You are on page 1of 13

DONGENG SUNDA

MTOS LAGU BANGBUNG HIDEUNG

Kacaritakeun di hiji dsa ngarana Tungturunan Kecamatan Tanjungsari aya saurang

aww anu tos parawan cicing di darah ta sangkan ngalanjutkeun pendidikanna di Universitas.

Manhna cicing nyalira kusabab keluargana cicing di Jakarta. Hiji waktu manhna keur sar

kahudangkeun ku sora gandng di imah anu dicicinganna. Manhna anh ku ruangan anu tara

dipak di imahna, akhirna kumanhna ditang, manhna reuwas ningali aya jelema anu keur

ngagglan pananganna sorangan. Tapi manhna sadar yn ta th mimpi, tapi mimpi ta mirip

pisan sareng kanyataan. Hiji po manhna anh ku aktivitas jeung kalakuan anu dilakukeun ku

ibu- ibu anu caket sareng imah anu di cicinganna. Manhna tuluy nelusuri si ibu ibu ta, teu

disangka si ibu ibu ta sok munjung atau nyembah kanu jadi Silluman. Kukituna manhna apal

yn ganggunan anu dialami kumanhna disebabkeun ku Siluman eta. Akhirna si ibu ibu ta di

pahan ku si aww jeung tuluy ngajungjurigan lamun aya anu nyetl lagu bangbung hideung.

Nama : Fauzan Sukmapratama

Kelas : X - 7
SASAKALA TANGKAL LETAH BUAYA

Jaman baheula, aya hiji jalma nu sakti mandraguna, ngarana


Joko Tingkir alias Aji Saka. Ku sakti-saktina, sagala sasatoan anu
aya di darat geus taraluk ku manehna, ti mimiti sato leutik tepi ka
sato galede, ti mimiti oray nepi ka maung Si Raja Leuweung, ngan
sasatoan anu aya di jero cai nu can taraluk teh, komo rajana mah.
Raja sasatoan di jero cai jaman harita nyaeta buaya.
Hiiji mangsa Ajisaka ngalanto ka sisi walungan tukangeun imahna
maksudna rek ngadon wulu, da can aya cai sumur jaman harita
mah. Harita Ajisaka geus nagog dina batu pikeun ngamimitan
wulu, tapi karek oge leungeuna antel kana cai, ari jelebet teh aya
nu ngabababuk kana tonggongna, tepi ka Ajisaka tigejebur ka
walungan.
Dasar Ajisaka jelema sakti, waktu manehna tigejebur terus
manehna nojer dasar walungan. Ngan sakilat Ajisaka geus
nangtung dina batu urut tadi. Barang manehna ningali saha anu
jail teh kacida reuwasna, lantaran anu ngababuk tadi teh taya lian
Raja Buaya nu ngarajaan sagala sasatoan di jero cai.
Ajisaka,Hey Raja Buaya! Ku naon teu gugur teu angin ujug-ujug
ngababuk kaula? Raja Buaya, Ha ...ha... ha... Anjeun nu ngaran
Ajisaka?
Ajisaka, bener pisan nya kaula nu ngaran Ajisaka, naon
kaperluan anjeun bet ngaganggu ka kaula?
Kieu hey Ajisaka! jawab Raja Buaya, dari barabat
nyaritakeunPamaksudanana. Sihoreng raja buaya teh ngajak
tarung ka Ajisaka. Manehna panasaran hayang ngalawan Ajisaka,
saprak ngadenge beja sasatoan di darat geus taraluk ku hijji jalma
nu ngaran Ajisaka.

Sanggeus ngadenge pamaksudan Raja Buaya, Ajisaka gancang


ngajawab Euh, jadi maksud anjeun teh ngajak tarung ka kaula,
Heug ku kula dilayanan, taopi ke heulakaula rek neruskeun heula
wulu jeung rek solat heula, kumaha?
Raja Buaya, Jelema, nu dicekel omonganana, heug kaula satuju
jeun rek nungguan di dieu.
Atuh gancang we Ajisaka teh neruskeun wulu, sanggeus wulu
terus manehna solat di luuhureun batu anu lempar, beres solat
terus ngadoa neneda ka nu Kawasa kumaha carana ngalawan
raja buaya jeung dimana apesna. Lantaran manehna nyahoeu
N raja buaya teh kacida saktina. Ku husu-husuna ngadoa,
manehna meunag ilapat yen apesna raja buaya aya dina letahna.
Atuh kacida bungahna. Gancang manehna ngucapkeun sukur ka
Nu Kawasa.
Beres solat jeung ngadoana, jung Ajisaka nagtung. Basa mimiti
ngalengkah teu poho maca Bimillah heula. Sanggeus pahareup-
hareup mah gapruk we atuh eta dua mahluk teh galungan rame
naker. Raja Buaya teh siga nu nyahoeun kana apes dirina, da
buktina dina gelutna teh teu wanieun ngegel-ngegel acan.
Galungan teh teu karasa geus ampir tilu poe, barining kitu Ajisaka
teu weleh mikir ngakalan kumaha carana sangkan Si Raja Buaya
teh daekeun nagakan sungutna. Sakilat Ajisaka geus manggihan
akal, atuh gancang manehna pura-pura paeh, basa Raja Buaya
ngagebug ku buntutna. Teu nyalahan, barang ningali Ajisaka
ngagoler teh Raja Buaya nyampeurkeun bari seuri ngagakgak.
Barang Raja Buaya keur seuri, ngan sakilat Ajisaka ngabetot letah
Raja Buaya nepi ka pegat, terus dialungkeun ka darat. Ari
beunang apesna mah Raja Buaya teh ngajoprak teu walakaya bari
ampun-ampunan. Geus kitu mah atuh Raja Buaya teh dititah balik
ka tempatna.
Samemeh indit Raja Buaya ngucapkeun heula sumpah yen moal
ngaganggu ka bangsa manusa salila tujuh turunan. Tepi ka
ayeuna buaya-buaya mah letahna parondok malahan mah teu
jiga letahan.
Lila ti lila letah nu dialungkeun ku ajisaka teh akaran jeung
sirungan, hirup saperti tangkal sejena. Ku lantaran asalna tina
letah buaya, nya eta tangkal teh ku masarakat jaman harita
dingaranan tangkal Letah Buaya atawa Lidah Buaya, tepi ka
ayeuna cenah.
Nama : Devi Nur Nasyifa Komar
Kelas : X 7

Dongeng Citali

Jaman baheula, lembur anu ayeuna disebat citali th mangrupakeun tempat


cai pikeun rakyat anu tinggal di ta tempat sareng anu rek atanapi atos aangkatan ti
luar kota. Tah diluhur cai eta th aya tali panjang anu ngagantung. Di jaman
baheula mah ta tali th sok disebut tali keramat. Lamun ngaliwatan ta tempat cai
nu aya tali ngagantungna teh sok keueung.
Dina hiji waktos ta tali teh murag kana cai anu aya dihandapeunana. Mulai
tidinya teu aya warga anu datang ngala cai ka tempat ta da sarieuneun. Tempat cai
eta ayeuna mah dijadikeun lembur anu disebat lembur citali. Kusabab kitu warga-
warga nyebutna kampung Citali
Wineu Aini Wulandari
X-7

PBR.Puskopad
baheula mah puskopad teh kebon awi nu kacida legana
jeung saurna mah sok dijadikeun pembuangan mayit basa jaman
penjajahan , teras eta kebon awi teh dibangun ku rakyat jaman
baheula jadi perumahan anu ayeuna dinamian PBR Puskopad.
PBR.Puskopad teh singkatan tina PBRna hartosna Perum Bukit
Raya sedengkeun Puskopadna mah hartosna Pusat Koperasi
Angkatan Darat. Naha dinamian PBR. Puskopad sabab nu
nempatannana seueur tentara Angkatan Darat. Baheula mah anu
nempatan Puskopad teh ngan aya sababaraha jalmi da meren
sarieuneun, tapi mulai tahun 2000an nyeueuran anu nempatan
puskopad teh. Baheula mah di puskopad teh ngan aya blok A
jeung B, teras nambih jadi blok A dugi ka Blok D, tuluy we dugi ka
ayeuna mah puskopad teh blok A dugi ka blok F.Tah diperumahan
puskopad teh aya hiji makam anu sok disebut makam Ki Anut nu
ayana di blok A saurna mah eta teh makam teh makam sesepuh
di puskopad. Dugi ka ayeuna aya eta makam teh lamun ngaliwat
kadinya teh sok asa keueung .
Nama : Eka Fauziah Pratiwi
Kelas :X-7
SASAKALA GUNUNG GEULIS
Jaman baheula di hiji pangtapaan Gunung Patuha, aya pandita anu gentur tur
kakoncara. Sakti mandraguna taya tandinganana. Eta pandita teh boga anak hiji
putri geulis, putri nunggal . Tabeatna estu soleh kacida. Sagala papatah nu jadi
kolotna taya hiji ge nupungpang. Nincak umur sawawa adatna angger teu robah.
Angger pikareseupeun batur, kayungyun. Eukeur mah geulis, katambah disipuh ku
budi paragi anu hade, atuh matak pikareseupeun batur.
Ramana Nyi Mojang apaleun kumaha tabeat nu jadi anakna. Lain teu hayang
buru-buru rumah tangga, ngan tepi ka kiwari can aya jodo pikeun anakna. Nya hiji
mangsa mah memeh indit cara sasari, ramana Nyi Mojang teh ngageroan nu jadi
anakna.
"Nyai Geulis anak ama, cik kadieu heula sakedap. Aya nu rek diomongkeun ka
hidep, " ceuk ki Pandita.
Soloyong Nyi Mojang nepungan nujadi ramana. Bari tuluy ngomong ," Mana
ay pikersaeun naon ? Abdi mahari disauran ku Ama teh sok asa rareuwas. Sok bilih
abdi ngalampahkeun kalakuan nu teu parok sareng nu sanes, " ceuk Nyi Mojang.
"Tong reuwas geulis, hidep mah estu taya kasalahan nanaon. Ngan ama teh
aya nu hayang ditanyakeun ka hidep.Kitu ge ama teh hayang jawaban nu jujur ti
hidep. Tah kieu Geulis, naha hidep teu hayang buru-buru rumah tangga ? " Naha
geus aya pamuda nu cop jeung lelembutan hidep ?", ceuk Ki Pandita ka anakna.
Ama mah moal maksa hidep kudu buru-buru rumah tangga. Tah ayeuna Ama
rek indit ninggalkeun hidep.Pastina mah rada lila oge.Kade sing iatna di imahnya.
Ulah ngasupkeun jalma nu matak nyilakakeun ka diri hidep", ceuk Ki Pandita deui.
"Mangga, ku abdi sagala piwurukAma dietoskeun pisan", walon Nyi Mojang.
Dina hiji mangsa teh datang nu jajaluk. Hiji aki-aki , awakna rangkebong
alatan nahan lapar. Leumpangna rumanggieung, sirahna lilinieun, huntuna kemong.
Panona bolotot nolol, kulitna parareot.Eta teh ki Pandita anu keur nyamar jadi
jajaluk.
"Sampurasun Nyai! Naha keur aya di ima ?!", ceuk nu jajluk.
"Rampes aki. Mangga linggih ka lebet!" ,walon Nyi Mojang.
"Geulis, wios aki mah di lar we. Kapan hidep teh nyorangan. Bisi aya cariosan nu
mitnah ka hidep.
"Ieu aki mere keris keur hidep,gunana pikeun ngajaga diri, ngan omat ieu
keris teh ulah jauh ti diri hidep, sarta teu meunang ditunda dina lahunan, lantaran
bakal aya kajadian nu bakal tumuba. Omatnya geulis tengetkeun ucapan aki."
Dina hiji mangsa, Nyi mojang geus diangir. Bati moyan nuhurkrun buuk,
manehna neukteukan kuku. Abong manusa sok keuna ku poho, keris teh ku
manehna ditunda dina lahunanana.Ari barang inget, manehna ngaranjung,reuwas
kacida, ngarasa kaduhung geus ngalanggar kana amanatna Ki Pandita. Ngan les
wae keris nu aya dina lahunanana ngaleungit, teuing ka mana leosna.
Tujuh bulan ti harita, ti saprak Nyi Mojang kaleungitan keris tea, manehna teu
weleh dikungkung ku kabingung. Lantaran jol-jol kakandungan teu pupuguh,bari
jeung teu rumasa kungsi ngalakukeun pagawean anu nirca mengpar tina papagon
agamajeung kapercayaana. Waktu ramana datang ka pangtapaan, kacida
ngambekna. Daisangkana anakna tehgeus ngalakukeun nu nirca, mengpar tina
papagon agama jeung kapercayaana. Nyi Mojang susumpahann , yen manehna teu
ngalakukeun eta pagawean.Malahan manehna menta bukti, lamun Nyi Mojang
masih keneh suci, ku jalan kudu bisa mindahkeun tujuh pasir dina sapoe sapeuting.
Dina kaayaan bubureuyeungan Nyi Mojang gancang ngamimitian digawe. Teu
kungsi lila, kadenge soraatra pisan. "Ibu, tong janten emutan teuing, kasesah ibu
nya kasesah abdi. Nya alatan abdi pisan, Ibu janten nandangan tunggara. Wios ieu
padamelan teh urang rengsekeun ku abdi". Eta sora teh tetela kaluar tina jero
beutuengna.
Sabada nyarita kitu, teu karasa kerelek we Nyi Mojang teh heuay. Panonna
ngarasa tunduh kacida. Les we kasarean. Subuh-subuh kakara panonna bisa
dibeuntakeun.
Aneh pisan, tujuh pasir nu galede teh dina waktu sapeuting geus bisa
dipindahkeun. Taneuhna ngagugunung ngajanggelek jadi hiji gunug nu gede kacida.
Sanggeus pagaweana beres, Nyi Mojang mulang arek nepungan ramana di
pangtapaan. Ahirna ramana teh percaya yen anakna heunteu ngalakukeun
pagawean nu nirca, mengpar tina papagon agama jeung kapercayaana.Ramana
ngahampura kana sagala kasalahan nu jadi anakna. Ngan anehna sabada
dihampura ku ramana, kandungan Nyi Mojang ge ngaleungit, sarta robah deui jadi
keris eluk tujuh deui.
Lantaran Nyi Mojang bisa ngarengsekeun pagaweanana jeung ngabuktikeun
kasuciana. Ku masarakat di dinya, tujuh pasir nu dipindahkeun jadi gunung teh,
dingaranan Gunung Geulis. Kusabab Nyi Mojang tea kawentar ku kageulisanana.
Wasta : Salsa Dila Putri
Sumur Tilu Tanjungsari

Baheulana mah lembur sirah Cikandang th tungtung sawah nu deukeut


Awi Surat nepikeun ka tonggoh. Malah nepi ka kasohor ieu th lembur ged.
Tah sammh nyieun sumur anu tilu, ti baheula aya sumur anu awal nyata
di belah wtan sumur tilu. Anu bogana th ngaranna aki Asri. Ngan sumurna
th geus euweuh, geus diruang sabab anu bogana geus euweuh maot. Nya
sumur anu aki Asri diruang, terus nyieun deui sumur dina tanah anu tuang
pamanna Bapa Ica, adina almarhum pamajikannana. Mimitina nyieun sumur
th hiji heula, lain tilu sakaligus. Sabab dina pada harita th kaayaan usum
halodo panjang pisan, terus nu nyieun cai timana-mana daratang kadinya.
Malah aya anu ti Mumunggang, ti Cikandang, og ti Awi Surat. Loba pisan
anu nyieun cai ka ta sumur, nepikeun ka nu nyieun caina th ngalantri. Nya
nyieun deui sumur anu kadua, tempatna aya di belah kiduleun sumur anu
buhun atanapi anu cikal. Teu cukup wa kana kabutuhan cai, datang wh ti
Dinas Kesehatan mr alat pompa cai keur ta lembur. Terus nyieun deui
wa sumur anu katilu, tempatna aya di gigireun sumur anu cikalna. Ngan ta
pompa cai th teu kuat lila. Mmang mimiti-mimiti mah ta th jalan
sakumaha anu dipikahayang. Ngan lila-lila mah ta pompa th teu jalan
nepikeun ka ruksak. Nya kulawarga alm. Abah Ucup th badami supaya ta
sumur bisa jalan sakumaha biasana. Terus ta sumur anu asalna make
pompa th dijadikeun sumur sapertikeun sumur biasana.
Ieu sumur th kuduna mah disebut sumur Abah Ucup. Sabab Abah Ucup
th anu bogana ta sumur. Tapi meureun masarakatna gampangan knh
nyebut sumur tilu. Tah ti mimiti ta, kasebut w ieu th sumur tilu. Ku
lantaran sumur anu kaduana diruang sabab anu bogana geus ganti, jadi hiji
waktu sumur th ngan tinggal dua. Kusabab didinya th geus katelah sumur
tilu, jadi di deukeut sumur anu dua th nyieun deui hiji sumur tapi ngan
saukur simbol wungkul. Jadi tetep nepi ka ayeuna g ngan saukur dua sumur
anu sok dipak mah. Sabab anu hijina deui mah caina teu ayaan da ngan
saukur simbol ta barijeung dina ayana g kaluarna ngan saeutik.
Mitos-mitos anu aya pernah kaalaman, karasa ku warga masarakat anu
aya di darah sabudeureun sumur tilu nyata salah sahijina lamun ngaliwat
kadinya tengah peuting atawa sareupna sok aya nu kabeneran ngadng
sora-sora anu keur ngawarangkong. Aya og anu manggihan dina waktu
hujan ngaririncik th aya anu mangrupakeun adn-adn, nyata aki-aki anu
sorana sok rada ngirung. Tapi deuih aya og kasus anu rada haneut knh
nyata aya hiji jalma anu sompral anu nantang ka mahluk anu aya di sumur
tilu. Balukarna mah manhna langsung ngidap panyakit batin, teu bisa
diubaran ku dokter. Malah waktu dokterna teu sanggupeun ngubaran ta
jalma, ku dokter dibr saran nitah diubaran ka jalma nu bisa lantaran ta
mah panyakit lahir. Geus dipariksa dina bobogaannana anu saged rantang
th euweuh nanaon, euweuh daging jadi atawa tumor. Sabab ta mah
panyakit batin, jadi kudu dibawa ba balik ka imah. Geus ngadng kitu mah
terus dibawa ka imah. Saterusna diubaran jeung mnta dihampura tina
kasalahan anu geus dipilampah, nyata ngomong sompral ka mahluk ghoib.
Tah ti harita ta panyakit th leungit nepikeun ka cageurn.
Wasta: Ima Rismawati
Sasakala Pare
Hiji mangsa, Batara guru ngadamel karaton anyar. Para dewa diembaran
kudu nyarandak batu gede pikeun tatapakanana. Sakabeh dewa nyanggupan, ngan
Dewa Anta anu henteu teh. Barang disumpingan ku Batara Narada, Dewa Anta ngan
gigideug wae, bari cumalimba pok nyarita: "Kapan salira oge uninga yen simkuring
mah teu gaduh leungeun teu gaduh suku.Kumaha rek tiasa ngabantun batu?"
Sajeroning nyarita kitu teh clak cipanona ragrag tilu keclak, ngagorolong kana
pipi. Barang cipanon nu tilu keclak tea murag kana taneuh, bet salin rupa jadi endog
tilu siki."Sanggakeun eta endog teh ka Batara Guru sarta caritakeun sakur nu
kajadian!" Saur Batara Narada ka Dewa Anta.
Ti dinya, bral Dewa Anta teh miang ngajugjug karaton bari ngaheumheum
endog ati-ati pisan. Di satengahing jalan gok manehna papanggih jeung manuk
galudra.
Bade angkat ka mana Dewa Anta?" Galudra teh nanya. Tapi kulantaran keur
ngaheumheum endog, Dewa Anta. Dewa Anta teh teu bisa ngawalon. Leuwih ti dua
kali Galudra nanyana, tapi kulantaran teu dijawab wae, nya timbul amarahna. Kecok
bae Dewa Anta dipacok palebah sirahna. Atuh Dewa Anta kokowowongan nyerieun,
nepika dua kali ngoceak nyerieun, sarta unggal ngoceak murag hiji.(abong
dongeng:Red)Barang ninggang kana taneuh, pro endog teh peupeus, borengkal tina
unggal endog biji anak bagong. Eta dua anak bagong teh tuluy dikukut ku sapi,
disusuan nepika gede bareng jeung anakna. Ari anak sapi tea, ngarana Lembu
Gumarang, nu bakal jadi sapi jalu siluman, sakti manggulang mangguling, jadi
musuh kabuyutan para dewa jeung manusa.Dewa Anta kacida nalangsana endogna
euweuh dua teh, untung we aya sasiki deui dina heungheumanana. Endog nu
tinggal sasiki teh tuluy disanggakeun ka Batara Guru, sarta pok sakur nu geus
kajadian teh dicaritakeun. Batara guru nimbalan sangkan eta endog
disileungleuman nepika megar, sarta lamungeus megar kudu disanggakeun deui ka
anjeuna, naon bae ge anu dipegarkeunana.Endog teh dibawa deui ku Dewa Anta.
Katompernakeun bulan, endog teh megar, ari nu kaluar orok anu rupana kaciga
geulisna. Buru-buru eta orok teh disanggakeun ku Dewa Anta ka Batara Guru, tuluy
ku Batara Guru didamel putri sarta diwastaan Dewi Sri. Dirorok cara putrina ku
anjeun, diogo didma-dama sakumaha mistina.Sababaraha taun geus kaliwat, Dewi
Sri jadi mojang geulis nu keur meujeuhna rumaja putri. Saparipolahna matak
kayungyung, nya geulis, nya amis budi, saha wae anu ningali eta putri, tangtu
kabungbulengan. Dalah Batara Guru ku anjeun kacida geugeutna ka putri teh,
nepika para dewa rarisieun bilih anjeuna kateterasan mibogoh, palay migarwa
putra.Nurutkeun hukum, bapa teu meunang kawin ka anakna, sanajan nu jadi bapa
dewa jeung sanajan nu jadi anakna anak kukut.Para dewa ngaraos risi, boh bilih eta
aturan dirempak. Mun nepika kitu teh, geus tangtu kadewaan bakal sirna. Ku sabab
eta para dewa kalawan rerencepan samiuk rek nyabut nyawa Dewi Sri. Enya ari
matak nyeri kana manahna mah, tapi dalah dikumaha da taya deui jalan pikeun
ngajait kadewaan tina balai.Buah kasedep Dewi Sri ku para dewa dilebetan racun,
geus kitusong dihaturkeun. Sabada tuang buah, brek Dewi Sri teu damang. Beuki
lila salirana beuki teu aya tanagaan, lesu lir nu dipupul bayu, dugi ka pupusna. Lir
gagang kembang nu masih ngora nu lalaunan layu, kulahek, pluk murag kana
taneuh. SaliraDewi Sri teras dipulasara make upacara kadewaan, dipendemna
digigireun pagoda endah, nu tilu umpak suhunanana. Saterusna eta kuburan teh
dijaga ku widadari, saban poe diceboran nepi ka sakurilingna pinuh ku
kekembangan.Lila-lila tina kuburan teh aya nu melentung, beuki lila-beuki gede,
mangrupa tutuwuhan nu can kungsi aya. Ieu tutuwuhan kahiangan teh nyaeta nu
ayeuna disebut pare.Barang Batara Guru ningali kaahenganana, teras nimbalan
Kabayan Dewa supaya eta bini pare teh dicandak ka dunya ka paparinkeun ka raja
hiji nagara nu katelah Pajajaran."Caritakeun ku andika, ieu binih pare teh ti kula
kituh. Parentahkeun rahayatna melak ieu binih, sarta piara sing hade, tangtu
maranehna moal kakurangan dahareun, sabab pare teh pangan pangupa jiwa".Raja
Pajajaran teu kinten bingaheunana nampi kintunan aheng ti kahiangan teh. Tuluy
pare teh dibagikeun ka rahayatna. Kabayan Dewa ngawurukan kumaha prak-
prakanana melak pare di sawah jeung di huma, prak-prakanana dibuat, jeung prak-
prakanana nutu. Geus kitu burudul para widadari turun ti kahiangan kadunya rek
nagwurukan barudak awewe kumaha prak-prakanana nyangu jeung popolah
sangkan ngeunah. Ti harita rahayat Pajajaran tara pisan kakurangan pangan.
Mangpirang-pirang taun hirup tengtrem taya kakurang.Tapi hiji poe ka Pajajaran
datang hiji sodagar jahat ti nagri sabrang. barang manehna nenjo pare sarta ngsaan
sanguna nurasana aheng tea, jorojoy hayang ngaborong bawaeun balik ka
nagarana, tapi Kangjeng Raja teu ngawidian, dawuhna:"Ieu parelain nu kami tapi nu
kahiangan, sabab asalna ti pangkuleman Dewi Sri di Kahiangan." Ki sodagar teu
kira-kira ambekeunana barang ngadenge pidawuh raja kitu teh. Gejlig manehna
indit ngajugjug ka Guha Lembu Gumarang, nu aya di Pajajaran diruksak ku Lembu
Gumarang.(?)Tuluy sapi jalu teh singkil. Prak niup angin ngagelebug nepi ka
sakabeh tangkal pare rarebah papak rata jeung taneuh. Barang Batara Guru ningali
kaayaan kitu, enggal nimbalan Dewa anom nu jenenganana Sulanjan sangkan
nulungan pare. Angin nu sakitu ngagelebugna disingraykeun ku Sulanjana sarta
pare nu geus arayeuh teh jadi carengkat deui.Sapi siluman nyalukan dulur-dulur
sasusuna pikeun mantuan ngaruksak pare, nyaeta anak bagong anu dua tea, geus
galedetur kacida galakna. Eta bagong teh nitah pangratus-ratus bagong ngaleyekan
pare. Tapi Dewa anom geuwat nyipta pepedut nu kacida kandelna nepi ka bagong-
bagong teh sarasab. Ti dinya siluman teh ngeprik beurit mangrewu-rewu, tapi
geuwat jajalaneunana diawuran baruang ku Dewa Anom nepi ka beurit-beurit teh
gempar paraeh. Geus kitu eta sato sadudulur nu jarahat teh nyaralukan manuk nu
ngayuta-yuta lobana, sina maracokan pare.Tapi Dewa Anom tulu matek
ajiannyinglar manuk.Tungtungna sapi siluman teh ngeprik sakabeh sasatoan anu
aya di leuweung, sina ngaruksak dayeuh jeung kampung-kampung di eta nagara.
Geus kitu mah bring bae, rahayat, kolot budak, tarandang ka ka pangperangan,
maju jurit babarengan jeung Dewa Anom mingpin rahayat nyieun lombang nu
jerona ditaheunan pitapak, jeung masang jaring di luhur tatanngkalanBurudul balad
sasatoan teh ngaburudul ti leuweung. Dibobotohan ku sapi jalu tingsuruduk
ngarungkadkeun tatangkalan. Atuh gebrus-gebrus wae sawareh deui tinggurawil
keuna ku jaring. Sanajan nyaho baladna geus beak sapi jalu weleh teu daekeun
taluk, "Sulanjana" cenah manehna susumbar, "Ulah nyangka dewek geus eleh. Sok
ayeuna urang nagdu jajaten, saha sabenerna anu leuwih digjaya.Srog Dewa Anom
maju tandang, taya kagimir, rek ngayonan panangtang sapi jalu. Ajeuna nulak
cangkeng ngadago sapi jalunyuruduk. Kosreng sapi jalu ngasah heula tandukan dina
catang, suruduk nubruk mani bangbaraan. Tapi ngan sajorelat Dewa Anom nyingcet,
barang sapi jalu malikan deui nyuruduk, sampean Sulanjana ngarengkas, atuh bru
wae sapi jalu teh nambru. Jurungkunung hudang deui, tuluy nyuruduk, tapi molosda
Sulanjana nyingcet. Suruduk deui, suruduk deui sapi jalu teh nubruk, tapi ku
Sulanjana cukup dilawan ku cungcat-cingcet bae.Tungtungna kerewek suku sapi teh
ku Sulanjana ditewak hiji, tuluy diangkat, dipuntirkeun di luhur, nepi ka tungtungna
teu bisaeun nangtung-nangtung acan. Sapi jalu ngalengis menta ampun, ku Dewa
Anom ditedunan, meunang hirup, asal manehna jeung babi siluman anu dua tea
jangji bakal ngajaga pare salalawasna.Sanggeus eta sato nyaranggupan
nyumpunan jangjina, rahayat Pajajaran sarurak saruka bungah. Ti wangkid harita
mah hirup tengtrem ngahenang-ngahening, bisa ngararasakeung ngeunahna sangu,
pangan pangupa jiwa tea.