You are on page 1of 2

1. Novel Sunda anu munggaran medal taun 1914 nyaéta .…………………………..

A. Purnama alam
B. Nyi Roro kidul
C. Baruang ka nu Ngarora
D. Azab dan Sengsara
E. Si Kancil
2. Dina sastra Sunda aya Novel nu judulna Baruang ka nu Ngarora. Saha nu ngarang
novel Baruang ka nu Ngarora?
A. R. Suradireja
B. Radén Juliadi
C. D.K Ardiwinata.
D. WS. Rendra
E. WR. Supratman
3. ……………. téh carita rékaan (fiksi) anu méré kesan lir enya-enya kajadian sarta ukurana
paranjang.
A. Carpon
B. Novel
C. Deskripsi
D. Kawih
E. Mantra

4. Nu teu kaasup dina unsur – unsur instrinsik novel nyaéta..

A. Tema
B. Latar
C. Latar belakang penulis
D. Amanat
E. Gaya basa
5. Lingkungan sabudeur anu ngurilingan kajadian nu lumangsung dina hiji carita nyaéta….
A. Tema
B. Latar
C. Latar belakang penulis
D. Amanat
E. Gaya basa

6. Cara ngungkapkeun pikiran ngaliwatan atawa maké basa nu has anu némbongkeun pribadi
pangarang nyaéta….
A. Latar
B. Amanat
C. Latar belakang penulis
D. Gaya basa
E. Alur
7. “Basa kuring keur ngaderes “Bumi jeung Manusa” di rohang tamu, teu kanyahoan
asupna, nyaho-nyaho Prasasti geus ngajentul diuk hareupeun. “Éta téh buku énggal?" Tanya
manéhna. “Yup!” “Iraha mésérna? Teu wartos-wartos!” “Pamasihan.” “Pamasihan saha?”
Teu dijawab. “Ooh pamasihan tamu nu kamari ka dieu téa?” Manéhna ku kuring ukur dirérét.
“Naha bet masihan cenah? Boa-boa ada udang dibalik buku!” Kuring cicing. Tuluy pédah ku
kuring diantep meureun, diukna pindah ka gigireun.”
Latar tina cuplikan Novel di handap nyaéta…
A. Rohang tamu
B. Sakola
C. Di hareupan imah Pras
D. Kantin
E. Di hareupan sakola
8. Nu ngatur arah unsur séjénna dina hiji carita nyaéta…
A. Tema
B. Latar
C. Latar belakang penulis
D. Amanat
E. Gaya basa
9. Tokoh nu ngalalakon dina hiji carita nyaéta…
A. Amanat
B. Sudut pandang
C. Latar belakang penulis
D. Palaku
E. Gaya basa

10. Puseur sawangan kana Novel “Prasasti nu Ngancik dina Ati” nyaéta…
A. Kahiji
B. Kadua
C. Katilu
D. Kahiji, kadua, katilu,
E. Kahiji, kadua

You might also like