You are on page 1of 35

Pager Ayu Jeung Kembang

Tilu Carpon jeung Dua Belas Sajak

Dd Mudopar
Pager Ayu jeung Kembang 1

Pager Ayu
Tilu Carpon

Pager Ayu jeung Kembang

Eunteung
Mani horam sabenarna mah. Tiris. Tapi da kawajiban. Ngaronda. Kabagan ngaronda. Tabuh sapuluh kakara turun ti imah. Sajajalan ti imah ka garduh mani tiiseun. Jempling. Sora gaang jeung jangkrik nambahan simpna peuting. Geus pada sarar jigana. Carapeun. Malum usum gaw. Usum macul. Ti jauh geus katingali di garduh aya nu cindukul. Ngan sorangan jiga th. Saha nya, ceuk pikir. Geus deukeut kark atra. Si Emus horng. Si Emus keur cindukul diharudum sarung. Ngahareupan gorng uln sapiring, termos, jeung geulas tilu na baki nu geus aya kopian. Ah geuning Emus? Iraha balik ti kota, Mus? Ceuk kuring bari asup ka garduh. Solongkrong ngajak sasalaman. Si Emus rada reuwaseun. Kagebah. Tadi Kang, tabuh salapanan, da ngndong heula di Talaga. Kapeutingan puguh di jalan, Kang, tmbal Si Emus bari ngasongkeun leungeun. Tuluy nangkeup tuur. Oh. Enya mending meuting wae heula, daripada kana ojg. Mahal. Jaba sok maksa deui. Omong kuring. Gk diuk gigireunana. Muhun atuh Kang, tmbalna bari angger nangkeup tuur.
Pager Ayu jeung Kembang 3

Katingalina rada nguyung Si Emus th. Nu biasana sok resep heureuy. Anh, ceuk hat. h nya kamarana batur, Mus? ta Mang Dasim jeung Mang Suma, pan bagan ronda ta og. Ceuk kuring bari ngarongkong trmos jeung baki. Rk ninyuh kopi. Sugan rada haneut ari bari nginum kopi mah. Mang Dasim mah teu ngareunah awak, cenah. Tadi budakna kadieu bari ta nganteurkeun kopi jeung trmosna. Ari mang Suma mah, iang domba ka Cikol, cenah. Tadi pamajikanana kadieu, nganterkeun ta gorng uln. Ceuk Si Emus bari angger teu robah diukna. Euleuh atuh urang ngan duaan nya, Mus. Ngopi Mus? kuring nawaran kopi ka Si Emus. Manhna ngan gideug. Kuring teu nawaran dua kali. Can hayangeun meureun. Kusiweul kuring ngaluarkeun rokok tina saku. Tah atuh udud w Mus, ceukng. Si Emus ngan ngarrt. Geus. Euweuh deui nu ngomong. Kuring ngadon ngopi jeung udud. Si Emus angger nangkeup tuur. Gadona diteueulkeun kana tungtung tuur. Teuteup kahareup. Kosong. Anteng ngalamun. Jempling. Euweuh nu lemk. Jang Emus th nyabana di Bandung nya? kuring pok deui.
Pager Ayu jeung Kembang 4

Da teu ngareunah atuh ari paheneng heneng th. Asa wa euweuh batur. Muhun, tmbalna pondok. Kana naon Mus? Cuanki, Ram Mus kana cuanki? Ceuk kuring bari nyuruput cikopi. Lumayan, Kang. Ram. Atuh naha ari keur ram ngadon balik? Puguh beut teu ngareunah raraosan, Kang. mut ba ka lembur. Teu ngareunah rarasaan? Kitu aya naon, Mus? Ceukng bari kerung. Tapi hat mah geus teug wa. Ka pamajikan. Ah teu aya nanaon, Kang. Pokna bari menerkeun sarungna nu mh ngolsd. Nangkeup tuur deui. Neuteup kahareup deui. Kosong. Jempling deui. Sora bueuk ngueuk na tangkal nangka nu ngaroyom kana garduh. Atra kadng. Matak keueung. Jigana soal pamajikanana nu dipikiran ku Si Emus th. Pamajikan Si Emus, Nyi Wiwi. Meureun geus apaleun Si Emus kana kalakuan Nyi Wiwi mun Si Emus keur nyaba ka Bandung th. Pan geus jadi sabiwir hiji. Geus teu anh deui. Di unggal
Pager Ayu jeung Kembang 5

golodog og nu diaromongkeun th ngan Nyi Wiwi. Pajar tadi peuting Nyi Wiwi geus ngampihkeun deui Si Ohim. Pajar th cenah, mun Si Ohim kark asup ka imahna, lampu sok langsung di pareuman. Duka enya duka jijieunan ta th, da kuring mah can ningali sorangan. ta deui pamajikan kuring g mani sok ngomong wa ka kuring. Si Wiwi mah teu boga pipikiran, euweuh-euweuheun salingkuh jeung Si Ohim. Jalma bangsat purah babadog. Pagawan mabok wa, ceuk pamajikan kuring bari sok jebng-jebng wa. Gandng ah, tong ngomongkeun batur. Doraka. Paling nmbal kitu ka pamajikan th. Enya atuh ari kana kituna mah. Si Ohim th jalma teu benar. Loba kacaritakeun teu balgna. Kuring pernah ningali manhna nampiling pamajikanana di hareupeun warung Ceu Haji. Heug lobaan batur. Teuing masalahna mah teu pati apal. Da harita kuring kaburu ngalos. Sok watir ningali nu kitu th. Watir ka pamajikanana. Jaba tara dibr napakah cenah pamajikan jeung budakna th. Budakna reuay. Jang dahar sapopona,

pamajikanana sok buburuh ngarit ka tatanggana. Sok mabok deuih Si Ohim th. Jigana teu kaur boga duit, dibeulikeun kana inuman. Di saung pupudunan nu ka walungan sok mabokna th. Pernah kuring g manggihan. Di saung ta.
Pager Ayu jeung Kembang 6

Isuk-isuk. Kuring rk ka sawah Cibanyusari. Ngaliwat kadinya. Si Ohim keur ngajoprak wa. Di gigireunana botol inuman dua siki. Geus karosong. Harita kuring bati gogodeug. Ceunah da meutingna og sok didinya wa. Tara balik ka imahna. Meureun balik ti imah Nyi Wiwi og sok kadinya. Meureun. Jetot. Kuring ngarnjag. Aya nu panas kana ramo. Nyundut ramo. Bedus rokok geus pondok. Seuneuna anteul kana ramo. Nyundut. Ngagebah lamunan. Ngarrt jam tangan. Geus jam sawelas. Rt ka Si Emus. Angger. Nangkeup tuur. Huluna dianteulkeun kana tuurna. Ngalamun knh. Mus, nguriling yu! Ceukng bari cengkat. Manhna teu nmbal. Milu cengkat. Kuring kaluar ti garduh. Leumpang ka kulonkeun. Manhna nuturkeun di tukang. Nguriling th ka kulon heula. Mapay-mapay jalan leutik diantara paimahan. Nepi ka tungtung kulon lembur. Deukeut pupudunan nu brhna ka walungan. Hawar-hawar kadng sahna cai walungan. Rada reuwas og barang nepi kadinya, ngadng sora incuing. Ngajerit. Matak nambahan keueung. Ti tungtung kulon lembur, mngkol ka kidulkeun. Nanjak ka jajalanan nu brhna ka masjid. Terus ngtankeun. Ngaliwat ka warung Ceu Haji. Geus tutup. Di wtaneun warung panggih jeung Wa Lili. Rk nang cai. Ngarandeug heula da Wa Lili
Pager Ayu jeung Kembang 7

mnta heula udud. Teu ngobrol heula. Katingalina Wa Lilina rada rurusuhan. Sieun kaburu aya nu meundeut caina. Nuluykeun deui nguriling. Mngkol ka kalr. Mudun ka jajalanan nu ka pasantrnkeun. Jajalanan ka imah Si Emus. Sapapanjang nguriling. Euweuh nu ngomong. Teu ngobrol sakecap-kecap acan. Tiiseun deuih. Ngan sora bangkong rang ti pasawahan kiduleun lembur. Tamba tiiseun, unggal manggih tihang listrik sok di takolan ku batu. Mh teu cobrk teuing. Kuring angger leumpang di hareup. Si Emus nuturkeun di tukang. Pas deukeut imah Si Emus. Kira-kira kahalangan ku dua imah, aya nu ngojngkang ka pipir imah Mang Hadi, gigireun imah Si Emus. Kuring ngarandeug. Si Emus g milu ngarandeug. Kuring ngalieuk ka Si Emus. Manhna kerung. Curuk di tunda na biwir, bari merong ka Si Emus. Tuluy kuring ngajngkang ka pipir imah Mang Suma. Gigireun imah Mang Hadi. Dodongkoan. Si Emus nuturkeun. Datang ka pipir. Cinogo deukeut tatapakan. Kaayaan rada caang. Kasorot ku lampu ti gigireun imah Mang Suma. Hulu dielolkeun. Si Emus pindah kagigireun. Ngelolkeun huluna. Atra ka dapurna imah Si Emus. Kaayaan pipirna ramyang-ramyang. Ngan kacaangan ku lampu ti pipir imah Mang Hadi. Katingali aya jalma nangtung hareupeun panto dapur Si Emus. Si Ohim. Teu salah.
Pager Ayu jeung Kembang 8

Deudeuganna og. Tuluy manhna keketrok. Keketrok sababaraha kali. Can aya nu muka. Kuring ngarrt heula ka Si Emus. Beungeutna geuneuk Huntu kekerot. Kulutrak panto dapur Si Emus aya nu muka. Nyi Wiwi jigana. Sup Si Ohim asup. Kuring teu lemk. Hat beut milu heuneug. Milu kekerot. Mus, kumaha ieu? Naha cuang grebeg w ku urang?. Nu di tanya teu nmbal. Kabayang kumaha rarasaan Si Emus harita. Grebeg w lah, ceuk kuring bari nguniang. Nangtung. Can g ngalngkah, Si Emus kaburu metot leungeun. Ulah Kang! Keun wa Si Emus ngomong bari milu nguniang nangtung. Tuluy ngalos. Kuring kerung. Anh. Hran. Asa hayang ambek. Goblog Si Emus!Euweuh peujitan kitu Si Emus th? Gerentes kuring. Kapaksa kuring nuturkeun. Keun hayang nyahona, rk kumaha ceunah. Dituturkeun th ngadon ka garduh. Nangkeup tuur deui. Kuring milu diuk gigireunana. Ibun mimiti ngepris. Hawa peuting nu biasana tiis teu karasa. Ngahab nu aya. Kalah hareudang. Kakar rk pok ngomong, Si Emus geus miheulaan. Kang, ulah waka lapor ka RT nyah! Keun wa. ta mah urusan kuring jeung Nyi Wiwi jeung Si Ohim pokna. Kuring teu nmbal. Heuneug. Da tadi th rk ngomong rk lapor ka
Pager Ayu jeung Kembang 9

RT. Ari ayeuna Si Emus ngomong kitu. Lain lalaki sia mah Mus! Mun ku aing mah geus dicacag tah Si Ohim! Dipeuncit ku aing mah! Ceukng na jero hat. Sora bueuk dina tangkal nangka teu eureun-eureun.

Katambahan ku sora daun awi nu katebak angin peuting. Tangkalna milu kaoyagkeun. Ngareukot paadu jeung baturna. Sorana lir jalma nu patingcorowok. Kuring ngadon

ngajaranteng. Asup kana lamunan swang-swang. Geus kadng aya nu tahrim di masjid. Si Emus ujug-ujug ngalos. Teu ngomong heula. Kuring ngan nyerangkeun ti tempat diuk. Kuring g balik. Dibaturan ku ngeprisna ibun janari. Nu angger teu karasa tiis. Teu matak niiskeun. Datang ka imah langsung gogolran. Teu bisa sar. Kabayang wa kajadian tadi. Kabayang wa beungeut Si Emus. Nu geuneuk. Napsu. Tapi euweuh kawani. Si Emus nu euweuh peujitan. Lain lalaki! Danten sia mah Mus! Hat nrwco wa. Tungtungna mah reup teu inget bumi alam. Kuring kahudangkeun ku nu garandng di jalan hareupeun imah. Ngarrt heula kana jam dinding. Geus tabuh sapuluh geuning. Kuring buru kaluar. Aya pamajikan keur gutrng wa jeung tatangga. Di jalan loba jalma lalumpatan ka kulonkeun. Aya og nu lempang rurusuhan. Ka kulonkeun.
Pager Ayu jeung Kembang 10

Nyai, aya naon mani asa riweuh kieu? ceukng nangtung dina golodog. Si Ohim aya nu meuncit, Kang! Tmbalna rada ngagorowok. Kuring reuwas. Buru turun kana golodog. Dimana? Di saung deukeut walungan. Tuh mayitna g di ditu knh. Buru kaditu! Batur mah geus kadaritu! Geus aya pulisi malahan mah, ayeuna og geus bung-beung pulisi mah narangan Si Emus, curigaeun ka Si ta da ti isuk knh geus euweuh. Ceunah mah tadi isuk-isuk aya nu manggihan di Talaga. Nak mobil jurusan Bandung. Rurusuhan. Pamajikan nrwco. Kuring teu nmbal. Asup deui ka imah. Buru disalin. Hareupeun eunteung. Nangtung. Neuteup kalangkang kuring na eunteung. Kolbat Si Emus. Kolbat Nyi Wiwi. Kolbat Si Ohim. Kolbat bedog. Patingkolbat. Na eunteung. Gidig kuring kaluar. Rurusuhan.

Jatinangor, 2010

Pager Ayu jeung Kembang

11

Pager Ayu

Tadina mah mugen. Horam milu. Ngan Si Uton mani maksa ngajak ngabaturan. Ngabaturan ka ondangan kawinan

babaturanana di Maja. Kuring jeung Si Uton datangna rada pandeuri. Teu bareng jeung rombongan pangantn lalaki. Anjog ka tempat nu boga hajat teh balandongan geus pinuh ku tatamu ti pihak lalaki nu nganteurkeun jeung ti pihak aww nu nyampakkeun. Lah rk diuk di tukang w, ceuk pikir. Tapi Si Uton ngabebedol leungeun, seselek ngajak diuk di rada hareup, tukangeun para sesepuh. Mh atra ningali akadna, cenah. Katingali pangantn lalaki diuk dina korsi panjang diapit ku leb jeung ajengan. Nyanghareupan meja nu jangkungna mh satuur. Na mja katingali aya surat kawin jeung kado dibungkus ku kertas nu rupana konng emas. Jigana jerona mas kawin. Hareupeun ta mja aya deui korsi panjang nu kosong knh. Jang diuk pangantn aww meureun. MC muka acara. Terus ngamanggakeun ka pangantn aww supaya diuk dina tempat nu geus disadiakeun. Korsi panjang ta. Kurunyung pangantn aww diaping ku pager ayu di
Pager Ayu jeung Kembang 12

knca-katuhuna. Kuring merhatikeun pangantn lalaki nu ngan katingali tonggongna. Katingali nak turun. Rnghap-ranjug. Geumpeur jigana. Bisi salah ngomongna na waktu ijab kobul. Pangangguran kuring ngarrt ka pager ayu nu katuhueun pangantn aww. K asa wawuh, ceuk pikir. Ngan saha ta? Di mana? Sugan pdah kahalangan ku make up nu kandel, jadi mani hs nginget nu diteuteup th. Uleng mikir. Ngingetnginget bari angger teu leupas neuteup si pager ayu. Inget! Gebeg. Ngagebeg. Yati. Geuning Yati. Enya Yati. Moal salah. Yati. Geus teu kadng sora MC nu ngatur acara. Geus teu malir deui rundayan acara nu keur dilakonan. Kuring ngadon ngahuleung bari teuteup teu leupas ti si pager ayu. Tapi nu di teuteupna mah bangun teu sadar, anteng w tungkul bari ngiplik-ngiplik kipas. Ngipasan pangantn. Enya Yati, gerentes hat. Yati nu ta. Nu baheula pernah tapa salila-lila di jero hat. Yati nu tujuh taun katukang ngeusi sanubari tur teu bisa di hilian ku harta, teu bisa di tukeuran ku inten. Yati nu tungtungna ngajejewt hat kuring. Nguwakngawik harepan kuring. Yati nu tujuh taun katukang ngaruntugkeun janjina. Jangji urang duaan. Jangji hirup
Pager Ayu jeung Kembang 13

babarengan. Yati nu ingkar tina jangji alatan kagoda ku banda. Kagoda ku harta. Kawin jeung harta. Harita. Tujuh taun katukang. Yati kawin. Sanggeus kawin, tuluy manhna pindah ti lembur. Ka Jatitujuh cenah pindahna th. Di bawa ku salakina. Hat peurih. Peurih pisan. Pikeun ngabrangbrangkeun hat nu tatu, kuring ngumbara ka Ciamis. Nya di Ciamis pisan kuring panggih jeung Nani. Nani nu ayeuna jadi pamajikan kuring. Nani nu bisa ngagantikeun Yati. Nani nu asih jeung geugeutna bisa matak poho ka Yati. Nani nu jadi indung budak kuring. Tapi naha ayeuna nu kapikiran teh ngan Yati? Yati nu aya di hareupeun kuring. Lain Nani nu kapikiran th. Lain. Tapi Yati. Teu inget ka hat nu kungsi raheut ku manhna. Nu aya na hat th ngan asih nu baheula leungit kahilian ku hwa ayeuna eunteup deui. Jadi deui. Hjo deui. Nyaliara deui. Alfatihah!..... Kuring ngarnjag. Sadar tina lamunan. Bakat husu ngalamun teu sadar geus rngs akad nikah th. Dua panutup g geus brs. Tuluy dua pangantn diiringkeun asup ka imah. Angger diaping ku para pager ayu. Yati salah sahijina. MC ngamanggakeun ka para tatamu supaya parasmanan heula.
Pager Ayu jeung Kembang 14

Si Uton,di gigireun cengkat. Hayu dahar heula, No! ceuk si Uton. Nam w ti heula, tmbal kuring. Si Uton ngalos, muru parasmanan. Kuring ngajentul knh dina korsi. Ngalamun knh. Ngalamunkeun si pager ayu ta. Yati ta. Aya nu nol kana cangkng, kuring kagebah tina lamunan, barang dilieuk, geuning......Yati. Yati geus diuk di gigireun. Kang Nono? nanyana bari neuteup. Teuteupna. Teuteup nu baheula. Muhun, Yati? tmbal kuring. Muhun, Akang geuning aya di dieu? Damang Kang? Yati imut. Imut nu baheula. Ieu nganteur rrncangan. Alhamdulilah damang. Yati weut aya di dieu? Sans kapungkur basa ngalih th ka Jatitujuh? omong kuring. Pan dua taun kapengker abdi sareng pun raka th ngalih kadieu, ka Maja. Nemb sataun di dieu, pun raka ngantunkeun, tmbal Yati. Tungkul. Paromanna barobah. Jadi rada alum. Ngantunkeun? Innalilahi, omong kuring bari neuteup. Yati tungkul knh. Geuning Yati th geus jadi randa, ceuk kuring
Pager Ayu jeung Kembang 15

na hat. Eu...Yat, tos gaduh sabaraha putra?omong kuring,

mngparkeun jejer omongan. Nu matak, kang, abdi mah teu gaduh putra. Di takdirkeun moal gaduh turunan ku pangran. Ari akang tos gaduh sabaraha? tanya Yati bari beungeutna cengkat deui. Neuteup deui. Kuring teu langsung nmbal. Ngahuleng heula. Gabug gening Yati th. Mandul. Karunya teuing Yati. Eu...akang mah tos gaduh dua. Pameget sadayana tmbal kuring. Euleuh pameget sadaya? Karasep panginten nya? Jiga ramana ceuk Yati. Imut. Imut nu asa bda. Asa ngagoda. Hat jadi teu pararuguh rarasaan. Heuheu...muhun atuh tmbal kuring bari nyerngh. Yati ngan imut. Euh Kang sindang atuh ka rorompok, da caket ti dieu th, tah lebet ka gang nu ta Yati nunjuk ka gang nu aya di peuntaseun imah nu boga hajat. Mangga Yat, sans waktos w,isin ongkoh, ceukng. Ih, iraha sans waktos th? Yu ayeuna w sindang heula. Jih isin ku saha da teu aya sasaha di bumi Yati mah. Yu kang cuang
Pager Ayu jeung Kembang 16

ngobrolna di rorompok abdi w, mh rinh ongkoh ngobrolna, Yati nrwco. Kuring ngahuleng. Anh. Hat nu baheula pernah ngedalkeun cadu kudu ngomong deui jeung Yati ayeuna weut lah. Hat nu baheula gorowong ku Yati ayeuna weut jadi cageur ku kabungah. Bungah pdah panggih deui jeung Yati. Yati nu baheula........ Hayu atuh kang! Yati ngajak deui. Kuring lh dt. Mangga atuh. Kuring ceungkat. Yati ceungkat. Antosan heula sakedap,Yat ceuk kuring bari ngalos rk nangan Si Uton. Kapanggih Si Uton keur nyerebung udud na korsi, brs dahar jigana mah. Ton, bisi rk balik mah jung w ti heula. Heug pangbjakeun ka Nani, kuring balikna peuting, da rk ka Talaga heula, rk nyimpang heula ka Wa Haji, kituh. Peupeujeuh nya Ton bjakeun, ceuk kuring. Katingali beungeut Si Uton rada kerung. Pinuh kahran. Kuring langsung ngalos. Teu ngadagoan jawaban Si Uton. Muru Yati. Kabetot ku imut Yati. Yati nu baheula... Jatinangor, 24 Pebruari 2010

Pager Ayu jeung Kembang

17

Dongng Si Kohkol

Tong sakali-kali deui ulin kadinya manh th Mahdi!, ck Ema ka kuring. Kuring tungkul wa. Apal Ema keur ngambek, sabab ka kuring nyebut ngaran. Biasana mah nyebutna th Ujang. Batur mah geus marandi, ari manh kark datang. Ngaladog wa budak th, ck Ema. Kuring beuki tungkul. Diuk dina korsi. Dina mja, hareupeun kuring, aya sangu na piring. Dianggurkeun wa ku kuring th. Boro-boro hayang dahar ari ningali Ema ambek th. Piceurikeun geus nyedek dina tikoro. Keur kitu, jol Bapa. Kark balik ti masjid, geus magrib, jigana mah. Aya naon ieu? ck Bapa, bari nunda kopah kana panyarandan korsi. Gk, diuk dina korsi nu gigireun kuring. Eta Si Mahdi ulin ka Situ Batu. Tadi magrib kark balik, ck Ema. Baruk ka Situ Batu? Jeung saha, Jang, ulinna?, ck Bapa.

Pager Ayu jeung Kembang

18

Jeung Si Imam jeung Si Ahmad, ck kuring bari tanggah. Ningali ka Bapa. Ema, geus Solat? ck Bapa ka Ema. Ema gideg. Jig atuh solat heula, Ma, ck Bapa. Ema ngalos. Ayeuna tinggal kuring jeung Bapa. Geus naon ti Situ Batu, Ujang th? Geus nangan jampang, da cenah ck Si Ahmad loba di sisi Situ Batu. Euh, mani jauh-jauh nangan jampang th, tuh di pipir og loba. Yeuh, Jang, Bapa mah moal ngambek Ujang rk ngaladog kamana wa og. Ngan, peupeujeuh ulah ulin ka Situ Batu. Loba jurig didinya th. Jurig Si Kohkol, jurig lauk ta th. Nu sok mawaan budak nu ulin di sisi situ ka liang nu aya di handapeun tangkal waru. Eta tangkal waru nu aya di sisi situ, beulah kidul geuning. Ck Bapa. Ngagelendut. Aya dongngna malah mah ngenaan Si Kohkol th, bapa nambahan. Kumaha kitu dongngna, Pa? ck kuring. Panasaran.

Pager Ayu jeung Kembang

19

Kieu, yeuh: Jaman baheula, Situ Batu digobyagkeun. Tumplek jalma ti mana-mana. Ti Sindang lama tarurun, ti Cilimus og daratang jalma th. Malah ti Talaga aya nu datang harita th, harayangeun marilu guyang di Situ Batu. Sanggeus jalma kumpul, kuncn ta situ nyieun peraturan, kieu peraturanana th: Mun aya lauk kancra gede, rupana beureum, pepeujeuh ulah diala. Mun dina beunangna og, peupeujeuh leupaskeun deui. Sapuk sakabh jalma nu rk milu guyang th. Der wh Situ Batu digobyagkeun. Jalma arancub kabh ka situ. Aya nu mawa ayakan, mawa sair lambit, mawa kecrik, mawa sirib, wah pada barabawaan wh jalma th. Kacaritakeun kumaha ramna ta gobyag th. Ngan aya hiji jalma nu teu ngagugu kana aturan, manhna manggih lauk kancra beureum, gede, sagede pingping jalma dewasa. Tuluy diala. Dibawa ka deket tangkal waru. Dibedl wh ku manhna. Eusi beuteungna dikaluarkeun, tapi hirup knh ta lauk th. Rk dikumbah pisan, si lauk th nonjol. Asup kana liang nu aya dihandapeun tangkal waru. Sapada harita, ngadadak langit angkeub. Dor-dar gelap. Hujan ngagebrt. Nu keur garobyag bubar. Cai situ nu geus rk saat, pinuh deui ku cai hujan. Tina liang handapeun waru, kaluar kancra beureum nu geus euweuh eusi beuteungna. Hirup deui. Jiga bihari. Ngan ayeuna mah geus kaasupan ku jurig nu ngageugeu nu dina ta tangkal waru. Tah, neupi ka
Pager Ayu jeung Kembang 20

ayeuna ta lauk jurig th sok nmbongan dihandapeun tangkal waru. Tur dingaranan Si Kohkol, pdah ta lauk geus euweuh eusi beuteungna jadi jiga kohkol. Matakna, Ujang, teu knging ulin deui ka sisi Situ Batu. Erk ulin deui ka Situ Batu?,ck Bapa nanya ka kuring. Moal, Pa, tmbal kuring. Alus, Bapa percaya ka Ujang, ayeuna mah Ujang tos hideng. Jig, ayeuna mah geura ibak heula. K geura dahar, ta bakkeun sangu. Kuring ngalos, asup ka kamer cai. Ningali kana bak cai...kabayang mun aya Si Kohkol nonghol tina ta bak cai...iiy....kuring ngabirigidig... Jatinangor, Mei 2012

Pager Ayu jeung Kembang

21

Kembang
Dua Belas Sajak

Pager Ayu jeung Kembang

22

Kembang
:keur Bungur Hiji kembang ragrag na hat kuring teu beunang dipiceun teu beunang disapukeun

Jatinangor, Maret 2012

Pager Ayu jeung Kembang

23

Sariak layung

Hat anjeun bulan sapasi di teundeun di handeuleum sieum di tunda di hanjuang siang Cag, kuring tang engk mun wanci geus sariak layung

Jatinangor, April 2012

Pager Ayu jeung Kembang

24

Sariak Layung II

Wanci sariak layung anjeun datang mawa hat anjeun; bulan purnama jang kuring. Hanjakal... kuring geus boga bulan sapasi nu maturan kuring hirup...

Jatinangor, Mei 2012

Pager Ayu jeung Kembang

25

Walungan

Daun-daun harepan ragrag na walungan hat kuring kabawa palid ka muara hat anjeun tapi anjeun kalah anteng nyieun kuburan pikeun hat kuring pikeun harepan kuring

Jatinangor, April 2012

Pager Ayu jeung Kembang

26

Cimata

cinyusu di jero hat kaluar tina mata ngocor deui kana hat ngamuara na jajantung

Jatinangor, Februari 2012

Pager Ayu jeung Kembang

27

Anjeun

anjeun basisir kuring lambak panggih mun laut jeung bulan keur silih mudalkeun kasono

Jatinangor, Mei 2012

Pager Ayu jeung Kembang

28

Adan Subuh

Urang silih teuteup Urang silih tangkeup anjeun ngahgak kuring ngahgak

Dosa! Dosa! Angin janari ngaharwos

kuring beuki resep anjeun mingkin nangkeup urang ngahiji urang ngajadi urang ngigel na sagara kanimatan.

Kadng ti masjid hawar-hawar adan subuh


Pager Ayu jeung Kembang 29

les ngiles deui... nu kadng ngan sora anjeun ceurik dina lahunan kuring... hanjakal... hanjakal... hanjakal... anjeun geus ngagunasika harepan kuring... ceuk anjeun eurih-euriheun...

Jatinangor, Desember 2010

Pager Ayu jeung Kembang

30

Panon

Panon anjeun napel na panon kuring

panon anjeun nuturkeun kuring sar

panon anjeun ilang nalika kuring hudang

Jatinangor, 23 Mei 2012

Pager Ayu jeung Kembang

31

Hat Anjeun
mukakeun hat anjeun nu ditutupan ku daun-daun kertas

Jatinangor, 14 Januari 2012-05-29

Pager Ayu jeung Kembang

32

Nng
:keur Lenny Nng, mun kuring pah paligkeun layon kuring kana walungan harepan bongan anjeun geus ngarogahala impian kuring

Majalengka, Januari 2010

Pager Ayu jeung Kembang

33

Jang

Jang, ulah jiga bapa Hirup pinuh kasusah

Jang, ulah jiga ema Leumpang dina jalan katugenah

Jang, tuh turutan koruptor Hirup ngeunah! Henteu susah!

Majalengka, Desember 2009

Pager Ayu jeung Kembang

34

Bandung-Garut
Sajajalan ti Bandung ka Garut anjeun imut mr hat mr harepan

Sajajalan ti Garut ka Bandung langit angkeub dunya heureut

kembang-kembang kabagjaan nu rk ligar ku anjeun diduruk Jadi areng! Jadi lebu! Jadi amarah! Jatinangor, 2012
Pager Ayu jeung Kembang 35

You might also like