You are on page 1of 1

Assalamualaikum wr. wb.

Kapayuneun bapak kepala sekolah anu ku sim kuring di pihormat, kapayuneun para
bapak ibu guru anu sami ku sim kuring di pihormat oge teu hilap k para rerencangan
siswa-siswi SMP N1 BANJAR anu di mulyakeun ku alloh.
Alhamdulillah dina danget ieu urang tiasa patepang lawung paamprok jonghok dina
rarangka mi eling tepung umur kamerdikaan nagara urang anu ka 64.
Peryogi ka uninga, seueur pisan pengorbanan anu tos di pasrahkeun ku para pejuang
urang kapungkur dina melaan kamerdekaan nagara anu ayeuna ku urang karandapan, ku
kituna urang, salaku generasi muda penerus bangsa tos sakeudahna neraskeun perjuangan
para pahlawan urang ku jalan diajar anu soson-soson pikeun nanjeurna kahirupan bangsa
indonesia di zaman anu bakal datang. sajabina ti eta seueur keneh hal-hal anu tiasa ku
urang dilakukeun dina rangka mengisi kemerdekaan ieu, kukituna ka rerencangan abdi
sadaya, hayu urang sami-sami babarengan ngeusian kamerdekaan iyeu ku hal-hal anu
mangfaat.
rupina mung sakitu anu tiasa kapihatur ti sim kuring, luhur saur bahe sora ulah kirang
-kirang ngahapunteun
Wabillahi taufik wal hidayah wassalamualaikum wr.wb.

You might also like