You are on page 1of 2

NGOKOLAKEUN KOPERASI SISWA

SMP Binkas kaasup sakola anu kawilang maju di rupa-rupa widang kagiatan. Kabuktian di ieu sakola aya koperasi anu dingaranan Koperasi Siswa Binkas anu dikokolakeun ku para siswa. Kagiatan ieu koperasi pangpangna dina usaha dagang. Di warung koperasi aya rupa-rupa barang pangabutuh siswa, upamana ba buku tulis, buku gambar, kertas folio, kertas sampul, patlot, pulpn, jidar, pamupus, jangka, jeung sajabana. Balanja di koperasi leuwih untung, ku sabab hargana kawilang murah. Jaba dina unggal ahir taun, nyata dina Rapat Anggota Tahunan (RAT), kauntungan koperasi tina ladang usaha th dibagikeun deui ka sakumna siswa anu jadi anggota koperasi. Sakumaha ilaharna, anggota Koperasi Siswa Binkas og boga kawajiban mayar ieuran, nyata iuran poko jeung iuran wajib. Iuran poko dibayarna ukur sakali, gedna Rp 5.000,-. Tibarang diadegkeun dina taun 1998, Koperasi Siswa Binkas geus ngabogaan modal usaha kira-kira opat puluh juta. Salian ti usaha dagang, Koperasi Siswa Binkas og sok mr kalonggaran ka anggotana anu merlukeun duit, upamana ba keur mayar BP3 tawa kaperluan sjnna anu patali jeung kagiatan sakola. Anggota bisa nginjeum duit kalayan mayarna ku cara dicicil, naha dua bulaneun, tilu bulaneun, kumaha kasanggupan anggota anu rk mayarna. Kitu deui upama aya anggota anu merlukeun bantuan waragad, Koperasi Siswa Binkas boga anggaran Dana Sumbangan Sosial. Ieu sumbangan th dipasrahkeun ka siswa anu gering atawa kacilakaan sarta merlukeun biaya barobat, siswa anu kapapatnan, jsb. Waragadna henteu ged, ku rngrngan pangurus geus ditangtukeun sabaraha jumlah anu pantes disumbangkeun. Keur siswa anu gering atawa kacilakaan Rp 30.000,-, ari keur siswa anu kapapatnan Rp 20.000,-. Koperasi th ged pisan mangpaatna keur para siswa. Diantarana para siswa bisa diajar digaw babarengan jeung nu lian. Kapan kecap koperasi th asalna tina basa Inggris co jeung operation, hartina digaw babarengan pikeun ngahontal tujuan. Atuh jadi tatapakan atawa azas koperasi kapan azas kakulawargaan jeung digaw babarengan, saluyu jeung pasal 33 ayat (1) UUD 1945, nyata perekonomian disusun sebagai usaha bersama berdasarkan azas kekeluargaan. Salian ti ta ku ngaliwatan koperasi para siswa og bisa diajar jadi pamingpin, diajar ngokolakeun organisasi, diajar usaha, jeung diajar silih pikanyaah jeung papada jalma. Ku cara mr sumbangan ka siswa anu merlukeun bantuan, boh pangurus koperasi boh para anggotana, geus diajar ngalatih dirina sangkan dak tulung-tinulungan jeung papada manusa. Kapan sikep kitu th mulya pisan mungguh ceuk agama og.
(tina Sabasa 2B pikeun kelas 8 semester genap, kaca 29 31

Miara Kashatan
Kashatan th penting pisan jang kahirupan manusa, sabab kashatan th nangtukeun pisan kana kagiatan urang sapopo, maksadna mun awak urang shat pasti sagala kagiatan urang bakal lancar. Jeung og lamun awak urang shat pasti jiwa urang bakal kuat, pan aya pepatah Didalam tubuh yang sehat terdapat jiwa yang kuat. Janten kashatan th paktor penting nu teu bisa disampingkeun. Urang wajib jeung kudu miara kashatan awak, sangkan ngajalankeun amanat amanat ti Allah SWT. Lingkungan sabudeureun urang th kudu beresih, lantaran lamun lingkungan sabudeureun urang kotor, bakal jadi sarang panyakit. Salain ta kashatan th lain ngan ukur kashatan ti awak urang wungkul nu kudu di jaga ku urang, lingkungan sabudeureun og kudu di jaga, salah sahijina nyata, ngaayakeun gotong royong ngabersihkeun lingkungan sabudeureun urang, minimal saminggu dua kali. Anu di bersihkeun th bumi sareng jalanan sabudeureun urang, pan kabersihan th sabagian dari iman. Kadaharan sapopo anu shat jeung ngandung vitamin og penting pisan, lantaran kadaharan anu di dahar ku urang nangtukeun og kana kashatan urang, nyata anu nyangkut kana pasualan gizi anu aya di awak urang, sabab zat gizi th salah sahiji zat anu dibutuhkeun awak urang, zat zat lain anu dibutuhkeun awak urang nyata sapertos zat besi, karbohidrat , vitamin, protein, mineral, sareng lemak. Janten kadaharan nu shat th penting pisan keur kashatan urang. Balukar anu timbul lamun urang teu miara kashatan, nyata awak urang bakal katerab panyakit, jeung lamun urang teu ngajaga lingkungan sabudeureun urang, bakal jadi sarang panyakit anu ngarugikeun urang, sabab ceuk pepatah og, Lebih baik mencegah daripada mengobati. Janten, urang th kudu salalu ngajaga lingkungan sabudeureun jeung awak urang sangkan bersih jeung shat.

You might also like