You are on page 1of 2

Carita Asih Kuring

Nur Afiyati Fazrin

Teu bisa ngomong, ngan ukur ngabetem repeh. Nu kadenge ngan ukur keclakan ci hujan jeung
tembang-tembang asmara dina radio. Peuting nu tiis, tiis euweuh anjeun, tiis euweuh seuri anjeun, nu
dipikiran ge ngan ukur anjeun. Anjeun nu ayeuna aya dina pikiran kuring, kuring nu keur labuh dina jerona
duriat asih ti anjeun, jeung kuring nu keur bingung dina mutuskeun rasa dina jero hate nu keur ngembang.
Beurang tadi, basa kuring datang ka sakola. Kuring panggih jeung anjeun, anjeunnu geus lila jadi
babaturan deukeut kuring, anjeun nu sok ngadengekeun kuring curhat, anjeunna nu sok mere masukan jang
hirup kuring jeung anjeun jalma nu geus kukuring dianggap dulur, ayeuna kalahka mere hiji kabingung jang
kuring. Anjeun mere hiji pananya nu hese kukuring dijawab.
Na, sabenerna ami resep ka nina, ari nina pernah resep ka Ami? Na, ami mah hoyong ami ayeuna
janten jalmi nu ngeusian hate nina nu kosong. Kumaha nina bade nampi? tanya Ami ka kuring.
Kuring nu karek datang ka sakola, ayeuna jadi bingung, bingung, lieur, jeung rarasaan hayang
pingsan. Ahirna kuring geuwat indit ninggalkeun Ami, bari jeung teu madulikeun geroan ti Ami.
Kuring bimbang, sabenerna mah kuring ge resep ka Ami, tapi Ami teh sobat kuring. Jaba, kuring nu
pangseringna ngajangjaruhkeun Ami ka Euis. Euis babaturan kelas kuring nu nyarita ka kuring yen manehna
bogoh ka Ami.
Ayeuna kuring ngan bisa ceurik, nyeurikan perasaan nu teu bisa dihalangan ku sakabeh rasa.
******
Isukna basa kuring dating ka sakola Ami geus nungguan kuring di lawang panto kelas, kaciri ku
kuring manehna imut ka unggal jalma nu asup ka kelas. Barang kuring datang ka kelas, manehna geuwat
nyekel leungeun kuring , bari merekeun amplop hejo.
Basa bel asup disada, manehna ngaharewos. na, tong ngajauh ti Ami! manehna ngaleos ka kelasna
sedengkeun kuring ngan ukur bisa melongkeun amplop hejo, warna karesep kuring.
Waktu rarasaan asa nyerelek bel balik geus disada,, kuring geuwat-geuwat indit ka WC rek muka
amplop hejo pamere ti Ami. Pas dibuka geuning eusina the sajak.
Bulan caang katutup halimun peuting
Samar-samar sora sato peuting pating tembalan
Kuring diuk di patepasan
Ngalamunkeun anjeun
Widadari permata hate
Nu kabayang di unggal poena.
Jang widadari NINA
Ti Ami Fauzi Asmara

Kuring teu walakaya, ngan ukur bisa ngaluarkeun ci mata. Teu lila kuring sadar yen kuring kudu
panggih jeung Ami, kuring kudu ngomong nu sabenerna, kuring geuwat ngahapus cimata nu ngabaseuhan
pipi kuring. Tapi, basa kuring kaluar ti WC kuring paamprok jeung Euis. Kaciri ku kuring panonna baseuh
jeung beureum jiga nu ceurik.
Euis nu ceurik ngagebrug nangkep kuring bari sesegukan Euis nyarita yen manehna karek
ngungkapkeun cinta ka Ami, tapi Ami ngan ngajawab manehna nuju ngantosan jawaban ti hiji istri. Kuring
nu nempo Euis jadi ngarasa salah, kuring geuwat menta hampura ka Euis, Euis nu keur ceurik langsung
repeh. Kaciri dina panonna aya tanda tanya badag. Kuring geuwat ngalepaskeun tangkeupanna bari kuring
geuwat lumpat. Kaciri ku kuring Euis ngahuleng bingung.
Kuring geuwat datang ka kelas Ami, pas dilawang panto kuring paamprok jeung Ami, ami imut
nempo kuring, ngan ku kuring, Ami langsung diajak indit.
Kuring jeung Ami indit ka lapang tukangeun sakola nu tiiseun jeung ukur jukut hejo nu seger,
tempat kuring lamun curhat ka Ami. Tempat nu lega euweuh sasaha.
Ami nu nempo kuring nu pias geuwat nanya, kunaon Na?
Mi. Nina mah teu bisa kieu, teu bisa bohong kana hate ieu! Mi, Nina ge aya hate ka Ami, tapi
kuring embung nganyeunyeuri Euis! Jawab kuring
Na, da Ami mah teu bogoh ka Euis mah!
Tapi kunaon atuh telat? Telat dina ngartikeun, telat ngedalkeun ieu? kuring ambek ka Ami
Na hampura Ami, ami nyaho Ami salah, terserah ayeuna mah Nina bade nampi atawa moal?
Ami mah teu salah, Nina nusalah! Hampura ? hampura Nina, Mi! Nina teu bisa ngabales hate Ami
jang ayeuna! kuring teu kuat nahan ci mta, lalaunan cimata turun kabaseuhan pipi. Ami nangkeup kuring
bari ngaharewos. Wios Na, Ami ge ngartos!
Lalaunan panon poe katutupa ku awan, lalaunan keclakan cai hujan ngabaseuhan lapang nu hejo
sarua jiga kuring nu ceurik ngabaseuhan dada Ami.
Teu nyaho, pas eta Euis nempokeun kuring jeung Ami.
######

You might also like