You are on page 1of 4

ANISA NUR AMALIA

Tulak Bala Singlar Runtah

Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 19-05-2011 |


Catetan DHIPA GALUH PURBA
PASUALAN runtah di Bandung tacan tuntas sanajan geus aya
Tempat Pembuangan Akhir (TPA) di wewengkon Cigending,
Cipatat, Kabupaten Bandung. Nepi ka kiwari og runtah masih
tingtalambru di sawatara jarian samentara. Teu pamohalan,
sababaraha taun deui, runtah bakal ngahunyud. Sabab,
produsn runtah beuki rongkah, kalayan henteu diimbangan ku
cara ngokolakeun anu idal. Solusina lain sakadar nangan
lahan TPA anu lega. Pangna kitu, lantaran salega-legana lahan
anu disayagikeun, lila-lila mah
bakal mentung ngagunung nampung runtah urang Bandung.
Mangkaning sasaha og geus pada awal, yn runtah th bisa
ngadatangkeun
mamala atawa balai. Geus puguh sabangsaning panyakit alatan
polusi. Katambah deui pangalaman tragdi ngabeledugna
gunung runtah di TPA Leuwigajah nu geus ngubur kampungkampung sakuliah Leuwigajah jeung tatar Batu Jajar (21/02/05).
Geus puguh harta banda, dalah korban jiwa og henteu bisa
disingkahan ku ngamukna sakadang runtah harita. Hiji bukti
yn runtah lain pasualan anu bisa dianggap ntng.
Tina bala alatan runtah, bisa ngalantarankeun balai. Ku ayana
kitu, kudu buru-buru mapatkeun jamp tulak bala singlar
runtah. Ari tulak bala th sabangsaning jajampan atawa
dunga pikeun nyingkahan balai. Sasarina jamp tulak bala
dipapatkeun dina upacara tradisi ritual, saperti ngaruat jagat,
hajat bumi, ngalaksa jst. Tulak bala og aya anu sok dipirig ku
waditra anu dianggap sakral, saperti angklung gubrag, terbang
pusaka, jst. Tapi jamp jeung tknis tulak bala nyinglar runtah
mah kawilang basajan. Bisa dipapatkeun ku sakumna urang
Bandung, kalayan henteu perelu ngalibetkeun Jurig Jarian.
Sammh diajar mapatkeun tulak bala singlar runtah, taya
salahna maluruh
heula
kasangtukang
runtah.
Sanajan
henteu
kungsi
ngawawancara runtah, tapi bisa dipastikeun produsn runtah

ANISA NUR AMALIA


pangrongkahna mah jolna ti rumah tangga. Sabngbatan
mmang moal katingali loba, da puguh ti saimah th rata-rata
ukur sakrsk atawa dua krsk. Tapi ari dikalikeun jeung
sakabh imah di Bandung mah, tangtu jumlahna bisa nepi ka
ratusan rbu mter kubik. Ku ayana kitu, salah sahiji jalan anu
bisa disorang nyata ngurangan jumlah runtah ti saban imah.
Pikeun babandingan, masarakat pilemburan mah asa tara
nyanghareupan
pasualan runtah. Sabab ti baheula og geus surti dina
ngokolakeun runtah. Contona misahkeun runtah organik jeung
an-organik. Runtah baseuh sasarina diruang, demi runtah
garing bisa disalurkeun ka tukang rongsokan atawa diduruk.
Naon pasualanana ngaduruk runtah? Sanajan bisa nimbulkeun
dioksin anu henteu shat pikeun diangseu, tapi bakal leuwih
henteu shat lamun patulayah tur ahirna ngotoran lingkungan.
Di Bandung, mmang pamohalan ngaruang runtah baseuh di
sabudeureun imah.Sabab, umumna henteu nyayagikeun lahan
pikeun ngurus runtah. Cukup boga tong runtah di hareupeun
imah, kalayan henteu ngarasa perelu mikiran ka mana ta
runtah dipiceun. Lantaran ngarasa geus mayar iuran runtah
ta, antukna loba anu teu harayang nyaho itu-ieuna. Nu
penting mah di wewengkonna beresih, kajeun teuing di
wewengkon batur mah barala og. Nu penting mah di
wewengkonna henteu barau runtah, kajeun teuing di
wewengkon batur mah barau runtah og. Sikep gois anu mh
teu karasa, geus nerekab ka sawatara pangeusi Bandung.
Loba masarakat anu nampik upama wewengkonna rk dijieun
TPA. Puguh ba lumbrah, lantaran maranhna ngeunteung
kana gagalna cara ngokolakeun TPA. Antukna TPA idntik jeung
kumuh, rarujit, barau, sarta ngabahayakeun kasalametan jiwa.
Sabenerna ta anggapan th bisa dirobah upama TPA
dikokolakeun kalayan had tur daria. Contona ku cara
ngahangkeutkeun kagiatan ngolah runtah jadi gemuk. Ku cara
kitu, masarakat baris ngabagakeun wewengkonna dijieun TPA,
lantaran bisa nyiptakeun arawa ngalegaan lahan pacabakan.
Salila ieu, kagiatan ngolah runtah ukur jadi wacana, henteu
dibarung prakna, sakurang-kurangna henteu pati daria.
Anu leuwih mungkin ditaratas pikeun nyiar solusi pasualan
runtah, taya deui iwal ti ngayakeun gaw bareng antara

ANISA NUR AMALIA


pamarntah
jeung
sakumna masarakat.
Lamun
ukur
ngandelkeun pamarntah, nepi ka iraha og moal aya
rngsna. Sakali deui, kudu aya rampak gaw anu harmonis
antara pamarntah jeung masarakat. Kahiji, wayahna
pamarntah kudu nyayagikeun dua rupa mobil paranti
ngangkut runtah, nyata pikeun runtah baseuh jeung runtah
anu garing. Lamun waragad man bal anu jumlahna miliaran
bisa kahontal, piraku ba henteu kabeuli mobil paranti runtah.
Sanggeus sayagi dua rupa mobil runtah, tangtuna og kudu
diimbangan ku
nyayagikeun dua rupa TPA, pikeun nampung runtah baseuh
jeung runtah garing. Ku cara kitu, anu sok mulungan runtah
og bakal sujud syukur, lantaran leuwih babari ngumpulkeun
barang-barang anu payu knh kana duit. Apan ta th kaasup
pagawan mulya anu mugia ba aya dina karidoan-Na.
Satuluyna, saha anu kudu misah-misahkeun runtah baseuh
jeung garing? Taya
deui, iwal ti masarakat di saban imah. Mun perelu, nyieun dua
tong sampah keur runtah baseuh jeung runtah garing. ta
pisan wujud partisipasi nyata masarakat nu kalintang
mangpaatna. Sabab, pasualan runtah mah gumantung pisan
kana sikep saban individu dina ngokolakeun runtah. Sanajan
pamarntah bbakan ngurus runtah, moal aya anggeusna
lamun henteu bisa ngahudang kasadaran masarakat dina
ngokolakeun runtah. Lain ba pasualan pamarntah anu tacan
bisa ngokolakeun runtah, tapi perkara mntal masarakat og
henteu kurang pentingna.
Jajampan tulak bala singlar runtah mah kawilang basajan.
Mangga cobian papatkeun bari peureum atawa bari beunta,
atawa bari peureum beunta: ciwit heula diri sorangan,
sammh nyiwit batur; Ambeuan heula runtah sorangan,
sammh neumbleuhkeun bau ka batur. Lamun kaambeu bau,
pk pikiran carana sangkan batur henteu katempuhan kudu
nyeuseup nu barau ta.
Pikeun sing saha ba anu irungna masih knh normal, pasti
bakal milu titn
kana pasualan runtah, sakaligus mibanda tkad pikeun milu
partisipasi dina

ANISA NUR AMALIA


mulangkeun deui citra Bandung jadi kota kembang.***

You might also like