You are on page 1of 2

Biantara/Pidato Paturay Tineung dina Ahir Taun (perpisahan sareng

kenaikan kelas)
Bismilaahirrohmanir rohim,
Assalaamualaikum wr. wb.
Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka pihak panitia anu
parantos masihan waktos kanggo sasanggem dina ieu acara. Hapunten anu
kasuhun, saupami dina ieu biantara aya pisanggem anu kirang merenah, boh
basana boh tatakrama.

Bapa Kapala Sakola miwah Bapa sareng Ibu Guru,


Kitu deui sakumna rrncangan sakola sadaya anu dipikacinta,
Dinten ieu, dina raraga paturay tineung murid kelas genep/salapan/dua belas,
tipayun mangga urang sasarengan manjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Nu
Maha Suci, rh maparinan taufik sareng hidayah-Na, dugi ka danget ieu urang
sadaya aya dina shat wal afiat. Pamugi ku kasumpingan urang sadaya knging
ridho ti Alloh SWT.
Solawat sinareng kasalametan mugia dillrkeun ka jungjunan urang sadaya
Nabi Muhammad SAW., ku jasa mantenna anu parantos maparin patwa ka urang
sadaya dugi ka terang mana anu haq sareng mana anu bathil. Mugia urang
sadaya kalebet umat anu taat kana ajaran mantenna.

Bapa sareng Ibu Guru,sareng rrncangan sakola sadaya anu dipikacinta,


Sim kuring atas nami wakil murid kelas genep/salapan/dua belas, seja
ngadugikeun katineung, kedal lisan dina raraga paturay tineung. Bapa sinareng
ibu guru anu dipikacinta, cunduk waktu ninggang mangsa, 6taun teu karaos sim
kuring saparakanca diatik dididik sagalaning elmu pangaweruh anu teu kinten
seueurna jasa bapa miwah ibu guru sadaya. Sim kuring sadar yn salami 6 taun
tos tinangtos seueur ngalakukeun hal-hal anu matak musingkeun sareng
pikakeuheuleun. Kumargi sakitu, sim kuring saparakanca seja neda sih
hapuntenna tina samudayaning kalepatan.

Kalih ti ta sim kuring saparakanca seja neda pidua ka bapa, ibu guru supados
tiasa neraskeun diajar ka sakola nu langkung luhur. Teu hilap ka adi-adi sadaya
nu masih knh aya di bangku sakola ti kelas 1 dugi ka kelas 6 , mugi sing getol
diajar, sareng sing taat kana piwuruk bapa sareng ibu guru.

Bapa, ibu guru, sadaya nu sami hadir nu dipikacinta.


Sakitu katineung ti sim kuring, kirang langkungna hapunten anu kasuhun.
Wabillahi taufik walhidayah
Wassalaamu alaikum wr. wb.

You might also like