You are on page 1of 2

assalamualaikum,wr.wb.

Pamiarsa/ wilujeng patepang sareng/ Ghefira Ridya Azizah /dina acara warta depok//
warta anu baris kapidangkeun nya ta/
korban longsor di desa tenjolaya diajar di tnda
pamiarsa/
puluhan murid sakola di perkebunan dewata / desa tenjolaya / kecamatan pasirjambu /
kabupaten bandung / nu dina tanggal 23 pebruari 2010 keuna ku urug / masih keneh
diajar di tenda darurat// maranhna teu bisa balik deui ka sakola asal / ku sabab sieun
longsor deui //
pupuhu pos korban bencana/ asep ester ntlakeun/ aya 242 budak sakola dasar nepi
ka sakola menengah pertama (SMP) anu jadi korban longsor// 86 urang di antarana
nyata murid SDN MEKAR PANAJUNG anu sakolana deukeut jeung tempat longsor//
maranhna ayeuna diajar di tnda darurat// khusus pikeun kelas VI anu jumlahna 21
urang/ anu ahad ieu bakal nyanghareupan ujian nasional/ ti saprak dua minggu
katukang / cicing jeung diajar di imah kapala sakola SDN MUGARSARI //
murid kelas VI SDN MEKAR PANAJUNG / ngahaja ditempatkeun di dinya sangkan bisa
meunang bimbingan diajar / sammh ujian nasional // murid utamana dibekelan
pangajaran tambahan pikeun pangajaran bahasa indonesia / bahasa inggris / IPA / IPS
jeung pendidikan kewarganegaraan//
unggal senn / 86 murid anu diajar di tnda meunang bimbingan ti guru khusus anu
didatangkeun ti dinas pendidikan kabupaten bandung// tenda darurat anu diadegkeun
kira-kira 6 km ti lokasi longsor/ dina kaayaan diajar jeung ngajar saayana / murid th
katingali hseun pisan diajarna//
Ai Sri Heryani murid kelas VI SDN MEKAR PANAJUNG anu diajar di imah kapala sakola
SDN MUGARSARI / ngbrhkeun yn manhannana kurang genah di sakola nu anyar /
sabab kudu ngabiasakeun deui hirup jeung murid / guru / sarta lingkungan anu anyar//
pamiarsa/
mung sakitu nu kapihatur/
wilujeung patepang deui dina warta nu bakal dongkap/
amit mundur amit mungkur
wasalamualaikum warahmatulahi wabarakatuh





























wilujeng siang wilujeng patepang deui dina tv mojang bandung.
berita pang anyarna di dugikeun ku Reni Fitriawati anu nembe ngalaporkeun aya kahuruan anu
kacida rongkahna dugi ka nyeepkeun sapuluh bumi di saputaran bandung dayeuh, di carioskeun teu
aya korban jiwa nanging munding 6 siki, hayam sabondoroyot, domba garut 3 sareng sapi 7 tiwas
janten areng, nanging Reni Fitriawati oge nyarioskeun ulah dugi ka khawatos margi mung saukur
dina impenan.
mung sakitu berita siang ti tv mojang bandung, patepang deui dina sanes waktu.


assalamualaikum,wr.wb.//
pamiarsa/ wilujeng patepang sareng/Ratnasari /dina acara warta Priangan//warta anu baris
kapidangkeun nya ta/ perkawis Harega Kacang kadele anu Mahal, ngabalukarkeun Tahu Leungit ti
Pasar,Harega kacangbahan tahu jeung tmpsakilona nepi ka Rp. 9.000.000,-. Balukarna,
tukang tahu jeung tmp saheulaanan areureun nyitak. Ra padagang sjnna nu marilu eureun
deuih, da taya bahanna, kayaning tukang ghu jeung tukang kupat tahu. Enas-enasna, areureun
dagangna th kapaksa, blaan raleungiteun kauntungan.
Nu eureun jualan th upamana Saodah jeung Lia. Geus dua po, Ahad jeung Senn (25-26/8/2013)
leungiteun pacarianana. Dinten Saptu mah kabagan knh ku tahu th. Mung dua dinten ieu mah
tos kukurilingan ka sababaraha pasar g welh teu mendak, ck Saodah, Senn (26/8/2013)
Atuh pon kitu knh Lia. Nu biasana dagang bala-bala jeung ghu th ngan bisa ngajual bala-bala.
Ku kituna, satengah tina kauntunganana leungit. Biasana mah kkngingan th saratus rbu
sadinten, hasil tina ngical bala-bala sareng ghu. Ngan kumargi mung ngical bala-bala wungkul, atuh
untungna g mung satengahna, ck Lia nu sarua miharep tahu sadia deui di pasar.
pamiarsa/
mung sakitu nu kapihatur/
wilujeung patepang deui dina warta nu bakal dongkap/
amit mundur amit mungkur
wasalamualaikum warahmatulahi wabarakatuh

You might also like