You are on page 1of 2

Peringatan Isra Miraj

Assalamuallaikum. Wr. Wb.


Bismillaah Alhamdulillah, washolatu wassalaamu ala rasulillah, muhammadin
waala aalihi washahbihi waman walah, Qola rasulullaahu Shalla laahu alaihi
wasalam, annikahu sunnatii faman raghiba an sunnatii falaesa minni. Amma
badu :
Bapa Kepala SMA ...... anu ku sim kuring dipihormat
Bapa Ustad Anwar anu ku sim kuring dipihormat
Bapa/Ibu guru kalih rngrngan tata usaha anu ku sim kuring dipihormat,
teu kakantun rrncangan sadaya anu ku sim kuring dipikareueus
Langkung ti payun sumangga urang manjatkeun puji sinareng syukur ka
Gusti Nu Maha Suci, Allah SWT, anu parantos ngallrkeun nimat sareng
kasehatan dugi ka urang sadaya tiasa kempel ngariung di ieu tempat
kanggo pangmut dinten Isra Miraj Nabi Muhammad SAW.
Solawat sinareng salam mugi tetep ngocor ka jungjunan urang, Kangjeng
Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, sohabatna, tug dugi ka urang salaku
umatna dugi ka dinten kiamah. Aamiin. Sim kuring ngadeg di payuneun
hadirin sadaya wirh kapancnan salaku panata acara seja ngadugikeun
sababaraha acara anu baris kasanggakeun, di antawisna :
1.
2.
3.
4.
5.
6.

Bubuka
Maos ayat suci Al-Quran dilajeungkeun solawat nabi
Laporan ti Ketua Panitia Pelaksana
Pamapag ti Bapa Kepala SMA N 1 Jalaksana
Taushiyah
Doa/Panutup

Hadirin sadaya anu ku sim kuring dipihormat supados teu nyangkolong kana
waktos, sumangga ieu acara urang buka ku maos basmalah sasarengan.
Bismillahirrahmanirrahim.
Acara kadua, maos ayat suci Al-Quran dilajeungkeun mingpin solawat nabi.
Ka Sadrk Rahmat mangga dihaturanan.
MC : Hatur nuhun ka Sadrk Rahmat anu parantos ngaoskeun ayat suci
Alquran sareng mingpin solawat nabi.
Nincak kana acara katilu, laporan Ketua Panitia Pelaksana. Ka Sadrk Alim
mangga dihaturanan ka payun.
MC : Hatur nuhun ka Sadrk Alim anu parantos ngadugikeun laporanana.

Nincak kana acara kaopat, pamapag ti Bapa Kepala SMA ...... . Ka Pangersa
Bapa ...... , waktos sinareng tempat disayogikeun.
MC : Hatur nuhun ka kersana Bapa ....... , anu parantos ngadugikeun
pamapagna.
Nincak kana acara kalima, nya ta taushiyah ti Bapa Ustad Anwar. Sumangga
Bapa Ustad Anwar, waktos sinareng tempat disayogikeun.
MC : Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad Anwar anu parantos ngadugikeun
taushiyahna.
Nincak kana acara nu terakhir, nya ta doa/panutup. Acara doa ieu baris
dipingpin ku Bapa Ustad Anwar. Sumangga Bapa Ustad Anwar, dihaturanan
kanggo mingpin doa.
Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad Anwar anu parantos mingpin doa, mugia
doa urang sadaya di kobul ku AllaH SWT. Aamiin.
Sumangga
ieu
acara
urang
pungkas
ku
aosan
hamdalah.
Alhamdulillahirabbilalamin. Ti simkuring, rupina sakitu anu kapihatur. Sim
kuring ngahaturkaeun nuhun ka rerengrengan panitia anu parantos
ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu. Hapunten
bilih aya basa anu kirang merenah. Billahi taufik walhidayah
wassalamualaikum wr.wb.

You might also like