You are on page 1of 6

A.

Pancakaki
Pancakaki téh nyaéta perenahna jelema ka jelema deui anu sakulawarga atawa anu kaasup
baraya kénéh.
1. Rundayan atawa Turunan
a. Anak = turunan kahiji
b. Incu = turunan kadua, anakna anak
c. Buyut = anak incu
d. Bao = anakna buyut
e. Janggawaréng atawa canggahwaréng = anakna bao
f. Kait siwur = anak janggawaréng
2. Ka luhur
a. Bapa = lalaki nu boga anak, salaki indung
b. Indung = awéwé nu boga anak, pamajikan bapa
c. Aki = bapana indung atawa bapa.
d. Nini = indungna indung atawa bapa
e. Buyut = indung/bapana aki atawa nini
f. Bao = indung/bapana buyut
g. Janggawaréng = indung/bapana bao.
h. Kaitsiwur = indung/bapana janggawaréng.
3. Ka gigir
a. Adi = dulur sahandapeun
b. Lanceuk = dulur saluhureun
c. Emang/paman = adina bapa atawa indung (lalaki)
d. Bibi = awéwé adina bapa atawa indung
e. Ua = lanceuk bapa atawa indung
f. Alo = anak lanceuk
g. Toa = anak adi
h. Kapiadi = anakna emang/bibi
i. Kapilanceuk = anakna ua
j. Incu ti gigir = incuna adi
k. Aki ti gigir = lalaki, adina atawa lanceukna aki/nini

sabapa d. l. Dulur patétéréan = anak indung atawa anak bapa téré h. Nini ti gigir = awéwé. Istilah Séjénna a. nu ngarundaykeun urang . Teu hir teu walahir = teu baraya saeutik-eutik acan m. Bungsu = anak pangleutikna k. atawa ua c. bibi. Baraya laér = baraya nu nurutkeun pancakaki geus jauh perenahna l. Cikal = anak panggedéna i. anakna adi aki/nini 4. Adi beuteung = adina pamajikan/salaki. lain anu ngalahirkeun urang e. Karuhun = luluhur. b. Anak téré = anak sampakan ti salaki atawa pamajikan g. Baraya = sakur nu aya pancakakina p. saindung. anak paman. Bapa téré = salaki indung. adina atawa lanceukna aki/nini m. Ua ti gigir = anakna lanceuk aki/nini. Bau-bau sinduk = baraya kénéh. Dulur pet ku hinis = dulur teges o. Emang ti gigir = anakna adi aki/nini (lalaki) o. n. jalma-jalma anu kungsi aya lila heulaeun urang. Dulur sabrayna = dulur misan. Pangais bungsu = lanceukna bungsu j. lain anu ngalantarankeun urang lahir f. sanajan geus laér n. Indung téré = pamajikan bapa. Dulur teges = dulur enya. Bibi ti gigir = awéwé.

00 waktu 11. Wanci sariak layung = waktu layung (sinar panonpoe) di langit katénjo beureum. Wanci carangcang tihang = wanci liwat pajar. Wanci sareureuh budak = waktu budak leutik geus mimiti carapéeun tas hareureuy jeung dulurna (± tabuh 20. Wanci tengah peuting = ± tabuh 24.30) 4.00 .30 – 04. tengah poé (tabuh 12.B. téténjoan remeng-remeng kénéh (± tabuh 04. Wanci balébat = waktu pajar geus udat-udat (sinar panonpoé) beulah wetan (± tabuh 04. Wanci haneut moyan = waktu sedeng ngeunah dipaké moyan (± tabuh 07.00) 15.00-17.00) 7.30 – 05.30 3. Wanci rumangsang = waktu panonpoé geus mimiti karasa panas (± tabuh 09.00) 13.00 – 08.00 – 18.00 peuting 2. Wanci manceran/lohor = waktu panonpoé luhureun sirah.30) 6.00) 10. ayana dina luhureun gunung (± tabuh 16.00) 5.30) 14. Wanci lingsir ngulon = waktu panonpoé geus mimiti gésér ka kulon (tabuh 13. Wanci tunggang gunung = panonpoé geus rék surup. (± tabuh 17. Wanci janari leutik = kira-kira tabuh 03.00) 9.00 – 03. Wanci panonpoé satangtung = ± tabuh 15. Wanci pecat sawed = waktu munding anu dipaké magawe dilaan sawedna (± tabuh 10. Sesebutan Waktu dina Sapoe Sapeuting 1. Wanci sareupna = geus mimiti reup poék (± tabuh 18.00) 12. Wanci janari gedé = kira-kira tabuh 01.00) 8.

Ukuran badagna suhuna ilaharna sami sareng ukuran tihang. kai (awi guluntungan) nu dipasangna déngdék minangka pananggeuy eréng. Dina luhureun suhunan sok dipasang wuwung atanapi tutup. napel kana suhunan di luhur.C. kai nu dipasang manjang pangluhurna dina wawangunan minangka tempat patepungna hateup atanapi kenténg ti unggal bagianana. Eréng. 4. Kaso-kaso (usuk. Ukuranana ilaharna 4x6 cm. Ukuran eréng kai aya nu 2x3 cm aya ogé nu 3x4 cm. kai (awi guluntungan) nu dipasangna ditumpangkeun dina kuda-kuda. dipageuhan kana pamikul di bagian béh tungtung handapna. Gunana kanggo . manjang sapanjangna suhunan (babagian erénganeun). Mérés sapanjangna suhunan ditanggeuy ku gordéng (panglari) di tengah. layeus). Suhunan. 10x10 cm. Struktur Wangunan Imah Urang Sunda 1. 3. Gordéng atanapi panglari. panjangna salegana wawangunan ti lebah suhunan dugi kana panyawéran. Dipasangna dipageuhan ditumpangkeun luhureun kaso-kaso. kai (awi wilahan) kanggo numpangkeun kenténg atanapi talahab. 2. panjangna sami sareng panjang suhunan.

Aya ogé anu ku palupuh (talupuh) nyaéta awi guluntungan nu dibeulah. dicacag. papan nu dipasang dina tungtung usuk. 9. Kana tihang sok dijugang-jugangkeun siku-siku tina pamikul sareng tina panggeret malar rangkay weweg. nanggeuy bagian tengah jajaran kaso-kaso. Ukuranana sami sareng suhunan. 20 cm pasagian handapna. 7. 10. Siku-siku. kai (awi guluntungan) nu dipasang malang salegana bagian lebet wawangunan.17 cm pasagian luhurna. kai (awi guluntungan) nu dipasang ajeg di unggal babagian kuda-kuda minangka deudeul kana panggeret boh di béh tungtung boh di tengahna. Pamikul. 11. Ilaharna 5x10 cm d. sareng kuda-kuda. sakantenan kanggo nyicingkeun adeg-adeg. Dolos. 8. papan nu dipasang diamparkeun luhureun darurung minangka lanté. . 5. Upami pondok teuing tihangna. Panjangna sapanjangna wawangunan. Mung masangna kedah nganggo heula jajaran sarang. Balagbag. Darurung (dalurung). Ukuranana satengaheun badagna bahan suhunan. batu diwangun pasagi minangka ganjel puhu tihang supados tihangna henteu napak langsung kana taneuh. badagna sami sareng ukuran suhunan. kai (awi guluntungan) nu dipasang ditumpangkeun dina dolos di bagéan tengahna. Ukuran jangkungna 35 . Supados henteu ngemplad dolos sok ditunjel bagian tengahna ku tihang pondok nu disebat deudeul. Pangeret.40 cm. Lisplang. Tatapakan. wawangunan téh katingal depek. 13. dibébérkeun. Darurung gunana mageuhan puhu tihang sareng nyicingkeun dolos katut nanggeuy pananggeuy. kai (awi guluntungan) nu dipasang antara tihang sareng panggeret atanapi pamikul malar pageuh masékon. kai (awi guluntungan) paranti nyicingkeun jajaran pananggeuy. deudeul sareng pananggeuy.k 7x10 cm. 12. kana darurung di bagéan tungtungna. 6. kai (awi guluntungan) nu dipasang di bagian sisi handap sakuriling wawangunan malebahan kana tihang. ander. Tihang. 14. gunana paranti numpangkeun jajaran lanté (papan). kai (awi guluntungan) nu dipasang di sisi luhur wawangunan di béh tungtung panggeret. minangka pananggeuy bagian béh tungtung handap kaso-kaso. Panjangna sajangkungna rohang wawangunan. Pananggeuy. katut nanggeuy pamikul. 15 . Aya ogé nu dipasang antara adeg-adeg sareng suhunan. Nu lanténa ku palupuh (talupuh) sok dipasang heula jajaran sarang.

kai (awi guluntungan) tunjel pananggeuy sangkan teu ngemplad. kai (awi guluntungan) anu dipasang déngdék ti bagian luhur adeg-adeg dina tungtungna ka bagian tungtung panggeret palebah tihang wangunan dina tungtung nu sanésna. 16. kai pondok minangka dadampar adeg-adeg kana panggeret. Nincakna kana panggeret didadamparan ku dadagel. Deudeul. kai anu wangunna jiga awak simeut keur cicing.15. ari puhuna dipupurus kana dadagel. Kuda-kuda. Simeut meuting. Galar (palang dada). Ukuran galar ilaharna satengaheun badagna tihang. . jadi pamuntangan dinding (bilik. Dadagel. gedég) sareng merenahkeun jandéla. Adeg-adeg. 20. 17. Dadagel sok dicokrah saadeg-adegeun malar adeg-adegna teu ingkah. Di congona sok dicokrah kanggo merenahkeun suhunan. kai (awi guluntungan) nu dipasang némprak dina lolongkrang tihang sareng tihang. ditapelkeun di tengah kuda-kuda minangka ganjel gordéng sangkan papak kana suhunan katut pamikul. ditunjel ku kuda-kuda. dijugsngkeun kana puhu adeg-adeg. 19. Di bagian tengahna ditunjel ku ander. 18. kai (awi guluntungan) pangdeudeul suhunan. Kanggo ngawedelan nangtungna adeg-adeg disiku kana suhunan sarta disolémpang kana adeg-adeg peuntaseunana.