You are on page 1of 1

Wasta

: Miftah Mughni Fauzi

Kelas

: X - AK 5

Pun Biang
Wasta lengkep pun biang abdi Nining Atiningsih anak kahiji ti lima
bersaudara, anak ti pasangan Ibu Enung Karmini jeung Bapa Dayah Rukmana (alm),
sesepuh pun biang abdi damelna janten pagaw negeri jaman baheula, anu serba
kakurangan, tapi Alhamdulillah tiasa nyakolakeun pun biang abdi nepi ka SMEA .
Pun biang abdi th sakola SD na di SDN Cijawura, SMP na di SMP
Muhammadiyah, jeung SMEA na di SMEA II anu ayeuna mah janten SMKN 3
Bandung, saatos lulus SMEA pun biang abdi teu tiasa ngalanjutkeun sakola, kusabab
kaburu dilamar ku Bapa Endang Supriatna nu nepi ayeuna janten suami pun biang,
nepikeun gaduh 4 putra pameget sadayana, putra anu kahiji namina Ilman Mughni
Firmansyah dibabarkeun di Bandung, 5 September 1984, putra anu kadua namina
Irfan Faizal Firmansyah dibabarkeun di Bandung, 28 April 1987, putra anu katilu
namina Iqbal Mughni Muharram dibabarkeun di Bandung, 31 Mei 1995, putra anu
kaopat namina Miftah Mughni Fauzi dibabarkeun di Bandung, 16 Februari 1999.
Alhamdulillah sadayana janten putra-putra anu sholeh, putra anu kahiji atos
Sarjana, putra anu kadua atos Diploma 3, putra anu katilu ayeuna mahasiswa di
Farmasi Bumi Siliwangi, putra anu kaopat ayeuna palajar di SMKN13 Bandung.

You might also like