Professional Documents
Culture Documents
Kumpulan Pribahasa
Kumpulan Pribahasa
Seueur pisan pribahasa (babasan/paribasa) sunda nu ku sim kuring hilap deui, malum
hirup lain di tatar sunda nyarita loba teu make sunda komo deui pribahasa
(babasan/paribasa) sunda pastina oge jarang kapake. Ayeuna sugan jeung sugan rek diajar
deui pribahasa (babasan/paribasa) sunda. --- manawi para wargi bade nambihan
sumangga diantos --
Adab lanyap Jiga nu handap asor, daek ngahprmat ka batur, tapi boga hate luhur,
tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun.
Adean ku kuda beureum beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur.
Adigung adiguna gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna
jeung omonganana.
Aku aku angga ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang
mibandangaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih kahormatan atawa
kauntungan.
Aku panggung darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa
pangpunjulna, pangbeungharna jste.
Alak-alak cumampaka resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna.
Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya.
Alak paul tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.
Ambek nyedek tanaga midek ari napsu pohara gedena, ngan masih bisa meper diri
napsu kapegung.
Ambekna sakulit bawang gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu
reureuh sakeudeung.
Ari diarah supana, kudu dipiara catangna Naon bae nu mere hasil ka urang kudu
diurus bener bener.
Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed ari umur geus kolot tapi
hate ngongoraeun keneh.
Asa dijual payu ngungun dumeh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.
Asa ditonjok congcot meunang kabungah nu gede, anu saenyana teu diarep arep.
Asa ditumbu umur Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedena.
Ati mungkir beungeut nyinghareup palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi
henteu, siga nyaah tapi henteu.
Aya bagja teu daulat arek meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.
Aya di sihung maung Kulantaran loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa
kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.
Aya jalan komo meuntas aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud
urang gancang kalaksanakeun.
Aya jalan komo meuntas eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun.
Ayakan tara meunang kancra nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung
panghasilanana.
Baleg tampele ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung
jelemana gede keneh kaera.
Balung kulit kotok meuting teu eureun eureun nyeri hate ti baheula nepi ka kiwari.
Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan beak karep ku
rido jeung beresih hate.
Banda tatalang raga lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upaman,
euweuh halangan urang ngajual barang nu aya pikeun ngabela diri, meuli ubar
sangkan waras.
Bengkung ngariung bongkok ngaronyok babarengan sok sanajan dina hina, rugi,
atawa cilaka.
Beureum paneureuy seuseut batan neureuy keueus hese pisan, seuseut seuat
ngahasilkeun maksud.
Biwir nyiru rombengeun resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.
Biwir nyiru rombengeun Resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban boh nu
sorangan boh nu batur.
Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah henteu milu milu kana tanggung
ajwabna mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi utusan, ngemban
timbalan tinu lian.
Bluk nyuuh blak nangkarak Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.
Bobo sapanon carang sapakan aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa
karuksakanana.
Bobor karahayuan henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.
Bobot pangayun timbang taraju kab h anu dipigaw kudu pinuh tinimbangan.
Buburuh nyatu diupah beas nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.
Budi santri, legeg lebe, ari lampah euwah euwah Ari laku lampah mah kawas santri
tapi sok ceceremed.
Bungbulang tunda / tunda talatah lamun dititah tara sok pek ku maneh, tapi sok
nitah deui ka batur.
Bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang ginding, loba pakean
anu aralus dipake.
Buruk buruk papan jati ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae
lamun aya kasalahan teh.
Cangkir emas eusi delan omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung
kataji, tapi hatena jahat jeung matak bahaya ka urang.
Cara bueuk meunang mabuk ngeluk bae, teu lemek teu carek, euweuh hojah,
euweuh karep, euweuh kahayang sabab era tawa sieun.
Cara gaang katincak anu tadina rame kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.
Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung Pohara bodona, beunang dibobodo
atawa ditipu ku batur.
Ceuli lentaheun Sok gancang nyaritakeun ka batur naon bae anu kadenge, turtaning
tacan karuhan eta beja teh bener henteuna.
Cicing dina sihung maung Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa bakal
nyilakakeun ka diri urang.
Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok Ku dileukeunan mah sakumaha
hesena ge lila lila jadi bisa (najan bodo asal leukeun diajarna lila lila oge tangtu bisa).
Ciri sabumi cara sadesa beda tempatna, beda deui adat jeung kabiasaanana.
Clik putih clak herang Kaluar tian hate anu beresih, rido pisan, teu aya geuneuk
maleukmeuk.
Congo congo ku amis, mun rek mais oge puhuna Kumaha arek bageurna dinu ajdi
anak, lamun bapana henteu bageur.
Daek macok embung dipacok daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi
diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung.
Dagang oncom rancatan emas ari modalna gede kacida, ngan batina anu diarah
kacida leutikna.
Deukeut deukeut anak taleus ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu
nyaho tibareto yen baraya.
Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban Ari dipegat mah teu acan, ngan
geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan.
Dipiamis buah gintung Disangka hade jeung bageur tapi buktina goreng jeung jahat.
Dipiamis buah gintung disangka hade jeung bageur, tapi buktina goreng jeung jahat.
Disakompet daunkeun, dihurun suluh dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda
beda.
Ditangtang ditengteng dijieun bonteng sapasi Dialak ilik lantaran dianggap aneh.
Dogdog pangrewong bantuan anu euweuh hartina, dina teu aya oge teu naon naon.
Dogong dogong tulak cau, geus gede dituar batur ngantian jeung mahugi parawan
ti keur leutik keneh, sugan diparengkeun ku nu kawasa jadi pipamajikaneun, na ari
geus gede dikawin batur, atuh hese cape taya gawe.
Dulang tinande awewe mah nurutkeun bae, kumaha diaturna jeung diparentahna ku
nu jadi salami.
Duum tinggi ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya nu
saeutik.
Elmu ajug pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan henteu.
Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabeh kasusah atawa karerepet anu
tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukarna ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka
sarerea.
Endog tara megar kabeh najan saindung sabapa hneteu sarua milikna, rejekina
atawa darajatna.
Gancang pincang kulantaran digawena buru buru jeung kurang ati ati hasilna teh teu
nyugemakeun.
Gantung denge hanteu terus bisa ngadengekeun hiji perkara jeung pohara hayangna
neruskeun ngadengekeun.
Gantung teureuyeun Hanteu terus daharna sabab dahareunana geus beak atawa
daharna kapaksa kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan.
Gede gede kayu randu, dipakeke pamikul bengkung, dipake lincar sok anggang,
dipake pancir ngajedig Ngeunaan ka jelema anu jangkung ahrelung tur dedeg ngan
hanjakal gawena jeung karajinanana goreng.
Gede gunung pananggeuhan Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi
gegeden, dina urang aya karerepet atawa butuh ku pitulung, eta jalma bisa nulungan
ka urang ku kabeungharan atawa kakawasaan.
Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma Ari rupa mah tegep ngan dangong dusun
meledug.
Ginding kakampis Ari pake mah ginding ngan duit teu boga.
Giri lungsi tanpa hina Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina.
Goong saba karia Datang sorangan ka anu keur kariaan sanajan hanteu di ondang,
maksudna hayang dititah gawe sangkan seubeuh baranghakan.
Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi Euweuh anggeusna, euweuh beakna.
Hade gogog hade tagog Hade basa jeung hade tingkah lacuna.
Halodo sataun lantis ku hujan sapoe Kahadean anu sakitu gedena tur lilana leungit
pisan ku kagorengan atawa kasalahan sapoe.
Hambur bacot murah congcot Goreng sungutna jeung sok mindeng nyarekan deuih
tapi berehan sok daek barangbere dahareun.
Hanteu gedag bulu salambar Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan.
Hapa hapa ge ranggeuyan Enya ari miskin tea mah, ngan lumayan da ari salaki mah
boga.
Hapa hapa ge ranggeuyan Miskin miskin oge da boga salaki nu ngurus jeung
nangtayungan.
Harewos bojong Harewos anu cukup tarikna, nepi kadenge ku jelema anu deukeut
kalawan tetela pisan.
Haripeut ku teuteureuyeun Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun boh
duit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu teh rejeki halal atawa haram.
Harus omong batan goong Beja teh sasarina sok gampang jeung gancang nerekab,
kulantaran umuna sok pabeja beja.
Hayang untung jadi buntung teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih
soteh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep arep.
Hejo tihang Resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawean.
Herang caina beunang laukna Maksud bisa kahontal kalawan beres teu aya pihak
anu dirugikeun atawa dinyenyeri.
Herang caina beunang laukna Nu dipikahayang bisa laksana tur teu nganyenyeri
batur.
Herang herang kari mata, teuas teuas kari bincurang Bareto mah beunghar
ayeuna kari miskina.
Heueuh heueuh bueuk Nyatujuan ari diluar mah, ngan bae henteu terus jeung
hatena.
Heurin ku letah Hayang jeung perlu ngabejakeun hiji perkara, ngan sieun pok
kulantaran loba karisi/ karempan.
Hirup ku panyukup gede ku pamere Hirup samahi mahi ku pamere batur bae,
sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah.
Hirup nuhun paeh dirampes Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon
naon.
Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja Kudu bageur kudu hade
laku lampah supaya alus kacaritakeunana.
Hulu dugul dihihidan Nu keur senang tambang senang, nu keur untung tambah
untung.
Hurung nangtung siang leumpang Ginding karana make papakean atawa perhiasan
anu aralus.
Ieu aing uyah kidul Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa,
pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.
Indung lembu bapa banteng Ti indung jeung bapa turunan menak jeung beunghar.
Inggis manan maut hinis, rempan batan mesat gobang Inggis jeung paur kabina
bina.
Jauh jauh panjang gagang hanas jauh jauh oge dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.
Jauh ka bedug anggang ka dayeuh dusun, teu nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba
sita, duduga jeung peryoga.
Jawadah tutung biritna, sacarana sacarana unggal bangsa beda adat jeung
kabiasaanana.
Jejer pasar lumrah bae, mun ka lalaki, kasep henteu, goreng henteu.
Jeung leweh mah mending waleh leuwih hade wakca balaka ngedalkeun kahayang
ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.
Ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran Jelema nu jahat, julig jeung dengki
mah moal jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan pangkat, boh rejeki.
Kaciwit kulit kabawa daging Kababawa, katarik kana hiji perkara, keukeuh milu
susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana.
Kahieuman bangkong Ku ayana barang titipan di urang, urang teh nepi ka jiga
beunghar katenjona ku batur mah padahal miskin teu boga nanaon.
Kai teu kalis ku angin Unggal jelema awal ahir tangtu bakal pinanggih jeung
kasusahan.
Kajeun pait tungtung amis manan amis tungtung pait Tibatan ahirna matak susah,
leuwih hade dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana.
Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung Kajeun teuing cape gawe asal bisa dahar
kalawan cukup.
Kalapa bijil ti cungap Ngucah ngaceh rasiah sorangan anu matak cilaka.
Katempuhan buntut maung Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang
anu kudu nyanghareupan balukarna.
Katumbukan catur kadatangan carita Loba anu embung sabab ngagedekeun jeung
ngagugulukeun panyerewedan.
Kawas anjing kadempet lincar Mere parentah ka batur teu kalawan sabar, malah
bari ambek ambekan sagala.
Kawas budak rodek hulu Teu ngupama, teu ngajenan, teu ngahargaan pisan.
Kawas hayam panyambungan Tacan nyaho di kaler kidul, kawantu anyar keneh aya
di eta tempat.
Kawas kacang ninggang kajang Ngomongna tarik tur gancang, biasana ngeunaan ka
awewe nu keur ngambek bari nyarekan.
Kawas lauk asup kana bubu Gampang asupna kana pagawean tapi pohara hesena
hayang kaluar ninggalkeun eta pagawean.
Kawas lauk asup kana bubu gampang meunangna jeung asup kana hiji pagawean,
tapi hese kaluarna jeung negcagkeunana eta pagawean (masalah).
Kejo asak angeun datang Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu talangke deui
harita keneh dilaksanakeun.
Keur meujeuhna bilatung dulang Laleutik keneh pisan keur meujeuhna bareuki
dahar.
Keur meujeuhna hejo lembok rambay carita Keur meujeuhna loba pakaya jeung
loba rejeki.
Keur nuju bentang surem keur sue,atawa tiis badan, lamun guna tani ku hama,
lamun dagang terusterusan rugi bae.
Kiruh ti girang kiruh ka hilir Lamun anu di luhruna teu balageur jeung teu balener,
tangtu nu dihandapna oge milu teu bener milu teu bageur.
Kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran Anu saumur -umur miskin tuluy
dina hiji waktu pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gede, sasarina sok
kacemekanana nepi ka siga mangpang meungpeung.
Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam Kacida miskina.
Kudu bisa ngeureut neundeun Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu
saeutik.
Kudu bisa pindah cai pindah tampian Kudu bisa nyaluyukeun man h jeung
lingkungan anu anyar dicicingan.
Kudu boga pikir kadua leutik Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan,
kudu aya rasa curiga.
Kudu hade gogod hade tagog Hade basa jeung hade tingkah lacuna.
Kujang dua pangadekna Hiji pagawean anu ngandung dua rupa maksud.
Kulak canggeum bagja awak Milik hade atawa goreng anu geus ditangtukeun ti
ajalina keneh ku Gusti Nu Maha Suci.
Kumaha bule hideungna bae Kumaha engke bae buktina, kumaha behna.
Kumaha kejebur caina geletuk batuna kumaha jadina bae, henteu jadi pikiran.
Kunang kunang nerus bumi Ramana geus teu jeneng deui, di putrana awal ahir aya
nu jeneng cara ramana.
Kuru cileuh kentel peujit Daek tirakat, ngadoakeun budak sangkan sangkan junun.
Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda arek cilaka mah ku
kasalahan anu leutik oge bisa, teu kudu ku kasalahan anu gede bae.
Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa beja lain leumpang maladra Indit
ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lapmah sakaparan paran henteu
puguh anu dijugjug.
Lauk buruk milu mijah = piritan milu endogan pipilueun kana hiji kalakuan ku
lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng
katenjona.
Leubeut buah hejo daun Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.
Leuleus jeujeur liat tali pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah,
jeung loba pertimbanganana.
Leutik cahak, gede cohok Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran mah gede.
Leutik leutik ngagalatik Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur gede, tapi leber
ku wawanen.
Leutik ringkang gede bugang Jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan
leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah
sarerea.
Leuwi jero beunang diteuleuman, hate jelema najan deet teu kakobet Hade
gorengna pikiran jelema hese dikira kirana.
Lieuk euweuh ragap taya Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon naon.
Loba teuing jaksa loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna
matak bingung nu dipapatahan.
Lodong kosong ngelentrung Kalah ka loba omong bae, ari pangartina mah euweuh.
Luncat mulang Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu engke mah kitu.
Mapay ka puhu leungeun Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa
guru mah teu nyaho naon naon jeung euweuh patalina saeutik eutik acan.
Marebutkeun paisan kosong Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa
mangpaatna.
Maut nyere ka congona Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun susah.
Melengkung bekas inhalan Ari keur ngora keneh bageur tapi kakolotnakeun jadi teu
bageur.
Mere langgir kalieun Mere naon naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawa
pibahlaeunana.
Meuli teri meunang japuh = nyair hurang meunang kancra kalawan teu disangka
sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gede.
Meungpeun carang ku ayakan Nyaho yen batur teh salah atawa migawe anu
dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho.
Miceun batok meunang coet Miceun nu goreng kulantaran hayang meunang anu
alus, tapi tungtungna meunang nu goreng deui bae.
Mindingan beungeut ku saweuy ari hate goreng, ngan budi parangi marahmay,
perluna pikeun mindingan hate nu goreng tea maksudna supaya ulah kaciri tea.
Miyuni hayam kabiri Leutik burih babari sumerah eleh atawa lalaki nu babari
sumerah ka awewe.
Moal ceurik menta eusi Keun bae mawa wadah anu gede oge da lain hayang loba
diberena.
Moal neangan jurig teu kadeuleu arek nyekel jelema nu aya bae, moal neangan
jelema nu euweuh.
Monyet kapalingan jagong Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang
ngarah nagrinah karoroncodan.
Mun teu ngakal moal ngakeul mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki
pibekeleun hirup.
Ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara usaha anu mubadir, moal
ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur
mayit nutupan liang-liangan).
Mun teu ngoprek, moal nyapek. Mun teu ngakal moal ngakeul. Mun teu ngarah
moal ngarih Lamun teu digawe niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup.
Nangkeup mawa eunyeuh mawa cilaka ka jelema anu dipentaan tulung jeung geus
nulungan ka urang.
Nepak cai malar ceret Ngomongkeun jeung ngagogoreng batur, supaya batur teh
ragrag ngarana jeung kawentar kagorenganana.
Nepakeun jurig pateuh Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang teh
ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
Nete porot ngeumbing lesot Cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa rupa akal
tarekah tapi teu hasil bae.
Nete semplek nincak semplak Ninggang dina salah jeung rugi bae, turug turug
kasusah nambahan deuih.
Nete taraje, nincak hambalan Kudu merenah, lamun aya uruskeuneun teh urang
kudu datang ka nu handap heula, kakara terus kaluhur.
Ngadagoan kuah beukah Ngadagoan pasesaan kadaharan (Hal ieu ngan wungkul
tukang babantu di imah batur bae, anu saenyana mah ayana tukang babantu teh henteu
perlu).
Ngadagoan uncal mabal Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki tapi sungkan
ihtiar pikeun ngadatangkeun eta rejeki.
Ngadeupaan lincar ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku
anu boga imah jeung diajak dahar.
Ngagandong kejo susah nyatu loba ari titaheun mah boh anak boh bujang ngan
hanjakal ku hese nitah, euweuh nu daekeun ari dititah teh.
Ngagedag bari mulungan Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho,
tapi embung kanyahoan yen urang tacan nyaho, kulantaran kitu api api geus nyaho
bae.
Ngaliarkeun taleus ateul Ngabeja bejakeun kagorengan batur atawa kajahatan anu
lian.
Ngarep ngarep kalangkang heulang Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida
banggana jeung sudah pihasileunana.
Ngeplek jawer, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri Leutik burih, borangan,
sieunan, kecing.
Ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahe kedah micarek Lamun nyokot hiji hal
kudu saidin anu boga.
Nginjing sila, bengkok sembah goreng hate, teu satia ka anu jadi pamingpin atawa
dunungan.
Ngodok liang buntu hese cape taya gawe, susah payah taya guna sanajan tihothat
oge moal atawa henteu beubeunangan.
Ngodok liang jero Teu hasil enggoning nyiar rejeki, kaditu kadieu luput bae.
Ngukut kuda kuru ari geus gede sok nyepak Ngukut bujang anu tadina pohara
balangsakna, susak dahar susah make, tapi ari geus mulya awak lintuh jeung pake
hade, ngalawan ka anu jadi dunungan.
Ngusap birit bari indit kulantaran ambek nyedek atawa era paraa, leos bae indit, teu
amit heula ka anu araya didinya.
Nimu luang tinu burang Nambahan luang atawa pangarti waktu keur pinanggih
jeung kacilakaan atawa hukuman.
Ninggang kana kekecrekna Keur mah goreng rupana, goreng laku lampahna deuih.
Nini nini dikeningan, awewe randa dihiasan Ngamahalkeun barang naon bae anu
geus ruksak.
Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha nu hade jeung loba jasana ka diri
urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku kalakuan anu goreng.
Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna,
euweuh nu mulya.
Nuju hirup ninggang wirahma Ngeunaan ka jelema anu keur alus milik.
Nulungan anjing kadempet nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima.
Nya di hurang nya dikeuyeup Di unggal jelema oge taya bedana, sarua bae,
mungguhing wiwirang atawa katugenah hate mah boh di menak boh disomah sarua
bae.
Nya ngagogog nya mantog Nya nitah ka batur nya prak kumanehna.
Nya picung nya hulu maung Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos, pananya
jeung jawaban pasalia, henteu nyambung.
Nyair hurang meunang kancra Sugan the rek meunang kauntungan, kamuliaan
atawa bagja anu leutik manahoreng meunang kauntungan atawa bagja anu gede.
Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang Nyarita kudu pas, eces, ngabogaan
harti.
Nyeri beuheung sosonggeteun Pohara ngarep ngarepna, tapi anu diarep arep teu jol
bae datang.
Nyieun catur taya dapur nganggit hiji dongeng nu teu aya galurna.
Nyieun heuleur jeroeun huma Henteu raket jeung dulur pahare-hare bae.
Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait Lumrahna manusa teu resep
reureujeungan jeung nu teu boga.
Nyium bari ngegel Omongannana hade ngan hate jeung maksudna goreng . Salakina
dipisobat ari pamjikanana dibogohan atawa sabalikna.
Omong harus batan goong Beja the gancang naker nerekabna, malah sasarina mah
beja anu nerekab teh leuwih hebat batan aslina.
Pacikrak ngalawan merak Tangtu elehna sabab nu leutik ngalawan anu gede.
Pada rubak sisi samping Sarua bae pada loba luangna, pada loba pangalamanana.
Pagirang girang tampian Paunggul unggul dina neangan pangupa jira (Paunggul
unggul nyiar rejeki, teu daek silih seblokan).
Pait daging pahang tulang cageur teu keuna ku panyakit naon bae.
Pakotrek iteuk Laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan, pada pada geus jadi aki-aki
nini-nini.
Panday tara bogaeun bedog Sasarina ari tukang mah sok tara bogaeun.
Peureum kadeuleu beunta karasa Inget bae, teu bisa poho. Biasana mah lain kana
barang tapi ka jelema anu dipikancinta.
Piit ngeundeuk ngeundeuk pasir mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal
kasorang.
Pindah cai pindah tampian Robahna tempat matuh robah adat jeung kabiasaan.
Pinter aling laing bodo Pinter tapi embung kanyahoan ku batur, kusabab eta nyeta
nyeta anu bodo.
Pipilih meunang nu leuwih koceplak meunang nu pecak Milih kalawan ati ati
pisan ku lantaran hayang meunang nu leuwih hade, ngan ahirna meunang nu leuwih
goreng.
Pondok jodo panjang baraya Saha og jodoh urang silaturahmi kudu tetep dijaga.
Pupulur memeh mantun Menta ganjaran memeh aya jasa atawa menta buruhan
memeh prak digawe.
Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging
Dina cidrana anu diborehan, boreh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu
dipangnanggungkeun.
Puraga tamba kadengda Migawe hiji pagawean henteu jeung enya enya. Henteu
ngandung maksud supaya hade hasilna ieu mah pada ulah dipaido bae.
Rumbak caringin di buruan dina hiji kasusah atawa karerepet geus boga teu boga
kolot anu mepelingan ka urang.
Rumbak kuntieun Henteu lengkep, aya bae anu kurang nu matak cua kana hate.
Rusuh luput gancang pincang Migawe naon bae anu rurusuhan, temahna matak
kaduhung sabab hasilna teu matak nyugemakeun.
Sabuni buni anu ngising sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah
anu goreng mah awal akhir sok kudu kanyahoan bae.
Sagalak galakna macan taru nyatu anakna sanajan pohara bengisna nu jadi
indung-bapa, umuna tara tega ka anu jadi anak.
Saherang herangna cai beas Galibna hate teh hese pisan beresihna ka jelema anu
geus bukti tas nganyernyeri ka urang.
Saherang herangna cibeas, moal herang cara cisumur Sasarina lamun geus aya
pacengkadan sok tara hade deui cara bareto samemeh aya pacengkadan.
Sakiriciking duit sakocopoking bogo Naon bae anu matak narik kana hate urang.
Saluhur luhur punduk tara ngaliwatan hulu Sapinter pinterna murid pangartina
moal ngaluhuran guru.
Samar polah samar rasa Henteu puguh tingkah upamana ku sabab tepung jeung
jalma anu dipikacinta tapi kakara disidem dina hat ba , tacan bruk-brak
Sangsara di geusan betah Teuing ku miskin, teu boga naon naon pisan kulantaran
geus embung digawe nyiar kipayah. Anehna the ari hirup mah hayang keneh.
Satengah buah leunca Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan.
Sengserang padung Ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga keneh napsuna cara
baheula keur ngora keneh, sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu tereh paeh.
Sentak badakeun teu ceehan dina gawe, mimiti pohara getolna, tapi beuki lila beuki
ngedul nu tungtungna teh diantep teu dipigawe pisan.
Sereg di panto logor di liang jarum nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab
loba dosa, loba kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema.
Sereg dibuana logor diliang jarum Kulantaran loba kasalahan atawa dosa, embung
cicing di nu rame, sabab sieun, karesepna the di nu suni, nu euweuh jelema.
Seukeut ambeu seukeut deuleu loba mata-matana jeung pinter nyusud perkara (keur
pagawean pulisi).
Seukeut tambang manan gobang Sakumaha gagahna wanina jeung ngalawana oge
jalma jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi.
Seuneu hurung cai caah Keur ambek, keur amarah, keur napsu.
Silih jenggut jeung nu gundul M nta tulung ka papada anu sarua butuhna atawa
sarua papada henteu boga.
Sosoroh ngadon kojor Kikiriman ku lantaran aya pangarahan tapi boro boro
meunang kauntungan, kalahka meunang wiwirang jeung karugian.
Taraje nangeuh dulang pinande Saban tugas kudu dilaksanakeun kalawan alus sarta
bener.
Taya tangan pangawasa Jiga anu dipupul bayu, henteu boga tanaga.
Taya halodo panyadapan taya eureuna digelendeng atawa di dicarekan (Terus bae
digelendeng atawa dicarekan).
Teng anak teng, anak merak kukuncungan sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu
hadena, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.
Teu aya sarebuk samerang nyamu Teu aya saeutik eutik acan.
Teu beunang dikoet kunu keked Teuing ku koret, tara pisan tutulung ka nu butuh
tatalang ka nu susah.
Teu boga pikir rangkepan Teu boga curiga saeutik eutik acan.
Teu busik bulu salambar teu regrog regrog, malah unggul dina juritna.
Teu didingding kelir teu dibuni buni, ditembrakeun bae, teu dirasiahkeun.
Teu dipiceun sasieur Sarua pisan teu aya bedana saeutik eutik acan.
Teu ditari teu ditakon Teu dipalire diantep bae, teu ditanya tanya acan.
Teu gugur teu angina Samemeh kajadian naon naon, teu aya pisan beja, lantaran
atawa ciciren.
Teu jauh ti tihang juru teu anggang ti tihang tengah Nya goreng rupana nya
goreng kalakuanana sok daek pulang paling.
Teu mais teu meuleum teu aya patalina pisan, teu pipilueun.
Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata Ngadenge jeung nenjo sorangan lain cenah
jeung baruk.
Teu nyaho di alip bingkeng bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola.
Teu puguh alang ujurna teu puguh entep seureuhna, teu beres lain kitu kuduna.
Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang Sing wawuh tur sing
loma sabab balukarna alus pisan.
Teui hir teu walahir, teu kakak, teu caladi teu aro aro acan Teu baraya, teu kaka,
teu adi teu alo alo acan. Deungeun deungeun tulen.
Ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal Menta dihampura tina rumasa
geus salah atawa boga dosa.
Tiis ceuli herang mata ngeunah hate kulantaran ngeunah deudeuleuan jeung
dedengean.
Tinggar kalongeun Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen teuing digelendeng
atawa dicarekan.
Tipu keling ragaji Inggris pinter dina kajahatan, pinter dina ngbobodo atawa nipu.
Titirah ngadon kanceuh sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung
kasusah nu leuwih gede.
Tunggul dirarud catang dirumpak Euweuh anu dipikaserab, terus bae ngalajur
napsu.
Tunggul sirungan, catang supaan Aya kajadian anu goreng atawa matak teu genah
ahirna.
Ulah beunghar memeh boga ulah adigung nyeta nyeta anu beunghar, turtaning
henteu atawa tacan boga pakaya.
Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung Ulah sok bosenan ari ka
pamajikan teh, hadena mah ti keur ngora keneh nepi ka geus kolot teh, lain beuki lila
beuki bosen tapi kudu beuki lila beuki welas asih.
Ulah cara ka malati kudu cara ka picung Ulah ngurangan kanyaah kudu beuki lila
beuki nyaah.
Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina
purwadaksina Kudu nuturkeun tika anu aya.
Ulah muragkeun duwegan ti luhur masing nyaah kana rejeki meunang hese cape
ladang kesang, pacuan arek dimonyah monyah.
Ulah ngukur baju sasereg awak Ulah menyimpulkan nurutkeun diri sorangan
Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian Ulah rebutan kakawasaan
Ulah pangkat memeh jeneng Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka nu geus
jeneng.
Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan Ulah kagoda, ulah kaganggu atawa
kabengbat ku rypa rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hade.
Uyah tara tees kaluhur Galibna sipat indung bapa anu harade atawa anu goreng sok
diturunkeun ka anak incuna.
Waspada permana tingal Bisa nyaho kana naon naon anu bakal kajadian.
Wiwirang di kolong catang nya gede nya panjang wiwirang nau pohara gedena.