You are on page 1of 4

Assalamuallaikum wr. Wb Pamirsa wilujeng enjing wilujeng tempat sareng sim kuring ( .

) dina berita bahasa sunda wartos selengkapna. MIN Sutawangi Naratas Kelas Unggulan

JATIWANGI, KORAN SUNDA 'LOGAY' - Soal mutu pendidikan jadi kalintang pentingna lantaran mingkin beuratna persaingan boh di tingkat lokal, regional, jeung nasional. Eta pisan sababna, Madrasah Ibtidaiyah Negeri (MIN) Sutawangi Kacamatan Jatiwangi minangka institusi pendidikan nu aya dina asuhan Kementerian Agama, kiwari keur terus ngalaksanakeun sawatara tarekah pikeun ngaronjatkeun mutu pendidikan. Di antarana, nurutkeun Kepala MIN Sutawangi H. Ajid,S.Ag ka Logay di kantorna, nya eta ku cara tatahar ngawujudkeun kelas unggulan minangka lengkah awal pikeun ngawujudkeun MIN Sutawangi engkena bener-bener jadi sakola unggulan. Anapon tarekah nu geus dilaksanakeun di antarana ngalaksanakeun kagiatan seleksi para siswa, dibentukna Tim Teknis Kurikulum nu diwangun ku 4 urang guru, nepi ka nyiapkeun rohangan kelas. Ketua Tim Teknis Kurikulum Andri Hendrianto,S.Pd nu nyarengan kepala MIN Sutawangi dina wawancarana jeung Logay nyebutkeun, yen kapasitas rohangan kelas pikeun kelas unggulan eta baris ngamuat 10 nepi ka 15 urang murideun, kalayan dilengkepan fasilitas AC, kipas angin, karpet, hordeng, jeung metode diajarna ngagunakeun alat infocus. Kitu deui saban kelasna dipingpin ku guru wali kelas dibaturan saurang pendamping atawa asisten. Ku cara kitu diharepkeun baris bisa ngaronjatkeun mutu pendidikan sakumaha nu geus digariskeun dina kurikulum pamarentah jeung program sakola. Alhamdulillah, saniskara waragad pikeun ngawujudkeun program kelas unggulan ieu sagemblengna murni didanaan ti pihak sakola. Sanaos kitu pihak sakola tetep ngaharepkeun ayana bantuan ti pamarentah, boh ti kementerian agama boh ti pamarentah daerah, kumargi kamampuhan kauangan sakola mah tangtosna ge kawatesanan, ceuk Adjid ngaharepkeun. Adjid oge netelakeun, rencana ayana kelas unggulan eta kiwari karek aya sakelas pikeun kelas 1 nu baris direalisaikeun ti mimiti awal semester kadua, sarta pikeun kelas 2 baris dilaksanakeun ngawitan taun ajaran anyar. Kitu saterusna, nepika ahirna sakabeh kelas ti mimiti kelas 1 nepi ka kelas 3 jadi kelas unggulan. mung sakitu ana kapihatur bobo sapanon carang sapakan sim kuring nyungkeun di hapunten amit mungkur, amit mundur wilujeung tepang dina wartesanesna.

Wassalamualaikum Wr. Wb

Assalamuallaikum wr. Wb Pamirsa wilujeng enjing wilujeng tempat sareng sim kuring ( .) dina berita bahasa sunda wartos selengkapna. SDN UNSILSTER;GEMPA Puluhan murid sakola SDN Unsilster Desa Unsilster Kecamatan Purbaratu Kabupaten Tasikmalaya, nu dina tanggal 20 April 2010 keuna ku gempa. Masih keneh diajar di tenda darurat. Maranehna teu bisa balik deui ka sakola asal. Ku sabab sieun gempa deui. Pupuhu lembur didinya ngabewarakeun musibah Kecamatan Purbaratu Kabupaten Tasikmalaya, agung cahya netelakeun aya dua ratus opat puluh dua budak Sakola Dasar nepi ka sakola menengah pertama anu jadi korban gempa. Opat puluh genep urang diantarana nyaeta murid SDN Unsilster anu sakolana deukeut jeung tempat gempa. Maranehna ayena di ajar di tenda darurat. Khusus pikeun kelas genep anu minggu ieu bakal nyanghareupan Ujian Nasional, ti saprak dua minggu katukang maranehna cicing jeung diajar di imah kapala sakola SDN Unsilster. Murid kelas opat SDN Unsilster anu jumlahna tilu belas orang eta ngahaja ditempatkeun didinya, sangkan bisa meunang bingbingan diajar nu enya-enya. Samemeh ujian nasional murid utamana dibekelan pangajaran tambahan pikeun pangajaran bahasa Indonesia, bahasa Inggris, IPA, IPS, jeung Pkn. Unggal poe senen opat puluh genep murid anu diajar ditenda meunang bingbingan ti guru husus anu didatangkeun ti dinas pendidikan Kabupaten Tasikmalaya. Sri Nurhayati, murid kelas opat SDN Unsilster anu diajar di SDN Cibubur, ngebrahkeun yen manehanana kurang ngeunah di sakola nu anyar. Sabab kudu ngabiasakeun deui hirup jeung murid atawa guru sarta lingkungan anu anyar. Kabehanana ayeuna aya saratus dalapan puluh tujuh murid SD jeung opat puluh murid SMP korban gempa anu geus dititipkeun ka sakolasakola anu deukeut.

mung sakitu ana kapihatur bobo sapanon carang sapakan sim kuring nyungkeun di hapunten amit mungkur, amit mundur wilujeung tepang dina wartesanesna.

Wassalamualaikum Wr. Wb

You might also like