You are on page 1of 9

Carita Pantun Ngahiangna Pajajaran

Punten, sapun kula jurungkeun Mukakeun turub mandepun Nyampeur nu dihandeuleumkeun Teundeun poho nu barto Nu mangkuk di saung butut Ukireun dina lalangit Tataheun di jero iga!

UGA WANGSIT SILIWANGI


Saur Prabu Siliwangi ka balad Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana ngahiang: Lalakon urang ngan nepi ka po ieu, najan dia kabhan ka ngaing pada satia! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi balangsak, ngilu rudin bari lapar. Dia mudu marilih, pikeun hirup ka hareupna, supaya engk jagana, jembar senang sugih mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman! Pilih! ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi Raja, anu somah sakabhna, lapar ba jeung balangsak. Darngkeun! Nu dk tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul! Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah kalr! Anu dk kumawula ka nu keur jaya, geura

misah ka beulah wtan! Anu moal milu ka sahasaha, geura misah ka beulah kulon! Darngkeun! Dia nu di beulah wtan, masing nyaraho: Kajayaan milu jeung dia! Nya turunan dia nu engkna bakal marntah ka dulur jeung ka batur. Tapi masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engkna bakal aya babalesna. Jig geura narindak! Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkna, turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka dulur anu nyorang saayunan ka sakabh nu rancag di hatna. Engk jaga, mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadng sora tutunggulan, tah ta tandana; saturunan dia disambat ku nu dk kawin di Lebak Cawn. Ulah sina talangk, sabab talaga bakal bedah! Jig geura narindak! Tapi ulah ngalieuk ka tukang! Dia nu marisah ka beulah kalr, darngkeun! Dayeuh ku dia moal kasampak. Nu ka sampak ngan ukur tegal baladaheun. Turunan dia, lolobana bakal jadi somah. Mun aya nu jadi pangkat, tapi moal boga kakawasaan. Arinyana engk jaga, bakal ka seundeuhan batur. Loba batur ti nu anggang, tapi batur anu nyusahkeun. Sing waspada!

Sakabh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu anu perelu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan nu had laku-lampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu; mun ngaing nyarita moal kadng. Mmang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu rancag hatna, ka nu weruh di semu anu sastu, anu ngarti kana wangi anu sajati jeung nu surti lantip pikirna, nu had laku lampahna. Mun ngaing datang; teu ngarupa teu nyawara, tapi mr cr ku wawangi. Ti mimiti po ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari, bakal ra nu malungkir! Tapi engk jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya anu laleungit kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu mak amparan. Tapi anu marapayna loba nu arieu-aing pang pinterna. Mudu ardan heula. Engk bakal ra nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang! Aya nu wani ngorhan terus terus, teu ngahiding ka panglarang; ngorhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri. Nyata budak angon; imahna di birit leuwi, pantona batu satangtungeun, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna? Lain kebo lain emb, lain mong lain bantng, tapi kalakay jeung tutunggul.

Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah jeung mangsana, baris loba nu kabuka jeung rarang mnta dilalakonkeun. Tapi, mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana saban jaman, sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung nitis, laju nitis dipinda sukma. Darngkeun! Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi mangsa: tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. Tah di dinya, sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barul, nu diangon ku jalma jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu. Kebo bul nyekel bubuntut, turunan urang narik waluku, ngan narikna henteu karasa, sabab murah jaman seubeuh hakan. Ti dinya, waluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir, tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba nu manggihna. Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu lain mudu diala! Turunan urang loba nu hanteu engeuh, yn jaman ganti lalakon ! Ti dinya gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngaranteur pamuka jalan; tapi jalan nu pasingsal!

Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi suwung, kebo bul kalalabur; laju sampalan nu diranjah monyt! Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri teu anggeus, sabab kaburu: warung bak ku monyt, sawah bak ku monyt, leuit bak ku monyt, kebon bak ku monyt, sawah bak ku monyt, cawn rareuneuh ku monyt. Sagala-gala diranjah ku monyt. Turunan urang sieun ku nu niru-niru monyt. Panarat dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Walukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan. ti dinya, turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari nyanyahoanan maresk caturangga. Hanteu arengeuh, yn jaman geus ganti deui lalakon. Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kalr ngaguruh ngagulugur, galudra megarkeun endog. Gnjlong saamparan jagat! Ari di urang ? Ram ku nu mangpring. Pangpring sabuluh-buluh gading. Monyt ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang; ngamukna teu jeung aturan. loba nu parah teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur; puguh batur disebut musuh. Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu marntah cara nu dan, nu bingung tambah baringung; barudak satepak jaradi bapa. nu ngaramuk tambah rosa; ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas dibuburak, nu harideung disieuh-sieuh. Mani sahng buana urang, sabab nu ngaramuk, henteu beda tina tawon, dipalngpng keuna

sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu nyapih; nu nyapihna urang sabrang. Laju ngadeg deui raja, asalna jalma biasa. Tapi mmang titisan raja. Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri pulo Dewata. da puguh titisan raja; raja anyar hs apes ku rogahala! Ti harita, ganti deui jaman. Ganti jaman ganti lakon! Iraha? Hanteu lila, anggeus tmbong bulan ti beurang, disusul kaliwatan ku bntang caang ngagenclang. Di urut nagara urang, ngadeg deui karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajana lain teureuh Pajajaran. Laju aya deui raja, tapi raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu beunang dibuka, nangtungkeun panto teu beunang ditutup; nyieun pancuran di tengah jalan, miara heulang dina caringin, da raja buta! Lain buta duruwiksa, tapi buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing garong eujeung monyt ngarowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani ngageuing; nu diporog mah lain satona, tapi jelema anu nglingan. Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui nyembah berhala. Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan; da nu ngawalukuna lain jalma tukang tani. Nya karuhan: tarat hp sawarh, kembang kapas hapa buahna; buah par loba nu teu asup kana

aseupan............................. Da bonganan, nu ngebonna tukang barohong; nu tanina ngan wungkul jangji; nu palinter loba teuing, ngan pinterna kabalinger. Ti dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung bari nyorn kanron butut, ngageuingkeun nu keur sasar, nglingan nu keur paroho. Tapi henteu diwararo! Da pinterna kabalinger, hayang meunang sorangan. Arinyana teu areungeuh, langit anggeus semu beureum, haseup ngebul tina pirunan. Boro-boro dk ngawaro, malah budak nu janggotan, ku arinyana ditwak diasupkeun ka pangbrokan. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur batur, majarkeun nangan musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun. Sing waspada! Sabab engk arinyana, bakal nyaram Pajajaran didongngkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana arinyana anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo bul. Arinyana teu nyaraho, jaman manusa dikawasaan ku sato! Jayana buta-buta, hanteu pati lila; tapi, bongan kacarida teuing nyangsara ka somah anu pada ngarep-ngarep caringin reuntas di alun-alun. Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan. Iraha mangsana? Engk, mun geus tmbong budak

angon! Ti dinya loba nu ribut, ti dapur laju salembur, ti lembur jadi sanagara! Nu barodo jaradi glo marantuan nu garelut, dikokolotan ku budak buncireung! Matakna garelut? Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang loba; nu boga hak marnta bagianana. Ngan nu arling caricing. Arinyana mah ngalalajoan. Tapi kabarrang. Nu garelut laju rareureuh; laju kakara arengeuh; kabh g taya nu meunang bagian. Sabab warisan sakabh bak, bakna ku nu nyarekel gadan. Butabuta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun ditempuhkeun leungitna nagara. Laju narangan budak angon, nu saungna di birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateup ku handeuleum ditihangan ku hanjuang. Naranganana budak tumbal. sejana dk marnta tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, geus narindak babarengan jeung budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak Cawn! Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul. Darngkeun! Jaman bakal ganti deui. tapi engk, lamun Gunung Ged anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung. Gnjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat; urang Sunda ngahampura. Had deui sakabhanana. Sanagara

sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati. Tapi ratu saha? Ti mana asalna ta ratu? Engk og dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia ta budak angon! Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang!

You might also like