You are on page 1of 5

Dialog Drama Basa Sunda Judul : Kalung Berlian

Diposkan oleh Dedi Kusmayadi di 21.35 Dialog Drama Basa Sunda Judul : Kalung Berlian Peran: 1. Loisel 2. Nyi Loisel 3. Juragan Mentri George Ramponneau 4. Istri Juragan Mentri George Ramponneau 5. Nyi Forestier (Nu diijeuman perhiasan) 6. Nyi Matilda (Tukang Butik) 7. Pulisi 8. Tukang Iklan 9. Babaturan Loisel 10. Latar Latar : Aya hiji wanoja ngaranna Anne.Manhna th salahsaurang wanoja anu nya ngora nya had rupa, tur pikayungyuneun deuih, ngan hanjakal, sasat gorng milikna ba, bet dikadarkeun jadi anak pagaw. Teu maskawin, teu cita-cita, sumawonna dipikawanoh, diajnan, dipikahman tur dipileuleuheungkeun ku nu gandang tur beunghar mah; nya teu bisa majar kumaha, ukur sadaya-daya w basa dikawin ku pagaw leutik ti kantor Dwan Atikan anu ngaranna Loisel. Ayeuna ganti ngaran jadi Nyi Loisel. Nyi Loisel hirupna basajan, taya bangsana nyenangkeun manh; ngan orokaya teu bagja, cara ilaharna golongan manhna; tuda lain sasaha, pira wanoja ti golongan cacah kuricakan; enya g laluis tur laluwes tapi da heureut deuleu pondok lngkah, ukur bisa cameubleu di imah. Nyi Loisel teu welh nguluwut marungkawut, awahing ngarasa diteungteuinganan, da ck pikirna pantesna mah hirupna th binarung kasenangan. Ari di imah stuning lieuk euweuh ragap taya, rt ka knca rt ka katuhu th ukur bilik nu geus buruk, korsi ryod tur paparabotan butut. Hiji mangsa, wanci sareupna, salakina balik mani hariweusweus bari ngagigiwing amplop badag. Loisel : Tah, keur Nyai. Nyi Loisel : . Nangis Loisel : Hih, ari Nyai, panyana th rk bungah. Nyai th kapan tara ka mamana. Ayeuna meunang kasempetan, tur langka deuih kasempetanana g. Hs blk Akang meunang ieu ondangan th. Batur mah harayang, da puguh nu diondangna g lain jalma jor-jor. Sok w sebutan tibang sabaraha urang nu meunang ondangan sarupa kieu. Geura, di ditu mah urang bisa patepung jeung sakumna bangsa mnak. Nyi Loisel : Na majar kudu kumaha ari meunang nu kitu?, Nya naon atuh nu kudu dipak? Loisel : Kapan aya baju nu ku Nyai dipak basa urang lalajo sandiwara ta geuning. Katingalina ku Akang mah kacida kwesna Nyi Loisel : Ah, henteu. Loisel :, Urang ka Matilda geura, yu. Sabaraha nyah pangajina papakan nu pantes t h? Nu basajan w, nu sakirana bisa dipak jang acara sjnna? Nyi Loisel : Duka atuh sabaraha-sabarahana mah. Ngan ku kira-kira mah moal kurang ti opat ratus franc. Loisel : Heug atuh. Ku Akang Nyai rk dibr duit opat ratus franc. Kahad sing bisa m ilih nu alus bajuna.

Latar : Saenggeus Nyi Loisel dibr duit, manehna geuwat muru ka toko butik Matilda rk mesen baju. Di toko butik Matilda : Nyi Loisel : Nyi Matilda, Numananya baju nu pantes kanggo kaondangan Juragan Mentri ? Nyi Matilda : Ieu, nu sa mah, bahana sutera asli ti Cina Nyi Loisel : Oh. Tapi sabaraha pangaosna? Nyi Matilda : Mung. Tilu ratus tuju puluh lima franc. Nyi Loisel : Sabaraha lami anggeusna ? Nyi Matilda : Tilu dinten g tos rngs. Nyi Loisel : Omatnya sing sa!.... Nyi Matilda : Sing percantenlah ka abdi!. Latar : Geus deukeut kana poan pasamoan, Nyi Loisel katmbongna kalah alum tur beuki guligah ba. Ari pibajueun ta mah geus mh anggeus dikaputna. Dina hiji peuting pok salakina nanya Loisel : Aya naon deui Nyai? Geus aya kana dua tilu pona Nyai katnjona teu cara sasari? Nyi Loisel : Asa teu pararantes ari taya perhiasan hiji-hiji acan mah. Teu emas, teu inten. Rk kumaha alus katnjona. Asana mani nyirikeun teuing taya kaboga th. Lah, asa leuwih had tong tulus ba ka ditu th. Loisel : Kembang-kembang atuh tapelkeun. Dina usum kieu mah geura pantes th kacirina mun kembang dijieun papas. Ku pangaji sapuluh franc g Nyai bisa mak dua tepi ka tilu kembang eros nu aralus. Nyi Loisel : Lah, barina g arra teuing pagilinggisik jeung istri nu baleunghar bari jeung dangdan teu mak perhiasan sasiki-siki acan. Loisel : Na urang th belet kabina-bina! Kapan aya Nyi Forestier. Geura ku Nyai tepungan pikeun nginjeum perhiasan. Geus wanoh ieu. Nyi Loisel : Ah, enya! pokna. Na mani teu kapikir nya. Latar : Isukna manhna nepungan baturna ta ka imahna, terus ngadongngkeun naon nu keur karandapan. Nyi Loisel : Nyi Forestier, kuring butuh perhiasan pikeun nyumponan ondangan pa Menteri, Kurin g kadieu seja rek nginjeum ka anjen Nyi Forstier : Sok w milih nu mana, Nyi. Nyi Loisel : Nu ieu we, kalung berlian, mani alus pisan, Nuhun pisan.. Nyi, k ,lamun enggeus rk geuwat dibalikeun deui. Teu nanaon mun nu ieu? Nu ieu wungkul? Nyi Forestier : Hih, atuh pk ba. Piraku teuing dikortkeun. Latar : Cunduk kana waktuna pasamoan ta. Teu wudu Nyi Loisel tinemu jeung kabagjaan. stu panggeulisna, luis tur luwes, komaraan, amis budi tur hgar. Sakur lalaki nu aya di dinya kabh neuteup ka manhna, ngajak pancakaki, tur hayang wawanohan. Sakabh anggota Kabint nu sarumping pada-pada ngajak ngawalsa ka manhna. Dalah Juragan Menteri Atikan g mani rt deui rt deui. Babaturan Loisel : Ngiring bingah Pa Menteri, Bu Menteri Juragan Menteri& Istri juragan Menteri : Nuhun,.. Loisel : Ngiring bingah Pa Menteri Juragan Menteri : Nuhun. Loisel, anjeun bagja boga pamajikan geulis., kahade, sing at -ati bisi aya nu ngcng! Loisel : Hatur nuhun, Pa Menteri, Mugia abdi sing tiasa ngajagina. Istri Juragan Menteri : Duh, mani sae kalungna

Nyi Loisel : Hatur nuhun, ah mung sakieu-kieuna Bu Juragan Menteri : Loisel, sok tong asa asanya!, sok sing bebas!.. Istri Juragan Menteri : Mangga, dileueut atuh Loisel & Nyi Loisel : Hatur nuhun. ------ Nyi Loisel ngobrol jeung Ibu Menteri---------------Loisel jeung babaturannana ---------------Babaturan Loisel : Geulis pisan euy, pamajikan manh th Loisel : Saha heula atuh,salakina kasp og, nya? Latar : Manhna Jigrah, bungah, bungangang, lat poho di kalaipan. Teu rk kitu kumaha, mungguh geus hasil ngararasakeun berekahna kageulisan, stu laksana tinemu bagja. Bagja anu pohara meunang pangajn ti balara. Sakabh pamuji, sakur harepan nu nguniang katut kabagjan harita ku manhna karasa stuning gembleng tur pohara nimatna. Psta kakara lekasan kajanarinakeun kira tabuh opatan. Salakina mah ti tengah peuting knh g geus lelenggutan dina patamuan leutik, dibaturan ku lalaki tiluan nu pamajikanana pada-pada saruka bungah anu pohara.Geu kitu manhna ngajak balik da bisi katingalieun ku kaom istri sjnna. Nyi Losel : Kang, hayu ah urang balik! Loisel : Hayu atuh. Latar : Duaan nalikreuh tepi ka imahna, awakna ngadgdg katirisan. Gap kana simbut nu ngarungkupan pundukna, dilaan hareupeun kaca, sasat nyacapkeun kabungahna harita. Ana kocak th Nyi Loisel ceurik. Nyi Loisel : Aduh Akang,kalung th leungit Loisel : Ku naon, Nyai? Nyi Loisel : Aduh, ieung Gusti kalung Nyi Mas Forestier th murag sigana mah. Loisel : Baruk leungit? Piraku. Ah, pamohalan! Latar : Jung salakina indit ka kantor pulisi. Loisel : Pa, abdi lapor, pun bojo th ical kalung berlian. Pulisi : Sok, tulis di berita acara kehilangan Loisel : Mangga Latar : Masang iklan dina koran g dilakonan, bari dimbohan yn sakur nu manggihan baris diperesnan. Pokona mah satkah polah metakeun tarkah susuganan barang ta kapanggih deui. Loisel : Pa, abdi bade mang iklan di koran Tukang Iklan : Iklan naon? Loisel : Iklan kaleungitan kalung berlian, jeung sebutkeun yn sakur nu manggihan baris diperesn Tukang Iklan : Mangga Latar : Tepi ka saminggu, wlh taya hasilna kokottngan th. Tepi ka hiji kaputusan Loise rek ngagantian . Cepuk wadah kalung th dibawa ka tukang perhiasan anu ngaranna natrat di dinya. Di hiji toko di PalaisRoyal, teu burung aya kalung berlian anu teu dipiceun sasieur jeung nu leungit ta. Loisel : Pa, kalung anu wadahna jiga kieu msrna ti dieu? Tukang perhiasan : Leres, pangaosna opat ratus rbu franc Loisel : Tong sakitu atuh.:

Latar : Sanggeus adutawar, ta kalung th bisa dibeuli ku pangaji tilu puluh genep rbu. Ka nu dagangna, maranhna neneda sangkan ta kalung tong waka dikaluarkeun jero tilu po mah. Loisel boga dalapan welas rbu franc titilar bapana. Kakuranganna mah deuk nginjeum ba. Nya terus manhna nganjuk ngahutang. Sarbu franc ti si ieu, lima ratus franc ti si itu, lima louis ti nu ieu, tilu louis ti nu itu. Trt nanda kuitansi, pok ngedalkeun jangji, sok nampa duitna ti nu tukang rnten katut sakabh nu ngahutangkeun duit ka manhna. stuning lahlahan, dalah ck saratna nkad, da puguh rumasa can kaerong kumaha naurna. Geus kacipta beuratna jaga, awak ruksak batin gering. Nya dina kaayaan kitu manhna indit ka toko perhiasan pikeun meuli kalung anyar ta, golosor duit nu tilu puluh genep rbu franc th dibayarkeun. Nyi Loisel masrahkeun ta kalung ka Nyi Forestier. Nyi Loisel : Punten Nyi, nembe tiasa masrahkeun ayeuna Nyi Forestier : Sugan th rk mulangkeun gancang-gancang, da kapan di dieu g sok perelu. Latar : Nyi Loisel sadar yn geus wayahna kudu ngarandapan hirup susah. Satkah polah manhna milu ripuh, tisuksuk tindungdung. Puguh w hutang salaput hulu th kudu ditaur. Manhna geus nawatu hayang ngalunasan. Babu dititah balik, imah pindah, tepi ka nywa rohangan leutik anu hateupna rupeuk minangka padumukanana.Ti harita manhna ngalaman hsna ngurus rumah tangga, kapaksa kudu dak digaw di dapur. Pon kitu deui salakina, digaw unggal sor, ngurus kas sawatara sudagar, tepi ka peuting th sok meunang lima sous sakaca. Hirup kitu th aya kana sapuluh taunna Jangkep sapuluh taun kabh hutang th kabayar. Ayeuna mah Nyi Loisel th katmbong geus kolot. Po Minggu, basa manhna keur leuleumpangan di Champ-Elyses minangka hiburan ahir minggu, katmbong aya aww. Barang disidik-sidik, horng Nyi Forestier, masih ngora knh, geulis knh, pikayungyuneun knh. Nyi Loisel ngarandeg sajongjongan. Naha wawuheun knh kitu ka kami? Ah, piraku teuing pohoeun. Hutang geus lunas ieuh, ah, deuk didongngkeun w naon nu karandapan th. Ongkoh naon salahna? Nyi Loisel : Geuning Nyi Forstier ieu th. Nyi Forestier: Euh, punten, dupi Aceuk th nu ti mana ta? Henteu kasamaran mah, Ceuk? Nyi Loisel : Apan abdi th Anne Loisel ta. mut knh? Nyi Forestier: Ah-ah, geuning Anne. Na mani pangling kieu? Nyi Loise : Nyta atuh ti barang tepung harita ta kuring ngarandapan pangalaman anu pohara beuratna, tur kabh alatan Nyai Nyi Forestier: Alatan kuring? K, k, kumaha ta? Nyi Loise : Inget knh teu kana kalung berlian anu diinjeumkeun ka kuring basa rk ka psta Commissionr ta? Nyi Forestier: Oh, enya. Puguh w inget knh. Nyi Loise : Tah, saenyana mah ta kalung th leungit. Nyi Forestier: Leungit kumaha? Kapan harita g geus dipulangkeun deui. Nyi Loise : Enya, ari mulangkeun ta mah. Tapi nu dipasrahkeun ka Nyai th saenyana mah kalung anyar nu teu bda ti nu diinjeum, minangka gagantina. Nya, pikeun mmrs risikona kuring kadua akangna perelu waktu sapuluh taun. Kabad meureun da puguh keur kulawarga kuring anu sakieu taya boga mah ngumpulkeun waragad sakitu th teu babari. Tapi keun lah, da geus kajadian, tur kuringna g geus ihlas satemenna. Latar : Sajongjongan mah Nyi Forestier kalah olohok mata simeuteun. Nyi Forestier: Jadi, Nyai th tepi ka meuli kalung berlian pikeun ngagantian kalung kuring. Kitu?.Enya.

Naha teu katara kitu? Padahal mah ukur mirip ba nya.. Gusti! Deudeuh teuing Anne! Kapan anu barto diinjeumkeun th kalung palsu. Pangajina g moal leuwih ti lima ratus franc!

You might also like