You are on page 1of 12

Analisis Carita Pantun

Lutung Kasarung

Disusun Oleh :
Nama : Agus Muhemin
Kelas : XII Elektro-3
SMKN 1 Gunungputri
Carita Pantun
Lutung Kasarung

Bul kubus mendung ka manggung


Ka manggung neda papayung
Ka dewata neda suka
Ka pohaci neda suci
Kuring rek diajar ngidung
Nya ngidung carita pantun
Ngahudang carita wayang
Nyilokakeun nyukcruk laku
nyukcruk laku nu bahayu
Mapay lampah nu baheula
Lulurung tujuh ngabandung
Kadalapan keur disorang
Bisina nerus narutus
Bisina narajang alas
Da puguh galuring tutur

Kacaturkeun aya hiji nagara, nagara Pasir Batang Anu Girang. Nagara mahmur kerta raharja,
gemah ripah loh jinawi. Rajana Prabu Ageung Tapa, praméswarina anu geulis Nitisuari.Geus
lawas mangku kaprabon, ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara, kalawan adil tur wijaksana.
Kangjeng Raja kagungan putra tujuh, putrana téh istri sadayana. Anu cikal jenenganana
Purbararang, anu kadua Purbaéndah, anu katilu Purbadéwata. anu kaopat Purbakancana, anu
kalima Purbamanik. Nu pangais bungsu Purbaleuwih.Ari bungsuna, Purbasari Ayu Wangi.

Kangjeng Raja geus lawas mangku kaprabon, aya niat badé lirén tina kalungguhanana,badé
teras ngabagawan nyirnakeun pikir. Lajeng badanten sareng praméswari, ngabadantenkeun
pigentoseunana, jadi ratu di Nagara Pasirbatang Anu Girang. Duanana sapuk milih
pigentoseunana, nyaéta si bungsu Purbasari Ayu Wangi. Énjingna Kangjeng Raja ngayakeun
kempelan. Patih, paramantri, paraponggawa sami hadir. Hémpak sadayana pangagung di
Paséban Agung. Rahayat karumpul ngariung di alun-alun. Pok Kangjeng Raja sasauran,
nyarioskeun niatna, seja masrahkeun kaprabon lajeng ngabagawan.
Ari anu ditunjuk janten gegentosna, nyaéta putri bungsu Purbasari Ayu Wangi. Kangjeng Raja
teras jengkar ti karaton. Putrana anu cikal, Purbararang, kacida ambekna pédah teu kapilih
jadi ratu. Boga rasa kalindih ku Purbasari. Purbasari dicarékan béak beresih, tuluy
diboboréhan ku kéler nahun, awak jeung beungeutna jadi lestreng. Purbasari diusir ti
karaton,disingkurkeun ka Gunung Cupu,dianteurkeun ku Paman Léngsér,disina cicing dina
saung butut sisi lamping.

Kacaritakeun di Kahiyangan, Guru Minda putra Sunda Ambu, ngimpi patepung jeung
putri geulis, rupana sasemu jeung Sunan Ambu. Jorojoy timbul rasa cintana ka éta putri,
kadudut kalbu kapentang asmara.Waktu riungan di paséban Kahiyangan,Guru Minda maling-
maling neuteup Ibu,anu sasemu jeung putri dina impianana. Kalakuan Guru Minda dianggap
salah. Guru Minda dititah indit ti Kahiyangan,sarta kudu ka Buana Pancatengah. Di dinya
Guru Minda baris patepungjeung putri anu sasemu jeung Sunan Ambu.Guru Minda dibéré
baju lutung,anu kudu dipaké di Buana Pancatengah.Ceuk Sunan Ambu, éta téh mangrupa
jalan sangkan bisa papanggih jeung putri téa.

Guru Minda turun ti Kahiyangan,nya anjog ka hiji leuweung geledegan,leuweung anu aya di
Buana Pancatengah.Rap baju lutungna dipaké,jleg baé minda rupa jadi lutung.Lutung lain
salutung-lutungna,tapi lutung anu kasarung ku lampahna.Nya disebut baé Lutung Kasarung.
Urang caturkeun deui Nagara Pasirbatang.Purbararang anu ayeuna geus jeneng ratu,gawéna
ngan sukan-sukan jeung curak-curak.Hiji mangsa, Ratu hayang daging lutung.Tuluy
ngajurungan Paman Léngsér,nitah Aki Panyumpit ngala lutung.Lutung kudu kabawa pasosoré
poé éta,lamun paménta Ratu teu kacumponan,Aki Panyumpit baris ditugel jangga,
dihukum pati ku cara diteukteuk beuheung.
Henteu talangké, Paman Léngsér indit,\ngajugjug ka imah Aki Panyumpit. Kasampak
Aki jeung Nini Panyumpit, keur araya di imahna, teu kamarana-mana.Barabat atuh Paman
Léngsér cacarita, nyaritakeun pamundut Ratu Purbararang.Pamundutna mah henteu sabaraha,
ngan teuing ku beurat hukumanana, mun teu hasil baris ditugel jangga.Ku Aki Panyumpit
disanggupan. Aki Panyumpit indit ka leuweung,mawa sumpit jeung paserna,nyoréndang koja
si déngdék poé.Datang ka leuweung, teuing ku anéh,henteu manggih sasatoan hiji-hiji acan.
Taya banténg, uncal, atawa mencek,malah taya landak-landak acan. Lutung anu biasana
patinggurayang, harita mah teu kadéngé sora-sorana acan.

Aki Panyumpit geus pegat pangharepan,mangkaning poé geus mimiti reupreupan. Keur kitu,
dina hiji tangkal anu gedé,aya lutung keur diuk campego dina dahan. Aki Panyumpit
bungahna kaliwat saking.Terus lutung disumpit, teu beunang. Disumpit deui sababaraha kali,
lutung bisa pisan nyingcetkeun paserna. Paser hiji gé taya nu ngagaris-garis acan. Keur kitu,
lutung téh ngomong, “Oah, Aki Panyumpit, montong nyumpit! Da kula mah moal kabur ieuh,
arék nurut kana sakahayang Aki!”Aki Panyumpit kagét kabina-bina,ngadéngé lutung bisa
ngomong.“Sukur, Utun, hayu atuh geura turun!”Jrut lutung turun tina tangkal, tuluy
nyampeurkeun ka Aki Panyumpit.

Aki Panyumpit leumpang gagancangan, sieun teu kaburu mawa lutung ka nagara.
Lutung ngiclik nuturkeun Aki Panyumpit. Geus aya deui baé kajadian anu anéh. Sasatoan anu
tadi aruweuh, araya deui. Aki Panyumpit kabéngbat ku moro. Meunang uncal sapasang jeung
mencek. Diasupkeun kana koja si déngdék poé. Lat poho kana dawuhan Ratu, datang ka imah
panonpoé geus surup. Isukna lutung kakara dibawa ka karaton. Aki Panyumpit sasadu ka
Purbararang, bari nyaritakeun lalakonna meunang lutung. Aki Panyumpit dihampura ku
Purbararang, henteu tulus dihukum ditugel jangga, sabab meunang lutung anu kacida gedéna.
Malah sabalikna tina sangkaan,Aki Panyumpit dibéré rupa-rupa hadiah. Dibéré kuda dawuk
ruyung jeung rarahabna, sarta dibéré batur lima kuren tamba keueung.

Geus datang kana mangsana dipeuncit,lutung teuing ku giras, hésé ditéwakna. Dikepung ku
jalma pirang-pirang, kalah luluncatan ngaruksak paparabotan. Eusi karaton burak-barik
burakrakan. Lutung henteu jadi dipeuncitna. Ti dinya Purbararang nitah Paman Léngsér,
nganteurkeun lutung ka Gunung Cupu, keur pibatureun putri bungsu Purbasari. Kocap lutung
geus aya di Gunung Cupu, ngabaturan Purbasari anu keur prihatin. Lutung karunyaeun
ningali kaayaan Purbasari. Awak hideung, papakéan rudin rudag-radig. Barangdahar
sakapanggihna saaya-aya. Reup peuting, saré dina palupuh sabébék. Tapi sorotna béda, aya
semu Sunan Ambu. “Boa-boa ieu putri dina impian téh,keur dipingit ditapakeun,” gerentes
lutung.
Reup peuting, lutung mapatkeun sirep. Lenggut Purbasari katarajang tunduh,
les baé kulem teuing ku tibra. Lutung ngegédogkeun salira. Jleg baé ngajanggélék jadi Guru
Minda. Biur ngapung, jog anjog ka Kahiyangan.Wawartos ka Jeng Ibu Sunan Ambu,
palay misalin putri Purbasari.Kapalayna ditedunan ku Sunan Ambu. Biur ngapung, jleg ka
urut tadi, jadi deui lutung.

Isuk-isuk Purbasari ngulisik, tuluy hudang. Kagét liwat saking ningali kaayaan anu béda.
Saré dina katil emas, kasurna tujuh susun.Kamarna dipapaés emas berlian patinggurilap.
Saung butut robah jadi istana murub mubyar.Pok Purbasari nyarita ka lutung, “Utun, urang
aya di mana, kasasar ka mendi?” “Teu ka mana teu ka mendi, ieu mah pisalin lutung, ladang
nyileuk sapeupeuting.”

Purbasari dititah mandi di tampian istana anyar. Gejebur mandi, diruruan sakujur badan.
Baranyay cahayaan, katémbong deui geulisna. Réngsé mandi, papakéanana ogé diganti,
ku baju beunang nyadiakeun parabujangga, anu ditunda dina kandaga emas di balé kancana.
Barang rap, nu geulis wuwuh murub-mubyar. Geulis kawanti-wanti, éndah kabina-bina.
Lutung ngalingling ngadeuleu maling. “Geulis temen Putri Purbasari,geulis tanding widadari,
semuna ngala ka Ambu.”

Ibur salelembur, éar sajajagat,Di lamping Gunung Cupu aya istana agréng, cahayana
ngempur munggah murub mubyar. Ahirna kaémpér-émpér ka karaton.Paman Léngsér diutus
pikeun muguhkeun, sanggeus balik deui ka karaton hariweusweus,bébéja ka Purbararang yén
éta téh istana Purbasari.Purbararang datang bedangna, bijil sirikna.Nyieun tarékah pikeun
nganyenyeri Purbasari.

Purbasari dititah ngabendung walungan, keur marak lebah Leuwi Baranangsiang. Éta
bendungan kudu anggeus sapeuting,lamun teu cumpon Purbasari ditugel jangga. Ngadéngé
paréntah kitu, Purbasari bati sedih.Datang peuting ngan ukur bisa gulang-guling. Lutung
metakeun sirepna, Purbasari saré tibra. Lutung mujasmédi neneda ka Sunan Ambu,
ménta sangkan Leuwi Baranangsiang dibendung.

Isukna, isuk-isuk pisan sumebar béja, yén Leuwi Baranangsiang geus dibendung. Aya
anu nepikeun éta béja ka karaton. Teu kungsi lila ti harita, Purbararang jeung adi-adina anu
lima, arindit rék marak ka Leuwi Baranangsiang. Diiring ku méh sakabéh pangeusi karaton.
Ditéma ku pirang-pirang rahayat, bari marawa pakakas pikeun marak. Datang ka Leuwi
Baranangsiang, Léngsér nabeuh bendé tanda marak dimitian. Brus atuh jelema kabéh ancrub
ka leuwi. Anu nyair, anu ngecrik, anu ngobéng ogé aya. Laukna rupa-rupa jeung teuing ku
loba. Purbararang marak di nu caina linduk, ngahaja milih tempat anu sakira loba laukan. Ari
Purbasari marak di girangeunana, marak sorangan teu campur jeung nu lian.

Keur kitu lar aya nonoman kasép ngaliwat. Ngakukeun ngaran Guriang Kawung Luwuk.
Padahal nu saéstuna éta nonoman téh Guru Minda anu teu maké baju lutungna. Purbararang
bogoheun ka éta nonoman, tapi ku Sang Guriang ditolak sapajodogan. Malah terus
nyampeurkeun ka Purbasari, marak paduduaan bari suka bungah. Lir nu ngahaja mapanas ka
Purbararang.
Purbararang panas haténa liwat saking. Tuluy nitah Purbasari diperih pati deui, dititah ngala
banténg lilin suku gading. Mun teu bukti, ditugel jangga hukumanana. Ngadéngé paménta
anu sakitu banggana, Purbasari ceurik asa diteungteuinganan. Tapi teu burung indit ka
leuweung, sosoranganan néangan banténg lilin. Banténg kapanggih ngadangong di sampalan,
Purbasari ngayekyek sieun nénjo banténg. Keur kitu torojol aki-aki kundang iteuk.
Ngakukeun ngaran Ki Kuwu Heubeul Isuk. Padahal saenyana Guru Minda anu nyamur.
Purbasari ménta tulung pikeun néwak banténg. Banténg digupay ku Ki Kuwu Heubeul Isuk.
Banténg nyampeurkeun, brek depa hareupeunana. Ki Kuwu ménta buuk Purbasari salambar,
terus ditalikeun kana janggot banténg lilin, dipaké nungtun banténg minangka tambangna.

Banténg lilin ditungtun ku Purbasari, nurut najan ditungtun ngan ku buuk salambar.
Banténg dibawa ka jero dayeuh nagara. Jog ka alun-alun, banténg dicangcang di dinya.
Dina tangkal caringin kurung juru alun-alun. Ti dinya Purbasari asup ka jero karaton,
bébéja ka Purbararang yén paméntana katedunan, banténg lilin suku gading mata beureum,
ngadungkuk sagedé saung buruk.

Harita kénéh Purbararang indit ka alun-alun. Barang bréh ningali banténg ngarasa hémeng.
Aya banténg teuing ku alus jeung gedé deuih. Purbarang nyampeurkeun banténg lilin, tapi
banténg ujug-ujug lumpat ka karaton,tuluy ngamuk nubrukan sagala barang. Bereyek
paraponggawa ngepung banténg. Tibatan beunang kalah ka loba nu kaleyek.Ti dinya banténg
kabur asup ka leuweung.

Purbararang beuki ambek baé ka Purbasari. Tuluy ngajak paalus-alus ngahuma.Lamun


Purbasari éléh, baris dihukum pati. Purbararang ngahumana di tanah anu subur, parabotna
lengkep jeung binihna loba. Ari Purbasari dititah ngahuma di tanah angar. Parabotna ngan
saukur kujang buntung,ditambahan ku boboko buntung sahiji. Harita kénéh ogé Purbararang
ngeprik rayat,pikeun kerja bakti ngamimitian ngahuma. Purbasari kalah ka bingung leuwih ti
misti. Rék ngamimitian ngahuma, ti mana mimitina. Purbasari geus pasrah, narima kana
takdir. Ari batur pakumahana ngan ukur lutung.Lutung mapatkeun sirep, reup Purbasari saré.
Lutung morosotkeun baju lutungna, janggélék jadi Guru Minda anu kasép. Biur ngapung
ngajugjug ka Kahiyangan, ménta pitulung ka Sunan Ambu. Paméntana ditedunan ku Sunan
Ambu.

Isukna, der Purbasari ngamimitian ngahuma, dibantuan ku parabujangga jeung pohaci. Tanah
anu tadina angar lantaran cadas ngampar,dadak sakala robah jadi tanah anu léndo. Binihna
binih petingan beunang ti Kahiyangan. Anu digarawé teuing ku gancang jeung tapis. Huma
anu sakitu legana téh bisa réngsé sapoé. Paréna morontod sarta teu keuna ku hama.

Barang tepi kana waktuna saémbara, anu dijadikeun patokanana téh hasilna. Jaksa anu
baris méré pangajén geus sayaga, kitu deui sakumna rahayat nu rék nyaksian. Beubeunangan
ngahuma Purbararang, henteu sabaraha lantaran loba nu hapa. Ari beubeunangan ngahuma
Purbasari,ngahunyud jeung ranggeuyanana baleuneur. “Purbasari anu unggul!” ceuk Jaksa.
Rayat surat ngageder tandaning panuju.

Éléh ngahuma, Purbararang beuki panasaran. Terus ngajak pangeunah-ngeunah kaolahan.


Purbararang ngeprik sakabéh juru masak, der ubyag marasak di dapur karaton. Jelema
pahibut di dapur tangka heurin usik. Tapi leuwih loba anu rék ngadon ngasaan, batan anu
digawé nyieun kaolahanana. Ari Purbasari masakna di istanana baé, dibantuan ku Pohaci
Wiru Mananggay.

Datang kana mangsana saémbara, rupa-rupa kadaharan ngabarak di karaton. Sawatara


urang anu ditunjuk jadi jaksa, mimiti ngasaan kaolahan beunang Purbararang. Rupa-rupa
koméntarna, tapi kabéh taya nu alus.Ceuk ieu cawérang, ceuk itu kurang samara. Ceuk itu
kurang uyah, ceuk ieu asin teuing. Ari kana kaolahan Purbasari, taya nyawad.“Nagara
kawon!” ceuk jaksa ngagorowok.Rayat surak ambal-ambalan tandaning suka.

Purbararang kalah beuki malik teu suka, tuluy ngajak paalus-alus samping beunang ninun.
Samping Purbararang beunang ninun taun-taun,lobana tilu puluh teu kurang teu leuwih.
Samping beunang ninun Purbasari,ngunung-ngunung lobana sawidak lima.Jaksa mariksa
samping nu disaémbarakeun.Samping Purbasari leuwih panjang tur kerep.“Sinjang Purbasari
leuwih alus!” ceuk jaksa.Rayat émprak patarik-tarik tandaning sapuk.

Dasar bedang henteu kapalang, Purbararang ngajak paalus-alus awak.Dua putri


nangtung di papanggungan,disaksian ku jaksa jeung sakumna rayat.Jaksa kolot nyureng bari
ngahuleng, wuwuh bingung nangtukeun piunggulna.“Geulis sarua geulisna, lenjang sarua
lenjangna. Tapi lamun diawas-awas, diilik-ilik masing telik,Purbararang awakna rada
bongkok méongeun!” “Hurséééh, Purbasari unggul!” rahayat surak. Purbararang ambekna
lain kaulinan, terus ngajak pakasép-kasép kabogoh. Purbararang ngasongkeun kabogohna,
Indra Jaya satria kasép ngalémpéréng konéng. Ari Purbasari ngan ukur bisa merebey mili.
Salila ieu batur keueungna ngan ukur lutung. Éta anu ku Purbararang dianggap kabogohna.
Purbasari éléh, sakumna rayat milu nalangsa. Purbasari geus pasrah rék ditugel jangga.
Logojo geus rék ngaheumbatkeun gobang.
Keur kitu, lutung ngagédogkeun awakna. Porosot baju lutung ngalumbuk lebah
sukuna. Janggélék jadi Guru Minda ti Kahiyangan. Kabéh anu nénjo colohok mata
simeuteun. Galécok ngomong jeung padabaturna. Satria ti mana, lalaki ti mendi?
Kakasépanana teu nyésakeun keur batur! Guru Minda ngakukeun kabogoh Purbasari,
henteu kudu dijaksaan deui, da kabéh geus tingali, kasépna ngaleuwihan ka Indra Jaya. Rayat
anu keur carolohok gancang sarurak, “Hurséééh, Purbasari unggul, Purbararang éléh!”
Minangka hadiahna, Purbasari ngadeg raja, ari Purbararang kudu daék ditugel jangga.
Purbararang ceurik bari nyembah acong-congan.“Adi, neda hirup,” Purbararang ngageuri.
Rahayat saalun-alun, ngageder patingjorowok.“Hutang nyeri bayar nyeri, hutang lara bayar
lara!” Tapi, dasar Purbasari gedé hampura welas asih, Purbararang dihampura, teu tulus
dihukum pati.

Kilang kitu, ari dihampura pisan henteu, sabab pagawéan goréng kudu baé aya wawalesna.
Purbararang dijadikeun purah ninun unggal poé, Purbaéndah dijadikeun purah ngantéh,
Purbadéwata purah ngarumat seupaheun, Purbakancana purah ngarumat goah jeung leuit,
Purbamanik ngejejeman urang dapur. Ari Purbaleuwih, anu sok ngabéla Purbasari,
dikawinkeun ka Ki Bagus Lembu Halang, nu jadi patih di Pasir Batang Anu Girang.

Di luar karaton, Indra Jaya ngamuk, bari sosoak nangtang gelut ka Guru Minda. Guru
Minda nangtung, dihalangan ku Ki Patih.Ki Bagus Lembu Halang maju ka pakalangan, teu
sakara-kara Indra Jaya taluk ku sageprakan. Indra Jaya ménta hirup, basana rék kumawula.
Indra Jaya dihampura ku Ki Patih, dijadikeun tukang ngarit jeung ngajaga kuda.Ayeuna anu
ngaheuyeuk Pasirbatang geus merenah, kaprabon geus kacangking ku nu boga hakna.
Pun sapun ka Maha Agung
Ka gusti Nu Welas Asih
Gusti Pamuntangan beurang
Gusti Pamantangan Peuting
Sajatining pati hurip
Sajatining ka sucian
Pun sapun Awignam Astu
Paralun ka budeur awun
Ka rumuhun ka karuhun
Sunda salaku wiwitan
Sunda sembawa munggaran
Sunda pakuan angkeuhan
Pun sapun ngala deuk menta
Seja amit ka mipit
Ka sakumna lelembutan
Nu narindak teu narapak
Nu nyoara tan rupana
Mugah hurip napsi-napsi

Pun sapun
ngungkap mandepun

Saksi tulis daun nipah


Carita parahiyangan
Gurit tembaga lalayang
Gurit saksi batu tulis
Tampeurkeun saripatina
Pun sapun nyarungsung galur
Siksakandang karesian
Kacangan kahibaran
Ku pustaka wangsakerta
Muga jembar nya panalar
Balungbang baranang siang
Pun sapun....
Ampun paralun.
Nganalisis Struktur Carita Pantun
Lutung Kasarung

1. Rajah Pamuka
Bul kubus mendung ka manggung
Ka manggung neda papayung
Ka dewata neda suka
Ka pohaci neda suci
Kuring rek diajar ngidung
Nya ngidung carita pantun
Ngahudang carita wayang
Nyilokakeun nyukcruk laku
nyukcruk laku nu bahayu
Mapay lampah nu baheula
Lulurung tujuh ngabandung
Kadalapan keur disorang
Bisina nerus narutus
Bisina narajang alas
Da puguh galuring tutur

2. Narasi
Kacaritakeun di Kahiyangan,
Guru Minda putra Sunda Ambu,
ngimpi patepung jeung putri geulis,
rupana sasemu jeung Sunan Ambu.
Jorojoy timbul rasa cintana ka éta putri,
kadudut kalbu kapentang asmara.
Waktu riungan di paséban Kahiyangan,
Guru Minda maling-maling neuteup Ibu,
anu sasemu jeung putri dina impianana.

3. Deskripsi
Putrana anu cikal, Purbararang,
kacida ambekna pédah teu kapilih jadi ratu.
Boga rasa kalindih ku Purbasari.
Purbasari dicarékan béak beresih,
tuluy diboboréhan ku kéler nahun,
awak jeung beungeutna jadi lestreng.
Purbasari diusir ti karaton,
disingkurkeun ka Gunung Cupu,
dianteurkeun ku Paman Léngsér,
disina cicing di saung butut sisi lamping

4. Dialog
Keur kitu, lutung téh ngomong,“Oah, Aki Panyumpit, montong nyumpit! Da
kula mah moal kabur ieuh, arék nurut kana sakahayang Aki!”Aki Panyumpit kagét
kabina-bina, ngadéngé lutung bisa ngomong.“Sukur, Utun, hayu atuh geura
turun!”Jrut lutung turun tina tangkal, tuluy nyampeurkeun ka Aki Panyumpit

5. Monolog
“Boa-boa ieu putri dina impian téh, keur dipingit ditapakeun,” gerentes lutung.
“Geulis temen Putri Purbasari, geulis tanding widadari, semuna ngala ka Ambu.”

6. Rajah Panutup
Pun sapun ka Maha Agung
Ka gusti Nu Welas Asih
Gusti Pamuntangan beurang
Gusti Pamantangan Peuting
Sajatining pati hurip
Sajatining ka sucian
Pun sapun Awignam Astu
Paralun ka budeur awun
Ka rumuhun ka karuhun
Sunda salaku wiwitan
Sunda sembawa munggaran
Sunda pakuan angkeuhan
Pun sapun ngala deuk menta
Seja amit ka mipit
Ka sakumna lelembutan
Nu narindak teu narapak
Nu nyoara tan rupana
Mugah hurip napsi-napsi

Pun sapun
ngungkap mandepun

Saksi tulis daun nipah


Carita parahiyangan
Gurit tembaga lalayang
Gurit saksi batu tulis
Tampeurkeun saripatina
Pun sapun nyarungsung galur
Siksakandang karesian
Kacangan kahibaran
Ku pustaka wangsakerta
Muga jembar nya panalar
Balungbang baranang siang
Pun sapun....
Ampun paralun
Unsur Intrinsik carita pantun “lutung Kasarung” teh, nyaeta :

1. Tema : Perselisihan Kahirupan


2. Galur : Maju
3. Setting :
a. Tempat : Karajaan, Leuweung, Saung butut, Kahiyangan, Gunung
Cupu, Buana Pancatengah,
b. Waktos : Isuk, Beurang, Sore sareng Peuting
c. Kaayaan/Suasana : Sedih, Bungah, Haru, Tegang

4. Palaku

Palaku atawa tokoh dina carita Lutung Kasarung teh nyaeta diantarana :
1. Prabu Ageung Tapa 11. Para Mantri
2. Nitisuari 12. Para Penggawa
3. Purbararang 13. Paman Lengser
4. Purbadewata 14.Guru Minda
5. Purbaendah 15. Ibu Sunan Ambu
6. Purbakancana 16. Aki & Nini Panyumpit
7. Purbamanik 17. Para Bujangga
8. Purbaleuwih 18. Ki Kuwu
9. Purbasari Ayu wangi 19. Indra Jaya Satria
10. Patih 20. Ki Bagus Lembu Halan

5. Amanat (Pesen Moral)


Ulah sok dendam , sirik sareng timburuan ka batur, komo ka dulur atawa ka kulawargi
sorangan mah, kusabab tiasa nimbulkeun musibah/ pasoalan ka urang sorangan atawa ka
jalmi sejenna. Jeung deui lamun dipasihan kaleuwihan ulah sok adigung/gede sirah sareng
ngarendahkeun jalmi sejenna, urang sarerea teh tos diatur rejeki sareng jodohna masing-
masing ku gusti Allah.swt.

6. Ringkesan Carita Pantun Lutung Kasarung


Dina jaman kapungkur dilatar Pasundan aya hiji karajaan anu dipingpin ku saurang raja
anu wijaksana, anjeunna dipikawanoh minangka Prabu Tapa Agung. Prabu Tapa Agung
ngagaduhan tujuh putri anu geulis. Nyaeta Purbararang, Purbadewata, Purbaendah,
Purbakancana, Purbamanik, Purbaleuwih jeung Purbasari. Dina wanci ngadeuketan ahir
hayatna Prabu Tapa Agung nunjuk Purbasari jadi ratu. Purbararang teu satuju adina diangkat
jadi ratu. Ku sabab kacida ambekna, Purbasari diusir ka Gunung Cupu ku Purbararang.
Hiji waktos Purbararang hayang lutung nu buluan hideung. Akhirna Purbararang
nitah Aki Panyumpit neangan di Leuweung. Tiba tiba Aki Panyumpit manggihan eta lutung
anu tiasa ngomong. Dibawa eta lutung teh ka Karajaan. Tapi lutung jadi rusuh di Karajaan,
ahirna eta Lutung dibalikeun deui ka Leuweung.
Purbararang ngadakeun parlombaan antara manehna sareng Purbasari saha anu leuwih
pantes jadi ratu. Purbararang ngajieun genep perlombaan anu dimenangkeun ku Purbasari.
Dina akhir parlombaan Purbararang ngdakeun lomba pakasep-kasep kabogoh, Purbararang
ngabogaan kabogoh anu kasep nyaeta Indra Jaya. Purbasari ngan ngabogaan lutung, prak teh
ku lantaran lutung teu tegeun ka Purbasari akhirna lutung nyorosotkeun baju lutungna jadi
lalaki anu kasep ngelehkeun Indra Jaya.

You might also like