Ngaliwatan komunikasi ogé. Jalma nu nepikeun pikiran atawa parasaanana disebutna komunikator (panyatur). ngariksa rasa silipikanyaah. Basa salaku médium komunikasi patali jeung aspék nu dipibanda ku 12 .BAB II TÉKS VÉRBAL DINA ROHANG STATUS FACEBOOK MINANGKA LAKU BASA DINA KAGIATAN KOMUNIKASI VÉRBAL TINULIS 2.

Prosésna bisa katitén tina gambar di handap. nurutkeun Johnson (Supratiknya. nu ngawengku eusi pesen (content of message) jeung lambang (symbol). 1995:30-31) komunikasi mangrupa wangun paripolah hiji jalma. Bagan 2.13 pesen téa. Unggal paripolah jalma némbongkeun prosés komunikasi téh patali jeung ayana ébréhan pesen-pesen nu tangtu. 2009:8) Sacara leuwih lega. boh sacara vérbal boh nonvérbal.1: Prosés Komunikasi Basajan (Suprapto. 1995:31) .2: Modél Komunikasi nurutkeun Johnson (Supratiknya. Bagan 2. nu diréspon (ditanggap) ku jalma lianna.

jeung 7) kamungkinan ayana rereged (noise) nu tangtu. Napak kana pamanggih E. ngaliwatan interprétasi jeung nafsirkeun ma‟na. Salaku mahluk biologis. nepi ka kagiatan komunikasina napak dina tujuan jeung fungsi nu tangtu. 6) tanggapan batin komunikan (pamiarsa) patali jeung hasil interprétasina perkara ma‟na pesen nu kacangking. jeung parasaan nu nyampak dina diri komunikator (panyatur). nya éta faktor biologis jeung sosiopsikologis. nu mangrupa prosés ngarobah sawangan. Rakhmat (2007:33-35) nétélakeun yén sacara gurat badag aya dua faktor anu mangaruhan kalakuan manusa. papada jalma dina hiji masarakat ngalibetkeun dirina dina komunikasi téh aya alatanana. Nurutkeun Karl Erik Rosengren (Santoso. parasaan. manusa taya bédana jeung mahluk lianna anu mangrupa sato. Sampson.14 Dumasar kana bagan 4 di luhur. 2009:107). 2) prosés kodifikasi (encoding) pesen ku komunikator (panyatur). Kalakuan sosial manusa diaping ku aturan-aturan anu geus diprogram sacara génétis dina diri . faktor biologis kalibet sacara gembleng dina sakabéh kagiatan manusa. dina prakna komunikasi téh aya tujuh unsur dasar. nu ngawengku: 1) maksud. 3) prosés ngirimkeun pesen ka komunikan (pamiarsa). jeung maksud awal kana wangun pesen nu bisa dikirimkeun. 4) saluran (channel) atawa média nu digunakeun pikeun ngirimkeun pesen. katut paripolah nu dipilihna pikeun ngirimkeun pesen nu tangtu. samalah sok patali jeung faktor sosiopsikologis. pamikiran. 5) prosés dékodifikasi (decoding) pesen ku komunikan (pamiarsa).

Faktor-faktor sosiopsikologis mangrupa karakteristik anu mangaruhan kalakuan manusa disawang tina manusa salaku mahluk sosial. digambarkeun sakumna infrastruktur biologis jeung psikologis nu ngawangun atawa jadi tatapakan paripolah sosial jalma (basic needs). biasana disebut epigenetic rules. biasa disebut motif sosiogénésis atawa motif sékundér. jeung 6) kabutuhan pikeun ngundakkeun kualitas hirup ngaliwatan poténsi anu dipimilik. Klasifikasi faktor sosiopsikologis ngawengku tilu komponén aféktif. interaksi ogé dilakukeun ngaliwatan prosés intra-individual. anu ngatur kalakuan manusa ti mimiti kacenderungan pikeun ngungkulan incest. 5) kabutuhan kana ajén-inajén jeung ma‟na kahirupan. 3) motif cinta. nyaéta antara hiji jalma jeung masarakat sabudeureunana.15 manusa. Salian ti éta. kamampuh paham kana éksprési. nya éta 1) motif hayang mikanyaho. Rakhmat (2007:38-39) ngawincik klasifikasi motif sosiogénésis manusa kana genep wengkuan. Napak kana konsép hirarki kabutuhan (need hierarchi) Abraham Maslow jeung pamanggih ti sawatara ahli psikologi jeung komunikasi. Éta kabutuhan biologis jeung psikologis ngalantarankeun hiji jalma ngayakeun réaksi ngaliwatan sawatara paripolah. Motif manusa dina ngayakeun komunikasi atawa hubungan lianna mangrupa salasahiji aspék dina komponén aféktif. tepi ka réspon kana pasualan pulitik. Réaksi papada jalma dituturkeun ku interaksi antara faktor internal jeung éksternal. 4) motif harga diri jeung kabutuhan pikeun maluruh idéntitas. 2) motif kompeténsi. kalawan gumulungna . jeung konatif. Ngaliwatan modél Uses and Gratifications. kognitif.

désain jeung arsitéktural. Modél Uses and Gratifications bisa digambarkeun sakumaha bagan ieu di handap. météorologis). jeung karakteristik populasi). struktur kelompok. 2007:44) ngaragum rupa-rupa faktor kasebut ngawengku 1) aspék objéktif lingkungan: ékologis (géografis.16 rupa-rupa pasualan. Bagan 2. peran. témporal. Unggal komunitas dina hirup kumbuh manusa pasti mibanda sistem sosial anu tangtu. anu béh dieuna milu mangaruhan kana prosés jeung kabiasaan dina prakprakanana ngayakeun komunikasi. 2009:107) Aspék sosial budaya milu mangaruhan kana prosés komunikasi manusa. iklim.3: Modél Uses and Gratifications Rosengren (Santoso. jeung paripolah media ngahasilkeun faktor-faktor kasugemaan atawa kateusugemaan. motif. téknologi. analisis suasana kalakuan. jeung faktor sosial (struktur organisasi. Delgado (Rakhmat. 2) lingkungan psikososial: iklim organisasi jeung . boh komunikasi intrapersonal boh komunikasi massa.

pamikiran. Salian ti miboga tujuan nu tangtu sakumaha dipertélakeun di luhur. Sedengkeun nurutkeun Grace (Suprapto. komunikasi miboga sawatara fungsi. pikeun ngahontal tujuan organisasi atawa lembaga. jeung 4) tujuan kayakinan (the confidence goals). pikeun nyiptakeun tujuan-tujuan nu sipatna kreatif.17 kelompok. 3) ngarobah paripolah (to change the behaviour). manusa ngayakeun komunikasi kalawan napak dina tujuan: 1) ngarobah sikep (to change the attitude). atawa opini (to change the opinion). 2) tujuan manipulasi (the manipulative goals). pikeun ngagerakkeun jalma nu bisa narima idé-idé nu ditepikeun. 2009:11). fungsi komunikasi téh pikeun: . Patali jeung éta hal. étos jeung iklim institusional-kultural. pikeun ngayakinkeun atawa mekarkeun kayakinan papada jalma ka lingkungan masarakatna. 2) ngarobah sawangan. tujuan komunikasi téh ngawengku: 1) tujuan fungsional (the functional goals). boh luyu jeung sikep sarta ajén dirina boh henteu. jeung 3) stimulus anu ngawewegan kalakuan jalma lianna jeung situasi. 3) tujuan kaéndahan (the aesthetics goals). Nurutkeun Effendy (2003:55). nepi ka hiji jalma mampuh ngungkapkeun parasanana dina kanyataan. jeung 4) ngarobah masarakat (to change the societyi). nurutkeun Effendy (2003:55).

nepikeun pamikiran. Patali jeung éta hal. sok sanajan teu sakabéh wangun jeung prosés komunikasi miboga fungsi nu tangtu. ngundakkeun pangaweruh. 2) ngatik (to educate). jeung 4) mangaruhan (to influence). dina prakna komunikasi téh miboga opat rupa fungsi. prosés komunikasi bisa disawang tina jihat psikologis jeung mékanistis (Effendy. jeung paripolah. atawa sawangan. ngadadasaran manusa ngayakeun komunikasi. ngawengku fungsi fisik. ngarobah sikep. Adler jeung Rodman (2006:9) nétélakeun yén kamampuh komunikasi dina nyumponan sawatara kabutuh dasar. fungsi idéntitas. sacara gurat badag mah bisa disebutkeun yén fungsi komunikasi téh di antarana: 1) méré informasi. Prosés komunikasi. 2003:31-41). jeung nambahan wawasan.18 1) méré informasi (to inform). 2) numuwuhkeun parasaan nu tangtu. fungsi sosial. Hal nu pangpokona dina prosés komunikasi téh nyatana pikeun meunangkeun ma‟na anu sarua di antara papada jalma anu kalibet di jerona. jeung fungsi praktis. enas-enasna mah mangrupa prosés nepikeun pesen ku komunikator (panyatur) ka komunikan (pamiarsa). boh sacara heureut boh lega. Sedengkeun nurutkeun Suprapto (2009:12). laku lampah. Ku éta hal. idé. 3) hiburan (to entertaint). Prosés komunikasi dumasar kana sawangan psikologis lumangsung dina diri panyatur jeung pamiarsa. dina jero dirina . Nalika panyatur miboga niat pikeun nepikeun pesen nu tangtu ka pamiarsa.

prosés komunikasi sipatna situasional. Komunikasi vérbal enas-enasna mangrupa komunikasi ngagunakeun basa. Saupamana pamiarsa ngarti kana eusi bungkusan nu wujudna mangrupa pikiran panyatur. tapi dina situasi nu tangtu mah lambang téh bisa mangrupa gerak babagian awak. gumantung kana situasi nalika éta komunikasi lumangsung. médium basa nu digunakeun dina komunikasi vérbal bisa digunakeun sacara tinulis. Salian ti sacara lisan. Sedengkeun dumasar kana sawangan mékanistis. warna. gambar. gesture). sedengkeun lambang lianna mah disebutna lambang nonvérbal. Sabada éta prosés kalakonan. Pesen nu dikirimkeun ku panyatur ditéwak ku pamiarsa ngaliwatan prosés dékoding.19 lumangsung hiji prosés patali jeung kagiatan mungkus eusi pesen nu mangrupa pikiran ngaliwatan lambang nu mangrupa basa (énkoding). jeung sajabana (kial. komunikasi téh geus lumangsung. Prosés komunikasi primér mangrupa prosés nepikeun pikiran ku panyatur ka pamiarsa ngaliwatan lambang (simbol) minangka média atawa saluranana. Dumasar kana éta hal. Umumna lambang téh mangrupa basa. hasilna ngawujud minangka pesen nu saterusna dikirimkeun atawa dioperkeun ka pamiarsa. prosés komunikasi mekanistis digundukkeun jadi dua prosés komunikasi primér jeung sékundér. Lambang nu mangrupa basa disebutna lambang vérbal. mangrupa kagiatan muka bungkus pesen ti panyatur nu kacangking ku dirina. Wangun komunikasi vérbal tinulis ngawujud dina wacana tinulis nu bisa dicangking jeung dipaham eusina ku pamiarsa ngaliwatan prosés maca téks. .

. jauh jeung réa.20 Sacara sékundér. radio. prosés komunikasi téh mangrupa prosés nepikeun pesen ku panyatur ka pamiarsa dina média kahiji nu mangrupa lambang kalawan ngamangpaatkeun atawa ngagunakeun pakakas (sarana) nu tangtu salaku média kadua. Sawatara conto média nu kiwari geus réa digunakeun dina proséss komunikasi di antarana surat (manual jeung éléktronik). buleud. nalika kolot keur nyarék atawa maparinan piwejang ka anakna. telepon. Sedengkeun prosés komunikasi sirkulér mangrupa prosés komunikasi nu dituturkeun ku ayana feedback (umpan balik) ti pamiarsa ka panyatur. boh dina situasi komunikasi ngagunakeun média (mediated communication). face to face communication) antarpribadi jeung kelompok. Prosés komunikasi. lalawanan tina liniér. spéaker. lempeng. majalah. dina komunikasi aduteuteup nu umumna lumangsung sacara dialogis. Contona. atawa jaksa macakeun tuduhan nu ditibankeun ka terdakwa di rohang pangadilan. atawa duanana. guru nerangkeun matéri pelajaran di kelas. jeung média massa (koran. bisa lumangsung dina wujud liniér jeung sirkulér2. Dina kontéks komunikasi. Sirkulér. tétéla bisa lumangsung. Digunakeunana média kadua téh patali jeung situasi pamiarsana nu jauh atawa réa jumlahna. lumangsung boh dina situasi komunikasi aduteuteup (tatap muka. biasana mangrupa réspon atawa tanggapan pamiarsa kana pesen nu ditepikeun ku 2 Liniér. jeung internét). boh sacara psikologis boh mékanistis. prosés sacara liniér téh mangrupa prosés nepikeun pesen ku panyatur ka pamiarsa salaku titik terminal. televisi. Sanajan sacara umum komunikasi liniér leuwih réa lumangsung dina komunikasi ngagunakeun média – iwal média telepon.

komunikasi téh leuwih nyoko kana kagiatan panyatur (sender) nyusun kode (encoding) nu ngamuat sawatara idé jeung parasaanana dina wangun pesen (message).4 di luhur. Dina éta kagiatan. atawa ngamangpaatkeun média lianna. komunikasi sirkulér téh teu bina ti prosés komunikasi interaksional atawa transaksional.4: Modél Komunikasi Liniér (Rodman. tuluy ditepikeun ka pamiarsa (receiver) nu nyusun deui kodé nu ditarimana (decoding). ngagambarkeun komunikasi linér sakumaha ieu di handap. Adler jeung Rodman (2006:12). 2006:12) Dumasar bagan 4. bisa sacara langsung aduteuteup. kamungkinan ayana rereged (noise). Bagan 2. jeung lingkunganana (environment). Sarana komunikasi téh patali jeung kumaha pesen ditepikeun ku panyatur ka pamiarsana. dina komunikasi liniér. Sarana nu dipilih téh bisa mangaruhan kana kahontalna éfék nu dipiharep . Dina sawatara konsép lianna. hal penting lianna nu perlu diperhatikeun nyaéta sarana komunikasina (communication chanels).21 panyatur.

For instance. instant messaging. For most people. rereged nu kasungsi téh ngawengku rereged-rereged éksternal.(The word mediated reflects the fact that these messages are conveyed through some sort of communication medium. fisiologis. Ex-ternal noise (also called ―physical‖) includes those factors outside the receiver that make it difficult to hear. Likewise. an outdoors person might exaggerate the size and number of the . and psychological. For example. as well as many other kinds of distractions. Adler jeung Rodman (2006:12) nétélakeun. In addition to these long-used forms. e-mail. Patali jeung éta hal. jeung psikologis. channel.22 tina pesen nu ditepikeun. face-to-face contact is the most familiar and obvious channel. Gambaran leuwih jéntré perkara éta hal bisa katitén tina cutatan ieu di handap. Physiological noise involves biological factors in the receiver or sender that interfere with accurate reception: illness. or receiver. message. voice mail. Rereged (noise) gedé pisan kamungkinana kasungsi sarta mangaruhan atawa ngaganggu kaéféktipan komunikasi liniér. ending a relationship by leaving a message on your ex-lover‘s answering machine would make a very different statement than delivering the bad news in person. External noise can disrupt communication almost anywhere in our model—in the sender. too much cigarette smoke in a crowded room might make it hard for you to pay attention to another person. The linear model also introduces the concept of noise—a term used by social scientists to describe any forces that interfere with effective communication. Psychological noise refers to forces within a communicator that interfere with the ability to express or understand a message accurately. Noise can occur at every stage of the communication process. mediated communication channels include telephone.and even videoconferencing. and sitting in the rear of an auditorium might make a speaker‘s remarks unclear. One important element of the linear model is the communication channel— the method by which a message is conveyed between people. a typewritten love letter probably wouldn‘t have the same effect as a handwritten note or card. Nurutkeun Adler jeung Rodman (2006:12-13). For instance. faxes. fatigue.Writing is another channel. and so on.) The channel you choose can make a big difference in the effect of a message. physiological.Three types of noise can disrupt communication—external.

Komunikasi dina rohang status ramatloka média sosial facebook. hasilna ngawujud minangka pesen nu saterusna dikirimkeun atawa dioperkeun ka pamiarsa. aya dina kontéks jumlah komunikanna réa. sacara primér ngagunakeun basa vérbal salaku pakakas kahiji. sacara sékundér ngamangpaatkeun pakakas kadua nu mangrupa média internét. lingkungan téh teu saukur patali jeung lokasi fisik. . bisa dicangking jeung dipaham ngaliwatan prosés maca téks atawa bacaan kalawan daria. Salasahiji wujudna tinulis. Modél komunikasi liniér baris patali ogé jeung faktor lingkungan (environment) nu mangrupa widang-widang pangalaman nu milu mantuan pikeun paham paripolah jalma lian. In the same way. a student might become so upset upon learning that she failed a test that she would be unable (perhaps unwilling is a better word) to understand clearly where she went wrong. Dina modél komunikasi liniér. sacara psikologis teu béda jeung komunikasi aduteuteup. mangrupa kagiatan mungkus eusi pesen nu mangrupa pikiran ngaliwatan lambang basa tinulis. tapi bisa ngawengku pangalaman pribadi jeung kasang tukang sosial budaya nu nyampak dina diri panyatur jeung pamiarsana. Sedengkeun sacara mékanis. 2.2 Téks Dina pedaran di luhur geus ditétélakeun yén komunikasi vérbal enas-enasna mangrupa komunikasi ngagunakeun basa.23 fish he caught in order to convince himself and others of his talents. tur dibawa atawa dilibetkeun dina prakna komunikasi. jeung situasi komunikasina liniér.

panyatur diperedih nyangking pangawenguh perkara kaédah basa. 2000:290).. situasionalitas. sikep. Sedengkeun de Beaugrande jeung Dressler (Gazali spk. kohési mangrupa aspék formal basa dina wacana. kaasup organisasi sintaksis. Nurutkeun Sudaryat (2003:36). sintaksis. jeung pragmatik. téks mangrupa hiji gemblengan nu némbongkeun silipakaitna unsur-unsur tatabasa kalawan konsistén. harti. harepan. jeung prosés nalar salaku panyindek sintaksis. Wacana kakara bisa disusun kalawan kohésif lamun aya kasaluyuan wangun kana situasi-batin basa (ko-téks) . Sacara sintaksis. spk. 2009:34). Téks bisa ngagambarkeun fakta. informativitas. Sedengkeun sacara pragmatik. ngama‟naan téks salaku „peristiwa komunikatif‟ nu dipangaruhan ku tujuh kritéria: kohési. (1992:86) nétélakeun yén téks mangrupa ungkara basa nu gembleng sacara eusi. Sangkan wacana kohésif. Eusina nétélakeun sawangan atawa gambaran nu nyampak dina kahirupan. Nurutkeun Aminuddin (Purwo. inténsionalitas. jeung rupa-rupa informasi lianna. jeung intertékstualitas. kohérénsi. téks mangrupa pedaran dunya idé nu diwangun ku pakaitna lambang kabasaan jeung sistem tanda lianna luyu jeung cara nu digunakeun jeung dimekarkeun ku panyaturna. kanyataan. akséptabilitas. sawangan. Kohési patali jeung komponén tur adegan lahir téks sacara sintaksis. Sawangan atawa gambaran kasebut ditétélakeun dina wangun basa ngaliwatan caritaan atawa runtuyan kekecapan. wadah kalimah-kalimah disusun kalawan dalit tur kompak dina ngawangun téks. téks patali jeung kumaha basa digunakeun dina kontéks nu tangtu.24 Luxemburg.

nu mangrupa ngagunakeun kecap-kecap atawa omongan anu satata.kecap gaganti panuduh (demonstratif): jeroeun wacana (éndoforis) jeung luareun wacana (éksoforis). jalma II. tempat. 2003:37-41): 1) Kohési Gramatikal. atawa eusi babagian wacana nu geus disebutkeun saméméhna atawa sabadana (proverba). . nu mangrupa cara ngaleungitkeun unsur-unsur wacana nu geus disebut saméméhna. jalma III (nu dicaritakeun). cara. jeung jalma III. plihan. mangrupa salasahiji unsur pikeun ngagumulungkeun adengan wacana. jsté. bisa ngaliwatan: (a) Pronomina (kecap sulur. ngawengku: .25 jeung situasi-lahir basa (kon-téks). bisa mangrupa kecap nu nuduhkeun kalakuan. jalma II (pamiarsa). sabab. kaayaan.kecap gaganti pananya (interogatif) kana jalma. Kohési bisa ditilik tina wengkuan gramatikal jeung léksikal.kecap gaganti nu teu tangtu.. (c) Élipsis.kecap gaganti milik (posésif): jalma I. .kecap gaganti ngaran: jalma I (panyatur). ngawengku (Sudaryat. waktu. barang. . kecap gaganti) nu dipaké pikeun nyuluran barang-barang jeung naon-naon nu dianggap barang. . (d) Paralélisme. hal. . dipaké pikeun nyuluran kecap atawa omongan séjén dina wacana. (b) Substitusi.

nyaéta kecap anu wangunna b‟eda tapi hartina sarua. nyaéta kecap-kecap anu miboga harti lalawanan atawa patukangtinggong. kohérénsi mimindengna . nyaéta malikan deui kecap-kecap anu sarua dina hiji wacana. 3003:37). (b) Antonim atawa kecap sabalikna. nyaéta ngagunakeun kecap-kecap anu hartina sarua. ngawengku tatali semantis antarbagian wacana jeung gumulungna kasang tukang semantis (Sudaryat. (d) Kolokasi atawa médan ma‟na. nu mangrupa kecap-kecap nu dipaké pikeun nyambungkeun unit-unit sintaksis (frasa. mangrupa tatali unsur léksikal (kandaga kecap) dina wacana. ngawengku konjungsi satata (koordinatif). wadah gagasan-gagasan disusun dina runtuyan nu logis geusan nyungsi maksud omongan kalawan gampang tur keuna. 2009:37). Kohérénsi nyoko kana eusi basa dina wacana. nyaéta kecap-kecap anu hartina kawengku ku harti kecap séjén. 2) Kohési Léksikal. Nurutkeun Titscher (Gazali spk. (c) Hiponim atawa kecap sawengku. nyaéta kecap-kecap anu aya dina lingkungan anu sarua.. atawa kalimah) dina wangun nu leuwih jembar. sarta konjungsi antarkalimah jeung antarparagraf. mangrupa organisasi semantis. kalusa. konjungsi papasangan (korélatif).26 (e) Konjungsi. konjungsi teu satata (subordinatif). (e) Répétisi atawa bangbalikan. ngawengku: (a) Sinonim atawa kecap saharti. jeung (f) Ékuivalénsi.

nyaéta patali semantis anu nuduhkeun geus kahontalna hiji hasil sarta kumaha cara ngahasilkeunana. nyaéta patali semantis anu nuduhkeun salasahiji kajadian henteu kahontal hasilna. sakumaha dina implikatur. (f) tatali rakitan anggang hasil. di antarana ngawengku: (a) tatali sabab-akibat. najan éta tujuan téh can tangtu kahontal. (b) tatali alesan-akibat. bisa mangrupa 1) gangguan topik. (d) tatali sarana-tujuan. 2) hubungan sosial antarpanyatur. jeung 3) warna médium omongan nu dipaké. (h) tatali babandingan. nyaéta patali semantis anu nuduhkeun langsung kajadian pikeun ngahontal hiji tujuan. nyaéta patali semantis anu nuduhkeun cara naon baé kudu dipilampah sangkan bisa ngahontal tujuan. (e) tatali latar-kacindekan. . gumulungna kasang tukang semantis dina ngawangun kohérénsi. Nurutkeun Sudaryat (2003:41-45).27 nyoko kana unsur-unsur téks nu teu merelukeun réalisasi linguistik. nyaéta patali semantis anu nuduhkeun babandingan hiji perkara atawa kajadian jeung perkara atawa kajadian lianna. nyaéta patali semantis anu nuduhkeun naon buktina anu dipaké dadasar kacindekan. Sedengkeun tatali semantis antarbagian wacana baris ébréh tina patalina proposisi-proposisi (klausa atawa kalimah). (c) tatali sarana-hasil. (g) tatali sarat-hasil. nyaéta patali semantis anu nuduhkeun alesanana pangna kajadian lumangsung sarta kumaha kibatna. nyaéta tatali semantis anu nuduhkeun sabab katut akibat lumangsungna kajadian.

Perkara inténsionalitas. (l) tatali idéntifikasi antarbagian wacana nu bisa dipiwanoh pamaké basa dumasar kana pangaweruh atawa pangalamanana. informativitas. Titscher (Gazali spk. boh nu patali jeung waktu bareng atawa ngaruntuy boh henteu. menggigau tidak akan dianggap sebagai teks.. (k) tatali aditif. akséptabilitas. Informativitas mengacu pada kuantitas informasi yang baru atau diharapkan dalam sebuah teks. 2009:37-38) nétélakeun kieu. nyaéta patali semantis anu nuduhkeun hiji perkara diibaratkeun kana perkara lianna. informativitas tidak hanya berhubungan dengan kuantitas. Dengan demikian akseptabilitasberkaitan dengan tingkat kesiapan pendengar dan pembaca untuk untuk mengaharapkan sebuah teks yang berguna dan relevan. (m) tatali génerik-spésifik. nyaéta patali semantis anu nuduhkeun gabungan. Apa yang dia inginkan dan maksudkan dengan teks tersebut? Sejalan dengan pengertian tersebut. (j) tatali implikatif..28 (i) tatali parafratis. Intensionalitas berhubungan dengan sikap dan tujuan produser teks. nyaéta patali semantis anu nuduhkeun yén salasahiji bagian wacana ngébréhkeun eusi wacana ku cara séjén. Sebuah teks harus diakui oleh resipien-resipien dalam sebuah situasi tertentu. Secara bersamaan. nyaéta patali semantis anu nuduhkeun hubungan antarbagian wacana tina umum kana husus.. jeung (n) tatali ngupamakeun. situasionalitas. jeung intertektualitas. Akseptabilitas merupakan cermin intensionalitas. namun juga kualitas dari hal yang ditawarjan: bagaimana materi baru itu distrukturkan dan menggunakan peranti kohesif apa? Situasionalitas berarti bahwa konstelasi-pembicaraan dan situasi tuturan memainkan peran penting dalam pemroduksian teks (Wodak dkk. . nyaéta patali semantis anu nuduhkeun yén salasahiji bagian wacana ngukuhan eusi bagian wacana séjénna. sebaliknya buku telepon dipandang sebagai teks. Kriteria ini tentu saja berhubungan dengan konvensionalitas dan tidak berarti bahwa resipien dapat dengan mudah menolak teks ‗secara sembarangan‘.

téks gumulung dina wacana. intertekstualitas menyatakan bahwa suatu teks hampir selalu terkait dengan wacana sebelumnya atau wacana yang muncul secara bersamaan dan... téks déskriptif ngagunakeun unsur lokal (spasial atawa témporal). jeung téks instruktif miboga sipat arguméntatif tur énumeratif. nekenkeun: Terakhir. 2009:39)... Intertekstualitas memiliki dua jenis makna. Titscher spk. Dipatalikeun jeung kontéks. Di satu sisi. di sisi lain. . yang seharusnya bertindak sebagai sebuah batasan bagi istilah ‗pernyataan‘. dan belumkah saya memperbolehkan kata ‗wacana‘ yang sama. (Gazali spk. (Gazali spk. Dumasar wangun wacanana: téks naratif gumantung kana prinsip panataan témporal. 2009:43) nétélakeun yén wacana téh umumna mangrupa téks jeung kontéks. 2009:41) nyutat katerangan Foucault nu ditétélakeun dina bukuna The Archaeology of Knowledge and The Discourse of Language. untuk memiliki makna yang beragam ketika saya menggeser analisis saya atau titik penerapannya. Hanya ragam atau tipe-tipe teks dan gaya tuturan atau bentuk sapaan tertentu sajalah yang secara situasional dan kultural.29 1989:120). Kriteria seperti ini menggiring ke arah lahirnya konsep ‗wacana‘ karena wacana umumnya didefinisikan sebagai ‗teks dalam konteks‘. Nurutkeun Wodak (Gazali spk. saya percaya bahwa saya telah menambahkan pada pengertiannya: terkadang memperlakukannya sebagai domain umum semua pernyataan... sejalan dengan meredupnya istilah pernyataan? Patali jeung éta hal. genre-genre dina intertékstualitas téh bisa dipedar salaku „skema‟ (schema) atawa „rangkay‟ (frame). kadang sebagai kelompok pernyataan yang dapat diperlakukan secara individual dan kadang sebagai praktik yang memang sengaja diatur untuk menjelaskan sejumlah pernyataan tertentu. bukannya secara berangsur-angsur mengurangi pengertian kata ‗wacana‘ yang agak fluktuatif. Titscher spk. dumasar katerangan van Dijk. téks arguméntatif ngagunakeun pakakas pengkontrasan.. intertekstualitas juga menyiratkan kalau ada kriteria formal yang menghubungkan teks-teks tertentu dengan teks-teks lain dalam genre-genre atau jenis-jenis tertentu.

Apa pun bentuknya. surat. dan secara gramatikal teratur rapi (Carlson. (sacara umum): tuturan. Penyajian diskursif sederet pemikiran dengan menggunakan serangkaian pernyataan. tetapi mungkin bersifat interaksional jika merupakan komunikasi timbal-balik. debat. jika yang dipentingkan ialah ‗isi‘ komunikasi itu. deklamasi. ngama‟naan wacana salaku: 1. unsurunsurnya berkaitan erat. dan lain sebagainya. dalam karya Jurgen Habermas). religius. Perilaku linguistik itu dimanifestasikan dalam bentuk ujaran yang berkesinambungan. Wacana lisan yang transaksional mungkin berupa pidato. dan sebaginya) (misalnya. 2. Wacana merupakan peristiwa komunikasi yang terstruktur dan dimanifestasikan dalam perilaku linguistik serta membentuk suatu keseluruhan yang padu (uniter) (Edmondson.. 5. 1983 xiii-xiv). Karena itu. Bentuk sebuah rangkaian pernyataan/ungkapan. Wacana tulisan yang transaksional mungkin berupa polemik. makalah. wacana . Wacana mungkin bersifat transaksional. 8. Serangkaian pernyataan atau ujaran. Wacana tulisan yang transaksional mungkin berupa intruksi. puitis. 2009:42-43). Bahasa sebagai suatu totalitas. iklan. tesis. sawadina dipaham salaku hiji paripolah. percakapan. Wacana lisan yang interaksional dapat berupa percakapan. diskusi. 3. 7. dakwah. Bahasa sebagai sesuatu yang dipraktikka. Saterusna Sudaryat nétélakeun. Nurutkeun Sudaryat (2006:112). seluruh bidang linguistik. yang dapat berupa (arkeologi): wacana ilmiah. cerita. dan lain sebagainya. 6. psikologi. Komunikasi itu dapat menggunakan bahasa lisan maupun bahasa tulisan. dan lain sebagainya.30 tur minangka bukti nu perlu pikeun dipedar sacara émpiris. tuturan. tanya-jawab (di sidang peradilan). esei. dan lain sebagainya. surat-menyurat antara dua orang. ceramah. wacana dapat disebut rekaman kebahasaan yang utuh tentang peristiwa komunikasi. 1981:4). 4. Perilaku yang diatur kaidah yang menggiring ke arah lahirnya serangkaian atau sistem pernyataan-pernyataan yang saling terkait (=berbagiai bentuk pengetahuan) (kedokteran. dalam karya Mitchel Foucault). dalam karya Paul Ricouer). Sedengkeun Vass (Gazali spk. sederet pernyataan. Mendiskusikan dan mempertanyakan kriteria validitas dengan tujuan menghasilkan konsensus di antara peserta wacana (misalnya. wacana bisa disebutkeun salaku rékaman kabasaan nu gembleng dina prak-prakan komunikasi. bahasa tutur (misalnya.

Dinyatakan demikian karena penafsiran pembaca selain memperlihatkan hubungan gambaran makna dalam teks yang dibentuk oleh konteks testualnya: hubungan makna kata. proses pemahaman itu juga mesti diarahkan oleh pemahaman kaidah pragmatik yang secara eksplisit atau implisit melatarbelakangi penghadiran suatu teks. dan tujuan. nétélakeun kieu. unit sintaksis.. Kompleksitas pemahaman itu pun masih juga perlu dikaitkan dengan kenyataan bahwa perwujudan teks sebagai bentuk pemaparan fakta. sedangkan pesapa ialah pendengar. jeung saluran komunikasi nu digunakeun (mode). kontéks budaya ngagelarkeun rupaning téks (genres of text) nu digunakeun ku masarakat pikeun tujuan komunikasi. Sudut pandang atau perspektif tersebut selain berhubungan dengan aspek psikologis dan ideologis penutur. dan konteks referensi. sikap. dan satuan tematis dalam teks. Téks dina wacana dipatalikeun jeung kontéks budaya (context of cultur). makna kalimat. Kontéks situasi mangrupa kontéks nu mangaruhan rupaning pilihan panyatur basa. Pada sisi lain. tapi gumulung sacara kontékstual. Dalam wacana lisan penyapa ialah pembicara. Dalam wacana tulisan penyapa ialah penulis. prosés maham wacana téh teu saukur patali jeung ngama‟naan kode basa. juga berkaitan dengan jarak yang ditentukan oleh penutur berdasarkan pilihan pemberadaannya dalam ruang dan waktu. . jeung semantis nu nyangkaruk dina téks. Ku éta hal. hubungan panyatur jeung pamiarsa (tenor). sedangkan pesapa pembaca (2006:119). . pembaca juga mesti memperlihatkan konteks ujaran. juga dilatarbelakangi oleh sudut pandang tertentu. penafsiran yang dilakukan oleh pembaca bersifat kotekstual (co-textual). Sudaryat (2006:158). Nurutkeun Sudaryat (2006:157-158). ketika menanggapi teks sebagai wacana. Sedengkeun kontéks référénsi patali jeung topik atawa pusuer omongan. pendapat. ngawengku sagemblengna kasang tukang kahirupan sosial budaya salaku jaringan sosial ékonomi. nu ngawengku puseur bahan (field). kontéks situasi (context of situation).31 mengasumsikan adanya penyapa (=addressor) dan pesapa (=addressee). sarta kontéks référénsi (context of reference).. konteks budaya.

sedengkeun téks tinulis saukur wujud sékundér. writing comes to be added to living selfpresent of speech. Ku éta hal. 2000:300) Dina téks tinulis. Sok sanajan leupas tina kontéks langsungna. Kaayaan blindness and insight dina téks tinulis disungsi ku nu maca ngaliwatan interprétasi kalawan maham gramatikarétorika jeung hubungan intertékstualna. (Aminuddin dina Purwo. evil to innocence. wujud nyata téks nu mangrupa tulisan teu miboga hubungan liniér jeung notasi fonétik. Nurutkeun Aminuddin (2000:299). Béda jeung téks lisan nu pamahamanan ungkarana dilakukeun sacara mékanis dina hubungan timbal-balik antara panyatur jeung pamiarsana. of ousia. téks tinulis saéstuna miboga karakteristik nu tangtu. of essence. ngawujud mangrupa wacana salaku répréséntasi téxt. dina konsép linguistik Derrida. history of origin. Patali jeung komunikasi. téks lisan mangrupa wujud poko jeung nyata (konkret) dina pamakéan basa. Derrida nétélakeun: Speech comes to be added to intuitive presence (of the entity. dina téks tinulis mah pamiarsa (nu maca) téh adu hareupan jeung kaayaaan nu ku de Man disebut blindness and insight (Aminuddin dina Purwo. Médium sékundér nu digunakeun pikeun nepikeun éta omongan . culture of nature. 2000:301). of the eidos. mangrupa omongan langsung panyatur nu ditepikeun ka pamiarsana. téks dina rohang status facebook téh enas-enasna mah téks vérbal. and so on. and so forth). masturbation comes to be added to so called normal sexual experience. téks tinulis bisa ngalaman escapement (ngawangun satuan-satuan persépsi dumasar kalimah) jeung displacement (robahan satuan persépsi luyu jeung ciri réstropéksi jeung antisipasi nu dilakukeunana). Dina konsép linguistik Saussurean.32 Wujudiah téks bisa lisan jeung tulisan.

3 Laku Basa 2. jsté.33 mangrupa média éléltronik nu wujudna internét. tempat. wacana ogé lumangsung dina waktu. nu mangrupa kontéks-mikro. Sedengkeun nurutkeun Wodak. Nurutkeun Foucault. Dina konsép „rangkay‟ Goffman. 2009:45). fonologis dan sintaksis bersam-sama dengan penggunaan kode. Situasi jeung tindakan muncul tina pangalaman subjéktif hiji jalma. bisa dicangking jeung dipaham ngaliwatan prosés maca kalawan daria. Patali jeung éta hal. Ku éta hal. prosodik.3. Konsép Gumperz di luhur aya kasaluyuan jeung konsép „rangkay‟ (frame) nu ditétélakeun ku Goffman. partisipan nu tangtu. wacana lumangsung dina kontéks makro nu wujudna rupa-rupa organisasi jeung institusi. Kontéks makro jeung mikro ku Aaon Cicourel mah disebutna kontéks lega jeung kontéks lokal (Gazali. kontéks mangrupa rangkay nu ngawujud situasi jeung tindakan hiji jalma dina prakna komunikasi. 2009:46) nétélakeun: Aspek perilaku lingistik apapun –pilihan leksikal. téks vébal dina rohang status facebook wujudna tinulis. Gumperz (Gazali. nepi ka .1 Kontéks Laku Basa Kontéks laku basa mangrupa ciri-ciri alam luareun basa atawa lingkungan non-linguistik anu numuwuhkeun ma‟na omongan atawa wacana nalika lumangsungna komunikasi. dialek atau gaya tertentu– bisa berfungsi untuk mengindikasikan aspek konteks yang relevan untuk mengintepretasikan apa maksud seorang penutur. 2.

Kontéks dina laku basa téh baris patali jeung faktor lingkungan (environment) nu mangrupa widang-widang pangalaman nu milu mantuan pikeun paham kana paripolah jalma lian. 5) alat nu digunakeun. Kontéks sarupa kitu téh nyampak dina komponén omongan (components of speech). Nurutkeun Sudaryat (2007:294-306). 6) rasa. Ku éta hal. komponén omongan nu jadi ciri kontéks téh ngawengku: 1) undak usuk basa atawa tatakrama basa. 2009:45). waktu.3.1. lingkungan téh teu saukur patali jeung lokasi fisik. jeung ragam basa.34 kontéks teu salawasna angger. 7) amanat jeung tujuan omongan. 4) kasang tukang tempat. Patali jeung kontéks salaku ciri luareun basa. galur omongan mah kuduna teu diasupkeun kana komponén omongan nu mangrupa kontéks. jeung suasana. 3) galur omongan. galur omongan saéstuna aya dina wengkuan nu patali jeung adegan basana sorangan. nada. Dina modél komunikasi liniér. tapi bisa ngawengku pangalaman pribadi jeung kasang tukang sosial budaya nu nyampak dina diri panyatur jeung pamiarsana. 2. 2) nu maké basa jeung nu dicaritakeun. Dina prakna. Éta kasopanan geus disaluyuan jeun diajénan minangka hiji kahadéan ku masarakatna pikeun silih hormat jeung silih ajénan. undak-usuk atawa tatakrama basa téh bisa ngawujud patali jeung . tur dibawa atawa dilibetkeun dina prakna komunikasi. tapi ngalaman parobahan luyu jeng parobahan ajéninajén sosiokultural (Gazali.1 Undak Usuk Basa atawa Tatakrama Basa Undak usuk basa atawa tatakrama basa mangrupa kasopanan dina makéna basa dina prakna komunikasi.

2) kalungguhan pamaké basa. jeung kontak antara panyatur jeung pamiarsa katut jalma nu dicaritakeun. kaakraban. Nurutkeun Hidayat Suryalaga (2005). Ragam Basa Loma (Akrab. Enas-enasna. diwangun ku: 1) Ragam Basa Lemes Pisan (Luhur) 2) Ragam Basa Lemes keur Batur 3) Ragam Basa Lemes keur Pribadi (Sedeng) 4) Ragam Basa Lemes Kagok (Panengah) 5) Ragam Basa Lemes Kampung (Dusun) 6) Ragam Basa Lemes Budak b.35 kakawasaan. Kasar. nyaéta: 1) pamaké basa. sasama. pamiarsa. Ragam Basa Hormat (Basa Lemes). Leupas tina padungdengan perkara perlu-henteu digunakeunana dina pakumbuhan masarakat basa Sunda. kalungguhan. jeung saha nu dicaritakeun. nya éta: a. atawa saluhureun. dina UUBS tahap-tahapna jalma nu diajak nyarita jeung situasi lumangsungna komunikasi téh mangaruhan kana ragam basa nu kudu digunakeun. saha panyatur. Masarakat panyatur basa Sunda mibanda konsép ragam basa nu disebut undak-usuk basa Sunda (UUBS). jeung 3) gambaran rasa panyatur waktu komunikasi lumangsung. munculna tatakrama basa téh gumantung kana tilu perkara. Nétral) . naha sahandapeun. Nurutkeun pola anu normatif-formal (baku) mimitina aya dalapan ragam basa dina UUBS. UUBS téh mangrupa salasahiji wangun variasi basa dumasar kana tahap-tahapna jalma anu diajak nyarita jeung situasi lumangsungna komunikasi. Kasar) 1) Ragam Basa Loma (Akrab.

bisa capétang. 2. nétélakeun yén variasi basa samodél kitu téh digunakeunana leuwih ku masarakat tradisional nu boga sipat nutup diri balukar faktor sosial jeung kultural. Fishman jeung Gumperz (dina Aslinda. no.2 Nu Maké Basa jeung Nu Dicaritakeun Nu maké basa ngalibetkeun saha nu nyarita (panyatur) atawa nu nulis (panulis) jeung saha nu diajak nyarita (pamiarsa) atawa nu maca (pamaca). atawa kajadian. bodo. bisa kolot. 3 jeung no. saeutik pisan kecap anu mibanda dalapan tingkat (ragam) wangunna.36 2) Ragam Basa Garihal (Kasar Pisan. 7. Lumangsungna komunikasi basa antara panyatur jeung pamiarsa téh museur kana objék nu dicaritakeun. Tina kaayaan warugana. 2. nu maké basa téh bisa budak. awéwé. atawa lumrah baé. Anu sering digunakeun mah nya éta Ragam Basa no. Panyatur jeung pamiarsa téh bisa béda-béda nurutkeun umurna. bisa mangrupa jalma. arapap-eureupeup. jeung kamahéran maké basana.1. Sedengkeun tina kamahéran makéna basa. atawa sineger tengah. 2007:106). Objék nu dicaritakeun téh jadi galeuh atawa jejer omongan. Parandéné kitu. kaayaan. nu maké basa téh bisa jalma pinter. nu maké basa téh bisa lalaki. Demi masarakat modéren mah mangrupa masarakat basa nu kaétang terbuka. rumaja. kaayan warugana. . kaayaan méntalna.3. Tina kaayaan méntalna. barang. Tina segi umurna. malah bisa ogé banci. dina ngagunakeun basa téh leuwih nyoko kana rupaning variasi dina basa anu sarua. Songong) Dina kanyataanana.

peta.1. Basa nu digunakeun dina prakna komunikasi téh bisa basa lisan bisa basa tulisan.3. tangtu basa nu digunakeunana bakal béda. jeung suasana nu tangtu. jeung Suasana Maksud omongan bisa dipangaruhan ku kedalna omongan nu bisa lumangsung di tempat. resmi) atawa sahinasna (teu resmi. di antarana di imah. Najan gumantung kana tempat. Sarua jeung dumasar kana waktuna.37 2. Samalah aya ogé nu mangrupa gerak awak atawa kinesik dina wangun rengkuh.3. dina waktu. di jalan.1. Pon kitu deui bisa dina kaayaan sapopoé. dina prakna komunikasi sok . di masjid. basa nu digunakeun dumasar kana suasanana ogé bakal béda-béda luyu jeung kaayaannana. Sedengkeun suasana lumangsungsa omonagn bisa dina rupa-rupa kaayaan. soré. Waktu. di kantor. beurang.3 Kasang Tukang Tempat. Tina éta hal. informal). jsté. di pasar.4 Alat Nu Digunakeun Enas-enasna basa mangrupa pakakas komunikasi. di antarana dina kaayaan dines (formal. waktu. 2. utamana dina lebah pilihan kecapna. atawa peuting. atawa pasemon. jeung suasana. di sawah. Pon kitu deui waktu lumangsungna omongan bisa iraha waé. bisa ogé dina kaayaan nu husus kayaning upacara adat. di antarana isuk-isuk. Bisa ogé dumasar dangka waktu ayeuna atawa baheula. Tempat lumangsungna omongan bisa dimana waé.

Ragam basa nyoko kana rupa-rupa wacana atawa omongan anu dipaké nalika komunikasi. sabab kacida gumantungna kana pribadi panyaturna. Di antarana waé lawong. atawa ragu-ragu. jeung internét. kontéks jeung institusi. ajén-inajén. keuheul. sarta kapercayaan. yakin. ningnang. Cara makéna basa (ways of speaking) téh mangrupa hubungan atawa kajadian nyarita. Aya kalana kalimah atawa ungkara nu digunakeun téh sarua pikeun sababaraha rasa. panyatur miboga rasa bungah. ngan tangtu waé hartina mah tetep bakal béda. sedih. Méh sarua jeung rasa. Dina waktu lumangsungna omongan.3. di antarana sinis.38 dibantuan ku digunakeunana alat-alat nu tangtu. makéna basa.5 Rasa. Nada mangrupa sikep panyatur ka pamiarsana. Nada. Sipatna subjéktif. jeung gaya patali jeung kamampuh jeung peran hiji jalma. Sedengkeun gaya nyaritana mah bisa torojogan bisa ogé malibir.1. jeung sikep. resep. 2. radio. Rupa-rupa nada nu ébréh dina lumangsungna omongan téh. nada ogé sipatna bisa subjéktif sabab dipangaruhan ku pribadi panyaturna. majalah. Éta hal téh museur dina konsép yén kajadian komunikasi dina hiji komunitas . nyungkun. jeung Ragam Basa Rasa mangrupa sikep panyatur kana jejer atawa objék nu keur dicaritakeun. surat. atawa ceplak pahang. televisi. Konsép ragam basa nu dipak‟e ku masarakat téh gelar dumasar kana: 1) cara makéna basa. meupeuh lemes. telepon.

profési. nu mangrupa wancahan tina Situation. idéologi. jeung agama. nurutkeun . 3) situasi. carana tangtu bédabéda gumantung budayana séwang-séwangan. sawangan hirup. kasang tukang atikan. jsté. End. Keys. Kagiatan makéna basa Sunda dina rupa-rupa médium ngalahirkeun variasi basa.39 mibanda pola-pola kagiatan makéna basa. Instrumentalities. jeung makéna basa. kajadian. ma‟na sosial omonganana. 2) komunitas makéna basa. Kalawan niténan prak-prakan makéna basa. ti kelompok mana. wangun gramatikal. Napak kana pamadegan Halliday. bisa katitén ogé rupaning hal kayaning saha nu nyarita. 4) komponén makéna basa. Komponén makéna basa biasana sok disebut ku istilah SPEAKING. ajéninajén. Kartomihardjo (1988:82) nétélakeun yén variasi basa mangrupa rupaning makéna basa balukar ayana kelas sosial ékonomi. Participant. kahayang. Act sequence. 5) Ajén-inajén satukangeun makéna basa. jeung intonasi. Norm. Situasi makéna basa mangrupa wengkuan anu basajan tapi kaitung hésé. Komunitas makéna basa téh mangrupa sajumlahing jalma nu ngagunakeun hiji basa atawa dialék nu tangtu. patali jeung pragmatik nu dipangaruhan ku kontéks sosial. nepi ka kompetensi komunikatif hiji jalma ogé ngawengku pangaweruh perkara pola kasebut. jeung Genre.

usaha. variasi basa dumasar kana wengkuan kaformalan téh ngawengku gaya (ragam) beku. susunan kalimah. biasana digunakeun dina kagaiatn-kagiatan upacara resmi jeung hidmat. resmi. akte notaris. nya éta variasi basa nu digunakeun ku kelompok sosial dina wengkuan waktu anu tangtu. loma. 3) wengkuan kaformalan Nurutkeun Martin Joss. jsté. 2) wengkuan pamakéan Variasi basa patali jeung wengkuan pamakéan disebutna fungsiolék atawa régister.Ragam beku (frozen) mangrupa variasi basa anu pangformalna. nya éta: 1) wengkuan panyatur Variasi basa dumasar kana wengkuan panyatur ngawujud dina variasi basa anu sipatna individual dumasar kana warna sora. kayaning hutbah. tatanén. rapat dinas. aya ogé kronolék atawa dialék témporal. Salian ti éta. buku atikan. jeung akrab.Ragam resmi (formal) mangrupa variasi basa nu biasana digunakeun misalna dina pidato kanagaraan. nu mangrupa sipat-sipat has unggal jalma (idiolék) jeung variasi basa tina kelompok individu nu réana rélatif nu nyicingan hiji tempat (dialék). jurnalistik. . jsté. atikan. .40 Chaér jeung Agustina (2004:61-62). kayaning widang sastra. pilihan kecap. golongan jeung kelas sosial panyaturna. biasana digunakeun pikeun kaperluan widang-widang anu tangtu. . militér. undang-undang. nya éta variasi basa anu patali jeung status. gaya basa. variasi basa téh bisa diklasifikasikeun dina opat wengkuan. jeung sosiolék atawa dialék sosial. sumpah. jsté. jsté.

Ragam usaha (consultative) mangrupa variasi basa nu digunakeun dina gunem catur biasa di sakola.41 . jsté. jeung catetan poéan dina agénda pribadi. rapat-rapat. atawa nu orientasina kana hasil atawa produksi. kayaning nu makéna jeung daérah dipakéna. . tahap atikan. Biasana sok ngagunakeun kekecapan atawa basa nu teu lengkep jeung artikulasi nu teu pati écés. pasosokna. jeung latarna. ngitung. Biasana sok direumbeuy ku wangun-wangun alégro (kekecapan nu dipondokken).Ragam loma (informal) mangrupa variasi basa anu digunakeun dina situasi teu resmi. olahraga. Keur sadirieun. Sudaryat (2007:3-6). kayaning papada anggota kulawarga atawa sobat. warna makéna basa. . pangdorong dipakéna. ngadunga. kukulutus. ngawengku ragam lisan nu ditepikeun kalawan dibantuan ku unsur-unsur supraségméntal jeung ragam tulisan nu ditepikeun ngaliwatan simbul jeung tanda baca. dipakéna basa Sunda téh keur sadirieun jeung keur ka batur. Dumasar kana wengkuan nu makéna. sikep panyatur. ngawincik ragam basa Sunda dumasar kana sababaraha wengkuan. nya eta dina waktu urang ngimpi. pakansi. Posisina bisa disebutkeun aya di antara ragam formal jeung ragam informal (rinéh). 4) wengkuan sarana Variasi basa patali jeung wengkuan sarana ditilik tina pakakas anu digunakeun. kayaning gunem catur jeung kulawarga atawa babaturan dina waktu-waktu istirahat. Keur .Ragam akrab (intimaté) mangrupa variasi basa anu biasa digunakeun ku panyatur jeung pamiarsa nu hubungana geus akrab.

pulitik. nyatana pikeun alat campur gaul jeung papada urang Sunda atawa nu lain urang Sunda tapi geus bisa basa Sunda. (c) rengkuh jeung peta. kalungguhan. Disawang tina jejer . pangusaha. nyaéta lemes keur batur jeung lemes keur sorangan. jeung murid. leu basa téh katangen tina lentong jeung kecap-kecapna. ngukuhan kaédah basa. ulama. sok sanajan ari lila jeung mindengna makéna basa Sunda mah béda-béda keur unggal golongan jeung unggal jejer téh. jeung seni. atikan. Unggal golongan di masarakat Sunda. boh tata basana boh undak usuk basana. ngawujud dina konsép undak usuk basa atawa tata krama basa. mangrupa sopan santun makéna basa. ngagunakeun basa Sunda dina ngabahas rupa-rupa jejer. pajabat. patani. Ragam basa ti panyatur anu nyakola upamana mah ébréh lebah ucapan foném-foném tina basa kosta. pangaweruh. guru. Ragam basa nurutkeun sikep panyatur raket patalina jeung kakawasaan. jeung sipat pasosokna. saperti agama. anu bisa katitén wujudna dina (a) lisan atawa kecap. sarta (d) lentong anu merenah. jeung jalma nu dicaritakeun. Ragam basa nurutkeun warna makéna basa disawang tina jihat jejer omongan. Undak usuk basa Sunda dipasing-pasing jadi ragam basa lemes (hormat) jeung ragam basa kasar (loma. sarta lomana antara panyatur.42 ka batur. pamiarsa. Ragam basa nurutkeun atikan formal ngabédakeun ayana ragam basa nyakola jeung ragam basa teu nyakola. pagawé. (b) pasemon. Sedengkeun ragam basa anu dipaké di daérah atawa wewengkon geus lila disebut basa Sunda wewengkon. kamasarakatan. medium atawa sarana. ékonomi. kayaning TNI. Ragam basa lemes aya dua rupa. atawa teu hormat). nyaéta waktu urang paguneman atawa komunikasi.

sok sanajan éta panyatur nyicingan masarakat basa nu sarua. Salian ti alatan ragemna panyatur nu aya di hiji masarakat basa jeung interaksi sosial nu béda ti . Disawang tina médium makéna aya ragam basa lisan anu dipaké dina paguneman atawa biantara. Lamun batur nyarita saluhureun. Bisa katangen. majalah. paélmuan. tapi ari jeung dulurna atawa babaturanana mah maké basa Indonesia atawa basa Sunda dicampur ku basa Indonesia. Imah jadi latar tempat panglobana dipakéna basa Sunda. Nyerep unsur tina basa lian dimeunangkeun pisan. wujudiahna basa (parole) téh teu dicangking kalawan sarua. Ari digunakeunana basa Sunda nu kapangaruhan ku latar. Disawang tina jihat pasosokna. pangpangna dina hal pakeman-pakeman rasa anyar dina basa Indonésia anu beuki loba tur populér sarta dina basa Sunda tacan aya sawandana. aya ragam basa tulis nu dipaké dina surat. Aya hal nu jadi pangdorong dipakéna basa Sunda téh. koran. Jaba ti eta. Parandéné kitu. di pakumbuhan. basa miboga sistem jeung subsistem nu dipaham ku panyaturna. hiji anak nyarita ka kolotna ku basa Sunda. sastra. aya ragam basa nyunda jeung ragam basa nu teu nyunda. upamana baé dina ngalamar jeung sésérahan. Sudaryat (2007:5) nételakeun kieu. jeung pangsaeutikna nyaéta di kantor. leu téh henteu ngandung harti masarakat Sunda ulah narima pangaruh tina basa lian. nyaéta naha di imah.43 omongan aya ragam basa urang rea (balaréa) anu ilahar dipaké sapopoé jeung ragam basa urang aré nu dipake husus dina widang jurnalistik. ditéma ku latar pakumbuhan sapopoé. dorongan nyarita ku basa Sunda leuwih gedé batan ka sahandapeun. Ragam basa Sunda bisa ditilik ogé dumasar kana wengkuan gender. atawa di kantor. Salaku langue. basa Sunda téh gedé pisan kapakéna dina kajadian anu aya patalina jeung adat kabiasaan. jeung agama. jeung buku. salasahijina patali jeung batur nyarita.

44

papada panyaturna, bisa ogé alatan ayana béda jenis kelamin. Holmes (1995:6) nétélakeun, I suggested above that women tend to be more polite than men. More specifically, it will become clear in the following chapters that, in general, women are much more likely than men to express positive politeness or friendliness in the way they use language. Women‘s utterances show evidence of concern for the feelings of the people they are talking to more often and more explicitly than men‘s do. Nurutkeun Holmes sakumaha cutatan di luhur, umumna basa nu digunakeun ku wanoja mindeng némbongkeun ciri kasopanan nu leuwih positif ti batan basa nu digunakeun ku lalaki. Salian ti éta, dibandingkeun jeung lalaki, dina prakna komunikasi téh panyatur wanoja mah umumna leuwih nekenkeun kana tinimbangan parasaan pamiarsa nu jadi lawan nyaritana. Ciri lianna nu ngabédakeun basa nu digunakeun ku wanoja jeung lalaki téh nurutkeun Eckert jeung Mc. Cornell-Ginet (Florian, 1997:127) di antarana: Women‘s language has been said to reflect their (our) conservatism, prestige consciousness, upward mobility, insecurity deference, nurture, emotional expressivities, connectedness, sensitivity to others, solidarity. And men‘s language is heard as evincing their toughness, lack of affect, competitiveness, independence, competence hierarchy, control. Basa nu digunakeun ku wanoja leuwih nekenkeun kana hal-hal nu konservatif, préstis, mobilitas ka luhur, rasa asih, rasa paduli ka lawan nyarita nu didadasaran ku sénsitivitas, jeung solidaritas. Sedengkeun basa nu digunakeun lalaki mah leuwih némbongkeun kurangna rasa asih, keukeuh-peuteukeuh, ayana rasa silisaing, kabébasan, konsép lalaki salaku nu nyekel hirarki kakawasaan, jeung kontrol. Bédana basa nu digunakeun ku wanoja jeung lalaki nurutkeun Lakoff (Holmes, 1997:73), bisa disawang tina pakakas linguistik nu digunakeunana.

45

Hedges jeung booster mangrupa pakakas linguistik nu bisa némbongkeun bédana basa nu digunakeun ku wanoja jeung lalaki. Hedges (panglemes) aya dina karakteristik basa nu digunakeun ku wanoja, biasana némbongkeun rasa teu percaya diri kaom wanoja, némbongkeun rasa teu nyaman patali jeung kalungguhan wanoja, sarta némbongkeun paripolah nu leuwih sopan ti batan lalaki. Hedges biasana digunakeun pikeun ngalemeskeun ungkara basa atawa omongan. Sedengkeun booster (panguat), digunakeun pikeun nguatan éfék ungkara basa atawa omongan, leuwih réa digunakeun ku lalaki. Wangun Hedges jeung booster bisa mangrupa question tag jeung pragmatic particles (Holmes, 1997:79-95). Question tag (tanda pananya) bisa diwangun tina canonical tag (tanda resmi) kecap atawa frase pananya nu miboga intonasi naék atawa turun. Canonical tag dina question tag téh ngawengku opat rupa, nyaéta epistemic tags, challenging tags, facilitative tags, jeung softening tags. Epistemic jeung challenging tags mangrupa tanda nu kaasup kana wengkuan booster, leuwih réa digunakeun ku panyatur lalaki. Epistemic tags digunakeun pikeun éksprési kateupastian saurang panyatur, miboga fungsi référénsial jeung aféktif, museur dina akurasi informasi nu kamuat dina proposisi kalawan teu merhatikeun parasaan panyaturna, nepi ka leuwih miboga fungsi pikeun ngaéksprésikeun kateupastian hiji proposisi ti batan mangrupa pakakas kasopanan. Challenging tags mangrupa cara atawa stratégi pikeun ngayakeun konfrontasi, digunakeun dina kagiatan mangaruhan pamiarsa kalawan tekenan nu jero sangkan ngaréspon atawa méré kontribusi dina dialog.

46

Sedengkeun facilitative jeung softening tags mangrupa tanda anu kaasup kana wengkuan hedges, leuwih réa digunakeun ku panyatur wanoja. Facilitative jeung softening tags téh tanda nu miboga ciri kasopanan, merhatikeun parasaan pamiarsa nu jadi lawan nyarita panyaturna, tur leuwih nekenkeun kana ma‟na aféktif ti batan ma‟na référénsial. Bédana, facilitative tags nekenkeun kana ciri kasopanan positif, sedengkeun softening tags nekenkeun kana ciri kasopanan négatif.

2.3.1.6 Amanat jeung Tujuan Omongan Amanat omongan mangrupa pesen panyatur nu geus katarima ku pamiarsana. Eusina bisa angrupa rasa, pikiran, jeung kahayang. Dina amanat téh aya maksud panyatur saperti ngawawarkeun, nanya, maréntah, atawa cumeluk. Maksud panyatur sakumaha ébréh dina amanat merleukeun réspon nu tangtu dina wujud évaluasi. Omongan wawaran meredih sangkan pamiarsa aya perhatian ka panyatur. Omongan pananya meredih sangkan pamiarsa ngajawab naon-naon nu ditanyakeun ku panyatur. Omongan paréntah meredih sangkan pamiarsa milampah pagawéan nu dikedalkeun ku panyatur. Sedengkeun omongan panyeluk digunakeun pikeun ngébréhkeun sora bituna rasa panyaturna.

atawa kalimah.O. Tindak sebutan atau lokusi (propositional or locutinary acts) ialah melakukan tindakan untuk menyatakan sesuatu (The act of saying Something).2 Warna Laku Basa Konsép laku basa mimiti dipertélakeun ku J. Tindak pernyataan atau ilokusi (illocutinary acts) ialah melakukan suatu tindakan dalam mengatakan sesuatu (The Act of Doing Something). Laku basa nu diébréhkeun dina wangun téks pérformatif. Austin nu dibukukeun ku J. Hartina. dan acuan tertentu). interaksi lingual. nétélakeun ayana kalakuan atawa paripolah. 2) laku basa ilokusi. wujudna mangrupa kalimah. tapi mangrupa kalakuan (action). ku Austin dirumuskeun dina tilu wengkuan: 1) laku basa lokusi. . Napak kana pamanggih Austin di luhur. nu ngawengku sacara gembleng produk atawa hasil tina lambang. Urmson kalawan judul How to do Thing with Word (1962). Nurutkeun Austin. ngawujud dina laku basa. kandaga kecap. sabab dijerona kawengku maksud atawa tujuan nu bisa numuwuhkeun pangaruh nu tangtu ka jalma lianna. Sudaryat (2003:24) nétélakeun yén laku basa mangrupa paripolah omongan anu dipaké ku panyatur waktu komunikasi basa. jeung 3) laku basa perlokusi. wacana nu dipaké ku panyatur waktu komunikasi basa salian ti ngedalkeun hiji hal. Tindak lokusi merupakan pengiriman pesan yang berupa praucap (komunikasi ideasional). ngungkarakeun hiji hal bisa disebut salaku kalakuan atawa aktivitas. Misalnya: ―Pembicara mengatakan kepada penyimak bahwa X (= kata-kata tertentu yang diucapkan dengan perasaan. Sacara basajan.47 2. Salian ti éta. tétéla yén sabagian ungkara basa teu saukur mangrupa pernyataan perkara hiji hal.3. Konsépna leuwih mekar sabada dipedar kalawan leuwih jembar ku John Searle dina bukuna Speech Act: an Essay in the Philosophy of Language (1969). Sudaryat (2006:150) nétélakeun kieu. atawa téks performatif. makna.L. ungkara.

jengkelkan. seperti membuat penyataan. kalawan réspon nu dipiharepna dina wujud panitén. perintah. Wujudiah pragmatis tina kalimah komisif téh bisa ngawengku ruparupa ma‟na. impositif. f) ngajak. menggangu. Tindak perlokusi menunjuk pada orang yang dituju dan dapat digambarkan dalam bentuk verba. jeung i) ngingetan. b) ménta. Leech (Sudaryat. membohongi. jeung f) negeskeun. membesarkan hati. dsb. meyakinkan. g) ngahelas. e) nyawad. mengilhami. pembicara mengatakan bahwa P‖. mendongkolkan. pertanyaan. men. atawa pernyataan. menghibur. nekenkeun yén laku basa dumasar kana konsép lokusi. sakumaha pedaran ieu di handap. 3) Kalimah éksprésif mangrupa kalimah nu miboga fungsi pikeun nekenkeun atawa nétélakeun sikep psikologis panyatur patali jeung hiji kaayaan atawa situasi. menipu. éksprésif. jeung asértif. menganjurkan. di antarana a) ngawawarkeun. h) méré saran.48 Misalnya: ―Dengan mengatakan X. ikolusi. Tindak hasilan atau perlokusi (perlocutionary acts) ialah melakukan suatu tindakan dengan mengatakan sesuatu (The Act of Affecting Someone). tawaran. Misalnya: ―Dengan mengatakan X. Wujudiah pragmatisna bisa ngawengku ma‟na-ma‟na: a) ambek. menawan. 2) Kalimah impositif mangrupa kalimah nu miboga fungsi pikeun éksprési paréntah. memikat. 2006:150-153). manakuti. jeung perlokusi. e) nyawad. c) ngajak. d) ménta. Wujudiah pragmatisna bisa ngawengku ma‟na-ma‟na: a) nitah. 1) Kalimah komisif mangrupa kalimah nu miboga fungsi pikeun éksprési janji. b) . c) nyedekkeun. b) maréntah. seperti: mendorong penyimak mepelajari sesuatu. 1983:199). d) miharep. diwujudkeun ngaliwatan pamakéan vérba dina kalimah-kalimah komisif. dan membingungkan. mempengaruhi. pembicara meyakinkan penyimak bahwa P‖ (Leech. Tindak ilokusi merupakan pengiriman wacana yang berupa komunikasi antarpribadi (pengucapan – penyimakan).

2) laku basa diréktif. j) geuleuh. méré saran. nangtang. jeung k) ngéwa. Nurutkeun Gunarwan (Chaer. aya kalana hésé pikeun ngabédakeun laku basa ilokusi jeung perlokusi. nu bebeneran eusi kalimahna gumantung kana fakta nu nyampak di luareun basa. nyaéta laku basa nu dilakukeun ku panyatur kalawan maksud sangkan pamiarsana ngalakakukeun tindakan atawa paripolah nu disebutkeun dina ungkara laku basana. i) mikarunya. jeung c) kalimah sintétis. jeung nyebutkeun. panuhun. g) gumbira. misalna nitah. jeung ngadawa. wujudna bisa: a) kalimah analitis. c) kagét. d) ngagero. 4) Kalimah asertif mangrupa kalimah nu miboga fungsi pikeun éksprési bebeneran informasi. ngalaporkeun. e) pasrah. nyaéta laku basa nu meungkeut panyaturna kana bebeneran perkara naon hal nu dicaritakeunana. misalna nyaritakeun. f) ngaku. b) kalimah kontradiktif. 2010:29). Hal sarupa kitu jadi bahan tinimbangan pikeun Searle (1975) dina nyampurnakeun konsép laku basa dina lima wengkuan atawa katégori: 1) laku basa répréséntatif. 3) laku basa éksprésif. nyaéta laku basa dilakukeun kalawan maksudna sangkan omongan atawa caritaan dihartikeun salaku évaluasi perkara naon hal nu . h) ngarasakeun kanyeri. sabab dina laku basa nu nekenkeun kana nétélakeun maksud omongan téh ngawengku ogé éfék nu dipiharep ku panyatur ka pamiarsana. nu bebeneran eusi kalimahna patukangtonggong jeung runtuyan kekecapanana. nu bebeneran eusi kalimahna nyampak dina runtuyan kekecapanana.49 ngawilujengkeun.

teu langsung-literal. jeung teu langsung-teu literal. ménta. 2. Sacara konvénsional kalimah warta digunakeun pikeun méré informasi. Laku basa langsung-teu langsung patali jeung pamakéan modus kalimah nu sacara formal ngawengku kalimah warta (déklaratif). misalna nanya ngagunakeun kalimah pananya.3. atawa panuhun. misalna maheutkeun putusan. ngabedokeun. sumpah.3 Wanda Laku Basa Ditilik tina wandana. kaayaan.) nu anyar. nyaéta lau basa nu dilakukeun ku panyatur kalawan maksudna pikeun nyiptakeun hal (status. jeung nyawad. Dua wengkuan laku basa kasebut. ngidinan. jeung kalimah paréntah pikeun nitah. kalimah pananya (interogatif). jeung kalimah paréntah (imperatif). misalna muji. misalna jangji. Laku basa langsung kawangun nalika modus kalimah digunakeun samistina atawa konvénsional. dina prakna bisa pagalo ngawangun interséksi: langsung-literal. nyaéta laku basa nu meungkeut panyaturna sangkan ngalaksanakeun naon hal nu disebutkeun dina ungkara basana. 4) laku basa komisif. ngahulag. Wijana jeung Rohmadi (2010:28-35) ngawincik laku basa dina dua wengkuan langsung-teu langsung jeung literal-teu literal. langsung-teu literal. ngajak. nganuhunkeun. nitah atawa ngajak . kalimah pananya pikeun nanyakeun hiji hal. jeung ngancam. 5) laku basa déklaratif.50 disebutkeun dina éta ungkara. jeung méré hampura. jsté. méré kritik.

paréntah diungkarakeun dina kalimah pananya atawa kalimah warta. di antara dua wanda laku basa téh bisa ngawangun interséksi nu ngawengku: . Pamakéan modus kalimah patali jeung kalumangsungan laku basa bisa ditétélakeun sakumaha tabél ieu di handap.51 ngagunakeun kalimah paréntah. Tabél 2. sedengkeun laku basa teu literal mangrupa laku basa nu maksud ungkara basa atawa omonganana teu sarua jeung ma‟na kekecapan nu ngawangunna. Sakumaha ditétélakeun di luhur. jsté. 2010:30) Laku Basa Langsung Teu Langsung ngawartakeun nitah. kalimah paréntah teu bisa digunakeun pikeun lumangsungna laku basa sacara teu langsung. Laku basa literal mangrupa laku basa nu maksud ungkara basana atawa omonganana sarua jeung ma‟na kekecapan nu ngawangun kalimahna. Parandéné kitu.1 Modus Kalimah dina Laku Basa Modus Warta Pananya Paréntah (Rohmadi. laku basa literal-teu literal leuwih nekenkeun kana maksud atawa ma‟na ungkara basana. Sedengkeun laku basa teu langsung kawangun nalika hiji modus kalimah digunakeun pikeun nétélakeun maksud nu teu luyu jeung konsép kalimahna sacara sintaksis. misalna kalawan tujuan kasopanan. kritik nanya nitah maréntah - Béda jeung laku basa sacara langsung-teu langsung nu dipatalikeun jeung modus kalimah nu digunakeunana.

nyaéta laku basa nu diébréhkeun ngaliwatan modus kalimah nu teu luyu jeung maksud omongan atawa ungkarana. tapi kekecapan nu ngawangunna teu miboga ma‟na nu sarua jeung maksud omongan atawa ungkarana. Sangkan bisa nyieun tafsiran atawa paham kana . Tafsir atawa pamahaman kana maksud nu ditétélakeun sacara langsung. 4) laku basa teu langsung teu literal. Maksud omongan panyatur téh teu salawasna ditétélakeun sacara langsung (kauni). nyaéta laku basa nu diébréhkeun ngagunakeun modus katut ma‟na kalimah nu teu luyu jeung maksud nu hayang ditepikeun. nayéta laku basa nu diébréhkeun ngaliwatan modus kalimah nu luyu jeung maksud omongan atawa ungkarana.3. aya kalana ku cara teu langsung (nyamuni).52 1) laku basa langsung literal. 2) laku basa langsung teu literal. nyaéta laku basa nu diébréhkeun ngaliwatan modus kalimah katut ma‟nana nu sarua jeung maksud omongan atawa ungkara basana. 2. unggal ungkara atawa omongan dina komunikasi nu ditepikeun ku panyatur (J1) ka pamiarsana (J2) mibanda maksud jeung tujuan nu tangtu. baris leuwih gampang ti batan nu ditétélakeun sacara teu langsung. tapi ma‟na kekecapan nu ngawangunna luyu jeung naon hal nu jadi maksud panyaturna.4 Fungsi Laku Basa Hakékatna. 3) laku basa teu langsung literal.

atawa méré informasi. e) pananya ménta sawangan. 4) Fungsi ménta pangampura. Nurutkeun Chaer (2010:79). jeung pertélaan. fungsi nétélakeun biasana diwujudkeun dina wangun kalimah wawaran (déklaratif). ditilik tina jihat panyaturna laku basa téh miboga sawatara fungsi nu ngawengku: 1) Fungsi wawaran (déklaratif). ngajurung. Ciri pokona ngagunakeun kalimah pananya (interogatif). boh kekecapan boh paripolah. 3) Fungsi panitah (imperatif).53 maksud panyatur nu ditepikeun sacara teu langsung. miharep. jangji. kaputusan. Sacara gramatikal. Fungsi pananya bisa ngawujud dina a) pananya ménta pangakuan. Ciri pokona ngagunaken kalimah panitah nu miharep réspon atawa jawaban mangrupa tidakan atawa kagiatan nonlingual (teu mangrupa basa atawa omongan). Sipatna bisa maksa. Fungsi wawaran bisa digunakeun dina ngawawarkeun informasi. ngabéjaan. nerangkeun. meredih. ngajak. atawa nyarék. pangwilujeng. nyaéta fungsi laku basa pikeun nanyakeun hiji hal nu merlukeun réspon. nyaéta kalimah anu fungsi utamana pikeun ngawawarkeun. b) pananya ménta katerangan. nétélakeun. nyaéta fungsi laku basa pikeun nitah. d) pananya ménta alesan. 2) Fungsi pananya (interogatif). pamiarsa perlu paham kana kontéks nu nyampak dina omongan atawa ungkarana. nyaéta fungsi laku basa pikeun nétélakeun informasi kalawan teu dituturkeun ku harepan sangkan pamiarsa méré réspon. c) pananya ménta alesan. jeung f) pananya ménta negeskeun. nu dilakukeun dumasar kana ayana anggapan atawa parasaan panyatur ngarasa salah atawa geus ngalakukeun tindakan nu .

5) Fungsi kritik. ngarobah sikep. nu dilakukeun pikeun ngébréhkeun atawa nyebutkeun kagoréngan. 3) fungsi éstetik. ngarobah sikep. . hiburan. nepi ka hiji jalma mampuh ngungkapkeun parasanana dina kanyataan. Dipatalikeun jeung fungsi komunikasi. kritik. ngarobah masarakat. ngundakkeun pangaweruh. boh luyu jeung sikep sarta ajén dirina boh henteu. fungsi laku basa téh bisa dicindekkeun ngawengku: 1) fungsi informatif. Sedengkeun laku basa ménta pangampura nu teu langsung. idé. Dina prakna. tapi disamunikeun dina ungkara kalimah jeung aspék nonlingual lianna. pikeun nyiptakeun tujuan-tujuan nu sipatna kreatif. ngarobah sawangan. nepi ka bisa nyababkeun gelarna rasa kesel atawa ambek di diri pamiarsana. jeung b) teu langsung atawa nyamuni. nepikeun pamikiran. kakurangan. boh positif boh négatif. Laku basa ménta pangampura langsung négatif biasana teu dibarengan ku rasa simpati. nambahan wawasan. biasana dibarengan ku rasa simpati dina kalimah anteban (émpatik). atawa sawangan. Laku basa ménta pangampura langsung positif. jeung paripolah. 2) fungsi manipulatif. laku lampah.54 teu pikangeunaheun pamiarsana. pamikiran. Laku basa ménta pangampura biasana ngawujud dina tilu rupa: a) langsung. ngatik. pikeun méré informasi. biasana teu sacara ékplisit nyebutkeun ménta hampura. panyatur miharep ayana évaluasi ti pihak pamiarsa nu dikritikna sangkan ngarobah tindakanana. atawa kasalahan. atawa opini. pikeun ngagerakkeun atawa mangaruhan jalma nu bisa narima idé-idé nu ditepikeun.

2008:21). manusa ngawangun komunikasi lain saukur pikeun ngungkulan pasualan pragmatis sapopoé. di antarana ngaliwatan téhnik élipsis. 2. Nurutkeun Langer (Sunarto. Ngaliwatan sistem simbol. Ma‟na-ma‟na abstrak diciptakeun jeung dipaké ku manusa dina wangun sistem tanda atawa simbol. nepi ka gumantung pisan kana sistem simbolisme. 2008:21) anu nyebutkeun yén kabudayaan enas-enasna mah ngagugulung perkara ma‟na. langsung teu literal. sistem simbol geus jadi padoman pikeun minuhan kabutuhan manusa –primér. téhnik métaforis. sékundér. teu literal. ma‟na ganda (ambigu). atawa kantétanana– nepi ka sistem ajén- . Éta hal luyu jeung pamanggih Talcott Parsons (Sunarto. Tujuanna di antarana pikeun nyumputkeun ma‟na saenyana. némbongkeun kréatifitas. jeung salian ti éta. Ku kituna. asosiasi ma‟na atawa maksud bisa ditepikeun ngaliwatan sawatara téhnik.4 Téhnik Métaforis Pangpangna dina laku basa teu langsung. tapi aya ma‟na lianna anu némbongkeun sistem ajén-inajén jeung sawangan hirupna. jeung teu langsung teu literal. pikeun ngayakinkeun atawa mekarkeun kayakinan papada jalma ka lingkungan masarakatna. atawa sangkan pamiarsa leuwih katarik ati. béh dieuna manusa mekarkeun komunikasi dina hirup kumbuhna teu saukur pikeun nyumponan kabutuhan pokona. teu langsung literal.55 4) fungsi kayakinan. tapi mekarkeun ogé kabutuhan anu sipatna leuwih luhur dina wangun usaha pikeun paham kana ma‟na-ma‟na anu leuwih abstrak.

Sabada Aristotélés. salaku animal symbolicum. Métafora asalna tina basa Yunani. atawa ngungkulan. tanda anu sacara literer geus mibanda ma‟na (référénsi) pikeun némbongkeun hal anu dipimaksud sacara dénotatif (référén). Ku éta hal.56 inajén jeung sistem simbol komunikasi ngawangun hubungan anu dalit dina hiji kabudayaan. nepi ka hiji kelompok kecap mibanda ma‟na nu béda (Ratna. Dina mangsa Yunani Kuno. métafora téh ngandung harti mawa kaluar. Ngaliwatan babandingan. métafora mangrupa “a transfer of a name belonging elsewhere”. Meta hartina di sisi. digunakeun dina sistem simbol lianna anu ngagelarkeun konsép analogi atawa babandingan. 2001:33). tina spésiés kana génus. sabada. nu ditekenkeun kana pasualan sasaruaan (similitude). Nurutkeun Ratna (2009:181). 2009:187). Dina kontéks basa. di sisi atawa di uhur. tradisi ulikan . gelar ma‟na anu leuwih jembar atawa ma‟na anyar tina unggal lambang sora omongan patali jeung hal atawa barang anu dipimaksudna. boh ngaliwatan analogi. salasahiji kamampuh nu dipibanda ku manusa téh di antarana nyusun atawa nyieun babandingan. Sedengkeun Pherein hartina mawa atawa méngkolkeun. meta jeung pherein. ngawujud dina ambiguitas prosés transfer hiji kecap jeung kecap nu ditransferna sorangan. Métafora mangrupa salasahiji cara nepikeun ma‟na ngaliwatan simbolsimbol. Sacara étimologis. Prosés pengalihan téh gelar boh tina génus kana spésiés. Nurutkeun Aristotélés (Leezenberg. métafora geus dijadikeun bahan ulikan ku Aristotélés patali jeung pasualan puitik (Poetics) jeung rétorika (Rhetoric).

émosi. nyaéta wacana dina raraga muji atawa nganistakeun anu tujuanana nguatan sipat hade atawa goréng hiji jalma.57 métafora diteruskeun ku Cicéro jeung Quintilianus dina mangsa Romawi. lembaga. Dumasar kana konsép Aristotéles. Seitz (Sunarto. anu museurkeun kana naon anu baris kajadian isuk-pagéto nalika poé ieu ditetepkeun hiji kawijakan. rhêtôr anu mangrupa téhnik ngolo sacara persuasif ngagunakeun atawa ngamangpaatkeun karakter nu nyaritana. gelar tiori métafora nu diasongkeun ku „Abd al-Qâhir al-Jurjânî. tanggung jawab. atawa ganjaran. nétélakeun yén métafora némbongkeun kamampuh 3 rétoris. nu nekenkeun kana gemblengan atawa beungkeutan antara Gusti Alloh jeung status ungkara dina AlQur‟an. . Nurutkeun Nasution (2008:77). Beda jeung Aristotélés. nu nyarita baris ngagunakeun hiji éksprési figuratif nalika karasa taya basa literal anu mampuh atawa sarimbag dina ngahasilkeun éfék jeung ma‟na sakumaha anu jadi tujuan dirina sangkan pamiarsa ngaréspon ku cara jeung tujuan anu sarua. atawa sawangan anu tangtu. 2) Retorika forensik. vehicle (image). jeung 3) Retorika demonstartif. Tiori nu leuwih modérn gelar mimiti taun 1980-an nu diluluguan ku Richard jeung Chomsky. kalawan napak dina wengkuan tenor (idea). museurkeun kana pasualan epideiktik. jeung competence. Tina konsép rétorika tradisional. dina konsép sarupa kitu. métafora mekar jadi konsép anu leuwih lega. ngawangun jurutilu métaforis. Rétorika asalana tina basa Yunani ῥήτωρ. 2008:31). museurkeun kana sipat yuridis jeung naon-naon anu geus kajadian dina mangsa katukang pikeun némbongkeun salah-henteu. Éta hal bisa jadi balukar tina pamahaman yén digunakeunana métafora dina komunikasi sapopoé ukur mangrupa wangun lian (variasi) tina gaya-makéna-basa hiji jalma anu tujuanana leuwih nyoko kana ngawangun variasi rétoris3. Biasana papada urang réa anu teu sadar yén saenyana métafora geus biasa digunakeun dina komunikasi sapopoé. Cicéro jeung Quintilianus mah leuwih nekenkeun ulikanana kana pasualan babandingan (comparatio). pikeun tujuan anu tangtu. Dina tradisi pangaweruh Islam. atawa argumén. aya tilu wengkuan rétorika: 1) Retorika deliberatif. nyoko kana konsép rétorika.

. siga. métafora mangrupa analogi nu ngabandingkeun dua hal sacara langsung. nyaéta basa kiasan nu disusun pikeun ningkatkeun éfék katut asosiasi nu tangtu ku jalan ngabanding-banding hiji hal jeung hal lianna. métafora bisa disawang sacara heureut jeung jembar. Nurutkeun Keraf (1994:139). métafora mekar deui jadi konsép mikir anu dilakukeun ku manusa. Palebah dieu. Sacara heureut. Patali jeung hal-hal sakumaha pedaran di luhur. Tina éta hal. métafora mangrupa majas atawa gaya basa babadingan. nepi ka saolah-olah teu miboga struktur nu tangtu alatan dua kecap atawa dua konsép digondéngkeun. otak nyusun hiji rélasi (hubungan) stimulus anu ditarimana jeung sénsasi lianna anu diteundeun jeung geus nyampak dina mémori. tina sintagmatik kana paradigmatik. sacara jembar métafora ngawengku sagemblengna wangun kiasan atawa pamakéan basa nu dianggap „nyimpang‟ tina basa baku. jsté. ibarat. Métafora dipaham salaku konsép mindahkeun ma‟na dénotatif kana konotatif. hakékat métafora nu digunakeun téh leuwih nyoko kana jihat sacara jembar. Nurutkeun Ratna (2009:181-183). kawas. ungkara nu ngandung métafora téh teu ngagunakeun kecap panyambung lir. Pikeun kaperluan panalungtikan perkara métafora dina téks laku basa dina rohang status facebook. katara aya patalina anu raket atawa silipangaruhan antara cara manusa ngalakukeun komunikasi jeung aspék motif sarta sosial budaya anu jadi latarna. Ku sabab babandinganana sacara langsung.58 manusa dina ngayakeun kagiatan sinéstésis. nya éta kamampuh manusa pikeun ngalakukeun sintésa indra-indra kamanusaanana sacara tuluy-tumuluy.

kalawan mibanda peran maheutkeun patalina basa jeung ciriciri kausal dunya nu tacan kasungsi kawas “struktur atom sebagai jaringan miniatur” (Ratna. 2009:183). kumaha nyangking simpati. dina kondisi kontémporér. jeung pieun indoktrinasi (Boyd dina Ratna. jeung filsafat élmu. jeung 2) pakakas mikir. Dina prosés komunikasi. saperti ngabandingkeun atawa matalikeun saraf otak jeung komputer (Ratna. métafora jadi hiji wangun dina raraga némbongkeun konsép mikir manusa. napak kana pamanggih Stight. Métafora ngawujud minangka pakakas jeung prosés. Minangka pakakas mikir. salian ti ditilik sacara linguistik téh sacara lega dipasualken ogé dina antropologi. sosiologi. Ma‟na-ma‟na nu nyamuni dina unggal ungkara basa nalika ngayakeun komunikasi bisa disungsi ngaliwatan métafora. tapi geus mekar mangrupa wujud nu mibanda sipat ngatur. Lakoff jeung Johnson (1980:3-5). Éta hal némbongkeun yén métafora ngagambarkeun . kalimah dina omongan panyatur jeung pamiarsana mangaruhan aktivitas manusa. konstitutif. psikologi kognitif. Saterusna Boyd nétélakeun yén béh dieuna métafora ngawujud teu saukur dina pasualan éksprési. Samalah. 2009:189). nétélakeun yén hakékat poko métafora nya éta kamampuh pikeun paham jeung ngalaman hiji pernyataan dina términologi lianna. métafora geus ditilik tina widang sains nu tujuanana pikeun référénsi. nu kalibet téh mangrupa hubungan antara domain-domain nu papisah jeung éksplorasi nu ngamungkinkeun pikeun dipatalikeun. 2009:184). Salaku pakakas mikir.59 Métafora némbongkeun aspék-aspék nu sipatna multidiménsi. Disawang minangka pakakas. Ratna (2009:187) ngawincik metafora jadi: 1) pakakas komunikasi.

makaitkeun) indra-indra kamanusaanana sacara tuluytumuluy. . dan (2) metafora linguistik (metafora dalam kaitannya dengan proses semantik dan sintaktik). Secara praktis sebagian metafora merupakan epiphors. Salian ti éta. epiphors dan diaphors. sebagian diaphors. jeung 2) métafora lain mangrupa ornamén wacana sabab unggal métafora nyiptakeun informasi anyar perkara réalitas. sebagai metafora mati. sebagian berubah dari epiphors menjadi diaphors. 2009:194). metafora kedua menghasilkan perubahan bahasa.60 konsép mikir ku jalan méré tekenan kana sawangan-sawangan urang ngaliwatan konotasi kecap. métafora ogé némbongkeun kakampuh sinéstésis4 unggal manusa. bahasa dalam kamus. nurutkeun Seitz (Sunarto. napak kana pamanggih Cormac. Untuk menjelaskanya Cormac meminjam pembagian yang dilakukan oleh Wheelwright. 42) membedakan metafora menjadi dua macam. sedangkan diaphors dengan intensitas pesan dan saran. Winner (Sunarto. Ratna (2009:186-187) nétélakeun kieu: Sebagai proses Cormac (1985:5-10. 2008:31) mangrupa kamampuh manusa pikeun ngalakukeun sintésa (ngahijikeun. métafora bisa dibedakeun jadi: a) métafora paéh. tina synesthetic. Metafora pertama menghasilkan konsep-konsep baru. yaitu: a) metafora kognitif. 4 sinéstésis. jeung b) métafora hirup (Ratna. yaitu: (1) metafora sebagai proses bahasa itu sendiri. dan b) metafora kultural. Pada dasarnya semua metafora memiliki ciri-ciri epiphors dan diaphors. Dina métafora paéh. Epiphors adalah metafora dengan intensitas ekspresi. otak nyusun hiji rélasi (hubungan) antara stimulus anu ditarimana jeung sénsasi lianna anu diteundeun jeung geus nyampak dina mémori uteukna. Nilik kana dua ciri penting metafora nu nurutkeun Ricoeur ngawengku: 1) métafora teu bisa ditarjamahkeun sabab éta métafora sorangan nu nyiptakeun ma‟na. Patali jeung métafora salaku prosés. 2008:31) nétélakeun yén métafora mangrupa hiji kagiatan rukun gawé antara otak kénca anu ngalakukeun kagiatan mikir sacara literal jeung otak katuhu anu ngalakukeun kagiatan mikir sacara holistikkontéktual. kemudian berubah men jadi bahasa sehari-hari. Selanjutnya metafora kultural dibedakan menjadi dua macam.

kecap „munding‟ mangrupa pangbanding. sedengkeun kecap „siga‟ mangrupa panyambung babandingan. jsté. Kalimah di luhur unina bisa ogé „Budak téh munding‟. Pangbanding mangrupa unsur nu jadi babandingan tina unsur puseur (pabanding). Kecap „munding‟ téh asosiasi motifna bisa mangrupa bodo.61 ma‟na nu geus nyampak téh teu ngalaman parobahan. ékuivalén jeung petanda). motif. ibarat. Contona dina kalimah „Budak téh bodo siga munding‟. Motif mangrupa unsur nu jadi udagan tina prosés ngabandingkeun pabanding jeung pangbanding. Sedengkeun kecap panyambung babandingan mangrupa kecap nu digunakeun pikeun nétélakeun babandingan antara pabanding jeung pangbanding. ékuivalén jeung penanda). spk. pabanding mangrupa naon hal unsur puseur nu dibandingkeun jeung unsur lianna. jeung kecap panyambung babandingan. kayaning lir. Dina kontéks sarupa kitu. siga. Nurutkeun Luxemburg. pabanding jeung motif dina kalimah di luhur bisa disamunikeun. pikeun nyungsi ma‟na métaforis dina téks. motif jeung kecap panyambung babandingan teu disebutkeun dina téksna. jsté. kecap „bodo‟ mangrupa motif. kawas. kotor. motif disamunikeun nepi ka perlu disungsi atawa ditéangan. kendor atawa laun. . nepi ka kalimah téh unina ukur „Munding!‟. Frase „budak téh‟ mangrupa pabanding. Dina prosés nu ngahasilkeun babandingan. Aya kalana pabanding. ma‟na ngalaman parobahan ngaliwatan gelarna kesan-kesan anyar. gendut. pebanding (pangbanding. perlu dianalisis opat hal nu ngawengku pembanding (pabanding. sedengkeun dina métafora hirup. (1989:65). Salian ti éta. kuat. tapi bisa disungsi ku cara ngama‟naan unsur pangbandingna.

dina widang anu tangtu (témbok. eusi status facebook téh saéstuna teu kawatesanan. mimiti taun 2004 mikawanoh facebook. jeung vidio). angen-angen. tina basa Latin medius nu hartina „sineger tengah atawa di antara‟. nu panganyarna dina kamekaran jaman kiwari salasahijina nyaéta internét. . artikel. lalayang.5 Rohang Status dina Facebook Dina prakna komunikasi. sakur anu miboga akun facebook bisa nepikeun rupa-rupa pasualan dina rohang statusna. kai. gagasan. kritik. ras. jeung adat-istiadat (SARA). Sok sanajan aya watesan perkara suku. pilem. agama. keretas. foto. pokes. facebook anu mimitina dingarananan thefacebook tur ngajomantara sacara kawatesanan di lingkungan kampus Universitas Harvard. iklan. Diciptakeun ku Mark Zukerberg. 5 medium. mangrupa hiji cara pikeun ngarékam atawa aktualisasi ide. Masarakat dunya anu sistem komunikasi nagarana ngawenangkeun téknologi internét. jeung catetan. béh dieuna mekar jadi ramatloka média sosial internasional anu dipikawanoh méh di unggal nagara anu ngawenangkeun aksés internét dina konsép komunikasi massana. angen-angen. eusi atawa fitur anu nyampak dina facebook ngawengku profil. basa nu dihasilkeun ku manusa téh digunakeun sacara lisan jeung tulisan ngaliwatan rupa-rupa medium5. hadiah. aya deui anu mangrupa aplikasi tambahan anu ngamungkinkeun pamaké facebook némbongkeun atawa ngirim foto. mangrupa béwara. jeung events. Salian ti éta. Rohang status dina facebook mangrupa fasilitas pikeun nuliskeun ruparupa hal.). the wall. rohang news feed jeung mini feed (nu eusina ngawengku status. sindir-sampir.62 2. jsté. Hartina. sawangan. sawangan. Sacara gurat badag. jsté. pesen atawa surat éléktronik (sarupa é-mail).

jeung organisasi sosial. kahayang. facebook ngawujud dina sistem jaringan. sok sanajan si C téh teu kalibet dina ramat mimitran si A. téks status si A. . Si B dina ramat mimitranna boga babaturan si C. jeung udagan atawa sasaran pamiarsana. Kiwari réa anggota facebook ngamangpaatkeun rohang status pikeun nyusun gerakan-gerakan atawa oganisasi alumni. Salian ti ngudag tujuan kalangenan. Ku éta hal. teu bisa ngoméntaran) naon-naon nu ditepikeun ku si A. tapi tetep bisa niténan (maca hungkul. Unggal anggota dina ramat mimitran nu diwangun bisa niténan. banyol. rohang status facebook réa dimangpaatkeun pikeun tujuantujuan nu leuwih lega tina saukur nuliskeun kagiatan sapopoé. jeung salian ti éta. Kitu saterusna. bisa dibaca jeung dikoméntaran ku si B nu kalibet dina ramat mimitran A. nepi ka ahirna mah sing saha waé nu mibanda akun facebook téh bisa silih titénan statusna. Unggal akun anggota téh bisa ngawangun atawa mibanda ramat mimitran (jaringan sosial) séwang-séwangan. Misalna. gerakan-gerakan nu diwangun dijadikeun sarana oposisi kana kawijakan-kawijakan pamaréntah atawa hal-hal nu dianggap leupas tina prinsip kaadilan sosial. Béh dieuna. gumantung kana kamampuh. jeung méré koméntar kana naon-naon nu ditepikeun ku mitrana (friends). naon rupa nu ditepikeun dina rohang status facebook téh bisa katitén ku sing saha waé nu mibanda akun facebook aktif.63 émosi. maca. kalangenan. Basa anu digunakeunana ogé teu kawatesanan. Minangka ramatloka media sosial.

sasaruaan. Disebut salaku studi kasus tunggal téh nilik kana arah panalungtikan anu nyoko kana hiji karakteristik. sarta bédana jeung fénoména lianna. Pon kitu deui sasaran jeung lokasi studina ukur hiji nepi ka teu némbongkeun atawa ngabandingkeun karakteristik. Sok sanajan leuwih nyoko kana pamarekan kualitatif. Pamarekan kuantitatif digunakeun dina nyusun tabulasi frékuénsi jeung perséntase. boh anu sifatna alamiah boh jijieunan atawa rékayasa. kagiatan. Tujuan utama digunakeunana metode déskriptif téh pikeun méré gambaran ngeunaan laku basa dina rohang status facebook 64 . kalawan museurkeun ulikanana kana wangun. metode déskriptif mangrupa metode pikeun ngadéskripsikeun atawa ngagambarkeun rupa-rupa fénoména. 2002:112). dina ieu panalungtikan ogé digunakeun pamarekan kuantitatif sacara kawatesanan. Sedengkeun metode anu digunakeunana nyaéta metode déskriptif.BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN 3. karakteristik.1 Métode Panalungtikan Sacara umum. ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan basa anu ngagunakeun pamarekan kualitatif. Ieu panalungtikan kaasup kana studi kasus tunggal (embedded case study) ku sabab pasualan jeung fokus panalungtikanana geus ditangtukeun saméméh panalungtik ancrub ka lapangan (Sutopo. patalina. Nurutkeun Sukmadinata (2009:72). parobahan.

warna. 3. fungsi.1 di luhur. jeung . sarta nyieun kacindekan jeung laporan (Ali.65 kalawan objektif dina hiji déskripsi situasi. ngolah data. wengkuanana diébréhkeun dina bagan sakumaha ieu di handap.2 Paradigma Panalungtikan Laku basa dina rohang status facebook dijadikeun puseur dina ieu panalungtikan. komunikasi jadi papayung anu matalikeun laku basa téks vérbal dina rohang status facebook jeung pikiran nu nyampak ngaliwatan déskripsi kontéks. 1987:130). Bagan 3. wanda. katitén yén dina ieu panalungtikan. Dilaksanakeunana ku cara ngagundukkeun.1: Paradigma Panalungtikan Tina bagan 3.

Kaitung réa pisan téks verbal tinulis dina rohang status facebook anu ngagunakeun basa Sunda téh. diperlukeun data anu mangrupa data tékstual. intertékstual. ngawatesanan ieu panalungtikan dina disiplin paélmuan linguistik. Pikeun nyangking ma’na kalawan leuwih gembleng pangaruh tina latar sosial budaya. 2) wangunna mangrupa téks vérbal basa Sunda. psikologi. Puseur panitén kana ma’na anu nyangkaruk dina téks vérbal basa Sunda dina rohang status facebook.3 Sumber Data Sumber data nu digunakeun dina ieu panalungtikan gumantung kana rangkay analisis jeung rangkay mikir anu geus ditangtukeun. 3. jeung antropologi sacara kawatesananan. Data tékstual anu digunakeun mangrupa téks verbal tinulis basa Sunda dina rohang status facebook. Pikeun nyumponan kabutuhan sakumaha anu kaunggel dina rangkay analisis jeung rangkay mikir kasebut.66 téhnik asosiasi ma’na dina prakna komunikasi vérbal tinulis liniér. Pikeun kaperluan ieu panalungtikan digunakeun sababaraha téks verbal tinulis dina rohang status facebook dumasar kana tinimbangan-tinimbangan: 1) dipedalkeun dina bulan Méi 2011. 3) mibanda unsur métaforis. jeung . diémbohan ku disiplin paélmuan komunikasi. jeung sosiokultural.

status jeung koméntarna bisa katitén jeung kapaluruh ku panalungtik atawa sakumna nu mibanda akun facebook. Sok sanajan bisa katitén jeung kapaluruh. status jeung koméntar anu jolna ti ramat mimitran di luareun anu diwangun ku panalungtik mah teu diasupkeun atawa teu dianalisis. aya anu ngagunakeun basa Indonésia. Teu sakabéhna anggota ramat mimitran medalkeun statusna ngagunakeun téks verbal basa Sunda.facebook.1 Conto Data Tékstual No.com [diaksés 20 Désémber 2010] . anu sanajan di antara anggotana téh teu kalibet dina ramat mimitran akun facebook panalungtik.67 4) dipedalkeun ku kanca mitra anu kalibet dina ramat mimitran anu geus disusun atawa jadi bagian anu teu leupas tina akun facebook panalungtik. Tabél 3. basa Asing. Contona bisa katitén dina tabél ieu di handap. 1. unggal akun anggota téh bisa ngawangun ramat mimitranna séwang-séwangan. babaturan). Ramat mimitran anu disusun dumasar kana akun facebook panalungtik téh anggotana ngawengku 725 akun (friends. Salian ti éta. Status jeung Koméntar dina Facebook Sumber: www. jeung aya ogé anu mangrupa foto atawa video.

internét. Gambar 3. Data anu kakumpulkeun diréduksi dumasar kana kritéria ayana unsur kajadian-kajadian atawa pasualan-pasualan sosial budaya.U. boh anu sipatna pribadi. Pikiran Rakyat. kelompok masarakat nu tangtu.68 Data intertékstual jeung data sosio-kultural patali jeung budaya populér. boh éléktronik. boh citak. dipaluruh tina rupa-rupa tulisan jeung informasi atawa warta dina média massa.1: Conto Data Intertékstual jeung Sosio-Kultural (Sumber: H. 29 Désémber 2010) . boh masarakat umum. Contona bisa katitén dina gambar ieu di handap.

tuluy diasupkeun kana tabél anu geus disadiakeun. Kartu data jeung tabél-tabél nu digunakeun formatna sakumaha ieu di handap.69 3. instrumén anu dipaké nyaéta kartu data. Carana ku jalan nyalin jeung midangkeun data téks dina rohang status facebook.4 Instrumén Panalungtikan Dina waktu ngumpulkeun data.2: Format Kartu Data . Unggal kartu dibéré kode. téksna dianalisis ngaliwatan prosés analisis tipologis jeung tabulasi. Gambar 3.

1.4 Format Tabél Kontéks Nu Dicaritakeun Laku Basa dina Rohang Status Facebook No. 2. Loma 3. 2. Lemes UUBS f % Tabél 3. Waktu. 1. Nu Maké Basa Lalaki Awéwé f % Tabél 3. Nu Dicaritakeun Alam Nyata Alam Hayalan f % Tabél 3.3 Format Tabél Kontéks Nu Maké Basa Laku Basa dina Rohang Status Facebook No.2 Format Tabél Kontéks Undak Usuk Basa Laku Basa dina Rohang Status Facebook No. Kasang Tukang Lokal Nusantara Global f % .70 Tabél 3. Kasar 2. 2. 1. Suasana Laku Basa dina Rohang Status Facebook No. 1. 3.5 Format Tabél Kontéks Kasang Tukang Tempat.

71 Tabél 3.6 Format Tabél Kontéks Rasa Laku Basa dina Rohang Status Facebook No. Ragam Basa f % Tabél 3.7 Format Tabél Kontéks Nada Laku Basa dina Rohang Status Facebook No. Rasa f % Tabél 3.10 Format Tabél Warna Laku Basa dina Rohang Status Facebook No. Warna Laku Basa f % . Amanat Omongan f % Tabél 3.9 Format Tabél Kontéks Amanat Omongan Laku Basa dina Rohang Status Facebook No. Nada f % Tabél 3.8 Format Tabél Kontéks Ragam Basa Laku Basa dina Rohang Status Facebook No.

12 Format Tabél Fungsi Laku Basa dina Rohang Status Facebook No. Pangbanding a) Barang b) Sifat c) Pagawéan d) … III.13 Format Tabél Aspék Métaforis Teks Laku Basa dina Rohang Status Facebook No.11 Format Tabél Wanda Laku Basa dina Rohang Status Facebook No. Panyambung Babandingan a) Aya b) Teu aya f % . Motif a) Kauini b) Nyamuni IV. Fungsi Laku Basa f % Tabél 3.72 Tabél 3. Wanda Laku Basa f % Tabél 3. Aspék Métaforis I. Pabanding a) Kauni b) Nyamuni II.

Téhnik talaah pustaka digunakeun pikeun maluruh data jeung informasi anu aya patalina jeung pasualan laku basa katut aspék métaforis téks dina rohang status facebook.pdf). Data sékundér nu mangrupa informasi dina média internét. Data sékundér dina ieu panalungtikan mangrupa data intertékstual jeung sosio-kultural. . dikumpukeun ku cara dijieun kliping.pdf nu luyu jeung kritéria sumber data ditandaan ngaliwatan fasilitas highlight text tool dina bagian (tab) tools-commenting. 2) téks dina dokumén *. Data primér dikumpulkeun ngaliwatan téhnik rékam dokumén ngagunakeun software Adobe Acrobat Professional vérsi 7 jeung Microsoft Word Professional 2010. nepi ka ngawujud dokumén Adobe Acrobat (*.5 Prosédur Ngumpulkeun Data Data dina ieu panalungtikan ngawengku data primer jeung sékundér. Sedengkeun data sékundér nu nyampak dina média koran atawa majalah. Data Primer mangrupa data tékstual nu wujudna téks-téks dina rohang status facebook. tuluy dipindahkeun kana dokumén Microsoft Word (*.73 3. Léngkah-léngkahna ngawengku: 1) rohang status facebook nu ngamuat sagemblengna téks dina bulan Méi dirékam ngaliwatan prosés print to file. Data sékundér dikumpulkeun ngaliwatan téhnik rékam jeung talaah pustaka. 3) téks nu geus ditandaan saterusna disalin ngaliwatan prosés copy to clipboard. wujudna mangrupa tabél data. dirékam sakumaha léngkah kahiji dina ngarékam data primér di luhur.docx) ngaliwatan prosés paste.

midangkeun data. ngabasajankeun. Sabada diklasifikasikeun. jeung abstraksi data kasar. data nu geus dikumpulkeun téh diklasifikasikeun ngaliwatan téhnik-téhnik sakumaha anu geus disebutkeun di luhur. data diréduksi ngaliwatan prosés séléksi.2: Tehnik Analisis Interaktif (Miles jeung Huberman. . Sedengkeun midangkeun data mangrupa hiji prosés nyusun (ngarakit) atawa ngaorganisasikeun informasi nu kapaluruh patali jeung kagiatan nyindekkeun jeung vérifikasi.74 3.6 Prosédur Analisis Data Prosédur analisis data nu dilakukeun mangrupa téhnik analisis interaktif. Bagan 3. nyaéta analisis data kualitatif nu ngawengku tilu galur kagiatan (réduksi data. sakumaha bagan ieu di handap. katut nyindekkeun jeung vérifikasi) nu dilaksanakeun sacara babarengan. Data téh diséléksi ku jalan milahmilah kalawan tujuan meunangkeun ma’na jeung fungsi nu tangtu ditilik tina puseur pasualan panalungtikan. museurkeun. 1992:16) Saméméh dianalisis.

jeung asértif. diréktif. nu ngawengku fungsi-fungsi informatif. dilaksanakeun tafsiran intéléktual kana kacindekan-kacindekan nu dicangking. Sabada éta. nu ngawengku interséksi laku basa langsung literal. 3) Idéntifikasi jeung nalaah wanda laku basa téks vérbal tinulis basa Sunda dina rohang status facebook. teu langsung literal. jeung teu langsung teu literal. 4) rasa. jeung suasana. patali jeung 1) undak usuk basa atawa tatakrama basa. jeung déklaratif. Data dianalisis kalawan niténan modus kalimah komisif.75 Kagiatan nyindekkeun jeung vérifikasi mangrupa léngkah penting dina prosés panalungtikan. 2) nu maké basa jeung nu dicaritakeun. Nyindekkeun hasil panalungtikan téh didadasaran ku kagiatan ngaorganisasikeun informasi nu dicangking dina kagiatan analisis data. waktu. éstetik. 4) Idéntifikasi jeung nalaah fungsi laku basa téks vérbal tinulis basa Sunda dina rohang status facebook. éksprésif. 5) amanat jeung tujuan omongan. jeung kayakinan. 3) kasang tukang tempat. impositif. 1) Idéntifikasi jeung nalaah kontéks laku basa nu nyampak dina téks vérbal tinulis basa Sunda dina rohang status facebook. Dumasar kana masalah dina ieu panalungtikan. . 2) Idéntifikasi jeung nalaah warna laku basa téks vérbal tinulis basa Sunda dina rohang status facebook dumasar kana wengkuan laku basa nurutkeun Searle. prosédur analisis data téh ngawengku léngkah-léngkah sakumaha ieu di handap. éksprésif. langsung teu literal. manipulatif. jeung ragam basa. nada. nyaéta laku basa répréséntatif. komisif.

Téhnik asosiasi nu ditalungtik téh nyaéta téhnik métaforis. Ieu tahap dilaksanakeun ngaliwatan koréspondénsi jeung wawancara ka sababaraha narasumber. pangbanding. Salian ti éta. dicindekkeun ogé aspék métaforis minangka téhnik asosiasi ma’na laku basa dina rohang status facebook.76 5) Idéntifikasi jeung nalaah téhnik asosiasi ma’na téks vérbal tinulis basa Sunda dina rohang status facebook. léngkah analisis data ieu panalungtikan bisa digambarkeun dina bagan di handap. 6) Nyusun kacindekan patali jeung aspék-aspék laku basa dina rohang status facebook.3: Prosédur Analisis Laku Basa dina Rohang Status Facebook . jeung panyambung babandinganana. digunakeun triangulasi. Bagan 3. 7) Sangkan kacindekan panalungtikan leuwih lengkep jeung bisa dipertanggungjawabkeun leuwih jero luyu jeung udagan panalungtikan. wanda. warna. Idéntifikasi jeung talaahan téhnik métaforis dipuseurka kana: pabanding. ngawengku aspék kontéks. Dumasar kana hal sakumaha ditétélakeun di luhur. jeung fungsi basa. motif.

Teu sakabéhna anggota ramat mimitran medalkeun statusna ngagunakeun téks verbal basa Sunda. jeung aya ogé anu mangrupa foto. Ramat mimitran anu disusun dumasar kana akun facebook panalungtik téh anggotana ngawengku 725 akun (friends. Kaitung réa pisan téks verbal tinulis dina rohang status facebook anu ngagunakeun basa Sunda téh. atawa video. babaturan).1 Déskripsi Data Data tékstual anu digunakeun dina ieu panalungtikan mangrupa téks vérbal tinulis basa Sunda dina rohang status facebook. jeung 4) dipedalkeun ku kanca mitra anu kalibet dina ramat mimitran anu geus disusun atawa jadi bagian anu teu leupas tina akun facebook panalungtik. status jeung koméntarna 77 . 3) aya unsur métaforis. aya anu ngagunakeun basa Indonésia. Unggal akun anggota téh bisa ngawangun atawa mibanda ramat mimitranna séwang-séwangan. 2) wangunna mangrupa téks vérbal basa Sunda. anu sanajan di antara anggotana téh teu kalibet dina ramat mimitran akun facebook panalungtik. gambar. Pikeun kaperluan ieu panalungtikan digunakeun sababaraha téks verbal tinulis dina rohang status facebook dumasar kana tinimbangan-tinimbangan: 1) dipedalkeun dina bulan Méi 2011. basa Asing.BAB IV FUNGSI PRAGMATIS LAKU BASA DINA ROHANG STATUS FACEBOOK 4.

bodas. Rek hideung. 3. Asa kamari silih toel jeung babaturan. Hrt salakina teu panuju gitek jaipong. mikirrr!!! 2. "Ngukur seni tradisi ku agama mah sarua jeung make kolor dina sirah atuh!" ceuk Mang Ohim tukang toleat ngutruk. Mlh lain sintren bae. Dumasar kana hal sakumaha dipedar di luhur.1 Data Tékstual Laku Basa dina Rohang Status Facebook No... kuring rék ngendagkeun hujan peuting ieu. hejo. seren taun. 5. sangkan pepetétan ligar nandasa ingetan. 9. Asa kamari ulin anjanganjangan di buruan.. Tabél 4. 4.. Resep ngabandungan jalma nu sok bijil tanduk lamun ningali batur sukses. pantun. ngolepat nandingan kilat. Awak nu jagjag waringkas..dilalab ku aing!!!! Ngarayap bari melak. Mangréwu langit geus ditirun ku poé nu ngebebela.. Pok deui "Ku teu euiheuih. Lain seuri. hangit hawa ngadéséh hambalan méga-méga. upcr adat. Asa kamari silih kelet jeung bebene. Mipit kagandrung nu teu kungsi lawung. 8. Kuduna lain urg Cirebon bae nu genjolng teh! Belegug kabina-bina ceuk Emang mah nu ngomong kitu teh!" Lamun hakim di nagara urang jiga hakim garis dina LSI… gawaaat. 7. beureum. Mungguh waktu. Hujan téh kalangkang hirup nu ngalanggengkeun kahirupan. sakumaha ébréh dina tabél ieu di handap. . Ka Garut. bodas. jsb kaasup malusrik. Téks Vérbal 1. Kiwari.. data tékstual anu digunakeun dina ieu panalungtikan téh ngawengku 15 (lima belas) téks vérbal basa Sunda. Sok sanajan bisa katitén jeung kapaluruh.. nungtutan hiji-hiji dicopotan. 6. koneng.. Nya heueuh ath..78 bisa katitén jeung kapaluruh ku panalungtik atawa sakumna nu mibanda akun facebook. status jeung koméntar anu jolna ti ramat mimitran di luareun anu diwangun ku panalungtik mah teu diasupkeun atawa teu dianalisis. Waos nu keker. ayn pamajikanana nyebut sintren musrik.. rambut geus campur jeung huis..

ceuk saha atuh bener teh tur kumaha anu satemna? Lieur ngabandungan nu jarago pabeulit letah. 10. Sumber: http://www. 4) kasang tukang tempat. mugia doa urang dikabul ku Allah. nu atos-atos ge maot kamerekaan hehehe. Teu inggis nyepeng amanat ti Rahayat anu tigerat... teu kudu dikeupelan da geus bisa ngeupeul sorangan. belewek deui belewek deui. 14. geus paturay tineung deui wae. Amin. Ibarat kana semur jéngkol. 13.. teu sakara-kara. 15. Bral... ngadon ngarumpak pabalik letah udar-ider sok jarambah mukmak mekmek tur awuntah.79 No.. . Dimana atuh bener teh. nu kumaha atuh ari bener teh.2 Kontéks Laku Basa dina Rohang Status Facebook Kontéks laku basa dina rohang status facebook dianalisis dumasar kana aspék: 1) undak usuk basa. jeung suasana. geura mariang.facebook. Milik mah ti mana we. . Sing saralamet mangkaning caah rongkah di mana-mana. sarta 5) rasa jeung nada. Hatur nuhun.. 3) nu dicaritakeun. 11. 2) nu maké basa. Ari urang Sunda di Purwakarta araraya? Kade ah bilih kakeueum ku buah beukah. nu teu boga domba oge bisa nyate.. Ah. kontéks laku basa dina rohang status facebook dumasar aspék-aspék kasebut bisa dititénan dina pedaran ieu di handap.. tonggoy lir kebo nu di tendok.com/ [diaksés Méi-Juni 2011] 4. sakitu nyaho bau jeung matak jéngkoleun. Tina sakumna data nu dianalisis. kanggo sadayana. waktu.Dasar beungeut nungulit badak.. Téks Vérbal saeutik-saeutik diciwitan ku rematik. anaking.. 12. kota pager nu teu puguh nyanghareupna. terima kasih. Wilujeng sumping di Purwakarta. Ah. Hariwang uing mah.

Ragam basa loma digunakeun dina 13 téks (86. sedengkeun ragam basa lemes digunakeun dina 2 téks (13.1 Undak Usuk atawa Tatakrama Basa Undak usuk basa dipikawanoh dina kahirupan masarakat Sunda mangrupa warisan ti Mataram nu kungsi ngéréh tatar Sunda. Lemes UUBS f 13 téks 2 téks % 86. kontéks undak usuk atawa tatakrama basa nu digunakeun dina téks laku basa dina rohang status facebook ngawengku dua ragam basa loma jeung lemes. UUBS tetep digunakeun ku sawatara masarakat Sunda. undak usuk basa Sunda (UUBS) ngalaman sawatara parobahan patali jeung pantapantana. Kontés UUBS laku basa dina rohang status facebook ditétélakeun sakumaha tabél di handap. sanajan teu pati lega pamakéanana.7 13.3 Dumasar tabél 4.3%). konteks undak usuk basa nu digunakeun dina téks laku basa dina rohang status facebook téh bisa dititénan dina grafik di handap. Kiwari.7%).2. 1.80 4. loma. jeung lemes.2. . Tabél 4. Loma 2. Dina kamekaranana. Panta-panta UUBS nu kiwari sok disebut ogé tatakrama basa ngawengku basa kasar. Saupama digrafikkeun.2 Kontéks Undak Usuk Basa Laku Basa dina Rohang Status Facebook No.

. beureum. Asa kamari silih kelet jeung bebene... hejo.3% Loma 86. ayn pamajikanana nyebut sintren musrik.dilalab ku aing!!!! Ngarayap bari melak. (1) (2) (3) (4) Resep ngabandungan jalma nu sok bijil tanduk lamun ningali batur sukses.. Mangréwu langit geus ditirun ku poé nu ngebebela. "Ngukur seni tradisi ku agama mah sarua jeung make kolor dina sirah atuh!" ceuk Mang Ohim tukang toleat ngutruk. kuring rék ngendagkeun hujan peuting ieu. jsb kaasup malusrik.81 Kontéks Undak Usuk Basa Teks dina Rohang Status Facebook 13. Pok deui "Ku teu euih-euih. upcr adat. koneng. Asa kamari silih toel jeung babaturan.. Hrt salakina teu panuju gitek jaipong.7% Lemes Grafik 4. seren taun.. Nya heueuh ath. Kuduna lain urg Cirebon bae nu genjolng teh! Belegug kabinabina ceuk Emang mah nu ngomong kitu teh!" Lamun hakim di nagara urang jiga hakim garis dina LSI… gawaaat.. bodas. Mlh lain sintren bae. ngolepat nandingan kilat. Asa kamari ulin anjang-anjangan di buruan. hangit hawa ngadéséh hambalan méga-méga.. rambut (5) (6) (7) (8) . Hujan téh kalangkang hirup nu ngalanggengkeun kahirupan. Lain seuri.. sangkan pepetétan ligar nandasa ingetan... mikirrr!!! Rek hideung. Kiwari. pantun.. bodas. Mungguh waktu.1: Kontéks Undak Usuk Basa Téks dina Rohang Status Facebook Ragam basa loma nyampak dina 13 téks sakumaha ieu di handap.

. Dimana atuh bener teh. . (10) (11) (12) (13) Ragam basa lemes digunakeun dina 2 téks di handap. terima kasih.82 geus campur jeung huis. Ibarat kana semur jéngkol. Milik mah ti mana we. Ragam basa loma téh némbongkeun basa nu sarua atawa satata. teu sakara-kara. tonggoy lir kebo nu di tendok. Awak nu jagjag waringkas. Ari urang Sunda di Purwakarta araraya? Kade ah bilih kakeueum ku buah beukah. Hariwang uing mah. kanggo sadayana. Demi masarakat modéren mah mangrupa masarakat basa nu kaétang terbuka. (9) Ah. Mipit kagandrung nu teu kungsi lawung... Amin. kota pager nu teu puguh nyanghareupna.. Hatur nuhun. Sing saralamet mangkaning caah rongkah di mana-mana. Ah. nu teu boga domba oge bisa nyate. dina ngagunakeun basa téh leuwih nyoko kana rupaning variasi dina basa anu sarua atawa satata. nu atos-atos ge maot kamerekaan hehehe. sakitu nyaho bau jeung matak jéngkoleun.. (14) (15) Ka Garut. Wilujeng sumping di Purwakarta. anaking. ceuk saha atuh bener teh tur kumaha anu satemna? Lieur ngabandungan nu jarago pabeulit letah... Waos nu keker. ngadon ngarumpak pabalik letah udarider sok jarambah mukmak mekmek tur awuntah. Éta hal bisa némbongkeun yén dina pajaman kiwari panyatur facebook kaasup kana masarakat modéren anu muka dirina sacara sosial jeung kultural. Teu inggis nyepeng amanat ti Rahayat anu tigerat. Bral. teu kudu dikeupelan da geus bisa ngeupeul sorangan. saeutik-saeutik diciwitan ku rematik. Ragam basa loma leuwih réa digunakeun ku panyatur pikeun nuliskeun téks statusna ti batan basa lemes. geura mariang...Dasar beungeut nungulit badak. nungtutan hiji-hiji dicopotan. mugia doa urang dikabul ku Allah. geus paturay tineung deui wae. nu kumaha atuh ari bener teh. belewek deui belewek deui.. ..

ayn pamajikanana nyebut sintren musrik. Mlh lain sintren bae.2 Nu Maké Basa Kontéks nu maké basa dina rohang status facebook téh ngalibetkeun saha nu nyarita (panyatur) atawa nu nulis (panulis) jeung saha nu diajak nyarita (pamiarsa) atawa nu maca (pamaca). Tina kaayaan warugana. Dina nepikeun kritik téh remen digunakeun ungkara basa nu némbongkeun ciri kasopanan négatif. nu kumaha atuh ari bener teh. malah bisa ogé banci. Teu inggis nyepeng amanat ti Rahayat anu tigerat. (10) . Kuduna lain urg Cirebon bae nu genjolng teh! Belegug kabinabina ceuk Emang mah nu ngomong kitu teh!" Dimana atuh bener teh. jsb kaasup malusrik. ceuk saha atuh bener teh tur kumaha anu satemna? Lieur ngabandungan nu jarago pabeulit letah. Nya heueuh ath. Ditilik tina ngaran-ngaran dina profilna. upcr adat. pantun. nu maké basa téh bisa lalaki. (4) "Ngukur seni tradisi ku agama mah sarua jeung make kolor dina sirah atuh!" ceuk Mang Ohim tukang toleat ngutruk.Dasar beungeut nungulit badak. Gerakan-gerakan nu diwangun dina facebook dijadikeun sarana oposisi kana kawijakan-kawijakan pamaréntah atawa hal-hal nu dianggap leupas tina prinsip kaadilan sosial. tonggoy lir kebo nu di tendok. Pok deui "Ku teu euih-euih. seren taun. ngadon ngarumpak pabalik letah udarider sok jarambah mukmak mekmek tur awuntah. Éta hal bisa katitén tina conto téks di handap. 15 téks laku basa dina rohang status facebook dina ieu panalungtikan dipedalkeun ku panyatur lalaki. awéwé. Panyatur jeung pamiarsa téh di antarana bisa béda-béda kaayan warugana. Facebook mekar salasahijina jadi sarana pikeun nepikeun kritik perkara rupa-rupa pasualan.2. Hrt salakina teu panuju gitek jaipong.83 4.

Tabél 4. dibandingkeun jeung lalaki. Aspék Wengkuan Jejer Pasualan Tadisional Modérn f 3 téks 12 téks % 20. sawangan hirup. Objék nu dicaritakeun téh jadi galeuh atawa jejer omongan.2. Éta hal téh bisa mangrupa: 1) pasualan nu sipatna tradisional. bisa mangrupa jalma. sastra.3 Nu Dicaritakeun Lumangsungna komunikasi basa antara panyatur jeung pamiarsa téh museur kana objék nu dicaritakeun. seni. masualkeun rupa-rupa hal dina wengkuan tradisi kayaning adat kabiasaan masarakat Sunda.0 80. umumna basa nu digunakeun ku wanoja mindeng némbongkeun ciri kasopanan nu leuwih positif ti batan basa nu digunakeun ku lalaki.84 Sabenerna kaitung réa panyatur awéwé nu medalkeun téks dina status facebook. 2) pasualan nu sipatna modérn. sistem kapercayaan. barang. ajén-inajén kasundaan. pakasaban.0 .. Salian ti éta. dina prakna komunikasi téh panyatur wanoja mah umumna leuwih nekenkeun kana tinimbangan parasaan pamiarsa nu jadi lawan nyaritana.3 Kontéks Nu Dicaritakeun Patali jeung Sipat Laku Basa dina Rohang Status Facebook No. kaayaan. basa. 4. pakakas. masualkeun rupa-rupa hal dina wengkuan alam atawa kahirupan modérn. Nurutkeun Holmes (1995). 2. jsté. atawa kajadian. 1. Kontéks nu patali jeung aspék nu dicaritakeun nu kapaluruh dina laku basa dina rohang status facebook nyaéta sakumaha tabél ieu di handap.

2: Kontéks Nu Dicaritakeun Patali jeung Sipatna dina Laku Basa dina Rohang Status Facebook Salian ti éta.0%) masualkeun jejer nu mangrupa kahirupan modéren. nu mangrupa situasi nu teu nyampak dina réalitas. jeung 2) alam hayalan. Kontéks nu dicaritakeun patali jeung latar situasina nu . mitos. kontéks nu dicaritakeun laku basa dina rohang status facebook téh bisa dititénan sakumaha ieu di handap.85 Dumasar tabél 4. Saupama digrafikkeun. sedengkeun sésana.3. bisa mangrupa dongéng. katégorina bisa mangrupa: 1) alam nyata. ukur 3 téks (20. nu mangrupa situasi riil aya dikieuna. atawa angen-angen. Kontéks Nu Dicaritakeun Patali jeung Sipat Laku Basa dina Rohang Status Facebook 20% 80% Tradisional Modérn Grafik 4. kontéks nu dicaritakeun téh patali ogé jeung latar situasi nu jadi “panggung” eusining pasualan nu dicaritakeun. Ieu hal némbongkeun yén ikon-ikon budaya jeung pasualan dina kahirupan modérn mangrupa jejer nu leuwih réa disanghareupan ku panyatur dina kahirupan sapopoéna. 12 téks (80.0%) némbongkeun atawa masualkeun kontéks tradisi lokal.

9%). Tabél 4.3: Kontéks Nu Dicaritakeun Patali jeung Situasi dina Laku Basa dina Rohang Status Facebook . kontéks wengkuan jejer laku basa dina rohang status facebook téh bisa dititénan sakumaha ieu di handap.7% Alam Nyata Alam Hayalan 93.7 Dumasar tabél 3. Saupama digrafikkeun. 75. ari nu jolna tina situasi alam hayalan mah ukur 1 téks (6. Kontéks Nu Dicaritakeun Patali jeung Situasi Laku Basa dina Rohang Status Facebook 6.7%). Aspék Eusi Jejer Pasualan Alam Nyata Alam Hayalan f 14 téks 1 téks % 93. sabagian gede jejer nu dicaritakeun jolna tina situasi alam nyata (14 téks. 1.86 kapaluruh dina laku basa dina rohang status facebook nyaéta sakumaha tabél ieu di handap.3% Grafik 4.4.3 6.4 Kontéks Nu Dicaritakeun Patali jeung Situasi Laku Basa dina Rohang Status Facebook No. 2.

jeung Amérika). . 3) luar nagri. 4. Sedengkeun alam hayalan nu dijadikeun kontéks eusi jejer pasualan. tur suasana nu kapaluruh dina laku basa dina rohang status facebook nyaéta sakumaha tabél ieu di handap. waktu. nu lumaku sacara umum dina kahirupan masarakat Indonésia. usum halodo. Afrika. Waktu. hujan.2. kapamingpinan.87 Alam nyata nu dicaritakeun téh katitén tina eusi jejer pasualan nu nyaritakeun kahirupan sapopoé di lingkungan diri jeung sabudeureunana. nu lumaku gembleng atawa geus lumrah dina kahirupan masarakat sakuliah dunya. waktu. nusantara. kayaning pasalia paham (pacéngkadan papada manusa atawa sistem). gelar tina angen-angen perkara asih. jeung Suasana Kotéks dumasar kasang tukang tempat. Kontéks nu patali jeung aspék kasang tukang tempat. olah raga (perkara wasit sepakbola). jeung harta. boh global. katégorina bisa mangrupa: 1) lokal. nu lumaku husus dina kahirupan masarakat luareun Indonésia (Asia. boh dina kontéks lokal. nu lumaku husus dina kahirupan masarakat Sunda. Éropa. kaasih. ruang jeung waktu. pangalaman. jeung suasana téh mangrupa kontéks lingkup kabudayaan dina kasang tukang sosial kamasarakatan nu ditémbongkeun atawa nu dicaritakeun. 4) global. seni tradisi. hukum (perkara korupsi hakim).4 Kasang Tukang Tempat. 2) nusantara.

7 20. kontéks Kontéks nu patali jeung aspék kasang tukang tempat.3%) nu teu sacara husus némbongkeun kasang tukang lokal atawa nusantara. waktu. hakim.5 Kontéks Kasang Tukang Tempat Laku Basa dina Rohang Status Facebook No. Purwakarta. pantun.0 53.7%) némbongkeun kasang tukang sosial kamasarakatan jeung unsur-unsur budaya lokal (Sunda.3 Dumasar tabél 4. Kasang tukang nusantara aya dina 3 téks (20. sérén taun. Sunda. Jawa Barat). Saupama digrafikkeun. . kompetisi sepakbola di Indonésia). Tina ieu hal. Indonésia. Nusantara 4. toléat.5. bisa disebutkeun yén rupa-rupa pasualan dina rohang status facebook nu diréspon atawa ditepikeun ku panyaturna téh karéréanana mangrupa pasualan-pasualan nu gelar dina kasang tukang budaya jeung kahirupan masarakat dunya. Kasang tukang nu némbongkeun unsur-unsur budaya luar nagri sacara husus mah teu kapaluruh. Lokal 2. ku digunakeunana istilah LSI (Liga Super Indonésia. tur suasana laku basa dina rohang status facebook téh bisa dititénan sakumaha ieu di handap. saperti Garut sintrén. Cirebon. Kasang Tukang 1. 4 téks (26. Global f 4 téks 3 téks 8 téks % 26.88 Tabél 4. 8 téks (53. naon-naon hal anu ditémbongkeun téh lumaku umum atawa geus lumrah aya dina kasang tukang kahirupan masarakat dunya. dianggap némbongkeun kasang tukang global.0%). jaipong. jeung Bandung. bisa jadi geus kawengku dina kasang tukang global.

89

Kontéks Kasang Tukang Laku Basa dina Rohang Status Facebook

26,7% 53,3% 20,0% Lokal Nusantara Global

Grafik 4.4: Kontéks Kontéks Kasang Tukang Tempat, Waktu, tur Suasana Laku Basa dina Rohang Status Facebook

4.2.5 Rasa jeung Nada Rasa mangrupa sikep panyatur kana jejer atawa objék nu keur dicaritakeun. Sedengkeun nada mangrupa sikep panyatur ka pamiarsana. Rasa jeung nada sipatna subjéktif sabab dipangaruhan ku pribadi panyaturna. Rasa nu aya dina téks laku basa dina rohang status facebook bisa dititénan dina tabél ieu di handap.

Tabél 4.6 Kontéks Rasa Laku Basa dina Rohang Status Facebook No. 1. 2. 3. 4. Keuheul Yakin Sedih Ningnang Rasa f 4 téks 4 téks 4 téks 3 téks % 26,7 26,7 26,7 20,0

90

Dumasar tabél 4.6, aya opat rasa panyatur sakumaha kagambar dina téks laku basa dina rohang status facebook, nyaéta rasa keuheul, yain, sedih, jeung ningnang. Rasa keheul, yakin, jeung sedih, séwang-séwang aya dina opat téks (26,7%), sedengkeun rasa ningnang aya dina tilu téks (20%). Saupama digrafikkeun, baris katitén sakumaha ieu di handap.

Kontéks Rasa Laku Basa dina Rohang Status Facebook

20%

26,7% Keuheul

26,7% 26,7%

Yakin Sedih Ningnang

Grafik 4.5: Kontéks Rasa Laku Basa dina Rohang Status Facebook

Rasa keuheul mangrupa sikep panyatur nu pusing, jéngkél, kesel, jsté. kana rupa-rupa pasualan, boh jeroeun dirina boh luareun dirina. Katitén tina téks ieu di handap.

(1) (5)

Resep ngabandungan jalma nu sok bijil tanduk lamun ningali batur sukses. Lain seuri... mikirrr!!! "Ngukur seni tradisi ku agama mah sarua jeung make kolor dina sirah atuh!" ceuk Mang Ohim tukang toleat ngutruk. Pok deui "Ku teu euih-euih. Hrt salakina teu panuju gitek jaipong, ayn pamajikanana nyebut sintren musrik. Nya heueuh ath. Mlh

91

lain sintren bae, upcr adat, pantun, seren taun, jsb kaasup malusrik. Kuduna lain urg Cirebon bae nu genjolng teh! Belegug kabina-bina ceuk Emang mah nu ngomong kitu teh!" (11) Dimana atuh bener teh, nu kumaha atuh ari bener teh, ceuk saha atuh bener teh tur kumaha anu satemna? Lieur ngabandungan nu jarago pabeulit letah, ngadon ngarumpak pabalik letah udar-ider sok jarambah mukmak mekmek tur awuntah. Teu inggis nyepeng amanat ti Rahayat anu tigerat.Dasar beungeut nungulit badak, tonggoy lir kebo nu di tendok. Ari urang Sunda di Purwakarta araraya? Kade ah bilih kakeueum ku buah beukah, nu atos-atos ge maot kamerekaan hehehe.

(14)

Rasa yakin mangrupa sikep nyaho bener, katitén tina téks sakumaha ieu di handap. (2) (3) (8) (13) Rek hideung, bodas, beureum, bodas, hejo, koneng,....dilalab ku aing!!!! Ngarayap bari melak.. Hujan téh kalangkang hirup nu ngalanggengkeun kahirupan.. Milik mah ti mana we, nu teu boga domba oge bisa nyate.

Rasa sedih bisa ogé disebut salaku nalangsa atawa ngenes, katitén tina téks ieu di handap. (4) (7) Ka Garut. Mipit kagandrung nu teu kungsi lawung. Mangréwu langit geus ditirun ku poé nu ngebebela, hangit hawa ngadéséh hambalan méga-méga.. kuring rék ngendagkeun hujan peuting ieu, sangkan pepetétan ligar nandasa ingetan.. Mungguh waktu, ngolepat nandingan kilat. Asa kamari ulin anjang-anjangan di buruan. Asa kamari silih toel jeung babaturan. Asa kamari silih kelet jeung bebene. Kiwari, rambut geus campur jeung huis. Waos nu keker, nungtutan hiji-hiji dicopotan. Awak nu jagjag waringkas, saeutik-saeutik diciwitan ku rematik. Ah, ... teu sakara-kara. Hatur nuhun, terima kasih, kanggo sadayana, mugia doa urang dikabul ku Allah. Amin.

(9)

92

(10)

Ah... geus paturay tineung deui wae. Bral... anaking, geura mariang, teu kudu dikeupelan da geus bisa ngeupeul sorangan. Sing saralamet mangkaning caah rongkah di mana-mana..... Hariwang uing mah..

Rasa ningnang mangrupa représéntasi tina kaayaan nu teu surup, teu pantes, atawa janggal. Éta hal bisa katitén dina téks ieu di handap. (6) (12) (15) Lamun hakim di nagara urang jiga hakim garis dina LSI… gawaaat... Wilujeng sumping di Purwakarta, kota pager nu teu puguh nyanghareupna. Ibarat kana semur jéngkol, sakitu nyaho bau jeung matak jéngkoleun, belewek deui belewek deui.

Patali jeung nada, téks laku basa dina rohang status facebook bisa dititénan dina tabél ieu di handap.

Tabél 4.7 Kontéks Nada Laku Basa dina Rohang Status Facebook No. 1. 2. 3. Sinis Reueus Nyungkun Nada f 7 téks 4 téks 4 téks % 46,6 26,7 26,7

Dumasar tabél 4.7, aya tilu nada dina téks laku basa dina rohang status facebook téh, nyaéta sinis, reueus, jeung nyungkun. Nada reueus jeung nyungkun séwang-séwang aya opat téks (26,7%), sésana 7 téks (46,6%) nadana sinis. Dina téks laku basa dina rohang status facebook, nada sinis aya patalina jeung rasa keuheul katut ningnang. Nada reueus aya patalina jeung rasa yakin. Sedengkeun

Pedaran perkara warna laku basa dina rohang status facebook diébréhkeun ieu di handap. baris katitén sakumaha ieu di handap. Dumasar hasil analisis data.6: Kontéks Nada Laku Basa dina Rohang Status Facebook 4.6% 26. 2) laku basa diréktif. ngawengku laku basa répréséntatif. Kontéks Nada Laku Basa dina Rohang Status Facebook 26.3 Warna Laku Basa dina Rohang Status Facebook Warna laku basa dina rohang status facebook dianalisis dumasar kana warna laku basa nurutkeun Searle (1975) nu ngawengku 1) laku basa répréséntatif. jeung komisif. . diréktif. éksprésif. jeung 5) laku basa déklaratif. laku basa nu digunakeun dina rohang status facebook téh aya 4 (opat) warna. 3) laku basa éksprésif. Saupama digrafikkeun.7% sinis reueus nyungkun Grafik 4.93 nada nyungkun aya patalina jeung rasa sedih. 4) laku basa komisif.7% 46.

3. biasa ogé disebut asértif. atawa nyebutkeun hiji hal. Kiwari. nungtutan hiji-hiji dicopotan. rambut geus campur jeung huis. Wujudna bisa dina ngalaporkeun. Asa kamari silih toel jeung babaturan. mangrupa laku basa pikeun méré wawaran perkara rupa-rupa informasi. Dina téks (1).. (1) (2) (3) Hujan téh kalangkang hirup nu ngalanggengkeun kahirupan. Asa kamari silih kelet jeung bebene’ (Y1) jeung „Kiwari. fakta Y. sedengkeun „kalangkang hirup nu ngalanggengkeun kahirupan‟ mangrupa fakta Y. Mungguh waktu. terima kasih. Fakta Y1 jeung Y2 téh ngawangun fakta Y „gancangna parobahan waktu‟ nu ku panyatur ditétélakeun salaku „ngolépat . ngolepat nandingan kilat. nyaéta „Asa kamari ulin anjanganjangan di buruan. jeung (3) mangrupa téks nu nétélakeun perkara jejer X patali jeung fakta Y. Awak nu jagjag waringkas. Milik mah ti mana we. . Ah. Awak nu jagjag waringkas. kalawan faka Y aya dua rupa. Asa kamari ulin anjang-anjangan di buruan. … ka pamiarsa. Amin. saeutik-saeutik diciwitan ku rematik. kanggo sadayana.. „waktu‟ mangrupa jejer X. „hujan‟ mangrupa jejer X. nétélakeun. Teks (1). Hatur nuhun. nungtutan hiji-hiji dicopotan. rambut geus campur jeung huis. Adeganana bisa digambarkeun salaku panyatur nételakeun jejer X. Waos nu keker. Asa kamari silih kelet jeung bebene. saeutik-saeutik diciwitan ku rematik’ (Y2). Laku basa répréséntatif dina rohang status facebook bisa dititénan dina téks ieu di handap. teu sakara-kara.1 Laku Basa Répréséntatif Laku basa répréntatif..94 4. Waos nu keker. Asa kamari silih toel jeung babaturan. Dina téks (2). (2). nu teu boga domba oge bisa nyate. mugia doa urang dikabul ku Allah.

. geura mariang. Adeganana bisa digambarkeun salaku panyatur ngagerakkeun pamiarsa ngalakukeun élémén tindakan linguistik nu ditétélakeun ku panyatur. Téks (4) ngébréhkeun pangjurung laku panyatur ka pamiarsana pikeun lunta atawa nuluykeun lalampahan sabadana nyuprih pangaweruh..3. dina téks (1) panyatur nétélakeun informasi perkara hujan salaku hal atawa faktor nu mangaruhan kalumangsungan kahirupan..95 nandingan kilat‟. nyarankeun. Laku basa diréktif dina rohang status facebook bisa dititénan dina téks ieu di handap. harta) nu bisa dipibanda ku sing saha waé.2 Laku Basa Diréktif Laku basa diréktif mangrupa laku basa nu dilakukeun ku panyatur kalawan udagan sangkan pamiarsana ngalakukeun paripolah atawa tindakan nu disebutkeun dina omonganana. Sedengkeun téks (3) nétélakeun perkara milik (pangupa jiwa. „milik‟ mangrupa jejer X. jeung nangtang. nungtut. Téks (2) netélakeun perkara kaayaan waktu nu dina kahirupan manusa lumangsung kalawan gancang jeung teu karasa robahna. Hariwang uing mah. Dumasar kana éta hal. anaking..... sedengkeun „nu teu boga domba ogé bisa nyaté‟ mangrupa fakta Y. Kagiatan . teu kudu dikeupelan da geus bisa ngeupeul sorangan. biasana ngawujud dina maréntah ménta. 4. Sing saralamet mangkaning caah rongkah di mana-mana. (4) Ah. Dina téks (3). Bral... geus paturay tineung deui wae.

Laku basa éksprésif dina rohang status facebook bisa dititénan dina téks ieu di handap.3 Laku Basa Éksprésif Laku basa ésprésif mangrupa laku basa nu dilakukeun kalawan udagan sangkan ungkara atawa omoganana dihartikeun salaku évaluasi perkara naon-naon hal nu disebutkeun dina omonganana..96 nyuprih pangaweruh (di sakola) mangrupa prosés lalampahan nu diwengku ku waktu. jsté. digawé.3. kritik. nganuhunkeun. Adeganana bisa digambarkeun salaku panyatur nétélakeun sikepna (S) ka pamiarsa patali jeung fakta (X). Nalika tepi kana waktuna. (Y) …. biasana ngawujud dina muji.. Tindakan atawa prosés nu kudu disungsi sabadana paturay tineung téh di antarana nuluykeun sakola atawa digawé di lingkungan lianna nu leuwih lega. (5) Resep ngabandungan jalma nu sok bijil tanduk lamun ningali batur sukses. sangkan pamiarsa ngalakukeun évaluasi (É). éta prosés sok dipungkas ku kagiatan paturay tineung. kalawan dibarung ku sikep ati-ati sangkan bisa salamet dina ngalakonanana. Kagiatan „geura mariang‟ jeung „sing saralamet‟ mangrupa élémén tindakan linguistik panyatur pikeun ngagerakkeun pamiarsana sangkan ngalakukeun kagiatan „miang‟ dina wujud sakola deui. 4. mikirrr!!! . jeung nyawad.. Lain seuri.

(6). Pok deui "Ku teu euih-euih. ungkara „jalma nu sok bijil tanduk lamun ningali batur sukses‟ mangrupa fakta (X) nu diréspon ku panyatur ngaliwatan unsur (S) dina ungkara „resep ngabandungan‟. ngadon ngarumpak pabalik letah udar-ider sok jarambah mukmak mekmek tur awuntah. Kuduna lain urg Cirebon bae nu genjolng teh! Belegug kabinabina ceuk Emang mah nu ngomong kitu teh!" Lamun hakim di nagara urang jiga hakim garis dina LSI… gawaaat. ayn pamajikanana nyebut sintren musrik. nu atos-atos ge maot kamerekaan hehehe. Évaluasi (É) nu dipiharep ku panyatur téh nyaéta sangkan jalma-jalma. jeung (11) mangrupa kritik ka pamiarsana patali jeung rupa-rupa hal. tonggoy lir kebo nu di tendok. Dasar beungeut nu ngulit badak. nu kumaha atuh ari bener teh. Wilujeng sumping di Purwakarta. belewek deui belewek deui. Mlh lain sintren bae. (9). boh jalma-jalma lainna sacara umum. Unsur (S) dina ungkara „resep ngabandungan‟ diantebkeun ngaliwatan ungkara „lain seuri…mikir!!!‟. Téks (5). seren taun. ceuk saha atuh bener teh tur kumaha anu satemna? Lieur ngabandungan nu jarago pabeulit letah. jsb kaasup malusrik. Sikep panyatur dina téks (5). ngaleungitkeun sikep négatif sarupa kitu. ngawujud minangka kritik panyatur ka pamiarsana nu miboga sikep atawa sipat sirik nalika aya baturna atawa pihak lianna nu jucung (suksés) dina kahirupanana. Teu inggis nyepeng amanat ti Rahayat anu tigerat. . boh nu miboga sikep teu suka kana kajucungan jalma lian. Ibarat kana semur jéngkol. Hrt salakina teu panuju gitek jaipong. sakitu nyaho bau jeung matak jéngkoleun. Ari urang Sunda di Purwakarta araraya? Kade ah bilih kakeueum ku buah beukah. Dimana atuh bener teh.97 (6) (7) (8) (9) (10) (11) "Ngukur seni tradisi ku agama mah sarua jeung make kolor dina sirah atuh!" ceuk Mang Ohim tukang toleat ngutruk. upcr adat. (10). Nya heueuh ath.. (8). (7). pantun.. kota pager nu teu puguh nyanghareupna.

istri gubernur Jawa Barat. Sacara gembleng. Évaluasi (É) nu dipiharep ku panyatur. keuna ka Gubernur Jawa Barat jeung garwana nu sakuduna ulah nganggap kasenian tradisi Sunda salaku kagiatan musyrik. „prakték suap‟ mangrupa fakta (X).98 Dina téks (6) aya dua fakta (Y). diréspon ku panyatur winangun sikep (S) kritik dina ungkara „sarua jeung maké kolor dina sirah‟. jeung (Y2) seni tradisi Sunda lianna kaasup musyrik. Salian ti éta. kompetisi sépakbola di Indonésia) nu hakim garisna réa nguntungkeun salasihiji pihak nu keur tanding. Sikep (S) panyatur patali jeung fakta (X) téh mangrupa kritik ka hakim di nagara Indonésia. patali jeung sawatara kajadian dina LSI (Liga Super Indonésia. Dina téks (7). . panyatur ogé nepikeun sikep (S) kritikna ka pamiarsa lianna nu mangrupa masarakat urang Sunda sacara gembleng sakumaha dina ungkara „kuduna lain urang Cirebon baé nu génjlong téh‟. Fakta (Y1) jeung (Y2) ngawangun fakta (X) „ngukur seni tradisi ku agama‟. nu balukarna bisa goréng pikeun suprémasi hukum. ungkara „hakim garis dina LSI‟ téh bisa disebutkeun salaku „prakték suap‟. tur istrina nyebutkeun kasenian sintren musyrik. sarta masarakat Sunda lianna patali jeung seni tradisi Sunda. boh hakim peradilan boh hakim garis sepakbola. Ungkara „hakim garis dina LSI‟ konotasina négatif. nu réa ngamangpaatkeun kawenanganana pikeun kapentingan pribadi ku jalan ngahagalkeun nu salah jadi bener atawa nu bener jadi salah (misalna akibat suap). pon kitu deui tumiba ka sakumna urang Sunda sangkan ulah cicing waé dina ngaréspon kaayaan sarupa kitu. Fakta (Y2) gelar akibat korélasi tina fakta (Y1). Jadi. nyaéta (Y1) gubernur Jawa Barat teu panuju unsur gitek dina seni jaipongan. panyatur nepikeun kritik ka gubernur Jawa Barat.

„teu inggis nyepeng amanat ti rahayat anu tigerat‟. Ku éta hal. pamaréntah Purwakarta kurang towéksa dina ngaroris fasilitas umumna. Évaluasi (É) nu dipiharep téh sangkan pamaréntah leuwih merhatikeun jeung ngalaksanakeun pangwangunan nu mihak kana pangabutuh masarakatna. nu bener bisa jadi salah. Évaluasi (É) nu dipiharepna sangkan pamingpin téh sakuduna nyingkahan talajak hianat ka rahayatna sorangan. Dina téks (8). „Purwakarta‟ ngarépréséntasikeun unsur pamarentahan jeung rahayatna. Pamaréntah Purwakarta remen mager sawatara wewengkon nu mangrupa fasilitas umumna nepi ka éta fasilitas teu puguh gék-gékan pamangpaatanana. ngadon ngarumpak pabalik letah udar-ider sok jarambah mukmak mekmek tur awuntah‟. Bebeneran pikeun pamingpin nu teu amanah mah aya dina wates anu bias. Dina téks (9).99 Évaluasi (É) nu dipiharepna sangkan hakim téh salawasna napak dina kode étikna pikeun lumaku jujur luyu jeung nu lumaku atawa ngantét dina jabatan hakimna. . jeung „beungeut nu ngulit badak. Misalna. Sikep (S) panyatur patali jeung fakta (X) téh mangrupa kritik ka pamingpin nu teu amanah tur sok ngulinkeun bebeneran sanajan baris ngarugikeun rahayatna. sikep (S) panyatur téh ngawujud dina kritik ka unsur pamaréntah jeung rahayat dina ngawangun wewengkon Purwakarta nu hasilna teu nyugemakeun. „Purwakarta mangrupa kota pager nu teu puguh nyanghareupna‟ mangrupa fakta (X). sakumaha ébréh dina ungkara „nu jarago pabeulit letah. nu salah bisa jadi bener. „pamingpin anu teu amanah‟ mangrupa fakta (X). tonggoy lir kebo nu di tendok‟. ku jalan ngalaksanakeun sagala amanah rahayat saéstuna.

jeung paripolahna. Dina téks (11). Évaluasi (É) nu dipiharepna sangka pamiarsa ngarobah sikep. aya fakta (X) „hal nu pikangeunaheun tapi matak nyilakakeun‟. nu atos-atos ge maot kamerekaan‟. sumpah. kayaning jangji. Adeganana bisa digambarkeun salaku panyatur ngalakukeun élémén tindakan linguistik (T) nu ditétélakeunana. . Évaluasi (É) nu dipiharep tina kritik nu ditepikeun téh sangkan urang Sunda nu aya di Purwakarta sangkan teu kabébénjokeun ku hal-hal pikabitaeun tapi sabenerna matak nyilakakeun. Fakta (X) ébréh dina „semur jéngkol.100 Dina téks (10).4 Laku Basa Komisif Laku basa komisif mangrupa laku basa nu meungkeut panyaturna sangkan ngalakukeun atawa ngalaksanakeun naon-naon hal nu dicaritakeun. tapi alatan pangaresepna teu maliré kaweruhna sorangan‟. „aya urang Sunda di Purwakarta nu cilaka balukar hirupna kaleuleuwihi‟ mangrupa fakta (X) sakumaha ébréh tina ungkara „kade ah bilih kakeueum ku buah beukah. 4. bau jeung matak jéngkoleun‟. sedengkeun fakta (Y) ébréh dina „belewek deui belewek deui‟. Sikep (S) panyatur mangrupa kritik kana ketak masarakat Sunda di Purwakarta nu teu malire dirina nepi ka babari dibébénjokeun ku hal-hal pikabitaeun tapi sabenerna matak nyilakakeun.3. jeung fakta (Y) „jalma nu weruh hadé-goréng hiji hal. atawa ngancam. tapi teu ngamangpaatkeun éta pangaweruh pikeun kasalametananana. laku lampah. Sikep (S) panyatur mangrupa kritik ka sakur jalma nu miboga kaweruh perkara hadé-goréngna hiji hal.

Téks (12). konéng…‟ Élémén tindakan (T) dina téks (13) nyaeta (a) jangji pikeun sabar jeung rikrik gemi dina nyanghareupan kahirupan. .. panyatur ogé ngalaksanakeun dua élémén tindakan (T). héjo. (12) (13) (14) (15) Rek hideung. (13). bodas. salian ti panyatur téh méré wawaran ka pamiarsa yén dirina indit ka Garut. Élémén tindakan (T-a) jeung (T-b) ébréh sacara teu langsung atawa nyamuni dina ungkara „ngarayap bari melak‟. Mipit kagandrung nu teu kungsi lawung. Ka Garut. Élémén tindakan (T) dina téks (12) nyaéta „dilalab ku aing!!!‟. bodas.. bodas. Mangréwu langit geus ditirun ku poé nu ngebebela. jeung (15) mangrupa laku basa nu ngébréhkeun maksud panyatur pikeun ngalakukeun naon hal nu dicaritakeun.. (14). beureum. beureum. jeung (b) yakin yén kasabaran dina nyanghareupan kahirupan téh baris ngahasilkeun kabagjaan anu leuwih jembar. hejo. jeung (b) ancaman panyatur ka pamiarsana (jeung masarakat atawa kontéks nu leuwih lega) nu rék ngagunasika ngaliwatan rupa-rupa pasualan atawa talajak... koneng. sakumaha ébréh dina ungkara „rek hideung. bodas. Éta ungkara ngawujud dina dua tindakan (a) sumpah pikeun nyanghareupan rupaning pasualan nu aya dina kahirupan. sangkan pepetétan ligar nandasa ingetan.. Dina téks (14).101 Laku basa komisif dina rohang status facebook bisa dititénan dina téks ieu di handap.dilalab ku aing!!!! Ngarayap bari melak. kuring rék ngendagkeun hujan peuting ieu. hangit hawa ngadéséh hambalan méga-méga..

kreatif. jeung 4 téks (26. 3.8 Warna Laku Basa dina Rohang Status Facebook No. bisa dicindekeun sawatara hal patali jeung warna laku basa dina rohang facebook. nepi ka panyatur mampuh ngungkapkeun parasanana dina kanyataan. Aya 3 téks (20. sedengkeun laku basa déklaratif mah teu kapaluruh.6%) mangrupa laku basa éksprésif.8. tina lima warna laku basa téh ukur opat nu kapaluruh digunakeun dina téks vérbal laku basa dina rohang status facebook. Tabél 4.0 6.7%) mangrupa laku basa komisif.7 Dumasar tabél 4. jeung (b) nepungan hiji jalma atawa nyungsi hiji hal. 1 téks (6. Téks (15) ngandung élémén tindakan (T) ménta sangkan hujan turun. 7 téks (46.0%) nu mangrupa laku basa répréséntatif. Warna Laku Basa Répréséntatif Diréktif Éksprésif Komisif f 3 téks 1 téks 7 téks 4 téks % 20.6 26.7 46. . panyatur rék ngusahakeun sangkan hujan nu baris ngungkulan weratna halodo téh bisa turun deui. 2.102 nyaéta (a) enya-enya indit ka Garut. sakumaha ébr‟eh dina ungkara „kuring rék ngendagkeun hujan peuting ieu‟.7%) mangrupa laku basa diréktif. sedengkeun élémén tindakan (T-b) nyampak dina ungkara „mipit kagandrung‟. 4. sakumaha ébréh dina tabél-tabél ieu di handap. Élémén tindakan (T-a) nyampak dina ungkara „ka Garut‟. 1. Dumasar pedaran di luhur. Téks (15) salian ti méré wawaran ngeunaan kaayaan alam nu kiwari keur nandangan usum halodo.

gerakan-gerakan nu diwangun dijadikeun sarana oposisi kana kawijakankawijakan pamaréntah atawa hal-hal nu dianggap leupas tina prinsip kaadilan sosial. rohang status facebook réa dimangpaatkeun pikeun tujuan-tujuan nu leuwih lega tina saukur nuliskeun kagiatan sapopoé. jeung organisasi sosial.7: Warna Laku Basa dina Rohang Status Facebook Laku basa éksprésif mangrupa laku basa nu pangréana kapaluruh digunakeun dina téks rohang status facebook. Kagiatan oposisi téh diwujudkeunana réa dina kritik. Éta hal bisa jadi alatan béh dieuna. warna laku basa dina rohang status facebook téh bisa dititénan sakumaha ieu di handap.6% Grafik 4. Salian ti ngudag tujuan kalangenan.7% Répréséntatif Diréktif Éksprésif Komisif 46.7% 20% 6. kalangenan. . Kiwari réa anggota facebook ngamangpaatkeun rohang status pikeun nyusun gerakan-gerakan atawa oganisasi alumni. Warna Laku Basa dina Rohang Status Facebook 26.103 Saupama digrafikkeun.

. ngawengku laku basa langsung teu literal jeung laku basa teu langsung teu literal. Ah. . teu sakara-kara. Dumasar analisis data. terima kasih. rambut geus campur jeung huis. nungtutan hiji-hiji dicopotan. 2) laku basa langsung teu literal.. aya 2 (dua) wanda laku basa nu digunakeun dina rohang status facebook. Asa kamari silih kelet jeung bebene. tapi kekecapan nu ngawangunna teu miboga ma‟na nu sarua jeung maksud omongan atawa ungkarana.4 Wanda Laku Basa dina Rohang Status Facebook Wanda laku basa dina rohang status facebook dianalisis dumasar kana interséksi wanda laku basa nurutkeun Wijana jeung Rohmadi (2010) nu ngawengku 1) laku basa langsung literal. nu teu boga domba oge bisa nyate. Mungguh waktu. Waos nu keker. (1) (2) (3) Hujan téh kalangkang hirup nu ngalanggengkeun kahirupan. Hatur nuhun. Amin.104 4.. Asa kamari ulin anjang-anjangan di buruan. Kiwari. . Wanda laku basa langsung teu literal dina rohang status facebook bisa dititénan dina pedaran ieu di handap. 4. Asa kamari silih toel jeung babaturan.4.1 Laku Basa Langsung Teu Literal Laku basa langsung teu literal nyaéta laku basa nu diébréhkeun ngaliwatan modus kalimah nu luyu jeung maksud omongan atawa ungkarana. Awak nu jagjag waringkas. mugia doa urang dikabul ku Allah. jeung 4) laku basa teu langsug teu literal. saeutik-saeutik diciwitan ku rematik. kanggo sadayana. Pedaran perkara wanda laku basa dina rohang status facebook diébréhkeun ieu di handap. 3) laku basa teu langsung literal. Milik mah ti mana we. ngolepat nandingan kilat.

Lamun hakim di nagara urang jiga hakim garis dina LSI… gawaaat. Informasi perkara gancangna robah waktu téh ditétélakeun ngaliwatan ungkara ngolépat nandingan kilat. (3). teu kudu dikeupelan da geus bisa ngeupeul sorangan. tonggoy lir kebo nu di tendok. geura mariang. Informasi perkara milik nu bisa dipibanda ku sing saha waé ditétélakeun dina ungkara „nu teu boga domba gé bisa nyaté‟. hujan salaku hal atawa faktor nu mangaruhan kalumangsungan kahirupan téh ditétélakeunana dina ungkara „kalangkang hirup‟.. jeung (8) ditepikeun sacara langsung ngaliwatan modus kalimah wawaran. Sing saralamet mangkaning caah rongkah di mana-mana. anaking. sedengkeun informasina ditepikeun ngaliwatan kekecapan nu teu literal. Téks (3) nétélakeun perkara milik (pangupa jiwa. (2). sedengkeun maksud bekel .. (7).. Téks (4) ngébréhkeun pangjurung laku panyatur ka pamiarsana pikeun lunta atawa nuluykeun lalampahan dina wengkuan nu leuwih lega sabadana nyuprih pangaweruh minangka bekelna. nu kumaha atuh ari bener teh. ngadon ngarumpak pabalik letah udar-ider sok jarambah mukmak mekmek tur awuntah. geus paturay tineung deui wae. Téks (2) netélakeun perkara kaayaan waktu nu dina kahirupan manusa lumangsung kalawan gancang jeung teu karasa robahna. Naon hal nu dipimaksud dina téks (1)... Bral. Dasar beungeut nu ngulit badak. maksud nyuprih pangaweruh deui atawa nyiar kipayah ditétélakeun ngaliwatan kecap miang.105 (4) (7) (8) Ah.. harta) nu bisa dipibanda ku sing saha waé. Hariwang uing mah. ceuk saha atuh bener teh tur kumaha anu satemna? Lieur ngabandungan nu jarago pabeulit letah.. Téks (1) nétélakeun informasi perkara hujan salaku hal atawa faktor nu mangaruhan kalumangsungan kahirupan.... Dimana atuh bener teh. Teu inggis nyepeng amanat ti Rahayat anu tigerat..

Bebeneran pikeun pamingpin nu teu amanah mah aya dina wates anu bias. ditétélakeun dina ungkara „caah rongkah di manamana‟.106 pikeun lunta ditétélakeun dina „teu kudu dikeupelan da geus bisa ngeupeul sorangan‟. nu réa ngamangpaatkeun kawenanganana pikeun kapentingan pribadi ku jalan ngahagalkeun nu salah jadi bener atawa nu bener jadi salah (misalna akibat suap). nu bener bisa jadi salah. tonggoy lir kebo nu di tendok‟.2 Laku Basa Teu Langsung Teu Literal Laku basa teu langsug teu literal nyaéta laku basa nu diébréhkeun ngagunakeun modus katut ma‟na kalimah nu teu luyu jeung maksud nu hayang . nu salah bisa jadi bener. Informasi perkara pamingpin nu teu amanah tur teu boga kaisin ditétélakeun dina ungkara „beungeut nu ngulit badak. 4. Informasi perkara hakim nu korupsi ditétélakeun dina ungkara „jiga hakim garis dina LSI‟. Téks (8) mangrupa kritik ka pamingpin nu teu amanah tur sok ngulinkeun bebeneran sanajan baris ngarugikeun rahayatna. nu balukarna bisa goréng pikeun suprémasi hukum. boh hakim peradilan boh hakim garis sepakbola. Katerangan patempatan anyar atawa wengkuan nu leuwih lega minangka tempat pikeun nyuprih élmu nu leuwih jembar jeung nyiar kipayah téh kaayaanana teu nyugemakeun. Téks (7) mangrupa kritik ka hakim di nagara Indonésia.4.

. Mlh lain sintren bae... Wanda laku basa teu langsung teu literal dina rohang status facebook bisa dititénan dina pedaran ieu di handap. Téks (5) mangrupa kritik panyatur ka pamiarsana nu miboga sikep atawa sipat sirik nalika aya baturna atawa pihak lianna nu jucung (suksés) dina kahirupanana.. . Rek hideung. Ibarat kana semur jéngkol. seren taun.107 ditepikeun. Mangréwu langit geus ditirun ku poé nu ngebebela. Kuduna lain urg Cirebon bae nu genjolng teh! Belegug kabinabina ceuk Emang mah nu ngomong kitu teh!" Wilujeng sumping di Purwakarta. Modus kalimah nu digunakeun dina téks (5) ngawengku kalimah wawaran jeung kalimah paréntah. bodas. ayn pamajikanana nyebut sintren musrik. Pok deui "Ku teu euih-euih. koneng. Ka Garut.. sangkan pepetétan ligar nandasa ingetan. sakitu nyaho bau jeung matak jéngkoleun. Modus kalimah wawaran kapanggih dina kalimah „Resep ngabandungan jalma nu sok bijil tanduk lamun ningali batur sukses‟.. maksudna mah méré wawaran yén „aya jalma nu teu suka nalika aya jalma lainna anu jucung (suksés). Mipit kagandrung nu teu kungsi lawung. Ari urang Sunda di Purwakarta araraya? Kade ah bilih kakeueum ku buah beukah. jsb kaasup malusrik.dilalab ku aing!!!! Ngarayap bari melak. bodas. upcr adat. Lain seuri.. kuring rék ngendagkeun hujan peuting ieu. mikirrr!!! "Ngukur seni tradisi ku agama mah sarua jeung make kolor dina sirah atuh!" ceuk Mang Ohim tukang toleat ngutruk. Hrt salakina teu panuju gitek jaipong. hangit hawa ngadéséh hambalan méga-méga. nu atos-atos ge maot kamerekaan hehehe. nu éta paripolah téh matak teu pikaresepeun‟. kota pager nu teu puguh nyanghareupna. pantun.. Nya heueuh ath. (5) (6) (9) (10) (11) (12) (13) (14) (15) Resep ngabandungan jalma nu sok bijil tanduk lamun ningali batur sukses. beureum.. belewek deui belewek deui. hejo.

Téks (6) mangrupa kritik ka gubernur Jawa Barat jeung istrina patali jeung ajén-inajén seni tradisi Sunda nu teu bisa diukur ku ajén-inajén agama.. Sedengkeun modus kalimah paréntah digunakeun dina kalimah „Lain seuri. jeung frase „lain seuri‟. Téks (10) mangrupa kritik kana ketak masarakat Sunda di Purwakarta nu teu malire dirina nepi ka babari dibébénjokeun ku hal-hal pikabitaeun tapi sabenerna matak nyilakakeun. ngaleungitkeun sikep négatif sarupa kitu. Kritik ditepikeun dina ungkara „Purwakarta.. Digunakeunana kecap „resep‟. ngabalukarkeun naon-naon hal anu dipimaksud ku panyatur téh teu sarua jeung ma‟na léksikal kekecapanana sacara literal. jeung (11) mangrupa kritik nu ditepikeun sacara teu langsung teu literal. Informasi perkara ajén-inajén seni tradisi Sunda teu bisa diukur ku ajén-inajén agama ditétélakeun dina ungkara „make kolor dina sirah‟. Téks (9) mangrupa kritik ka unsur pamaréntah jeung rahayat dina ngawangun wewengkon Purwakarta nu hasilna teu nyugemakeun jeung kurang towéksa dina ngaroris fasilitas umumna. boh jalma-jalma lainna sacara umum. dina téks (10) panyatur nanyakeun ketak masarakat Purwakarta dina rupa-rupa hal. Téks (9). mikirrr!!!‟. tur méré saran sangkan urang Sunda nu mangkuk . Ngagunakeun modus kalimah pananya jeung wawaran. kota pager nu teu puguh nyanghareupna‟. frase „jalma nu sok bijil tanduk‟. nu maksudna sangkan jalmajalma. boh nu miboga sikep teu suka kana kajucungan jalma lian. (10). nepi ka éta fasilitas teu puguh gék-gékan pamangpaatanana. nepi ka kalimah nu digunakeun dina téks (5) ngawangun ma‟na nu teu literal.108 ditepikeunana sacara teu langsung ngaliwatan digunakeunana kecap „resep‟ jeung frase „jalma nu sok bijil tanduk‟.

belewek deui belewek deui‟. jeung (b) ancaman panyatur ka pamiarsana (jeung masarakat atawa kontéks nu leuwih lega) nu rék ngagunasika ngaliwatan ruparupa pasualan atawa talajak. bodas. Ngaliwatan modus kalimah panitah. koneng…‟ jeung „dilalab‟. talajak. jeung hal-hal lianna nu goréng tur matak ngabarubahkeun panyatur (jeung kontéks nu leuwih lega) téh ditepikeun sacara teu langsung jeung teu litera ngaliwatan ungkara „rek hideung. Téks (12) mangrupa (a) sumpah pikeun nyanghareupan rupaning pasualan nu aya dina kahirupan. beureum. bisa ogé mangrupa ancaman panyatur ka pamiarsana (jeung masarakat atawa kontéks nu leuwih lega) nu rék ngagunasika ngaliwatan rupa-rupa pasualan atawa talajak. sakitu nyaho bau jeung matak jéngkoleun. jeung (b) kayakinan yén kasabaran dina nyanghareupan kahirupan téh baris ngahasilkeun kabagjaan anu leuwih jembar. Ancaman jeung sumpah pikeun nyanghareupan pasualan. tapi teu ngamangpaatkeun éta pangaweruh pikeun kasalametananana. bodas. Téks (11) mangrupa kritik ka sakur jalma nu miboga kaweruh perkara hadé-goréngna hiji hal. .109 di Purwakarta nyingkahan dibébénjokeun ku hal-hal nu matak pikabitaéun tapi sabenerna matak nyilakakeun. Téks (13) mangrupa (a) jangji pikeun sabar jeung rikrik gemi dina nyanghareupan kahirupan. Ungkara „dilalab ku aing!!!‟ bisa mangrupa sumpah panyatur pikeun nyanghareupan rupaning pasualan nu aya dina kahirupan. dina téks (12) panyatur miboga maksud nu meungkeut dirina sangkan ngalakukeun naon hal nu dicaritakeun. Kritik jeung rasa héran ditétélakeun dina ungkara „Ibarat kana semur jéngkol. Kritik ditétélakeun dina ungkara „Kade ah bilih kakeueum ku buah beukah. hejo. nu atos-atos ge maot kamerekaan‟.

panyatur ogé ngalaksankeun omonganana ku cara enya-enya indit ka Garut kalawan tujuan rék nepungan atawa nyungsi hiji hal nu sacara teu langsung jeung teu literal ditepikeun dina ungkara „mipit kagandrung nu teu kungsi lawung‟. . Dina téks (14). panyatur méré wawaran yén dirina indit ka Garut. panyatur rék ngusahakeun sangkan hujan nu baris ngungkulan weratna halodo téh bisa turun deui. mangrupa jangji panyatur pikeun sabar jeung rikrik gemi dina nyanghareupan kahirupan. Dina téks (15). sakumaha ébréh dina tabél-tabél ieu di handap. Ngaliwatan modus kalimah wawaran.110 Ngaliwatan modus kalimah panitah. sacara teu langsung tur teu literal dina téks (13) panyatur miboga maksud nu meungkeut dirina sangkan ngalakukeun naon hal nu dicaritakeun. Ungkara „ngarayap bari melak‟ sacara teu langsung jeung teu literal. salian ti mangrupa wawaran perkara kaayaan alam nu kiwari keur nandangan usum halodo. sacara teu langsung tur teu literal dina téks (15) salian ti méré wawaran ngeunaan kaayaan alam nu kiwari keur nandangan usum halodo. sacara teu langsung tur teu literal dina téks (14) salian ti panyatur téh méré wawaran ka pamiarsa yén dirina indit ka Garut. bisa dicindekeun sawatara hal patali jeung wanda laku basa dina rohang facebook. kalawan maksud nepungan hiji jalma atawa nyungsi hiji hal. Ngaliwatan modus kalimah wawaran. Dumasar pedaran di luhur. panyatur rék ngusahakeun sangkan hujan nu baris ngungkulan weratna halodo téh bisa turun deui.

0 60.9 Wanda Laku Basa dina Rohang Status Facebook No.8: Wanda Laku Basa dina Rohang Status Facebook .0 Dumasar tabél 4. wanda laku basa dina rohang status facebook téh bisa dititénan sakumaha ieu di handap. Langsung Teu Literal 2. nyaéta laku basa langsung teu literal jeung laku basa teu langsung teu literal. Saupama digrafikkeun.9. Wanda Laku Basa 1. Teu Langsung Teu Literal f 6 téks 9 téks % 40. Laku basa langsung literal jeung teu langsung literal mah teu kapaluruh.111 Tabél 4. Aya 6 téks (40%) mangrupa laku basa langsung teu literal. Wanda Laku Basa dina Rohang Status Facebook 40% 60% Langsung Teu Literal Teu Langsung Teu Literal Grafik 4. tina opat wanda laku basa nu mangrupa interséksi téh ukur dua wanda laku basa nu kapaluruh dina rohang status facebook. sedengkeun nu mangrupa laku basa teu langsung teu literal aya 9 téks (60%). bisa jadi alatan téks nu digunakeun téh leuwih nyoko kana ayana unsur métafora.

Salian ti bisa madeg mandiri. pikeun ngagerakkeun atawa mangaruhan jalma nu bisa narima idé-idé nu ditepikeun. 2) fungsi manipulatif. ngarobah masarakat. fungsi laku basa téh bisa ngawengku: 1) fungsi informatif. Dumasar kana fungsi komunikasi. atawa opini. 3) fungsi éstetik.5 Fungsi Laku Basa dina Rohang Status Facebook Hakékatna. baris leuwih gampang ti batan nu ditétélakeun sacara teu langsung. pikeun ngayakinkeun atawa mekarkeun kayakinan papada jalma ka lingkungan masarakatna. nepi ka hiji jalma mampuh ngungkapkeun parasanana dina kanyataan. Tafsir atawa pamahaman kana maksud nu ditétélakeun sacara langsung. 2) manipulatif. ngatik. jeung paripolah. unggal ungkara atawa omongan dina komunikasi nu ditepikeun ku panyatur (J1) ka pamiarsana (J2) mibanda maksud jeung tujuan nu tangtu. ngarobah sikep. aya kalana ku cara teu langsung (nyamuni). laku lampah. jeung 4) fungsi kayakinan. Dumasar analisis data.112 4. pikeun nyiptakeun tujuan-tujuan nu sipatna kreatif. Maksud omongan panyatur téh teu salawasna ditétélakeun sacara langsung (kauni). laku basa dina rohang status facebook miboga fungsi: 1) informatif. pamiarsa perlu paham kana kontéks nu nyampak dina omongan atawa ungkarana. unggal fungsi bisa pagalo ngawangun fungsi gabungan atawa interséksi. nepikeun pamikiran. ngundakkeun pangaweruh. kritik. nambahan wawasan. idé. 5) . 4) informatif-manipulatif. hiburan. 3) kayakinan. ngarobah sawangan. atawa sawangan. pamikiran. Sangkan bisa nyieun tafsiran atawa paham kana maksud panyatur nu ditepikeun sacara teu langsung. boh luyu jeung sikep sarta ajén dirina boh henteu. pikeun méré wawaran.

nu dina kahirupan manusa. Sedengkeun dina téks (2). Téks (4) mangrupa pangjurung laku panyatur ka pamiarsana pikeun lunta atawa nuluykeun lalampahan sabadana nyuprih pangaweruh. (10). Téks (6). Informasi téh ditepikeunana sacara langsung. (9). panyatur méré wawaran perkara kaayaan waktu. digawé. (8). (6). (7). Téks (7) mangrupa kritik ka hakim di nagara Indonésia. kalawan dibarung ku sikep ati-ati sangkan bisa salamet dina ngalakonanana.. jsté. Pedaran perkara fungsi laku basa dina rohang status facebook diébréhkeun ieu di handap. (9). Téks (6) mangrupa kritik ka gubernur Jawa Barat jeung istrina patali jeung ajéninajén seni tradisi Sunda nu teu bisa diukur ku ajén-inajén agama. jeung (10) mangrupa kritik panyatur ka pamiarsana.113 informatif-éstétik. dipiharep nambahan wawasan pamiarsa jeung bahan atikan pikeun ngajaga lingkungan salaku salasahiji faktor kalumangsungan hujan. Dina téks (1) panyatur méré wawaran nu mangrupa informasi perkara hujan salaku hal atawa faktor nu mangaruhan kalumangsungan kahirupan sakurna mahluk hirup. Fungsi informatif digunakeun dina téks (1) jeung (2). lumangsung kalawan gancang jeung teu karasa robahna. (7). Panyatur ngagerakkeun pamiarsana sangkan ngalakukeun kagiatan „miang‟ dina wujud sakola deui. Fungsi manipulatif katitén dina téks (4). jeung 6) informatif-kayakinan. boh hakim peradilan boh hakim . Salian ti éta. (8). panyatur ogé mangaruhan pamiarsana sangkan narima sawangan perkara patempatan anyar atawa wengkuan nu leuwih lega minangka tempat pikeun nyuprih élmu nu leuwih jembar jeung nyiar kipayah téh kaayaanana teu nyugemakeun.

(7). beureum. Fungsi kayakinan katitén dina téks (12) jeung (13). Ngaliwatan éta téks. Ngaliwatan téks (12) jeung (13) panyatur ngayakinkeun atawa mekarkeun kayakinan papada jalma jeung lingkungan masarakatna patali jeung rupa-rupa pasualan. Téks (9) mangrupa kritik ka unsur pamaréntah jeung rahayat dina ngawangun wewengkon Purwakarta nu hasilna teu nyugemakeun jeung kurang towéksa dina ngaroris fasilitas umumna. nu réa ngamangpaatkeun kawenanganana pikeun kapentingan pribadi ku jalan ngahagalkeun nu salah jadi bener atawa nu bener jadi salah (misalna akibat suap). héjo. (9). . (8). laku lampah. Kritik nu ditepikeun dina téks (6).114 garis sepakbola. bisa ogé mangrupa ancaman. bodas. nu bener bisa jadi salah. Téks (10) mangrupa kritik kana ketak masarakat Sunda di Purwakarta nu teu malire dirina nepi ka babari dibébénjokeun ku hal-hal pikabitaeun tapi sabenerna matak nyilakakeun. konéng…‟ Éta hal bisa mangrupa aspek-aspék atawa widang-widang kahirupan. dipiharep aya évaluasi nu dilakukeun ku pamiarsa sangkan sikep. jeung (10) didadasaran ku sawangan pribadi panyaturna. nepi ka éta fasilitas teu puguh gék-gékan pamangpaatanana. Ku ditarimana éta sawangan. jeung paripolah bisa robah. nu balukarna bisa goréng pikeun suprémasi hukum. Bebeneran pikeun pamingpin nu teu amanah mah aya dina wates anu bias. Téks (8) mangrupa kritik ka pamingpin nu teu amanah tur sok ngulinkeun bebeneran sanajan baris ngarugikeun rahayatna. Aya sawatara pasualan kahirupan nu ditepikeun ku panyatur dina téks (12) nu ditétékeun ku ungkara „rek hideung. panyatur ngusahakeun pangaruh sangkan pamiarsa bisa narima sawangan nu ditepikeun. nu salah bisa jadi bener.

Wangun kasabaran dina nyanghareupan kahirupan bisa diwujudkeun di antarana ngaliwatan kagiatan atawa paripolah rikrik gemi. opini. panyatur méré wawaran yén dirina indit ka Garut. sikep. jeung paripolah. teu ngarasula. Informasi nu ditétélakeun dina téks (5) jeung (11) nyaéta aya jalma nu teu resep kana kasuksésan jalma lianna jeung kaweruh perkara hadé-goréng dipiboga ku unggal jalma. Salian ti ngawawarkeun informasi. Kritik diepikeun kalawan napak dina udagan sangkan informasi nu diwawarkeun bisa diréspon pikeun ngundakkeun pangaweruh tur ngarobah sawangan. Sedengkeun dina téks (13). Fungsi informatif-manipulatif katitén dina téks (5) jeung (11). Salian ti ngawawarkeun informasi. kayakinan panyatur nu ditepikeun ka pamiarsa téh nyaéta kasabaran dina nyanghareupan kahirupa baris ngahasilkeun kabagjaan anu leuwih jembar. laku lampah. atawa rereged nu nyampak dina kahirupan. tapi teu ngamangpaatkeun éta pangaweruh pikeun kasalametananana. Dina téks (14). Éta ungkara mentingkeun pisan unsur . dina éta téks diciptakeun tujuan-tujuan nu sipatna kreatif. nepi ka hiji jalma mampuh ngungkapkeun parasanana sacara éstétis. pamikiran. atawa tawakal. Sedengkeun dina téks (11) panyatur nepikeun kritik ka sakur jalma nu miboga kaweruh perkara hadé-goréngna hiji hal. Fungsi informatif-éstétik katitén dina téks (14) jeung (15). kalawan maksud nepungan hiji jalma atawa nyungsi hiji hal nu ditepikeun dina ungkara „mipit kagandrung nu teu kungsi lawung‟. téks (5) jeung (11) nétélakeun kritik panyatur ka pamiarsana. Kritik dina téks (5) ditepikeun ku panyatur ka pamiarsana nu miboga sikep atawa sipat sirik nalika aya baturna atawa pihak lianna nu jucung (suksés) dina kahirupanana.115 hahalang.

3 13.116 purwakanti. Dumasar pedaran di luhur.7 . Téks (3) nétélakeun perkara milik (pangupa jiwa. sacara éstétis murwakanti jeung kecap „méga-méga‟ dina klausa tuluyanana „hangit hawa ngadéséh hambalan mégaméga‟.3 13. kecap „ngabebela‟ dina tungtung klausa „mangréwu langit geus ditirun ku poé nu ngabebela‟. 4.3 40. bisa dicindekeun sawatara hal patali jeung fungsi laku basa dina rohang facebook. harta) nu bisa dipibanda ku sing saha waé. disusun kalawan kréatif sangkan nimbulkeun rasa nu éstétis. Tabél 4.3 6. 1. Informasi perkara milik nu bisa dipibanda ku sing saha waé. sakumaha ébréh dina tabél-tabél ieu di handap. 2. hangit hawa ngadéséh hambalan méga-méga‟.0 13. 5. Dina téks (15). Fungsi informatif-kayakinan katitén dina téks (3) pikeun ngayakinkeun atawa mekarkeun kayakinan papada jalma ka lingkungan masarakatna patali jeung wawaran infornasi nu ditepikeun. Salian ti éta. Ungkara kalimah pikeun nyebut usum halodo téh ditétélakeun dina métafora „poé nu ngebebela. diyakinkeun bisa dicangking ku unggal jalma sakumaha ditétélakeun dina ungkara „nu teu boga domba gé bisa nyaté‟. wawaran nu ditepikeun téh perkara kaayaan alam nu kiwari keur nandangan usum halodo. Fungsi Laku Basa Informatif Manipulatif Kayakinan Informatif-Manipulatif Informatif-Éstétik Informatif-Kayakinan f 2 téks 6 téks 2 téks 2 téks 2 téks 1 téks % 13. 3.10 Fungsi Laku Basa dina Rohang Status Facebook No. 6.

jeung informatif-kayakinan. laku basa dina rohang status facebook mibanda fungsi madeg mandiri nu ngawengku fungsi informatif.10.3%) mibanda fungsi gabungan informatif-manipulatif.7% 13.3% Informatif Manipulatif Kayakinan 40% 13% Informatif-Éstétik Informatif-Manipulatif Informatif-Kayakinan Grafik 4.9: Fungsi Laku Basa dina Rohang Status Facebook . sarta 1 téks (6. Fungsi Laku Basa dina Rohang Status Facebook 13. 2 téks (13.3% 6.3%) mangrupa laku basa nu mibanda fungsi informatif. 2 téks (13. 6 téks (40. manipulatif. jeung kayakinan. 2 téks (13.3% 13. Aya 2 téks (13.3%) mibanda fungsi kayakinan. informatif-éstétik.117 Dumasar tabél 4. tur mibanda fungsi gabungan nu ngawengku fungsi informatif-manipulatif.7%) mibanda fungsi gabungan informatif-kayakinan. Laku basa nu mibanda fungsi éstétik sacara mandiri mah teu kapaluruh.0%) mibanda fungsi manipulatif.3%) mibanda fungsi gabungan informatiféstétik. Saupama digrafikkeun. fungsi laku basa dina rohang status facebook téh bisa dititénan sakumaha ieu di handap.

ukur ungkara-ungkara nu aya dijeroeun téks nu mangrupa ungkara métaforis sakumaha ditandaan ku gurat handap. ngarobah sawangan. Éta hal luyu jeung warna laku basana nu réréana mangrupa kritik. Salasahiji cara pikeun ngahontal tujuan dumasar fungsina téh bisa ngaliwatan digunakeunana ungkara-ungkara métaforis dina téks. 4. Bisa jadi kritik nu ditepikeun téh sipatn subjéktif. sawanganana. pabanding. atawa opini. atawa pamikiranana. motif. jeung kecap panyambung babandingan. pamikiran. Fungsi manipulatif téh pikeun ngagerakkeun atawa mangaruhan jalma nu bisa narima idé-idé nu ditepikeun. ngarobah sikep. Téks laku basa dina rohang status facebook téh teu sakabéhna dianalisis. kritik. . Kritik ditepikeun biasana sangkan pihak nu dikritik ngarobah sikepna.6 Téhnik Métaforis Téks Laku Basa dina Rohang Status Facebook Unggal téks vérbal tinulis dina rohang status facebook mibanda fungsi laku basa sakumaha ébréh dina pedaran di luhur. ngarobah masarakat. Ma‟na ungkara-ungkara métaforis dina téks rohang status facebook téh bisa dititénan dina pedaran ieu di handap. laku lampah.118 Fungsi laku basa dina rohang status facebook réréana mangrupa fungsi manipulatif. boh luyu jeung sikep sarta ajén dirina boh henteu. Ungkara-ungkara métaforis dina téks laku basa dina rohang status facebook téh mibanda ma‟na nu bisa disungsi ngaliwatan niténan pangbanding. jeung paripolah.

Asa kamari ulin anjang-anjangan di buruan. teu sakara-kara. mangrupa métafora langsung nu teu ngagunakeun kecap panyambung babandingan. mangrupa métafora langsung nu teu ngagunakeun kecap panyambung babandingan. saeutik-saeutik diciwitan ku rematik. Awak nu jagjag waringkas.119 (1) Hujan téh kalangkang hirup nu ngalanggengkeun kahirupan. mugia doa urang dikabul ku Allah. kalawan motif nyamuni dina pangbanding. kalawan unsur pabandingna „waktu‟. Jadi. pabandingna „hujan‟. Amin. sumber kahirupan‟. Jadi. (2) Mungguh waktu. teu karasa. pangbandingna „ngolépat nandingan kilat‟. ma‟na ungkara métaforis (2) nyaéta waktu téh robahna gancang pisan. Ah. Waos nu keker. nungtutan hiji-hiji dicopotan. .. Asa kamari silih toel jeung babaturan. ma‟na ungkara métaforis (1) téh yén hujan mangrupa salasahiji sumber (cai) nu gédé mangpaatna pikeun kalumangsungan kahirupan sakur mahluk nu hirup di dunya. Ungkara „kalangkang hirup‟ téh mibanda ma‟na konotatif salaku „kabutuhan. terima kasih. Ungkara „ngolépat nandingan kilat‟ mibanda ma‟na konotatif salaku „gancang robah‟. Ungkara métaforis (1) hujan téh kalangkang hirup nu ngalanggengkeun kahirupan. Ungkara métaforis (2) waktu ngolépat nandingan kilat. ngolepat nandingan kilat. Asa kamari silih kelet jeung bebene. Kiwari. pangbandingna „kalangkang hirup nu ngalanggengkeun kahirupan‟. rambut geus campur jeung huis.. sarta motif nyamuni dina pangbanding.. . kanggo sadayana. Hatur nuhun.

. Ungkara métaforis (4) caah rongkah di mana-mana. teu nguntungkeun. . sedengkeun ungkara „caah rongkah‟ mangrupa pangbandingna.. pacogrégan‟. bisa nyumponan pangabutuh‟.. nu nunjukkeun „jalma réa nu teu miboga harta leuwih‟. mangrupa métafora langsung nu teu ngagunakeun kecap panyambung babandingan. teu kudu dikeupelan da geus bisa ngeupeul sorangan. jeung motifna disamunikeun... (4) Ah.. Caah rongkah téh caah nu gedé. geura mariang.. nu kipayahna kawatesanan. Sedengkeun ungkara „bisa nyaté‟ mangrupa pangbanding nu némbongkeun motif jeung ma‟na „bisa dahar.. Ungkara métaforis (3) nu teu bago domba ogé bisa nyaté. dina émprona mah tetep bisa nyumponan pangabutuhna kalawan nyugemakeun. teu ngagunakeun kecap panyambung babandingan. kalawan motif disamunikeun dina pabanding jeung pangbanding. Ungkara „di mana-mana‟ mangrupa pabanding. pangbandingna „bisa nyaté‟. pabandingna „nu teu boga domba‟. geus paturay tineung deui wae. Sing saralamet mangkaning caah rongkah di mana-mana. ngawujud mangrupa situasi bencana banjir alatan cai wahangan ngagedéan pacampur jeung kiruh tina cileuncang nu pohara lobana. ungkara métaforis (3) téh mibanda ma‟na konotatif yén jalma biasa. Ungkara „caah rongkah‟ dina métafora (4) mibanda ma‟na konotatif salaku „kaayaan atawa situasi nu teu luyu jeung kuduna. nu teu boga domba oge bisa nyate. Bral. anaking. Hariwang uing mah.. Ungkara „nu teu boga domba‟ téh mangrupa pabanding. pinuh ku hal-hal nu goréng.120 (3) Milik mah ti mana we. mangrupa métafora babandingan langsung. Jadi.

121 Jadi. (5) Resep ngabandungan jalma nu sok bijil tanduk lamun ningali batur sukses. . sedengkeun pangbandingna nyaéta nu sok bijil tanduk. teu nguntungkeun. bisa ogé wujud barang nu napel dina sirah sétan. kayaning munding. banténg. atawa ambek. Lain seuri. Tanduk nu nyampak dina sirah sato jeung sétan téh mangrupa pakakas nu bisa dijadikeun pakarang nu bisa nyilakakeun lawanna. domba. ku kituna bijil tanduk dina ungkara métaforis (5) bisa dima‟naan salaku sirik pidik. Kecap tanduk pakait jeung barang nu aya dina sirang sawatara sato. sedengkeun gambaran tanduk minangka barang nu dibibanda ku sétan didadasarkeun kana alam hayalan nu salila ieu nyampak di masarakat dunya nu nganggap yén jungkiringna sétan téh aya tandukan. teu ngagunakeun kecap panyambung babandingan. teu resep.. mikirrr!!! Ungkara métaforis (5) jalma nu sok bijik tanduk lamun ningali batur suksés. Tanduk minangka barang nu dipibanda ku sato mangrupa hal nu lumrah ayana. „caah rongkah di mana-mana‟ téh ma‟nana kahirupan keur ditarajang ku situasi nu goréng. Motif disumputkeun atawa nyamuni dina pabanding bijil tanduk.. jeung sajabana. ungkara (5) bisa dima‟naan salaku „jalma nu miboga sipat sirik upama aya batur nu leuwih jucung atawa suksés ti batan dirina‟. jeung réa pacogrégan. pabandingna nyaéta jalma. kidang. sapi. Pakarang nu bisa nyilakakeun mibanda asosiasi négatif. dengki. Sacara gembleng.

teu pantes. ngagunakeun kecap panyambung „jiga‟ pikeun babandingan antara pabanding „hakim di nagara urang‟ jeung pangbanding ‟hakim garis dina LSI‟.. Pok deui "Ku teu euih-euih. Kolor téh salasahiji wangun pakéan manusa nu dipakéna dina bagian cangkéng ka handap. Pabandingna „ngukur seni tradisi ku agama‟. atawa teu merenah‟. dina ieu hal mah wasit . seren taun. jsb kaasup malusrik. teu merenah. atawa teu luyu. Mlh lain sintren bae. Hakim garis téh mangrupa wasit kadua jeung katilu dina widang olahraga nu ngawal kalang lapangan dina derna pertandingan olahraga. (7) Lamun hakim di nagara urang jiga hakim garis dina LSI… gawaaat. Ungkara métaforis (7) lamun hakim di nagara urang jiga hakim garis dina LSI…gawaaat. upcr adat.. ayn pamajikanana nyebut sintren musrik. Nya heueuh ath. sedengkeun motifna mah disamunikeun dina pangbanding.. jadi mun seug dipaké dina sirah téh éstu lain tempatna. pantun. sabab aya hal-hal nu teu luyu atawa teu merenah pikeun dilarapkeun. dibandingkeun kalawan ngagunakeun kecap panyambung „sarua‟.. Kuduna lain urg Cirebon bae nu genjolng teh! Belegug kabinabina ceuk Emang mah nu ngomong kitu teh!" Ungkara métaforis (6) nyaéta ngukur seni tradisi ku agama mah sarua jeung maké kolor dina sirah.122 (6) "Ngukur seni tradisi ku agama mah sarua jeung make kolor dina sirah atuh!" ceuk Mang Ohim tukang toleat ngutruk. pangbandingna „maké kolor dina sirah‟. Ungkara métaforis (6) mibanda ma‟na yén ukuran ajén-inajén seni tradisi mah moal bisa disungsi ngagunakeun agama. kalawan motifna nyamuni dina pangbanding „hakim garis dina LSI‟. Ungkara „maké kolor dina sirah‟ mibanda ma‟na konotatif „teu luyu. Hrt salakina teu panuju gitek jaipong.

Teu inggis nyepeng amanat ti Rahayat anu tigerat. tangtu baris mawa mamala kana suprémasi hukum jeung kaadilan nu sakuduna jadi dasar dina nyusun kaputusan hukum. ceuk saha atuh bener teh tur kumaha anu satemna? Lieur ngabandungan nu jarago pabeulit letah. ungkara „hakim garis dina LSI‟ mibanda ma‟na „teu jujur. Ungkara „beungeut nu ngulit badak‟ téh ma‟nana „beungeut nu . kalawan motifna disamunikeun. mangrupa pihak nu salila ieu dianggap „korps nu teu jujur‟ akibat tina seringna ngarugikeun pamaén atawa salasahiji tim nu keur tanding ku ngaluarkeun putusan-putusan nu kaliru atawa teu luyu jeung aturan dina olahraga sépakbola. nepi ka ma‟na ungkara (7) téh yén lamun hakim di nagara urang (Indonésia) teu jujur atawa teu bener dina ngajalankeun tanggung jawabna. Patali jeung éta hal. Hakim atawa wasit garis dina kompetisi sépakbola LSI (Liga Super Indonésia). tonggoy lir kebo nu diténdok. ngagunakeun kecap panyambung babandingan „lir‟ pikeun ngantétkeun pabanding „beungeut nu ngulit badak‟ jeung pangbanding „kebo nu diténdok‟. saperti nganulir gol pédah dianggap offside padahal teu offside. ngadon ngarumpak pabalik letah udar-ider sok jarambah mukmak mekmek tur awuntah. Ungkara métaforis (8) beungeut nu ngulit badak. (8) Dimana atuh bener teh. teu bener.123 olahraga sépakbola. tonggoy lir kebo nu di tendok. Pabanding „beungeut nu ngulit badak‟ dijerona kawengku deui ku pabanding „beungeut‟ jeung pangbanding „nu ngulit badak‟. teu boga kaéra‟. Dasar beungeut nu ngulit badak. teu becus‟. nu kumaha atuh ari bener teh. Ungkara „ngulit badak‟ mibanda harti konotatif salaku „kandel. Sato nu mangrupa badak mibanda struktur kulit nu béda jeung sato-sato lianna palebah kandelna.

124 kandel‟ dipapandékeun ka jalma nu teu boga kaéra atawa geus teu miroséa deui ajén-inajén bener-salah. Ungkara métaforis (9) Purwakarta. tapi ngarémpak atawa matak ngaleungitkeun fungsi patempatan nu dipagerna. diliangan (ditojos) antara liang irungna supaya bisa ngasupkeun kaluhan. mangrupa métafora babandingan langsung. tur éta hal téh geus dianggap lumrah. teu ngagunakeun kecap panyambung babandingan. . (9) Wilujeng sumping di Purwakarta. Ungkara métaforis (8) beungeut nu ngulit badak. Ungkara „lir kebo nu diténdok‟ mibanda ma‟na konotatif salaku „hal nu geus biasa. kebon. kota pager nu teu puguh nyanghareupna. kota pager nu teu puguh nyanghareupna. jsté. kai. Munding diténdok téh geus lumrah. atawa taman pikeun jadi ciri jeung supaya ulah aya nu sarsup kitu waé. Kebo atawa munding sok diténdok. nu najan fungsina minangka hahalang sangkan ulah aya nu sarsup kitu waé. lumrah‟. wates. jeung pangbandingna „kota pager nu teu puguh nyanghareupna‟. Ungkara „pager nu teu puguh nyanghareupna‟ mibanda ma‟na pager nu diwangun atawa diadegkeun di hiji tempat. pabandingna „Purwakarta‟. nu disaruakeun luhurna dina wates pakarangan. Ku sabab fungsina salaku ciri. atawa hahalang. pager diwangun kudu puguh gékgékanana. ma‟nana jalma nu teu miboga kaéra ngalakukeun paripolah nu salah. atawa beusi. Pager téh jajaran awi. tonggoy lir kebo nu diténdok. geus kitu biasana di wewengkon mana waé. kalawan motif disamunikeun dina pangbanding.

Sarua jeung pabanding. mangrupa métafora babandingan langsung. Ungkara „kakeueum ku buah beukah‟ mibanda harti konotatif kabébénjokeun atawa katungkulkeun ku hal nu kaleuleuwihi. Jéngkol mangrupa salasahiji buah nu geus dijadikeun kadaharan nu lumrah cara di semur. (11) Ibarat kana semur jéngkol. sakitu nyaho bau jeung matak jéngkoleun. ungkara métaforis (10) téh mibanda ma‟na jalma atawa kaom nu ketakna katungkulkeun teuing ku hal-hal nu najan pikaresepeun atawa pikangeunaheun. Ungkara „ibarat kana semur jéngkol‟ mibanda ma‟na hal nu . tapi tétéla éta hal téh matak nyilakakeun ka diri atawa kaomna sorangan. Ungkara métaforis (10) kakeueum ku buah beukah. tur saupama dikonsumsina kaleuleuwihi matak nyababkeun panyakit jéngkoleun. motifna disamunikeun dina pangbanding. Ungkara métaforis (11) ibarat kana semur jéngkol. pangbandingna „kakeueum ku buah beukah‟ jeung „maot kamerekaan‟. mibanda ciri husus bauna nu nataku. pabanding jeung motifna nyamuni. belewek deui belewek deui. mangrupa métafora nu ngagunakeun kecap panyambung babandingan „ibarat‟ pikeun ngupamakeun pabanding nu disamunikeun dina pangbanding „kana semur jéngkol‟. Sedengkeun ungkara „maot kamerekaan‟ mibanda harti konotatif nandangan lara tunggara ku hal nu kaleuleuwihi. teu ngagunakeun kecap panyambung babandingan. nu atos-atos ge maot kamerekaan hehehe.125 (10) Ari urang Sunda di Purwakarta araraya? Kade ah bilih kakeueum ku buah beukah. Jadi. nu atos-atos gé maot kamerekaan.

Ungkara rék hideung. bodas. hal. héjo. konéng…‟. beureum. bodas. Dilalab ngandung harti dijieun lalab. koneng. beureum. (12) Rek hideung. nyaéta rék hideung. héjo. beureum. Pabanding dina éta ungkara nyaéta „dilalab‟. Hideung. bodas. konéng…‟ nganteurkeun motif dina pabanding „dilalab‟... Nu nyampak dina éta ungkara métaforis ukur pangbanding „hideung. boh positif boh négatif. héjo. bodas. Ungkara dilalab ku aing mangrupa métafora langsung nu teu ngagunakeun kecap panyambung babandingan jeung motifna nyamuni. Motif dina pabanding „hideung. bisa atahna bisa ogé diseupan atawa dikulub heula. beureum. . Tina éta hal.. nalika dihijikeun bisa dima‟naan salaku kajadian. ungkara métaforis „dilalab ku aing!!!‟ bisa dima‟naan „rék disanghareupan‟. jeung konéng téh mangrupa sesebutan pikeun warna. bodas. beureum. najan geus dimaphum jeung kaalaman balukarna téh. héjo. konéng… mangrupa métafora langsung nu teu ngagunakeun kecap panyambung babandingan. bodas. bodas. sarta motif jeung pabandingna disumputkeun atawa nyamuni.126 geus karuhan goréng jeung matak ngabarubahkeun atawa nyilakakeun. Lalab mangrupa ngaran kadaharan tina dangdaunan. atawa aspék-aspék kahirupan nu réa rupana. héjo. hejo. sedengkeun sacara konotatif bisa dima‟naan salaku „disanghareupan‟. konéng… jeung dilalab ku aing!!!. Kecap dilalab nyoko kana kecap asal labab dirarangkénan hareup di-. tetep dilakukeun atawa disungsi. sedengkeun pangbandingna aya dina ungkara saméméhna nyaéta hal nu ‟hideung. beureum. bodas. konéng‟.. dilalab ku aing!!!! Aya dua ungkara métaforis dina téks (12). héjo. beureum.

Jadi. tawekal.. konéng… jeung dilalab ku aing!!! upama dihijikeun bisa dima‟naan yén sagala rupa pasualan téh baris atawa bisa disanghareupan kalawan teuneung. (14) Ka Garut. pabanding jeung motifna disamunikeun. (13) Ngarayap bari melak. rikrik gemi dina ngajalanan kahirupan sangkan hasilna kaala dina mangsa nu baris datang. Mipit kagandrung nu teu kungsi lawung. sarta motifna disamunikeun. kalawan teu ngagunakeun kecap panyambung babandingan. sedengkeun dina harti konotatif patali jeung ungkara métaforis mibanda ma‟na „sabar. teu ngagunakeun kecap panyambung babandingan. Ungkara métaforis (13) ngarayap bari melak. mangrupa métafora langsung. sedengkeun ungkara „nu teu kungsi lawung‟ mbanda harti konotatif „teu kungsi tepung atawa nyampak dina alam nyata‟. Ungkara „kagandrung‟ mianda harti konotatif „jalma atawa hal nu dipikangen‟. Kecap „ngarayap‟ dina harti sabenerna sarua jeung „lalaunan‟. ungkara .127 Ungkara métaforis rék hideung. sedengkeun pangbandingna nyampak dina ungkara „ngarayap bari melak‟. beureum. rikrik gemi‟. ngajalanan‟. Ungkara (14) kagandrung nu teu kungsi lawung mangrupa métafora babandingan langsung pabanding „kagandrung‟ jeung pangbanding „nu teu kungsi lawung‟. Kecap „melak‟ mibanda harti konotatif „ngawangun. héjo. Jadi. bodas. tawekal. ungkara métaforis (13) mibanda ma‟na sabar.

Kecap „ngabebela‟ biasana digunakeun pikeun kaayaan seuneu nu hurungna gedé atawa rongkah. nu ku alatan éta hal nyababkeun rasa panas nu ditimblkeunana karasa pisan. bisa dicindekkeun sawatara hal sakumaha tabél di handap. kalawan motif disamunikeun dina pangbanding. Pabandingna nyaéta kecap „poé‟. kuring rék ngendagkeun hujan peuting ieu... Tina pedaran perkara ma‟na métaforis téks laku basa dina rohang status facebook di luhur. nepi ka ungkara „poé nu ngabebela‟ ngandung harti „poé nu keur meujeuhna atawa aya dina kaayaan panas mentrang-mentrang‟. sangkan pepetétan ligar nandasa ingetan. hangit hawa ngadéséh hambalan méga-méga. Ma‟na „nu ngabebela‟ dina ungkara métaforis (15) téh nyaéta „nu panasna pisan‟. (15) Mangréwu langit geus ditirun ku poé nu ngebebela. .128 métaforis (14) mibanda ma‟na hal atawa jalma nu dipikangen teu kungsi nyampak dina alam nyata. pangbandingna „nu ngabebela‟. Ungkara métaforis (15) poé nu ngabebela mangrupa metafora babandingan teu langsung nu teu ngagunakeun kecap panyambung babandingan.

11 Aspék Métaforis Teks Laku Basa dina Rohang Status Facebook No. Tina aspék pangbandingna. Pangbanding a) Barang b) Pagawéan c) Sifat III. Kecap panyambung babandingan digunakeun dina 4 téks (26.129 Tabél 4. jeung kecap panyambung babandingan. Panyambung Babandingan a) Aya b) Teu aya f 11 4 11 2 2 0 15 4 11 % 73. pabanding.3 0 100 26. 11 téks (73.4%) aspék pabandingna kauni. séwangséwang 2 téks (13.6%) nyamuni.11.3 13.6%).6 73. Motif a) Kauini b) Nyamuni IV.4%) ngagunakeun pangbanding barang. 4 téks (26. Aspék Métaforis I. Aspék motif dina 15 téks (100%) disamunikeun. ungkara-ungkara métaforis téks laku basa dina rohang status facebook téh mibanda ma‟na nu bisa disungsi ngaliwatan niténan pangbanding.4%) teu ngagunakeun kecap panyambung babandingan. . sedengkeun 11 téks (73.4 Dumasar tabél 4. 11 téks (73.6 73. motif.4 13.4 26.3%) ngagunakeun pangbanding pagawéan jeung sifat. Pabanding a) Kauni b) Nyamuni II.

kahayang. sindir-sampir. nyaéta fungsi basa pikeun nepikeun hiji hal sakumaha nu dirépréséntasikeun ku panyaturna. parasaan. artikel. jeung adat-istiadat (SARA). Rohang status facebook bisa digunakeun pikeun nepikeun rupa-rupa pasualan. Kontéks wacana anu mangrupa ciri-ciri alam luareun basa (lingkungan non-linguistik) waktu komunikasi. eusi status facebook téh éstu teu kawatesanan. nu ngarojong kana prosés ngama‟naan omongan atawa wacana. jeung udagan atawa sasaran pamiarsana. angen-angen. agama. dina wangun ramatloka média sosial (jaringan sosial. lalayang.130 4. Basa bisa digunakeun pikeun nepikeun idé. Salasahiji médium nu kiwari dimangpaatkeun minangka sarana komunikasi ngagunakeun basa nyaéta internét. jeung pangalaman. Sok sanajan aya watesan-watesan anu tangtu minangka étika anu lumaku universal –biasana watesan perkara suku.7 Pedaran Hasil Panalungtikan Basa minangka pakakas komunikasi mibanda peran nu penting dina kagiatan interaksi manusa. kahayang. sawangan. kritik. enggoning ngawangun pikiran nu bisa silipangaruhan ngaliwatan rupa-rupa médium. ngawujud dina situasi kawacanaan . ras. Téks vérbal basa Sunda dina rohang status facebook miboga fungsi idéasional. sawangan. social nétwork) facebook. jeung salian ti éta. Wujud nyata fungsi basa salaku pakakas komunikasi dina facebook digunakeun dina nuliskeun rupa-rupa hal dina rohang status nu mangrupa bagian tina fasilitas news feed jeung mini feed. banyol. Médium basa anu digunakeun ogé teu kawatesanan. sakur anu miboga akun facebook bisa nepikeun rupa-rupa pasualan dina rohang statusna. émosi. gumantung kana kamampuh. mangrupa béwara. Hartina.

sarta 5) rasa jeung nada. Panyatur jeung pamiarsa téh di antarana bisa béda-béda kaayan warugana. Demi masarakat modéren mah mangrupa masarakat basa nu kaétang terbuka. sanajan teu pati lega pamakéanana. Ragam basa loma leuwih réa digunakeun ku panyatur pikeun nuliskeun téks statusna ti batan basa lemes. Kontéks nu maké basa dina rohang status facebook téh ngalibetkeun saha nu nyarita (panyatur) atawa nu nulis (panulis) jeung saha nu diajak nyarita (pamiarsa) atawa nu maca (pamaca). Éta hal bisa némbongkeun yén dina pajaman kiwari panyatur facebook kaasup kana masarakat modéren anu muka dirina sacara sosial jeung kultural. Undak usuk basa dipikawanoh dina kahirupan masarakat Sunda mangrupa warisan ti Mataram nu kungsi ngéréh tatar Sunda. Kontéks laku basa dina rohang status facebook dianalisis dumasar kana aspék: 1) undak usuk basa. Dina kamekaranana. jeung lemes. UUBS tetep digunakeun ku sawatara masarakat Sunda. loma. awéwé. nu maké basa téh bisa lalaki.131 nu raket patalina jeung laku basa. Panta-panta UUBS nu kiwari sok disebut ogé tatakrama basa ngawengku basa kasar. . Tina kaayaan warugana. Ragam basa loma téh némbongkeun basa nu sarua atawa satata. 3) nu dicaritakeun. waktu. dina ngagunakeun basa téh leuwih nyoko kana rupaning variasi dina basa anu sarua atawa satata. undak usuk basa Sunda (UUBS) ngalaman sawatara parobahan patali jeung pantapantana. 4) kasang tukang tempat. 2) nu maké basa. Kiwari. jeung suasana. Kontéks undak usuk atawa tatakrama basa nu digunakeun dina téks laku basa dina rohang status facebook ngawengku dua ragam basa loma jeung lemes.

masualkeun rupa-rupa hal dina wengkuan tradisi kayaning adat kabiasaan masarakat Sunda.. barang. bisa mangrupa jalma. basa. Facebook mekar salasahijina jadi sarana pikeun nepikeun kritik perkara rupa-rupa pasualan. sistem kapercayaan. Nurutkeun Holmes (1995). sastra. dibandingkeun jeung lalaki. Objék nu dicaritakeun téh jadi galeuh atawa jejer omongan. pakakas. pakasaban. Salian ti éta. 15 téks laku basa dina rohang status facebook dina ieu panalungtikan dipedalkeun ku panyatur lalaki. Ditilik tina ngaran-ngaran dina profilna. Kontéks nu patali jeung aspék nu dicaritakeun nu kapaluruh dina laku basa dina rohang status facebook . Éta hal téh bisa mangrupa: 1) pasualan nu sipatna tradisional. 2) pasualan nu sipatna modérn. atawa kajadian. umumna basa nu digunakeun ku wanoja mindeng némbongkeun ciri kasopanan nu leuwih positif ti batan basa nu digunakeun ku lalaki. Sabenerna kaitung réa panyatur awéwé nu medalkeun téks dina status facebook. jsté. sawangan hirup. ajén-inajén kasundaan. dina prakna komunikasi téh panyatur wanoja mah umumna leuwih nekenkeun kana tinimbangan parasaan pamiarsa nu jadi lawan nyaritana. seni. kaayaan.132 malah bisa ogé banci. Dina nepikeun kritik téh remen digunakeun ungkara basa nu némbongkeun ciri kasopanan négatif. masualkeun rupa-rupa hal dina wengkuan alam atawa kahirupan modérn. Gerakan-gerakan nu diwangun dina facebook dijadikeun sarana oposisi kana kawijakan-kawijakan pamaréntah atawa hal-hal nu dianggap leupas tina prinsip kaadilan sosial. Lumangsungna komunikasi basa antara panyatur jeung pamiarsa téh museur kana objék nu dicaritakeun.

Jawa Barat) katitén tina digunakeuanana ungkara-ungkara saperti Garut . seni tradisi. kontéks nu dicaritakeun téh patali ogé jeung latar situasi nu jadi “panggung” eusining pasualan nu dicaritakeun. boh dina kontéks lokal. ruang jeung waktu. bisa mangrupa dongéng. olah raga (perkara wasit sepakbola). Kasng tukang lokal (Sunda. hujan. Alam nyata nu dicaritakeun téh katitén tina eusi jejer pasualan nu nyaritakeun kahirupan sapopoé di lingkungan diri jeung sabudeureunana. gelar tina angen-angen perkara asih. nusantara. Kontéks nu dicaritakeun patali jeung latar situasina nu kapaluruh dina laku basa dina rohang status facebook jolna tina alam nyata jeung alam hayalan Situasi alam nyata mangrupa situasi riil aya dikieuna. usum halodo. mitos. kayaning pasalia paham (pacéngkadan papada manusa atawa sistem). Sedengkeun alam hayalan nu dijadikeun kontéks eusi jejer pasualan. kapamingpinan. kaasih. hukum (perkara korupsi hakim). Ieu hal némbongkeun yén ikon-ikon budaya jeung pasualan dina kahirupan modérn mangrupa jejer nu leuwih réa disanghareupan ku panyatur dina kahirupan sapopoéna. jeung global. Salian ti éta. Kontéks nu patali jeung aspék kasang tukang tempat dina laku basa dina rohang status facebook némbongkeun kasang tukang sosial kamasarakatan jeung unsur-unsur budaya lokal. Kotéks dumasar kasang tukang tempat téh mangrupa kontéks lingkup kabudayaan dina kasang tukang sosial kamasarakatan nu ditémbongkeun atawa nu dicaritakeun. jeung harta. boh global. sedengkeun situasi alam hayalan mangrupa situasi nu teu nyampak dina réalitas. pangalaman.133 némbongkeun atawa masualkeun kontéks tradisi lokal jeung kahirupan modéren. nusantara. atawa angen-angen.

boh jeroeun dirina boh luareun dirina. sedih. Indonésia. naon-naon hal anu ditémbongkeun téh lumaku umum atawa geus lumrah aya dina kasang tukang kahirupan masarakat dunya. Rasa jeung nada sipatna subjéktif sabab dipangaruhan ku pribadi panyaturna. Kasang tukang nusantara aya ku digunakeunana istilah LSI (Liga Super Indonésia. kompetisi sepakbola di Indonésia). bisa jadi geus kawengku dina kasang tukang global. Sedengkeun nada mangrupa sikep panyatur ka pamiarsana. Cirebon. Nada téks laku basa dina rohang status facebook nyaéta sinis. teu pantes. Rasa sedih bisa ogé disebut salaku nalangsa atawa ngenes. Rasa nu aya dina téks laku basa dina rohang status facebook nyaéta rasa keuheul. Rasa yakin mangrupa sikep nyaho bener. Dina téks laku basa dina rohang status facebook. kesel. jéngkél. Tina ieu hal. Sedengkeun Rasa ningnang mangrupa représéntasi tina kaayaan nu teu surup. Purwakarta. nada sinis aya . jeung ningnang. Téks nu teu sacara husus némbongkeun kasang tukang lokal atawa nusantara. hakim. pantun. toléat. Sunda. Rasa mangrupa sikep panyatur kana jejer atawa objék nu keur dicaritakeun. reueus. kana rupa-rupa pasualan. sérén taun. yakin. dianggap némbongkeun kasang tukang global. jeung Bandung. jeung nyungkun. atawa janggal. bisa disebutkeun yén rupa-rupa pasualan dina rohang status facebook nu diréspon atawa ditepikeun ku panyaturna téh karéréanana mangrupa pasualanpasualan nu gelar dina kasang tukang budaya jeung kahirupan masarakat dunya. jaipong. Kasang tukang nu némbongkeun unsur-unsur budaya luar nagri sacara husus mah teu kapaluruh. Rasa keuheul mangrupa sikep panyatur nu pusing.134 sintrén. jsté.

pikeun ngayakinkeun atawa mekarkeun kayakinan papada jalma ka lingkungan masarakatna. nepi ka hiji jalma mampuh ngungkapkeun parasanana dina kanyataan. jeung paripolah. Sedengkeun fungsi laku basa dina rohang status facebook dianalisis kalawan didadasaran ku fungsi komunikasi. jeung 4) fungsi kayakinan. 3) fungsi éstetik. nepi ka fungsi laku basa téh bisa ngawengku: 1) fungsi informatif. Wanda laku basa dina rohang status facebook dianalisis dumasar kana interséksi wanda laku basa nurutkeun Wijana jeung Rohmadi (2010) nu ngawengku 1) laku basa langsung literal. Nada reueus aya patalina jeung rasa yakin. Salian ti bisa madeg mandiri. 4) laku basa komisif. ngundakkeun pangaweruh. idé. atawa sawangan. 2) laku basa diréktif. . kritik. boh luyu jeung sikep sarta ajén dirina boh henteu. pikeun nyiptakeun tujuan-tujuan nu sipatna kreatif. nambahan wawasan. ngarobah sikep. ngatik. unggal fungsi bisa pagalo ngawangun fungsi gabungan atawa interséksi. pikeun méré wawaran. Warna laku basa dina rohang status facebook dianalisis dumasar kana warna laku basa nurutkeun Searle (1975) nu ngawengku 1) laku basa répréséntatif.135 patalina jeung rasa keuheul katut ningnang. 2) laku basa langsung teu literal. Sedengkeun nada nyungkun aya patalina jeung rasa sedih. pamikiran. hiburan. jeung 4) laku basa teu langsug teu literal. jeung 5) laku basa déklaratif. laku lampah. ngarobah sawangan. pikeun ngagerakkeun atawa mangaruhan jalma nu bisa narima idéidé nu ditepikeun. nepikeun pamikiran. ngarobah masarakat. atawa opini. 3) laku basa teu langsung literal. 2) fungsi manipulatif. 3) laku basa éksprésif.

teu kasengker ku palanggeran éditorial sakumaha dina wangun média massa lianna kayaning koran. jeung komisif. atawa radio. nyaéta laku basa répréséntatif. nyaéta laku basa langsung teu literal jeung laku basa teu langsung teu literal. . Tina opat wanda laku basa nu mangrupa interséksi téh ukur dua wanda laku basa digunakeun dina rohang status facebook. Jejer pasualan nu langsung jeung teu langsung téh ditepikeun ngaliwatan ungkara basa nu teu literal. jeung organisasi sosial. Éta hal bisa jadi alatan béh dieuna. majalah. Kiwari réa anggota facebook ngamangpaatkeun rohang status pikeun nyusun gerakan-gerakan atawa oganisasi alumni. Sedengkeun laku basa déklaratif mah teu kapaluruh. Laku basa langsung literal jeung teu langsung literal mah teu kapaluruh. rohang status facebook réa dimangpaatkeun pikeun tujuan-tujuan nu leuwih lega tina saukur nuliskeun kagiatan sapopoé. Kritik nu ditepikeun dina rohang status facebook kaitung bébas. gerakan-gerakan nu diwangun dijadikeun sarana oposisi kana kawijakan-kawijakan pamaréntah atawa hal-hal nu dianggap leupas tina prinsip kaadilan sosial. televisi. Kagiatan oposisi téh diwujudkeunana réa dina kritik. Jejer pasualan nu dicaritakeun dina status facebook aya nu ditétélakeun sacara langsung (kauni) jeung aya ogé nu teu langsung (nyamuni). Laku basa éksprésif mangrupa laku basa nu pangréana digunakeun dina téks rohang status facebook.136 Dumasar hasil analisis. kalangenan. éksprésif. diréktif. Salian ti ngudag tujuan kalangenan. Kekecapan nu digunakeun miboga ma‟na nu konotatif. tina lima warna laku basa téh ukur opat nu kapaluruh digunakeun dina téks vérbal laku basa dina rohang status facebook.

atawa pamikiranana. tanda anu sacara literer geus mibanda ma‟na (référénsi) pikeun némbongkeun hal anu dipimaksud sacara dénotatif (référén). Bisa jadi kritik nu ditepikeun téh sipatn subjéktif. Ma‟na-ma‟na abstrak diciptakeun jeung dipaké ku manusa dina wangun sistem tanda atawa simbol. tur mibanda fungsi gabungan nu ngawengku fungsi informatif-manipulatif. Éta hal luyu jeung warna laku basana nu réréana mangrupa kritik. gelar ma‟na anu . Dina kontéks basa. manusa ngawangun komunikasi lain saukur pikeun ngungkulan pasualan pragmatis sapopoé. digunakeun dina sistem simbol lianna anu ngagelarkeun konsép analogi atawa babandingan. informatif-éstétik. laku basa dina rohang status facebook mibanda fungsi madeg mandiri nu ngawengku fungsi informatif.137 Patali jeung fungsina. salasahiji kamampuh nu dipibanda ku manusa téh di antarana nyusun atawa nyieun babandingan. Ngaliwatan sistem simbol. manipulatif. ngarobah sikep. atawa opini. Fungsi manipulatif téh pikeun ngagerakkeun atawa mangaruhan jalma nu bisa narima idé-idé nu ditepikeun. kritik. ngarobah sawangan. Fungsi laku basa dina rohang status facebook réréana mangrupa fungsi manipulatif. laku lampah. jeung kayakinan. pamikiran. Ngaliwatan babandingan. ngarobah masarakat. jeung informatif-kayakinan. sawanganana. Kritik ditepikeun biasana sangkan pihak nu dikritik ngarobah sikepna. tapi aya ma‟na lianna anu némbongkeun sistem ajén-inajén jeung sawangan hirupna. boh luyu jeung sikep sarta ajén dirina boh henteu. Métafora mangrupa salasahiji cara nepikeun ma‟na ngaliwatan simbol-simbol. Salaku animal symbolicum. jeung paripolah.

pangbanding. aspék pabanding jeung motif nu nyamuni téh bisa ditétélakeun dina dua hal. sarua jeung. panyaturna napak kénéh dina kasadaran kana ajén-inajén nu nyampak dina norma sosial jeung hukum. bisa mangrupa barang. tujuanana bisa jadi pikeun ngajaga parasaan pamiarsa nu disasarna. sanajan téks status dina facebook teu kasengker ku palanggeran nu tangtu. bisa ogé sipat. perlu pisan simbol-simbol dina téks anu digunakeunana dina rohang status facebook téh dima‟naan. nu dibandingkeun jeung pangbandingna. jeung sifat. Sedengkeun dumasar norma . sedengkeun aspék motifna kabéh nyamuni. Pon kitu deui aspék pangbandingna. Patali jeung fungsina salaku kritik. Ungkara-ungkara métaforis téks laku basa dina rohang status facebook téh mibanda ma‟na nu bisa disungsi ngaliwatan niténan pabanding. Sangkan komunikasi ngaliwatan rohang status facebook bisa lumangsung kalawan hadé jeung teu matak ngabalukarkeun gelarna pasualan-pasualan anu sipatna négatif. pagawéan. motif. aspék pangbandingna mah kabéh kauni. nyingkahan pacogrégan. aspék pabanding aya nu kauni aya ogé nu nyamuni. jeung kecap panyambung babandinganana. jeung nyingkahan pitenah. Babandingan antara pabanding jeung pangbanding téh ngawujud dina motif. atawa jiga. Dumasar norma sosial. Pabanding wujudna bisa barang. Dina téks laku basa dina rohang status facebook. Kahiji. ibarat. Pabanding mangrupa hal atawa objék. bisa barang bisa sipat.138 leuwih jembar atawa ma‟na anyar tina unggal lambang sora omongan patali jeung hal atawa barang anu dipimaksudna. Aya kalana dibantuan ku digunakeunana kecap panyambun babandingan lir.

Panyatur nu napak kénéh dina ajén-inajén dumasar norma sosial jeung hukum dina nepikeun kritikna ngajadieun naon-naon hal nu ditepikeunana teu ngawujud jadi prasangka sosial. pesen nu hayang ditepikeun téh aya kalana nyamuni. sok sanajan bisa jadi panyaturna sorangan teu sadar geus ngalakukeun polah sarupa kitu.139 hukum. . Kadua. Patali jeung éta hal. jeung fungsi laku basana sorangan. warna. ngabalukarkeun naon-naon hal nu dicaritakeun dina rohang status bisa nyebar kalawan samakta jeung gancang. wanda. panyatur bisa jadi nyepeng asas praduga tak bersalah. Sipat facebook nu mangrupa viral marketing. patali tur dipangaruhan ku kontéks. ma‟na ungkara-ungkara métaforis téks laku basa dina rohang status facebook.

7%). sedengkeun ragam basa lemes digunakeun dina 2 téks (13.3%). dina ngagunakeun basa téh leuwih nyoko kana rupaning variasi dina basa anu sarua atawa satata. Éta hal bisa némbongkeun yén dina pajaman kiwari panyatur facebook kaasup kana masarakat modéren anu muka dirina sacara sosial jeung kultural. Panyatur jeung pamiarsa téh di antarana bisa béda-béda kaayan warugana. Demi masarakat modéren mah mangrupa masarakat basa nu kaétang terbuka. bisa dicindekkeun sawatara hal sakumaha ieu di handap. nu 140 . Ragam basa loma digunakeun dina 13 téks (86.BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5. sarta ma’na métaforis téks laku basa dina rohang facebook sakumaha dipedar dina bab IV. 1) Kontéks laku basa dina rohang status facebook ngawengku: a. b. warna.1 Kacindekan Tina hasil analisis patali jeung kontéks. jeung fungsi laku basa. Ragam basa loma leuwih réa digunakeun ku panyatur pikeun nuliskeun téks statusna ti batan basa lemes. Ragam basa loma téh némbongkeun basa nu sarua atawa satata. Kontéks undak usuk atawa tatakrama basa nu digunakeun dina téks laku basa dina rohang status facebook ngawengku dua ragam basa loma jeung lemes. Kontéks nu maké basa dina rohang status facebook téh ngalibetkeun saha nu nyarita (panyatur) atawa nu nulis (panulis) jeung saha nu diajak nyarita (pamiarsa) atawa nu maca (pamaca). wanda. Tina kaayaan warugana.

jeung 2) alam hayalan. dina prakna komunikasi téh panyatur wanoja mah umumna leuwih nekenkeun kana tinimbangan parasaan pamiarsa nu jadi lawan nyaritana. Ieu hal némbongkeun yén ikon-ikon budaya jeung pasualan dina kahirupan modérn mangrupa jejer nu leuwih réa disanghareupan ku panyatur dina kahirupan sapopoéna. Dina nepikeun kritik téh remen digunakeun ungkara basa nu némbongkeun ciri kasopanan négatif. nu mangrupa situasi nu teu nyampak dina réalitas. kontéks nu dicaritakeun téh patali ogé jeung latar situasi nu jadi “panggung” eusining pasualan nu dicaritakeun. 12 téks (80. Salian ti éta. sedengkeun sésana. katégorina bisa mangrupa: 1) alam nyata.141 maké basa téh bisa lalaki. nu mangrupa situasi riil aya dikieuna. bisa mangrupa dongéng. Sedengkeun umumna basa nu digunakeun ku wanoja mindeng némbongkeun ciri kasopanan nu leuwih positif ti batan basa nu digunakeun ku lalaki. malah bisa ogé banci.0%) masualkeun jejer nu mangrupa kahirupan modéren. Facebook mekar salasahijina jadi sarana pikeun nepikeun kritik perkara rupa-rupa pasualan. awéwé. Gerakangerakan nu diwangun dina facebook dijadikeun sarana oposisi kana kawijakan-kawijakan pamaréntah atawa hal-hal nu dianggap leupas tina prinsip kaadilan sosial. atawa . Salian ti éta. Ditilik tina ngaranngaran dina profilna. c. Kontéks nu patali jeung aspék nu dicaritakeun nu kapaluruh dina laku basa dina rohang status facebook némbongkeun atawa masualkeun kontéks tradisi lokal. dibandingkeun jeung lalaki. 15 téks laku basa dina rohang status facebook dina ieu panalungtikan dipedalkeun ku panyatur lalaki. mitos.

ruang jeung waktu. sérén taun.7%). ku digunakeunana istilah LSI (Liga Super Indonésia. 75. kapamingpinan. Sedengkeun alam hayalan nu dijadikeun kontéks eusi jejer pasualan. ari nu jolna tina situasi alam hayalan mah ukur 1 téks (6. seni tradisi. kayaning pasalia paham (pacéngkadan papada manusa atawa sistem). . saperti Garut sintrén. jeung harta. gelar tina angen-angen perkara asih. jaipong. pantun. Jawa Barat). pangalaman.3%) nu teu sacara husus némbongkeun kasang tukang lokal atawa nusantara. Purwakarta.142 angen-angen. nusantara. Kasang tukang nu némbongkeun unsur-unsur budaya luar nagri sacara husus mah teu kapaluruh. dianggap némbongkeun kasang tukang global. Kasang tukang nusantara aya dina 3 téks (20. d. Cirebon. bisa jadi geus kawengku dina kasang tukang global. Kontéks nu dicaritakeun patali jeung latar situasina nu kapaluruh dina laku basa dina rohang status facebook jolna tina situasi alam nyata (14 téks. Sunda. boh dina kontéks lokal. jeung Bandung. 8 téks (53.0%). Alam nyata nu dicaritakeun téh katitén tina eusi jejer pasualan nu nyaritakeun kahirupan sapopoé di lingkungan diri jeung sabudeureunana. boh global. Indonésia. kompetisi sepakbola di Indonésia). kaasih. olah raga (perkara wasit sepakbola). hukum (perkara korupsi hakim). toléat. Kontéks nu patali jeung aspék kasang tukang tempat nu kapaluruh dina laku basa dina rohang status facebook némbongkeun kasang tukang sosial kamasarakatan jeung unsur-unsur budaya lokal (Sunda. hakim. usum halodo. hujan. naon-naon hal anu ditémbongkeun téh lumaku umum atawa geus lumrah aya dina kasang tukang kahirupan masarakat dunya.9%).

7%). jeung 4 téks (26. Rasa yakin mangrupa sikep nyaho bener. kesel. yain.7%) mangrupa laku basa komisif. sedengkeun laku basa déklaratif mah teu kapaluruh. jéngkél.7%) mangrupa laku basa diréktif. jsté. séwang-séwang aya dina opat téks (26. 7 téks (46. jeung ningnang. bisa disebutkeun yén rupa-rupa pasualan dina rohang status facebook nu diréspon atawa ditepikeun ku panyaturna téh karéréanana mangrupa pasualan-pasualan nu gelar dina kasang tukang budaya jeung kahirupan masarakat dunya. Nada reueus jeung nyungkun séwang-séwang aya opat téks (26. atawa janggal. Nada téks laku basa dina rohang status facebook nyaéta sinis.7%). e. nada sinis aya patalina jeung rasa keuheul katut ningnang. sedengkeun rasa ningnang aya dina tilu téks (20%). sésana 7 téks (46. Sedengkeun nada nyungkun aya patalina jeung rasa sedih. yakin. Rasa keheul. Rasa nu aya dina téks laku basa dina rohang status facebook nyaéta rasa keuheul. 2) Tina lima warna laku basa téh ukur opat nu kapaluruh digunakeun dina téks vérbal laku basa dina rohang status facebook. Rasa sedih bisa ogé disebut salaku nalangsa atawa ngenes. jeung nyungkun. kana rupa-rupa pasualan. Nada reueus aya patalina jeung rasa yakin.6%) nadana sinis. Sedengkeun Rasa ningnang mangrupa représéntasi tina kaayaan nu teu surup. jeung sedih. Dina téks laku basa dina rohang status facebook. 1 téks (6. reueus.143 Tina ieu hal. teu pantes. Aya 3 téks (20. sedih.0%) nu mangrupa laku basa répréséntatif. Laku basa . Rasa keuheul mangrupa sikep panyatur nu pusing. boh jeroeun dirina boh luareun dirina.6%) mangrupa laku basa éksprésif.

nyaéta laku basa langsung teu literal jeung laku basa teu langsung teu literal. Kekecapan nu digunakeun miboga ma’na nu konotatif. 4) Patali jeung fungsina. Aya 6 téks (40%) mangrupa laku basa langsung teu literal. gerakan-gerakan nu diwangun dijadikeun sarana oposisi kana kawijakankawijakan pamaréntah atawa hal-hal nu dianggap leupas tina prinsip kaadilan sosial. Éta hal bisa jadi alatan béh dieuna. Jejer pasualan nu dicaritakeun dina status facebook aya nu ditétélakeun sacara langsung (kauni) jeung aya ogé nu teu langsung (nyamuni). jeung organisasi sosial. kalangenan. teu kasengker ku palanggeran éditorial sakumaha dina wangun média massa lianna kayaning koran. atawa radio. Kritik nu ditepikeun dina rohang status facebook kaitung bébas. televisi. manipulatif. Salian ti ngudag tujuan kalangenan. Jejer pasualan nu langsung jeung teu langsung téh ditepikeun ngaliwatan ungkara basa nu teu literal. 3) Tina opat wanda laku basa nu mangrupa interséksi téh ukur dua wanda laku basa nu kapaluruh dina rohang status facebook. jeung kayakinan. majalah.144 éksprésif mangrupa laku basa nu pangréana kapaluruh digunakeun dina téks rohang status facebook. laku basa dina rohang status facebook mibanda fungsi madeg mandiri nu ngawengku fungsi informatif. Kiwari réa anggota facebook ngamangpaatkeun rohang status pikeun nyusun gerakan-gerakan atawa oganisasi alumni. sedengkeun nu mangrupa laku basa teu langsung teu literal aya 9 téks (60%). . rohang status facebook réa dimangpaatkeun pikeun tujuan-tujuan nu leuwih lega tina saukur nuliskeun kagiatan sapopoé. Kagiatan oposisi téh diwujudkeunana réa dina kritik.

145 tur mibanda fungsi gabungan nu ngawengku fungsi informatif-manipulatif.6%) nyamuni. Fungsi laku basa dina rohang status facebook réréana mangrupa fungsi manipulatif. Tina aspék pangbandingna.7%) mangrupa laku basa nu mibanda fungsi informatif. Éta hal luyu jeung warna laku basana nu réréana mangrupa kritik. sawanganana. Fungsi manipulatif téh pikeun ngagerakkeun atawa mangaruhan jalma nu bisa narima idé-idé nu ditepikeun. ngarobah sawangan. atawa pamikiranana. Kritik ditepikeun biasana sangkan pihak nu dikritik ngarobah sikepna. laku lampah. 11 téks (73. Aya 1 téks (6. pamikiran. atawa opini. 4 téks (26. 11 . Tina sakumna téks nu dianalisis. informatif-éstétik. boh luyu jeung sikep sarta ajén dirina boh henteu. perlu pisan simbol-simbol dina téks anu digunakeunana dina rohang status facebook téh dima’naan. 2 téks (13. 5) Sangkan komunikasi ngaliwatan rohang status facebook bisa lumangsung kalawan hadé jeung teu matak ngabalukarkeun gelarna pasualan-pasualan anu sipatna négatif. ngarobah sikep. motif.0%) mibanda fungsi gabungan informatif-manipulatif.7%) mibanda fungsi gabungan informatif-kayakinan. Ungkara-ungkara métaforis dina téks laku basa dina rohang status facebook téh mibanda ma’na nu bisa disungsi ngaliwatan niténan pabanding. jeung informatif-kayakinan. Laku basa nu mibanda fungsi éstétik sacara mandiri mah teu kapaluruh. kritik. jeung kecap panyambung babandingan. jeung paripolah. 3 téks (20. sarta 1 téks (6.3%) mibanda fungsi gabungan informatif-éstétik. Bisa jadi kritik nu ditepikeun téh sipatna subjéktif. ngarobah masarakat. 2 téks (13. 6 téks (40.3%) mibanda fungsi kayakinan.0%) mibanda fungsi manipulatif. pangbanding.4%) aspék pabandingna kauni.

5. jeung fungsi laku basana sorangan. boh tina jihat . ieu panalungtikan didadasarkeun kana sumber data nu kawatesanan.3%) ngagunakeun pangbanding pagawéan jeung sifat. Tujuanana bisa jadi pikeun ngajaga parasaan pamiarsa nu disasarna. nyingkahan pacogrégan. patali tur dipangaruhan ku kontéks. Téks vérbal basa Sunda dina rohang status facebook saéstuna kawilang réa pisan. Patali jeung fungsina salaku kritik. ngan baé dina ieu panalungtikan mah data nu dikumpulkeun tur dianalisis téh ukur téks nu ditulis dina dangka waktu sabulan. kawilang hadé saupama data nu digunakeun téh leuwih réa jumlahna. Kecap panyambung babandingan digunakeun dina 4 téks (26.4%) teu ngagunakeun kecap panyambung babandingan. Aspék motif dina 15 téks (100%) disamunikeun. sedengkeun 11 téks (73. sok sanajan bisa jadi panyaturna sorangan teu sadar geus ngalakukeun polah sarupa kitu. Kadua. Sangkan hasil panalungtikan lianna nu sarupa jeung ieu panalungtikan leuwih jembar. jeung nyingkahan pitenah. Patali jeung éta hal. séwang-séwang 2 téks (13. Kahiji.6%). aspék pabanding jeung motif nu nyamuni téh bisa ditétélakeun dina dua hal. pesen nu hayang ditepikeun téh aya kalana nyamuni.2 Saran Sacara métodologi.146 téks (73. sanajan téks status dina facebook teu kasengker ku palanggeran nu tangtu. warna. ma’na ungkaraungkara métaforis téks laku basa dina rohang status facebook. panyaturna napak kénéh dina kasadaran kana ajén-inajén nu nyampak dina norma sosial jeung hukum. wanda.4%) ngagunakeun pangbanding barang.

penting pisan panalungtik nu aya minat ngulik perkara laku basa mekelan dirina ku pangaweruh-pangaweruh dina widang paélmuan sosiologi. Salian ti éta. Basa nu digunakeun ku manusa pikeun komunikasi raket patalina jeung widang-widang paélmuan lianna saluareun paélmuan linguistik. Sacara praktis. ramatloka média sosial téh lain facebook hungkul. ieu panalungtikan saukur nalungtik téks laku basa nu pangpangna ngagunakeun téhnik métaforis dina asosiasi ma’nana. Hadé ogé saupama dipatalikeun jeung pamangpaatanana pikeun bahan pangajaran basa Sunda di sakola. antropologi. utamana blog-blog pribadi. jsté. Hadé ogé saupama dibandingkeun jeung ramatloka umum. Ku éta hal. Hadé saupama panalungtikan lianna perkara laku basa téh salian ti ngamangpaatkeun téks vérbal.147 réspondénna. hadéna ambahan ulikanana dilegaan kalawan ditambahan ku téhnik asosiasi ma’na lianna kayaning téhnik élipsis. pédagogik. jeung sains. Hi5. boh tina jihat jumlah téksna sorangan. MySpace. Bebo. ngamangpaatkeun ogé ungkara-ungkara lisan langsung. Pon kitu deui ditilik tina ambahan ulikanana. komunikasi. ma’na ganda (ambigu). laku basa mangrupa paripolah omongan anu dipaké ku panyatur waktu komunikasi basa. hadé pisan saupama ambahan panalungtikan lianna nu sarupa dilegaan ku ngalibetkeun ramatloka média sosial lianna kayaning twitter. . Nalungtik perkara laku basa tétéla teu cukup ukur dibekelan ku pangaweruh paélmuan linguistik. psikologi. Netlog. jsté. Flicker. sarta nalungtik kumaha babandinganana antara téks vérbal jeung ungkara langsung tina sawatara jihat. Pikeun panalungtikan lianna nu sarupa jeung ieu panalungtikan.

Bandung: Angkasa. 2007. Oxford: Oxford University Press. John R. Ritchie (Éditor). Lynne jeung Graham Low. Jakarta: Pustaka Jaya. J. The Cambridge Handbook of Child Language. Sosiolinguistik: Perkenalan Awal. Austin. Jakarta: PT Rineka Cipta. Aziz. 2010. Redefining Culture: Perspectives Across the Disciplines. Edinburgh: Edinburgh University Press. Jakarta: Rineka Cipta. “Realisasi Tindak Tutur Poyok Ungkal (TTPU) pada Masyarakat Desa Ungkal Kecamatan Conggeang Kabupaten Sumedang”. How To Do Thing With Word. Rudolf. 2006. Oxford: Oxford University Press. Will jeung Andrew Beck. 1999. 2009. Chaér. Aminudin. Bavin. 1962. Pengantar Sosiologi Bahasa. Pengantar Sosiolinguistik. Ali. Alwasilah. 2009. 148 . 2006. Get Set for Communication Studies. Abdul jeung Léonie Agustina. jeung Stephen M. Dordrecht. Baldwin. Bandung: Angkasa. L. Chaer. 1996. Alwasilah. Australia. Metaphor and Analogy in Science Education. Mohamad. 2004. Cameron. Tésis di Monash University. Peter J. A. 1947. jeung George Rodman. Spk. E. Tésis di Sekolah Pascasarjana Univérsitas Pendidikan Indonésia. 2006. Ronald B. Researching and Applying Metaphor.DAFTAR PUSTAKA Adler.. “The Language of Refusals in Sundanese Society: A Workplace Case”. 1993. Belanda: Springer. Aslinda. Alan G.. Penelitian Kependidikan Prosedur dan Strategi. Meaning and Necessity: A Study in Semantics and Modal Logic. Chicago: The University of Chicago Press. New York: Cambridge University Press. Aubusson. Bandung: Refika Aditama. Dadan. Kesantunan Berbahasa. New York: Cambrige University Press. Carnap. Chaédar. Andana. Pokoknya Kualitatif: Dasar-dasar Merancang dan Melakukan Penelitian Kualitatif. (Éditor). Harrison. Barton. 2005. Abdul. 2009. New Jersey: Lawrence Erlbaum Associates Publisher. 1985. Edith L. A. jeung Leni Syafyahya. Chaédar. Understanding Human Communication.

A. USA: Facebook Inc. Analysing Discourse: Textual Analysis for Social Research. Hurford. Yogyakarta: Pustaka Book Publisher. 2009. 2007. Téori Sastra. Jakarta: Pusat Bahasa. Women. Brendan Heasley.Chandler. Teori dan Filsafat Komunikasi. USA: PACT Publishing. Isnéndés. 2002. Sociolinguistics. 2003. Juanita jeung Robert A. Alan. jeung Norman E. 2008. 2006. California: ABC-CLIO Inc.. Facebook Confidential and Proprietary. Metode Analisis Teks dan Wacana: Stefan Titscher. New York: Cambridge University Press. Fraenkell. Language and Gender. Abdul. Hampshire: Palgrave Macmillan. Michael Shaw. Hermeneutika Sastra Barat dan Timur. Daniel. London: Routledge. Inggris: Edinburgh University Press. 2010. jeung Michael B. Semiotics: The Basic. Edinburgh. Fairclough.. New York: Longman. Holmes. Ruth Wodak. 2009. Djojosuroto. Ilmu. 1962. Bandung: JPBD FPBS UPI. Cruse. 2007. Penelope jeung Sally McConneell-Ginet. Semantics: A Coursebook. USA: Routhledge. 2007. 2002. Filsafat Bahasa. Eva Vetter. Smith (Éditor). Norman. How to Design and Evakuate Research in Education (Sixth Edition). Understanding Media Semiotics. Yogyakarta: Pustaka Pelajar Hadi W. Heigham. Jack R. Learning Facebook Application Development. 2007. Men and Politeness. Hasin jeung Mark Alexander Basin. Language and Communication: A Crosscultural Encyclopedia. Danesi. Hayder. Eckert. New York: McGraw-Hill. (Panarjamah). Rétty. 2003. London: Arnold Publisher. New York: Cambridge University Press. Bandung: Citra Aditya Bakti. Wallen. Croker (Éditor). 1995. 2010. Spk. New York. A Glosari of Semantics and Pragmatics. Findlay. 1998. Kinayati. Michael Mayer. Gazali. 2010. Marcel. Facebook Inc. James R. Janet. Hudson. Effendy. 149 . New York: Cambridge University Press.M. Qualitative Research in Applied Lingusistics: A Practical Introduction. Onong Uchyana. R.

London: Pluto Press. Stephen C. Pébruari 2008. Keraf. 2004. Leezenberg. Lieber. Nasution. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate. Rochele. E. 1995. New York: Routhledge. 2002. Kamus Istilah Linguistik. Soeséno.Kartomihardjo. 1984. 1994. 150 . Metaphor We Live By. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan Direktorat Jenderal Pendidikan Tinggi Proyek Pengembangan Lembaga Pendidikan Tenaga Kependidikan. Jakarta: Intermasa. Khairina. 2000. dina Linguistik Indonesia. Zoltan. Semiotik: Mengkaji Tanda dalam Artifak. Edinburgh: Edinburgh University Press. Mesthrie. Morphology and Lexical Semantics. Zoltan. Rajend. Qualitative Data Analysis: A Source Book of New Methods. Susana. 2009. Beverly Hills: SAGE Publication. Sosiolinguistik: Suatu Pengantar. Harimurti. New York: Cambridge University Press. 2008. 2001. Ella.K. 1989. 1992. George jeung Mark Johnson. Bahasa Cermin Kehidupan Masyarakat. 1995.W. Contexts of Metaphor. M.M. New York: Cambridge University Press. Panitia Kamus LBSS. Jan Van. Miles. Massachusetts: The MIT Press. Tentang Sastra. “Metafora dalam Bahasa Mandailing: Persepsi Masyarakat Penuturnya”. No. 2003. Taun ka-26. Diksi dan Gaya Bahasa. 2001. Masinambow. Chicago: The University of Chicago Press. New Essays on Semantic Externalism and SelfKnowledge. P. Lakoff. Pragmatics. Culture. 1980. Huberman. Methapor: A Practical Introduction. 1988. 1991. Levinson. Luxemburg. Oxford: Elsevier Science Ltd. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama. Kridalaksana. Gorys. O’Dwyer. The Rising of The Moon: The Language of Power.J. Spk. Jakarta: Balai Pustaka. Jakarta: Gramedia Kovecses. Nababan. M. Jakarta: Gramedia. Introducing Sociolinguistics (2nd Edition). jeung A. and Body in Human Feeling. 2003. Nuccetelli. New York: Cambridge. Methapor and Emotion: Language. B. jeung Rahayu S. Kovecses. Michiel. Hidayat (éditor). 1.

Yogyakarta: Pustaka Pelajar. Josef. 1977. 1975. 2000. Sastra. 1989. Stern. 3. 1987. 2009. Searle. Vol. Samuél. John R. Morgan. Teori Komunikasi. “Deskripsi Maksud Tuturan Nyungkun dalam Bahasa Sunda Dialek Priangan”. Anatol jeung Stefan Th. Bambang Kaswanti (Éditor). Dwi. 1990. Jakarta: Elex Media Komputindo. Satori.wordpress. Slamet. Etnografi Komunikasi dan Register [Online].com [18 September 2009]. 2001. Massachusetts: MIT Press. 2007. Stefanowitsch.Permana. Santoso. Rakhmat. URL: http://www. Geger Sunten. Yudi. Cole jeung J.ac.dwipur_sastra. Ratna. Yogyakarta: Graha Ilmu. The Rule of Methapor. Metaphor in Context. Djam’an. Santoso. Bandung: Alfabeta. Jakarta: UKI Atma Jaya jeung BPK Gunung Mulia. éditor P. Bandung: Refika Aditama. Berlin: Mouton de Gruyter. Metodologi Penelitian Kualitatif. Sudaryat. Sosiologi Suatu Pengantar. 2000. New York: Academic Prss. Bandung: Remaja Rosdakarya. Diktat Kuliah di JPBD FPBS IKIP Bandung. Purnanto. L. 1997.prasetijo. Drs. “Indirect Speech Acts” dina Syntax and Semantics. Bandung: CV. jeung Aan Komariah. Skripsi di Universitas Gajah Mada Yogyakarta. Microsoft Internet Solution: Menguasai Internet dengan Cepat dan Mudah.uns. 2010. Ricoeur. New York: Cambridge University Press. Edi jeung Mite Setiansah. Purwo. Stilistika: Kajian Puitika Bahasa. Nyoman Kutha. Yayat. Gries (Éditor). Sudaryat. Prasetijo. 151 .staff. 2010. Introducing Semantics. Soerjono. Corpus-Based Approaches to Metaphor and Metonymy. Riemer. Psikologi Komunikasi. 2009. 2006. Énrico Élizar jeung Andhika Rahmayanto. 2009. dan Budaya. Ulikan Sémantik Sunda. 2009. Kajian Serba Linguistik: Untuk Anton Moeliono Pereksa Bahasa. Yayat. Etnisitas [Online]. URL: http://www. Soekanto. 2009.id/2009/06/03/etnografi-komunikasidan-register/ [18 September 2009]. Jakarta: Raja Grafindo Perkasa. Nick. Jalaluddin. New York: Routhledge. Penerapan Psikologi Sosial. Ulikan Linguistik.

Sunarto. Sudaryat. Suwito. Surakarta: Fakultas Sastra Universitas Sebelas Maret. Zoest. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia. Bandung: CV. Facebook for Beginners [Online]. Meaning. Henry Guntur. Discourse and Society. 2010. Metodologi Penelitian Kualitatif. Pengantar Teori dan Manajemen Komunikasi. Sukmadinata. Disertasi Doktor Program Studi Ilmu Seni Rupa dan Desain Institut Teknologi Bandung. Tinjauan Psikologis Komunikasi Antarpribadi. Tata Basa Sunda Kiwari. 2008. Bandung: Remaja Rosdakarya. Jakarta: Kanisius. Sumadi. Tommy. Metode Penelitian Pendidikan. Sudjiman. Gail E. ”Metafora Visual Kartun Editorial pada Surat Kabar Jakarta 1950-1957″. Jeung Kennet Hoskisson.facebook. 1995. Yayat. Language Arts: Content an Teaching Strategies. 2010. Bandung: Alfabeta. 1991. 152 . Ulikan Wacana Basa Sunda. Katheryn A. 2010.woodworth [1 September 2010]. Tompkins. Okke K. URL: http://www. Zaimar. Tim UPI. jeung H. Semiotik dan Penerapannya dalam Karya Sastra. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama. Soiolinguistik: Teori dan Problem. Suryabrata. 2007. Geger Sunten. 2002. Pengajaran Sintaksis. 2009. Jakarta: Intermasa.Sudaryat. Woodworth.com/katheryn. Kualitatif. Metode Penelitian Pendidikan: Pendekatan Kuantitatif. dan R&D. Nana Syaodih. Tarigan. Yayat.S. New York: Macmillan Publishing Company. 1984. 2009. Jakarta: MedPress. 1996. 1983. Teubert. Priyanto. Supratiknya. Psikologi Kepribadian. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah Universitas Pendidikan Indonesia 2010. Fiksi dan Nonfiksi dalam Kajian Semiotik (tarjamahan Manoekmi Sardjoe). 2003. H. Sugiyono. 1991. New York: Cambridge University Press. 2009. Bandung: Yrama Widya. Surakarta: Sebelas Maret University Press. Aart van. Panuti jeung Aart Van Zoest (Éditor). Serba-serbi Semiotika. 2008. Jakarta: Rajagrafindo Persada. Sutopo. 2008. Abud Prawirasumantri. Karna Yudibrata. Wolfgang. Jakarta: Pusat Bahasa. Bandung: Angkasa. Suprapto.

upcr adat. Dian Hendrayana II Ka Garut. Kuduna lain urg Cirebon bae nu genjolng teh! Belegug kabina-bina ceuk Emang mah nu ngomong kitu teh!" Aditia Gunawan Lamun hakim di nagara urang jiga hakim garis dina LSI. Mipit kagandrung nu teu kungsi lawung Hadi Aks "Ngukur seni tradisi ku agama mah sarua jeung make kolor dina sirah atuh!" ceuk Mang Ohim tukang toleat ngutruk. ayn pamajikanana nyebut sintren musrik. bodas... gawaaat. Kelly Ardiana Samagaha pikir .. beureum.. Mlh lain sintren bae.. koneng. Pok deui "Ku teu euih-euih.. seren taun. Nya heueuh ath. pantun. mikirrr!!! Dede Kosasih Ujung-ujungna mah back to besek! Derus Jampang Rek hideung. jsb kaasup malusrik.. Hrt salakina teu panuju gitek jaipong..dilalab ku aing!!!! Derus Jampang Ngarayap bari melak. bodas.Lampiran 1 SUMBER DATA TÉKS DINA ROHANG STATUS FACEBOOK Deden Abdul Aziz Resep ngabandungan jalma nu sok bijil tanduk lamun ningali batur sukses | lain seuri... hejo.

kuring rék ngendagkeun hujan peuting ieu.Liman Sanjaya Aya geleter ahéng nu nginggeungkeun eusining dada.. lebah angka.. langkung rosa karaosna . Liman Sanjaya Wanci nyakclakan tina diri.. naha aya harti nu dipitineung ku anjeun? Liman Sanjaya Nuguran réngkakna kahirupan... haroshos nganteur béja.. meureut kakangen nu kungsi nyangsang dina kantengan mangpirang poé. Da kumaha atuh pami sual hate sual rasa mah teu aya nu uninga? Langkun disidem. hangit hawa ngadéséh hambalan méga-méga... Liman Sanjaya Anjeun ngolebat meupeuskeun lalambar halimun peuting ieu. Nyai Endit Wios Matapoe dinten ayeuna molototan ge. Liman Sanjaya Hujan téh kalangkang hirup nu ngalanggengkeun kahirupan. . aya perkara nu alon udar. sabab taya matapoé atawa bulan nu medar teu katalingakeun.. sedeng kuring anteng nyimbeuhan langit ku caimata sesa kamari. yén aya mangsa pikeun netepkeun lalakon nu kudu disampurnakeun sapuratina.. sangkan pepetétan ligar nandasa ingetan. abdi mah bade masakeun ngabujeng wae ka palih dinya. naha kila-kila nu can parat kaguar kitu? Liman Sanjaya Mangréwu langit geus ditirun ku poé nu ngebebela. tapi papaés nu mancén nyieupan imut bulan. Liman Sanjaya Naon hartina caimata lamun matacai dina ati geus korédas? Liman Sanjaya Méga nu ngaleut lain rék ngahieuman langit...

. hariwang uing mah. ngaraos bagja. Teu inggis nyepeng amanat ti Rahayat anu tigerat. Ah... . Hatur nuhun. cape.ceuk saha atuh bener teh tur kumaha anu satemna ? Lieur ngabandungan nu jarago pabeulit letah. pibekeleun ngalalakon salajengna . geus paturay tineung deui wae. teu kudu dikeupelan da geus bisa ngeupeul sorangan sing saralamet mangkaning caah rongkah di mana-mana. Amin Sule Nurharismana Sukmasunda Ah. Bral.ngadon ngarumpak pabalik letah udar-ider sok jarambah mukmak mekmek tur awuntah. geura mariang. Waos nu keker. Tatang Setiadi Dimana atuh benerteh. Rakean Ageung Satibi Titimangsa ditandasana raga meunang katugenah.Nyai Endit Pait jeung peuheur pangalaman teh.Dasar beungeut nungulit badak tonggoy lir kebo nu di tendok.. teuing ku saha? duka mun alatan dunya! Sastra Jh Mungguh waktu... nungtutan hijihiji dicopotan. beresih tina aksara nu kuduna aya pikeun jadi carita. kenging luang tinu burang.. rambut geus campur jeung huis. Awak nu jagjag waringkas. kesel. tacan kungsi kamangsian. nu aya saukur gurat. Kiwari. teu sakara-kara... terima kasih. kanggo sadayana. Asa kamari ulin anjang-anjangan di buruan.. anaking. Asa kamari silih toel jeung babaturan. beresih. . sanes kitu? Nyai Endit Keretas teh bodas keneh geulis. nanging saparantos dilenyepan. ngolepat nandingan kilat. Asa kamari silih kelet jeung bebene.. saeutik-saeutik diciwitan ku rematik. Beresih. Keretas teh bodas keneh kasep...nukumaha atuh ari benerteh. mugia doa urang dikabul ku Allah.

sakapeung sok mindeng jadi pasalia paham antara raga jeung raga...." Budi Rahayu Tamsyah Wilujeng sumping di Purwakarta. wawuh ge amit-amit jabang tutuka. dicangreud ku sarwa ulah. nu teu boga domba oge bisa nyate.. Budi Rahayu Tamsyah Milik mah ti mana we.. Kang Baun Sijagur Lieur euy.. kaget waktu ngadenge beja aya duit APBD nu kaceot nepi ka 10 M. Paingan btr nepi ka nekad jd panganten. Budi Rahayu Tamsyah "Sagala panyakit jeung masalah nu tumiba ka urang jeung anak incu urang.nu kr ngajabat. Budi Rahayu Tamsyah ... asalna ti diri urang sorangan.. Btr teh asa katempo weh kasalahanna teh. anging Gusti nu ajrih surti kana batin diri mikatresna taya kendatna! cag! Tresna Adhi Hirup mah ngan saukur karma jeung darma.. Budi Rahayu Tamsyah Saherang-herangna ge cibeas. jd sok asa kasisihkeun. nu antukna hamo tepung2! kanyaah rasa ka sukma ge teuing dimana.. Sok iseng hayang nyawad. "Jeung nu ngaranna pipanyakiteun mah. Ngagonggorokan nu keur maju.... Yessi Hermawati Hese incah..! Ari hirup keur nganggur mah.. Ayeuna geus jol deui pipanyakiteun teh.. Budi Rahayu Tamsyah Sugan kudu diurek ceulina.gurah-geureuh." ceuk Mang Salhiam..Toharudin Satibi Hanjakal fb anjeun ditunda ku ngaing di dieu da beurat mamawana kana rasa. Najis abis deh.. alus soteh keur parab lauk. tong boro deukeut.hese lengkah... kota pager nu teu puguh nyanghareupna..

di Bandung tea atuh.. eleh pagawe longser oge. Budi Rahayu Tamsyah Ngabuburit ah.Ari urang Sunda di Purwakarta araraya? Kade ah bilih kakeueum ku buah beukah. tapi loba liang jalan-jalan (komo mun halodo). Caca Danuwijaya Ningal nu nuju barangtuang kaciptan paronyona teh sendok garpuh ge dialung2 bakating ku sugema ningal deungeun sangu.. Hartosna mangga surahan nyalira. Budi Rahayu Tamsyah Aralus aktingna mengbal teh. Chye Retty Isnendes Raksapradja Samarukna hirup teh anggeus ku lalaguan meureun. belewek deui belewek deui... nu atos-atos ge maot kamerekaan hehehe. ..... qt ceuk kolot baheula. Budi Rahayu Tamsyah Ibarat kana semur jéngkol. sakitu nyaho bau jeung matak jéngkoleun. Citra kahirupan urang geus digambarkeun dina gugunungan wayang. dirogahala jadi seuneu Chye Retty Isnendes Raksapradja Moal aya bujang anu beunghar. Chye Retty Isnendes Raksapradja Langit dikeput halimun Asih dikepuk kabingung. najan ayeuna di jalanna loba liangan (komo mun hujan).

Bral. ayn pamajikanana nyebut sintren musrik. Mlh lain sintren bae. Mangréwu langit geus ditirun ku poé nu ngebebela. Hariwang uing mah... Awak nu jagjag waringkas. Mipit kagandrung nu teu kungsi lawung.. 10.. Lain seuri. Hujan téh kalangkang hirup nu ngalanggengkeun kahirupan. Resep ngabandungan jalma nu sok bijil tanduk lamun ningali batur sukses. bodas. Nya heueuh ath. . teu sakara-kara.. geura mariang. Kuduna lain urg Cirebon bae nu genjolng teh! Belegug kabina-bina ceuk Emang mah nu ngomong kitu teh!" Lamun hakim di nagara urang jiga hakim garis dina LSI… gawaaat. mugia doa urang dikabul ku Allah.. Waos nu keker.. Hatur nuhun. . ceuk saha atuh bener teh tur kumaha anu satemna? Lieur ngabandungan nu jarago pabeulit letah. Rek hideung. Mungguh waktu. 4. mikirrr!!! 2. anaking. Ka Garut. kuring rék ngendagkeun hujan peuting ieu. Hrt salakina teu panuju gitek jaipong. "Ngukur seni tradisi ku agama mah sarua jeung make kolor dina sirah atuh!" ceuk Mang Ohim tukang toleat ngutruk.. sangkan pepetétan ligar nandasa ingetan.. Téks Vérbal 1. 11.dilalab ku aing!!!! Ngarayap bari melak. koneng. nungtutan hiji-hiji dicopotan.. bodas.. seren taun. saeutik-saeutik diciwitan ku rematik.. ngadon ngarumpak pabalik letah udar-ider sok jarambah 6.Lampiran 2 KORPUS DATA LAKU BASA DINA ROHANG STATUS FACEBOOK No. 9.. terima kasih. jsb kaasup malusrik. Asa kamari silih kelet jeung bebene. Sing saralamet mangkaning caah rongkah di mana-mana. Dimana atuh bener teh. Asa kamari ulin anjanganjangan di buruan. ngolepat nandingan kilat. beureum. 7. hejo. upcr adat. Pok deui "Ku teu euiheuih.. pantun.. hangit hawa ngadéséh hambalan méga-méga. Ah. Kiwari. 5.. kanggo sadayana. nu kumaha atuh ari bener teh. Ah.. Asa kamari silih toel jeung babaturan.. geus paturay tineung deui wae..... 3. rambut geus campur jeung huis. 8. teu kudu dikeupelan da geus bisa ngeupeul sorangan.. Amin.

14. nu teu boga domba oge bisa nyate. Sumber: http://www. Milik mah ti mana we. 15.No. Teu inggis nyepeng amanat ti Rahayat anu tigerat.Dasar beungeut nungulit badak.com/ [diaksés Méi-Juni 2011] . belewek deui belewek deui. Téks Vérbal mukmak mekmek tur awuntah. sakitu nyaho bau jeung matak jéngkoleun. Ibarat kana semur jéngkol. 12.facebook. Ari urang Sunda di Purwakarta araraya? Kade ah bilih kakeueum ku buah beukah. Wilujeng sumping di Purwakarta. nu atos-atos ge maot kamerekaan hehehe. 13. kota pager nu teu puguh nyanghareupna. tonggoy lir kebo nu di tendok.

Lampiran 3 FORMAT KARTU DATA .

Lampiran 4 CONTO DATA INTERTÉKSTUAL Sumber: Pikiran Rakyat edisi 30 Desember 2010 .

Lampiran 5 .

.

kungsi dipublikasikeun dina Bulétin Turus Hima Pensatrada. sarta dipaparinan tugas tambahan salaku Wakil Kepala Sekolah Widang Kurikulum. Saréngséna kuliah di tingkat sarjana. Bandung. jeung majalah Manglé. Sawatara carpon. Salian ti jadi guru basa Sunda. résénsi buku. Forum Komunikasi MGMP Basa Sunda Kab. Bandung.Pd. Bandung. taun 2008. jeung Himpunan Sarjana Bandung. Nincak tungtung taun 2006. jeung Badan Eksekutif Mahasiswa FPBS UPI.) dina taun 2003. kungsi ngokolakeun pausahaan kulawarga dina widang grafika jeung konféksi. Tepi ka disusunna ieu riwayat hirup. Kab. hasil nyuprih pangaweruh di Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah FPBS UPI.RIWAYAT HIRUP Dadang Nurjaman. Kab. ku jasana penerbit IMTIMA. PGRI. sarta SMP jeung SMA Budi Istri. Nyangking gelar Sarjana Pendidikan (S. SMP. Sedengkeun buku Pangajaran Basa Sunda. ku Gusti kaamanahan putra pameget saurang. Sedengkeun dina mangsana cepeng gawé salaku guru. OSIS. ilubiung téh pangpangna mah dina organisasi-organisasi profési kayaning MGMP Basa Sunda Gugus 03 SMP Kab. kungsi ilubiung ngokolakeun sawatara organisasi. Keur mangsana sakola. jeung SMA. di antarana Pramuka. Balééndah. wastana Arfannizzar Mugi Yatmika. urang Lémbang alumni Jurusan Pendidikan Fisika FPMIPA UPI. sakola menengah di SMPN 1 Balééndah dina taun 1994 jeung SMUN 1 Balééndah dina taun 1997. ngawangun kulawarga jeung Ema Sukaésih. Taun 2004 tepi ka kiwari. pikeun SD. koran Galura. jeung éséy. Bandung. Himpunan Mahasiswa tingkat jurusan (HIMA Pensatrada FPBS UPI). Unit Kegiatan Siswa Jurnalistik. sajak. dibabarkeun salaku putra ka-13 tina 14 urang rundayan ka-1 bapa Nana Rukmana (alm. diterbitkeun babarengan jeung sawatara urang guru. dina dangka taun 2003-2004 kungsi ngawulangkeun pangajaran basa Sunda di SMP YPW Balééndah. Kac. Namatkeun sakola dasar di SDN Bojongmalaka 2 dina taun 1991. nu panggih mangsa keur ngalakonan diklat Prajabatan CPNS di Pusat Pendidikan Teritorial TNI Padalarang. Kota Bandung. Bandung.) sareng ibu Ratnasih dina ping 26 Januari 1980 di wewengkon Bojongmalaka. . Kab. kabiruyungan jadi guru PNS pikeun ngawulangkeun pangajaran basa Sunda di SMP Negeri 2 Rancabali.