You are on page 1of 5

Kodok Bangkong

Mang Juned poe eta kadatangan tamu dulurna pak Kosim ti Jakarta, kabeneran manehna
jeung pak Kosim boga budak saumuran kira-kira 5 taunan.

basa mang Juned keur ngobrol jeung pak Kosim di teras imah, anakna keur uplek maen
koleci jeung anak pak Kosim. Keur anteng maen koleci, ujug-ujug gejlo weh aya bangkong
luncat ka deukeut barudak nu keur maen koleci, atuh barudak teh rareuwaseun.

Anak mang Juned: "Ih, awas aya bangkong, aya bangkong"

Anak pak Kosim : "Idih, ada kodok, ada kodok"

Anak mang Juned: "Yeeh, tong di kodok, geuleuh"

Atuh mang Juned jeung pak Kosim nu ngadengekeun sing cakakak


PADUNGDUNG DANGDUT

Hidup! Hidup! Hidup! cek peureup mani baruleud ngahaja nonjokkan


angin nu keur tibra lebah liliuh caringin. Angin teh tibuburanjat nyusul
manuk nu ti heula ngagarapak tina dahan kana dahan. Barengong
angin jeung manuk mireungeuh mangpirang peureup tinggorowok
nyentakan beurang bayeungyang. Beurang tembong rerenjagan tuluy
kabur sakur pangacianana. Hidup aing! Hidup aing! Hidup aing!
cek peureup beuki tararik bari tembong aya seuneu ngabebela tina
sela-sela ramo. Ngadegdeg angin jeung manuk nenjo beurang beuki
soak gogobrot juuh kesangan. Keur kitu, panonpoe ngagilerkeun
cahayana nyorot peureup nu ngabring ti peuntas ditu Aing ge hidup!
Aing ge hidup! Aing ge hidup! cek peureup nu karek cunduk sarta
teu tata teu titi ujug-ujug ngajorag nu keur sesentak. Ger campuh
peureup jeung peureup nu sarua pada-pada sareuneuan ngabebela
Peureup diadu jeung peureup deui. Tinggorowok. Tingjarekok sora nu
patonjok-tonjok. Angin mabal. Manuk mabur. Beurang geheng. Getih
peureup boborot nyiram sampalan. Kacaturkeun tengah peuting,
disaksian imut bulan, dua peureup nu baradag sasalaman handapeun
tangkal caringin. Nu itu nyiwit ceuli saeutik. Nu ieu bet ngeleketek.
(Godi Suwarna, Kotakidul, 92, Galura No.16)
BONGAN KITU
Bongan kitu disebutna, puguh mega
dipapay di awang-awang: cek aing angin
bongan kitu karasana, nyerina raheut
tatamba ka saban tabib: cek aing ngimpi
bongan kitu digambarna, geulis kabina-bina
ditepungan unggal wayah: cek aing werejit
bongan kitu pandena, nyarita sorangan
ditataan di rs jiwa: cek aing eling
bongan kitu ayana, beda jeung nu lian
diguliksek dina kamus: cek aing ibadah
bongan kitu itunganana: Gusti
(Juniarso Ridwan, 1992)
PANGBALIKAN

Iuh, iuh gunung kuring


angin ulin dina embun-embunan
sawaktu-waktu kuring kudu nepungan
dumeh hirup halabhab cinta
di maranehna nya ayana
Aya sababna kuring tibelat
aya sababna kuring pegat
tapi nu ahir lain kaabadian
kakasih dina hate ngawih deui
Iuh,iuh gunung kuring
nyata, nyata tanda-tanda
ngabalungbung jalan hirup
nepi ka nyawa rek asup
ka maranehna kuring rek balik
ka maranehna kuring rek pamit
(Wahyu Wibisana, Ciawang ,28-7-56, tina
Kanjutkundang)
BANGOR CARPON SUNDA
Poe rebo, andi ulin ka imah dadang naha kamari hente sakola, laju andi ka imah dadang na tabuh
04.00 sonten pas geus nyape di imah dadang.andi the ngetok panto imah dadang entos kitu buy anti
the indung na dadang ka luar, cek bu yanti teh eeh si andi hayu asup heula andi, andi aya naon bu
yanti bu aya dadang hentue di imah, cek buy anti teh aya keur di kamar keur sasarean bu kunaon
tadi dadang henteu sakola bu, cek buy anti the kamari keur poe salasa si dadang rag-rag dina
tatakalan satelah eta andi dititah asup ku bu yanti ngomog ka dadang aya rerecangan hayang
ngadele lengen dadang anu pateh kamari saha bu si andi. Pas kitu dadang ngomong ooh andi, andi
aya naon dadang kunaon lengen teh pateh cek andi, andi menang di indung dadang.
Satelah eta, andi nanya kunaon dadang pateh na keur rag-rag dina tatangkalan dadang pun
nyaritakeun kajadian dadang rag-rag dina tatangkalan. Cek dadang kamari pas poe salasa pas geus
balik sakola dadang the ulin kalapangan tabuh 03.00 sonten, dadang teh ulin lalayangan jeung si
ujang geus kitu dadang jeung ujang the ulin lalayangan pas entos di luhur lalayangan nu dadang aya
agi gede.
Geus kitu lalayangan dadang the ngadu si ujang, pas kitu benang lalayangan ngadu ngagesek gesek
benang na nyape lalayangan si ujang teh pegat. Dadang jeung ujang teh ugdak lalayagan siujang,
geus berberapa lami lalayangan hiber nyangkut dina tatangkalan.
Satelah eta, dadang jeung ujang teh ngedele nyangkut na lalayangan si ujang teh dina tangkal
albasiah anu gede jeung loba daha na. cek si ujang teh saha anu ngala lalayagan na, cek si dadang
abdi bae nu ngala lalayangan cek si ujang sok atu dadang, dadang pun naek tatangkalan na pas geus
di luhur dadang teh nykel dahan anu rapuh.
Satelah eta dadang ngadenge sonten perekpek ,dadang pun rag-rag tina tatangkalan albasiah pas
rag-rag dadang teh lengena anu tengen ngbentur kana taneh heras. Laju dadang ngrasa nyeri tina
lengena anu tengen, geus kitu ujang teh lansung ka dadang nu geus rag-rag cek ujang teh dadang
aya anu nyeri cek dadang ujang aya nu nyeri lengen anu tengen sigana pateh,
Cek ujang teh hayu balik kaimah dadang die ujang anu ngagendong dadang ka imah dadang,geus
berlama nyape ka imah dadang, geus kitu pas di harep pen panto imah dadang ujang. Geus
berberlama indung na dadang ka luar ooh ujang aya naon ari si dadang kunaon ujang pun
ngajawabbu yanti keur tadi dadang jeung ujang teh ulin lalayangan dina lapangan. Pas kitu
lalayangan dadang jeung ujang teh ngadu laju lalayang ujang teh pegat, pas kitu lalayangaqn nyakut
kana tangkal albasiah pas diluhur dadang nyekel dahan anu rapuh laju dadang rag-rag kana tateh
heras.
Pas kitu indung na dadang jeung ujang mawa dadang bka puskemas anu deket, pas ngeges naek
motor geu berberapa lami nyape dina puskesmas. cek indung na dadang teh untng bae henteu loba
antrian na antria na sakedik jadi henteu lila nanguana, pas entos berberapalami dadang di panggil bu
yanti,dadang jeung ujang lasung mawa dadang ka dokter tulang, pas entos asup karuangan dokter
tulang cek dokter tulang teh ieu lenge na anu tengen teh kedu di perban, pas entos diperban lenge
na dadang teh titah ka luar tina ruanganna dadang teh entos diubaran. Pas kitu ujang jeung indung
na dadang nuntun dadang ka luar puskesmas geus kitu dadang,ujang,jeung indungna dadang naek
motor pas berberapa lama nyepe kaimah dadang, geus kitu ujang teh menta maaf ka dadang jeung
bu yanti indung na dadang cek ujang teh tadi pas lalayang ujang pegat ku agin gede
Geus kitu dadang teh dadang geuh anu salah dadang kana nu hayang naek ngala lalayangan ujang.
Ujang ulah ngarasa salah ka dadang, dadang ujang balik nya kaimah nuhun sok atuh lamunhayang
uwih mah,pas kitu indungna dadang ujang nuhun dadang dibawakeun kaimah. nuhun buyanti ujang
uwih nya entos atu uwih
Satelah eta dadang ka siandi dadang entos nyaritakan kajadia rag-rag dina tatangkalan jeung
ngabawa ooh eta kajadiana dadang. Andi bade uwih heula gues tabuh 05.30 sonten nuhun atuh dek
uihmah ceuk dadang. Sing gera sembuh leungeun dadang teh anu teungeun.
Pesan / amanat
Sing ulah ulin kudunamah dadang teh ulah ulin hela. Helakeun geh PR di sakola jeung ulah kancolah
teing

You might also like