You are on page 1of 44

Piwuruk Pikeun Atikan Barudak

Kumpulan Dongng

Yanuarti Utama

2012

PANGJAJAP
Puji sinareng sukur panyusun sanggakeun ka hadirat Gusti anu Maha Suci, lantaran berkat rahmat sareng hidayah ti manten-Na panyusun tiasa ngarngskeun ieu buku salaku pancn tina mata kuliah Penulisan Kreatif. Sholawat miwah salam urang sanggakeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW, ka kulawargana, para sohabatna, kalih urang sadaya salaku umatna dugi ka ahir jaman. Amin. Ieu buku th mangrupi kumpulan dongng anu ngandung tma Piwuruk Pikeun Atikan Barudak. Panyajian anu aya dina ieu buku nyata mangrupikeun dongng-dongng anu aya patalina sareng atikan barudak. Tujuanna salian keur nyumponan pancn mata kuliah Penulisan Kreatif, nyata pikeun ngawuruk barudak dina atikan anu saluyu jeung

norma nu aya di masyarakat. Og ngembangkeun kanyaho urang kana atikan barudak. Tungtung basa, panyusun ngahaturkeun nuhun anu kasuhun ka pihak-pihak anu parantos ngabantosan. Ka Gusti anu Maha Suci, ka pun bapa kalih pun biang, sareng sadayana pihak-pihak anu teu tiasa di sebutkeun hiji-hiji. Buku kumpulan dongng Piwuruk Pikeun Atikan Barudak ieu murni hasil pamikiran panyusun, kusabab kitu sadaya eusi anu dicantumkeun dina ieu buku tiasa dipertanggungjawabkeun. Mugia ieu buku tiasa mangfaat kanggo sadaya pihak anu maca. Sarta bisa dijadikeun pedoman kanggo karya anu salajengna.

Sumedang, 4 Mei 2012

Panyusun

Mutiara Cimata Kerang


Dihiji laut aya sakadang kerang anu kacida bangor jeung picarkeunana. Pagawanana ulin jeung ulin, indit isuk balik sore. Manhna teu ngagugu pisan kana panyaram nu jadi indung. Boboraah dak mantuan kolot, pagawan

sapopona ngan dahar jeung ulin wa. Tapi sok sanajan adat anakna kitu, indung kerang mah teu welh nyaah jeung leukeun mapatahan manhna. Teu welh sabar

nyanghareupan anakna, tara ngarasula, mana komo ambek-ambekan nyarkan anakna mah. Dina hiji po sakadang kerang th ceurik eueurihan nahan kanyeri. Nu jadi margana mah lantaran aya batu karang anu seukeut asup kana awakna. Unggal po ceurik, sabab ti saprak harita manhna teu bisa usik maceuh kaditu kadieu. Sakadang kerang ngomong ka indungna bari ceurik, Duh Ema teu kuat pisan ieu

nyerina. Kudu dikumahakeun atuh ieu th? ningali anakna ceurik, teu tega ningali kaayanaan budakna anu nahan kanyeri. Indungna teu eureun-eureun ngupahan jeung narkahan sangkan batu karang dina jero awakna th leungit. Sok sanajan budak th rada lenger, ari kanyaah nu jadi indung mah moal lantis-lantis. Deudeuh jeung asihna moal

kagantikeun kunaon wa og. Ujang sing sabar anaking. Da Gusti Allah mah gening teu mr leungeun ka bangsa urang th. Tapi sok sanajan kitu, ulah petot-petot neneda ka anjeun-Na mah, sangkan musibah th gancang leungit, indungna tuluy ngupahan, bari teu welh ngalimba ku cisoca. Ema nyaho ta th peurih jang. Sing sabar w anaking. Matakna engk mah tong maceuh teuing mun ulin th. Kudu tarapti jeung ati-ati. Kudu ngagugu kana papatah jeung panyaram Ema th.

Sabada

ngadngkeun

peupeujeuh

indungna, sakadang kerang th ngarasa kaduhung. Saharita sipatna th tuluy robah, ayeuna mah jadi tarapti jeung ati-ati. Leuleumpangan og lalaunan, sok sanajan nyeri karasana, tapi ditahan sangkan teu ceurik. Manhna nyaho, lamun nepi ka ceurik kanyenyerian bakal leuwih karasa kabina-bina. Lila kalilaan mah, kanyerina th mimiti suda. Batu karang anu aya dina awakna th teu pati nojosan teuing, malah karasana ngareunah tur plong kanyerina th. Batu karang anu aya dina awakna th, horng rubah jadi mutiara anu kacida ndahna. Kanyerina geus leungit, sanggeus kitu tuluy buru-buru nepungan indungna bari mamawa mutiara. Demi nu jadi indung, ningali anakna cageur sabihara-sabihari deui, bungah nu liwa saking. Indungna tuluy ngucapkeun sukuran ka Gusti Nu Maha Suci. Tuh ujang, buah tina kasabaran jeung

katawekalan mah teu welh amis tung-tungna. Dodojo jeung musibah mah ulah sakali-kali dijieun ngarasula, singhareupan ku sabar. Peujeujeuh ti Ema mah, ayeuna mah kudu leuwih tarapti dina sarngkak saparipolah, ceuk indungna ngalimba ku cimata kabungah. Kerang og anu tadina bangor jeung lenger, eyeuna mah teu welh nurut kana papatah nu jadi kolotna. Sarngkah sapalipolahna teu mungpang tina papatah indungna. Lamun rk ulin tara kamalinaan, indit bbja heula ka indungna. Saban po og sok ngaluangkeun waktuna keur mantuan nu jadi indungna. Ti harita kerang di laut teu welh

ngaluarkeun mutiara nu kacida ndahna, ta th buah tina kasabaran jeung kalakuan hade kerangna. Indung jeung anak hirup bagja nepi ka ahir. ***

Putri Rihanna jeung Hileud Bulu


Jaman baheula aya putri karajaan nu ngaranna Rihanna. Manhna putri karajaan anu kasohor ku kageulisanana. Kabh rahayat nyaho ka putri Rihanna th. Malahan mah loba pisan nu bogoheun ka manhna. Rahayat mah puguh loba pisan, komo deui raja-raja atawa putra karajaan nu lainna. Salain geulis, putri Rihanna mah bageur pisan ka batur th. Alus budi. Teu ningali jalma miskin atawa jalma beunghar. Dina hiji po ta putri Rihanna th jalanjalan ka leuweung, caritaana mah rk nangan kukupu. Kaitung geus lila jalan-jalan di ta leuweung th, tapi kusabab manhna can manggih wa ta kukupu kapaksa kudu tuluy leuleumpangan di ta leuweung. Sieun sabenerna mah, sabab po geus mimiti sore jeung putri Rihanna kudu ngaliwatan jalan satapak anu loba tatangkalan anu sakitu gedna. Putri Rihanna ngan sosoranganan di

jero ta leuweung. Pangawalna teu nuturkeun putri Rihanna ka jero leuweung, sabab putri Rihanna teu resep mun pangawalna milu. Sok loba ngomong pajarkeun th. Tapi mang dasar geus jadi nasib, ditengah jalan putri Rihanna dipegat ku bgal. Putri Rihanna reuwaseun pisan, sabab si bgal na geningan mawa pso anu sakitu seukeutna. Heh putri! Lamun putri hayang salamet, buru seurahkeun ta perhiasan manh! bgal nyentak. Putri Rihanna bingung. Lamun ngalawan da pasti teu mungkin, sabab sieun ku psona. Lamun manh na nyerahkeun perhiasanna, kudu ngomong kumaha ka indung jeung bapana. Aduh ampun juragan, tong siksa abdi. Abdi hoyong uih ka karajaan putri Rihanna ngomong bari sieun ku ta bgal.

10

Teu paduli manh rk balik ka karajaan, atawa rk kaman mana og. Pokona mun hayang salamet, seurahkeun ta perhiasan ka dwk! ceuk bgal bari nyentak. Sajorning kitu, putri Rihanna nangan akal kumaha carana sangkal salamet ti bgal. Putri Rihanna ngadoa tina jero hatna, mnta pitulung ka gusti. Teu lila, pluk! Hileud bulu murag tina tangkal kana baju ta bgal. Si bgal ngarasa ateul kacida, nepikeun ka manhna teu kuat nahan ateulna. Buru-buru ta bgal muka baju terus lulumpatan mnta tulung bari gagaro. Putri Rihanna buru-buru nang ta hileud bulu, tuluy pok ngomong, Nuhun hileud tos nyalametkeun simkuring, hatur nuhun hileud ceuk putri Rihanna ka hileud bulu. Ah, naha putri th teu sieun ku abdi? Tanya si hileud bulu.

11

Naha mak kudu sieun sagala? Nya heunteu atuh matak simkuring nyarios ka anjeun og. Hatur nuhun pisan tos nyalametkeun simkuring. Tembal putri Rihanna bari seuri. Pan batur mah sarieuneun ka abdi th putri. Padahal mah da kuring mah teu pikasieuneun. Pdah matak ateul wungkul. Tapi da kuring mah tara niat jahat ka manusa si hileud nyarita. Putri Rihanna langsung ngusapan hileud bulu, Sawios hileud, da sadayana makhluk Gusti Allah mah tos aya kodratna nyalira-nyalira. Keun w manusa teu resep ka anjeun oge, da gening anjeun tiasa ngabuktoskeun yn anjeun th bisa nulungan kuring. Ningali putri Rihanna anu sakitu bageur na, hileud bulu jadi ra sorangan. Putri Rihanna buruburu nangan jalan keur kaluar ti ta leuweung bari mawa hileud bulu. Kusabab hileud bulu geus nulungan manhna, hileud bulu dijadikeun

12

babaturanna jeung langsung dibawa ka karajaan harita knh og. Hileud bulu ngarasa bungah geus panggih jeung putri Rihanna. Manhna bungah geus boga babaturan. Sabab geus lila hileud bulu th teu boga batur, da gening pada teu raresepeun ka manhna gara-gara manhna sok matak ateul ka batur. Padahal manhna teu boga niat jahat ka sasaha.

***

13

Sakadang Monyt jeung Sakadang Cacing.


Dina hiji po aya si monyt keur nangan kadaharan. Manhna ti kamari can manggih kadaharan, ngan bisa nangan kaditu kadieu bari jeung teu manggih. Ditengah jalan, monyt manggihan tangkal cau anu sakitu leubeutna. Teu loba mikir, si monyt buru-buru nak ngala ta cau anu keur meumeujeuhna pikabitaeun. Si monyt tuluy ngadaharan cau, teu sieun kanyahoan ku nu boga na. Cangkang cau geus patulayah di handapeun tangkalna. Geus maling th si monyt kalah ngabala dikebon batur. Si cacing anu kark kaluar ti jero taneuh, ngahaja leuleumpangan. Manhna reuwas ningali cangkang cau anu patulayah dimana mana. Si cacing nang saha anu ngabala, miceun cangkang cau dimana wa. Ari ningali ka luhur, geningan aya si monyt nu keur cacamuilan ngadaharan cau.

14

Heh monyt, manh sing balg dahar th! Mani patulayah kieu ieu cangkang cau! cark si cacing. Gandng manh cacing! Ngaganggu pisan kanikmatan batur tmbal si monyt bari terus ngadaharan cau anu aya dina tangkal. Si cacing keuheul ka si monyt anu teu bisa dicark. Si cacing tuluy leuleumpangan, manhna og keur nangan kadaharan. Ti kamari can manggih anu matak wareg. Geus leuleumpangan kaditu kadieu, sic acing teu manggihan kadaharan nanaon. Daripada cap leumpang, mending mnta cau w ka si monyt, si cacing ngomong dina jero hat. Si cacing balik deui nyampeurkeun si monyt anu keur di luhur tangkal cau. Pok si cacing ngomong, Monyt! Cing atuh urang mnta cau, urang can dahar. Lapar pisan,. Si monyt anu keur ngadahar cau anu sakitu loba na, jongjon wa ngadaharan cau. Api-api teu ngadng aya sora

15

cacing anu keur kalaparan mnta cau. Aduh aduh si monyt, ari manh mani pedit. Urang mnta og mania api-api teu ngadng, si cacing asa hayang ngabaldog ka si monyt. Ari si monyt ngan cacamuilan ngadaharan cau bari teu nawarannawaran acan ka si cacing. Si cacing ngarasa keuheul ka kalakuan si monyt. Kalakuan anu embung babagi ka sasama. Padahal mah urang sakabh makhluk Gusti Allah, aya kawajiban keur babagi ka sasama. Kabh g aya babalesna, da Gusti Allah mah Maha Adil. Bakating ku keuheul, si cacing abus deui ka jero taneuh. Sanajan lapar, si cacing ngan bisa sabar nahan kalaparan. Manhna tuluy wa

leuleumpangan, susuganan aya kadaharan anu matak wareg. Teu lila si cacing di jero taneuh, si cacing ujug-ujug ngadng sora anu ceurik gogoakan. Kadng na mah sora si monyt ta th,

16

ceuk si cacing dina jero hatna. Buru-buru si cacing kaluar tina jero taneuh. Katingali si monyt keur ceurik bari nyekelan beuteungna, bari di

gigireunana aya cau saturuy. Si cacing buru-buru nyampeurkeun si monyet anu keur kokoshan bari ceurik eueurihan. Kunaon manh monyt? Tanya si cacing bari olohok ningali kaayaan si monyt. Aduh cing nyeri pisan ieu beuteung urang cing... nyeri! ningali si monyt anu keur ceurik, si cacing kalah seuseurian bari mawa cau anu aya digigireun si monyt. Tuh nya, ceuk urang og naon tong sarakah manh th monyt! Karasa pan ayeuna babalesna kumaha? Teu pira urang mnta cau hiji, da moal matak bak! si cacing tuluy ngadahar cau anu ti tatadi dipikahayang ku manhanana. Teu paduli ka kaayaan si monyt anu mnta tulung kanyenyerian.

17

Si monyt teu bisa nanaon, ngan ukur bisa nyekelan beuteung anu kacida nyerina. Si cacing tuluy ngomong deui bari samutut ngadahar cau, Matakna tong sarakah manh monyt. Hirup th kudu bisa babagi ka batur. Tong pedit, da rejeki mah pan geus aya nu ngatur. Tah ayeuna manh pedit ka urang, ieu balesan ti Maha kawasa th. Teu lila ngadng sic acing ngomong kitu, si monyt tuluy mnta hampura ka si cacing, Heueuh hampura urang cing, urang geus sarakah. Hampura cing!, si monyt ngomong mnta dihampura bari ceurik eueurihan. Si monyt ngarasa kaduhung ku kalakuan manhna sorangan nu embung babagi kadaharan ka batur. Ayeuna manhna kudu sabar narima babalesna tina paripolah gorngna. Ti saprak harita, si monyt geus tara sarakah deui. Unggal boga kadaharan, ku manhna sok dibagi ka si cacing atawa ka babaturanna nu

18

sjn. Manhna sadar, da jadi makhluk sarakah mah moal aya untungna.

***

19

Sabungkus Roti
Di hiji karajaan aya saurang raja anu teu kapalang bageurna, ngaranna Raja Biber. Loba nu resepeun ka ta raja th, sabab sipatna anu bageur tur bijaksana dina mimpin rahayat. Boh kitu deui rahayat anu dipimpin ku raja Biber th ngarasa makmur jeung sejahtera pisan. Si raja tara sombong siga raja anu sjnna, tara mawa kaputusan sosoranganan, jeung nyekel pisan kana amanat rahayat. Dina hiji po, raja Biber indit ka leuweung rk daun jati keur ubar budakna anu keur gering. Manhna indit sorangan, embung dikawal da hayang jongjon nangan ubar na. raja Biber leumpang di tengah leuweung didieu anu sakitu ku

pikakeueungeunana,

diditu

pinuh

tatangkalan ged. Sasakali aya sora manuk-manuk anu ting ngageroan. Raja Biber tuluy w leumpang nangan daun jati. Euweuh rasa kasieun, euweuh

20

rasa keueung, manhna yakin yn Gusti Allah bakal ngalindungan manhna. Geus lila raja leumpang nangan tangkal jati, manggih og daun jati th. Basa rk ngala daunna, si raja ngadangu aya nu ngomong tapi euweuh wujudna, Pk bawa daun th raja, geurageura balik, karunya budak anjeun,. Si raja luaklieuk nang saha ta anu ngomong th, tapi geningan euweuh wujudna. Di ta leuweung ngan aya manhna wungkul rarasaan mah. Pas ningali ka tangkal jati anu sakitu gedna, raja ningali aya sireum ged. Pok raja th ngomong, Naha manh anu ngomong th sireum? ceuk raja bari ngadeukeutan ka ta sireum. Muhun raja. Enggal candak daunna, karunya budak anjeun! Langsung wa raja nak kanu tangkal jati, buru-buru di ala daunna. Teu saeutik nu di ala ku raja, salian keur ubar, og paparantieun bisi butuh

21

jadi teu kudu ka leuweung deui. Geus menang ta daun, raja turun tina tangkal lalaunan. Tuluy raja ngomong deui ka ta sireum, Hatur nuhun, saur raja bari nwak sireum tuluy dicicingkeun dina dampal leungeunna. Ayeuna kuring kudu balik deui ka

karajaan, naha anjeun ark milu jeung kuring? raja Biber anu sakitu bageurna, hayang pisan mawa sireum ka karajaan manhna. Ditingali ku

manhna, ta sireum th bageur jeung hormat ka manhna nu jadi raja. Hatur nuhun raja, tapi da kami mah betah knh didieu, tembal sireum. Sumangga ari kitu mah. Manh hayang dibr naon ku kuring? Kami ngan mnta sabungkus roti wa raja, ta roti keur kadaharan kuring satauneun, raja anu ngadangu jawaban sireum mnta sabungkus roti,

22

buru-buru nang kanu kantongna. Manhna inget yn tadi sammh indit, dibekelan sabungkus roti ku pamajikanana. Raja mikeun sabungkus roti ka si sireum. Roti disimpen dihandapeun tangkal, tuluy sireum disimpen di luhureun roti. Ieu roti keur satauneun lin? K lamun geus satuan, kuring rk balik deui kadieu. Rk mawa sabungkus deui roti keur manh, ceuk raja ka sireum. Sumangga raja, hatur nuhun anu kasuhun, Ningali kaayaan sireum anu bungah ku sabungkus roti, raja buru-buru balik ka karajaan. Inget budakna anu keur butuh daun ubar. Sanepina di karajaan, raja langsung ngubaran budakna. Tapi raja og inget wa ka sireum anu panggih jeung manhna di jero leuweung. Geus sataun lila na.

23

Raja balik deui ka ta leuweung. Leuweung tempat panggihna raja jeung sireum anu teuing asalna timana. Raja leumpang kaditu kadieu nangan kaayaan sireum. Aya kira-kira geus sababaraha jam lila na raja ngurilingan leuweung, ahirna panggih og jeung sireum. Ditingali th rotina masih knh aya sapotong deui, geningan can bak. Naha geuninga roti th can bak? Pan geus sataun! raja ngomong bari diuk dina dadaunan anu geus murag tina tangkalna. Ieu th keur jaga-jaga raja, bisi raja hilap ka janji raja anu baheula. Cenah lamun geus sataun, raja rk balik deui ka leuweung ieu. Matakna ku kami teu dibakeun ta roti th. Tapi ayeuna manh ningali pan, kuring balik deui kadieu. Yeuh, kuring mawa deui sabungkus roti keur manh, raja ngasongkeun sabungkus roti deui keur ta sireum. Sireum

24

ngarasa reueus ka raja Biber anu geus nepatan janji ka manhna. Raja mawa sireum tina roti, langsung dicicingkeun dina dampang leungeunna. Nepi ka diusapan ku raja. Pun samapun raja, kami nyungkeun

dihapunten. Tos salah sangki ka anjeun, Kuring geus janji ka anjeun, moal mungkin ku kuring poho ka ta janji. Nu ngaranna janji mah sarua jeung hutang. Kuring embung boga hutang, bisi kabawa maot, ningali sipat raja anu bageur, sireum beuki reueus ka ta raja. Manh na ngucapkeun sukur ka Gusti Allah bisa panggih jeung raja anu bageur tur bijaksana. Teu salah anjeun jadi raja, da geningan anjeun th pamimpin anu jujur ceuk sireum bari nyuhun ka raja Biber. Ti harita, sakumaha janjina raja unggal taun sok datang ka ta leuweung keur mr sabungkus roti keur sireum. Raja sok embung poho kana sagala janji anu geus diucapkeun ku manhna,

25

sabab janji th saur raja mah hutang. Pami hutang teu dibayar, dosa. Kitu deui janji, pami urang poho kana janji, urang og bakal dosa. Sipatna anu bijaksana, jujur, jeung bageur, ngajadikeun raja Biber hirup bagja dina karajaan.

***

26

Pitbul
Dina hiji po, Ipit keur jamedud wa hareupeun wadah sampah anu aya disisi jalan. Teuing aya naon, katingalina mah siga nu boga masalah anu beurat jeung pikakeuheuleun ka batur. Keur kitu, Ibul babaturan Ipit ngaliwat ka hareupeun si Ipit. Ibul anh ningali si Ipit anu jamedud wa dideukeut wadah sampah. Heh Ipit! Keur naon ari manh? Jamedud teu pararuguh, ceuk Ibul bari cicing digigireun Ipit. Teu kunanaon bul, tembal di Ipit anu kacida judesna. Ningali babaturanna anu jamedud teu pararuguh, kalah jadi bosen ka Ibul. Ibul jadi horam maturanna og. Kusabab kitu, Ibul

ninggalkeun Ipit sorangan di deukeut wadah sampah sisi jalan. Ibul bingung, naha si Ipit bet asa judes pisan, padahal mah asa teu boga salah, Ibul tanya-tanya ka dirina sorangan. Ipit anu

27

ditinggalkeun sorangan ku Ibul ngan tuluy wa jamedud. Embung ditanya ku sasaha. Po isukna, Ipit ngahaja nang si Ibul. Manhna niat rk mnta maaf ka babaturanna, sabab kamari geus ngajudesan teu pupuguh. Ipit nang kaditu kadieu. Ahirna panggih og jeung si Ibul. Bul, hampura kamari urang geus judes pisan ka manh. Da manh mah mang teu boga salah bul, ceuk Ipit mnta dihampura ka babaturanana. Teu nanaon pit, kalm wa. Naha atuh ari manh th kunaon? Aya masalah jeung saha? tanya si Ibul panasaran. Ipit ngarnghap panjang sammh niat rk nyarita ka si Ibul. Tuluy wa si Ipit diuk dina hiji batu anu aya dideukeut manhanana. Keuheul bul urang th, naha lembur urang th mani kotor-kotor

28

teuing nya bul, pantesan mani bau diditu-didieu. Teu betah bul urang mah di lembur anu kieu th! si Ipit nyarita. Ibul nu jadi babaturan si Ipit, ngadngkeun caritaan babaturanna. Geura nya bul, ayeuna runtah aya dimana-mana. Sidikna teu diunggal juru ayeuna mah loba runtah, Ipit tuluy nyarita. Sanajan Ipit ngan sakadang sireum, tapi Ipit paduli pisan kana kabersihan lingkunganna. Komo

lemburna sorangan. Matak Ipit mah sok ambekkeun mun aya manusa anu miceun runtah sakahayang manhna wa, cingcirining ta th ngarusak lingkunganna sorangan. Heueuh nya pit, asa ku kotor gening lembur urang th. Bda jauh jeung barto. Ceuk Ibul. Deuh nya puguh pisan atuh bul. Baheula mah lembur urang th teu kotor, runtah teu patulayah dimana wa. ta da manusa jaman

29

ayeuna mah ku argois, miceun runtah sakahayang maranhna wa. Ari geus aya musibah mah geura nyalahkeun pamarntah bul! Ipit ngomong bari jeung keuheul. Ibul ngan bisa cicing ngadng caritaan si Ipit anu sakitu mikacinta kabersihan. Kabersihan anu bersih, euweuh runtah dimana wa, matak pikabetaheun nu cicing di ta lembur. Boh manusa, boh bangsa sireum. Sanajan bangsa sireum ngan saukur sato leutik, tapi Ipit jeung Ibul sok teu betah mun aya dilingkungan anu kotor siga lemburna ayeuna. Maranhna nangan id, kumaha carana sangka lemburna bisa pikabetaheun kawas baheula. Bul, manh dak teu ngabantuan urang? tanya Ipit. Nya heueuh atuh pit, apanan urang th babaturan. Jadi kudu saling membantu ceuk guru PPKN baheula og, tmbal si Ibul.

30

Ningali

babaturanna

anu

sumanget

ngabantuan, Ipit jadi sumanget oge berbagi rencana na ka batur. Manhna yakin yn si Ibul pasti dak mantuan manhna. Jadi kieu bul, urang hayang ngurangan runtah anu aya dilembur ieu th ku cara operasi semut!. Ngadng caritaan Ipit, Ibul langsung reuwas. Manhna ngagorjag saking reuwasna. Naon gening make operasi sagala pit? Embuh ah, urang mah embung di operasi! ceuk Ibul bari sieun. Haha. Nya lain kitu maksud urang mah bul. Operasi semut th lain manh nu dioperasi, abong-abong manh sireum. Tapi maksudna kieu, urang kudu rajin miceun runtah kana tempatna. Sakabh runtah anu aya dideukeut urang, kudu dak miceun. Teu paduli rk runtah urut saha wa og, kudu dipiceun!

31

Ih sugan th urang rk dioperasi! Nya ari kitu mah hayu atuh pit, sumanget urang mah kana nu kieu mah. Tapi ieu th ngan urang duaan? tanya ibul bari colohok. Nya heunteu atuh bul, ajakan bangsa sireum nu lainna. Urang babarengan ngayakeun operasi semut. Urang kudu bisa ngabersihkeun lembur urang sorangan sangkan jad lembur anu pikabetaheun batur, Siap pit lah, hayu urang sumanget ari kieu mah! Ibul jeung Ipit seuri bari silih tingali. Komo deui sumanget Ibul asa ngabantuan pisan ka Ipit anu tadina teu yakin bisa mawa batur keur ngabersihan ta lembur tina runtah-runtah anu bisa nimbulkeun panyakit keur sarra. Pokona isukan kudu diumumkeun ka sireum-sireum anu aya dilembur urang, mudah-

32

mudahan w maranhna bisa ngabantuan urang bul. Beuki loba nu ngadukung, beuki loba og harapan keur sukses ngawujudkeun kahayang urang, ceuk Ipit pinuh ku sumanget. Isukna, Ibul jeung Ipit ngumumkeun ka kabh sireum keur ngayakeun nu ngaranna operasi semut. Sakabh sireum dak jeung satuju pisan kana pamadegan si Ipit anu hayang ngabersihan lemburna anu sakitu ndahna. Ahirna sireumsireum ti harita langsung operasi semut, miceunan runtah kanu wadah runtah, bener-bener teu paduli runtah urut saha wa og nu penting kudu dipiceun. Da bersih mah lain ngan saukur keur diri sorangan, tapi keur batur og.

***

33

Budak Raja anu Sombong


Di hiji karajaan, aya sapasang raja jeung ratu anu keur bungah nu liwa saking. Sanggeus di tungguan sababaraha taun, raja jeung ratu ayeuna geus boga budak. Budakna lalaki, ngaranna Jaka. Saking ku bungahna, raja jeung ratu nepi ka ngondang sakabh eusi karajaan keur sukuran lahiran budakna anu cikal. Raja jeung ratu mnta dipangdoakeun ka sesepuh karajaan sangkan Jaka th jadi budak anu bageur, sholh, tur bijaksana. Kitu deui sakabh rahayat ngarasa ngilu bungah ku ayana Jaka salaku putra karajaan anu engkna bakal ngagantikeun bapa na jadi raja. Waktu teu karasa nyrlkna. Ayeuna Jaka th geus umur lima taun. Jaka jadi putra karajaan anu dibanggakeun pisan ku raja jeung ratu. Tapi sanajan Jaka dibanggakeun pisan ku raja jeung ratu, boh rahayat boh pangeusi karajaan teu raresepeun ka si Jaka. Budakna sombong tur embung lhan,

34

egois pisan. Manhna embung ulin jeung budak rahayat biasa, ulin th kudu jeung putra raja deui wa. Dina hiji po, Jaka ulin ka taman karajaan anu ayana di tukangeun wangunan karajaan. Basa Jaka datang ka ta taman, di taman th keur loba barudak saumuran manhna keur arulin. Jaka ngarasa ambekkeun pisan, sabab anu keur ulin th budak rahayat-rahayat biasa. Buru-buru Jaka lumpat, tuluy ngagorowok, Hey! Keur naraon manh didarieu? Kaditu geura arindit! Ieu mah taman anu kuring!. Barudak anu keur arulin lalumpatan, sarieuneun ku Jaka. Ningali barudak anu lalumpatan, Jaka kalah seuseurian bari ningalikeun kasombonganana. Ningali kalakuanana anu sombong, kabh rahayat teu raresepeun ka budak Raja. Ti harita, barudak anu sok ulin di taman karajaan geus tara arulin deui didinya. Malahan putra-putra karajaan

35

anu sjnna og teu raresepeun ka sipatna Jaka. Kusabab kitu, euweuh anu dak jadi babaturan si Jaka. Ayeuna si Jaka sok ulin sosoranganan, tara aya pisan anu ngabaturan iwal ti pangasuh karajaan. Lila kalilaan, Jaka ngarasa bosen sorangan wa. Tapi Jaka bingung, saha anu dak maturan manhanana ulin iwal ti pangasuhna. Pok Jaka ngomong ka ratu, Ibu ratu, naha batur siga nu ngarwaeun ka kuring? Naon salah kuring th? Kuring ngaraos sedih teu gaduh rencang, salaku nu jadi indung, ratu ngadeukeutan budakna. Di tangkeup bari diusapan pinuh ku kanyaah. Anaking, anjeun ayeuna tos ageung. Lamun anjeun bisa ngarubah sikap, pasti bakal loba batur anu ngabaturan anjeun. Tong sombong, tong gois, Gusti Allah wa tara ngabdakeun manusa nu hiji jeung liana, kabh og sarua anaking ceuk ratu bari ngusapan rambut budak na.

36

Jaka ngarasa kaduhung. Manhna sadar yn salila ieu manhna salah. Sipatna anu sombong jeung gois ngajadikeun manhna jadi jalma anu teu boga batur, dimusuhan ku sarra. Po isukna, Jaka marhtahkeun ka

pangawal karajaan titah ngumpulkeun barudak anu sok ulin ditaman. Jaka mnta hampura, Jaka janji moal sombong jeung gois deui ka batur. Ayeuna taman karajaan th sok pinuh ku barudak anu ngahaja ulin bareng jeung putra karajaan. Ayeuna mah saha wa anu rk ulin ka taman karajaan, moal diulah-ulah ku kuring. Hayu urang ulin babarengan, ceuk Jaka. Sakabh barudak anu aya didinya langsung mprak. Manhna og bungah, ayeuna putra karajaan th teu sombong kawas baheula.

***

37

Kuya Panengah
Di hiji leuweung aya sakadang kuya anu kark boga budak. Budakna tilu, nu kahiji ngaranna Eta, nu kadua ngaranna Eti, nu katilu ngaranna Etu. Tiluanana hirup akur tara parasa. Indung kuya ngarasa bagja pisan boga budak anu silih mikanyaah, tara parasa, jeung teu arogoan. Malahan mah sok babantu ka indungna lamun indungna keur ripuh. Bagja pisan Gusti boga budak th

geningan balalageur, teu nyusahkeun saeutik-eutik pisan, ceuk indung kuya bari ngucapkeun sukur ka Gusti Allah. Ayeuna Eta, Eti, jeung Etu geus galed. Kusabab anak indung kuya kabh aww, ta nu tilu th geus darwasa. Malah mah geus mimiti parasa hal-hal anu teu penting, geus katingali pasipatanana masing-masih. Eta mah anak kuya anu sarakah, babari ngambek, embung lhan,

38

jeung kumaha aing. Lamun Eti, anak kuya anu sabar, hirup saayana, tara loba protes ka indung bapana. Etu, anak kuya anu bungsu boga pasipatan anu ogoan. Lamun digeunggeureuhkeun th pasti ngomong ba w da anak bungsu cenah. Sakali mangsa, Eta anak kuya anu cikal hayang sapatu anu alus jeung mahal. Indung kuya anu geus apal sipat anakna anu babari ngambek, langsung w mangmeulikeun sapatu anu alus keur anak cikalna. Eta ngarasa senang geus boga sapatu anu alus kabina-bina. Ningali lanceukna

dipangmeulikeun sapatu, Etu anak indung kuya anu bungsu asa kapanasan. Etu mnta hayang

dipangmeulikeun kalung anu alus. Indung kuya langsung mangmeulikeun kalung anu alus jeung mahal keur anakna anu bungsu. Etu langsung ngomong ka lanceuk-lanceukna yn manhna boga kalung anyar anu alus. Ari anak kuya anu panengah, si Eti teu mnta nanaon. Ngan bisa seuri w ningali kabungahan adi jeung lanceukna.

39

Ari Eti hayang naon atuh? tanya indung kuya bari nyampeurkeun anak tengahna. Ah teu hoyong nanaon Ma, engk w lamun aya rejekina, tembal Eti. Lila kalilaan, indung kuya mr naon wa anu dipikahayang ku anak cikal jeung anak bungsuna. Eti og ngarasa beuki dieu th naha manhna mah asa tara dibr nanaon. Heunteu sirik mah, amit-amit atuh kudu sirik ka dulur sorangan mah. Ngan mani asa teu adil teuing keur urang mah. Caritaan Eti tina jero hatna. Eti indit ka walungan sorangan. Bari jeung sasakali ramisak ceurik. Aya rasa ambek, ngan teuing kudu kasaha ngambekna. Maskok, salaku lauk anu aya di ta walungan asa ngadng sora anu ceurik. Ari ditingali th geningan aya si Eti, anak kuya. Maskok nyampeurkeun Eti anu keur jamedud wa di sisi walungan.

40

Naha kunaon manh Eti? Jamedud wa ditingali th? tanya si Maskok. Keuheul kuring th! Abong kuring anak kuya panengah, asa tara diperhatikeun ku si Ema, ceuk Eti bari tuluy jamedud. Ningali babaturanna jamedud seuseurian. Haha, sirik nya ka si Eta jeung Etu? Paralun Maskok, amit-amit ari kudu sirik ka dulur sorangan mah. Ngan nya da kuring mah ngarasana kitu. Teu adil, teu adil! carita si Eti bari ceurik. Maskok ngan bisa cicing ningali Eti anak kuya ceurik. Geus sababaraha po Eti jarang panggih jeung indungna. Indungna bingung, teu biasa na Eti kawas kieu. Isukna indung kuya panggih jeung Eti, digeroan titah nyampeurkeun. Eti nyampeurkeun pinuh kakeuheul, Maskok kalah

41

bari rada judes jeung pinuh kakeuheul. Naha kunaon anak panengah th? Ti kamari ngan cicing w jeung jamedud pagawan th, ceuk indung kuya. Eti ngan bisa cicing, bingung rk ngomong naon. Kieu salah kitu salah. Pok Eti ngomong, Ma, lain sirik lain naon ieu th. Atuh da Ema mah siga nu pilih kasih ka Eti th. Ari ka Eta jeung Etu mah Ema th mani sagala mr, ari ka kuring mah abong kuring teu mnta mani teu mr nanaon. Naha teu nyaah Ema ka kuring th? Eti nyarita. Indung kuya cicing, tuluy ngadeukeutan Eti anu keur keuheul. Paralun anaking. Ema mah tara ngarasa pilih kasih, da kabh anak Ema th sarua. Dipikanyaah, dipikadeudeuh pisan ku Ema, Nu ngaranna indung mah moal aya basa pilih kasih, da kabh anak og sarua. Tong sirik ka nu jadi lanceuk, tong sirik ka nu jadi adi. Kudu bisa sabar, da kabh og aya baganna, ngadangu

42

indung kuya ngomong kitu, Eti ceurik. Eti ngarasa salah geus ngomong kitu ka indungna. Eti mnta dihampura ka indungna sabab geus ngomong kitu, geus nyangka indungna pilih kasih ka lanceuk jeung adina. Eti sadar, bener ceuk indungna yn nu ngaranna indung mah teu boga basa pilih kasih, kabh budak og sarua.

***

43

Piwuruk Pikeun Atikan Barudak Dsi Yanuarti Hak cipta ditangtayungan ku undang-undang All rights reseved

Wedalan PT Yanuarti Utama Jalan Raya Pash No. 05, Sumedang 45381 Telp. (0261) 203 397 Surat-: yanuartiutama@yahoo.com Situs: yanuartiutama.blogspot.com

Rancangan Jilid: Tim Kratif Yanuarti Utama Gambar Jilid: Dsi Yanuarti

Nomer: 001/YU/2012 Citakan ka-1, Yanuarti Utama, Juni 2012.

44

You might also like