You are on page 1of 5

Nguseup

Ku : Mamat Sasmita
Kang Sabri ngingkig indit ka kidulkeun. Tuturubun ka handapeun
jambatan di sisi walungan. Alak ilik, nangan tempat nu merenah keur
nguseup. Maju ka beulah kulon, nangan tempat nu liuh. Deukeut rungkun
sadagori eureun, didinya caina rada ngajumbleng teu nyot teuing. Siga
leuwi. Tuluy bebenah. Tali kenur nu rada kusut dibbrs, dipasangkeun kana
jeujeur weregu. Useup dieupanan ku cacing kalung. Lung useup dialungkeun
kana cai nu ngajumbleng. Diuk andprak dina jukut nu semu reumisan.
Tabuh salapan isuk-isuk keur meujeuhna haneut moyan. Langit lnglang.
Angin ngahiliwir. Nyaksrak haneut matapo kana tonggong, diusapan ku
angin ngahiliwir, genah karasana.
Po ieu rk nguseup, rk mopohokeun karudet sapopo. Mata dipak
manco kana tungtung jeujeur, mata manco kana kanur, mata manco kana
kukumbul. Sakapeung panon lalajo budah cai nu silih udag, sakapeung
panon lalajo runtah nu palid, sakapeung panon lalajo tungtung daun nu
kaoyagkeun angin. Pikiran museur hayang meunang lauk ged.
Ngalelentuk nyekel jeujeur, karasa cangkeul. Jeujeur digolrkeun dina
jukut, didempt ku keuneung, bisi jeujeur kagusur mun aya nu nyanggut.
Muka kantong nu disolndangkeun. Ngaluarkeun bebekelan, kulub sampeu
jeung cai haneut dina termos leutik. Lemper dua siki jeung leupeut dua siki.
Meunang meuli ti warung Ceu Enyi basa rk indit. Karasa nimat ngagayem
kulub sampeu diguguntur ku cai haneut. Ditambah ku ngagayem leupeut hiji,
pdah tadi isuk can sasarap.
Sak jeujeur aya nu metot. Ngajol. Mh-mhan teu karawl. Jeujeur
weregu melentung da ditahan terus semu dikenyedkeun, tuluy digolosor bari
kenur ditarik, digolongan. Tah didieu nimatna nguseup th keur pabetotbetot jeung lauk, mun teu tapis ngulur jeung narik, lauk bisa leupas deui
atawa
kenur
pegat.
Gudibegna lauk kaciri dina cai nu rada ngambul mulek, meunang bibit yeuh.
Lauk bak tanaga, nyanghap kaluhur, biwirna katiir ruruhit useup. Lauk
engap-engapan ngahgak cap. Pasrah, kokolaban dina beungeut cai.
Enyaan bibit, mun ditimbang mah kira-kira aya sakiloeun, kitu gerentes kang
Sabri.
Kang Sabri muru ka sisi walungan, nu dicekel lain jeujeur deui tapi kenurna,
dipulut ku leungeun. Lauk ngambang engap-engapan. Barang rk kep dicekel
pisan, lauk ngagudibeg, cai muncrat kana beungeut kang Sabri. Bis ba

leupas.
Lauk ngolab deui. Kek ditwak, beunang. Dibawa ka darat. Lauk teh buncir,
siga
keur
endogan,
boa-boa
tereh
megar.
Kang
Sabri
neuteup
lauk,
lauk
neuteup
kang
Sabri.
Biwir lauk engap-engapan. Kang Sabri ngahuleng, engapna lauk siga nu
ngajak ngomong. Lila-lila lauk limpeu, ku kang Sabri diwadahan kana koja
bekelna,
tuluy
di
kana
caikeun..
Lauk buncir hayang leupas, koja dicangreudkeun kana sadagori. Lauk buncir
ngagudibeg,
koja
jadipanjara.
Kang Sabri ngalungkeun deui useup ka leuwi, dikenyed-kenyed
sangkan kenurna merenah, panon manco ka tungtung kenur, kana jeujeur
weregu.
Lauk dina koja ngagudibeg, kang Sabri ngarrt. Enya buncir lauk th, keur
endogan, trh megar. Mun ieu lauk diala, digorng, dicobk make sambel
jah atawa dipsmol, endogna pasti pungkil jeung girinyih. Didahar
sosoranganan bari sila andekak, nyetrok cngk, seuhah, nimat kabina-bina.
Tapi saha nu rk masakna ?, di imah ngan sosoranganan, imah g ukur
kamar kontrakan. Sabenerna gampil nu masak mah, tinggal dibikeun ka ceu
Enyi, nu boga warung hareupeun kamar kontrakanana. Moal burung diasakan
sapamnta. Bageur Ceu Enyi mah, mindeng ngirim deungeun sangu,
mindeng mr nganjuk mun keur teu boga duit keur meuli deungeun sangu.
Kang Sabri, lalagasan knh, gaw jadi guru sakola dasar, kakara dua taun
diangkat jadi pagaw nagri. Mun pasosor ka kamar kontrakanana, rajeun
sok datang anak ceu Enyi, nu kakara kelas lima sakola dasar ngadon
nanyakeun PR ti sakolana. Wekel budak th, teu risi tatanya, pinter budak
th da teu welh rngking di sakolana. ta meureun pangna ceu Enyi jadi
bageur. Keur kang Sabri mah resep w ngajar ka barudak th, da ta mah
geus tugasna, prdikat guru th teu leupas najan teu keur di sakola, dimana
ba
g
kudu
tetep
mr
conto
ka
barudak.
Ayeuna g nguseup th pdah w keur po per, rk balik ka lemburna rada
hororam malum ahir bulan, boga bekel th ukur cukup keur dahar.
Lauk kokolaban dina koja, enya ged lauk th, mun dijual bakal payu
meureun dua puluh rbu mah, cukup keur ngabanjel dahar dua poeun. Lauk
diteuteup,
buncir
pisan.
Endogna pasti loba, mun megar pasti ngarbu atawa saeutikna ngaratus
burayak,
anak
lauk.
Lauk engap-engapan, kang Sabri neuteup ka jauhna, kana budah cai nu
kabawa palid, kana tungtung jeujeur, kana kenur nu keur manteng. Mun lauk
digorng, didahar jeung sambel jah, ukur nimat saharita. Mun lauk
dileupaskeun tuluy endogna megar, meureun bakal baranahan, lauk nu
galed bakal nambahan di ieu walungan. Kang Sabri inget ari keur mr
pelajaran lingkungan hidup ka barudak. Sok nganaha-naha ka nu ngala lauk

make strum. Sok nganaha-naha ka nu ngala lauk mak tuak. Sok nganahanaha ka nu miceun runtah sahayuna. Sok nganaha-naha ka pabrik nu miceun
cai kotor sahayuna. Sok nganaha-naha ka nu ngaranjah leuweung sahayuna.
Jeujeur nu dicekel diselapkeun jeung kenurna dicangreudkeun kana
tangkal sadagori, Kang Sabri ngadeukeutan kana koja, pikiranana sabil
leupaskeun atawa entong. Mun digorng garing dicocolkeun kana sambel
jah, bakal nimat didaharna, mun dileupaskeun, endogna bakal megar jadi
burayak sakitu lobana. Kang Sabri panceg, mending dileupaskeun. Kang
Sabri inget ka kapiadina nu keur bureuyeung bulan alaeun, mun leumpang
siga nu ngaggag, teu welh nyekel beuteung. Kang Sabri inget kumaha
cakah cikihna kulawarga waktu kapiadina brol ngajuru. Kang Sabri ngadng
kumaha ngahgakna nu ngajuru. Kang Sabri milu ngarasakeun kumaha
bagjana nu ngajuru kalawan salamet, orok diadanan, orok dimandian, orok
dibagakeun. Indung jadi papayung, indung tempat panyalindungan,
kanyaah
indung
moal
laas
ku
jaman.
Koja dibuka, lauk disorong sina ngoloyong ka walungan bari pok
ngomong lalaunan Leungli jung geura ngajuru, sing baranahan, anak manh
sing loba minuhan ieu walungan, geura aping anak manh nepi ka ged.
Bulan hareup uing rk nguseup deui didieu, meureun bulan hareup mah
manh th kawajiban ngaping anak geus lekasan, manh kudu nyantok deui
eupan kami kang Sabri nyebut leungli th pdah inget kana dongng Si
Leungli,
lauk
nu
sosobatan
jeung
budak
aww
lanjang.
Keur kitu aya nu ngomong tukangeunana, teu kanyahoan ti mana jolna
Naha
dileupaskeun
jang
guru?.
Ari dilieuk sihorng mang Kanta, tukang bca nu sok mangkal di hareupeun
sakola
tempat
kang
Sabri
ngajar.
Eu..sumuhun
mang,
karunya
nuju
buncir
endogan.
Lah jang guru mah, ari ka emang teu karunya kitu?. Mun di ka emangkeun
mah
cekap
kanggo
ngalironan
beas
tilu
kiloeun.
Kang Sabri teu ngomong, ukur ceuleumeut bari sibanyo terus mrsan koja.
Kang Sabri teu mikir nepi ka dinya, teu mikir lauk kudu dibikeun ka mang
Kanta.
Muhun mang, engk upami knging deui ukur kitu omong kang Sabri.
Leres jang guru, da panginten urang mah benten paniatan nguseup th. ta
emang mah sakapeung sok nongton nu nguseup di laut dina tlvisi,
geuning upami tos knging th laukna sok teras dileupaskeun deui
Bnten
paniatan
kumaha
mang?
Ari emang mah nguseup th teu bnten sareng usaha numbu umur, hasil
tina nguseup th kanggo barangdahar barudak, selang-selang tina ngabeca.
Upami hasilna seueur tiasa digentoskeun kana bas, upami hasilna sakedik
nya sok digorng w kanggo rncang sangu. Ari niat jang guru mah
panginten nguseup th mung sakadar kalangenan, mung resep nuju
disanggutna, hasil laukna sans udagan. Suka bungah th nuju pabenyeng-

benyeng kenur, melengkungna jeujeur, gudibegna lauk. Ari kanggo emang


mah suka bungah th ningali anak tiasa barang dahar, balakcrakan dahar
lauk.
Kang Sabri unggut-unggutan, kang Sabri mulut kenur, kang Sabri memeres
jeujeur.
Mang Kanta ngajogo nungguan useup disanggut. Kang Sabri amitan mulang
tiheula.

Sabulan ti harita dina mangsa po per, kang Sabri keur ngajogo sisi
walungan, tempatna urut nguseup bulan kamari. Jeujeur weregu di
lelempeng, tali kenur dibbrs, ruruhit useup make eupan cacing kalung.
Niat nguseupna hayang meunang lauk ged, mun meunang, laukna rk
dibikeun
ka
mang
Kanta.
Useup dialungkeun kana cai nu liuh, nu caina semu muih lalaunan.
Anteng manteng, neuteup tungtung jeujeur, anteng neuteup tungtung kenur,
anteng
neuteup
budah
cai.
Ck sawarh nguseup th pagawan tambuh laku, ngajejentul mo
manh. Ck sawarh nguseup th neundeun harepan, apan rijki mah tara
pahiri-hiri. Kang Sabri salila-lila ngelelentuk neundeun harepan, hayang
ningali
barudak
mang
Kanta
balakcrakan.
Mh tengah po, jedud useupna aya nu nyantok, gulusur kenur kadudut,
jeujeur geuwat dikenyang ngagentak. Lauk karasa nyoloyong ngilu kana
kenur nu dipulut, euweuh gudibeg, euweuh pabenyng-benyng kenur.
Kaciri lauk badag, nyoloyong nuturkeun kenur. Kang Sabri olohok, di
tukangeun lauk badag ting gurilap lauk leutik siga nu ngiringkeun, loba, loba
pisan, ngaratus boa ngarebu. Laleutik knh saged-ged cinggir budak.
Lauk badag beuki nyoloyong nampeu kana biwir cai hareupeun kang Sabri.
Subhanalloh ck kang Sabri. Kang Sabri turun ngadeukeutan lauk tuluy
dirampa dihanjatkeun ka darat lalaunan, diangkat ku dua dampal leungeun.
Lauk
cicing,
lauk
ukur
engap-engapan.
Ieu th manh leungli? kang Sabri ngomong semu ngaharewos. Lauk
ngagibeg
lalaunan.
Dina biwir cai anak lauk beuki ngaronyok, siga hayang ngajol ngadeukeutan
ka
lauk
badag,
ka
indungna.
Kagambar beungeut Mang Kanta nganaha-naha basa lauk
dileupaskeun deui, kagambar barudak mang Kanta balakecrakan ngadahar
gorng
lauk.
Lauk badag diusapan, lauk badag dirawu di ka caikeun deui.
Leungli kuring nganuhunkeun, anjeun geus nohonan jangji, anjeun tigin
kana jangji. Jung geura aping anak manh, sina galed, sina ngabeungharan
ieu walungan kang Sabri ngaharwos bari nepak cai, tuluy sibanyo
meresihan ramo. Lauk ngolab, nyoloyong ka tengah cai nu ngajumbleng,

ngagedebeg rosa, cai muncrat kana beungeut kang Sabri. Kang Sabri seuri
bari ngusap beungeut nu baseuh ku cai walungan. Lauk teuleum dituturkeun
ku anakna nu laleutik knh. Kang Sabri bbrs, kenur digolongan, eupan
diawurkeun ka walungan. Kang Sabri ngagedig ngingkig balik.

You might also like