You are on page 1of 4

SAGUDANG MANGPAAT BASA SUNDAw

Kiwari mah geus loba pisan jalma anu ninggalkeun basa


Sunda, pangpangna mah barudak, aya nu make tapi kurang alus
atawa kurang merenah lantaran kuranbelandag wanoh kana undak
usuk basana. Kiwari oge basa Sunda mah tos kagusur ku basa
sejenna, contona: basa Indonesia, basa Inggris, basa Korea jeung
rea-rea deui. Seueur oge jalma anu boga anggapan lamun diajar
basa Sunda teh ngagokan dina engke diajar basa Indonesia, cenah
mah diajar basa Sunda teh hararese. Sistemwww.google.com

Anggapan eta teh kaliru pisan, kusabab cek hasil
panalungtikan lain kitu, diajar basa Sunda mah moal ngagokan
kana diajar basa Indonesia kusabab lamun diajar basa Sunda mah
bisa ngamumule budaya Sunda. Salian ti eta mun basa Sundana
alus, basa Indonesia oge bakal alus moal ngagokan atawa
ngaganggu dina di ajar basa Indonesia.

Diajar basa Sunda tehseueur pisan mangpaatna atawa
kauntunganna nyaeta bisa ngagunakeun dua basa
atawabilingual(basa Sunda jeung basa Indonesia), ngarti kana
tradisi jeung budaya Sunda, moal dibobodo atawa diheureuykeun
batur. Lamun urang bisa basa Sunda urang bisa ngiringan lomba
anu pakait jeung basa Sunda, contona: lomba ngarang sajak,
ngarang carpon (carita pondok), ngadongeng, jeung sajabana.
Lamun urang ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoe
hartina urang geus milu ngamumule basa Sunda.

Ngagunakeun basa Sunda bisa oge ngebrehkeun alusna sopan
santun atawa tatakrama budaya Sunda anu makena. Basa Sunda teh
kudu digunakeun sing bener ulah salah kaprah, aya nu ngagunakeun
basa Sunda teh kurang lemes, kurang sopan atawa kurang merenah
utamana ngeunaan undak usukna. Basa Sunda teh bahasa urang, ulah
dimomorekeun atawa dianggap euweuh gunana, padahal mah loba
pisan mangpaatna.

Anu lain urang Sunda oge teu aya salahna mun diajar jeung
ngagunakeun basa Sunda, komo deui cicing di daerah Priangan
(Pasundan). Sabab saha wae nu hayang diajar pasti bisa, contona
diajar basa Sunda lantaran hayang bisa basa Sunda, jeung
kahayang eta aya dina jero diri urang pasti urang bisa nyarita
sarta ngarti kana tradisi jeung budaya Sunda. Kanyataanna teu
saeutik, lain urang Sunda anu daratang, caricing dikota Bandung
atawa di kota-kota lainna di Jawa Barat saperti urang Jawa,
Padang, Batak, atawa urang Cina Katurunan jeung sajabana anu
ngarti jeung ngagunakeun basa Sunda.

Lamun urang ngaku urang Sunda geus sapantesna diajar jeung
reueus ngagunakeun basa Sunda.Saha deui anu rek ngamumule basa
Sunda lamun lain urang salaku urang Sunda.Basa Sunda bahasa
urang sarerea.
















Naon sababna rumaja ayeuna asa kurang reueus kana basa Sunda. Lamun dipaluruh, salah sahiji
sababna nyaeta ayana anggapan yen basa Sunda teh hese diulik, hese dilarapkeun dina kahirupan
sapopoe, teu demokratis, kapangaruhan ku feodalisme, basa Sunda teu ngindung ka waktu teu
ngabapa ka jaman, jeung rea-rea deui alesan sejenna.
Padahal dina jaman ayeuna anu disebut era globalisasi jeung era informasi, babari pikeun urang
neangan sumber, alat atawa literatur keur neuleuman basa Sunda, boh eta dina tipi, radio, buku,
majalah, atawa koran.
Da kumaha ieu mah, lamun lalajo tipi nu dilalajoanan teh saukur pilem luar negeri jeung acara
musik wungkul. Sinetron basa Sunda, wayang, hiburan tradisional Sunda, jeung acara nu
ngagunakeun basa Sunda mah jigana tara ditolih-tolih acan salian ti lalaguan. Atuh dina radio
sarua deuih, jigana rumaja ayeuna leuwih nyaho nu ngarana Aghata Christi, Enid Blyton, Ian
Fleming, batan pangarang-pangarang Sunda saperti Yus Rusyana, M.A. Salmun, Ajip Rosyidi,
Karno Kartadibrata jeung R. Ading Affandi. Kuduna mah urang teh ngarasa reueus kusabab di
Jawa Barat, di tatar Sunda loba pangarang anu produktif,anu bukuna bisa dibaca ku urang, aya
keneh majalah jeung koran basa Sunda anu bisa dijadikeun alat pikeun ngamekarkeun basa jeung
budaya Sunda.
Cindekna mah lain ulah nyaho kana budaya deungeun, tapi ulah nepi ka budaya sorangan
ditampolerkeun.Dina basa Sunda aya nu disebut undak-usuk basa, unggah-ungguh anu luyu
jeung tatakrama basa. Hormat ka batur, ka saluhureun jeung ka sahandapeun. Ieu lain hartina
basa Sunda kapangaruhan ku feodalisme, tapi nunjukkeun ajen luhur tina basa Sunda anu
ngahargaan ka sasama manusa. Ulah nepi ka undak-usuk basa teh jadi hahalang pikeun
ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoe.
Ti baheula basa Sunda geus bisa narima pangaruh ti basa nu lain anu disebut basa kosta. Loba
pisan basa kosta anu geus jadi basa Sunda. Teu bener lamun aya nu nyebutkeun basa Sunda teh
teu demokratis, teu luyu jeung jaman jeung nutup diri tina pangaruh luar.
Dina kasempetan ieu kuring umajak ka para saderek sadaya, hayu urang babarengan miara basa
Sunda. Nya rumaja ayeuna nu boga tanggung jawab pikeun ngamumulena. Mun ti ayeuna geus
ngapilainkeun ka basa sorangan, eta teh karugian keur urang tatar Sunda hususna, jeung nagara
umumnya.
Kacida deudeuhna lamun jaga anak incu urang basa Sundana deet pisan, kabeungharan kecapna
bisa diitung ku ramo, komo kamampuan ngarang dina basa Sunda jeung ngapresiasikeun sastra
Sunda. Kacida ngagerihna hate urang jeung karuhun-karuhun urang lamun anak incu urang teu
nyahoeun deui saha ari udeg-udeg teh, naon ari lengkob, ngaseuk, sapocong, wanci pecat sawed,
usum ngijih, jamotrot, bocokol, pagupon, paranje, teu bisa ngabedakeun antara boga, gaduh,
jeung kagungan. Boa-boa lamun hayang diajar basa Sunda jeung sastra Sunda oge kudu ngulik
ka mancanagara, ka Walanda, kusabab di Indonesia euweuh ahlina. Atuh basa Sunda teh kari
waasna wae, kari sajarah, yen di tatar Sunda, di Jawa Barat teh baheulana marake basa Sunda.
Deudeuh teuing Ki Sunda.
Sakali deui kuring umajak, ngamumule basa Sunda teh lain tanggung jawab pamarentah
wungkul, lain tanggung jawab sastrawan jeung budayawan Sunda wungkul, tapi tanggung jawab
urang sarerea, para rumaja.Saha deui nu baris ngajaga hirup-huripna, ngariksa, miara basa Sunda
teh iwal ti urang. Lamun urang ngamumule basa Sunda lain hartina urang primordialis atawa
provinsionalis, tapi urang geus ngajaga jeung ngamekarkeun budaya daerah, budaya nasional,
geus milu partisipasi dina pangwangunan PJP II utamana di Jawa Barat.
Basa Sunda teh milik urang, milik urang Sunda, milik nagara Indonesia. Maju mundurna basa
Sunda, mekar henteuna basa Sunda gumantung ka urang, para rumaja.
Mung sakieu biantara ti simkuring. Hapunten pami aya cariosan anu kirang merenah dina manah.
Hatur nuhun ka sadayana.
Assalamualaikum Wr. wb.

You might also like