You are on page 1of 8

LAMPIRAN 1

BAHAN AJAR 9.8

Regepkeun Carita Pondok di handap kalawan taliti nu dibaca ku Guru !

DOMPET
Oman umurna kakara tilu welas taun. Unggal balik sakola manhna sok dagang s, ngider
ka saban tempat.
Keur mah ngeunah sna th, murah deuih, atuh loba jalma boh kolot boh barudak
padameuli s Si Oman. Atuh sna bak-bak ba saban pona th.
Harita og Oman semu rusuh balik ti sakola th. Hayang geura nepi ka imah. Hayang geura
ngiderkeun s deui.
Keur jongjon leumpang, ari pk manhna nnjo dompt ngagolr di sisi jalan. Oman
ngarandeg, luak-lieuk.
Hah, dompt saha ieu ? ceuk Oman. Padu ba miceun dompt th geuning. Boa murag
ktah !
Oman nyokot ta dompt bari teu welh luak-lieuk ba bisi aya nu nempoeun. Dompt
diasupkeun kana psakna. Geus kitu Oman rurusuhan balik ka imahna.
Tepi ka imah, dompt th diasupkeun ku Oman di handapeun kasur.
Oman, aya naon siga nu tas manggih kareuwas ?
Ah, teu...ma, teu aya nanaon ! tmbal Oman.
Sok atuh geura dahar heula, lain rk ngider deui ?
Muhun, Ma ! tmbal Oman.
Ma, ieu sayur naon ? Oman nanya ka indungna.
Eta th sayur bayem ! tmbal indungna pondok.
Ma, s teh seueur knh ?
Loba, tuh dina kulkas. Aya naon kitu ?
Teu ah, teu aya nanaon. tmbal Oman bari nuluykeun daharna.
Isukna sanggeus dahar Oman dagang s deui.
Bda ti sasari, po harita mah Oman th teu pati jongjon dagangna. Manhna bingung tur
hariwang mikiran dompt panimu. Kumaha mun aya jalma nu nyerangkeun basa manhna
nyokot ta dompt ? Kuma mun aya nu nyusulan ka imahna ?
Basa mulang tas ngiderkeun s, Oman pohara ngagebegna barang nnjo indungna
ngasongkeun ta dompt bari mencrong.

Ceuk indungna : Man, ari ieu th dompet saha bet aya toheun kasur ?
Tmbal Oman : Du...duka, Ma ! Oman nmbal kitu bari ngeleper bakat ku reuwas jeung
sieun indungna nanya kitu th.
Eta mah dompt Oman, Ma!
Ari Oman boga dompt ti mana? Ema mah can pernah nnjo Oman sok mamawa
dompt ! Geus ayeuna mah mending jujur ba ka Ema, ti mana ta dompt th ?
Ahirna Oman dak ngaku ka indungna.
Aduh gagabah geuning, kumaha mun ta th dompt anu nyulurkeun ! komo deui ieu
dompt duitna loba pisan aya dua ratus rbuna ! Omat isukan mah pulangkeun, ari aya alamat nu
bogana mah !
Peutingna, Oman anteng ngalamun.
Eta dompt th kudu dipulangkeun kanu bogana. Oman ngagerentes, Ceuk Ema mah duit
nu aya dina ta dompt th tepi ka dua ratus rbu. Beu, lamun boga duit sakitu, Kuring jeung
Ema bisa meuli barang jeung bahan-bahan s sangkan leuwih loba atawa Ema bisa muka
wawarungan.
Keur naon Man, siga nu anteng kitu ngalamun th ? teu kanyahoan bapana nanya bari
neuteup ka Oman.
Ieu Pa, saur Ema dompt th njing kedah dipasihkeun, abdi th bingung kumaha engk
mun tos tepang sareng nu kagunganana ?
Ayeuna mah kieu ba atuh, isukan bareng jeung Bapa urang anteurkeun. Alamatna aya ?
Aya, Pa dina KTP-na. Tmbal Oman.
Isukna, Oman dianteur ku bapana nyusul jalma nu boga dompt luyu jeung alamat nu aya
di dinya. Teu lila ta alamat th kapanggih. Sanggeus nepi ka hareupeun panto imahna, Oman
ngetrokan panto bari uluk salam.
Kulutrak kadng aya nu ngalaan konci. Bray panto muka.
Ah saha ta, nya? Sareng bad ka saha ?
Abdi pun Oman sareng ieu pun Bapa. Bad nepangan ka Bapa!
Mangga atuh lalinggih ! K...k... asa rareuwas, aya pikeresaeun naon ieu th ?
Ieu Pa, manawi leres, dupi Bapa kantos kaicalan dompt ? Bapana Oman
mangjawabkeun.
Oh..sumuhun, na kumaha kitu ?
Abdi kamari waktos icalan mendak ieu dompt! ceuk Oman bari ngasongkeun dompt.
Alhamdulillahirobbilalamin. Aduh.... hatur nuhun pisan Kasp. Leres ieu th dompt
Bapa! ceuk nu boga imah bungaheun pisan.

Geus puguh kitu mah Oman jeung bapana amitan. Nu boga dompt nganuhunkeun bari
ngeupeulan duit ka Oman. Sanajan kkphan og ahirna mah ditarima da nu boga dompt th
maksa. Oman jeung bapana marulang bari hat bungah lantaran geus bisa mikeun dompt ka nu
bogana.
( Dicutat tina Gapura Basa )
LAMPIRAN 2
LEMBAR KERJA SISWA
I.

UJI KOMPETENSI 1

1. Saha nu manggih dompt th ?

__________________________________________________________________________
2.

Kumaha sikepna basa manhna nyokot ta dompt ?

__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________

3.

Naon sababna pangna indungna nitah mulangkeun ta dompt ?

__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________

4.

Naon nu dilamun ku Oman barang nyaho eusi dompt th loba pisan ?

__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
5. Kumaha sikep hidep lamun manggih dompt saperti Oman ?
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
6. Caritakeun deui ku omongan hidep, galur carita pondok di luhur ?
II.

UJI KOMPETENSI 2

Tangan, baca hiji carita pondok boh tina buku kumpulan carpon, tina majalah atawa koran!

1. Tulis naon judul ta carpon;

2. Saha pangarangna;
3. Tina buku atawa majalah naon, terbitan iraha, kaca (halaman) sabaraha;
4. Saha palakuna;
5. Di mana kajadianana;
6. Kumaha watek/pasipatan ta palaku nu aya dina carpon;
7. Tulis ringkesan eusi carpon luyu jeung galur caritana.
LAMPIRAN 1
BAHAN AJAR 9.9
Baca sempalan novel ieu di handap !

PERANG BANTARJATI
Kira-kira sapuluh pal jauhna ti pakemitan distrik Jatiwangi, bawahan Kabupatn Bogor , di
sisi walungan Cimanuk aya hiji tempat ngaranna Jatitujuh. Nu matak disebut kitu katelah ku jati
anu ngariung, lobana tujuh tangkal, ayana di tengah alun-alun. Ayeuna mah duka aya sabaraha
hiji deui ngan anu jelas ta tangkal jati th geus henteu tujuh deui jumlahna th.
Nuturkeun galuring catur, papayan carita, ta tempat diadegkeunana ku nu mimiti
ngababakan di dinya, disebutna Embah Demang, malah tangkal jati anu tujuh ta og, pelak
anjeunna. Palataranana rata, wantuning tanah handap. Panasna munggah nrptp, sabab
deukeut kana rawa anu kacida legana. Sanajan kaayaan ta tempat ayeuna kacida turag-taregna,
aya kaanhanana, lantaran ku kaheubeulanana. Buktina tangkal jati anu ngariung tujuh di alunalun ta, taya anu nyaho iraha dipelakna, malah kolot anu umurna geus leuwih ti genep puluh
taun og, nerangkeun yn ti sainget manehna, ta tangkal jati geus aya sarta gedna geus saged
kitu.
Sajabana ti kahot, ta tempat aya sajarahna, sabab geus leuwih ti saratus taun lilana nepi ka
ayeuna, di alun-alun nu ayeuna sok diparak barudak ulin, atawa diparak ngangon emb, di
handapeun tangkal jati anu ngariung ta, mangpuluh-puluh jalma anu ditugel sirahna, nyata anu
teu dak milu ngaraman, ngalawan ka Sultan Cirebon, atawa ngahukum musuh anu katangkep di
pangperangan. Sabab jalma jaman harita, nu nyicingan ta tempat, geus leungit ingetanana jeung
bebeneranana, lantaran kacida teu sarenangeunana ku sabab hirup loba aturan anu ngajadikeun
kasangsaraan ka maranhna.
Jatitujuh dina kira-kira taun 1800 M, masih knh loba leuweungna, babakuna haur gereng
anu jadi dina ranca. Lemburna teu acan gegek cara ayeuna. Minangka pangramna, kajaba ti
Jatitujuh, nyata lembur Bayawak, Pilangsari, jeung pangkidulna Bantarjati, sisi Cimanuk,
deukeut ka wates Sumedang.
Po Jumaah kira-kira wanci pecat sawed. Jalma-jalma ngabrul nuju ka masigit, malah taratara ti sasari urang Bayawak jeung bantarjati og daratang. Rk saralat Jumaah? Nya rk naon
deui atuh sarra pada arasup ka masigit, nepi ka teu kaasupkeun, loba nu saralat di buruan.
Nu munajat geus ngelak ti isuk knh, sorana matak ketir, sada nu sasambat mnta
diblaan tina kaprihatinan.
Dur! Bedug lohor disada, ngong sora adan. Ieu og beuki nambahan ngerik kana hat nu
ngadng. Jelema di jero masigit anu mangratus-ratus lobana cong sarolat, kacida husuna, sabab

sajabana nedunan kawajiban agama th, ongkoh aya nu disuhunkeun ka Nu Agung, nya ta
berkah salametna dina ngajalankeun tugas anu geus lila dipiangen-angen ku maranhna.
Sabubarna salat Jumaah, sasarina sok garagancangan marulang, harita mah dariuk ba,
kawas aya nu didagoan. Teu lila hiji jalma nu katelah Bagus Rangin, nangtung deukeut
paimbaran tuluy nyarita, pokna, H batur-batur, pamaksudan urang anu geus lila dikandung
dina hat, ayeuna geus ninggang kana mangsana dilampahkeun. Bieu waktu salat, dina keur
huisuna kaula ngadng sora tan katingal, ari pokna, Insya Alloh maksud maranh sarra bakal
hasil! Tuluy kaula peureum, ari bray nnjo cahaya nyorot ka ieu masigit sarta kabh anu aya di
dieu kahibaran. Ku sabab ta henteu cangcaya deui, tangtu ta th pituduh anu nitah kana
ngajalankeun maksud urang ta. Anu teu acan nyaho bener kana pakarepan urang sarra,
gancang nya ka kokolotna, lamun geus gilig tangtu kaula mr tanggara!
Insya Alloh! ceuk nu ngadarng, tuluy bubaran. Ngan nu teu arindit teh jalma limaan,
nya ta Bagus Rangin, Ki Wasa (Bagus Wasa), Ki Lja, jeung Ki Dasa, urang kampung
Bayawak, kitu deui Ki Kondur urang Pilangsari.
Ceuk Bagus Rangin, Ayeuna geus teu bisa mundur deui, lantaran geus ninggang kana
mangsana urang kudu tutumpuran th, sabab ti batan hirup urang kieu salawasna, pinuh ku
kasangsaraan, leuwih had pah ba!
Puguh pikiran kuring og kitu pisan. Ceuk Ki Bagus Wasa. Keur naon hirup di dunya
og ari rk dijieun cara budak beulian saumur-umur mah? Ti barto og geus gilig, malah geus
sadia boh, kitu deui pakarang geus lengkep.
Kuring mah komo, ceuk Ki Kondur, Ngan aya kahanjakal th, teu aya nu boga bedil di
lembur kuring mah.
Hih, gampang nu kitu mah, ceuk Bagus rangin, sabab Ki Mirasa pamanggulna di
Lobener, geus indit ka Cirebon nyokot pakarang, urang mah kari ngadago kiriman ba. Engk
th mimiti nu rk digempur th dayeuh Dermayu. Lamun geus aya bjana di ditu geus prung,
urang kudu ngaheulakeun ngaributkeun di Amis, di dinya nu jadi gegedugna Ki Raita. Tangtu
para kapala ti Kadongdong muru ka dinya, tapi tangtuna oge kaburu kapegat manten ku urang
Palimanan sarta tangtu pulisi di dinya caremna.
Kumaha ari pulisi di dieu? ceuk Ki Bagus Wasa. Kasieun kuring kaburu nyahoeun!
Ah, teu kudu risi, sabab ayeuna og saenyana mah geus nyarahoeun, nu matak kami wani
nyarita di masigit og. Tapi moal bisa kumaha, sabab kabh somahan geus samiuk baris
ngaraman.
Kumaha lamun Kumpeni mantuan?
Eta og teu matak salempang, sabab moal aya nu bisa muru ka dieu, wantuning di ditu di
dieu geus pada sadia.
. . .
isukna subuh-subuh, balad para bupati geus tarapti, leugeudeut meuntas walungan
Cilutung, muru ka Karangsambung. Lembur-lembur nu kasorang geus saruwung, lantaran
jelemana geus marubus ka bawahan Bogor , malah aya oge anu nyingkur di bawahan Tomo.
Ti kajauhan katnjo meleketektek haseup, ttla tempatna karaman ta. Tuan Komisaris
marntah ka gulang-gulang supaya sadia, kitu deui kabh pamatang nu marawa tumbak geus
ditatakeun. Sanggeus ngaso sakeudeng, bring arindit deui nyorang tegal eurih jeung kaso.
Barang kira-kira aya dua ratus tumbak deui anggangna ka tempat karaman ta, reg deui
ngarandeg. Tuan Komisaris ngagorowok, marntah supaya bedil dieusian. Sanggeus tarapti,
gorowok deui marntah nyampeuk ka hareup moro tempatna barandal ta. Barang geus deukeut,
kakara bedil dibekaskeun, dur-dor teu puguh dngkeuneunana, haseup geus mulek, bau obat
nyambuang ka mana-mana.
Ana breg th ti nu bala, mani kawas nyiruan dibaldog tina sayangna, karaman th barijil
tina panyumputanana, pakanana sing sarwa bodas, nandakeun geus iklas miceun pati, narajang
lir bantng bayangan, taya kasieun taya kagimir.

Tuan Komisaris jeung parabupati marntah ka tamtama-tamtama jeung pamatang, supaya

muru ka musuh nu geus ngangseg. Dina rek brengna maju, kacida ributna, kuda pating alajrt,
jelema pabaliut. Nu gd wawannna maju ti heula ka hareup, nu leutik hatna rada raga-rogo
bari pupuringisan, sawarh mah aya nu meungpeun, paur nnjo gurilapna pedang musuh nu geus
diabar-abar, bari sarosoak. Ari rk mundur teu bisa, kahalangan ku batur, tur ti tukang dijaga ku
kapalana, bari ngamang-ngamang gobang meunang ngalugas. Ti dinya mah ger ba perang
campuh, silih kadk, silih tumbak, ram tarungna musuh jeung lawan. Nu raheut jeung nu
maraot blag-bulg pating jarungkel. Ddngan kacida matak ketirna, aya nu gerang-gerung ba,
ngarasakeun kanyeri.
Sanajan aya anu ngabarogaan bedil og, tapi ari diangseg kitu mah ta gagaman th taya
gunana, sabab taya tmpo pikeun ngeusianana. Sabot keur neteg bedil og karaman geus deukeut
mantn, kapaksa bedil th dipak paneunggeul. Bawaning ku tohtohan karaman narajangna,
wadya balad mundur, ngarah aya waktu keur ngeusian bedilna. Kitu deui balad nu sjnna
henteu kuat nahan panarajang karaman anu sakitu hbatna, ongkoh karaman mah leuwih ti opat
kalieun lobana sarta geus pada iklas ngabuang nyawa.
(Tina Novel Pangran Kornl : R. Mmd sastrahadiprawira)
LAMPIRAN 2
LEMBAR KERJA SISWA
UJI KOMPETENSI 1

Jawab sakur pananya di handap masing ttla!

1. Saha ba palaku nu disebutkeun dina sempalan ta novel?
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
2. Lembur naon ba nu disebut-sebut dina ta sempalan novel?
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
3. Naon sababna ta tempat disebut Jatitujuh?
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
4. Saha ari Embah Demang th?
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
5. Naon sabna urang Jatitujuh jeung sabudeureunana ngalawan ka Sultan Cirebon?
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
6. Saha nu disebut musuh dina ta perang th?
__________________________________________________________________________
7. Saha nu jadi pamanggul jurit dina ta perang?
__________________________________________________________________________
8. Naon sababna ta karaman th marak baju bodas?
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
9. Di mana ta perang th lumangsungna?

__________________________________________________________________________
10. Pihak mana anu nyorang kameunangan dina ta peperangan?
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
III.

Kabeungharan Kecap

Pal
= ukuran panjangna jalan antara kurang leuwih 1,5 Km
Pakemitan
= tempat kemit, atawa lembur
Distrik
= sabagian tina wewengkon kabupatn, kapalana disebut wadana
Galuring
= jalan carita
Catur
= carita, caritana, omongan
Ngababakan
= muka lembur anyar
Palataran
= karang, pakarangan, tanah datar
Nrptp
= panas kacida (upama ditincak)
Rawa
= ranca, tempat anu ledok tur jero sok caian ba
Turag-targ
= lembur teu kaurus, teu pikabitaeun, narikolot
IV.
V.
UJI KOMPETENSI 2
Tangan harti kecap-kecap ieu di handap!
1. ditugel
= __________________________________________________________
2. haur gereng
= __________________________________________________________
3. pecat sawed
= __________________________________________________________
4. kanibaran
= __________________________________________________________
5. tutumpuran
= __________________________________________________________
6. karaman
= __________________________________________________________
7. nyampeuk
= __________________________________________________________
8. gagaman
= __________________________________________________________
9. tohtohan
= __________________________________________________________
10. tamtama
= __________________________________________________________
Tuliskeun sakur kecap nu ku hidep teu kaharti maksudna, tuluy diskusikeun atawa tangan
hartina tina kamus!
11. ______________ = __________________________________________________________
12. ______________ = __________________________________________________________
13. ______________ = __________________________________________________________
14. ______________ = __________________________________________________________
15. ______________ = __________________________________________________________
16. ______________ = __________________________________________________________
17. ______________ = __________________________________________________________
18. ______________ = __________________________________________________________
19. ______________ = __________________________________________________________
20. ______________ = __________________________________________________________
21. ______________ = __________________________________________________________
22. ______________ = __________________________________________________________
23. ______________ = __________________________________________________________
24. ______________ = __________________________________________________________

25. ______________ = __________________________________________________________

UJI KOMPETENSI 3
Baca ku hidep hiji novel, tuluy jawab sakur pananya ieu di handap!
1. Naon judul ta novel?
__________________________________________________________________________
2. Saha pangarangna ?
__________________________________________________________________________
3. Saha ba palaku nu disebutkeun dina ta novel? Kumaha pasipatanana?
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
4. Sebutkeun ngaran tempat nu dipak latar dina ta novel?
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
__________________________________________________________________________
5. Tulis ringkesan eusi ta novel!

You might also like