You are on page 1of 4

BAHAN AJAR-5

Drama
Baca sempalan drama komdi (bobodoran) di handap kalawan bener lentongna, luyu jeung
pituduh guru !

HAJAT
Isuk-isuk Juragan pameget sareng juragan istri karalang-kuriling, teu dak cicing bangun
bingung.
Juragan Istri

: Tah meungpeung teu acan aya tamu, meungpeung rineh, ibu


hoyong sasanggem ka Apa!

Juragan pameget : Nyarita naon? Rk naon ? Aya naon, Bu? Naon ieu teh, naon ?
Juragan Istri

: K..k ..k..Bapa, tenang heula..tenang! Yeuh Bapa urang th pan nuju


hajat, Cik atuh, Pa.. sing gumbira, sing cnghar! Ieu mah ditingalitingali ku Ibu ti tatadi ngan baeu..d ba ambek-ambekan! Ku naon, Pa,
cik.. ku naon? Aya naon ? Naon atuh

Juragan pameget : Tenang atuh, Bu! Rk teu ambek-ambekan kumaha, geus pugur rk
hajat, der, suku kacugak ku paku. ?
Juragan Istri

: Teu kedah ambek-ambekan atuh, Pa,kedahna mah Bapa th ngaraos


syukur kacugakna th ku paku, cobi upami kacugakna ku linggis, bad
kumaha ?!

Juragan pameget : Eu.. kamana wae Ibu mah nyarita th!


Juragan Istri

: Atuda lepat, Apa mah, tos terang bad hajat, der ieu mah riweuh
ngoprk kandang domba! Pakuna pabalatak, pan janten kacugak!

Juragan pameget

: Ngoman kandang domba soth , pedah panto kandangna rk lsot!

Teu dioman mah paur atuh, Bu, kuma lamun keur parasmanan domba laleupas! Pan
riweuh, atuh! Mangkaning domba adu wungkul, kuma lamun domba diadu jeung smah?
Juragan Istri

: Bapa mah upami diajak nyarios th sok teu puguh, Ibu mah lieur!

Juragan pameget : Atuda enya, eu..keur mah suku kacugak, jol deui piambekeun sjn!
Juragan Istri

: A..ya naon deui, Bapa..?

Juragan pameget : Tingal ku Ibu! (nmbongkeun surat ondangan) Tah, surat ondangan!
Gara-gara si Kudin, jelema atah adol, di sadunya g moal aya jelema

ceuleupeung siga si Kudin, ka mana deui ayeuna jelemana? Udin!


Udin!.. Udin..! (ngagorowok tarik)
Juragan Istri

: Pa, teu kedah gogorowokan nyauran Si Udin mah! Lalaunan w!


Udin ! (lalaunan)

Udin

: Kulan ! (tarik)

Juragan Istri

: Nya, saur abdi og!

Udin

: Bad aya naon, Juragan?

Juragan pameget : Udin! Silaing dititah nyieun ondangan ku dwk, di mana silaing
nyieun ondangan ieu ?
Udin

: Di Si Tk An, Gan.. rrncangan abdi.

Juragan pameget : Terus nanaonan, di..na surat ondangan, ngaran dwk tukangna mak
sha (SH)? Pan silaing g nyaho, dwk mah lain sarjana hukum!
Era ..deuleu ku batur!
Udin

: EmmIeu mah kieu, Gan, basa abdi ka Si Tek An, di ditu tos aya
jalmi duaan, sami bad ngadaramel serat uleman, tah duanana og, anu
garaduh hajatna g ngaranggo SH, kitu! .. Kitu, Gan!.. Tah..eu.. abdi g
nurutan w! Jenengan Juragan dipengkerna nganggo SH, da mutan
abdi mah, SH th pasti singketan tina Sohibul Hajat!

Juragan pameget : Nya! Si ta mah kitu da, dasar jelema celeupeung Si Kudin mah!
Juragan Istri

: Na.. ari maneh..atuh Kudinaya-aya..wa!

Juragan pameget : Terus nanaonan, ieu, ngaran dewek suminta, kunaon euy di hareupna
teu mak R.. Raden Suminta kituh!
Juragan Istri

: Lah..atuh, Pa, sawios teu nganggo R og, teu aya sahurup mah moal
aya pangaruhna!

Juragan pameget :

(langsung nempas)Is..ceuk saha? Bu, ceuk saha euweuh pangaruhna?


Leungit sahurup g bda harti atuh ! Geura w..ucing, leungitkeun
hurup G- na, jadi ucin! Jelas beda atuh! Ari ucing mah sato, ari si Ucin
mah tukang cukur! Maenya aya Ucin dahar beurit? Teu kira-kira,
dimana aya tukang cukur dahar beurit?

Udin

: Teras, Bandung Gan, teu aya hurup G-na, janten Bandun, Bandun kota
kemban, pan ngalaguna ge hoyong seuri, Gan!

Juragan pameget : Montong ngabodor, siah! Lieur ka aingna g!


Juragan Istri

: Geura..w, ucing, upami teu aya hurup G-na janten ucin!

Juragan pameget : (nmpas) Eta mah bodoran Bapa, bieu! Asa lalieur aing mah!

PANGAWERUH DRAMA

Drama dina istilah sunda sok disebut sandiwara atawa pintonan anu ngawengku adeganadegan jeung obrolan antara pamanna. Ulikan dina pangajaran basa jeung sastra Sunda
ngeunaan drama teu ngutamakeun ngeunaan naskah wungkul, tapi og ngulik kumaha
prakprakan mintonkeun drama luyu jeung naskah nu aya.
Upama nitnan naskah drama, ku hidep bakal kapanggih aya sababaraha hal nu patali
jeung eta eusi naskah.
1. Aya nu disebut prolog, nyata gambaran ti pangarang naskah ngeunaan kaayaan atawa
paripolah palaku. Tujuanana sangkan nu maca atawa nu rk merankeun ta drama bisa
neuleuman maksudna.
Contona:
1) Isuk-isuk Juragan pameget sareng juragan istri karalang-kuriling, teu dak
cicing bangun bingung.
2) Di tengah imah Si Sabar jeung indungna keur uplek ngobrol ngalr ngidul bari
nyanghareupan cai enth nu masih knh ngebul. Lalawuhna kulub sampeu
anu kakara meunang nyait tina aseupan. Si Sabar diuk bangun ajrih
nyanghareupan indungna anu ngagelendut ba mapatahan ka manehna.
2. Aya nu disebut dialog, nyata obrolan antara hiji palaku jeung palaku sjnna.
3. Aya nu disebut epilog, nyata panutup catur ti pangarang.
Contona: Lantaran Si Sabar budak nu solh tur taat kana piwuruk indung, nya ti harita
manehna jeung indungna tetep renggenek di karajaan. Indungna dipercaya
pikeun mingpin paraemban, atuh Si Sabar diangkat darajatna jadi minantu
raja.
Maca naskah drama bda jeung maca karya sastra sjnna saperti sajak, carpon atawa
dongng. Sammh maca drama kalawan bedas, hidep kudu maca jero hat heula. Gunana
pikeun nangtukeun lentong jeung gaya dina maca. Sajaba ti ta og pikeun nitnan bisi aya
kecap anyar nu can nyaho hartina. Lentong dina maca naskah drama kacida lengkepna.
Upamana ba aya lentong kalimah pananya, lentong kalimah panyeluk, jeung lentong
kalimah wawaran.

Dina sempalan naskah drama di luhur aya sababaraha conto kalimah wawaran, kalimah
panyeluk jeung kalimah pananya. Titnan ku hidep tuluy pok baca sing bedas kalawan bener
lentongna !
1. Udin! Silaing dititah nyieun ondangan ku dwk, di mana silaing nyieun ondangan ieu ?

2. Di Si Tk An, Gan.. rrncangan abdi.


3. Terus nanaonan, di..na surat ondangan, ngaran dwk tukangna mak sha (SH)?
Pan silaing g nyaho, dwk mah lain sarjana hukum! Era ..deuleu ku batur!
4. Na.. ari manh..atuh Kudinaya-aya..wa!
LEMBAR KERJA SISWA
UJI KOMPETENSI
Sabada nitnan conto sempalan naskah drama di luhur, cing jieun ku hidep naskah drama
singket. Sing ngaguluyur saperti conto naskah drama di luhur! Eusina bisa nyaritakeun
kajadian di sakola.
1. ................................................................................................................................................
2. ................................................................................................................................................
3. ................................................................................................................................................
4. ................................................................................................................................................
5. ................................................................................................................................................
6. ................................................................................................................................................
7. ................................................................................................................................................
8. ................................................................................................................................................
9. ................................................................................................................................................
10. ................................................................................................................................................

You might also like