You are on page 1of 9

Ringkesan Carita Sangkuriang :

Aya hiji putri raja di tatar Sunda nu geulis kawanti-wanti endah kabina-bina nu ngaranna Dayang Sumbi, tapi hanjakal manehna diasingkeun ka leuweung alatan nandang panyakit nu teu cageur-cageur, nu dianggap bisa ngabalukarkeun boborna wibawa jeung komara sang Raja. Dina sajeroning pangasingan, pikeun ngaleungitkeun kakesel, nya sapopoena sok ngadon ninun di saung ranggonna Hiji mangsa keur anteng ninun, taropong paragi ngasupkeun benang kana rentangan anyaman benang murag ka handapeun saung. Kulantaran keur kagok digawe tambah hoream turun ti saung, Dayang Sumbi ngucap ka sing saha bae nu daek mangnyokotkeun jeung nganteurkeun eta alat ka manehna, lamun awewe rek dijadikeun dulur, mun lalaki rek dijadikeun salaki.. Nya harita aya anjing jalu nu ngaran si Tumang nyokot eta alat jeung nganteurkeun ka Dayang Sumbi. Barang mireungeuh yen nu nganteurkeun taropong teh mangrupa anjing jalu atuh kacida ngagebegna ku alatan geus ragrag ucap nu keur elmu sunda mah ucap teh sarua jeung sumpah nu teu meunang dibolaykeun. Bari ngaheruk ku lantaran geus sumpah tea, nya kapaksa Dayang Sumbi kudu ngalakonan kawin jeung anjing nu ngaran si Tumang, nepi ka boga budak lalaki nu kacida kasepna nu dingaranan Sangkuriang. Sangkuriang ti orok nepi ka mangkat baleg, salawasna diasuh jeung diaping ku Si Tumang, kamana Sangkuriang lumampah didinya si Tumang ngintil marengan. Hiji mangsa Dayang Sumbi hayangeun pisan jantung mencek, mani asa geus aya dina lentah, nya gancang nitah Sangkuriang sangkan moro mencek jeung kudu kabawa jantungna. Tapi dadak dumadakan harita nepi ka sapoe jeput teu panggih jeung sato naon-naon, sedeng waktu geus nyerelek maju ka burit. Sangkuriang bingung ku lantaran can hasil nedunan kahayang nu jadi indung, Sangkuriang sieun nu jadi indungna bendu mun mulang teu mawa hasil. Barang ret ka si Tumang nya timbul akalna, terus si Tumang dipanah jeung dicokot jantungna, terus dibawa jeung dipasrahkeun ka indungna. Ku Dayang Sumbi ditarima terus diasakan. Dina sajeroning masak Dayang Sumbi ras inget ka si Tumang, anu saterusna ditanyakeun ka Sangkuriang kamana si Tumang. Barang ditanya kitu Sangkuriang ngabetem teu ngajawab, tapi sanggeus disedek, ahirna Sangkuriang wakca balaka, yen anu eukeur dipasak ku Dayang Sumbi teh eta jajantungna si Tumang. Atuh dadak sakala Dayang Sumbi ambek kacida sabab si Tumang the bapana Sangkuriang, bakat ku ambek sinduk batok nu keur dipake masak harita ditakolkeun kana sirah Sangkuriang nepi ka baloboran getih nu ngabalukarkeun sirahna pitak jeung terus diusir. Sangkuriang minggat teu puguh arah tujuan kalunta-lunta asup leuweung kaluar leuweung naek gunung-turun gunung, asup guha kaluar guha, nya bari ngelmu sakapan-paran. Gancangna carita liwat welasan taun Sangkuriang tumuwuh jadi jajaka nu gagah kasep tur luhung ku elmu, jembar ku pangabisa. Kersaning nu Maha Kawasa, hiji mangsa panggih jeung Dayang Sumbi nu sacara lahir wujudna teu robah lir parawan welasan
1

taun geulis kabina-bina lir widadari ti kahiyangan, lantaran ngagem elmu awet jaya. Duanana pada-pada teu wawuh pangrasana karek tepung munggaran harita. Barang paamprok timbul tatali asih, pada-pada mentangkeun jamparing asih geugeut layeut lir gula jeung peueut teu bisa dipisahkeun, nya terus patali jangji rek hirup babarengan ngawangun rumahtangga ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salogak Hiji mangsa Dayang Sumbi keur anteng nyiaran buuk Sangkuriang, katenjo aya pitak dina sirah Sangkuriang, harita Dayang Sumbi ngagebeg sabab ras inget ka nu jadi anakna waktu keur leutik ditakol ku sinduk persis palebah eta pitak. Nya gancang tatalepa tumanya ka Sangkuriang nalungtik sajarahna eta pitak. Sanggeus dicaritakeun nu sabenerna atuh kacida reuwasna horeng eta Sangkuriang teh anakna nu geus heubeul diteangan dianti-anti hayang kapanggih deui, atuh gancang ku Dayang Sumbi dibejer-beaskeun yen sabenerna manehna teh indungna kalayan menta ka Sangkuriang sangkan pamaksudan hayang hirup laki-rabi jeung manehna dibolaykeun, sabab teu mungkin anak kawin ka indung. Ngadenge caritaan Dayang Sumbi kitu Sangkuriang teu percaya, alesanana teu mungkin wujud nu jadi indung bisa leuwih ngora tibatan dirina, Sangkuriang boga anggapan yen caritaan kitu teh, sakadar alesan pikeun ngabolaykeun jangji pasini. Dayang Sumbi terus ngajebejerbeaskeun ceuk paribasa nepi ka beak dengkak ngajelaskeun sangkan nu jadi anak sadar jeung narima kana kanyataan nu tumiba, tapi Sangkuriang tetep teu percaya jeung keukeuh maksa pikeun ngawujudkeun tali rarabi rumahtangga, malahan jadi ngabuburu sagala hayang harita keneh dilaksanakeun. Mireungeuh kahayang Sangkuriang kitu, Dayang Sumbi ngaheruk buntu laku beakeun jalan pikeun nyingkahan, harita timbul akal sangkan tali rarabi bisa dibatalkeun ku jalan nyanggupan pikeun kawin tapi aya sarat, nyaeta Sangkuriang dina jero sapeuting kudu bisa ngabendung nyieun talaga gede jeung parahu pikeun lalayaran madukeun kaasih, nu ceuk pikirna pamohalan eta sarat bisa katedunan ku Sangkuriang. Sangkuriang nyanggupan, kalayan gancang guragiru ngumpulkeun madia baladna bangsa lelembut nu katelah Guriang Tujuh, nya prak migawe naon nu dipikahayang Dayang Sumbi. Teu kungsi sapeuting eta pagaweaan ampir anggeus, atuh nempo kaayaan kitu Dayang Sumbi kacida reuwasna, sabab sieun ku dosa. Dayang Sumbi terus sidakep situhu tunggal mujasmedi, jumerit menta pituduh Nu Kawasa sangkan Sangkuriang teu bias nganggeuskeun pagaweanana. Sangeus nampa pituduh, gura-giru Dayang Sumbi ngerahkeun masyarakat di wewengkon eta sangkan ngebeberkeun jeung ngelebetkeun boeh rarang nu didamaran ku obor nu nimbulkeun pantulan cahaya katingalina mangrupa balebat tanda peuting rek ganti beurang, kitu oge ibu-ibu jeung para wanoja dikeprik dimana-mana sangkan gancang babarengan narutu lisung tutunggulan. Ku ayana cahaya jeung lisung tutunggulan, hayam jago jadi reang pating kongkorongok. Mireungeuh kajadian kitu, Guriang Tujuh nu keur ngangsitkeun pagawean kacida reuwaseun, atuh gancang kalabur ngalaleungit deui teu sanggup neruskeun sabab sieun kabeurangan, nu balukarna naon nu jadi sarat ti Dayang Sumbi teu bias direngsekeun ku Sangkuriang. Ngarasa ditipu Sangkuriang kacida ambekna, parahu nu can rengse terus ditalapung nya ragrag jadi Gunung Tangkuban parahu, tunggul-tunggul sesa nuar kai pikeun nyieun parahu robah ngajadi Gunung Bukittunggul, sedengkeun tumpukan dahan, pangpang, rerenteng jeung daun kai ngajadi Gunung Burangrang. Sangkuriang teu puas, anu saterusna ngudagngudag Dayang Sumbi, ceuk sakaol sapanjang jaman tepi ka wanci ayeuna Sangkuriang masih terus ngudag-ngudak Dayang Sumbi.

Sasakala Gunung Tangkuban Parahu

Kacaturkeun di hiji leuweung aya bagong putih. ta bagong th gawna ngan tatapa ba, geus mangpuluh-puluh taun. Ari anu ditapaan ku manhna, hayang boga anak aww sarta bangsa manusa. Dina hiji waktu bagong putih ngarasa hanaang. Manhna indit ka hiji tegalan, deukeut walungan Citarum. Barang datang ka dinya, manggih batok balokan, hartina urut anu meulah duwegan. Loba pisan ta batok balokan th, urut nu moro uncal ka dinya. Aya hiji batok balokan urut tuang Kangjeng Prabu. ta batok th aya caian, nyata cikahampangan Kangjeng Prabu. Barang geus marulang, kapanggih ku bagong putih. Lantaran hanaang, leguk ba cai nu ngemplang dina batok th diinum. Ari geus nginum kawas aya nu nyaliara kana awak bagong putih, kawas nu ngandeg reuneuh ba. Lila-lila bagong putih th reuneuhna beuki ged. Ari gubrag orokna jelema sarta aww geulis. Pohara ba bagong putih th atoheunana. Anakna diciuman, digalntor bari disusuan. ta orok th tuluy dingaranan Dayang Sumbi. Nalika geus ged, pok Dayang Sumbi th nanyakeun bapa, Ibu, ari bapa kuring th saha? Naha jelema kawas kuring atawa bagong saperti Ibu? Euh, Nyai anu geulis anak Ibu! Nyai mah henteu boga bapa. Mun enya mah boga bapa, meureun aya di dieu, tmbal bagong putih. Euh, piraku Ibu, sakabh mahluk g kapan pada boga bapa, boh manusa boh sato hwan. Ngan bangsa kakaian anu henteu boga bapa mah. Lantaran anakna pok deui pok deui nanyakeun saban waktu, ahirna bagong putih th balaka. Bapa hidep mah Kangjeng Prabu, di ditu ayana di karaton, ck bagong putih. Ngadn g kitu Dayang Sumbi pohara reuwaseunana, jeung ujug-ujug panasaran, hayang nepungan bapana. Lamun kitu mah ayeuna knh ku kuring rk ditepungan, ck Dayang Sumbi. Dayang Sumbi kebat ba indit, ngajugjug ka karajaan. Ku Kangjeng Prabu tuluy diaku anak, diperenahkeun di hiji tempat sarta dititah diajar ninun ka tukang ninun. Teu lila og Dayang Sumbi geus mahr ninun kan. Ku Kangjeng Prabu tuluy dipangnyieunkeun saung ranggon anu luhur di tengah leuweung. Ari baturna ngan ukur anjing hideung nu ngaran Si Tumang. Dina hiji waktu nalika Dayang Sumbi keur ninun, taropongna murag ka kolong saung. Lantaran seunggah kudu turun, pok ba manhna ngomong sorangan. Leuh, mun aya nu dak mangnyokotkeun ta taropong, tangtu bakal diaku salaki ku kuring. Kabeneran pisan di kolong saung th aya Si Tumang, anu ngadngkeun omongan Dayang Sumbi. ta taropong th dicokot ku Si Tumang sarta tuluy dibikeun ka Dayang Sumbi. Karuhan ba Dayang Sumbi pohara reuwaseunana, teu nyangka yn anu mangnyokotkeun taropong th anjing, lain manusa. Mangkaning manhna geus kedal ucap, rk ngaku salaki. Dayang Sumbi rumasa geus kapalang kedal ucap. Kawas geus kitu katangtuan ti Dwata, manhna tuluy hirup paduduaan jeung Si Tumang. Tepi ka hiji waktu kakandungan. Brol ngajuru, anakna lalaki, dingaranan Sangkuriang. Sangkuriang sok resep ulin lulumpatan kadua Si Tumang. Sakapeung bari mamawa tumbak. Belewer dilempagkeun, cleb nanceb kana tangkal kai. Sangkuriang surak sorangan, bungah lantaran tumbakna meneran. Si Tumang dihucuhkeun. Sebrut lumpat, ngudag kana tangkal
3

kai, bangun keur ngudag sato boroan. Sangkuriang beuki mahr ba ngalempagkeun tumbakna. Tuluyna mah lain saukur ulin lulumpatan, tapi mimiti diajar ngasruk ka leuweung, nangan sato boroeun. Moro sato naon ba, careuh, peucang, atawa mencek. Jung geura moro ka leuweung, Ibu mah hayang dahar jeung ati mencek, ck Dayang Sumbi hiji waktu. Sangkuriang tuluy indit ka leuweung, dibarengan ku Si Tumang. Anh pisan po ta mah sasatoan th henteu aya nu katnjo ngaringkang hiji-hiji acan. Padahal ilaharna mah sok katnjo uncal atawa mencek keur rendang nyaratuan di tegalan. Po harita mah kawas ngaleungit ka mana boa. Sangkuriang geus asruk-asrukan ka saban tempat, ka lamping ka tegalan. Lapur sasatoan th teu kasampak tapak-tapakna acan. Ari Si Tumang bet ngadak-ngadak kebluk deuih, henteu dak lulumpatan nangan sato boroeun. Awahing ku jngkl teu beubeunangan, ngan lkk ba Si Tumang th dipeuncit ku Sangkuriang. Atina dibawa balik sarta dipasrahkeun ka indungna. Dayang Sumbi puguh ba kacida atohna, dagdag-dgdg ngasakan ta ati. Ngan barang Sangkuriang balaka yn ta ati th ati Si Tumang lain ati mencek, Dayang Sumbi pohara ambekna. Sangkuriang ditoktrok sirahna ku sinduk tepi ka ngucur getihan. Sangkuriang tuluy pundung, indit ti imahna ngajugjug ka tebh wtan. Mangtaun-taun leuleuweungan tepi ka ahirna bras anjog ka nagara siluman. Di dinya Sangkuriang guguru lmu kasaktn ka siluman nu wujudna oray naga. Sangkuriang ngulik lmu Tumbul Muda. Jalma anu miboga ta lmu bakal bisa meruhkeun sakumna jin jeung siluman. Sanggeus lmuna katakan, Sangkuriang dijurungan sina indit deui ngalalana. Dina hiji waktu manhna anjog deui ka nagara siluman. Lantaran geus boga lmu kasaktn, Sangkuriang bisa nglhkeun jin jeung siluman nu aya di ta nagara. ta mahluk bangsa lelembut th tuluy tunduk ka Sangkuriang. Demi Dayang Sumbi, sanggeus ditinggalkeun ku anakna, manhna ngarasa kaduhung kabinabina. Hirupna stu nunggelis. Manhna tuluy indit ka tebh kulon, rk nangan Sangkuriang. Ngaprak ngalalana tepi ka anjog ka Gunung Halimun. Di dinya Dayang Sumbi patepung jeung raja jin anu keur tatapa. Dayang Sumbi tuluy diajar rupa-rupa lmu kasaktn. Sanggeus tamat guguruna, manhna dijurungan sina indit deui ka tebh wtan. Di hiji tempat nu katelah Gunung Bohong manhna nganjrek bumetah. Kocapkeun Sangkuriang terus ba ngalalana. Mileuweungan migunungan tepi ka puluh-puluh taun, tepi ka ahirna anjog ka hiji gunung. Manhna patepung jeung aww anu kacida geulisna. Sangkuriang bogoh sarta ngajak kawin ka ta aww, anu saenyana ta aww th Dayang Sumbi, indungna sorangan. Dayang Sumbi nya kitu deui, bubuhan geus papisah mangpuluh-puluh taun, manhna kalinglap. Mh ba dak diajak kawin. Ngan basa Sangkuriang keur disiaran rk diala kutu, dina sirahna katnjo bet aya cda. Dayang Sumbi ngagebeg, reuwas lain dikieuna. Manhna kakara inget, moal salah ieu lalaki th anak aing gerentesna, Sangkuriang anu baheula kungsi ditoktrok sirahna ku sinduk. Sanajan geus dittlakeun yn manhna th anak pituin, Sangkuriang teu percaya sarta keukeuh ba ngajak kawin. Mireungeuh anakna kitu, geuwat ba Dayang Sumbi nyiar akal. Heug kami dak dikawin, asal dipangnyieunkeun talaga jeung parahuna keur lalayaran urang papangantn. ta talaga jeung parahu th kudu anggeus dijieun sapeuting, ceuk Dayang Sumbi. Ku Sangkuriang disanggupan ta pamnta anu kacida banggana th. Harita knh Sangkuriang tuluy ngabendung walungan Citarum. Digaw teu eureun-eureun sapeupeuting, dibantuan ku bangsa jin jeung siluman. Nincak janari, talaga th geus ngemplang. Kari nyieun parahuna. Kabeneran aya tangkal kai ged, gedok dituar. Kai th tuluy ditilasan rgangna sarta dipapas dijieun parahu. Dayang Sumbi yakin yn pamntana moal katedunan. Pimanaeun teuing nyieun talaga jeung parahu bisa anggeus sapeuting, ck pikirna. Tapi basa katnjo talaga geus ngemplang jeung
4

parahuna geus ngabagug rk anggeus, manhna kacida reuwasna. Dayang Sumbi bingung liwat saking. Kudu kumaha carana, sangkan aing teu tulus kawin, ck pikirna. Ras manhna inget kana boh rarang. Geuwat ba ta boh th dicokot tuluy dibawa ka mumunggang. Ku manhna dikebut-kebutkeun, tepi ka bijil cahaya bodas kawas balbat di beulah wtan. Dadak sakala sasatoan leuweung disarada. Manuk rct. Hayam raong kongkorongok, da disangkana geus beurang. Sangkuriang ngagebeg barang nnjo di wtan geus bijil balbat. Manhna nu keur ngageduk nganggeuskeun parahu tuluy ngahuleng awahing ku reuwas. Bijil balbat tandana geus beurang. Mangka parahuna can anggeus, hartina manhna moal tulus papangantn jeung Dayang Sumbi. Bakating ku handeueul kabina-bina, ngan jedak ba parahuna ditajong satakerna. Bubuhan jalma sakti, parahu th mangpng jauh pisan. Gubrag di hiji tempat, parahu th nangkub. Jleg salin rupa jadi gunung. ta gunung th kiwari katelah Gunung Tangkuban parahu. Ari talaga nu ngemplang ku Sangkuriang didupak tepi ka caina saat ngoltrak. ta urut talaga th kiwari jadi padataran Bandung anu ngampar lega pisan. Tunggul kai urut nuar Sangkuriang tuluy ngajangglk jadi Gunung Bukit Tunggul, wtaneun Gunung Tangkuban Parahu. Ari rgang kai anu ngahunyud sarta geus rangrang teu daunan, tuluy ngajangglk jadi Gunung Burangrang di bh Kulon.

Dongeng Sunda: Si Kabayan Moro Uncal


Isuk knh Si Kabayan jeung mitohana geus harudang, lantaran po ta rayahat rk moro uncal. Urang kampung geus saraged, mak calana sontog, samping dibeubeurkeun kana cangkng, bedog panjang nyolgrng. Sawarh marawa tumbak. Anjing ragg geus hayangeun geura ngudag boroan ka leuweung. Nnjo batur saraged th Si Kabayan mah teu ieuh kapangaruhan. Manhna mah ngallk, mak sarung dikongkoyangkeun. Batur-batur marawa bedog, manhna mah kalah mawa pso raut. Keur naon mawa pso raut, Kabayan? tatanggana nanya. Keur nyisit uncal, jawabna. Nu rk moro laju indit. Tepi ka leuweung, der ngasruk. Anjing ragg ti kulon, ti kalr, ti wtan. Jalma-jalma pating corowok. Nu megat ayana di beulah kidul, lebah bubulak. Ari Si Kabayan misahkeun manh. Manhna mah nangtung handapeun tangkal jambu batu bari tatanggahan, nangan jambu asak. Keur tatanggahan, gorowok nu ngagero, Pegaat! Si Kabayan ngalieuk. Ari torojol th ti jero rungkun, uncal jaluna. Tandukna ranggah. Si Kabayan can nyahoeun uncal. Ck pangirana uncal th saged anak emb. Nu matak barang nnjo sato nu siga kuda bari tandukan th, ngan trkl w manhna nak kana tangkal jambu. Teu bisa luhur nakna th da kagok ku sarung. Manhna nangkod kana dahan panghandapna, sarungna ngoyondon. Kabeneran uncal th lumpat ka handapeunana pisan. Si Kabayan peureum, sieuneun kaparud ku tanduk uncal nu sakitu ranggahna. Si kabayan teu kira-kira reuwaseunana barang karasa aya nu ngabedol ti handap. Ari ditnjo horng tanduk uncal th meulit kana sarungna. Uncal ngarengkog, tuluy babadug hayang ngalsotkeun tandukna. Kadng ambekanan hos-hosan. Si Kabayan beuki pageuh muntangna, uncal beuki rosa ngamukna, tapi tandukna kalah beuki pageuh kabeulit ku sarung. Si Kabayan beuki geumpeur, sepa taya getihan. Tuluuuuung.tuluuunngg., ieu aing ditubruk uncal! Si Kabayan gegeroan mnta tulung. Teu lila burudul nu moro nyalampeurkeun. Nnjo uncal abrug-abrugahn th, teu antaparah deui belewer w ditumbak. Uncal ngajngjh. Jekok-jekok pada ngadkan tepi ka rubuhna. Uncal ngajoprak. Si Kabayan g ngalungsar gigireunana bari rnghap ranjug. Nu ngariung uncal hlokeun. Kumaha ditwakna ucal sakieu badagna, Kabayan? Si Kabayan nangtung lalaunan bari cungar-cengir., Ah gampang. Uncal mengpengan ka handapeun tangkal jambu, ku kuring dipegat. Barang geus deukeut, dirungkup wh tandukna ku sarung . Tuh geuning sarungna og tepi ka rangsak saroh. Geus karungkup mah teu hs, kari marieuskeun w tandukna. Sarra gogodeg. Ari Si Kabayan padamuji th nyrngh w bari ngusapan tuurna nu barared. Uncal pada ngarecah. Si Kabayan ngajingjing pingping uncal bari heheotan. (Tina Gapura Basa Jilid 2, Karya Drs. Hidayat Suryalaga, spk.)

Lagu wajib sunda - Bubuy Bulan


Ku Neng Lilis Mayasari

Bubuy bulan bubuy bulan sangray bentang Panon poe panon poe di sasate Unggal bulan unggal bulan abdi teang Unggal poe unggal poe oge hade Situ Ciburuy laukna hese dipancing Nyeredet hate ningali Ngeplak caina Duh eta saha nu ngalangkung unggal enjing Nyeredet hate ningali sorot socana Bubuy bulan bubuy bulan sangray bentang Panon poe panon poe di sasate Unggal bulan unggal bulan abdi teang Unggal poe unggal poe oge hade Situ Ciburuy laukna hese dipancing Nyeredet hate ningali Ngeplak caina Duh eta saha nu ngalangkung unggal enjing Nyeredet hate ningali sorot socana Bubuy bulan bubuy bulan sangray bentang Panon poe panon poe di sasate Unggal bulan unggal bulan abdi teang Unggal poe unggal poe oge hade Situ Ciburuy laukna hese dipancing Nyeredet hate ningali Ngeplak caina Duh eta saha nu ngalangkung unggal enjing Nyeredet hate ningali sorot socana Bubuy bulan bubuy bulan sangray bentang Panon poe panon poe di sasate Unggal bulan unggal bulan abdi teang Unggal poe unggal poe oge hade Situ Ciburuy laukna hese dipancing Nyeredet hate ningali Ngeplak caina Duh eta saha nu ngalangkung unggal enjing Nyeredet hate ningali sorot socana

Manuk Dadali Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang Sukuna ranggaos reujeung pamatukna ngeluk Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk Saha anu bisa nyusul kana tandangna Gandang jeung pertentang taya bandingannana Dipikagimir dipikaserab ku sasama Taya karempan kasieun leber wawanenna chorus Manuk Dadali manuk panggagahna Perlambang sakti Indonesia Jaya Manuk Dadali pangkakon carana Resep ngahiji rukun sakabehna Hirup sauyunan tara pahiri-hiri Silih pikanyaah teu inggis bela pati Manuk dadali ngandung siloka sinatria Keur sakumna Bangsa di Nagara Indonesia Cipt. Sambas Mangundikarta

Es Lilin Es lilin mah didorong-dorong dibantun mah dibantun ka Sukajadi abdi isin dunungan samar kaduga sok inggis mah aduh henteu ngajadi Es lilin mah ceuceu buatan Bandung dicandak mah geuning ka Cipaganti abdi isin jungjunan duh bararingung sok inggis mah aduh henteu ngajadi Itu saha dunungan nu nungtun munding digantelan geuning ku saputangan itu saha dunungan ku ginding teuing sing horeng mah aduh geuning jungjunan Es lilin mah ceuceu dikalapaan raosna mah geuningan kabina-bina abdi alim dunungan paduduaan sok sieun mah dibantun kamana-mana Kamana mah geuningan ngaitkeun kincir ka kaler mah ka kaler katojo bulan kamana mah dunungan ngaitkeun pikir moal paler geuningan da ku sabulan

You might also like