You are on page 1of 9

1

Si Bungsu Kumpulan Carita Pondok Airangga

EUSINA 1. 2. 3. 4. 5. Pa Èdi ........................................................... Baju Toraja .................................................. Si Bungsu ..................................................... Amrozi ........................................................ Malem Lima Belas ....................................... 3 6 10 13 18

2

PA ÈDI Unggal isuk geus indit, ngingkig mawa kantong, awak jangkungna tèh kaciri pisan yèn èta Pa Èdi. Lamun panggih tèh sok nanya waè Pa Èdi mah, amis budi. Salian ti èta sok rajin mun aya kagiatan dèsa tèh samodèl jumsih, ngaronda aya waè. Malahan sok adan magrib di masigit. Kungsi ngobrol jeung kuring, ari ku kuring tèh ditanya ari Pa Èdi tèh damel di mana mani sok rebun kènèh miosna tèh? Abdi mah damel sabari kuliah, Ang. Nya ari kuring mah percaya waé da kaciri atuh ari mahasiswa mah sok bersèka ningan, béda deuih ètikana ogè dibanding nu jelema teu nyakola mah. Ti harita wèh ngobrol jeung Pa Èdi tèh, geus aya sabulanna mah tara katempo, sok tatanya kuring gè ka tatanggana tapi sarua wèh teu arapaleun. Nya ayeuna mah tisaprak meunang gawè kuring ogè sok saminggu sakali ari kadieu tèh kusabab ti senèn nepi saptu mah di Sumedang da ngaguruan di ditu, jadi beuki wèh teu apal pisan Pa Èdi. Ari sugan tèh tirah, da anjeuna tèh kapan urang Ciamis, di dieuna tèh ngontrak, mung da asa urang dieu wèh Pa Èdi mah. Cacakan karèk dua taun cicing di dieu tèh ngan nya kitu tèa anjeuna mah amis budi, gancang akur, gancang wawuh deuih. Minggu kamari kuring tèh ka kontrakanana. Niatna mah hoyong pendak tos lawas teu ngobrol, tapi nyèta tiiseun di kontrakanana tèh tapi lampuna harurung, kararotor siga nu geus lila teu di tempatan. Basa naros ka nu gaduhna, sami teu apaleun. Punten ari Bapa tèh sahana Pa Èdi nya, wargina? “Kieu kang abdi intèl (polisi) ka dieu tèh badè nèwak Edo Situmorang alias Èdi, anjeunna bandar narkoba di daèrah Ciamis, abdi kènging info yèn Pa Édi tèh aya di daèrah dieu. Èta Pa Èdi tos tilu taun janten buronan polisi, salian ti bandar narkoba anjeuna tèh rampok kelas wahid, anjeunna ogè buronan Polrès daèrah Bandar Lampung. Abdi nyuhunkeun pisan bantosannana ti akang salaku wargi dieu, upami ningal Pa Èdi saènggalna waè telepon polisi atanapi telepon abdi, ieu nomerna, ceuk polisi”. Nuhun infona Pa, ngan ngajenghok ngadèngè Pa Èdi buronan polisi, sabari teu nyangka jeung teu percaya sihorèng anu disangka jalma bageur tèh panjahat kelas wahid.

3

BAJU TORAJA Geus tilu poè kaimpi waè Nèng Ida, kembang dèsa anu jadi parebutan jajaka lembur. Neng Ida wanoja dèmplon bungsuna Pa Lurah idaman keur lalaki. Kulitna konèng kawas tahu Cina, matana coklat kawas gula kawung. Éta dedegan Nèng Ida. Saacan indit ka Kalimantan kungsi ngobrol heula jeung Nèng Ida tèh, boga jangji arèk mèrè baju toraja ka anjeunna, kawasna bulan hareup kudu buru-buru mulang ieu mah mulangkeun jangji, sabari hayang sosonoan ka ema jeung ka apa. Heug ema geus neleponan waè ti mangkukna kènèh nanyakeun waè rèk iraha ka lembur. Asa anèh èta impian tèh, naha Nèng Ida makè nyusulan kadieu, ari geus nyusulan tèh makè mulang ti heula deuih, majarkeun mah gura-giru geus aya nu nungguan. Ah ngaranna ogè ngimpi, kapan ceuk kolot mah ngimpi teh kembangna sarè. Nèng Ida tèh hayang baju toraja anu warna beureum. Pantes naker kawasna tèh keur mah kulitna konèng makè baju warna beureum, deuh nyèngcèlak. Arèk mudik minggu ayeuna tèh kagok, kahalangan ku pigawèeun anu rèa kènèh. Ka Kalimantan sotèh teu kahaja, lanceuk nawaran gawé di dieu, pédah kurang pagawè. Ari lanceuk tèh boga pabrik batubara di Kalimantan, enya teu mikir lila basa ditawaran tèh, saha nu teu daèk. Keur mah nganggur di dieu ogè, nya mending digawè. Kolot ogè teu melang ari digawèna dilanceuk mah. Cenah mah piraku wèh adina sorangan disusahkeun di ditu. Aya meureun sataun can ka lembur, kamari lebaran teu bisa, ari lanceuk mah mudik. Kagok atuh lebaran kamari matak teu balik tèh, kusabab ngan tilu poè di dituna ogè, engkè wèh sakalian mèh lila ari salsè mah. Niatna bulan hareup ka lembur tèh, tapi da ceuk lanceuk mah pagèto ogè pèk baè cenah da geus barèrès iyeuh pigawèeun mah. Kacida atohna èta ceuk lanceuk kitu, gura-giru balanja wèh olèh-olèh keur anu di lembur. Moal poho baju toraja warna beureum keur Nèng Ida, boga niat sabari mikeun baju ieu tèh arèk langsung ngalamar waè. Keur dina pasawat tèh salian ema jeung apa nu ka èmut tèh Nèng Ida waè, wanoja geulis pirabieun aa. Nepi bandara geus nyampak mobil nu mapageun, kawasna mah dibèjaan ku lanceuk matak aya nu mapageun ogè. Tadina mah moal waka bèbèja ayeuna rèk balik, jadi mèh rareuwaseun (surprise) mun nepi imah tèh. Keur tina mobil nanya ka sopir, ari anu nyupiranna tèh pun amang, “mang ari ema jeung apa sèhat?” “sehat ema jeung apa mah” ceuk si mamang bari nyengir. “Alhamdulillah, ari Nèng Ida geulis kènèh mang?” Diheureuyan wèh si mamang tèh, si mamang jempè teu ngajawab, asa anèh naha teu ngajawab, meureun
4

keur pokus nyupiran. Lep wèh peureum teu karasa ari beunta geus tepi deui, langsung wèh ngagabrug, nangkeup ema jeung apa anu cirambay kawasna sono. Teu lila tidinya olèh-olèh anu meunang ti Kalimantan tèh dibagikeun ka tatangga, ka alo lolobana mah. Ningali aya baju beureum nyèngcèlak, ema nanya, “Éta keur saha baju?” “Ieu, Ma, kanggo Nèng Ida, harita sateuacan ka Kalimantan tèh atos jangji ka Nèng Ida badè masihan acuk. Nèng Idana aya kitu ma?” Ema ngan ukur jempè. “Naha jempè ma?” ceuk kuring, panasaran. “Kieu, ari si Ida tèh geus mulang ka rohmatulloh aya samingguna mah meureun. Manèhna tèh kacilakaan, mawa motor tabrakan jeung treuk di jalan raya deukeut tukang baso, éta hareupeun toko Mang Yusup.” Ceuk Ema, ngalimba. Gebeg! Asa teu percaya, Nèng Ida wanoja geulis calon pirabieun tèh geus mulang. Ngeclak ci panon kana baju toraja beureum, aya jangji anu can dipulangkeun.

SI BUNGSU Ti mimiti borojol kènèh ogè geus ditinggalkeun ku si Bapa tèh, matak ayeuna asa teu boga bapa wèh, ka ditu ka dieu teu jeung Bapa. Ari si Bapa tèh kawin deui jeung nu ngora, ayeuna mah geus pepegatan jeung si Mamah. Kungsi si Bapa tèh ka imah, majarkeun mah hayang silaturahmi, tapi asa lain ka Bapa wèh, komo ningali si Bungsu mah teu apaleun èta bapana. Kamari ogè aya riungan di sakola, anu kuduna lalaki nu datang tèh, kapaksa ieu mah si Mamah nu ngahadiran. Mun ceuk si Mamah mah montong ngabèjaan Bapa manèh, Bapa manèh mah nurustunjung. Si Mamah tèh hirup ngan ngandelkeun tina dagang kuèh di pasar, salian ti èta sok babantu ngabantuan uwa nakeran bèas, kapan ari uwa tèh bandar bèas. Nya osok ngabantuan mah. Untung sakola tèh bagèan beurang, isuk-isuk bisa ngabantuan heula si Mamah. Ari si Bungsu mah sakolana bagèan isuk-isuk, jadi mun balik sakola langsung babantu. Sakapeung mah sok cirambay mun ningali si Mamah pak pik pek babantu di uwa,ngabèlaan keur ngabiayaan keur hirup. Geus bèrès SMA teu nyangka si Bungsu bisa katarima kuliah di Kedokteran UNPAD meunang bèasiswa, kitu-kitu ogè si Bungsu tèh juara umum di sakolana matak lulus tèh NÉMna panggedèna. Èta mah si Mamah bungaheun pisan si Bungsu bisa kuliah haratis. Mung si Mamah tèh angger wèh mikirkeun
5

biaya keur sapopoèna ti mana, “Da ari mènta ka bapana mah moal diaku sigana tèh.” si Mamah ngagerenyem sorangan. Ti saprak kuring asup IPDN mah si Mamah dagang kuèhna jadi sorangan. Tapi ari perè lila mah sok ngahaja balik da hayang ngabantuan si Mamah sakalian hayang panggih jeung si Bungsu. Geus aya meureun sataun teu panggih si Bungsu. Jadi bonyo budak tèh, cenah. Jeung deuih, cenah ceuk Si Mamah, Bungsu tèh arèk sakola deui, da meunang bèasiswa ka Amerika. Asa ngimpi èta ningali budak tèh gedè milikna. Bener wèh ceuk kolot baheula, mun budak diantep ku bapana sok gedè milikna. Inditna ka Amerikana tèh minggu ayeuna. Ngan kuring teu bisa nganteur, kabeneran minggu ayeuna tèh meunang tugas kudu ka Papua. Nya kapaksa wèh ngan bisa ngadu’akeun sing dilancarkeun sagalana. Teu karasa geus tilu taun can balik ka lembur, kamari ogè si Bungsu nelepon nanyakeun iraha balik, manèhna tèh nyarita mulang ti Amerika tèh langsung meunang gawè jadi dokter di Hasan Sadikin bagèan kandungan. Mobil ogè geus ka beuli ayeuna mah. Bulan hareup ogè arèk kuriak, si Mamah hayang kuriak. Kitu pokna tèh. Sono kacida ka si Mamah jeung ka si Bungsu, ari teun kumaha saenggeus lulus tèh kalahkah di tempatkeun di Papua, jabaning jauh kamamana, Papua tèa leuweung geledegan. Ari nelepon tèh sok cirambay wèh, sok inget baheula kumaha si Mamah sakitu bélana pisan ka si Bungsu, budak awèwè anu gedè milikna.

AMROZI Isuk kènèh geus rariweuh, loba polisi. Disisi jalan aya kana tilu mobil anu tulisanna POLISI, ngajajar. Loba nu ngomong mah Amrozi anu tèroris tèa tèh aya di Jatinangor, ayeuna geus katèwak, keur diintrogasi di balè dèsa. Asa teu percaya di lembur anu tiis, tiis tina sagalana, aya tèroris. Jol wèh aya nu nyusulan kuring, nitah ka dèsa, katalatahan ku Lurah, pangbaturankeun Lurah. Ari lurah tèh lanceuk hiji-hijina. Nepi ditu, Amrozi tèh keur dikerewed wèh makè borgol, kadèngè aya polisi anu nanya ka Amrozi. “Manèh Amrozi?”

6

“Muhun, Pa”, Témbal jalma nu disebut Amrozi téa. “Naha rèk naon ka Jatinangor? Rèk ngabom Jatinangor?” Ceuk polisi bari nyentak. “Sanès pa, ka Jatinangor tèh aya peryogi” ceuk Amrozi bari tungkul. “Ngaku siah!” polisi nyentak. “Henteu, Pa, leres, ka Jatinangor tèh badè nepungan istri nu wanoh ti pèsbuk, piwarang ka dieu ku anjeunna” ceuk Amrozi tèh bari susumpahan. “Ari èta beungeut kunaon codèt tapak di kadèk ku batur nya?” sora polisi nu hiji na deui “Sanès pa ieu mah tilas kapungkur dibalèdog ku péso ku pun biang, pèdah nyeungeut pepetasan di rorompok” Amrozi mènta dileupaskeun borgolna. “Moal bisa ka bobodo, lamun manèh dileupaskeun manèh bakal ngalawan” sora polisi hijina deui. “Moal, Pa, mangga candak ieu kantong, jerona aya lèptopan, mangga sakantenan sarèng dompètna yeuh”. Ceuk Amrozi leuleus. “Ari manèh! Puguh da urang tèh pagadèan, sangeunahna ngomong tèh” ceuk polisi nyengor. “Manèh rèk naon makè mènta leupas sagala” sora polisi anu hijina deui. “Abdi hoyong ka jamban, Pa. Sakantenan hoyong ngaroko” ceuk Amrozi. “Mun geus dibuka manèh ulah waka ka mamana, nungguan engkè parèntah” ceuk polisi hijina deui. Dibuka wèh èta borgolna. Geus aya meureun kana lima jamna mah Amrozi diintrogasi, cacakan borgolna geus dibuka ogè angger wèh polisi mah nanyaan kènèh. Kuring asa hayang nanya ka Si Amrozi, ngan karunya ku polisi ogè geus ditanyaan sagala. Basa keur cicing sorangan, Amrozi anu tèroris tèa teh nyampeurkeun nginjeum panèkèr. “Kang abdi mah anèh naha makè teu meunang ka mamana nya, kapan abdi tèh badè nepungan hiji istri urang dieu. Tapi abdi hilap deui namina kang, janten tadi ogè teu ngawaler basa ditaros saha nami istri anu rèk ditepungan tèh, poho deui téa kapan. Nalika
7

abdi chating jeung éta istri, abdi dipiwarang nyandak kembang eros, mun rek manggihan manéhna. Nya geulis, nya dèmplon, nya bodas kulitna tèh kumaha wèh urang Cina kang. Abdi tèh ngahaja susulumputan angkat ti rorompok tèh supados mèh teu pendak sareng polisi. Asa dosa kang, teu pararuguh ari diudag-udag polisi tèh. Hanjakal kapungkur tèh mimilu batur, ari sugan ka Bali tèh arèk nyiar gawè, pèk tèh kalahkah ngabom, janten wèh kieu buronan polisi” Ceuk Amrozi bari ngaroko. Asa teu kudu nanya ningan, èta tèroris nyoroscos sorangan. Naha makè rèk ka dieu, jeung arèk ka sahana tèh dicaritakeun. Ngan awèwèna anu rèk dipanggihan tèh teu apaleun saha ngaranna jadi teu ka caritakeun, ari ciri-cirina mah diomongkeun ku manèhna tèh, nya angger wèh teu wawuh da acan puguh. Tah teu lila ti sanggeus Si Amrozi nyorocos, jol wèh polisi mikeun surat, majarkeun mah ti awèwè. Dibaca ku manèhna tèh. Krewek nyokot kembang, blewer dialungkeun èta kembang ka susukan. Ari ceuk polisi mah èta surat tèh ti indungna, si horèng awèwè anu rèk dipanggihanna tèh indungna anu geus lila papisah jeung manèhna.

MALEM LIMA BELAS Cicing di lawang panto, ningali ka kulon katutupan ku wangunan. Ningali ka wètan sarua kènèh. Hanjakal baheula dijual, ari sugan tèh moal kieu. Sora turaès, sora uncuing geus arareuweuh èlèh ku sora baladna buta mah. Kawas kieu ningan malem lima belas tèh, teu kaciri caang bulan, èlèh ku caangna lampu wangunan. “Akang tutupan pantona, loba reungit” ceuk pamajikan nu keur di dapur. Ngahiliwir, seungit gorèng cau, kawasna pamajikan tèh keur ngagorèng cau, matak ieu kaambeu kieu seungitna. Tadina mah moal dijual ieu tanah tèh, geus sapakat jeung nu lainna. Kajeun dèmo, lamun maksa waè mah, pokona mah tanah ulah nepi dijual. Ngan ti saprak aya kajadian haji udin jeung kang tilè di kerewed ku pulisi, majarkeun arèk ngahalangan kana pembangunan jeung kamajuan dèsa, jadi warga tèh sarieuneun matakna diriungkeun. Tina riungan èta tèh jadi loba nu satuju tanah dijual, kusabab tanah nu ayeuna rèk dijieun tempat rèkrèasi, urang dieuna bisa digarawè, ngan pembayaran tanahna di dua

8

kalikeun, lamun ramè tempat rèkrèasina bakal aya leuwihanna. Ayeuna mah 30% heula mayar uang mukana (DP), ceuk pangusaha nu rèk meuli tanah warga. Geus aya kana opat taunna can mayar waè, ari ditagih tèh engkè deui, engkè deui wèh jeung engkè deui. Mun ningali tempat rèkrèasina mah ramè, urang dieu ogè aya nu digarawè ngan digarawèna tèh jadi tukang parkir jeung tukang beberesih. Kusabab kaluman ditagih teu mayar waè, warga indit ngabring ka kantor kacamatan bèbèja yèn tanah tèh can dilunasan waè nepi ka ayeuna, ngan jangji hungkul. Barang datang ka kantor kacamatan, Pa Camat somèah pisan, ngabandungan naon naon waè anu dicaritakeun ku warga. “Nya engkè urang riungkeun perkawis ieu, mugi-mugi tiasa rèngsè saènggalna” kitu pokna tèh Pa Camat nenangkeun warga anu èmosi. Pagètona kabèh warga, Pa Camat, Lurah jeung pangusaha nu meuli tanah tèa ngariung di balè dèsa. Basa nanyakeun sèsana duit, pangusaha nu meuli tanah ngomong, nanyakeun sertifikatna mana? Kabèh warga ogè jarempè sabari gigideug. Pa Camat satuju kana omongan pangusaha anu nanyakeun sertifikat. “Naha makè sertifikat sagala? Tong kèna-kèna ka urang lembur, ari meulina mah teu ngomong-ngomong sertifikat manèh tèh euy” ceuk haji Jaka ngabèla warga. “Heueuh bener” Surak kabèh warga. “Lamun euweuh sertifikat mah moal dibayar, sarua jeung tanah euweuh anu mikaboga. Aya tina hukumna ogè” ceuk pangusaha sabari nyengir. “Anu aya sertifikat kumaha?” ceuk haji Jaka. “Nya nu aya mah, dilunasan ayeuna kènèh” ceuk pangusaha tèh. Pa Camat jeung simkuring mah satuju pisan kana anu dicarioskeun tadi, yèn tanah tèh kudu aya sertifikatna, mèh engkèna teu jadi pisoalan anu mamawa hukum” ceuk Lurah. “Kabèh warga teu barogaeun sertifikat, tina bogana ogè moal dibikeun” ceuk haji Jaka bari ngalèos. Ti harita tanah tèh teu dilunasan deui nepi ka ayeuna. Pangusaha nu ngabogaan éta tempat rékréasi jadi beunghar, beunghar ku jangji. Asa dibobodo ku maung, maung anu keur lapar nèangan hakaneun. Ngeclak ci panon, nutupkeun panto tina malem lima belas.

9