You are on page 1of 17

Nama : Gina Sofa Qurbannadila

Kelas : VI B

SDN CIBEUSI JATINANGOR

DONGENG-DONGENG SUNDA
TILU SATO
Ajag ngomong ka bancet : Naha maneh asoy-asoyan bae, mun digawe barangsiar cara
batur. Wangsulan bancet : Hih lain teu digawe, puguh kaula teh sieun, krur diintip-intip
bae tuh ku bango, rurupaanana kawas rek neureuy bae ka kaula teh.
Ajag malik nanya ka bango : Naha silaing bango, goreng-goreng teuing, teu hade kitu ka
sasama mahluk mah.
Jawab bango:Teu pisan-pisan kaula rek nganiaya bancet. Ongkoh sampean anu goreng
teh, ti tadi mula ngunguntit bae ngarah kaula. Didodoho diarah bongohna. Hadena bae
kaula caringcing
Ajag eraeun tuluy bae balik.
AJAG JEUNG ANJING.
Ajag papanggih jeung anjing di sisi huma. Anjing nanya:Rek kamana sakadang ajag?
Jawabna:Teu, rek nyaba bae. Cek anjing:Tibatan nyaba teu puguh mah anggur urang
nyampeurkeun manusa. Geura manusa mah bageur sok mere kahakanan nu ngareunah
Omong ajag:Hayu atuh dewek milu
Teu lila jol paninggaran rek moro ka leuweung. Anjing nyampeurkeun bari kupat kepot
malar dipikarunya. Ku paninggaran dicetrekan bari diheotan. Lung dialungan leumeung
ketan sapotong.
Ajag nyampeurkeun bari nyanggerengan. Paninggaran gancang nyabut pedang. Barang rek
dikadekeun, ajag ngejat lumpat ka nu bala bari ngomong :Edas bae, kutan manusa teh
sakti, igana hiji dicabut, rek diteunggeulkeun ka aing. Lamun aing teu gancang ngejat mah
tangtu paeh.
Ah ti serek ayeuna aing moal deui-deui nyampeurkeun bangsa manusa.
MAUNG, EMBE JEUNG AJAG
Ajag ngomong ka embe : Bagea sakadang embe, tas ti mana, naon bae nu diseja datang
ka kaula teh?
Jawab embe:Puguh kaula teh keur meunang kasusah banget pisan. Nu kagungan
leuweung geus meunang dua peuting ngulincer bae di pakarangan rek ngarah kaula.
Jawab ajag : Hih tai ceuli teuing sakitu mah. Tah tektek seupah bae sing ngabulaeh. Aing
tuturkeun ayeuna ka tempat maung.
Pek embe dipapatahan piomongeunana.
Barang ajag keur adu hareupan guntreng cacarita jeung maung, embe datang bari cupak
capek, sungutna beureum kawas tas nguyup getih bae.
Cek ajag : Aeh sakadang embe, tas ti mana, kadieu eureun heula.
Jawab embe : Lah puguh tas mumuluk, bieu di lebak manggih maung keur nundutan, gede
teh. Diteunggar ku kaula, ngan sakali pisan, sek bae paek. Tuluy bae dikecrokan polona,
alah aya pulen. Lamun dewek nyaho yen silaing aya di dieu, meureun dipangjingjingkeun
atina. Ayeuna silaing boga eta hiji nya?. Polona bagian dewek, keur nyeubeuhkeun.
Dagingna katut tulang-tulangna mah top bae jang silaing
Barang maung ngadenge omongan embe kitu, ngejat bari ngagaur, sieuneun ku embe,
asup ka jero leuweung.
Ti harita maung tara ngintip-ngintip deui ka eta embe.
BADAK JEUNG SAGALA SATO.
Hiji mangsa sagala sato dina hiji leuweung daratang nepungan peucang,
Cek Peucang : He batur-batur naon pikarepeun sampean daratang kabeh ka kaula?
Jawab sapi kolot : Kieu ujang, kaula teh sabatur-batur nu matak daratang ka dieu rek
menta tulung pangmaehankeun badak, karana kekebonan kaula kabeh ruksak diranjah ku
badak. Geus
sababaraha kali dicaritakeun tapi teu daek ngagugu bae. Ayeuna kabeh kaula
nyanggakeun, sing karunya bae ka kula jeung ka batur-batur.
Jawab peucang : Keun bae, eta mah kumaha kaula bae.
Pareng peucang papanggih jeung badak.
Cek peucang : Kiyai, naha kiayi geus ngadangu carios yen maung Raja leuweung ieu rek
liren tina ngasta karajaan. Kaula hayang pisan dirajaan ku kiayi. Pantes pisan mun jadi raja,

aya gagah, sakti, tambah-tambah kaumbang ku dedeganana, geus teu ningnang jadi raja
teh.
Jawab badak : Atuh puguh hayang mah. Ngan kumaha piakalaneunana
Omong peucang : Hih gampil, engke wengi urang sarare bae di patapan kuring di gawir Si
Lungkawing, sugan pinareng aya ilapat nurbuat ragrag ka kiayi.
Geus peuting dug ngaredeng di sisi gawir, ari badak beh tengah. Barang geus peuting
pisan peucang pindah lalaunan. Tuluy ngomong lalaunan :Kiayi, iser ditu, kuring sieun
ragrag, ieu tember pisan!.
Badak teh teu rarat reret deui, tuluy ngeser. Ana gurubag teh badak tiguling ka lebak nu
jungkrang pisan, nepi ka hanteuna.
BANGSAT JEUNG GAMPARAN.
Aya bangsat maling munding ti urang lembur. Ku manehna dibawa baris dijual ka sejen
tempat. Nu boga nyusul. Ti kajauhan keneh geus katembong, bangsat teh keur nungtun
munding. Nu boga bingungeun kumaha piakaleunana sangkan eta munding kapimilik deui.
Ari rek dipaksa direbut teu wani, turug-turug teu aya batur sahiji.
Tuluy leumpang gancang motong jalan jajahan, megat pijajalaneun bangsat tea. Sok
manehna neundeun gamparan sabeulah di pijajalaneun bangsat tea. Tidinya manehna
nyumput. Barang bangsat ngaliwat ka dinya, eta gamparan teh dicokot ku bangsat teh tapi
dilesotkeun deui. Tidinya nu boga munding, lumpat maju ka hareup, sok neundeun
gamparan sabeulah deui di tengah jalan. Manehna nyumput deui di nu bala.
Barang bangsat nepi ka dinya, tuluy ngarandang nyokot gamparan bari semu mikir.
Mundingna dicangcangkeun kana tangkal kai. Bangsat balik deui ka tukang rek nyokot
gamparan nu tadi dilesotkeun tea.
Sabot bangsat keur nyokot gamparan, nu boga munding teh gancang nyokot mundingna
dibawa balik, salamet nepi ka imahna.
KIAYI.
Aya hiji kiayi hayang boga minantu ka tukang macul. Hiji poe datang sudagar nanyaan, tapi
teu ditampa, sabab waktu sasalaman jeung kiayi karasa leungeunna lesang, jadi katangen
yen lain tukang macul.
Sababaraha jelema nu nanyaan teu ditampa bae, da leungeunna teu karadak. Kadenge ku
nu lolong, yen kitu rahasiahna kiayi, tuluy leungeunna dibalur ku ketan, jung indit ka kiayi.
Datang-datang tuluy sasalaman, cek pikir kiayi : Ah keun bae lolong-lolong oge da
leungeunna mah karadak, tangtu ieu tukang macul.
Cek Kiayi: Sampean montong mulang deui, bakal dikawinkeun ayeuna ka anak kaula.
Isukna minantuna dititah macul ka sawah, tengah poe pamajikanana nganteuran.
Sudagar nu nanyaan pangheulana tea, teu ngeunaheun, panas hatena, tuluy nuturkeun ka
sawah. Nu lolong teh diosol sarta dibere duit ku sudagar supaya mikeun pamajikanana
jeung nyingkah ti desa eta. Ari pamajikanana baralik jeung sudagar, sadatang-datang
anakna cacarita ka bapana, nyaritakeun yen salakina jadi beunta henteu lolong.
Jawab bapana :Alhamdulillah nyai, sukur..sukur..!.
ANAK TUKANG BOHONG.
Si Salham anak tukang bohong. Geus kaceluk kamana mendi yen Bapa Salham jelema
gede wadul, gede omong, sumawonna tatangga-tatanggana mah geus teu aya nu percaya
saurang-urang acan kana omong Bapa Salham teh. Lamun aya jelema ngawadul cek
baturna teh Silaing mah kawas Bapa Salham bae.
Barudakna ge salembur eta mah geus nyarahoeun kabeh, nepi ka nelah Si Salham anak
tukang wadul. Sakali mangsa mah Si Salham kacida ngenes atina, dumeh rek milu ulin ku
baturna teu dibawa, pokna:Montong ulin jeung Si Salham bisi katepaan wadul, da anak
tukang bohong, meureun manehna ge gede bohong. Tina ngenesna, tuluy balik ka imahna
bari jamedud. Manehna teh ngomong bae di jero atina ku hayang ngabuktikeun omong
batur-baturna, naha enya bapana teh ahli wadul atawa pitenah bae.
Kabeneran barang datang ka imahna, cek bapana : Salham isukan mah maneh ulah ulin,
urang ngala suluh ka leuweung. Walon Si Salham heug, Di jero atina manehna ngomong:
Nya ayeuna bisa nyelok ka bapa teh.
Kacaritakeun isukna isuk-isuk bral arindit ka leuweung, mekel timbel, deungeunna oncom
jeung sambel, da lalabna mah di leuweung ge loba. Ari Si Salham mawa wajit deui hiji

diselapkeun dina calana. Barang nepi ka leuweung, cek Si Salham:Euleuh, bapa....itu


badak.
Omong bapana:Euleuh heueuh, deuleu itu anakna aya dalapan. Cek SiSalham:Mana
bapa?. Cek bapana deui: Tuh geuning ka lebak. Padahal euweuh badak, euweuh naonnaon.
Si Salham ngomong di jero atina: Beu, enya, manahoreng bapa teh tukang wadul. Tidinya
ger maranehna ngala suluh. Kira wanci pecat sawed Bapa Salham jeung anakna areureun
di handapeun tangkal kai rek murak bekelna, ari lalabna mah geus ngunduh, bongborosan
jeung pupucukan, keur bawaeun balik ongkoh sawareh..
Kacaritakeun deukeut ka dinya aya susukan gede. Sanggeus entep barang daharna, kesang
geus pepes jeung geus reureuh capena, Si Salham ngomong, pokna: Bapa, kula hayang
mandi heula, cing anteur. Tuluy Si Salham jeung bapana ka cai. Barang datang ka cai Si
Salham mandi, tapi calanana dipake bae, lep teuleum. Barang bijil deui tuluy hanjat, pok
ngomong ka bapana :Euleuh bapa, mana horeng di jero cau teh aya lembur, di dinya aya
nu keur kariaan, kaula ge dibawa ngariung, tah ieu berekatna ngan mawa wajit we hiji.
Walon bapana:Aeh aeh na enya?. Cing bapa rek kaditu. Tuluy Bapa Salham turun ka cai,
lep teuleum. Ari susukan teh teu kira-kira loba batuna, kawantu susukan di pagunungan.
Bapa Salham tidadalagor kana batu, tarangna bancunur. Ari teuleumna mah teu wudu
kebel. Tidinya jol deui bijil, tuluy hanjat.
Cek Si Salham:Kunaon bapa tarang baloboran getih?. Walon bapana:Har kapan bapa teh
di nu
kariaan ditanggap menca, diadukeun jeung urang ditu, teu wudu rada ripuh diteunggeulan
tarang, tapi ari nu eleh mah itu, rubuh ku bapa, teu bisa hudang deui. Omong Salham:Na
dimana bapa aya nu kariaan?
Kapan di ditu di jero cai
Cek Si Salham: Atuh sameureun bapa, kula ku batur-batur sok disarebut anak tukang
wadul nepi ka btur teh teu daraekeun dipiluan ulin, kula teh kacida nya ngenes ati.
Manhoreng bapa teh lain ka deungeun-deungeun bae ngawadul teh, ka anak ge kitu we. Ari
kitu mah bapa teh lain nyontoan bageur ka anak teh. Cing atuh bapa ulah kitu.
Bapa Salham reup geuneuk ray pias, awahing ku era ku anakna, sarta niat di jero atina rek
kapok moal wadul-wadul deui.
TILU RUPA PAMNTA.
Jaman baheula aya hiji jalma teuing ku malarat, dahar sor henteu isuk. Ari pakasabannana
buburuh ngangon domba. Sanajan manhna kacida getolna, henteu mahi ba, sumawonna
cukup keur sapopo, sabab panghasilanana leutik. Ari buruhannana dina sabulan th ukur
lima geugeus par jaba dahar. Demi dununganana jalma beunghar, tapi teuing ku kort
jeung licik, ka pangangon th ngan minteran ba. Upama tukang ngangon domba rk indit
ngangon, dibekelan th ngan ukur sangu jeung uyah sambel, langka pisan dibr deungeun
sangu nu sjn. Lamun keur usum pann, dibr par buruhan th sok dipangmilihkeun
par nu gambrang pisan. Atuh mun dijual th teu sabaraha hargana, teu bisa keur meuli
baju nu pangmurahna. Papakana geus ruwang rawing pisan, cara jalma nu owah ba.
Sakali mangsa tukang ngangon th gering nepi ka teu bisa ngangon, ku dununganana teu
diurus. Barang geus cageur sarta keur mamayu, ngan can kaduga ngangon. Ka
dununganana mnta barang dahar teu dibr da can aya hasil gawna, nepi ka manhna
jajaluk. Liwat saking prihatin sarta ngenes di jero hatna. Beurang peuting manhna
neneda hayang bisa cara deungeun-deungeun, teu kurang ku dahareun, teu kurang ku
pakeeun. Ku tina nyeri hatna, antukna miceun manh ka leuweung, teu dahar teu nginum.
Barang geus meunang sababaraha po sar di leuweung hanpaeun tangkal kai. Ari hudang
bet manggih batu gigireunana tilu siki, saged-ged muncang, baruleud laleucir, kawas
batu cao. Teu kira-kira manhna kagteunana. Ngomong di jero hatna : Na saha nu
neundeun ieu batu th, da tadi mah euweuh. Sabot kitu kadng aya sora tan katingalan,
pokna : H jalma miskin, kusabab manh sakitu prihatinna, ayeuna pamnta manh
dikabulkeun. Manh meunang mnta tilu rupa, naon ba karep manh, Unggal rupa
pamnta ta batu anu tilu kudu dialungkuen hiji-hiji.
Tukang ngangon kacida atohna, batu dicokot, di kana pesakkeun, bari nyembah acongacongan, pokna : Nuhun Gusti, nuhun..!!
Ti dinya tuluy indit rk balik ka lemburna. Sajajalan mut ngaggelenyu seuri sorangan,
awahing ku atoh, bari mikir-mikir rk mnta naon.
Di jero hatna : Hiji aing rk mnta beunghar, dua rk menta jadi raja, sanajan beunghar
g ari teu boga kakawasaan mah kurang sampurna, katilu rk menta boga loba anak,

sangkan aya nu nuluykeun jadi raja, sarta aya nu ngurus banda pakaya
Barang datang ka imahna, manhna rk nyoba mnta beunghar, tapi ck pikirna leuwih
had menta duit ba sing loba, sabab ari mnta munding atawa kuda mah amba, jeung
deui ari geus boga duit mah hayang naon-naon g tangtu bisa. Tuluy ngodok batu rk
dialungkeun bari mnta ta. Tapi ngomongna kacaltot, maksudna rk menta loba duit ari
pok bet mnta loba ceuli. Barang keleweng th batu dialungkeun, ngan reng w awakna
pinuh ku ceuli, kawas tunggul pinuh ku supa lmbr. Atuh manhna gogolran ceurik,
awahing ku gila ningali awak sorangan, jeung handeueul pamnta geus mubadir hiji.
Sanggeus rada leler, ngomong di jero hatna : Ah keun ba teu kudu menta jadi raja, teu
kudu loba anak, dapon beunghar ba, ieu batu nu hiji rk dialungkeun deui, menta supaya
ceuli leungit kabh. Keleweng batu dialungkeun. Les ba ceuli nu rimbil th ngiles, leungit
kabeh. Manehna bungah liwat saking, sarta niat rk ati-ati dina mnta nu katilu supaya
ulah kacaltot deui. Dumadak inget kana ceuli nu dua, nu asalna aya, bet euweuh, kabawa
leungit ku ceuli ciciptaan. Atuh ngan hing deui we ceurik, leuwih tarik batan tadi, sabab
pamnta ngan kari hiji deui.
Ngomong di jero hatna : Kumaha petana, ayeuna lamun aing mnta beunghar tangtu jadi
jelema tanpa daksa, teu boga ceuli. Lamun tetep mnta ceuli nu asli balik deui, meureun
tetep jadi jalma malarat.
Tidinya jorojoy ba aya pikiran nu sampurna, ck atina : Wah leuwih had aing mnta
didatangkeun deui ba dua ceuli nu asli, sabab saur sepuh g nu utama mah badan walagri
sarta cageur, ta th leuwih utama batan kabeungharan. Saenyana jalma nu disebut
beunghar th nyata jelema nu narima kana kulak canggeum awakna. Saperti diri kuring
da geus milikna kudu malarat, ari usaha mah da geus dilakonan. Hanas ta teu boga
dahareun jeung pakeun nya rk ihtiar w, da anggahota lengkep, tanaga rosa. Anggur rk
nangan deui ba dunungan nu bageur tur haat ka diri kuring.
Tidinya batu nu tinggal sasiki th dialungkeun, mnta ceulina nu asli balik deui sabihari.
Harita knh awakna walagri deui.
Ratu Inten Dwata
Seueur nu nganggap yn carios Ratu Inten Dwata th mung saukur dongngan legnda
wungkul, margi taya buktos nu pasti atanapi data mpiris nu leres-leres tiasa dipercanten.
Sanaos kitu, carios Ratu Inten Dwata masih tetep ngarupikeun dongng karuhun nu masih
dipercanten ayana, utamina ku masarakat Tarogong, Garut, salaku carita sasakala karuhun
karajaan Timbanganten.
Taun 50-an pribados kantos ngahaja ngadongkapan ka sababaraha situs nu dianggap
patilasan karajaan Timbanganten. Di antawisna lokasi Korobokan, Cipanas, sareng Gunung
Putri. Hanjakalna, maksad ngajugjug ka puncak gunung Guntur mah teu laksana, jalaran
kaayaan kaamanan waktos harita pikarisieun, ku mahabuna gorombolan.
Waktos ngajugjug ka lokasi Korobokan teu tebih ti kacamatan Tarogong kiwari, taun 50-an
mah masih knh aya seueur gundukan batu. Katingal pabalatakna gundukan babatuan,
sapertos patilasan bangunan lami. Sabudeureunnana seueur kakaian sarupaning
tatangkalan arageung, pacampur jeung eurih. Oge aya sababaraha kuburan lami nu teu
kapiara, pating solengkrah. ta lokasi th aya dina pasir luhur bukit alit. Leumpang ka
punclutna th asa cap da nanjak.
Cenah di ta lokasi th aya dugaan patilasan karajaan Timbanganten. Nanging upami
urang kadinya waktos ayeuna tahun 2008 mah, eta situs teh tos moal katingal deui. Nu aya
mah seueur bangunan enggal diantawisna bangunan sakola sareng bumi-bumi mani
pasedek-sedek. Teu kapendak deui gundukan-gundukan batu nu kapungkur kungsi diduga
patilasan karajaan Timbanganten.
Di puncak gunung Putri, mun urang nyawang ka palih wetan sareng kidul, plung plong
pikawaaseun. Palih wetan, dihandap teu tebih, katingal atra pamandian Cipanas, rada
tebihan wetaneunana muncunguk kacamatan Tarogong. Palih kidul rada tebih, nanging
eces katingal bumi-bumi, bangunan, sareng masjid Agung Garut. Pantes, sareng kasawang
ieu tempat teh taya sanes dalah situs patilasan kanjeng Ratu Inten Dewata nu kantos
ngababakan di ieu tempat.
Karajaan Timbanganten teh sakawitna puseur dayeuhna teh di Korobokan, lajeng ngalih ka

Tarogong saparantosna gunung Guntur bitu. Karajaan Timbanganten kalebet nagara madeg
mandiri, hartina teu kaereh/kajajah ku nagara deungeun. Tanahna subur makmur gemah
ripah lohjinawi, murah sandang murah pangan, rea ketan rea keton. Sepi paling towong
rampog teh lain ukur ngan babasan. Rajana katelah Rangga Lawe, hiji raja nu adil
palamarta, gede wibawa tur dipikacinta ku rahayatna.
Saleresna nu kedah nyekel kadali pamarentahan teh sanes Rangga Lawe, nanging rakana
nu kasebat Ratna Inten Dewata. Hiji istri geulis camperenik, salirana jangkung alit, kulitna
koneng. Rambutna hideung meles galing muntang bawana ngajadi. Tapi anjeunna teu
hoyongeun nyepeng karajaan, kalah dipasrahkeun ka raina Rangga Lawe, hiji jajaka nu
dedeg sampe rupa hade rancingeus, pertentang tur parigel.
Ceuk sakaol, sateucanna Rangga Lawe jeneng raja, nu nyepeng karajaan Timbanganten teh
ramana suargi nu jenengan Rangga Raksa Nagara. Ti parameswari Dewi Gandani anjeunna
kagungan dua putra. Nu cikal jenengannana Ratna Inten Dewata, ari raina mah Rangga
Lawe.
Sawaktos raja sepuh bade ngantunkeun alias tilar dunya, kantos mantenna masihan
bewara dina hiji riungan rehna mantenna bade masrahkeun karajaan Timbanganten ka
putrana nu cikal nyeta Ratna Inten Dewata, margi kitu aturan buhun karuhunna. Nanging
kalayan lantip, Ratna Inten Dewata ngawaler:
Abdi parantos kedal ucap, seja ngalaksanakeun kereteg hate, upami diparengkeun abdi
panjang umur, Ama sareng Ibu parantos teu aya, abdi hoyong nyirnakeun pikir, ngahenangngahening nyorangan ngababakan. Cindekna teu hoyong kadali pamarentahan. Kukituna,
sanes nampik pangasih Ama, bawiraos sae pasihkeun bae ieu karajaan teh ka pun adi
Rangga Lawe. Kalintang pantesna upami pun adi jadi raja, hiji jajaka pertentang, gede
wawanen, perceka dina sagala rupa hal. Tah, ku kituna ka rayi Lawe, prak geura tampa
amanat jeung kaasih ti Ama jeung ti lanceuk. Geura cekel ieu karajaan Timbanganten.
Heuleut sababaraha waktos, lajeng Ratna Inten Dewata angkat ka gunung Kutu nu kiwari
disebat gunung Guntur, disarengan ku Ki Rambut Putih, nu bumela ngaping ngajaring sang
putri. Mangtaun-taun marantenna ngababakan di hiji tempat nu katelah Babakan Putri.
Tempat nu kalintang pikabetaheun. Hawana seger. Komo mun pareng kekembangan
nyambuang sarareungit. Manuk-manuk recet disarada. Ngerelekna sora pancuran nu
ngocor kana empang matak betah tumaninah.
Hiji mangsa karajaan Timbanganten mayunan cocobi nu kalintang ageungna. Nyeta halodo
panjang, dugi ka masyarakat karajaan Timbanganten tigerat kakirangan cai. Aya usulan ti
para gegeden karajaan supados ngadamel bendungan cai, sumber caina nyandak atanapi
ngabedol babakan Putri nu waktos harita ngarupikeun padepokan Ratna Inten Dewata.
Kalayan teu ngemutkeun kumaha mamanahan sareng pamadegan ingkang raka, Rangga
Lawe nyaluyuan pikeun ngabongkar babakan Putri, nu caina engke baris dikocorkeun ka
bendungan karajaan Timbanganten. Tempat anu dipikabetah ku Ratna Inten Dewata teh
lajeng dibukbak, teras didamel tambak, teu tata pasini heula kanu kagunganana.
Ratna Inten Dewata kalintang benduna. Dadak dumadak langit angkeub nutup buana
Timbanganten jeung sabuderna. Kawitna mah rahayat Timbanganten suka bungah. Angot
Rangga Lawe mah, dikintenna hujan bakal turun, katurug turug tambak cai tos bade
rengse.
Tapi kasuka jeung kabungah harita keneh sirna, sabab ngadak-ngadak taneuh oyag.
Gunung Guntur bangun nu ngaguruh. Lini gede mimiti karasa. Taneuh inggeung. Gelap
pating burinyay. Bumi genjlong asa digunjang ganjing. Gunung Guntur ngabudalkeun batu
pating saliwer. Langit asa tungkeb. Pating jelegurna sora gelap dina ponclot gunung Guntur
beuki motah. Tatangkalan pating dorokdok raruntuh, pareunggas katebak angin tarik naker.
Geus kitu mah kakara rahayat Timbanganten ngarasa gimir. Bur-ber ka ditu kadieu. Pating
jarerit, pating koceak. Rangga Lawe kakara sadar, yen eta kajadian kitu teh mangrupa
bebendon ti dewa, dumeh geus wangkelang bedegong ka nu jadi lanceuk. Cul anak
pamajikan, Rangga Lawe seja milarian Ratna Inten Dewata, rek mundut dihapunten.
Mantenna moal sugema, upama teu amprok heula jeung nu jadi lanceuk.
Kersaning Hyang Widi, Rangga Lawe tepang jeung Ratna Inten Dewata. Kudupruk bae

anjeunna nyuuh kana dampal sampean Ratna Inten Dewata, sabari nyarios dumareuda:
Duh, Mbok, hapunten jisim kuring rumaos lepat. Ieu teh bebendon Hyang Widi ka jisim
kuring, nu bedang wangkelang ka salira Mbok.
Satutasna Ratna Inten Dewata ngahampura kana kalepatan Rangga Lawe, ngadak-ngadak
lini teh eureun. Gunung Guntur teu ngutahkeun deui leutak panas. Batu gede, batu leutik
geus taya nu pating belewer deui. Langit ngadak-ngadak lenglang, angin leler. Ciri Dewata
nyakseni kana kabersihan hate Ratna Inten Dewata.
Ceuk sakaol, Ratna Inten Dewata sareng Ki Rambut Putih lajeng arangkat ka palih wetan nu
dituju nyeta gunung Talagabodas ayeuna, duanana maksad neraskeun ngasakeun
tatapana. Sarta didinya pisan marantenna tarilem.
Ari Rangga Lawe mah, angkat ka hiji tempat nu seueur kokocoran cai. Rangga Lawe nya
ngababakan deui. Lila-lila eta babakan teh beuki rame batan Korobokan kapungkur. Nepi ka
kiwari babakan enggal teh katelah Tarogong. Korobokan nu kapungkur kantos janten pusat
dayeuh Timbanganten, janten leuweung da teu dipirosea deui.Tapi ari ngaranna mah masih
keneh tug nepi ka ayeuna.
Mitutur catur kapungkur, Rangga Lawe nu dijenengkeun raja deui ku rahayat Tarogong,
sabada bumen-bumen di dinya, tilem teu ngantunkeun tapak. Cipanas ayeuna jadi
pamungpungan ti mana mendi, mangrupa wewengkon pariwisata. Boh keur sukan-sukan,
atawa ngadon tatamba pangpangna caina matih pikeun nu katarajang kasakit kulit. Nya
kitu deui Tarogong ayeuna leuwih rame batan kampung Korobokan. Padahal samemehna
mah Korobokan teh puseur dayeuh karajaan Timbanganten. Tapi ayeuna mah ukur ngaran
kampung. Tarogong mah beuki lila beuki rame. Garut katelah jadi Kota Inten.
B. Dongeng sasakala
Asal Usul Gunung Tangkuban Perahu
Di Jawa Barat tepatnya di Kabupaten Bandung terdapat sebuah tempat rekreasi yang
sangat indah yaitu Gunung Tangkuban Perahu. Tangkuban Perahu artinya adalah perahu
yang terbalik. Diberi nama seperti karena bentuknya memang menyerupai perahu yang
terbalik. Konon menurut cerita rakyat parahyangan gunung itu memang merupakan perahu
yang terbalik. Berikut ini ceritanya.
Beribu-ribu tahun yang lalu, tanah Parahyangan dipimpin oleh seorang raja dan seorang
ratu yang hanya mempunyai seorang putri. Putri itu bernama Dayang Sumbi. Dia sangat
cantik dan cerdas, sayangnya dia sangat manja. Pada suatu hari saat sedang menenun di
beranda istana, Dayang Sumbi merasa lemas dan pusing. Dia menjatuhkan pintalan
benangnya ke lantai berkali-kali. Saat pintalannya jatuh untuk kesekian kalinya Dayang
Sumbi menjadi marah lalu bersumpah, dia akan menikahi siapapun yang mau
mengambilkan pintalannya itu. Tepat setelah kata-kata sumpah itu diucapkan, datang
seekor anjing sakti yang bernama Tumang dan menyerahkan pintalan itu ke tangan Dayang
Sumbi. Maka mau tak mau, sesuai dengan sumpahnya, Dayang Sumbi harus menikahi
Anjing tersebut.
Dayang Sumbi dan Tumang hidup berbahagia hingga mereka dikaruniai seorang anak yang
berupa anak manusia tapi memiliki kekuatan sakti seperti ayahnya. Anak ini diberi nama
Sangkuriang. Dalam masa pertumbuhannya, Sangkuring se lalu ditemani bermain oleh
seekor anjing yang bernama Tumang yang dia ketahui hanya sebagai anjing yang setia,
bukan sebagai ayahnya. Sangkuriang tumbuh menjadi seorang pemuda yang tampan dan
gagah perkasa.
Pada suatu hari Dayang Sumbi menyuruh anaknya pergi bersama anjingnya untuk berburu
rusa untuk keperluan suatu pesta. Setelah beberapa lama mencari tanpa hasil,
Sangkuriang merasa putus asa, tapi dia tidak ingin mengecewakan ibunya. Maka dengan
sangat terpaksa dia mengambil sebatang panah dan mengarahkannya pada Tumang.
Setibanya di rumah dia menyerahkan daging Tumang pada ibunya. dayanng Sumbi yang
mengira daging itu adalah daging rusa, merasa gembira atas keberhasilan anaknya.
Segera setelah pesta usai Dayang Sumbi teringat pada Tumang dan bertanya pada pada
anaknya dimana Tumang berada. Pada mulanya Sangkuriang merasa takut, tapa akhirnya
dia mengatakan apa yang telah terjadi pada ibunya. Dayang Sumbi menjadi sangat murka,
dalam kemarahannya dia memukul Sangkuriang hingga pingsan tepat di keningnya. Atas
perbuatannya itu Dayang Sumbi diusir keluar dari kerajaan oleh ayahnya. Untungnya
Sangkuriang sadar kembali tapi pukulan ibunya meninggalkan bekas luka yang sangat

lebar di keningnya.Setelah dewasa, Sangkuriang pun pergi mengembara untuk mengetahui


keadaan dunia luar.
Beberapa tahun kemudian, Sangkuriang bertemu dengan seorang wanita yang sangat
cantik. Segera saja dia jatuh cinta pada wanita tersebut. Wanita itu adalah ibunya sendiri,
tapi mereka tidak saling mengenali satu sama lainnya. Sangkuriang melamarnya, Dayang
Sumbi pun menerima dengan senang hati. Sehari sebelum hari pernikahan, saat sedang
mengelus rambut tunangannya, Dayang Sumbi melihat bekas luka yang lebar di dahi
Sangkuriang, akhirnya dia menyadari bahwa dia hampir menikahi putranya sendiri.
Mengetahui hal tersebut Dayang Sumbi berusaha menggagalkan pernikahannya. Setelah
berpikir keras dia akhirnya memutuskan untuk mengajukan syarat perkawinan yang tak
mungkin dikabulkan oleh Sangkuriang. Syaratnya adalah: Sangkuriang harus membuat
sebuah bendungan yang bisa menutupi seluruh bukit lalu membuat sebuah perahu untuk
menyusuri bendungan tersebut. Semua itu harus sudah selesai sebelum fajar menyingsing.
Sangkuriang mulai bekerja. Cintanya yang begitu besar pada Sangkuriang memberinya
suatu kekuatan aneh. Tak lupa dia juga menggunakan kekuatan yang dia dapat dari
ayahnya untuk memanggil jin-jin dan membantunya. Dengan lumpur dan tanah mereka
membendung air dari sungai dan mata air. Beberapa saat sebelum fajar, Sangkuriang
menebang sebatang pohon besar untuk membuat sebuah perahu. Ketika Dayang Sumbi
melihat bahwa Sangkuriang hampir menyelesaikan pekerjaannya, dia berdoa pada dewadewa untuk merintangi pekerjaan anaknya dan mempercepat datangnya pagi.
Ayam jantan berkokok, matahari terbit lebih cepat dari biasanya dan Sangkuriang
menyadari bahwa dia telah ditipu. Dengan sangat marah dia mengutuk Dayang Sumbi dan
menendang perahu buatannya yang hampir jadi ke tengah hutan. Perahu itu berada disana
dalam keadaan terbalik, dan membentuk Gunung Tangkuban Perahu(perahu yang
menelungkub). Tidak jauh dari tempat itu terdapat tunggul pohon sisa dari tebangan
Sangkuriang, sekarang kita mengenalnya sebagai Bukit Tunggul. Bendungan yang dibuat
Sangkuriang menyebabkan seluruh bukit dipenuhi air dan membentuk sebuah danau
dimana Sangkuriang dan Dayang Sumbi menenggelamkan diri dan tidak terdengar lagi
kabarnya hingga kini.
SASAKALA SITU BAGENDIT
Di wewengkon Garut aya situ anu ngaranna kawentar ka mana-mana, nyata Situ
Bagendit. Ck sasakala mah, ta Situ Bagendit th asal-muasalna kieu:
Baheula, aya hiji randa beunghar katelahna Nyi Endit. Ieu th saenyana mah nnhna, da
ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manhna th kacida pisan kumedna.
Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana th. Salian ti pakacar-pakacarna mah, tara
aya nu larsup ka imahna. stuning lain babasan ta mah hirup nyorangan th. Ngahaja
mencilkeun manh, ngababakan di tengah pasawahan anu upluk-aplak. Maksudna taya
lian, ku bawaning embung campur jeung batur, da sieun kasoro ta.
Kacaturkeun keur usum pann, di ditu di dieu ceuyah dibaruat. Ka sawah Nyi Endit og ra
nu gacong. Ari rngs dibuat jeung sanggeus parna dikaleuitkeun, sakumaha tali paranti,
Nyi Endit nyieun sidekah. Ngondang leb jeung sawatara tatangga. Popolahna saniskara ku
sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy
diondang ngariung tumpeng. Atuh anu ngariung th nepi ka ratusna. Tapi sadia tumpengna
teu sabaraha, nepi ka ngan sakotap g geus brs, bari tingkartap knh.
Keur meujeuhna balakcrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku
pribumi teu ditari teu ditakon. Nya pok aki-aki th walh yn teu kawawa lapar, sugan aya
sih piwelas. Ana gantawang th Nyi Endit bet nyarkan, nyk-sk-nykskkeun, pajarkeun
th taya kara, teu ngahutang gaw, mnta bagian. Tungtungna nepi ka nundung, aki-aki
dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun w.
Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan. Mmh indit manhna ngomong kieu,
Sagala g boh ka nu had boh ka nu gorng, moal taya wawalesna.
Ngomong kitu th kasaksian ku sakur nu aya di dinya. Sarngsna nu dalahar tuluy amit
rk baralik. Kakara g patinglalos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero, Caah!
Caah! cenah.

Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan leb w pakarangan Nyi Endit th geus
kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina
ba. Nyi Endit og nya kitu, niat rk nyingkiran cai, tapi barang kaluar pisan ti imahna, cai
th nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum mh
laput.
Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu welh-welh sasambat
mnta tulung Tapi taya nu nulungan, da batur g sarua ripuhna. Nyi Endit ngalelep. Beuki
lila, cai th beuki ged ba. Nepi ka jadi situna, ngeueum sakabh pakaya Nyi Bagendit.
SASAKALA GUNUNG TAMPOMAS
Kacaritakeun, Gunung Ged anu aya di Sumedang ngaluarkeun sora pohara
pikakeueungeunana. Sorana ngaguruh. Tina puncakna kaluar haseup campur lebu anu
hurung. Ieu gunung kawas-kawas ark bitu. Rahayat Kabupatn Sumedang harita, pohara
rareuwaseunana. Kumaha balukarna lamun ta Gunung Ged bener-bener bitu?
Teu kacatur saha anu jeneng bupati harita. Ngan ta bupati th pohara towksana ka
rahayat, wedi asih sarta bijaksana. Atuh sanajan can kalaporan g anjeunna parantos
uningaeun, kumaha tagiwurna rahayat. Anjeunna teras ngmutan sangkan bisa
nyalametkeun rahayatna.
Ku pangjurung kanyaah ka rahayat ta, anjeunna teras nyepi di hiji kamar, seja mujasmdi
neda pituduh ti paradwa. Susuganan ku jalan kitu, anjeunna tiasa mangadep ka Yang
Tunggal, dipasihan pituduh pikeun nyalametkeun rahayatna.
Ku cengeng-cengengna nu mangadep, alhamdulillah, maksad Kangjeng Bupati tinekanan.
Dina hiji wengi, Kangjeng Bupati ngimpn kasumpingan hiji aki-aki. ta aki-aki anu nganggo
anggoan sing sarwa bodas th, pok sasauran anca pisan, Putu yang anu kasp, yang
geus terang kumaha kabingung hidep. yang hayang mantuan sangkan rahayat hidep bisa
leupas tina kahariwangna. ta gunung kudu ditumbal ku keris pusaka kagungan putra
dalem anu dijieun tina emas. Poma hidep ulah deuk ngortkeun. Tah, sakitu ba ti yang.
Sabada sasauran kitu, ta aki-aki th les ba leungit tina impnan Kangjeng Bupati.
Satampina ta ilapat, nggal ba Kangjeng Bupati kaluar ti kamar sarta teras nyandak keris
pusaka.
nggal anjeunna angkat ngajugjug ka puncak Gunung Ged. Rurusuhan da sieun bitu
mantn. Najan rahayat anu keur bingung, nyaksian Kangjeng Bupati angkat ka puncak
gunung mah, teu tgaeun ngantep. Bring ba naluturkeun.
Sadugina ka puncak Gunung Ged, Kangjeng Bupati teu talangk, ngan lung ba ta keris
th dialungkeun kana kawahna. Rahayat anu tadi naluturkeun th ngan bati colohok, da ta
keris th stu kageugeut pisan Kangjeng Bupati. Barang ta keris geus dikana-kawahkeun,
jep saharita sora anu ngaguruh pikakeueungeun th jemp. Lini anu geus lila karasa, harita
mah teu karasa naon-naon. Sabada leungit kagtna, timbul kabungah rahayat th. Ger ba
surak bakat ku atoh, sarta tuluy sumujud ka Kangjeng Bupati tanda nganuhunkeun.
Sakabh rahayat ngaikrarkeun seja satia-satuhu ka anu ngaheuyeuk dayeuh.
ta maksud kasatiaan rahayat th ku Kangjeng Bupati ditampi kalayan dareuda, bakat ku
bingah. Bingah manahna lantaran bisa nyingkahkeun balai, bingah lantaran bisa
nyalametkeun rahayatna.
Tah, nya ti harita pisan ta gunung katelah Gunung Tampa Emas, anu saterusna robah jadi
Gunung Tampomas. Ayeuna mah teu pikasieuneun, malah mun pareng po per mah sok
rajeun dijarugjugan nepi ka puncakna.

C. Dongeng Fabel
Sakadang kuya jeung monyet
Isuk-isuk sakadang kuya moyan di sisi leuwi. Keur kitu torojol sobatna nya ta Sakadang
Monyt.
Sakadang Kuya! Sakadang Monyt ngageroan.
Kuk! Tmbal Sakadang Kuya.
Sakadang Kuya!
Kuk!
Sakadang Monyt nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
Keur naon Sakadang Kuya?
Ah keur kieu w, keur moyan.
Ti batan cicing kitu mah mending ngala cab, yu!
Di mana?
Di kebon Patani, mangka cabna geus bareureum.
Embung, ah. Sakadang monyt mah sok gandng.
Moal, moal gandng ayeuna mah.
Nyaan moal gandng?
Moal, nyaan moal gandng.
Hayu atuh ari moal gandng mah.
Bring atuh Sakadang Monyt jeung Sakadang Kuya th indit ka kebon patani. Barang
tepi ka kebon, katmbong cab pelak patani geus arasak mani bareureum euceuy. Sup
duanana ka kebon. Sakadang Kuya moncor kana pager, ari Sakadang Monyt ngaluncatan
pager. Terus ba ngaralaan cab, didalahar di dinya knh.
Sakadang Kuya mani seuhah-seuhah ba ladaeun. Kitu deui sakadang monyt. Keur
kitu, ana gorowok th Sakadang Monyt ngagorowok.
Seuhah lata-lata! Maksudna mah seuhah lada-lada.
Ssst, Sakadang Monyt, ulah gandng atuh!
Sakadang Monyt henteu ngawaro.
Seuhah lata-lata!
Sakadang Monyt! Bisi kadngeun ku Bapa Tani.
Tapi Sakadang Monyt api-api teu ngadng. Gorowok deui ba.
Seuhah lata-lata!
Kahariwang Sakadang Kuya kabuktian. Sora Sakadang Monyt anu tarik kadngeun
ku Bapa Tani ti imahna, anu teu jauh ti kebonna. Bapa Tani gura-giru lumpat ka kebon.
Barang nepi ka kebon, katmbong aya monyt jeung kuya keur ngaweswes bari seuhah
ngadaharan cab.
Beunang siah nu sok malingan cab th! Bapa Tani ngagorowok bari lumpat muru ka
nu keur ngahakanan cab.
Ngadng aya nu ngagebah, gajleng ba Sakadang Monyt ngejat, trkl kana
tangkal kai.
Sakadang Monyt, dagoan! Sakadang Kuya ngagorowok mnta tulung. Tapi
Sakadang Monyt teu malir, teu ngalieuk-ngalieuk acan, terus lumpat gagalacangan dina
tangkal kai. Ari Sakadang Kuya, puguh da teu bisa lumpat, leumpang ngaddod ba.
Kerewek ba ditwak ku Bapa Tani.
Beunang ayeuna mah nu sok malingan cab aing th. Ku aing dipeuncit! Ceuk Bapa
Tani.
Kuya dibawa ka imahna, tuluy dikurungan ku kurung hayam. Angkanan Pa Tani, isukan
kuya rk dipeuncit.
Peutingna, sakadang Monyt rerencepan ngadeukeutan Sakadang Kuya, nu keur
cendekul dina jero kurung.
Ssst, Sakadang Kuya, keur naon? Sakadang Monyt nanya.
h, geuning Sakadang Monyt, Puguh kuring th keur ngararasakeun kabungah.
Kabungah naon Sakadang Kuya?
Nya ta, kuring th rk dikawinkeun ka anak Bapa Tani.
Dikawinkeun ka anak Bapa Tani?
Enya.
Nu bener Sakadang Kuya?
Piraku atuh kuring ngabohong ka sobat.
Ngadng omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang Monyt ngahuleng sajongjongan.
Kieu, Sakadang Kuya, kumaha lamun urang tukeur tempat? ceuk Sakadang Monyt.
Tukeur tempat kumaha?

Enya tukeur tempat. Sakadang kuya kaluar, kajeun kuring atuh cicing di jero kurung.
Ah, embung.
Kuring mah karunya w ka Sakadang Kuya, sapeupeuting dikurungan.
Atuh meureun moal jadi dikawinkeun ka anak Bapa Tani th.
Sakadang monyet keukeuh maksa, supaya tukeur tempat. Antukna sakadang kuya th
lh dt.
Heug ba tukeur tempat, tapi aya saratna, ceuk Sakadang Kuya.
Naon saratna?
Saratna mah gampang. Sammh anjeun asup kana kurung, kuring kudu di
alungkeun heula ka leuwi.
Enya, ntng atuh kitu mah.
Heunteu talangk, Sakadang Monyt ngaluarkeun Sakadang Kuya tina kurung hayam,
tuluy dibawa kasisi leuwi. Lung ba Sakadang Kuya th dialungkeun ka leuwi. Sakadang
Monyt buru-buru balik deui ka imah Bapa Tani. Sup ba ngurungan manh ku kurung
hayam. Ngadedemps ngadago-dago beurang, hayang geura buru-buru dikawinkeun ka
anak Bapa Tani.
Kocapkeun isukna.
Manhna, ka mana bedog th? Urang asah, ceuk Bapa Tani ka pamajikanana.
Rk naon Bapana isuk-isuk geus ngasah bedog?
Itu urang meuncit kuya di pipir.
Paguneman Bapa Tani jeung pamajikanana th kadngeun ku Sakadang Monyt.
Manhna ngagebeg. Lakadalah, geuning aing th rk dipeuncit, lain rk dikawinkeun jeung
anak Bapa Tani. Rk kabur, geus kagok. Kaburu aya anak Bapa Tani nyampeurkeun.
Gancang ba atuh Sakadang Monyt th papahan, ngabugigag kawas bangk.
Barang srog ka dinya, anak Bapa Tani gegeroan ka bapana.
Bapa! Bapa!
Aya naon, Nyai?
Ieu geuning nu dina kurung th lain kuya.
Naon Nyai?
Monyt, jeung siga nu geus pah deuih!
Bapa Tani nu keur ngasah bedog cengkat, tuluy nyampeurkeun ka anakna. Enya ba
geuning dina kurung th aya monyt ngabugigag, lain kuya nu kamari. Kurung dibukakeun,
monyt dialak-ilik.
Naha bet jadi monyt? Jeung pah deuih.
Enya, ta mani geus jeger kitu, ceuk pamajikanana mairan.
Monyt th dicokot ku Bapa Tani, lung ba dialungkeun jauh pisan. Barang gubrag kana
taneuh, korjat monyt th hudang, berebet lumpat, kalacat ba nak kana tangkal kai.
Sakadang Kuya Nyieun Suling tina Tulang Maung
Sanggeus durukan th pareum, Sakadang Kuya kurah-korh. Manggih tulang anu panjang,
jigana mah tulang pingping tukang Sakadang Maung. Tulang th dicokot, tuluy diberesihan.
Alus yeuh lamun dijieun suling. Ngan kumaha molongoanana? ceuk Sakadang Kuya. Ras
inget ka Sakadang Caladi. Ah, enya, sina ditroktrokan ba ku Sakadang Caladi.
Sakadang Kuya ngadatangan Sakadang Caladi anu keur noktrokan tangkal kalapa.
Sakadang Caladi, turun heula sakeudeung, Emang tulungan! ceuk Sakadang Kuya.
Aya naon, Mang? ceuk Sakadang Caladi bari nyampeurkeun.
Cing, pangnoktrokkeun tulang, keur suling!
Tulang th ditroktorak ku caladi.
Nuhun Lo! ceuk Sakadang Kuya.
Tuluy suling th ditiup ku Sakadang Kuya.
Trt-trot trt trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi.
Alah, teu ngeunaheun. Jigana mah kudu diliangan heula, ceuk Sakadang Kuya. Ras
manhna inget ka Sakadang Bangbara.
Sakadang Kuya nangan Sakadang Bangbara. Kapanggih keur ngalian dina tangkal anu
keur ngarangrangan.
Sakadang Bangbara, ka dieu Jang, tulungan Ua sakeudeung! ceuk Sakadang Kuya.
Tulungan naon, Wa? ceuk Sakadang Bangbara.
Cing, pangaliangankeun suling Ua, ieu teu ngeunaheun ditiupna.
Tuluy atuh suling th diliangan ku Sakadang Bangbara. Sanggeus nganuhunkeun ka
Sakadang Bangbara, suling th ditiup deui ku Sakadang Kuya.
Trt-trot trt trot,

suling aing tulang maung,


ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara.
Ah, can ngeunaheun knh ba. Jigana mah kudu dipasieup heula, ceuk Sakadang Kuya.
Keur kitu, geleber aya Sakadang Sireupeun ngaliwat.
Tah, kabeneran aya Sakadang Sireupeun. Ka dieu heula, Jang, tulungan Aki, ceuk
Sakadang Kuya.
Aya naon, Ki? Meni rareuwas, ceuk Sakadang Sireupeun.
Ieu Aki th boga suling, tapi masih knh silung. Cing, pangmasieupkeun sakeudeung
mah.
Tuluy atuh suling th dipasieup ku Sakadang Sireupeun. Rada lila, da cenah masieup suling
th henteu gampang. Tapi teu burung anggeus og.
Nuhun Jang.
Sami-sami, Ki.
Tuluy atuh suling th ditiup deui ku Sakadang Kuya.
Trt-trot trt trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara,
dipasieup ku sireupeun,
torotot hong, torotot hong.
Tah, ngeunah ayeuna mah sora suling th. Nuhun ah, Jang, ceuk Sakadang Kuya bari
indit.
Sajajalan Sakadang Kuya nyuling teu eureun-eureun. Sorana matak kelar. Sato-sato og
anu biasana garandng, jep ba jaremp, ngaddngkeun sora suling Sakadang Kuya.
Atuda lain suling samana.
Sakadang Maung jeung Sakadang Bagong
Kacaritakeun di hiji leuweung ganggong simagongong, aya bagong keur anakan. Eta
bagong teh keur huleng jentul wae bangun ngemu kabingung. Pangna kitu lantaran poe eta
manehna kudu nedunan jangji ka Sakadang Maung, nyaeta masrahkeun anakna.
Hiji waktu manehna kungsi dikerekeb ku Sakadang Maung. Harita Sakadang Bagong ceurik.
Sing karunya bae ka kuring, Sakadang Maung! Kuring teh geus kolot, dagingna oge tangtu
nya liat nya kelang. Kieu bae, engke lamun anak kuring geus lahir, ku kuring rek dibikeun
ka andika. Tangtu dagingna empuk tur pelem.
Ngadenge caritaan Sakadang Bagong kitu, Sakadang maung teh teu tulus ngerekeb. Hiji
waktu manehna rek datang deui, nagih jangji.
Nya harita, waktu Sakadang Bagong geus anakan, manehna kudu nyumponan jangjina. Tapi
piraku aing rek tega mikeun anak ka Sakadang Maung? Kumaha akalna sangkan anak aing
teu tulus dihakan? Sakadang Bagong terus uleng mikir, neangan piakaleun.
Keur kitu aya Sakadang Peucang nyampeurkeun.
Ku naon andika bet kawas nu keur bingung kacida, Sakadang Bagong? Sakadang Peucang
nanya. Gorolang Sakadang Bagong nyaritakeun ku naon pangna manehna baluweng poek
pipikiran.
Sakadang Peucang ngahuleng sakedapan. Teu lila pok nyarita: Euh gampang atuh ari kitu
mah. Andika ulah hariwang, keun kumaha kuring bae. Urang neangan akal sangkan anak Ki
Silah salamet tina panandasa Sakadang Maung. Dagoan heula di dieu, kuring rek neangan
Sakadang Landak!
Sakadang Peucang ngaleos. Teu lila oge geus ngurunyung deui dibarengan ku Sakadang
Landak. Manehna terus ngajak indit ka hiji guha.
Tepi ka guha nu dituju, sakadang Peucang metakeun akalna. Sakadang Landak kudu asup
ka jero guha, ngaringkuk di nu rada poek. Buluna anu kawas cucuk teh kudu
dipuridingkeun. Sakadang Bagong kudu cicing di lawang guha, ngabageakeun Sakadang
Maung lamun engke ngurunyung. Ari manehna kadua anak Sakadang Bagong rek
nyarumput di nu buni.
Teu lila Sakadang Maung geus rentang-rentang datang. Ti kajauhan oge geus ngagerem,
nyingsieunan Sakadang Bagong. Mana anak sampean teh, Sakadang Bagong? cek
Sakadang Maung bari jungang-jengong.
Sakadang Bagong antare nembalan: Tuh, di jero guha. Tah geuning katenjo ti dieu oge,
ngaringkuk di juru. Pek ayeuna kuring masrahkeun, nedunan jangji ka andika. Didaharna
ulah dilila-lila, teureuy bae sakaligus, sing ulah kadenge ceurikna. Jig geura sampeurkeun,
kuring rek indit heula, teu kaduga nenjona.

Sakadang Maung nenjo rarat-reret ka jero guha. Enya bae katenjoeun aya nu ngaringkuk di
juru. Awahing ku atoh bari teu kuat hayang geura ngerekeb, gabrug bae nu ngaringkuk teh
dirontok, disamualkeun. Puguh bae cucuk landak teh rungseb manggang sungutna.
Sakadang Maung gegerungan, sungutna baloboran getih. Diutah-utah oge landak teh teu
daekeun kaluar, da cucukna naranceb pageuh pisan. Antukna Sakadang Maung teh paeh.
Sakadang Landak ngurumuy kaluar tina sungutna.
Sakadang Bagong kacida bungaheunana. Anakna salamet. Manehna nganuhunkeun pisan
ka Sakadang Peucang anu geus mere pitulung ka dirina. Kitu deui ku Sakadang Landak oge
manehna kahutangan budi.
Sakadang Peucang jeung Sakadang Landak tuluy arindit deui ninggalkeun Sakadang
Bagong.
Conto Sajak
1. Sora Tiiseun
2. Tiis
3. Sumanget Alam Miara
4. Cangkir Solat
5. Kahariwang Di Luhur Matras
6. Nu Bajoang Lemah
7. Upami Abdi
8. Waktu Nu Ditinggalkeun
9. Caah Teu Caian
10. Apa
HIRUP
Hirup lir ibarat lengkah
Sing ati ati tur tarapti
nincak ulah ngan saukur lengkah
bari komo jeung dudupak rurumpak
bisi manggih beling nu pastina bakal nygagk
Hirup jeung kahirupan
lir ibarat lengkah jeung tujuan
lengkah merenah nu ku dilampah
tinangku barokah tujuan
nu ku urang baris kahontal
Panggoda dunya tong dijadikeun alasan
pikeun ngalengkah salah
lantaran bala tangtuna bakal karasa
Kamajuan dunya
kudu dibarengan ku motekar akal
jeung lengkah nu basajan
lengkah merenah kahirupa barokah
Conto Carpon
1. Hayam Kongkorongok Subuh
2. Gagak Jadi Hideung
3. Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau
4. Cai Laut Asin
5. Kuya Ngagandong Imahna
6. Kang Sabri Leungiteun Kalangkang
7. Ma Inung Ngarawu Taneuh
8. Si Gatot
9. Nguseup
10. Onyet
Kajadian Teu Disangka-sangka

Tos jadi hiji kabiasaan upami tos beres sholat maghrib teh, rudi ngapalkeun. Ngawitan ti
ngarengsekeun PR dugi ka macaan deui anu tadi diajarkeun di sakola. Harita, pun biangna
sareng kulawarga sanesna ngadadak kedah ka bumi amangna, margi bade sukuran
bumina. Ku kituna sadaya kaluwarga mios ka bumi amangna, iwal rudi sorangan. Soalna,
saupami ngiring, tangtos PR anu sakiti seueurna moal rengse mangkaning enjing-enjing
pisan kedah tos ka sakola.
Wengi eta rudi cicing dikamar ngarengsekeun PR sarta macaan buku kanggo enjing bari
jeung rada sieun. Alhamdulillah margi jempling, pangajaran teh asa gampil nyerep kana
otakna. Padahal teu aya ulangan.
Tabuh 06.00 WIB pas, rudi mios ka sakola. Asa tenang teu deg-degan margi PR anu sabregbregan teh rengse sadayana. Rerencanganna nararoskeun naha aya ulangan henteuna.
Rudi yakin yen dinten harita mah moal aya ulangan. Atuh tenang-tenang wae ngobrol bari
ngantos bel disada.
Saparantos bel tanda lebet ka kelas disada, sadaya murid kelas 1,2,3 lebet ka kelasna
sewang-sewangan. Jam pelajaran kahiji teh nyaeta matematika. Bapa Eki guruna teh.
Barudak simpe, margi Pa Eki tos lebet ka kelas. Wilujeng enjing Pa!
Kaluarkeun kertas dua lambar, dinten ieu ulangan! saur Pa Eki.
Haaahh, pan teu diwartosan Pa, dinten ieu ulangan! barudak reuwas bari protes.
Kalintang deg-degannna sadaya murid harita, margi kedah ulangan matematika. Soalna
mah teu seueur mung lima tapi jawabanna teu cekap dua lambar. Tegang, deg-degan,
stress campu jadi hiji.
Ya allah untung abdi teu ngiring jadi tiasa ngapalkeun, soal-soalna tadi wengi tos
dipelajari, nuhun gusti gerentes hate Rudi.
Ketatna pa Eki dugi ka teu tiasa ngareret sakedik-skedik acan. Teet...teet...teet sora bel
disada tanda waktos pelajaran seep. Barudak pasrah iwal ti Rudi, kertas ulangan dadakan
dikempelkeun.
Enjingna, sadaya barudak ngariung dipayuneun papan pangumuman. Rudi kacida reuwas
nembe g dugi kasakola, sadaya rerencanganna ngasongkeun pananganna. Wah,
wilujeng..wilujeungnya, peunteun matematika pangsaena!.
Conto Pupuh
1.PUPUH ASMARANDANA
(Ngagambarkeun rasa deudeuh, asih, nyaah, birahi)
PIWURUK SEPUH
Ngariung di tengah bumi,
pun biang sareng pun bapa,
jisim abdi diuk mando,
husu ngupingkeun pituah,
piwejang ti anjeunna,
pituduh laku rahayu,
piwejang sangkan waluya.
2.PUPUH BALAKBAK
(Ngagambarkeun heureuy atawa banyol)
DAYEUH BANDUNG
Dayeuh Bandung kiwari teuing ku rame-araheng,
gedong-gedong pajangkung-jangkung wangunna-alagreng,
tutumpakan-tutumpakan balawiri lalar liwat-garandeng.
3.PUPUH DANGDANGGULA
(Ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, kagumbiraan)
MILANG KALA
Dinten ieu estu bingah ati,
ku jalaran panceg milang kala,
kenging kurnia ti Alloh,
rehing nambahan taun,
tepung taun umur sim abdi,
henteu weleh neneda,
ka Gusti Nu Agung,
malar umur teh mangpaat,
tebih bahla turta pinarinan rijki,

sumujud ka Pangeran.
4.PUPUH DURMA
(Ngagambarkeun rasa ambek, gede hate, sumanget)
LEMAH CAI
Nagri urang katelah Indonesia,
diriksa tur dijaring,
sumirat komarana,
berkahna Pancasila,
ageman eusining nagri,
yu sauyunan,
ngawangun lemah cai.
5.PUPUH GAMBUH
(Ngagambarkeun kasedih, kasusah, kanyeri)
KADUHUNG
Kaduhung sagede gunung,
kuring sakola teu jucung,
lalawora resep ulin,
hanjakal tara ti heula,
ayeuna kari peurihna.

6.PUPUH GURISA
(Ngagambarkeun nu ngalamun atawa malaweung)
SI KABAYAN
Si Kabayan lalamunan,
pangrasa bisa nyetiran,
motor atawana sedan,
poho keur eundeuk-eundeukan,
na dahan emplad-empladan,
gujubar kana susukan.
7.PUPUH JURU DEMUNG
(Ngagambarkeun nu bingung ku kalakuan sorangan)
ADIGUNG
Lolobana mungguh jalma,
embung hina hayang agung,
hayang hirup mukti,
tapina embung tarekah,
tinangtu mo bakal nanjung.
8.PUPUH KINANTI
(Ngagambarkeun nu nungguan, deudeupeun atawa kanyaah)
KANYAAH INDUNG
Kanyaah indung mo suwung,
lir jaladri tanpa tepi,
lir gunung tanpa tutugan,
asihna teuing ku wening,
putra teh didama-dama,
dianggo pupunden ati.
9.PUPUH LAMBANG
(Ngagambarkeun anu lohong banyol, tapi pikiraneun)
WAWANGSALAN
Dialajar wawangsalan,
saperti tatarucingan,
cik naon atuh maksudna,
teangan naon wangsalna,

gedong ngambang di sagara,


ulah kapalang diajar,
keuyeup gede di lautan,
kapitineung salawasna.
10.PUPUH LADRANG
(Ngagambarkeun anu banyol tapi bari nyindiran)
MOKAHAAN
Aya hiji anak bangkong leutik,
mokahaan,
maksudna ngelehkeun sapi,
nahan napas antukna bitu beuteungna.
11.PUPUH MAGATRU
(Ngagambarkeun nu sedih, bingung, handeueul atawa mapatahan)
KASAR - LEMES
Dupi irung lemesna teh nya pangambung,
pipi mah disebat damis,
upami buuk mah rambut,
ceuli sok disebat cepil,
kasarna angkeut mah gado.

12.PUPUH MASKUMAMBANG
(Ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes hate)
BUDAK JAIL
Anak manuk dikatepel budak jail,
jangjangna getihan,
rek hiber teu bisa usik,
duh manusa kaniaya.
13.PUPUH MIJIL
(Ngagambartkeun kasedih tapi gede harepan)
NUNGTUT ELMU
Najan cicing nya di tepiswiring,
kade ulah bodo,
kudu tetep nungtut elmu bae,
sabab jalma nu loba pangarti,
hirup tangtu hurip,
mulus tur rahayu.
14.PUPUH PANGKUR
(Ngagambarkeun nu gede ambek atawa nyanghareupan tugas beurat)
KA SAKOLA
Seja miang ka sakola,
rek diajar nambahan elmu pangarti,
pigeusaneun bekel hirup,
sabab mungguhing manusa,
kudu pinter beunghar ku elmu panemu,
komo jaman pangwangunan,
urang kudu singkil bakti.
15.PUPUH PUCUNG
(Ngagambarkeun nu ambek ka diri sorangan atawa keuheul kulantaran teu panuju hate)
TATAKRAMA
Mangka inget tatakrama sopan santun,
tanda jalma iman,
nyarita jeung amis budi,
da basa mah lain barang anu mahal.

16.PUPUH WIRANGRONG
(Ngagambarkeun anu kawiwirangan, era ku polah sorangan)
SIEUN DORAKA
Kuring moal deui-deui,
gaduh panata nu awon,
ngabantah nu jadi indung,
sieun dibendon ku Gusti,
kawas Dalem Boncel tea,
doraka ti ibu-rama.
17.PUPUH SINOM
(Ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh)
TATAR SUNDA
Tatar Sunda estu endah,
lemah cai awit jadi,
sarakan asal gumelar,
amanat Ilahi Robbi,
titipan nini aki,
wajib dijaga dijungjung,
basa katut budayana,
padumukna luhung budi,
insya-Allah tatar Sunda karta harja.

PUPUH KINANTI
Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Nguriling ka kalayangan
Neangan nu amis amis
Sarupaning bungbuahan
Naon bae nu ka panggih

PUPUH ASMARANDANA
Eling eling murangkalih
Kudu apik jeung berseka
Ulah odoh ka panganggo
Mun kotor geuwat seuseuhan
Soeh geura kaputan
Ka nu buruk masing butuh
Ka nu anyar masing lebar

You might also like