Kacatur jaman baheula aya dua jalma adi lancek. Nu cikal ngarana Jana, ari nu bungsu Jani.
Ki Jana ka asup jelema benghar, lega sawah lega kebon. Tapi koret, tara barang bere jeung
tutulung. Tapi Ki Jani mah bari jeung miskin oge ari boga rejeki teh sok mere kanu butuh.
Hiji poe Ki Jani nginjem beas ka Ki Jana tapi manan dibere malah dicarekan. Untung pamajikan
Ki Jana karunyaeun. Susulumputan ti salakina mere beas ka Ki Jani sacangkir jeung lauk asin.
Bari nalangsa Ki Jani balik ditengah jalan aprok jeung aki-aki awakna begang lempangna
rumanggieung atu karunyaeun diajakan ka imahna. Nepi imah beas dibubur saenggeus asak
didalahar bareng.
Isuk-isuk keneh aki-aki teh geus pamitan. Memeh indit aki-akit eh mere jiman ka Ki Jani
mangrupa lilisungan jeung haluna tina perak. 'Naon wae anu dipikahyang ku ujang, sebutkeun
wae bari nyebut Tutu! Tutu! Tutu!`tilu kali, ca kaki-aki teh, engke tangtu haluna nutu sorangan,
sarta anu dipikahayang kaluar tina jero lisung. Ngereunkeunana lisung kudu dibere taneuh saetik.
Gancangna carita Ki Jani geus benghar, tapi tetep resep ngabantu jeung tutulung kanu susah.
Barang Ki Jana ngadenge adina beunghar manehna siri , bari boga niat jahat hayang miboga
jimat eta. Hiji peuting Ki Jana datang Ka Jani, ku Ki Jani dicaritekeun kabeh ka Ki Jana carana
make lisung. Terus dibawa minggat ku lanceukna ka alas pentas. Mangsa dina kapal geus eweuh
uyah Ki Jana menta kalisung uyah kaluar uyah teh teu ereun-ereun, Ki Jana poho teu mawa
taneuh. Nepi ka kapalna kelebuh teleum. Ti harita cai laut jadi asin.