You are on page 1of 2

9 Seratan Ukur Banyol

Di Hiji Taman
Di hiji taman nu keur meujeuhna sepi, pasosor, mangsa langit keur hibar ku layung.
Nng, teu karasa nya, urang hahadan th geus tujuh bulan.
Jemp sakeudeung.
Akang jangji, lamun Enng keresa mah, rk nggal-nggal ditikah. Mas kawinna, sing percanten, moal dianjuk. Kontan
sajuta!
Taya nu ngawalon.
Tos kabayang panginten ku Enng, upami urang engk pangantnan
(Padahal lebah dinya th taya deui sasaha. Ukur manhna sorangan.)
Buruh Nangan
Ck hiji koran, aya kulawarga nu leungiteun ku akina. Cenah ta aki-aki th kabur ti imah opat po katukang. Geus ditangan
teu kapanggih wa. Ck dina koran, singsaha nu manggihan ta aki-aki, bakal diburuhan. Ari ciri-cirina, ta aki-aki mawa
kantong ged, di jero kantong aya duit pangajina 100 juta.
Nu nangan th bur-ber ka kulon ka wtan, da hayang buruhna ta. Mang Ikin nu ngarasa ged milik th, keur nungguan
warung, ta aki-aki nyampeurkeun meuli udud. Teu ngengkkeun deui, durugdug w dibawa ka imah kulawargana.
Hatur nuhun, simkuring bungah pisan, ck nu boga imah. Kantongna mah ka dieukeun w. Tah, tang-tang kagegelan,
mangga ieu aki kuring candak. Simkuring mah tos aral ngurusna!
Pasanggiri
Geus rupa-rupa pasanggiri th. Di lembur Cihieum mah, aya Janggot Ngagebay Awards, pasanggiri papanjang-panjang
janggot. Hadiahna teu kapalang, imah kari nyicingan, lengkep jeung parabotna.
Nu ngarasa ngingu janggot mah euweuh nu teu miluan. Ck catetan panitia, nu miluan th leuwih ti opat ratus urang. Geus
kumpul, ngong panitia biantara.
Ieu pasanggiri kedah adil, nu mawi panitia ngadamel aturan. Engk panitia rk ngabagikeun pangurud janggot, teras cukur
ta janggot Sadrk dugi ka lnang. Antosan di dieu dugi ka ta janggot manjangan deui. Tah, nu merenah meunang hadiah
th, nyata nu janggotna nepi ka sametr.
Leukeun
MANG Mista mah kasebut leukeun. Tara bosenan, tara putus asa. ta w, upama aya nu keur nyawr dina kawinan, nu
dipulungan ku Mang Mista mah lain duit rch, tapi basna, dikumpulkeun.
Kamari, Mang Mista ngahuleng. Mikiran kumaha carana sangkan cai di walungan lebakeun imahna, bisa ngocor ka buruan.
Nyh seuri sorangan, terus ba manggul pacul. Tuluy nyieun solokan, sina nanjeur ti walungan ka lebah buruanana. Puguh
ba ku Pa rt digeuhgeuykeun.
Mang, cai ti handap mah teu mungkin ngocor ka luhur. Mun ti buruan ka walungan, bakal bisa,
Ari Pa rt, upami dileukeunan mah, moal aya anu henteu tiasa! pokna, bari terus ba macul.

Usum Harnghng
Di lembur keur usum bangsat. Loba nu leungit barang atawa ingon-ingon. Hiji mangsa, Si Mista laporan ka bal dsa.
Leungit sapi, Pa Kuwu! pokna. Puguh ba, po ta mah ram nangan sapi Si Mista. Tapi nepi ka saminggu lilana, teu
kapanggih ba. Ngan Pa Kulisi mimiti kerung, sabab di imah Si Mista mah euweuh kandang sapi.
Naha di mana diteundeunna sapi th, Mista? Geuning euweuh kandangna g?

Nu mawi, dibawa jeung kandang-kandangna, Pa Kulisi?


Har? Bisa kitu geuning?
Pasti tiasa, da ayeuna mah keur usum harnghng!
Cikopi
Hiji mangsa, ka imah Mang Ija aya nu nganjang. Mangkaning di imahna teh keur teu boga nanaon keur nyuguhan. Tapi ari
basa mah apan perlu, moal smah dianggurkeun ba.
Bad ngaleuleut naon, Pa. Cith atanapi kopi?
Wios kopi w!
Mang Ija ngalos ka dapur. Tapi kalah ka ngahuleng, da puguh euweuh nanaon ta. Rugup-ragap kana psak, euweuh duit.
Katambah warung jauh deuih. Kabeneran aya areng paranti ngistrika, terus ba ditinyuh ku cai atah. Song dibikeun ka smah.
Tapi punten, Pa, cikopi ieu mah teu knging dileueut. Wios ditingali ba. Sana, bapa mah ngaleueut cai hrang!
Har?
Usum Hap
Abong keur usum Hap, ayeuna salaki-pamajikan g nyarekelan HP. Contona Mang Diran jeung Bi Rukmi. Najan
pagawanana ukur ulukutek di imah, tapi barogaeun hap.
Beurangna:
Halow, di mana ieu, Mah?
Nuju di dapur, Pa!
Enya, da Bapa g keur di tengah imah!
Peutingna:
Halow, tos kulem, Mah?
Teu acan. Bapa di mana?
Apan ieu dina kasur, gigireun Mamah!
Nadar
Geus tilu po Mang Dohing ngadon cicing di luhur kalapa, gigireun imahna. Tatanggana puguh bae kagt. Boa-boa Mang
Dohing teh rada kaganggu ingetanana.
Turun Dohing, kumaha lamun labuh? ceuk Pa rt bari tanggah. Nu sjnna milu hariwang.
Moal! jawab nu ti luhur.
Ngarah naon atuh, mak nak kana kalapa. Mun rk diala puguh deui!
Kieu, Pa rt. Barto kuring teh nadar, lamun boga anak lalaki, rk cicing di luhur tangkal kalapa saminggu lilana. Tah,
ayeuna dilaksanakeun!
Kajadian
Kamari mah aya kajadian!
Geus naon deui ba?
Pk we atuh bayangkeun, aya mobil keur mengpengan ka kulonkeun, terus aya motor sarua ngebutna, ka wtankeun,
Tabrakan atuh, kumaha nu tumpakna?
Henteu. Da mobil mah di Jl. Sukarno Hatta, ari motor di Jl. Ahmad Yani!

You might also like