You are on page 1of 27

RUNTUYAN / SUSUNAN ACARA DINA WALIMATUL URUSY

1.

07.15 - 07.30

Rengrengan Kulawarga Calon Panganten Istri tos siap kalayan merenah di

payuneun bumi.
2.

07.30 - 07.45
Rombongan Calon Panganten Pameget, dugi ka tungtung Jalan, atanapi buruan,
diandeg heula di payuneun bumi.
A.

Iber ti MC :
Ka rombongan pipanganteneun pameget, pamugi kersa ngantos heula sakedap,
sakantenan memeres rombongan, atanapi tamu nu sanes, anu kaleresan teu acan
siap.
Ka Pager Bagus sareng Pager Ayu nu bade mayungan Calon Panganten Pameget,
mangga dihaturanan kanggo mapag, ngiringkeun Calon Panganten Pameget ka bumi
Pipanganteneun Istri.

B.

Bari ngantosan nu mapah, Narasi MC, sapertos kieu :

Itu geuning, calon panganten geus sumping.


Kitu deui nu garinding, haturan bagea sumping.
Enya geuning, mana lucu-lucu teuing.
Nineung teuing, bagja teuing.
Anaking bagea sumping.
Enya geuning, nu dianti-anti sumping.
Nu kasep jimat awaking.
Baeu banget deudeuh teuing.
C.

Di lawang panto, dina panyaweran, diandeg deui, dipapag ku Ibuna

pipanganteneun istri, dikangkalungan kembang malati.Mangga ka ibuna pipangantenneun


istri, pamugi kersa ngangkalungkeun kembang malati, saparantosna dikangkalungan
kembang malati, pipanganteneun pameget munjungan ka ibu-ramana pipanganteneun istri,
kitu deui ibu ramana pipanganteneun pameget, pada-pada munjungan kadua pihakanana.
D.

Narasi MC dina :

Jemplang Karang.
Haturan kasep haturan

Haturan bagea sumping


Ibu kebek ku kasono
Ka hidep anu raspati
Panyileukan beurang peuting
Ibu teu weleh nunuhun
Hidep nu jadi harepan
Jagong tuhur beunang ngunun.
Nu kasep bagea sumping.
Cikur jangkung pamuraan.
Anaking paranglay teuing.
Cunduk waktu ninggang mangsa
Nitih wanci nu mustari
Nitih wanci nu mustari.
E.

Mangga ka Pipanganteneun Pameget oge ka ibu ramana dihaturanan calik di

tempat anu parantos disayagikeun.


Bawiraos ka para tamu nu teu acan kaagehan tempat, mangga milarian tempat
heula, supados rada salse, sateuacan ieu acara dikawitan.

3.

07.45 - 08.00
Bubuka MC.
Bismillaahirahmaanirrahiim.
Assalamu 'alaikum warahmatullaahi Wabarakaatuh
Alhamdulillaahilladzii khalaqa lakum min amfusikum azwaajaa, litaskunuu ilaihaa, waja 'ala
bainakum mawadah warahmah, wash shalaatu was salaamub'alaa mal laa nabiyya ba'dah. wa
'alaa aalihii washah bihii wamaw waalaah, laa haula walaa quwwata illaa billaahi al aliyyil
adhiim. amma ba'du.
Ibu-bapa hadirin sadaya, utamina para tamu, sepuh anom jaler istri rahimakumullah. Puji
syukur urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci, anu nangtayungan urang sadaya, siang
kalayan wengi. Muga-muga rahmat miwah barakahNa, kasanggakeun ka Nabi urang sadaya,
Nabi Muhammad SAW, ka para shahabatna, ka para kulawargana, sareng ka sadaya umatna
anu satia-satuhu ka anjeunna, khususna ka sapasang calon panganten. Atas nami shahibul
bait, sim kuring nyanggakeun haturan sumping, ka para tamu sadaya, disarengan ku kabingah
nu taya hinggana, ku kasumpingan ibu-bapa sadaya, dugi ka rada sesah, ngarekana ku basa.

Malah mandar teu ngalantur ngawur saur, urang kawitan bae ku acara nu munggaran,
minangka nyerenkeun pipanganteneun pameget, dina acara seren tampi dinten ieu.
Ka sesepuh ti rombongan calon panganten pameget, mangga nyanggakeun.

4.

08.00 - 08.15

A.

Nyerenkeun calon pipanganteneun pameget.

Bismillaahirahman nirrahiim.
Assalammua 'alaikum warahmatullahi wabarakaatuh.
Alhamdu lillaahil ladzi arsala rasuulahu lahu bil huda, wadinil haq, liyudh hirahuu 'alladiini
kullihii wakafaa billahii syahiidaa. Asyhadu allaa ilaaha illallaahu wahdahuu laa syariikalah,
wa asyhadu anna muhammadan 'abduhu warasuluhuu laa nabiya ba'dah. Allahumma shalli
wasallim wabarik 'alaa sayyidina muhammad, wa 'alaa aalihi wa ash haa bihii wa manit
taqaa. Amma ba'du.
Diawitan ku basmalah, nu jadi sekar pangiring catur, sangkan jadi panghias rasa, tur jadi
santun ing kalbu. Tarate hate malati ati, sangkan jadi pangemat aworna omel jeung amal.
Dituturkeun ku hamdalah, kalimah panundung rambu ing takabur, nu ngahunyud dina kalbu,
nu sok jadi panghalang, jorelatna teja Al Qur-an kana manah, ngaheumpikkan tembusna
cahaya kudus kana kalbu, sangkan ulah aya rasa riya, sumah jeung takabur, nu sok
pasolengkrah jeroeun dada. Dipirig ku kalimah kalih, syahadat dua lir sumpah, jangji moal
lanca-linci, luncat mulang udar tina tali gadang, mo rek ngijing sila, bengkok sembah, rek
khusyu sumujud, tuhu nuturkeun galur ti Rasul.
Ibu-bapa, hadirin sadaya, sepuh anom jaler istri rahimakumullah.
Saba'da bubuka nembe, mitembeyan, minangka pangjajap saur, widian sim kuring medar
pamaksadan, sok sanaos teu patos tebih, ti palih wetan, ti.....(tempat panganten pameget) ka
dieu.......(tempat panganten istri ), saur basa pujangga mah, jauh dijugjug anggang diteang,
ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, matak reuwas nu kasumpingan, sim kuring, minangka
nangtung sambung laku, letah sambung carita, ti kulawarga Bapa ...........(Ramana Panganten
Pameget), sarimbit, anu maksadna taya sanes :
-

Kahiji, seja nganuhunkeun ka pribumi, wireh ditampi ku tata titi anu raspati, panyambatna
nu bear marahmay, someah hade ka semah, matak luginakana manah, nawiskeun, yen
pribumi kalebet jalmi linuhung budi, anu resepngamulyakeun tatamu, hatur nuhun ...., mugia
bae kasaeanana ieu dibales kuAllah Nu Rahman Rahim.

Kaduana, seja nyanggakeun silaturahmi nu langkung jembar, minangka panyambung tina


silaturahmi nu kantos dilaksanakeun waktos kapengker,antawis kulawarga ............(Ramana
Panganten Pameget ) sareng kulawarga...........(Ramana Panganten Istri) didieu, mugia bae
beungkeutansilaturahmi

antawis

rombongan

calon

panganten

pameget,

sareng

kulawargacalon panganten istri saparakanca ieu, tiasa ngajantenkeun pirang-pirangkasaean.


-

Katiluna, seja nyambung saur kapungkur, anu kantos pasini, antawis kulawarga .........
(Ramana Panganten Pameget), sareng kulawarga .............(RamanaPanganten Istri) didieu,
wireh pun dulur, Saderek .............(PangantenPameget), putra lalaki, cikalna, ti kulawarga
Bapa ...............(RamanaPanganten Pameget), sarimbit, kantos nyimpen carios sareng tuang
putra Neng .........(Panganten Istri), upami teu aya cegahing Allah Nu Murbeng Alam, kalayan
didadasaran ku itikad, anu clik putih clak herang, seja tatahar, ngajak sasarengan rumah
tangga sareng tuang putra. Mun kapungkur, lamunan teh ngan ukur angen-angen wungkul,
kamari nu masih keneh janten beubeureuh maneuh, bebene pamepes hate, kiwari, dina dinten
Ahad ieu, aya kahoyong ti saderek Bambang ieu, manawi aya kaweningan galih ti tuang
putra, sareng ti sepuhna tangtosna oge, hoyong ka palupuh nangtung saurna teh, hoyong
kapimilik, malah dipaparah, diangen-angen, sangkan tiasa kauntun tipung katambang beas,
laksanana kapiduriat.

Kaopatna, wireh kawengku ku hukum katalian ku adat kabiasaan, yen sahna rumah
tangga, upami aya kaweningan galih, ka iklhasan manah, ti wali calon panganten istri, anu
mangrupi "ijabna" ditema ku panganten pameget minangka "qabulna", ayeuna, mangga,
kasanggakeun pamegetna, getihna satetes, rambutna salambar, ambekanana sadami,
kabodoanana,

kalaipanana

sareng

katalingeuhanana,

siangna,

wengina,

mangga,

nyanggakeun, sarta pangjajap pidu'ana, malah mandar, rumah tangga para putra urang jaga,
aya dina ginanjar kawilujengan, janten wangunan rumah tangga anu sakinah, rumah tangga
anu mawaddah warahmah, sangkan tiasa janten wangunan rumah tangga anu baldatun
thayyibatun warabbun ghafur.
-

Kalimana, sok sanaos kalintang isin ajrihna, margi tebih ti utami tea, kituge sanes bade
ngaluli-luli, nanging rumaos, tuna tina kagaduh, estu tamba ngalongkewang wungkul,
sapulukaneun pangjajap itikad, pangjurung maksud ti pun dulur, saderek .............(Panganten
Pameget), beas sacanggeum, encit sacewir, artos satoros teh, sanes mung ukur babasaan
wungkul, estuning saujratna, nanging panuhun, ulah ditingal jumlahna, margi tangtos, matak
ngisinkeunana, pamugi anu kasuhun, kersa nampi cacandakan saderek ...........(Panganten
Pameget) ieu. Kagenepna, hapunten anu kasuhun, upami ieu pamaksadan miwah
kadongkapan sim kuring saparakanca ieu, tebih tina harepan pribumi, oge tina sugrining
kalepatan sareng kakiranganana, utamina bilih aya saur bahe carek, catur nu teu kaukur,

carita anu teu karasa, eta sadaya sanes perkara anu dihaja, estuning tina kakirang sim kuring
wungkul.
-

Pamungkas, sim kuring neneda ka Allah SWT, mugia anu bade ditikahkeun ieu,sing
runtut raut, lulus banglus, apanjang-apunjung, parek rijkina, adohbalaina, jatnika salalamina,
dina enggoning laki rabina. Deudeul du'a ti awal bae, geulis, kasep : "Barakallahu laka
wabaraka alaika, wa jama'a baina kuma fii khair" Yaa Allah Yaa Rabbanaa, mugi Gusti
maparin barakah ka anu bade ditikahkeun ieu, sareng mugi Gusti ngahijikeun ka anu bade
ditikahkeun dina kasaean. Amin Yaa Allah Yaa Rabbal 'alamiin, Yaa Mujibas saa 'iliin.
Billahit taufiq wal hidayah, wal ibadah wal inayah.
Wallahu muwaffiq ilaa aqwamith thariiq.
Wasallamu 'alaikum warahmatullahi wabarakaatuh.

B.

Hadirin rahimakumullah, rupina teu kedah dikomentaran deui, naon-naon nu parantos

kasaksen sareng kakuping ku urang sadaya nembe. Bade dibujeng enggalna bae, ayeuna ka
sesepuh ti pihak pipanganteneun istri, dina waktos ieu, nu bade ngawaler sareng nampi,
pipanganteneun pameget ieu teh, diwakilan kunu janten sesepuh ti pihak kulawarga calon
panganten istri,waktos sareng tempat mangga kahaturkeun.
5.

08.15 - 08.30
Nampi calon pipanganteneun pameget .
Assalamu 'alaikum warhmatullaahi Wabarakaatuh.
Alahamdu lillaahil ladzii arsala rasuulahu bil hudaa, wadiinil haq, liyudh hiraahu alladziini
kullihi wakafaa billaahi syahidaa. Asyhadu allaa ilaaha illallaahu wahdahuu laa syariikalah,
wa asyhadu anna muhammadan abduhu waraasuluhu la nabiya ba'dah. Allaahumma shalli
wasallim wabarik 'alaa sayyidina Muhammad, wa 'alaa aalihi wa ash haa bihii wa manit taqa,
amma ba'du.
Ibu-bapa, hadirin sadaya utamina para tamu, sepuh anom jaler istri rahimakumullah.
Saba'da bubuka nembe, mitembeyan minangka pangjajap saur, Sim kuring minangka
nangtung sambung laku, letah sambung carita ti kulawarga .........(Ramana Panganten Istri),
Ramana pituin calon panganten istri Neng .................(Panganten Istri), nyanggakeun haturan
sumping, disarengan ku laksa keti kabingahan, ka para wargi sadaya, anu parantos kersa
ngadongkapan ka ieu patempatan, mugia bae, kasumpingan para tatamu ieu tehsing
ngajantenkeun hiji ibadah anu ditampi ku Allah SWT. Amin yaa Allah Yaa Rabbal
alamiin.Kawuwuh nembe, sakumaha kasauran sepuhna calon panganten pameget, deuh,
balungbang timur caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan, kitu ibaratna eusi dada sim

kuring sakulawarga ayeuna, sugri anu disaurkeun nembe, sakitu beres roesna, atuh nu
dipasrahkeunana, sakitu gindingna, sakitu tegepna,dedeg sampe rupa hade, anu lajeng
dipasrahkeunana pisan, kantenan, eta nu diajeng-ajeng siang kalayan wengi teh, malah tos asa
beuheung sosonggeteun, sim kuring sakulawarga tos cilingcingcat bae ti enjing keneh, komo
Neng .............(Panganten Istri) mah, inggis pajar teh, sieun Kang ................(Panganten
Pameget), teu cios sumping, saur juru mamaos mah kieu cenah geuning,Yeuh badan abdi
buktina,kapan sakieu reksakna, manis, kapan sakieu reksakna, dunungan, hate teh awutawutan, ku lami puyang payengan, dunungan, ayeuna mah geuning, ku lami puyang
payengan.. Nanging buktosna mah bet ngembang boled, nu dianti teu burung dugi, nu
ditunggu teu burung cunduk, kalayan salamet teu kirang sawios-wios, atuh kantenan, ditampi
ku asta kalih, kasuhun kalingga murba, binarungan bingah amarwata suta, bingah anu teu aya
hinggana.
Nya kitu deui cacandakanana, sakitu seueurna, sakitu numpukna, kirang kumaha deui, sok
sanaos yaktos teu diantos-antos, ditampi kalayan kabingahan,henteu bade diteundeun
dihandap-handap, estu disuhun dina embunan-embunan, mugia bae, janten hiji kamangfaatan,
pikeun barudak nu bakal nyorangkahirupan dunya anyar, dina wanda wangunan rumah
tangga.
Sawangsulna, mugia ageung sih hapuntena, tina sagala rupi kakirangan, dina leresan
panampian, utamina, bilih kirang tata titina, kirang duduga peryogana, mugi ulah kirangkirang nya ngahapunten
Pamungkas rupina, urang sami-sami ngadu'a bae ka Allah SWT, mugia paneja barudak nu
bade jatukrami ieu, miwah pamaksadan urang nu janten sepuhna, tiasa diijabah ku Allah
SWT, "Barakallaahu laka wabaraka alaika, wa jama 'a bainakumaa fii khaiir" Amiin Yaa
Allah Yaa Rabbal alamiin, Amiin yaa mujibas saa 'ilin, billahit taufiq wal hidayah, wal ibadah
wal
inayah, wallaahu muwaafiq ilaa aqwamit thaariq.
Wasallam mu'alaikum Warahmatullahi Wabarakaatuh.
Alhamdulillaahi Rabbil 'alamiin, kalayan Rahmat Nu Maha Kawasa, acara seren tampi, dina
enjing-enjing ieu, parantos dilaksanakeun kalayan lancar, teukirang sawios-wios, keuna kana
paripaos batu turun keusik naek. Cep .............(Panganten Pameget) purun Neng ...............
(Panganten Istri) na oge daek. Kanggo langkung euyeubna ieu acara, ka sepuhna calon
pipanganteneun istri, oge ibu-ramana calon pipanganteneun pameget, dihaturanan ngadeg,
kanggo seren tampi, masrahkeun cacandakanana, tinu janten calon panganten pameget ka
fihak calon panganten istri, simbolis bae rupina, ku ibuna calon pipanganteneun pameget ka
ibuna calon pipanganteneun istri. Atanapi ti Ibu ................(Ibuna Panganten Pameget) ka

ibu ..........(Ibuna Panganten Istri), atuh ka Juru Foto, bilih peryogi kanggo dokumentasi,
manga dipasihan waktos kanggo motoanana. Cacandakan nu sanesna, tiasa ekstapet bae,
dihaturkeun ka rengrengan pager bagus, atanapi pager ayu, atanapi kadang wargi ti pihak
kulawargi calon pipanganteneun istri, nu sanesna tiasa ngabantuan kanggo nampi cacandakan
ti para tamu ieu, disimpen heulaanan dinu merenah, supados rada salse.
Hadirin rahimakumullah. Saterasna, acara dilajengkeun kana acara akad nikah. Aya harewos
ti dua pihak anu bebesanan ieu, akad tikah teh hoyong di masjid bae saurna teh, ku kituna ka
para tamu, kadang wargi, hadirin sadaya, urang sasarengan bae, ngiringkeun pipanganteneun
ieu, ka Masjid ......................, kaleresan teu patos tebih.
Mangga ka pager bagus anu bade ngiring ngaping pipanganteneun ieu, tiasadiawitan bae.sing
rada anca we Cep ...............(Panganten Pameget) oge Neng ...........(Panganten Istri) teu kedah
gurung gusuh teuing, bilih geubis.
6.

08.30 - 09.05
Akad Nikah di Masjid........................
Hadirin ikhwatul iman rahimakumullah.
Alhamdulillah, ayeuna parantos dugi kana wanci nu mustari, calon panganten duanana, wali,
para saksi, sareng Bapa Naib, parantos sami-sami hadir.
Upacara akad nikah bade dibuka, ku maoskeun ayat-ayat suci Al Qur-anul Karim. Nu bade
kasanggakeun ku kersana Ustadz ..............., sareng Sari Tilawatul Qur-an na, kasanggakeun
ku kersana Ibu ................., kayungyun deui wae, nu ngaos Qur-an na carogena, sari tilawah
ku istrina.
Ka Ustadz ................. sareng .............., mangga waktos sareng tempat kahaturkeun.

7.

09.05 - 09.15
Bacaan Al Qur-anul Karim sareng Sari Tilawah.
Salajengna ditema ku khutbah Nikah, nu bade kasanggakeun ku kersana Bapa
K.H. ....................................Ka pangersa Bapa K.H......................, mangga waktos sareng
tempat kahaturkeun.

8.

09.15 - 10.00
Khutbah Nikah
Alhamdulillah, khutbah nikah parantos didugikeun nembe, kanggo pibekeleun para-putra
urang nu bade dirapalan, nanging teu mustahil, khutbah nembe teh, pikeun panggeuing
kanggo urang sadaya nu parantos janten panganten bari.Hadirin rahimakumullah. Insyaa
Allah, dina acara puncak dinten ieu, mangrupi akad nikah antawis Cep ............(Panganten
Pameget) sareng Neng ................(Panganten Istri), sareng nu janten walina.

Bilih hilap, ka sadayana bae, panuhun, ka ibu-bapa sadaya, anu sami hadir dinten ieu, upami
engke dina ijab-qabulna lancar teu kirang sawios-wios, panuhun, sakali deui panuhun, teu
kedah dikeprokkan sagala rupi, urang sami-sami du'akeun bae, ieu panganten teh ku du'a :
"Barakallahu laka wabaraka alaika, wa jama'a bainakuma fii khair". Ka bapa Naib, mangga
nyanggakeun.
9.

10.00 - 10. 30
Akad Nikah
Alhamdulillaah, ti danget ieu Neng .................(Panganten Istri) sareng Cep ..............
(Panganten Pameget), parantos ngadahup kalayan resmi kasaksen ku balarea, mugia sing
runtut raut, rukun sabilulungan, sapapait samamanis, rahayu salamet di dunya katut di akherat
jaga.

10. 10.30 - 11.00


Ngalebetkeun lelepen sareng Masangkeun Mas Kawin kana Panangan Panganten Istri.
Acara salajengna, nyaeta ngalebetkeun lelepen. Ka Cep .................(Pamanganten Pameget)
oge ka Neng .............(Panganten Istri), mangga ngadeg papayun-payun. Neng ......(Panganten
Istri) sok lebetkeun lelepen Kang..............(Panganten Pameget) teh, kana jariji tengenna,
mangga bari maos
Bismillaahirahmannirrahiim.
Alhamdulillah, pancen Neng ..............(Panganten Istri) parantos rengse, ayeuna kantun
Cep..............(Panganten Pameget), ngalebetkeun lelepen Neng......................(Panganten istri),
Sok mangga Kasep, lebetkeun lelepen Neng .............(Panganten istri) teh, kana jariji
panangan anu tengenna, teu kedah gurung gusuh, kasep, anca we, lalaunan, sing tarapti,
peell, sok dedetkeun, kituh, tos lebet mah gampil, nya.
Alhamdulillaah, acara ngalebetkeun lelepen parantos. Ayeuna urang lajengkeun kana
masangkeun mas kawin, masangkeun pinggel ku panganten pameget, ku Cep ......(Panganten
pameget) ka Panganten Istri, ka Neng ..............Hadirin sadaya, urang teraskeun kana acara
sungkem ka ibu-ramana panganten. Ka ibu-ramana panganten, dihaturanan ngalih calikna,
Ibu ..............(Ibu Panganten Pameget) sareng Pa ...........(Ramana Panganten Pameget) di
paliih kiwa, ibu ...............(Ibuna Panganten Istri) sareng Bapa.................(Ramana Panganten
Istri) palih tengenna.
Kahiji, Neng ..............(Panganten Istri), sungkem ka Mamah, Neng, sok munjungan ka
Mamah, oge Cep ..................(Panganten Pameget) sok munjungan ka Ibu, Kasep.
Kedalkeun, minimal atuh dina hate wae. Mamah, hapunten abdi, hapunten abdi. Salami
Mamah ngarorok abdi, tug dugi ka kiwari. Du'akeun abdi duaan, rek hirup macakal.
Mitembeyan, ngojayan kahirupan rumah tangga. Eulis,kasep, jimat Mamah anaking. Hidep

pupujaning ati, Mamah jeung Bapa. Dihampura ku mamah, Geulis, Kasep. Sanajan ayeuna
hidep macakal. Kanyaah Mamah, kanyaah Bapa, mo aya sudana.Bral didu'akeun ku Mamah.
Lakuna sing jadi lalanang jagat.Tandang lir lalaki langit.Geura mangkat geura miang.
Rajahna waras waluya.Beunang ngasuh ti lelembut.Ngatik ngaping ti leuleutik.Prak geura
pajangkeun. Kasep, geulis.
Ayeuna gentos, Neng ...............(Panganten istri). Cep .................(Panganten pameget), pek
munjungan ka Rama sewang-sewangan. Eulis, kasep, Jungjunan. Hidep duaan kiwari
rimbitan. K awajiban keur duaan.Sing sareundeuk saigel. Sabobot sapihanean.Mugia temen
tinemenanBapa ngajurung laku.Ka hidep duaan.Rek nempuh lalakon anyar Ngeusi hartina
rarabi. Hirup kumbuh rumah tanggaMustari nitih ka wanci.
Ayeuna gentosan, Neng ................(Panganten istri) munjungan ka Ibuna Kang ...............
(Panganten Pameget), Atuh Cep ..................(Panganten Pameget) munjungan ka ibuna
Neng.................(Panganten Istri). Du'a ibu ka hidep duaan. Hidep masing teguh rukun.
Salebeting laki rabiUlah unggut kalinduan. Gedag kunu lain-lain. Pria tata wijaksana.Mun
istri titi berbudi.Sarigig kudu jeung harti.Sarengkak kudu merenah.Kelet bawel bahe
carek.Tumanan heman ariman.Tatakrama ka sasama.Tuju laku nu rahayu.Siar jalan nu
waluya. Mangga gentos deui, ayeuna Neng .................(Panganten Istri) munjungan ka ramana
Kang .................(Panganten Pameget), atuh Cep .......................(Panganten Pameget)
munjungan ka Ramana Neng..........................(Panganten Istri). Pidu'a ti Bapa saeutik. Bapa
mah tangkal waluya. Pangeran anu Ngawasa. MantenNa anu Kagungan. Allah Nu Rahman
Jeung Rahim. Mangka temen teguh iman. Mugi Gusti nangtayungan.Ka hidep duaan,
salalawasna.
Mangga, cekap. Alhamdulillaah acara sungkeman rengse nembe.
Ka para tamu miwah hadirin sadaya, prosesi akad nikah di Masjid........................... parantos
rengse, acara pangwilujeng mah urangteraskeun di bumi bae, ku kituna ka ibu-bapa sadaya,
ngawakilan pribumi tangtosna oge, manawi kawidian ti sadayana, kanggo pangwilujeng ka
dua panganten ieu, diantos di rorompok saurna teh, di Jl...........................................Bilih bade
aya acara sawer, buka pintu sareng huap lingkung.
11. 11.00 - 11.30
Sawer, buka pintu. Sareng Huap Lingkung.
Hapunten ka para tamu, utamina ibu-bapa sadaya, hoyong pakaulan ieu teh,
dina acara sawer ieu, sok sanaos sora teh teu patos sae, pedah ka Neng
.......................(Panganten Istri) mah asa ka anak sorangan puguh ge.

Da ti bubudakna sareng pun anak nu cikal sapangulinannana, oge ka


Cep..................(Panganten Pameget), da puguh ka asuh unggal waktos di
rorompok, urang sawer sakalian ka Bapa geulis, kasep.
Kidung Pelog
Kalayan asma nu agung
Anu sifat rohman rohim
anu welas ka makhlukna
Amit medarkeun talari
Medarkeun tungkusan rasa
Parepehna hirup hurip
Seja nuturkeun piwuruk
Kawiatan ku pribumi
Ngagentos ibu ramana
Heulakeun panganten istri
Anu geulis kembang soca
Tekanan beurang jeung peuting

Ka caroge masing tumut


mipangeran lahir bathin
Tumut sugri parentahna
Singkiran sungkan sukingki
Peupeujeuh arek ngabantah
Bisi kasibat kabadi.
Sing jauh tina salingkuh
Malar jadi repeh rapih
Ka sanak kadang sing jembar
Mi asih ka kulawargi
Bakti hormat jeung tilawat
Ulah kendat masing meujit.
Kidung Salendro

Kang uga cunduk waktu


Katitih katarik tulis
Hidep dikawasa murba
Nangtayungan beurang peuting
Wajib mingpin ngasug garwa
Mikadeudeuh, ngaping-ngaping
Ka garwa sing asak malum
Pageuh mageuhan kadali
Lamun garwa pareng salah
Wurukan ku budi manis
Ulah dihaok disentak
Bisi mangpaung risingis.
Pameget sing kukuh pengkuh
Ulah dapon ngumbar biwir
Sautak-saeutik talak
Bisi kaduhung di akhir
Harempoy ngarum mangasay
Leumpeuh dipeureuh kapeurih.
Amin Ya Rabbal alamiin
Mugi Gusti nangtayungan
Buka Pintu
Embat-embat (Istri)
Ya Allah tobat yaa Rabbi
Eta teh saha diluar
Bet ngetrokan bae panto
Taya bemakaramana
Henteu rido henteu suka
Naha andika teu mafhum
Kapan kula teh rimbitan

Kentar Cisaat (Pameget)


Aduh enung, teungteuingeun teuing
Sing hawatos panto geura buka
Engkang teh ngiring ka jero
Kapan parantos tutuhu
Dirapalan ku bapa Naib
Nyumponan ki siku wungrum
Papagon Agama Islam
Engkang teh caroge eulis
Ulah hamham salempang
Sinom Pangrawit (Istri)
Karah teh panutan ati
Sembaheun dunya akherat
Nu mundut dibuka panto
Sumangga engkang sumangga
Estu sukalillah pisan
Nya hate balumbang timur
Caang bulan opat belas
Malah ti tadi ge abdi
Parantos kesel ngantosan
Hate asa diganggayong
Mung abdi gaduh paneda
Lawang mo waka dibuka
Mugi nyumponan pamundut
Tawis engkang mikacinta
Pameget
Gunung inten pupujaning ati
Jimat engkang mas mirah berlian
Mustikaning padon kabeh

Naon anu dipundut


Pinggel kalung sumber mas picis
Raksukan sareng sinjang
Sumeja kahatur
Bujeng-bujeng harta banda
Jiwa raga mo bade disisikudi
Eulis anu kagungan.
Istri
Teu kinten kabingahan
Engkang miwelas ka abdi
Taya dunya kinasihan
Ti lahir dugi ka bathin
Ananging panuhun abdi
Sanes emas inten jambrut
Mung hoyong kalimah kalih
Memeh lebet ngucapkeun
Syahadat heula.
Rengse sawer sareng buka pintu, diteraskeun kana acara huap lingkung. Ka Ibu
(Ibuna Panganten Istri) sareng ka Ibu ..(Ibuna Panganten Pameget),
mangga dihaturanan nyandak sangu koneng hiji sewang, teras ngahuapan putra
masing-masing, disambung engke ku Bapa..(Ramana Panganten Istri) sareng
Bapa(Ramana Panganten Pameget), sakantenan, huap pamungkas tinu janten
rama ka putra.
Mugi Gusti Nu Sipat Rahman Rahim, ngalimpahkeun rahmat kurnia ka panganten,
nu ayeuna bade ngicip-ngicip rejeki Gusti.
Huap anu wekasan sareng munggaran, disebat huap wekasan, margi ngarupikeun
huap pamungkas ti ibu-rama, disebat huap munggaran, margi mangrupi huap nu
ngawitan ti panganten pameget ka panganten istri, sareng sawangsulna.
Mangga ibu-ibu tipayun, teras disambung ku bapa-bapa, ramana.

Anaking pupujan ati, puputon kembang kadaton.


Ieu Mamah jeung Bapa mere huap nu pamungkas.
Ti leuleutik hidep dijaring beurang peuting.
Ku Mamah jeung Bapa.
Ayeuna mah geus sawawa, bral geulis, kasep.
Geura lugay macakal, hirup mandiri.
Mamah jeung Bapa sambung du'a.
Sing panjang punjung, panjang umur.
Cageur beuteung waras badan.
Jauh balai parek rejeki.
Rahayu salamet dunya akherat.
Kadeudeuh kaheman Mamah jeung Bapa.
Nganteng taya wates wangenna.
Lir gunung tanpa tutugan, sagara tanpa muara.
Najan pangjeujeuh diheuleut ku papisah, rumah tangga.

Pamungkas acara silih benyeng bakakak, sareng silih huapan.


Bakakak hayam parantos sayagi, oge sangu koneng sakeupeul sewang.
Benyeng
Sagalana tos sadia
Panganten tuang daria
Panggang hayam dipayunan
Panganten tuang duaan
Nyeng, benyeng benyeng benyeng
Saha nu tarik benyeng
Nyeng, benyeng benyeng benyeng
Saha nu tarik benyeng
Panganten silih huapan
Silih beulitkeun panangan
Jiga nu ayang-ayangan

Ayang-ayang duaan
Ayang ayang ayangan
Bari eelengehan
Ayang ayang ayangan
Bari eelengehan

Iber Ti MC.
Ibu-bapa hadirin ikhwatulk iman rahimakumullaah.
Alhamdulillaah, acara ka acara rengse kalayan lancar teu kirang sawios-wios,
sambil ngantos panganten gentos raksukan, supados rada salse, urang
lajengkeun bae tuang sapulukaneun lumayan sabrang salayan, lebet ka cabe mah
henteu.
Engke upami panganten tos saged deui, urang sami-sami para tamu sadaya, boh
ti pihak panganten istri, atanapi ti pihak panganten pameget, utamina uleman
sadaya, tatangga anu caket, dihaturanan ngadugikeun pangwilujeng, patepang
dampal panangan, sareng Neng ..(Panganten Istri) anu parantos jatukrami
sareng Cep (Panganten Pameget).
Nu dipalar pidu'ana ti sadayana. Kukituna, ngawakilan ti fihak kulawarga,
sim kuring ngahaturkeun timpah nuhun anu teu aya hinggana, ku kersana
ibu-bapa, ngaluuhan ieu acara, nyumponan pangulem ti shahibul bait siang
ieu, mugia bae sumpingna ibu-bapa sadaya, ka ieu tempat teh sing
dijantenkeun ibadah, anu ditampi ku Allah SWT. "Jazakumullaahu khairan
katsiraa, wa tsawaban jaziilaa".
Kalihna ti eta, ngemut kana tuntunan agama, kapan saurna ge :"Bewarakeun
pertikahan aranjeun ka balarea, sok sanajan ngan ukur siduru isuk". nu
dipalar pidu'ana ti sadayana.
Atuh ka panganten duaan, Ka Cep ..(Panganten Pameget) sareng
Neng(Panganten Istri), anu nuju nyeuseup maduna pertikahan, ngawakilan
ibu-rama hidep duaan, ngawakilan sepuh-sepuh urang sareng sadaya kadang
wargi, mung ukur tiasa muntang ka Allah Nu Murbeng Alam, mugia pernikahan

aranjeun duaan, dina nyorang kahirupan rumah tangga jaga teh, sing aya dina
ginanjar kawilujengan, sing janten rumah tangga anu sakinah, janten wangunan
rumah tangga anu mawaddah warahmah, sangkan tiasa janten wangunan rumah
tangga anu baldatun thayyibatun wa rabbun ghafuur.
Bawiraos, henteu aya nu langkung pantes didugikeun ka hidep duaan dina
wangkid ieu, iwal ti deudeul du'a, mugia Allah SWT ngajantenkeun pernikahan
aranjeun duaan teh, pernikahan anu diraksa ku MantenNa salalamina.
Yaa Allah Yaa Rabbanaa, limpahkeun pirang-pirang anugerah ka panganten ieu,
eusian sakuriling panganten ieu, ku pirang-pirang piwelas Gusti.
Hijikeun anu ditikahkeun ieu teh, dina beungkeutan anu pageuh tur lana dugi
ka jaga.
Allaahumma Yaa Allah, mugi Gusti henteu ngajantenkeun pisahna ieu
pertikahan, sareng henteu aya dina pirang-pirang pacengkadan
Sareng mugi Gusti nyumponan sagala kabutuh dua pihakanana, kabutuh istrina,
kabutuh carogena, kabutuh dunyana katut kabutuh akheratna.
Yaa Allah Yaa Rabbanaa, saestuna abdi sadaya nyuhunkeun pitulung ka Salira,
pamugi ngalimpahkeun rasa deudeuh rasa asih ka dua pihakanana, eusian rumah
tanggana ku putra-putra anu shaleh, putra istri sareng putra pameget, raksa
tur piara duanana tina sagala rupi tipu daya, gampilkeun duanana dina milari
rizkina, sareng mugia duanana dijantenkeun kana golongan anu shaleh.
Allaahumma Yaa Allah, abdi sadaya muntang ka Salira, tina kasalametan di
dunya katut di akheratna, sareng mugia tiasa syukuran ka Salira tina sagala
pirang-pirang kani'matan.
Yaa Allah Yaa Rabbanaa, jantenkeun anu ditikahkeun ieu teh, sapertos
ngahijina Nabi Adam sareng Siti Hawa, jantenkeun anu ditikahkeun ieu teh,
sapertos ngahijina Jungjunan abdi sadaya Nabi Muhammad SAW sareng Siti
Khadijah Al Qubra, jantenkeun anu ditikahkeun ieu, sapertos ngahijina
shahabat Ali Radiyallahu Anhu sareng Siti Fatimah Az Zahra.

Yaa Rabbanaa, mugi Gusti maparin barakah ka anu ditikahkeun ieu, sareng mugi
Gusti ngahijikeun ka anu ditikahkeun ieu dina kasaean.
Allaahumma bifadl lika 'ummanaa, wa biluth fika huffanaa, waj 'al haadzal
'aqda 'aqdaan mubaarakan ma'shuumaa, wa alif bainahumaa ulfatan, wa qaraaran
daa-imaa, walaa taj 'al bainahumaa furqatan, wa firaaran wajhusshuumaa, wak
fihimaa mu-natad dun-yaa wal aakhirah.
Allaahumma innaa nas-aluka an tulqiya bainahumal mahabbata wal widaada, wa
an tar zu qahuman naslash shaaliha minal banaati wal aulaad, hattaa
turiyahumal asbatha wal ahfaad, wa an tah fadhahumaa mim makaa yidil khalqi
ajma'iin, wa an tuwas si'a lahumar rizqa, wa an taj 'alahumaa min 'ibadikash
shaalihiin.
Allahumma inna nas -alukal 'aafiyata wa dawaamal 'aafiyah, wasy syukra
'alaal 'aafiyah.
Allaahumma allif bainahumaa kamaa allafta bainaa abiinaa Aadama wa umminaa
Hawaa-a, wa allif bainahumma kama allafta bainaa sayyidinaa Muhammad
Shalallaahu "alaihi wasallam, wa sayyidatinaa Khadijatal Kubraa, wa allif
bainahumma kamaa allafta baina sayyidinaa 'Alii wa sayyidatinaa Fatimataz
Zahra-i, wa allif bainahumaa kamaa allafta bainal maa-i wats tsalji.
Barakallaahu laka wa baraka alaika, wa jama'a bainakuma fii khaiir.
Washalallaahu 'ala sayyidinaa Muhammad, wa 'alaa aalihi wa ash haa bihi
wasallam.
Wal hamdulillaahi rabbil 'aalamiin.
Amin Yaa Allah Yaa Rabbal 'alaamiin.
Amin Yaa Mujiibas saa 'ilin.
Billaahit taufiq wal hidayah wal ibadah wal inayah.
Wallaahul muwaffiq ilaa aqwamith thaariiq.
Wassallam u 'alaikum Warahmatullahi Wabarakaatuh.

Susunan (Tata Cara) Upacara Nikah Adat Sunda


Ditulis oleh Administrator
Kamis, 11 Februari 2010 15:52
Susunan (Tata Cara) Upacara Nikah Adat Sunda. Pernikahan memang satu upacara sakral yang
diharapkan sekali seumur hidup. Bentuk pernikahan banyak sekali bentuknya dari yang paling simple,
dan yang ribet karena menggunakan upacara adat. Seperti pernikahan adat Sunda ini, kekayaan budaya
tatar Sunda bisa dilihat juga lewat upacara pernikahan adatnya yang diwarnai dengan humor tapi tidak
menghilangkan nuansa sakral dan khidmat.
Ada beberapa acara yang harus dilakukan untuk melangsungkan pernikahan, mulai dari lamaran dan
lainnya.
Ada Neundeun Omong (Menyimpan Ucapan): Yaitu, Pembicaraan orang tua atau pihak Pria yang
berminat mempersunting seorang gadis. Dalam pelaksanaannya neundeun omong biasanya, seperti
berikut ini :

Pihak orang tua calon pengantin bertamu kepada calon besan (calon pengantin perempuan).
Berbincang dalam suasana santai penuh canda tawa, sambil sesekali diselingi pertanyaan yang
bersifat menyelidiki status anak perempuannya apakah sudah ada yang melamar atau atau masih
(belum punya pacar)

Pihak orang tua (calon besan) pun demikian dalam menjawabnya penuh dengan benyolan penuh
dengan siloka

Walapun sudah sepakat diantara kedua orang tua itu, pada jaman dahulu kadang-kadang anakanak mereka tidak tahu.

Di beberapa daerah di wilayah pasundan kadang-kadang ada yang menggunakan cara dengan
saling mengirimi barang tertentu. Seperti orang tua anak laki-laki mengirim rokok cerutu dan
orang tua anak perempuan mengerti dengan maksud itu, maka apabila mereka setuju akan segera
membalasnya dengan mengirimkan benih labu siam (binih waluh siam). Dengan demikian maka
anak perempuannya itu sudah diteundeunan omong (disimpan ucapannya).

Narosan (Lamaran) : Dilaksanakan oleh orang tua calon pengantin beserta keluarga dekat, yang
merupakan awal kesepakatan untuk menjalin hubungan lebih jauh. Pada pelaksanaannya orang tua anak
laki-laki biasanya sambil membawa barang-barang, seperti yaitu :

Lemareun, (seperti daun sirih, gambir, apu )

Pakaian perempuan

Cincin meneng

Beubeur tameuh (ikat pinggang sang suka dipakai kaum perempuan terutama setelah melahirkan

Uang yang jumlahnya 1/10 dari jumlah yang akan dibawa pada waktu seserahan

Barang-barang yang dibawa dalam pelaksanaan upacara ngalamar itu tidak lepas dari simbol dan makna
seperti :

Sirih, bentuknya segi tiga meruncing ke bawah kalau dimakan rasanya pedas. Gambir rasanya
pahit dan kesat. Apu rasanya pahit. Tapi kalau sudah menyatu rasanya jadi enak dan dapat
menyehatkan tubuh dan mencegah bau mulut.

Cincin meneng yaitu cincin tanpa sambungan mengandung makna bahwa rasa kasih dan sayang
tidak ada putusnya

Pakaian perempuan, mengandung makna sebagai tanda mulainya tanggung jawab dari pihak lakilaki kepada perempuan

Beubeur tameuh, mengandung makna sebagai tanda adanya ikatan lahir dan batin antara kedua
belah pihak

Tunangan : Pada tunangan dilakukan patukeur beubeur tameuh, yaitu penyerahan ikat pinggang warna
pelangi
atau
polos
pada
si
gadis.
Seserahan : Dilakukan 3-7 hari sebelum pernikahan, yaitu calon pengantin pria membawa uang,
pakaian,
perabot
rumah
tangga,
perabot
dapur,
makanan
dan
lainnya.
Seminggu atau 3 hari menjelang peresmian pernikahan, di rumah calon mempelai berlangsung sejumpah
persiapan yang mengawali proses pernikahan, yaitu Ngebakan atau Siraman. Berupa acara memandikan
calon pengantin agar bersih lahir dan batin, acara berlangsung siang hari di kediaman masing-masing
calon mempelai. Bagi umat muslim, acara ini terlebih dahulu diawali dengan pengajian. Tahapan acara
siraman adalah:

Ngecagkeun Aisan. Calon pengantin wanita keluar dari kamar dan secara simbolis digendong
oleh sang ibu, sementara ayah calon pengantin wanita berjalan di depan sambil membawa lilin
menuju tempat sungkeman. Upacara ini dilaksanakan sehari sebelum resepsi pernikahan, sebagai
simbol lepasnya tanggung jawab orang tua calon pengantin. Property yang digunakan:
o Palika atau pelita atau menggunakan lilin yang berjumlah tujuh buah. Hal ini
mengandung makna yaitu rukun iman dan jumlah hari dalam seminggu
o Kain putih, yang mengandung makna niat suci
o Bunga tujuh rupa, mengandung makna bahwa perilaku kita, selama tujuh hari dalam
seminggu harus wangi yang artinya baik.
o Bunga hanjuang, mengandung makna bahawa kedua calon pengantin akan memasuki
alam baru yaitu alam berumah tangga.

Langkah-langkah upacara ini adalah:

Orang tua calon pengantin perempuan keluar dari kamar sambil membawa lilin/ palika yang
sudah menyala,

Kemudian di belakangnya diikuti oleh calon pengantin peremupan sambil dililit (diais )oleh
ibunya.

Setelah sampai di tengah rumah kemudian kedua orang tua calon pengantin perempuan duduk
dikursi yang telah dipersiapkan

Untuk menambah khidmatnya suasana biasanya sambil diiring alunan kecapi suling dalam lagu
ayun ambing.

Ngaras
Permohonan izin calon mempelai wanita kemudian sungkem dan mencuci kaki kedua orangtua
pelaksanaan upacara ini dilaksanakan setelah upacara ngecagkeun aisan. Pelaksaannya sebagai berikut:
Calon pengantin perempuan bersujud dipangkuan orang tuanya sambil berkata:
"Ema, Bapa, disuhunkeun wening galihnya, jembar
manah ti salira. Ngahapunteun kana sugrining kalepatan sim abdi. Rehing dina dinten enjing pisan sim
abdi seja nohonan sunah rosul. Hapunten Ema, hapunten Bapa hibar pangdu'a ti salira."
Orang tua calon perempuan menjawab sambil mengelus kepala anaknya:
"Anaking, titipan Gusti yang Widi. Ulah salempang hariwang, hidep sieun teu tinemu bagja ti Ema
sareng ti Bapa mah, pidu'a sareng pangampura, dadas keur hidep sorangan geulis"
Selanjutnya kedua orang tua calon pengantin perempuan membawa anaknya ke tempat siraman untuk
melaksanakan upacara siraman.

Pencampuran air siraman. Kedua orangtua menuangkan air siraman ke dalam bokor dan
mengaduknya untuk upacara siraman.

Siraman. Diawali musik kecapi suling, calon pengantin wanita dibimbing oleh perias menuju
tempat siraman dengan menginjak 7 helai kain. Siraman calon pengantin wanita dimulai oleh ibu,
kemudian ayah, disusul oleh para sesepuh. Jumlah penyiram ganjil; 7, 9 dan paling banyak 11
orang. Secara terpisah, upacara yang sama dilakukan di rumah calon mempelai pria.
Perlengkapan yang diperlukan adalah air bunga setaman (7 macam bunga wangi), dua helai kain
sarung, satu helai selendang batik, satu helai handuk, pedupaan, baju kebaya, payung besar, dan
lilin.

Pelaksanaan upacara siraman seperti berikut:


1. Sesudah membaca doa, Ayah calon pengantin langsung menyiramkan air dimulai dari atas kepala

hingga ujung kakunya. Setelah itu diteruskan oleh Ibunya sama seperti tadi. Dan dilanjutkan
oleh kerabat yang harus sudah menikah.
2. Pada siraman terakhir biasanya dilakukan dengan malafalkan jangjawokan (mantra) seperti
berikut:
cai suci cai hurip
cai rahmat cai nikmat
hayu diri urang mandi
nya mandi jeung para Nabi
nya siram jeung para Malaikat
kokosok badan rohani
cur mancur cahayaning Allah
cur mancur cahayaning ingsun
cai suci badan suka
mulih badan sampurna
sampurna ku paraniam

Potong rambut atau Ngerik. Calon mempelai wanita dipotong rambutnya oleh kedua orangtua
sebagai lambing memperindah diri lahir dan batin. Dilanjutkan prosesi ngeningan (dikerik dan
dirias), yakni menghilangkan semua bulu-bulu halus pada wajah, kuduk, membentuk amis
cau/sinom, membuat godeg, dan kembang turi. Perlengkapan yang dibutuhkan: pisau cukur, sisir,
gunting rambut, pinset, air bunga setaman, lilin atau pelita, padupaan, dan kain mori/putih.
Biasanya sambil dilantunkan jangjawokan juga:

Peso putih ninggang kana kulit putih


Cep tiis taya rasana
Mangka mumpung mangka melung
Maka eunteup kana sieup
Mangka meleng ka awaking, ngeunyeuk
seureuh

Rebutan Parawanten. Sambil menunggu calon mempelai dirias, para tamu undangan menikmati
acara rebutan hahampangan danbeubeutian. Juga dilakukan acara pembagian air siraman.

Suapan terakhir. Pemotongan tumpeng oleh kedua orangtua calon mempelai wanita, dilanjutkan
dengan menyuapi sang anak untuk terakhir kali masing-masing sebanyak tiga kali.

Tanam rambut. Kedua orangtua menanam potongan rambut calon mempelai wanita di tempat
yang telah ditentukan.

Lalu dilanjutkan dengan Ngeuyeuk Seureuh. Kedua calon mempelai meminta restu pada orangtua
masing-masing dengan disaksikan sanak keluarga. Lewat prosesi ini pula orangtua memberikan nasihat
lewat lambang benda-benda yang ada dalam prosesi. Lazimnya, dilaksanakan bersamaan dengan prosesi
seserahan dan dipimpin oleh Nini Pangeuyeuk (juru rias). Kata ngeuyeuk seureuh sendiri berasal
daringaheuyeuk yang ngartinya mengolah. Acara ini biasanya dihadiri oleh kedua calon pengantin
beserta keluarganya yang dilaksanakan pada malam hari sebelum akad nikah.
Pandangan hidup orang Sunda senantiasa dilandasi oleh tiga sifat utama yakni silih asih, silih asuh,
dan silih asah atau secara literal diartikansebagai saling menyayangi, saling menjaga, dan mengajari.
Ketiga sifat itu selalu tampak dalam berbagai upacara adat atau ritual terutama acara ngeuyeuk seureuh.
Diharapkan kedua calon pengantin bisa mengamalkan sebuah peribahasa kawas gula jeung
peuet (bagaikan gula dengan nira yang sudah matang) artinya hidup yang rukun, saling menyayangi dan
sebisa mungkin menghindari perselisihan. Tata cara Ngeuyeuk Sereuh:
1. Nini Pangeuyeuk memberikan 7 helai benang kanteh sepanjang 2 jengkal kepada kedua calon
mempelai. Sambil duduk menghadap dan memegang ujung-ujung benang, kedua mempelai
meminta izin untuk menikah kepada orangtua mereka.
2. Pangeuyeuk membawakan Kidung berisi permohonan dan doa kepada Tuhan sambil nyawer
(menaburkan beras sedikit-sedikit) kepada calon mempelai, simbol harapan hidup sejahtera bagi
sang mempelai.
3. Calon mempelai dikeprak (dipukul pelan-pelan) dengan sapu lidi, diiringi nasihat untuk saling
memupuk kasih sayang.
4. Kain putih penutup pangeuyeukan dibuka, melambangkan rumah tangga yang bersih dan tak
ternoda. Menggotong dua perangkat pakaian di atas kain pelekat; melambangkan kerjasama
pasangan calon suami istri dalam mengelola rumah tangga.
5. Calon pengantin pria membelah mayang jambe dan buah pinang. Mayang jambe melambangkan
hati dan perasaan wanita yang halus, buah pinang melambangkan suami istri saling mengasihi
dan dapat menyesuaikan diri. Selanjutnya calon pengantin pria menumbuk alu ke dalam
lumping yang dipegang oleh calon pengantin wanita.
6. Membuat lungkun, yakni berupa dua lembar sirih bertangkai berhadapan digulung menjadi satu
memanjang, lalu diikat benang. Kedua orangtua dan tamu melakukan hal yang sama,
melambangkan jika ada rezeki berlebih harus dibagikan.
7. Diaba-abai oleh pangeuyeuk, kedua calon pengantin dan tamu berebut uang yang berada di
bawah tikar sambil disawer. Melambangkan berlomba mencari rezeki dan disayang keluarga.
8. Kedua calon pengantin dan sesepuh membuang bekas ngeuyeuk seureuh ke perempatan jalan,

simbolisasi membuang yang buruk dan mengharap kebahagiaan dalam menempuh hidup baru.
9. Menyalakan tujuh buah pelita, sebuah kosmologi Sunda akan jumlah hari yang diterangi matahari
dan harapan akan kejujuran dalam mebina kehidupan rumah tangga.
Pada hari yang telah ditetapkan oleh kedua keluarga calon pengantin. Rombongan keluarga calon
pengantin Pria datang ke kediaman calon pengantin perempuan. Selain membawa mas kawin, biasanya
juga membawa peralatan dapur, perabotan kamar tidur, kayu bakar, gentong (gerabah untuk menyimpan
beras). Di daerah Priangan, susunan acara upacara akad nikah biasanya sebagai berikut:

Pembukaan:

1. Penyambutan calon pengantin Pria, dalam acara ini biasanya dilaksanan upacara mapag.
2. Mengalungkan untaian bunga melati
3. Gunting pita

Penyerahan calon Pengantin Pria:

1. Yang mewakili pemasrahan calon pengantin pria biasanya adalah orang yang dituakan dan ahli
berpidato.
2. Yang menerima dari perwakilan wanita juga diwakilkan

Akad Nikah:

1. Biasanya diserahkan pada KUA


2. Pada hari pernikahan, calon pengantin pria beserta para pengiring menuju kediaman calon
pengantin wanita, disambut acara Mapag Penganten yang dipimpin oleh penari yang disebut
Mang Lengser. Calon mempelai pria disambut oleh ibu calon mempelai wanita dengan
mengalungkan rangkaian bunga. Selanjutnya upacara nikah sesuai agama dan dilanjutkan
dengan sungkeman dan sawer.
Setelah akad nikah, masih dilakukan beberapa upacara, yaitu:
Saweran.
Merupakan upacara memberi nasihat kepada kedua mempelai yang dilaksanakan setelah acara akad
nikah. Melambangkan Mempelai beserta keluarga berbagi rejeki dan kebahagiaan. Kata sawer berasal
dari kata panyaweran , yang dalam bahasa Sunda berarti tempat jatuhnya air dari atap rumah atau ujung
genting bagian bawah. Mungkin kata sawer ini diambil dari tempat berlangsungnya upacara adat tersebut
yaitu panyaweran.Berlangsung di panyaweran (di teras atau halaman). Kedua orang tua menyawer
mempelai dengan diiringi kidung. Untuk menyawer, menggunakan bokor yang diisi uang logam, beras,
irisan kunyit tipis, permen. Kedua Mempelai duduk berdampingan dengan dinaungi payung, seiring
kidung selesai di lantunkan, isi bokor di tabur, hadirin yang menyaksikan berebut memunguti uang receh
dan permen. Bahan-bahan yang diperlukan dan digunakan dalam upacara sawer ini tidaklah lepas dari

simbol dan maksud yang hendak disampaikan kepada pengantin baru ini, seperti :
1. beras yang mengandung symbol kemakmuran. Maksudnya mudah-mudah setelah berumah
tangga pengantin bisa hidup makmur
2. uang recehan mengandung symbol kemakmuran maksudnya apabila kita mendapatkan
kemakmuran kita harus ikhlas berbagi dengan Fakir dan yatim
3. kembang gula, artinya mudah-mudah dalam melaksanakan rumah tangga mendapatkan manisnya
hidup berumah tangga.
4. kunyit, sebagai symbol kejayaan mudah-mudahan dalam hidup berumah tangga bisa meraih
kejayaan.
Kemudian semua bahan dan kelengkapan itu dilemparkan, artinya kita harus bersifat dermawan. Syairsyair yang dinyanyikan pada upacara adat nyawer adalah sebagai berikut :
KIDUNG SAWER
Pangapunten kasadaya
Kanu sami araya
Rehna bade nyawer heula
Ngedalkeun eusi werdaya
Dangukeun ieu piwulang
Tawis nu mikamelang
Teu pisan dek kumalancang

Megatan ngahalang-halang
Bisina tacan kaharti
Tengetkeun masing rastiti
Ucap lampah ati-ati
Kudu silih beuli ati
Lampah ulah pasalia
Singalap hayang waluya
Upama pakiya-kiya
Ahirna matak pasea

Meuleum Harupat ( Membakar Harupat )


Mempelai pria memegang batang harupat,pengantin wanita membakar dengan lilin sampai menyala.
Harupat yang sudah menyala kemudian di masukan ke dalam kendi yang di pegang mempelai wanita,
diangkat kembali dan dipatahkan lalu di buang jauh jauh. Melambangkan nasihat kepada kedua
mempelai untuk senantiasa bersama dalam memecahkan persoalan dalam rumah tangga. Fungsi istri
dengan memegang kendi berisi air adalah untuk mendinginkan setiap persoalan yang membuat pikiran
dan hati suami tidak nyaman.
Buka pintu
Diawali mengetuk pintu tiga kali. Diadakan tanya jawab dengan pantun bersahutan dari dalam dan luar
pintu rumah. Setelah kalimat syahadat dibacakan, pintu dibuka. Pengantin masuk menuju
pelaminan..Dialog pengantin perempuan dengan pengantin laki-laki seperti berikut ini :
KENTAR BAYUBUD
Istri : Saha eta anu kumawani
Taya tata taya bemakrama
Ketrak- ketrok kana panto

Laki-laki : Geuning bet jadi kitu


Api-api kawas nu pangling
Apan ieu teh engkang
Hayang geura tepung
Tambah teu kuat ku era
Da diluar seueur tamu nu ningali

Istri : Euleuh karah panutan

Nincak Endog (Menginjak Telur)


Mempelai pria menginjak telur di baik papan dan elekan (Batang bambu muda), kemudian mempelai
wanita mencuci kaki mempelai pria dengan air di kendi, me ngelapnya sampai kering lalu kendi
dipecahkan berdua. Melambangkan pengabdian istri kepada suami yang dimulai dari hari itu.
Ngaleupas Japati ( Melepas Merpati )
Ibunda kedua mempelai berjalan keluar sambil masing masing membawa burung merpati yang kemudian
dilepaskan terbang di halaman. Melambang kan bahwa peran orang tua sudah berakhir hari itu karena
kedua anak mereka telah mandiri dan memiliki keluarga sendiri.
Huap Lingkung (Suapan)

1. Pasangan mempelai disuapi oleh kedua orang tua. Dimulai oleh para Ibunda yang dilanjutkan
oleh kedua Ayahanda.
2. Kedua mempelai saling menyuapi, Tersedia 7 bulatan nasi punar ( Nasi ketan kuning ) diatas
piring. Saling menyuap melalui bahu masing masing kemudian satu bulatan di perebutkan
keduanya untuk kemudian dibelah dua dan disuapkan kepada pasangan .
Melambangkan suapan terakhir dari orang tua karena setelah berkeluarga, kedua anak mereka harus
mencari sendiri sumber kebutuhan hidup mereka dan juga menandakan bahwa kasih sayang kedua orang
tua terhadap anak dan menantu itu sama besarnya.
Pabetot Bakakak (Menarik Ayam Bakar)
Kedua mempelai duduk berhadapan sambil tangan kanan mereka memegang kedua paha ayam bakakak
di atas meja, kemudian pemandu acara memberi aba ?

You might also like