You are on page 1of 2

Yayat Hendayana Sunda Tandang Geura tabeuh goong maneh, jalu Ngadu handaru jeung sora goong nu lian

Malar batur nyarahoeun Hidep teh gening teu pireu

Lain mangsana urang ngadedempes hees Dina wanci kudu nyaring Lain wayang urang leah Balap mandeurikeun maneh Majar teh da lain eleh

Tong katalikung ku tukang Mangsa dicangcang ku tambang Beunang ngarara sorangan Beunang mapaes nu hengker Hese incah hese lengkah Dicangreud ku sarwa ulah Akon-akon adiluhung

Geura tabeuh goong maneh, Jalu Geus meujeuhna nepak dada Baheula dicarek soteh Keur jaman silih eledan Ayeuna mangsana tandang Nu cicing wayahna nyisi

Puah

Geura teuneung geura ludeung Geura nyoara sing pertentang Anjeun mah lain bagejid, Jalu Tapi jangkrik siap tarung Prung!

2002

You might also like