You are on page 1of 3

2013-2014

XI AK 5

TUGAS BAHASA SUNDA

Kelompok :
Asni Nuraisyah
M.Syam Firdaus

Smkn 13 Bandung

Asal Mula Ayana Curug Panganten

Tempat wisata cai terjun anu aya di daerah Jawa Barat salah sahijina nyaeta curug
panganten, nu aya di luhureun 1050 ti permukaan laut ieu ngabogaan luhur cai terjuna
kira-kira 50 meter. Turun na cai terjun siga kristal mencrang anu kasinaran matahari.
Curug panganten aya di tempat wisata alam Katumiri, aya na di Desa Pada
Asih,Kacamatan Cisarua, Kabupaten Bandung Kulon. Tempat wisat ieu aya di Jalan
Raya Cihanjuang Km 5,56.
Memang bener Curug Panganten mangrupa curug anu cukup unik, kulantaran dina
hiji tempat aya dua kokocoran cai terjun anu pangsinghareup siga sapasang panganten
anu keur kasmaran.
Eta curug panganten salian nyieun simpatik masyarakat oge loba carita carita anu
ngandung mistis. Cukang lantaran dingaranan Curug Panganten mangrupa gabungan
tina dua kecap anu asalna tina basa sunda nitenan tempat curug eta asalna. Curug
nyaeta hartina cai anu terjun jeung panganten hartina panganten, maksudna mah
sapasang panganten. Jadi Curug Panganten hartina nyaeta cai anu terjun sapasang
siga panganten anu sapasang.
Nurutkeun carita riwayat na, curug ieu baheula na ngaran na Curug Sewu. Ngan
lantaran aya hiji kajadian anu bisa ngarobah ngaran Curug Sewu jadi Curug Panganten.
Ceunah mah di tempat eta pernah aya kajadian anu ngahawatirkeun, nyaeta sapasang
panganten maot anu jasadna henteu kapanggih. Dina hiji waktu aya sapasang
panganten anu keur gumbira ngalayar di eta walungan sabari hereuy, terus parahu anu
di tumpakan na oyag, nyeplok kanu puseuran cai walungan eta anu keur tarik.
Ngajadikeun kadua panganten eta teu bisa disalametkeun jeung maranehna ahirna
maraot,ngan jasadna teu bisa dipanggihkeun. Masyarakat di sabudeureun curug boga

anggapan yen roh eta kadua panganten robah jadi curug, nyaeta curug lalaki jeung
curug awewe. Tina eta carita awal mula na di ngaranan Curug Panganten aya.
Mitos anu salajeung na nyaeta ceunah mun sapasang budak jelema anu bobogohan
indit ka curug ieu, teu kungsi lila bakal papisah (putus) di tengah jalan. Beda deui kaitan
na, lamun sapasang muda-mudi anu saling reseup tapi can resmi jadi kabogoh, mitos
na muda-mudi eta bakal geura-geura jadi bobogohan.
Di dekeut curug ieu aya hiji batu anu di ngaranan batu bedil. Bedil teh hartina nyaeta
senapan . Di ngaranan berdil sabab batu ieu bentuk na siga bedil. Mitos anu terus
ngalekat di masyarakat nepi ka jaman ayeuna nyaeta lamun kiamat eta batu teh bakal
nembakeun peluru ka sababaraha desa anu aya di sabudereun lokasi Curug
Panganten.

You might also like