You are on page 1of 5

NAMA KELAS

: INTAN MUSTIKA : XII IPA 5 Babasan

Sisindiran : Silihasih, birahi Pucuk tiwu akar bangban amis mata disusukan Mun rk milu geuwat dangdan cimata geura susutan Rayagung tanggal sapuluh kasungka reujeung malla Abdi burung mun teu tulus kasuka da ti baheula Reundeu beureum reundeu hideung reundeu kayas solempangan Beuki heubeul beuki nineung beuki lawas kadanan Sisindiran : Sesebred Po Saptu po Kemis salasa heuleut-heuleutan Saha itu muril kumis leumpangna eundeukeundeukan Sada ketuk sada kenong sada suling eujeung goong Huntuna nynghol katmbong lamun ngomong bau jigong Ti Lls ka Kadungora jalana mani molongpong Baheula nini th ngora ayeuna mah enggeus ompong

Ngadu Bako Bareto aya kabiasaan, dina sareureuhna gawe, biasana pasosore, lalaki sok tingrariung bari ngobrol ngaler ngidul. Sajeroning kitu teh maranehna sok bari siliasaan bako, diicip-icip mana nu pangeunahna. Nya disebut we ngadu bako. Harti nu dikandung dina babasan ngadu bako oge teu jauh ti dinya, nyaeta ngadon ngalohong ngobrol ngaler ngidul bari teu puguh jejerna, tur anu dikahareupkeunana oge lain perkara penting.

Baleg Tampele Kecap baleg teh miboga dua harti: mimiti boga (mimiti ngagunakeun) akal pikiran sarta mimiti aya birahi bener Kacanir bangban Anu dimaksud canir nyaeta puhu akar anu rubak, misalna wae akar caringin. Anu rubak pisan mah jaman bareto, sok bias dipake keur nyieun kikiping (gilinding) padati. Ari bangban nyaeta ngaran tutuwuhan leuweung. Saenyana ari tangkal

bangban mah euwuh cariran. Babasan kacanir bangban hartina kawiwirangan atawa meunang woworang. Aya deui nu ngahartikeun ngawangu. Bisa jadi ari maksudna mah padeukeut keneh. NAMA : MUAHAMMAD RIZAL SUJJADA KELAS : XII IPA 5

Kamana ngaitkeun pikir moal palr ku sabulan Kapinis ulah disumpit tangkal muncang ngarangrangan Ieu nulis bad pamit duakeun ti kaanggangan

Sisindiran : Silihasih, birahi

Sisindiran : Sesebred

s lilin buatan Bandung dicandak ka Cipaganti abdi isin bararingung sok inggis henteu ngajadi Itikurih Bntang Sinar man di lapang Cicndo Nyeri peurih kunu anyar matak henteu hayang nnjo Itu saha nungtun munding digantlan saputangan Itu saha ginding teuing singhorng geuning jungjunan Jeruk lemo jeruk butun diteundeun di ruyuk kaso Tilam sono ka nu ngantun sampeureun isuk pagto Kamana ngaitkeun kincir ka kalr katojo bulan

Ki Hiang nu meunang nuar disugu pikeun jualeun Kahayang meunang nu beunghar puguh mah jalma kuuleun Lima kirang tilu dua nu ngitung tos bener deui Waos tilu punglak dua kantunna tos ungger deui Manuk gaak macok kupat kecok deui kecok deui Diwedak reujeung disipat dekok deui dekok deui Meuleum manggu tengah po dicoklan kayu api Malem minggu ninggang su diaplan aki-aki Meuli topi meuli koper selop rumput dibungkusan

Nyai koki ngaku pinter ngesop buntuk ditungguan Pa Suma gawna dahar mun bedug bakal ditwak Percuma dibr beunghar mun budug saawak-awak Pipiti di bunga wari kaso panjang diteukteukan Resep ka randa kiwari sono nganjang deudeukeutan

Babasan

Adab lanyap Jiga nu handap asor, daek ngahprmat ka batur, tapi boga hate luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun. Adigung adiguna gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana. Akal koja pinter dina kagorengan atawa kajahatan. Aku panggung darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste. Alak paul tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana. Anak puputon anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.

Baleg tampele ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gede keneh kaera. Beurat birit hese jeung sungkan dititah. Beureum paneureuy seuseut batan neureuy keueus hese pisan, seuseut seuat ngahasilkeun maksud. Beuteung anjingeun ngeunaan ka jelema nu beuteungna cara/siga beuteung anjing. Bobor karahayuan henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas. Buntut kasiran koret, medit, ngeupeul, tara pisan daek Cacag nangkaeun Hanteu beres, hanteu rata, henteu sampurna.

Ceuli lentaheun Sok gancang nyaritakeun ka batur naon bae anu kadenge, turtaning tacan karuhan eta beja teh bener Dogdog pangrewong bantuan anu euweuh hartina, dina teu aya oge teu naon naon. Dulang tinande awewe mah nurutkeun bae, kumaha diaturna jeung

diparentahna ku nu jadi salami. Duum tinggi ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya nu saeutik. Elmu ajug pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan henteu. Elmu sapi samiuk (ngahiji) kana kagorengan. Elmu tumbila nu boga imah ngarugikeun ka tatamu. Elok bangkong nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh bae. Galehgeh gado darehdeh tapi henteu terus kana hate. Gancang pincang kulantaran digawena buru buru jeung kurang ati ati hasilna teh teu nyugemakeun. Gantung denge hanteu terus bisa ngadengekeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadengekeun. Gantung teureuyeun Hanteu terus daharna sabab dahareunana geus beak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan. Ginding kakampis Ari pake mah ginding ngan duit teu boga. Gurat batu Pageuh kana jangji. Hampang birit gampang jeung daekan dititah.

Harewos bojong Harewos anu cukup tarikna, nepi kadenge ku jelema anu deukeut kalawan tetela pisan. Hejo tihang Resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawean. Jegjeg ceker cape kulantaran leumpang ka dieu ka dieu. Jejer pasar lumrah bae, mun ka lalaki, kasep henteu, goreng henteu. Kahieuman bangkong Ku ayana barang titipan di urang, urang teh nepi ka jiga beunghar katenjona ku batur mah padahal miskin teu boga nanaon. Kurung batok teu resep nyanyabaan, nimat cicing diimah bae. Leutik burih euweuh kawani. gorengna pikiran jelema hese dikira kirana. Luncat mulang Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu engke mah kitu. Lungguh tutut Katenjona siga lungguh tapi saenyana mah henteu. Maliding sanak Henteu adil, pilih kasih. Ngabudi ucing teu wani nembongkeun atawa ngedalkeun kahayang atawa kadeudeuh. Ngadeupaan lincar ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah jeung

Ngusap birit bari indit kulantaran ambek nyedek atawa era paraa, leos bae indit, teu amit heula ka anu araya didinya.

You might also like