You are on page 1of 2

KASARAD KA DUNYA MAYA

Maca Carpon Nng Maya


Ku. Atp Kurnia
Di ditu mah titingalian teh sarwa endah. Henteu sapertos di dieu, runtah,
limbah, patulayah. Asa nongtorng knh kekecapanana th. Enya, Nng Maya
anu ngucapkeun ta kalimah th. Minggu tukang basa panggih di sisi Citarum.
Lain panggih meureun kecap anu leuwih merenah mah, tapi kopi darat ta. Apan
manhna th sobat dina Facebook. Ampir unggal usik cting. Sagala
diobrolkeun.
Kitu anu kabaca tina Nng Maya nu dimuat dina buku Nng Maya

jeung Carita Lianna (2014: 180-187) wedalan PT Kiblat Buku Utama.


Asalna mah ieu carpon nu dikarang ku Yus R. Ismail th dimuat dina
Harian Umum Tribun Jabar, sawatara waktu nu geus kalarung.
Tina cutatan di luhur, nu kapikir ku sorangan, ngaran N ng Maya
geus mr tangara ti anggalna yn carita th bakal raket patula-patalina
jeung hal-ihwal dunya anu maya. Nu sidik tina ta cutatan mah nya dunya
Facebook, minangka salah sahiji ramat sosial anu aya dina internt.
Caritana museur kana lalampahan tokoh Kuring anu nganjang ka
Nng Maya nu matuh di Kampung Maya. Eta kampung matak sarwa
helok. Jalan satapak nu lalening, patamanan kembang nu keur
mararangkak jeung nyarambuang angin-anginan, padahal sasat haraharaeun ta lembur th. Si Kuring dibageakeun pisan ku pribumi. Cenah
mah rk ditalk serius henteuna. Kajurung ku bogoh, ngadon
ngaheueuhan si kuring th. Tapi saratna, ck emangna Nng Maya mah,
Sumuhun. Da puguh di dieu mah sarwa ndah, sarwa geulis, sarwa
tengtrem, sarwa tiis, bnten sareng alam manusa. Tah, Encp teh kedah
ngaleupaskeun rasa kamunasaan. Encep teu knging meuntas deui ka
walungan Ciwening ...
Sajeroning kitu, si kuring ujug-ujug inget kana hutang dua r bu urut
surabi tadi. Nya tuluy manehna maksa r k mulang deui ka tempat tukang
surabi. Saungna euweuh. Nya sanggeus r rs salat, manehna diomongan
ku Si Bapa cenah, Upami Ujang nganjrek di Kampung Maya mah bakal
kasiksa saumur-umur. Kampung Maya mah sisigaan ararndah, padahal
mah ngan kapeurih jeung kasedih ....
Tungtungna si kuring dibawa nganjang ka imahna si Bapa, anu
barang srog pamajikanana si Bapa dina titingalian si kuring mah siga
tukang surabi jeung anakna nu ngawagirkeun cai ent h th peresis Nng
Maya.
Carpon Neng Maya ck kuring sakuringeun mah matak narik. Nya,
mun disawang tina jihat kamekaran literasi mah, tokoh Kuring t h
mangrupa represntasi tina dua tradisi tknologi komunikasi, nyata
kelisanan tingkat kahiji (Primary oracy) nu pagalo jeung kelisanan kadua
(secondary oracy). Tapi dina kontks carpon Nng Maya mah sidik
kelisanan kadua heula, lantaran nya ta tradisi jadi motif anu
ngagerakkeun sarta manjangkeun lalakon si kuring nepi ka kasaradna.
Dina
kontks
si
kuring,
kelisanan
kadua
anu
mimiti
disanghareupanana th mangrupa internt, anu mangrupa adumanis
antara tradisi lisan jeung tulisan. Dina harti, m dia komunikasi mangrupa
tulisan anu sipat asalna teu langsung jeung saarah dipagalokeun jeung

komunikasi lisan anu sipatna langsung jeung dua arah. Cirina apan,
mangrupa komntar kana tulisan atawa status anu dimuat atawa dina
kontks carpon mah mangrupa ampir unggal usik cting. Sagala
diobrolkeun.

Nu kadua, nu kaalaman ku si kuring teh nya tradisi lisan kahiji, anu


jadi bawaan lahir manusa, mangrupa kamampuh pikeun komunikasi ku
jalan cacarita sacara langsung, henteu dimdiasi saperti dina kelisanan
kadua. Cara indung ka anak ngadongengkeun carita rayat, mangrupa
dongng sasatoan (fabel), mitos (mite), sasakala (legnda) jeung
sajabana.
Lebah dieu mah, sanggeus si kuring wawawuhan jeung Nng Maya
dina internet nu disusul tepus ku kopi darat, man hna kasarad ka dunya
maya atawa alam lelembut mungguhing kapercayaan masarakat
tradisional. Dina alam ta, ck emangna Nng Maya mah, ... Di dieu mah
sarwa ndah, sarwa geulis, sarwa tengtrem, sarwa tiis, b nten sareng
alam manusa. Tah, Encp th kedah ngaleupaskeun rasa kamunasaan.
Ku
kituna,
carpon
Nng
Maya
midangkeun
sajajarna
(juxtaposition) antara dunya maya internet, jeung dunia maya alam
lelembut, seperti nu kacaritakeun dina dongeng-dongeng munjung atawa
muja anu kabaca dina karya Moh. Ambri jeung Ki Umbara. Enya, sanggeus
kasarad ka dunya kelisanan kadua, si kuring kasarad ka alam lelembut,
saperti anu kasarad ka alam siluman-sileman lantaran nyegik, nget k,
atawa ngipri sakumaha anu hirup dina alam pikiran tradisional.
Leuwih jauhna, tina carita Nng Maya urang jadi terang yn
robahna fase-fase kabudayaan th henteu lempeng (linir). Hartina,
datangna mdia atawa tknologi komunikasi anu anyar henteu sacara
langsung ngaganti tknologi komunikasi anu aya sammhna. Dina Nng
Maya mah anu aya malah pagalona jeung pagaliwotana antara tradisi
kelisanan kadua jeung kelisanan kahiji.
*Peminat literasi, nganjrek di Bandung.

You might also like