You are on page 1of 9

I.

PILIHAN GANDA
Pilih salah-sahiji jawaban anu bener!

1. Ayah berangkat ke kantor, Saya ke Sekolah.


Kecap anu dimiringkeun lamun diterjemahkeun ka Basa Sunda anu merenah nyaéta...

A. Pun Bapa, Kuring

B. Pun Bapa, Abdi

C. Bapa, Urang

D. Angkat, Kuring

E. Indit, Abdi

2. Di Sekolah sedang berlangsung Ujian Akhir Semester.


Di handap ieu terjemahan anu merenah pikeun kalimah di luhur nyaéta...

A. Di Sakola nuju lumangsung Ujian Akhir Semester.

B. Di Sakola keur aya Ujian Ahir Semester.

C. Di Sakola nuju aya Ujian Akhir Semester.

D. Di Sakola nuju lumangsungna Ujian Akhir Semester.

E. Di Sakola keur lumangsung Ujian Ahir Semester.

- Caritana pondok, - Mibanda fungsi jeung kagungan salaku alat


pikeun atikan,
- Aya bagian anu pamohalan. - Sipatna pralogis,
- Asup kana wangun lancaran jeung ugeran. - Sipatna tradisional,
- Anonim atawa teu kapaluruh saha nu - Pola ngadongéng sok angger
ngarangna.

3. Dina poin-poin di luhur lamun dina dongéng nyaéta kaasup....


A. Harti dongéng
B. Unsur-unsur dongéng
C. Ciri-ciri dongéng
D. Conto dongéng
E. Wangenan dongéng

Aya kapiting dua. Nu hiji geus kolot ari nu hiji deui mah ngora kénéh. Pok nu kolot ngomong, “Manéh ari
leumpang ulah sok miring, kudu jejeg.” Ari jawab nu ngora, “Kahayang mah kuring ogé leumpang téh hayang
jejeg ka hareup. Tapi ari prak dicobaan teu bisa. Cing atuh kuring pagahan ku anjeun.” Ana heug nyontoan,
miring deui baé.
Hartina ieu dongéng: Ulah sok moyokan kacacadan anu lian, ari sarua cacad mah.

4. Dongeng nu eusina mangrupa tauladan pikeun manusa, bisa dongeng sasatoan oge dongeng jalma biasa. Nyaéta
kaasup kana jenis dongéng...

1| wiluj]G; mn;[cn; Us;b;n |2019|


A. Parabél
B. Mité
C. Sasakala
D. Pieunteungeun
E. Babad

Dongéng mah umumna Caritana pondok, Sipatna pralogis nyaéta mibanda logika anu béda jeung logika
umum. Sipatna ogé tradisional, nya éta sumebarna turun-tumurun. Pola ngadongéng sok angger. Sarta
dongéng nyandung unsur pamohalan (teu kaharti ku akal/pikiran)
5. Dina paragraf di luhur nyebutkeun yén carita dongéng mah ngandung harti pamohalan, di handap ieu mana sempalan
kalimah dina dongéng nu ngandung unsur pamohalan éta?
A. "Kacaritakeun jaman baheula aya hiji Aki-aki anu hirup nyorangan teu boga pamajikan jeung teu boga anak."
B. Aya kapiting dua. Nu hiji geus kolot ari nu hiji deui mah ngora kénéh. Pok nu kolot ngomong, “Manéh ari leumpang
ulah sok miring, kudu jejeg.”
C. "Dini hiji taun pareng katiga anu pohara. Réa tatangkalan nu teu buahan. Kacatur aya dua ciung, kacida
langlayeuseunana, nahnay teunangan."
D. Dongéng ngeunaan Prabu Siliwangi nyaéta kaasup kana jenis dongeng parabél lantaran nyaritakeun kabiasaan
jalma jaman baheula.
E. Kacaritakeun di hiji leuweung anu cenah mah loba sasatoan anu awakna laintuh, lantaran di leuweung éta loba
kadaharan anu ngeunag jeung sehat.

6. Sakapeung istilah drama téh sok dipaselupkeun atawa disaruakeun jeung istilah téater. Tapi saéstuna mah dua istilah
éta téh nuduhkeun harti anu béda, najan dina enas-enasna mah duanana gé nuduhkeun kana seni pagelaran atawa
seni pintonan (pertunjukan). Di handap ieu mana nu ngabédakeun ngeunaan drama jeung téater?
A. Drama jeung téater asalna tina basa Yunani, dramoi nu hartina niru-niru. Téater nyaéta tempat upacara pamujaan
nu perenahna di tengah alun-alun (aréna).
B. Drama jeung téater asalna tina basa Yunani, dramoi nu hartina pangajaran atawa atikan. Téater nyaéta tempat
upacara pamujaan nu perenahna di tengah alun-alun (aréna).
C. Drama jeung téater asalna tina basa Yunani, dramoi nu hartina niru-niru. Téater nyaéta pangjaran atawa atikan.
D. Drama jeung téater asalna tina basa Yunani, dramoi nu hartina tempat upacara pamujaan nu perenahna di tengah
alun-alun (aréna). Téater nyaéta hartina niru-niru.
E. Drama jeung téater asalna tina basa Yunani, dramoi nu hartina tempat upacara pamujaan nu perenahna di tengah
alun-alun (aréna). Téater nyaéta hartina pangajaran atawa atikan.

7. Pertélaan ngeunaan palaku jeung paripolah palaku, babak jeung adegan, deskripsi dina awal babak, prolog jeung
épilog. Dina drama istilah éta disebutna....
A. Struktur drama
B. Monolog
C. Sandiwara
D. Téater
E. Dramoi

8. Ngajelaskeun kaayaan latar, suasana, palaku, kajadian jeung nu lianna. Biasana ditulis saperluna pisan, henteu
mangrupa gambaran anu wincik. Dina istilah drama atawa struktur téks drama nyaéta disebut....
A. Babak jeung adégan
B. Candraan
C. Paguneman
D. Prolog jeung épilog
E. Pertelaan palaku

9. karangan faktual (nonfiksi) ngeunaan hiji masalah sacara lengkep, anu panjangna teu tangtu, pikeun dimuat di media
massa.

A. Carita pantun
B. Wawacan
C. Artikel
D. Novél
E. Sajak

10. Di handap ieu mana nu lain ciri-ciri artikel,nu ditulis pikeun kalawarta atawa majalah?
2|wiluj]G; mn;[cn; Us;b;n |2019|
A. Aya ngaran nu nulisna
B. Miboga gagasan nu aktual jeung atawa kontrovérsial
C. Gagasan nu diangkat dina tulisan kudu patali jeung kapentingan jalma réa.
D. Ditulis kalayan référénsial ku visi nu inteléktual.
E. Paham kana eusi bacaan

11. Artikel anu nyaritakeun situasi atawa kaayaan, boh dumasar kana runtuyan waktu boh runtuyan kajadian, nyaéta
disebut....

A. Artikel narasi
B. Artikel Déskripsi
C. Artikel éksposisi
D. Artikel Argumétasi
E. Artikel Persuasi

12. Artikel anu medar hiji jejer/ téma nyaéta disebut....

A. Artikel narasi
B. Artikel Déskripsi
C. Artikel éksposisi
D. Artikel Argumétasi
E. Artikel Persuasi

13. Di handap ieu mana nu teu kaasup kana cara nulis artikel, dina majalah?

A. Tangtukeun jejerna
B. Susun poko-poko masalah nu rék dibahas
C. Ulah asa-asa naon nu pamanggih
D. Ulah poho merhatikeun éjahanana
E. Bacaanna ngeunaan budak

14. Naon nu dimaksud paragraf déduktif?

A. Kalimah nu diawal teu aya duana


B. Kalimah diawal nyaéta kalimah inti
C. Kalimah diakhir nyaéta kalimah inti
D. Kalimah ditengah nyaéta kalimah inti
E. Kalimah inti ayana di tengah jeung diakhir paragraf

15. Lalakon carita pantun téh mibanda ciri nu tangtu, nu ngabédakeun jeung carita séjénna, nyaéta..
A. Dimimitian ku rajah pamungkas., dituluykeun ku medar eusi lalakon, sarta dipungkas ku rajah pamunah.
B. Dimimitian ku rajah pamunah, dituluykeun ku medar eusi lalakon, sarta dipungkas ku rajah pamungkas.
C. Dimimitian ku rajah pantun, dituluykeun ku medar eusi lalakon, sarta dipungkas ku rajah pamunah.
D. Dimimitian ku ritual heula, dituluykeun ku medar eusi lalakon, sarta dipungkas ku rajah pamungkas.
E. Dimimitian ku ritual heula, dituluykeun ku medar eusi lalakon, sarta dipungkas ku rajah pamunah.

16. Ngagambarkeun obyék sangkan karasa ku pancaindra kalawan écés. Lamun dina carita pantun nyaéta disebut....
A. Monolog
B. Dialog
C. Déskripsi
D. Eusi
E. Conto pantun

1. Bubuka 4. Pamilon/peserta
2. Waktu jeung tempat kagiatan 5. panutup
3. Waragad/biaya 6. pedaran kagiatan jeung hasil nu dicangkingna

17. Di luhur béréndélkeun struktur laporan kagiatan, susunan anu bener pikeun ngalaporkeun kagiatan nyaéta...

A. 1,2,3,4,6,5

B. 1,2,4,3,6,5

3| wiluj]G; mn;[cn; Us;b;n |2019|


C. 6,5,4,3,2,1

D. 2,3,1,4,5,6

E. 1,3,2,4,5,6

Manuk Dadali manuk panggagahna


Perlambang sakti Indonesia Jaya
Manuk Dadali pangkakon carana
Resep ngahiji rukun sakabehna

18. Jejer/tema ngeunaan sempalan lagu di luhur nyaéta...

A. Sosial

B. Agama

C. Nasionalis

D. Komédi

E. Politik

19. Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang


Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang
Sukuna ranggaos reujeung pamatukna ngeluk
...........................................................................

Di handap ieu kalimah mana anu bener pikeun ngalengkepan rumpaka kawih di luhur...

A. Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruyuk

B. Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk

C. Ngapak mega bari hiberna tarik curuluk

D. Ngapak mega bari hiberna tarik kurubuk

E. Ngapak mega hiberna bari tarik nyuruwuk

Wacana di handap pikeun nomer 20-21

Wartawan : ..........................................

Pa RT : Kaleresan Abdi ogé ningali awal kajadian ieu musibah téh, malahan mah abdi nu nelepon petugas
damkar.

20. Kalimah pananya anu merenah pikeun ngalengkepan téks wawancara di luhur nyaéta....

A. Kumaha éta kajadian mimitina Pa?

B. Saha anu mimiti ningali éta kajadian Pa?

C. Naon anu nyebabkeun kajadian éta Pa?

4| wiluj]G; mn;[cn; Us;b;n |2019|


D. Dimana éta kajadianna Pa?

E. Saha waé anu aya dina éta kajadian Pa?

21. Ngabahas ngeunaan naon téks wawancara di luhur?

A. Banjir

B. Kahuruan/kabakaran

C. Tsunami

D. Kacilakaaan

E. Taneuh longsor

22. bRN-[bRN-bRoN sor b]rit; di dpuQ. aksara laténna nyaéta...

A. Brang-bring-brong sora beurit di dapur.

B. Brang-bréng-brong sora beurit di dapur.

C. Prang-préng-prong sora beurit di dapur.

D. Trang-tréng-trong sora beurit di dapur.

E. Trang-tring-trung sora beurit di dapur.

23. Kecap "Kangkung" ngagunakeun aksara Sunda, di handap ieu mana anu pangmerenahna ngagunakeun
rarangkén?

A. kNkuG;

B. kG;kNu

C. kNkuN

D. kG;kuG;

E. kaG;kuG;

24. k cI jdi sl]wi k lebk; jdi sdrt; dina aksara latén kalimah na nyaéta...

A. Ka cai jadi saleuwi ka lebak jadi sadarat

B. Ka lebak jadi saleuwi ka cai jadi sadarat

C. Ka cai jadi sadarat ka lebak jadi saleuwi

D. Ka jadi cai saleuwi ka leuwi lebak ngajadi

E. Ka lebak cai saleuwi ka leuwi cai salebak

5| wiluj]G; mn;[cn; Us;b;n |2019|


Téks sajak kanggo nomer 25-26

DOSA

Ku: Apip Mustopa

Datangna teu karasa Dosa

Kawas impian janari Leuwih amis manan anggur


Jiga nimat jiga sawarga Mun seug nembag dada nu diabur
Tapi di mana tumiba lara
Tapi lamun pajar geus peuyar Kaduhung poe make ditundung
Karasa diri leuwih rucah manan meri Duh gusti
Inget ka basisir tempat balabuh Najan ka mana nya indit
Di mana layar geus rapuh Dosa teu weleh ngukuntit

(Srangenge, Jakarta)

25. Unsur rasa dina anu kagambar dina téks sajak di luhur nyaéta...
A. Sedih
B. Gumbira
C. Keheul
D. Hanjakal
E. Pikabungaheun

26. Kasimpulan ngeunaan sajak di luhur nyaéta...


A. Kaduhung teu aya tungtung.
B. Bungah geus ngalakukeun kasalahan.
C. Sedih lantaran di tinggalkeun maot ku kolot.
D. Bungah lantaran meunang hadiah.
E. Hirup di dunya nu pinuh ku dosa.

Sampurasun, Wilujeung enjing

Ibu kepalà sekolah, bapàk, ibu guru ànu ku simkuring dipihormàt, rerencangàn anu ku simkuring
dimulyàkeun.

27. Paragraf di luhur lamun dina struktur biantara nyaéta kaasup kana...
A. Kalimah pamuka
B. Kalimah panutup
C. Eusi biantara
D. Kacindekan biantara
E. Panutup

28. "Nalika urang ditunjuk biantara di hareupeun jalma réa pikeun ngantikeun ketua Osis lantaran anjeunna teu tiasa
hadir, tapi ti pihak panitia urang dibéré catetan leutik". Métode naon nu kudu urang paké nalika meunang situasi
kitu?
A. Imfromtu
B. Ékstémporan
C. Maca naskah
D. Ngapalkeun
E. Biantara pangbagéa

Aya budak mawa casan


Hanjakalna teu dibeuli
...................................
...................................
29. Di handap ieu eusi sisindiran anu bener pikeun ngalengkepan téks sisindiran di luhur nyaéta?
A. Lamun maneh hayang pinter
Diajarna kudu tekun

6| wiluj]G; mn;[cn; Us;b;n |2019|


B. Lamun anjeun reusep ka urang
Kudu jadi jalma satia
C. Aya budak geulis pisan
Hanjakalna tara mandi
D. Rarasaan anu geulis
Ari pek teh Nini –nini
E. Abdi reusep ka anjeuna
Hirup rasa pinuh harti

30. sisindiran di pasing-pasing kana 3 jenis dumasar kana eusina, aya sisindiran silih asih, sésébréd jeung piwuruk. di
handap ieu mana conto sisindiran dina jenis silih asih?
A. Meuncit meri dina rakit,
boboko wadah bakatul
Lain nyeri ku panyakit,
kabogoh direbut batur.
B. Daun hiris dibeungkeutan,
dibawa ka juru leuit,
Anu geulis ngadeukeutan
hayangeun dibéré duit.
C. Ka kulah nyiar kapiting,
ngocok endog bobodasna,
Ulah sok liar ti peuting
osok loba gogodana
D. Samping kageutahan dukuh,
di kelas di kacaikeun.
Nu matak maneh sing kukuh,
papatah guru imankeun.
E. Aya listrik di masigit,
caangna kabina-bina,
aya istri jangkung alit,
karangan dina pipina.

31. Réa nu nyebutkeun yén carpon mah karya nu populér jeung pikaresepeun, lantaran eusina nyaritakeun
ngeunaan...
A. Nyaritakeun jaman baheula jeung dicaritakeun kalawan basajan, ringkes, jeung matak ngirut anu maca.
B. Nyaritakeun kahirupan jalma sakti jeung dicaritakeun kalawan basajan, ringkes, jeung matak ngirut anu maca.
C. Nyaritakeun kahirupan sapopoé jeung dicaritakeun kalawan hésé, panjang, jeung matak ngirut anu maca.
D. Nyaritakeun kahirupan sasatoan jeung dicaritakeun kalawan basajan, ringkes, jeung matak ngirut anu maca.
E. Nyaritakeun kahirupan sapopoé jeung dicaritakeun kalawan basajan, ringkes, jeung matak ngirut anu maca.

32. Buku kumpulan Carpon munggaran dina sastra Sunda nyaéta...

A. Halimun peuting
B. Dogdog Pangréwong
C. Teman duduk
D. Papaés nonoman jeung Parahiyangan
E. Oléh-oléh pertempuran

33. Nu ngabédakeun Carpon jeung Carita nu séjénna nyaéta....


A. Wangun caritana kaitung pondok jeung henteu réa nu dicaritakeun, biasana ngan saepisode tokohna teu réa.
B. Caritana pamohalan jeung teu kaharti ku akal
C. Kaasup kana carita rékaan anu ngandung unsur pamohalan jeung caritana téh loba nyaritakeun jaman baheula
D. Disebut karya sastra sampeuran téh lantaran pangaruh karya ti Walanda
E. Awal abad ka-20 beuki réa nu nulis carpon, utamana sabada pangaruh ti sastra deungeun nyaéta ti walanda.

34. Léad warta téh kaasup bagian nu kacida pentingna dina warta. Nu dimaksud léad dina Basa Sunda nyaéta...

A. Eusi
B. Téras
C. Judul téks warta
D. Kaidah téks warta

7| wiluj]G; mn;[cn; Us;b;n |2019|


E. Kalimah teu langsung

35. Inti téks dina warta nyaéta disebut....

A. Eusi

B. Téras
C. Judul téks warta
D. Kaidah téks warta
E. Kalimah teu langsung

36. Numutkeun sajarahna, cenah mah urang Sunda téh boga dasar budaya huma, maksud dina huma teh nyaeta....

A. melak paré dileuwung/darat jeung teu ngagunakeun cai siga di sawah

B. tatacara tatanén

C. orang sunda mah loba cara ngolahkeun pertanianna

D. cara orang sunda mertahankeun hirupna

E. kebon nua ya di daérah sunda

37. Urang Sunda ngagem sistem duduluran anu sipatna patental jiga urang Jawa, nu dimaksudna nyaeta...

A. turunan égo, anak égo, lalaki atawa awéwé .

B. disebut lanceuk lamun umurna leuwih kolot jeung adi atawa rayi lamun umurna leuwih ngora

C. urang sunda yakin ayana duduluran boh ngaliwatan dulur ti indung boh dulur ti bapa

D. Sistem duduluran masarakat sunda, umumna sakum manusa di dunya

E. sistem anu ngagambarkeun hubungan kulawarga

38. wayang anu lakon-lakonna boh galur boh carangan, dumasar kana Mahabarata atawa Ramayana,
ngagunakeun basa Sunda dipirig ku gamelan saléndro nu ngawengku dua saron, peking, selentem, bonang,
saperangkat bonang rincik, saperangkat kenong, sapasang gong (kempul jeung goong), ditambah saperangkat
gendang (gendang indung jeung tilu kulantér), gambang, jeung rebab.

Kaasup Kana jenis wayang...

A. Wayang bendo

B. Wayang kulit

C. Wayang papak

D. Wayang wong

E. Wayang golek purwa

a. Idéntitas karya c. Tilikan eusi

b. Panutup d. Ringkesan carita

8| wiluj]G; mn;[cn; Us;b;n |2019|


39. Nilik kana wangunna, biasana résénsi téh miboga opat struktur saperti katerangan di luhur, nalika urang rék
ngarésénsi buku atawa pilem runtuyan anu bener dina nyaéta...

A. a, b, d, c
B. b, c, d, a
C. a, c, d, b
D. d, c, b, a
E. c, b, d, a

40. Dina ngarésénsi buku atawa pilem, nyaéta bagian anu ngaguar eusi buku nyaéta disebut...
A. Panutup
B. Tilikan eusi
C. Ringkesan carita
D. Idéntitas karya
E. Kalemahan jeung kaleuwihan

II. URAIAN
41. Jelaskeun struktur téks drama di handap ieu
 Pertélaan Palaku
 Babak jeung adegan
 Candraan
 Peguneman
 Prolog jeung épilog

42. Naon nu dimaksud Narasi, déskripsi, dialog jeung monolog?

43. Jelaskeun naon nu dimaksud


- Biantara ékstemporan
- Biantara inpromtu
- Biantara naskah

44. Tuliskeun jeung jelaskeun unsur intrinsik jeung ékstrinsik Novel.

45. Jelaskeun nu dimaksud sajak lirik jeung sajak épik.