You are on page 1of 3

Contoh Pidato Sunda | Ngaronjatkeun Kareeus Nonoman an Basa Sunda

NGARONJATKEUN KAREUUS NONOMAN KANA BASA SUNDA


Assalamualaikum Wr Wb
Hadirin anu sami-sami linggih,
Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok
dina ieu acara. Mugi ieu acara th lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu dipimaksad.
Amin.
Ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun parasepuh miwah paratamu anu sami rawuh,
taya sanes seja ngiring jabung tumalampung sabda kumapalang.
Kitu oge bari jeung digedeng ku kendang gede pakauman, dag-gig-dug rasaning ati, rumasa
sim kuring mah taya kabisa, sanggem paripaos ta mah tang tang lauk buruk milu mijah.
Boa catur g nu tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna taya pulunganeunana.
Nanging sanaos suwung ku pangaweruh suda ku pangabisa, sim kuring baris nyobi ngaguar
tma ieu biantara anu unina Ngaronjatkeun Kareueus Nonoman Kana Basa Sunda.
Hadirin nu dipihormat,
Saparantos sim kuring maluruh sababaraha sumber anu jadi rujukan. Sihoreng geuning, anu
utama pikeun para nonoman atanapi generasi muda anu jadi seuweu siwi Pajajaran teh, taya
sanes kedah mibanda rasa katineung kana budayana. Ulah nepikeun ka jati kasilih ku junti
mupusti budaya asing bari teu malire budaya urang sorangan. Anu antukna cul dog-dog
tinggal igel. Adean ku kuda beureum, ngarasa reueus ku banda meunang nginjeum.
Sanes hartosna nonoman sunda ulah malire kana budaya deungeun, nanging asa langkung
payus saupami weruh kana budaya deungeun teh disarengan ku ngaraksa ngariksa
budayana sorangan. Utamana kana basa sunda anu jadi ciciren bangsa.
Naha basa sunda ciciren bangsa? Rupina basa teh nuduhkeun ciri anu dipibanda ku
salahsahiji suku bangsa. Kitu oge bakal disebut sekeseler sunda saupama disarengan ku aya
basana.
Asa palangsiang, saupamana dina hiji waktu keur aya di nagara deungeun, heug aya nu naros,
kawit ti mana, dijawn teh
ti Indonesia. Indonesiana di mana? Ana dijawab teh ti Jawa Barat. Batur teh nanya deui:
Atuh pinter basa Sundana, tiasa abdi ngiring diajar? Pisakumahaeun teuing erana
saupama urang keur di mancanegara diperedih ku batur pikeun ngawanohkeun basa Sunda ,
tapi urang teu bisa.
Ngawanohkeun Basa Sunda saleresna mah sanes kanggo para nonoman wungkul, tapi tos
kedah diwanohkeun ti kawit balita. Upami di Jawa Barat nya ku Basa Sunda. Basa Sunda
salaku basa indung bakal leuwih nyerep ka diri nooman lamun geus dibiasakeun

diwanohkeun ti bubudak.
Sajabi ti eta, mikacinta basa Sunda, hartosna urang parantos ngalaksanakeun amanah anu aya
dina batang tubuh UUD 45, utamana pasal 36, Bab XV. Eta teh sanes mung ukur kanggo
basa Sunda, nanging sakur basa daerah nu aya di saantero Nusantara perlu dipiara jeung
dimekarkeun. Ana kitu mah nonoman anu mikareueus jeung ngagunakeun basa Sunda dina
hirup kumbuhna, ngandung harti eta nonoman teh tos kalebet kana warga nagara anu hade.
Hadirin, salajengna, generasi muda anu mikacinta kana basa Sunda sami sareng parantos
ngamalkeun ajaran agama. Peryogi kauninga, yen sagala rupa basa anu dipareke ku sakumna
jalma anu aya di satangkaraking jagat atanapi satungkebing langit ieu, sanes ciptaan manusa,
nanging dadamelan Anu Maha Kawasa Allah SWT. Mangga uningaan Q.S Arrum ayat 22.
Anu unina wallohu alam : jeung di antara tanda-tanda kakawasaanNa nyaeta nyiptakeun
langit jeung bumi jeung rupa-rupa basa jeung warna kulit. Saestuna tina hal eta teh benerbener nyangkaruk tanda-tanda pikeun jalma-jalma anu mikanyaho.
Tah geuning, ana kitu mah basa Sunda oge kalebet kana hasil dadamelan Gusti Nu Maha
Suci. Atuh mupusti basa Sunda oge tiasa kelebet kana padamelan ibadat. Kitu oge upami
jalmana aruningaeun alias marikanhyaho tea.
Pasualan utama anu kedah kawaler dina ieu tema biantara teh, nyaeta kumaha sangkan
generasi muda mikacinta kana basa Sunda. Waleranana, sajabi ti rupi-rupi hal anu disebatan
tadi, rumus anu utama mah generasi muda ulah ngaraos isin, era, atanapi gengsi ngagunakeun
basa Sunda.
Cindekna, konci utama para nonoman/generasi muda mikcinta kana basa Sunda, diantawisna
ulah eraan. Ulah era ngagunakeun basa Sunda atawa ulah gengsi cacarita ku basa sunda boh
di lingkungan kulawarga boh di jalan pasampangan salami urang nu cacarita papada ngarti
kana basa sunda.
Hadirin, ulah sieun disebut urang kampung bau lisung pedah nyarita ku basa sunda malah
kudu sabalikna, urang kudu ngarasa reueus sabab geus ngamumule budaya karuhun.
Ulah sagala embung, nanging kudu sagala daek nyaeta kudu daek aub dina kagiatan
kasundaan, sapertos acara tembang, mamaos, jeung sajabina. Sim kuring kalintang katajina
ku tarekah Bapa Adang S, anu mingpin acara Caraka Sundanologi di televisi. Eta oge kalebet
kana tarekah ngirut kana kerep nonoman ngagunakeun basa sundana.
Kitu oge sapertos acara Mojang jeung Jajaka Parahyangan nu dilaksanakeun ku Disbudpar
Jawa Barat, eta mangrupi salah sawios tarekah ngaronjatkeun kacinta kana basana. Margi anu
namina mojang jeung jajaka Sunda mah sageuy teu ngawasa kana basana.
Terekah sanesna, di antawisna urang kedah ngaronjatkeun sarana sareng rupi-rupi kagiatan
anu nibulkeun kareueus nonoman kana basa katut budaya Sunda, sapertos pasanggiri biantara
sareng debat anu nuju lumangsung ieu.
Anu sanesna sapertos pasanggiri maca carpon, maca sajak, sareng nerbitkeun buku-buku
hancengan nonoman nu make basa panganteur basa Sunda.
Kitu oge unggal studio radio di tatar sunda, ditarekahan sangkan aya waktu husus dina acara

siaran anu ngagunakeun basa Sunda salaku basa panganteurna.


Hadirin anu sami-sami linggih, eta mah sakadar cita-cita simkuring. Da ahirna mah
diwangsulkeun deui ka nonoman nyalira.
Cindekna mah urang kedah peheuyeuk-heuyeuk leungeun dina ngamumule ngaraksa sareng
ngariksa basa katut budaya Sunda.
Manawai bahan katampi, hapunten sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanapi mamatahan
ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman
Sunda. Sasieureun-sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.
Manawi bahan katampi, hapunten sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanpi mamatahan
ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman
Sunda. Sasieureun sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.
Amit mungkur. Hapunten sakali deui, bilih aya basa anu kirang merenah sumarambah kana
manah sareng matak nyelekit kana ati. Mugi agung cukup lumur jembar sihakasima.
Wassalamualaikum wr.wb.

You might also like