You are on page 1of 3

Assalamu'alaikum wr. wb. Alhamdulillahiladzi hadzana lihadza wama kunna linahtadiya laula anhadzanallah.

Allohumma sholli 'ala sayyidina muhammadin 'abdika wannabiyyika arosullikannabiyil ummiyi wa 'ala alihi washohbihi wassallam.
Puji sinareng sukur urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Kalayan rahmat sareng karunia ti Manten-na, alhamdulillah dina dinten ieu urang sadaya tiasa riung kempel dina ieu pajemuhan, dina raraga silaturahmi. Kalihna ti ta, urang kempel th insya Alloh seja tumut kana pidawuh Alloh kalih Rosulna, nyata ngalaksanakeun walimatunikah. Urang sadaya seja nyaksni kalayan ngajurung ku du'a kana naon rupi anu dipimaksad ku sohibul makosid sakulawargi. Solawat sinareng salam mugi-mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, habibana wa nabiyana, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, kalayan mugi-mugi dikocorkeun og ka kulawargina, ka para sohabatna, ka tabi'in tabi'atna kalebet urang sadaya kaom muslimin anu tumut kana ajaranana. Pamugi urang sadaya kalebet umat anu knging syafaat di yaumil ahir. Amin. Bapa kalih Ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring! Kalayan asmana sohibul makosid Bapa Sastra Wiguna sakulawargi, langkung tipayun ngahaturkeun rwu nuhun ka panata acara anu parantos maparinan waktos ka sim kuring kanggo ngadugikeun naon rupi anu dipimaksad ku sohibul makosid. Hatur nuhun laksa keti kabingahan kasanggakeun og ka para sesepuh anu sami-sami rawuh, ka dulur-dulur anu ti lembur, ka barayabaraya anu araya. Teu hilap ka para tokoh ti palih tonggoh, anu mikadeudeuh ti palih landeuh, ka handai tolan anu ti pngkolan, ka nu ngaranggo tudung anu ti Bandung, ka para rumaja sareng wanoja ti Suniaraja, sareng kum ka sadayana warga sinareng wargi anu teu disebat hijihiji, anu sami-sami gingsir linggih, nawiskeun kaasih diri, dongkap lenggah nembrakkeun katresna manah, pada rawuh mihatur lunturna kalbu, ngaliaturkeun nuhun kana kasumpingan sadayana. Bapa kalih Ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring! Dina ieu kasempetan sim kuring ngahaturkeun wilujeng sumping kalayan ngahaturkeun rwu nuhun laksa keti kabingahan ka Bapa kalih Ibu, og palawargi sadayana ti rombongan calon pangantn pameget, anu parantos rawuh ka ieu lembur,

parantos sumping ka ieu bumi. Kantenan ba rawuhna para sepuh, sumpingna para wargi th parantos dianti-anti ti tadina, diajang-ajang ti anggalna. Hapunten anu kasuhun wirh dina panampianana stuning dilalaworakeun. Bapa-bapa lnggahna di patempatan anu kirang sampurna. Wargi-wargi linggihna di pangcalikan anu kirang utami. Ieu panampian th boa-boa lebet kana paripaos werit ku budi sareng parangi, tebih ti basa utami, heureut pakeun kirang bahan, angang ti basa utama. Atuh ku kituna luntur kalbu anu kasuhun, jembar manah anu diteda, wening galih anu dipamrih ti sadayana kana rupining katuna sareng kakirangna. Bapa kalih Ibu, sakumaha anu tadi kakuping ku urang sadaya, naon rupi anu parantos didugikeun ku pangersana sesepuh ti pihak calon pangantn pameget, saurana th seja nyanggakeun Cp Tata, ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal, ti tengah tina pangkonan. Nyanggakeun rambutna salambar, getihna satts, ambekanana sadami. Nyanggakeun ti luhur saujung ketu, ti handap saujung sapatu, di tengahna anu kitu, anu sawaktos-waktos sok jiga surutu. Sateuacanna sim kuring nampi kana ta pamaksadan, pamugi kauninga utamina ku Cp Tata kalih sepuhna, wirehna pun anak th, Nng Titi, upami disebat atah mah stuning masih knh atah. Atah ku pangwarah tebih ku pangatik, meryogikeun knh pangaping sareng pangjaring ti para sepuh, malah mandar tiasa ngawangun rumah tangga anu runtut raut rph rapih. Salajengna sakumaha anu parantos didugikeun ku sesepuh ti pihak calon pangantn pameget nemb, anu nyaurkeun yn Cp Tata sumpingna ka dieu th saurna henteu jangjang henteu jingjing. Mung nyandak nu sarupi, nyata nu ngaringkuk kawas kuuk, nu bosongot kawas marmot, nu ngarngkol osok ngompol, nu bedegul lir doran pacul. Teu sawios-wios,' da di dieuna og teu disampakkeun naon-naon, mung disampakkeun Nng Titi nu kagungan tilas raheut nu kapungkur. Nanging raheut sans saraheutraheutna, legok sans salegok-legokna. stuning raheut asli ti ajali, legok candak ti kudratna, paranti neundeun kadeudeuh paranti nunda pelakeun. Atuh kalihna ti ta, sagdngeun Cp Tata, anu jajapna alhamdulillah sakitu seueurna. Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang. Ngaleut leubeut ku tanggeuyan, ngembat rbo ku cacandakan. Ngabringna rimbil ku jingjingan. Sim kuring kalayan asmana pangersana Bapa Sastra Wiguna sakulawargi, ngahatureun rwu nuhun laksaketi kabingahan. Hatur nuhun kana rupining cacandakanana. Bapa kalih Ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring!

Kalayan asmana pangersana Bapa Sastra Wiguna sakulawargi, diwuwuh ku para sepuh og disaksni ku palawargi, kalayan ngucap bismillahirrohmanirrohim sim kuring nampi kana naon rupi anu janten pamaksadan sesepuh ti pihak calon pangantn pameget. Mugi-mugi ieu murangkalih th, Cp Tata sareng Nng Titi tiasa kauntun tipung katambang bas, laksana anu diseja, dikobul ka bal nyungcung. Insya Alloh sakedap deui ieu murangkalih th urang rungrum ku pangdua dina acara anu poko, nyata akad nikah. Rupina sakitu pisanggem ti sim kuring. Bobo sapanon carang sapakan. Langkung saurna bah carkna, hapunten anu kasuhun.

Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalamu'alaikum wr. wb.


(Naskah biantara seserahan kenging Didi Mulyadi, guru SMP 3 Lmbang, kalayan diropa saperluna ku Drs. Hmad Hadi dina Panggelar Sastra).

You might also like