You are on page 1of 5

BSP Antologi Fiksimini #1

Kawali
Ku Tatang Sumarsono

Katiga teuing ku gangas. Butuh jukut satengah sundung, wayahna ngaprak ka buruan rumah sakit, tukangeun kamar mayat. Rada culang-cileung, mana komo maju ka reup-reupan. Euy, kula ngahiras, ngagupay. Teu burung

disampeurkeun, bari mangsar-mingsir. Bantuan ngagotong layon, pokna deui. Ngaranjug. Banget reuwasna. Layon wanoja, dangdanan kabaheulaan. Rancunitna geus teu kudu dijejegan, sampulur hs bandingna, najan kabaya lebah dadana beureum ku getih. Tong nyebut teu sanggup, mun enya nyaah ka Sunda. Jeung tong kagok bbla, ieu layon urang bawa ka Kawali. Keun, sina tingtrim di sarakanana. Bari sina ngajadi bukti pikeun balara, kumaha pengkuhna nyekel tangtungan sorangan, manan dak dicacampah deungeun. Ah, kalah beuki kasima. Hempk geura jungjungkeun, tah lebah dinyana! Angger, teu bisa prak. Komo deui sanggeus kadng nu tingjorowok, ngambreg lir ngang dirojok sayang. Tah, kapanggih siah nu sok malingan mayit th! Buk-bek paneunggeul. Durugdug digusur. Teu rumaos abdi mah. Ih, ulah dibangkol. Domba gagaduhan teu acan diparaban .

BSP Antologi Fiksimini #1

Si yank & Si Ayank


Ku Godi Suwarna

Hideung! Hideung deui! Hideung Deui! Hideung cai kolombraaan..! Si yank humariring. Reup kadeuleu. Beunta teu welh dirarasakeun. Si Ayank. Bruh-brh. Teuteupna nu geugeut. Imutna bangun kareueut. ABG. Si yank uleng mencrong potrt profilna. njing kopdar, yu? ceuk Si Ayank dina boks cting. Jantung Si yank gumuruh. Mh bedah nadah kabungah. Siap! Di mana? Si yank giak. Di palabuan, Yank! Diantos di kaf Morgue, walon Si Ayank. Lambak jumegur jero dadana. Si yank. Kumalayang badis camar nu kasmaran. Isukna, treup di hiji kaf. Nu darangsa pagegelek. Sora musik awor jeung sah sagara. Nineung! Nineung deui! Nineung deui! Nineung bati lolongsraaan..! Sidik. Si Ayank pisan nu keur nyanyi th. Ngeblues. Nyeuitan ati. Sora hitar jejeritan. Si Ayank nyampeurkeun. Nyanyi bari ngajak dangsa. Papasangan. Ngalayang di pakalangan. Si Ayank nyium kana beuheung. Nyepot. Na atuh, kaf ujug-ujug meredong. Hideung! Hideung deui ceuk Si yank mmh nyekleuk. Dirurub halimun hideung. Laut hideung. Langit hideung.

BSP Antologi Fiksimini #1

Lebaran Nu Ahng
Ku Hadi Aks

Reg ngarandeg. Maleman lebaran. Mobil nu nyalemprung muru lembur pangbalikan. Para panumpang nu arimut rk dipapag kulawarga. Ngaheunggeu palebah dinya. Tadina tingraringeuh, sugan ukur mact biasa. Basa turun saurang, duaan. Gustihorng gerbong karta malang. Tiguling. Ngarahuh sarra. Wanci janari. Lebaran kari opat jam deui. Brul tina beus tarurun. Tina kendaraan pribadi, nungtutan kaluar. Nu luh-lah, tinggorowok jeung tingcakakak. Tah, nu kieu ngaranna mudik, daaak! cek saurang. Breng tuluy ngawangkong jeung nu lian. Naon teu bisa disingkahkeun gerbongna, Kang? ceuk si Euceu bari nginghak. Bagooor Euceu mah, mending lebaran di dieu uingah tibatan ngagogotong gerbong! Ger sareuri. Aya nu ngampar samak. Brak murak bebekelan. Sada nu takbir ti kajauhan karasa ngagerihan. Bray beurang. Bring sarolat Id di tegalan. Rngs solat, tuluy aleut-aleutan sasalaman, Hapunten samudaya kalepatan! Mapay jalan. Nepungan panumpang nu nguyung. Nu careurik. Jaga kieu di ahrat. Urang tepung jeung papada, nu teu kungsi wawuh! ceuk si nini bari rambisak.

BSP Antologi Fiksimini #1

Nu Datang
Ku Nazarudin Azhar

Jiwa manh geus jadi milik aing, seuri dina pamulu marahmay, Manh ukur ngaringkangkeun sukma jeung jiwa sakur korban nu ku manh ditelasan, anteb, bari ngusapan tonggong Dalka bangun deudeuh. Aing aya di sakur kajadian, sabot manh ngarebut hirup sangkan baka di dunya, melak tatu dina hurip nu geus teu kapimilik. Aing maturan, bari ngahariring pikeun sukma manh nu marudah dina pangawasa aing. Tingkolbat dina ingetan Dalka, pamulu nu sarimbag, pelong nu sarua, ti jalma-jalma nu remen kapanggih dina hirupna. Manhna wanoh pisan kana riuk smah nu kiwari aya di gigireunana, loma lantaran mindeng pajonghok sabot manhna tepung jeung jalma-jalma di sabudeureun; baladna, musuhna, nu milu ngawarnaan kelir takdirna. Ukur aing nu sanggup satia, pokna. Dalka ngarnghap, rk pok pisan nmbalan, tapi ngarrt taya sasaha. Amarahna ngolab. Nangtung, Anjing! Murang-maring. Rt, na lawang kamar geus ngajanteng Safira. Geulis. Hgar sabeuleugeunjeur. Dina sorot birahina ngolbat pelong manhna, nu ciknh nepungan. Lucifer.

BSP Antologi Fiksimini #1

Lembur Cipeuting
Ku Dadan Sutisna

Tengah peuting. Lebah tanjakan nu simp. Reg mobil eureun. Si Uja ngarrt, "Bak bngsin, wayahna silaing ihtiar!" Rt ka luar. Mongklng. "Embung. Kajeun ngadagoan beurang dwk mah!" bulu punduk patingsariak. "Borangan! Dagoan di dieu!" pokna, indit bari kukulutus. Pleng. Geus dua jam can datang knh. Melang tapi keueung. Beuki reuwas basa aya nu lumpat tibabaranting. Horng Si Uja ngajingjing palastik. Rurusuhan ngeusikeun bngsin. Bus deui bari ngajablogkeun panto. Can ditanya geus hariweusweus. "Manggih lembur ahng, da di ditu mah, ayeuna th beurang. Pangeusina aww barangasan. Unggal lalaki nu ngulampreng tuluy disiksa. Uing ampir-ampiran cilaka. Diarudag. Untung disalametkeun ku Bi Emur nu ngajual bngsin!" bari ngahgak. "Ayeuna uing kark inget, lebah dinya th pan kebon awi. Baheulana lembur tempat rucah, ngan pada ngaduruk!" Beuki patingsariak. "Buru atuh indit, lain ngocoblak wa!" rada nyengor. Si Uja kalah uyup-ayap. "Cilaka, konci mobil tinggaleun di warung. Wayahna ayeuna mah silaing nu ka ditu!"

You might also like