You are on page 1of 1

MADRASAH DINIYAH TAKMILIYAH

AL-HIDAYAH
KP. CIBADAK DS. LENGKONGJAYA KEC. CIGALONTANG

Nomor : 03/MDT-AH/II/2018 Kepada


Sifat : Penting Yth. ..................................................
Ngeunaan : Uleman di
Tempat

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Puji syukur kanu maha Agung, Sholawat sinareng salam mugia salamina
dilimpahkeun ka junjungan urang sadayana Kangjeng Nabi Muhammad SAW.
Wirehna aya hal anu peryogia di badantenkeun sareng sadayana sepuh
murid, simkuring seja ngayakeun acara badantenan anu maksadna kanggo
ngahasilkeun kaputusan sareng kesinambungan urang sadayana.
Kumargi kitu, simkuring ngulem ka sadayana sepuh murid anu
murangkalihna biasa ngaos di Madrasah Al-Hidayah Kp. Cibadak Ds.
Lengkongjaya Kecamatan Cigalontang ngahadiran kana eta acara, anu waktosna
dina :

Dinten : Minggon (Wengian Senen)


Kaping : 25 Februari 2018 / 9 Jumadil Akhir 1439 H
Waktos : 18.30 (Ba’da Magrib)
Tempat : Madrasah Diniyah Takmiliyah Al-Hidayah Kp. Cibadak
Desa Lengkongjaya Kecamatan Cigalontang
Kabupaten Tasikmalaya

Saking peryogina eta acara, simkuring nyuhunkeun ka sadayana supados


hadir dina waktos anu parantos ditangtoskeun kalayan teukenging diwakilkeun.
Sateuacan na simkuring ngahaturkeun nuhun kana kasayogian sepuh
murid sadayana kanggo nyumpingan eta acara.

Wassalamu’alaikum Wr. Wb

Pengasuh

Aj. ENGKUS TURMUDI

You might also like