You are on page 1of 4

Kasang tukang

Mahabarata ngarupakeun carita kilas balik anu dicaritakeun ku Resi Wesampayana pikeun Maharaja
Janamejaya anu gagal ngayakeun upacara korban oray. Luyu jeung paménta Janaméjaya, carita kasebut
mangrupa carita raja-raja gedé anu aya di garis katurunan Maharaja Yayati, Barata, sarta Kuru, anu taya lian
mangrupa karuhun Maharaja Janaméjaya. Saterusna Kuru nurunkeun raja-raja Astinapura anu jadi inohong
utama Mahabarata. Maranéhanana nyaéta Santanu, Citrangada, Wicitrawirya, Drétarastra, Pandu, Yudistira,
Parikesit sarta Janaméjaya.

Para Raja India Buhun

Mahabarata réa munculkan ngaran raja-raja gedé dina jaman India Buhun kawas Barata, Kuru, Parikesit
(Parikshita), sarta Janaméjaya. Mahabarata mangrupa carita gedé katurunan Barata, jeung Barata téh nyaéta
salah sahiji raja anu nurunkeun inohong-inohong utama dina Mahabarata.

Carita Sang Barata dimimitian ku pasamoan Raja Duswanta jeung Sakuntala. Raja Duswanta nyaéta
saurang raja gedé ti Candrawangsa turunan Yayati, nikah ka Sakuntala ti patapaan Bagawan Kanwa, saterusna
nurunkeun Sang Barata, raja legéndaris. Sang Barata tuluy nalukkeun daratan India Buhun. Sanggeus
ditalukkeun, wewengkon kekawasaanna disebut Baratawarsa anu hartina wewengkon kakawasaan Maharaja
Barata (cenah ngawengku Asia Kidul)History of Bharatavarsha. Sang Barata nurunkeun Sang Hasti, anu
saterusna ngadegkeun hiji puseur pamaréntahan nu ngaranna Astinapura. Sang Hasti nurunkeun Para Raja
Astinapura. Ti kulawarga kasebut, lahir Sang Kuru, anu ngawasa sarta nyucikan hiji wewengkon lega anu
disebut Kurusétra (perenahna di nagara bagian Haryana, India Kalér). Sang Kuru nurunkeun Dinasti Kuru atawa
Wangsa Kaurawa. Dina Dinasti kasebut, lahir Pratipa, anu jadi bapana Prabu Santanu, karuhun Pandawa jeung
Kurawa.

Baraya Wangsa Kaurawa (Dinasti Kuru) nyaéta Wangsa Yadawa, alatan dua Wangsa kasebut asalna ti
karuhun anu sarua, nyaéta Maharaja Yayati, saurang satria ti Wangsa Candra atawa Dinasti Soma, turunan
Sang Pururawa. Dina pancakaki Wangsa Yadawa, lahir Prabu Basudéwa, Raja di Karajaan Suraséna, anu
saterusna boga anak Sang Kresna, anu ngadegkeun Karajaan Dwaraka. Sang Kresna ti Wangsa Yadawa
duduluran misan jeung Pandawa sarta Kurawa ti Wangsa Kurawa.

Prabu Santanu jeung turunanana

Prabu Santanu sarta Déwi Satyawati, karuhun para Pandawa jeung Kurawa

Prabu Santanu nyaéta saurang raja kasohor ti garis katurunan Sang Kuru, asalna
ti Astinapura. Manéhna ngadahup ka Déwi Gangga anu disupata turun ka dunya, tapi
Déwi Gangga ninggalkeun salakina alatan Sang Prabu ngarémpak jangji kawin.
Hubungan Sang Prabu jeung Déwi Gangga kungsi ngahasilkeun anak anu dibéré ngaran
Déwabrata atawa Bisma. Sanggeus ditinggalkeun ku Déwi Gangga, ahirna Prabu Santanu
ngaduda. Sawatara taun saterusna, Prabu Santanu neruskeun kahirupan rumah tangga
ku cara ngadahup ka Déwi Satyawati, puteri pamayang. Ti hubungan ieu, Sang Prabu
boga anak Sang Citrānggada jeung Wicitrawirya. Citrānggada maot dina umur ngora
keur waktu perang, saterusna manéhna digantikeun ku adina nyaéta Wicitrawirya.
Wicitrawirya ogé pupus dina umur nu ngora sarta tacan kungsi ngabogaan turunan. Ku bantuan Resi Abiyasa,
dua pamajikan Wicitrawirya, nyaéta Ambika jeung Ambalika, masing-masing ngalahirkeun anak nu ngaranna
Pandu (ti Ambalika) jeung Dréstarastra (ti Ambika).
Drétarastra lahir lolong, mangka tahta Astinapura dibikeun ka Pandu, adina. Pandu ngadahup ka Kunti
sarta ngabogaan tilu urang anak nu ngaranna Yudistira, Bima, jeung Arjuna. Saterusna Pandu kawin pikeun
anu kadua kalinya jeung Madrim, sarta ngabogaan anak kembar nu dingaranan Nakula jeung Sadéwa. Kalima
anak Pandu kasebut dipikawanoh salaku Pandawa. Dréstarastra anu lolong ngadahup ka Gandari, sarta
ngabogaan saratus anak lalaki jeung hiji anak awéwé nu dipikawanoh ku istilah Kurawa. Pandu sarta
Dréstarastra ngabogaan baraya bungsu nu ngaranna Widura. Widura ngabogaan saurang anak nu ngaranna
Sanjaya, anu ngabogaan panon batin nu sanggup nempo mangsa ka tukang, mangsa ayeuna, jeung mangsa ka
hareup.

Kulawarga Dréstarastra, Pandu, sarta Widura ngawangun jalan carita Mahabarata.

Pandawa jeung Kurawa

Pandawa jeung Kurawa ngarupakeun dua golongan nu sipatna béda tapi asalna ti karuhun anu sarua,
nyaéta Kuru jeung Barata. Kurawa (hususna Duryodana) boga sipat licik sarta sok dengki haté ningali
kaleuwihan Pandawa, sedengkeun Pandawa boga sipat tenang sarta sok sabar mangsa ditindes ku misan
maranéhanana. Bapana para Kurawa, nyaéta Dréstarastra, pohara mikanyaah anak-anakna. Hal éta
ngajadikeun manéhna mindeng dihasut ku iparna nyaéta Sangkuni, reujeung anak kadeudeuhna nyaéta
Duryodana, ambéh daék ngidinan rancana jahat nyingkahkeun para Pandawa.

Dina hiji mangsa, Duryodana ngondang Kunti jeung para Pandawa pikeun liburan. Di dinya
maranéhanana mondok di hiji imah anu geus disadiakeun ku Duryodana. Dina jero peuting, imah éta
dibeuleum. Tapi para Pandawa disalametkeun ku Bima sahingga maranéhanana henteu kabeuleum hirup-
hirup dina jero imah kasebut. Réngsé nyalametkeun diri, Pandawa jeung Kunti asup ka leuweung. Di leuweung
kasebut Bima papanggih jeung raksasa Arimba sarta maéhanana tuluy ngadahup ka adina, nyaéta raksasi
Arimbi. Ti dinya lahir Gatotkaca.

Sanggeus ngaliwatan leuweung geledegan, Pandawa ngaliwatan Karajaan Pancala. Di dinya nyebar béja
yén Raja Drupada ngalaksanakeun sayémbara ngarebutkeun Déwi Drupadi. Karna miluan sayémbara kasebut,
tapi ditampik ku Drupadi. Pandawa ogé milu ngahadiran sayémbara éta, tapi maranéhanana maké pakéan
kawas kaum brahmana. Arjuna ngawakilan para Pandawa pikeun ngabeunangkeun sayémbara sarta manéhna
hasil ngalakonanana. Sadatangna di imah, maranéhanana ngomong ka indungna yén maranéhanana datang
mawa hasil baramaén. Indungna ngajurung sangkan hasil kasebut dibagi rata pikeun sakabéh dulurna. Tapi,
kacida kagétna manéhna waktu nempo yén anak-anakna henteu ngan mawa hasil baramaén, tapi ogé saurang
wanoja. Teu pelak deui, Drupadi nikah ka lima Pandawa.

Maén dadu

Dursasana anu miboga watek dugal, metot lawon anu dipaké Dropadi,
tapi lawon kasebut terulur-ulur terus sarta teu béak-béak alatan meunang
kakuatan gaib ti Sri Kresna
Artikel utama: Sabaparwa

Ambéh henteu lumangsung perang rongkah, Karajaan Kuru dibagi dua


pikeun Pandawa jeung Kurawa. Kurawa maréntah Karajaan Kuru indung (puseur)
kalawan ibukotana Astinapura, samentara Pandawa maréntah Karajaan
Kurujanggala kalawan ibukota Indraprahasta. Boh Astinapura jeung
Indraprahasta ngabogaan karaton nu agréng. Hi ieu karaton, Duryodana tigejebur kana jero balong anu dikira
lanté, ku kituna dirina jadi bahan ejekan Drupadi. Hal kasebut ngajadikeun Duryodana ambek ka para
Pandawa.

Pikeun ngarebut kakayaan sarta karajaan Yudistira, Duryodana ngondang Yudistira pikeun maén dadu
kalawan taruhan harta sarta karajaan. Yudistira anu resep maén dadu henteu nampik ondangan kasebut sarta
daék datang ka Astinapura kalayan harepan bisa ngarebut harta sarta karaton milik Duryodana. Dina waktu
maén dadu, Duryodana diwakilan ku Sangkuni anu ngabogaan kesaktian pikeun migawé curang. Hiji-hiji
kakayaan Yudistira ragrag ka leungeun Duryodana, kaasup baraya sarta pamajikanana sorangan. Dina kajadian
kasebut, pakéan Drupadi dicoba ditarik ku Dursasana alatan geus jadi harta Duryodana saprak Yudistira éléh
maén dadu, tapi usaha kasebut henteu hasil berkah pitulung goib ti Sri Kresna. Alatan pamajikanana dihina,
Bima sumpah baris maéhan Dursasana sarta nginum getihna jaga. Sanggeus ngedalkeun sumpah kasebut,
Dréstarastra ngarasa yén malapetaka baris tumiba ka turunanana, mangka manéhna mulangkeun sagala harta
Yudistira anu dijadikeun tarohan.

Duryodana anu ngarasa kuciwa alatan Dréstarastra geus mulangkeun kabéh harta anu sabenerna kudu
jadi bogana, ngalakukeun maén dadu pikeun anu kadua kalina. Ayeuna, saha anu éléh kudu mikeun karajaan
sarta ngasingkan diri ka leuweung salila 12 taun, sanggeus éta kudu hirup nyamur salila sataun, sarta sanggeus
éta kakara beunang balik deui ka karajaanana. Pikeun anu kadua kalina, Yudistira miluan kaulinan kasebut
sarta sakali deui manéhna éléh. Alatan éléh, Pandawa kapaksa ninggalkeun karajaan maranéhanana salila 12
taun sarta hirup nyamur salila sataun.

Sanggeus mangsa pangasingan béak sarta luyu jeung jangji-pasini anu sah, Pandawa ngabogaan hak
pikeun nyokot deui karajaan anu dipingpin ku Duryodana. Tapi Duryodana boga sipat jahat. Manéhna henteu
daék mikeun karajaan ka Pandawa, cacak salega tungtung jarum ogé. Hal éta nyieun kesabaran Pandawa béak.
Misi damé dipigawé ku Sri Kresna, tapi sababaraha-kali gagal. Ahirna, perang henteu bisa disingkahan deui.

Perang di Kurusétra

Pandawa upaya néangan balad sarta manéhna meunang bantuan pasukan ti Karajaan Kakaya, Karajaan
Matsya, Karajaan Pandya, Karajaan Cola, Karajaan Kerala, Karajaan Magada, Wangsa Yadawa, Karajaan
Dwaraka, sarta réa deui. Sajaba ti éta para satria di Baratawarsa kawas contona Drupada, Satyaki,
Drestajumena, Srikandi, Wirata, sarta nu séjénna milu ngabiluk Pandawa. Samentara éta Duryodana ménta
Bisma pikeun mingpin pasukan Kurawa sakaligus ngangkat manéhna jadi panglima pangluhurna pasukan
Kurawa. Kurawa dibantuan ku Resi Drona sarta anakna (Aswatama), lanceuk ipar para Kurawa nyaéta
Jayadrata, sarta guru Krépa, Krétawarma, Salya, Sudaksina, Burisrawas, Bahlika, Sangkuni, Karna, sarta réa
deui.

Perang lumangsung salila 18 poé. Dina perang éta, réa satria anu gugur, kawas contona Abimanyu,
Drona, Karna, Bisma, Gatotkaca, Irawan, Raja Wirata sarta anakna, Bagadata, Susarma, Sangkuni, sarta réa
kénéh deui. Salila 18 poé Kurusétra dipinuhan ku bahéna getih sarta pembantaian yang mengenaskan. Dina
tungtung poé kadalapan belas, ngan sapuluh satria anu salamet tina perang, maranéhanana nyaéta: Lima
Pandawa, Yuyutsu, Satyaki, Aswatama, Krépa jeung Kretawarma.

Panerus Wangsa Kuru

Sanggeus perang lekasan, Yudistira diistrénan jadi Raja Astinapura. Sanggeus maréntah salila sawatara
lila, manéhna mikeun tahta ka incuna Arjuna, nyaéta Parikesit. Saterusna, Yudistira babarengan Pandawa sarta
Drupadi naék ka gunung Himalaya minangka tujuan ahir lalampahan maranéhanana. Di dinya maranéhanana
maot sarta ngahontal sawarga. Parikesit maréntah Karajaan Kuru kalawan adil sarta wijaksana. Manéhna
ngadahup ka Madrawati sarta ngabogaan anak nu ngaranna Janaméjaya. Janaméjaya ngadahup ka
Wapustama (Bamustiman) sarta ngabogaan anak nu ngaranna Satanika. Satanika nurunkeun Aswamedadata.
Aswamedadata sarta turunanana saterusna mingpin Karajaan Wangsa Kuru di Astinapura.

You might also like