You are on page 1of 2

Inget keneh baheula mah, keur waktu SMA, enya keur waktu SMA da lain keur

waktu jadi presiden, pan aing teh ngora keneh, can kolot, ngke jadi presiden mah
mun geus kolot, beunghar, jeung geus boga kapal selam, ah iraha we eta mah,
ngimpii aing.. heup ah.
Nya keur waktu baheula, keur waktu SMA hiji mangsa ulin bareng ka cipatujah,
jeung barudak uwa family, der teh teuing ide saha poho deui baheula teh.
Langsung da eta barudak ngadenge ide rek ka cipatujah pada bungah kacida,
loba deuih nu rek ngilu na oge, nepi ka awewe ge pada rek ngilu, ah tapi angger
we geuning pas prak na mah sok saeutik nu ngilu na, wacana tea geuning..
Pas hari-H aing inget keneh carita gelo, ide cemerlang anyir lah, apal ieu mah
inget keneh ide na oge ti si maulana (*edan euy si bapa eta ayeuna mah geus
jadi polwan, eh polisiii.. kaharti da euy pamadeganna oge pantes pisan jadi polisi
si eta mah.) Pas prak na rek indit, pan sahari samemeh indit teh geus di briping
saha wae nu rek ngilu, motor saha wae nu geus siap caw, motor saha
ngabonceng saha oge geus di planning sabab teu kabeh nu rek ngilu boga
motor, nepi ka nyieun surat resmi baheula inget keneh keur ka bokap+nyokap
ngarah barudak kabeh diijinan jadi rame nu kaditu na.. geus siap dan terplanning
dengan baik we pokonamah. Apal da budak IPS diajar manajemen perencanaan
bareto ku bu dewi, tah praktek na geus dilaksanakeun basa eta keur rek ka
cipatujah, era we maenya budak IPS teu bisa manajemen perencanaan. (*siga nu
heeuh we aing ngomong manajemen perencanaan, da dina kanyataan mah
leuwih loba keneh ulin anu ngadadak anyir -_-)
Balik deui ka carita, pan sanggeus di rencanakeun motor saha ngabonceng
saha sahari sebelumna basa eta teh, geus fix we anyir lah.. tah isukna H- sa jam
rek indit inget keneh aing da ku hereuy na si Raksa (*raksa, hiji jelema nu rada
plinplan sakapeung mah tiap rek ulin sok nyebut hayu, tapi pas prakna sok tara
jadi, loba pisan alesanna teh ti nganteurkeun indung na nepi ka ulin jeung
kabogohna, ah lieur si eta mah,.) si eta ngadak ngabatalkeun rek ngilu ka
Cipatujah cenah, teuing aya naon, so sibuk pisan si eta -_- puguh si eta teh
dibutuhkeun da bogaeun motor, ngarah kabeh awewe ka bawa, eh lain si eta
ketang nu dibutuhkeun na mah, nu puguh mah motorna dibutuhkeun teh keur
ngabonceng awewe, dek teh gara gara si Raksa teu milu jadi we anyir aya hiji
awewe nu teu kabagean di bonceng, watir pisan inget keneh ngaranna teh si
suhara, jaba si suhara teh bareto indit pangheulana ka meeting point, nyirikeun
pisan anyir hayang ngilu indit ka cipatujah na teh :v . Tah tidieu carita si Maulana
boga ide cemerelang teh, pan langsung gara gara si Raksa teu milu aya rapat
dadakan para petinggi kelas di Gedung Pemerintahan Kabupaten Tasikmalaya
(*lain ketang nu puguh mah di hareupeun gebu, disisi jalan sabari darongko siga
budak leutik anu nungguan mobil alus ngaliwat tea geuning heg parebut jeung
babaturanna ieu mobil aing, lain eta mah mobil aing) rapat na nga analisa
kumaha sangkan si suhara ieu henteu milu, tapi ulah matak jadi si suhara ieu
sedih gara gara teu diajakan. Sebelumna aya ide ti si Baban, (*baban bisa
disebut si dia teh gegedug kelas, apa yang dia inginkan bakal terjadi, pangpinter
na anyir si eta sa IPS, ti murid nepi ka guru ge hormat kabeh ka si eta mah, tiada
tanding..) pan baheula teh paketan anyir awewe teh aya F4 original, aya F4 KW

super, si baban kayak ga mau kalau F4 ori gaikut, sabab F4 ori mah paketan tea
geuning, milu hiji milu kabeh, teu milu hiji teu milu kabeh, jadi intina lamun aya
saurang ti F4 ori nu teu diajakan bakal kabeh sesana moal milu jadi weh moal
rame cenah, (*bener oge euy si baban) fix weh ieu mah si suhara nu dipiceun
teh. mikir tah kabeh petinggi kelas nepi ka gugutrut hulu da panas kapoe lilaaa
-_- ujung na si maulana ngabangbrangkeun ide na, kieu cenah geus weh kieu
ayeuna mah, kabeh teu jadi, bedo kituh ka cipatujah teh bejakeun ka kabeh
barudak termasuk ka awewena, trus weh anterkeun awewena baralik ka imahna,
termasuk si suhara ge anterkeun sing nepi ka imah. Tapi eta teh api api,
bobodoan, sabenerna mah nu dianterkeun balik nepi ka imah na mah ngan si
suhara hungkul, (watir )nu lainna mah di anterkeun ngan nepi satengah jalan
langsung diputerkeun baralik deui ka meeting point *(cerdas anyir si maulana
ku kitu namah) geus weh si suhara balik ka imahna tanpa dia tahu kalo
sebenarnya yg balik ka imah na teh dia hungkul, nu lainna mah jadi anyir ka
cipatujah, masalah selesai tah langsung indit ka cipatujaaaah dengan dilema
antara senang karena jadi berangkat dan rasa watir ka si suhara
Cerita keur dijalan bersambung bray!!

You might also like