You are on page 1of 3

Nama : Nurwita Nastiti Kelas : X IPA 5 Mapel: Basa Sunda

Dongeng Basa Sunda

JADI SAPULUH LAMBAR


Balik sakola Ocad manggih dompet di jajalaneun ka imahna. Ku Ocad dicokot. Ku lantaran Ocad mah budak jujur, eta dompet teh dianteurkeun ka nu bogana. Kebeneran deuih di jerona aya KTP. Singhoreng, eta teh dompet Pa Haji Abdul, tetanggana. Nya dompet teh dianteurkeun we ka Pa Haji Abdul. Pa Haji, ieu dompet Pa Haji sanes? ceuk Ocad bari mikeun dompet. Enya, puguh Pa Haji teh leungit dompet. Ti mana kapanggihna ku Ocad? Itu, di handapeun tangkal cengkeh, payuneun bumi Mang Didin, tembal Ocad. Dompet ditampanan ku Pa Haji Abdul. Dibuka, eweuh nu leungit. Duitna aya keneh, saratus rebu. Euweuh nu leungit. Ngan naha nya, da tadina mah duit Pa Haji teh seratus rebu salambar, ayeuna bet jadi sepuluh rebuan sapuluh lembar? ceuk Pa Haji Abdul bari kerung. Ku abdi dilironkeun Pa Haji. Atuda kamari oge abdi mendakan dompet, dipasihkeun ka nu kagunganana, abdi teu janten kenging peresenan. Ari alesanana teh teu aya artos receh cenah, tembal Ocad kalem (Taufik Faturorahman Majalah Cakakak)

Nama : Nurwita Nastiti Kelas : X IPA 5 Mapel: Basa Sunda

Dongeng Basa Sunda


Gagak Jadi Hideung

Kacariotakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna dibrlitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak dipake nawu baloing tea. Teu kungsi lila balong teh saat laukna sing kocopok loba. Jol datang gagak kadinya haritamah gagak teh buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug corokcok weh laukna dipacokan nepi beak lauk nu baradagnamah. Ku oray sanca katempoen gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi gagak ngalah beuki ngahajakeun. Atuh oray ambek sebrut bae diudag gagakteh. Gagak teh hiber kuorang diobrot, gagak teh bingung da diberik wae sieunen katewak. Kabeneran aya nu keur neleum, gebrus bae gagak teh asup ka jero pijanaan. Atuh ari muncul deui teh geus lestreng . Barang jol oray sanca teh panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok weh oray sanca nanya, mahlik hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu liwat kadieu? Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara, Engga, gaaaa! Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!

Nama : Nurwita Nastiti Kelas : X IPA 5 Mapel: Basa Sunda

Rincian Dongeng: - Judulna : Gagak Jadi Hideung - Bahasana : Kasar - Palakuna : Gagak jeung Oray Sanca - Watek palakuna : Gagak = Badeur, sok daek nyopet, te bisa digenggereuhkeun. Oray Sanca = Getol, daek usaha, rajin. - Tempat/latar : Caritana jaman baheula di hiji balong nu loba laukan - Eusi/hikmah nu bisa di cokot : Ari jadi jalma teh kudu getol daekan, ulet, usaha lamun hayang bog amah kos sakadang Oray Sanca. Ulah jiga Gagak baong, haying ngenah doing embung gawe.

You might also like