You are on page 1of 13

Pupuh Sunda Asmarandana

Laras: Salendro Watek: silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan. 1 Pada := 7 padalisan. Pupuh 1: Asmarandana Eling eling mangka eling ( 8 engang vokal i / E-ling-e-lingmang-ka-e-ling (jumlah 8), ling panungtung vokalna i) rumingkang di bumi alam( 8 a ) darma wawayangan bae ( 8 e ) raga taya pangawasa ( 8 a ) lamun kasasar lampah ( 7 a ) nafsu nu matak kaduhung ( 8 u ) badan anu katempuhan ( 8 a ) Panambih: Eling-eling masing eling Di dunya urang ngumbara Laku lampah nu utama Asih ka papada jalma Ucap tekad reujeung lampah Tingkah polah sing merenah Runtut rukun sauyunan Hirup jucung panggih jeung kamulyaan

Laras: Salendro

Balakbak
Watek: pikaseurieun. 1 pada := 3 padalisan. Pupuh 2: Balakbak Aya warung sisi jalan rame pisan Citameng(15-e) Awewena luas luis geulis pisan ngagoreng (15-e) Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet nyanggereng (19-e). Panambih: Aya warung sisi jalan Rame pisan ku nu jajan Tihothat nu ngaladangan Nu jarajan sukan-sukan

Laras: Madenda

Dangdanggula
Pupuh 3: Dangdanggula Mega beureum surupna geus burit Ngalanglayung panas pipikiran Cikur jangkung jahe koneng Naha teu palay tepung Sim abdi mah ngabeunying leutik Ari ras cimataan Gedong tengah laut Ulah kapalang nya bela Paripaos gunting pameulahan gambir Kacipta salamina Panambih: Hiji basa, hiji bangsa Basa bangsa, Indonesia

Hiji bangsa, hiji nusa Nusa tunggal, Nusantara Seler-seler, suku bangsa Di wewengkon, mana-mana Sakasuka, sakaduka Wujud bangsa, Indonesia

Laras: Pelog, Soro

Durma
Pupuh 4: Durma: Moal ngejat sanajan ukur satapak Geus dipasti ku jangji Mun tacan laksana Numpes musuh sarakah Heunteu niat seja balik Najan palastra Mati di medan jurit Panambih: Di mamana si penjajah Pada amarah marudah Manan kapok anggur gawok Najan dituyuk diragut Nagri sadayana Umumna ngabela Nyempad rosa, pulitik penjajah Tapi nu ngajajah Teu pasrah, teu sadrah Terus meres, ngahina ngarinah

Laras: Pelog

Gambuh
Watek: bingung, samar polah atawa tambuh laku. 1 Pada := 5 padalisan. Pupuh 5: Gambuh Ngahuleng banget bingung ( 7 u ) henteu terang ka mana ngajugjug ( 10 u ) turug turug harita teh enggeus burit ( 12 i ) panon poe geus rek surup ( 8 u ) keueung sieun aya meong ( 8 o ) Ngahuleng banget bingung Heunteu terang kamana nya indit Turug-turug harita teh, enggeus burit Panonpoe geus rek surup Keueung sieun, aya meong Panambih: Hulang-huleng, hulang-huleng Ngahuleng ngaraga meneng Hate ratug, tutunggulan Heunteu terang, kaler-kidul Turug-turug, turug-turug Harita teh, enggeus burit Panonpoe geus rek surup Keueung sieun aya meong

Laras: Pelog

Gurisa
Watek: pangangguran, lulucon atawa tamba kesel. 1 Pada := 8 Padalisan. Pupuh 6: Gurisa Hayang teuing geura beurang ( 8 a ) geus beurang rek ka Sumedang ( 8 a ) nagih anu boga hutang (8 a ) mun meunang rek meuli soang ( 8 a ) tapi najan henteu meunang ( 8 a ) teu rek buru buru mulang ( 8 a ) rek tuluy guguru nembang ( 8 a ) jeung diajar nabeuh gambang ( 8 a) Hayang teuing geura beurang Geus beurang rek ka Sumedang Nagih ka nu boga hutang Mun meunang rek meuli soang Tapi najan henteu meunang Mo rek buru-buru mulang Rek terus guguru nembang Jeung diajar nabeuh gambang Panambih: Hayang teuing geura beurang Geus beurang rek ka Sumedang Nagih ka nu boga hutang Mun meunang rek meuli soang Tapi najan henteu meunang Mo rek buru-buru mulang Rek terus guguru nembang Jeung diajar nabeuh gambang

Laras: Salendro

Juru Demung
Pupuh 7: Jurudemung Mungguh nu hirup di dunya Ku kersaning anu agung Geus pinasti panggih Jeung dua rupa perkara Senang paselang jeung bingung Panambih: Mungguh hirup di alam dunya Ku kersaning anu agung Geus pinasti bakal panggih Suka bungah jeung kasedih Dua rupa nu tumiba Sakabeh jalma di dunya Senang patumbu jeung bingung Eta geus tangtu kasorang

Laras: Pelog Liwu

Kinanti
Laras: Pelog/Salendro Watekna: miharep atawa prihatin. 1 Pada := 6 Padalisan kembang ros ku matak lucu ( 8 u ) nya alus rupa nya seungit ( 8 i ) henteu aya papadana ( 8 a ) ratuning kembang sajati ( 8 i ) papaes di patamanan ( 8 a ) seungit manis ngadalingding ( 8 i ) Pupuh 8: Kinanti

Budak leutik bisa ngapung Babaku ngapungna peuting Nguriling kakalayangan Neangan nu amis-amis Sarupaning bungbuahan Naon bae nu kapanggih Panambih: Ari beurang ngagarantung Pinuh dina dahan kai Disarada patembalan Nu kitu naon ngaranna

Laras: Salendro

Ladrang
Pupuh 17: Ladrang Aya hiji rupa sato leutik Engkang-engkang, engkang-engkang Sok luluncatan di cai Ari bangun arek sarupa jeung lancah Panambih: Coba teguh masing telik Eta gambar sidik-sidik Sato naon kitu wanda Reujeung dimana ayana

Laras:

Lambang
Watek: banyol atawa pikaseurieun. Unggal Pada diwangun ku opat Padalisan. Pupuh 9: Lambang Nawu kubang sisi tegal ( 8 a ) nyair bogo meunang kadal ( 8 a ) atuh teu payu dijual ( 8 a ) rek didahar da teu halal ( 8 a ) Panambih: Nawu kubang sisi tegal Nyiar bogo meunang kadal Nawu kubang sisi tegal Nyiar bogo meunang kadal Atuh teu payu dijual Rek didahar da teu halal Nawu kubang sisi tegal Nyiar bogo meunang kadal Meunang kadal Atuh teu payu dijual Rek didahar da teu halal Da teu halal Laras: Salendro

Magatru
Pupuh 10: Magatru Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung Kopo reujeung Cisondari, Cicalengka, Ujung Berung Rajamandala, Cimahi Leles, Limbangan, Tarogong Panambih: Sukuna pakepit tilu Panonna opat harerang

Leumpangna semu nu lesu Ngalengkah teu bisa gancang

Laras: Madenda

Maskumambang
Pupuh : Maskumambang Duh manusa mana kaniaya teuing teu aya rasrasan abong ka mahluk nu laip nyiksa henteu jeung aturan Hulu abdi karaosna langkung nyeri tulang asa bejad tanduk mah pon kitu deui taya raoskeuneunnana Na dikinten abdi mo ngarasa nyeri pedah kabisan tapi yaktosna mah abdi ngan bakating kumawula Oge margi anjeun rupina ka abdi miwarang jeung maksa buktina disina jurit kalawan jeung dihatean Pileuleuyan dunya pisah sareng abdi moal bisa panjang abdi ningal bumi langit rek mulang ka kalanggengan jst.

Mijil
Pupuh 12: Mijil Mesat ngapung putra Sang Arimbi Jeung mega geus awor Beuki lila beuki luhur bae Larak-lirik ninggali ka bumi Milari sang rai Pangeran Bimanyu Panambih: Aduh Gusti nu Kawasa Jisim abdi ageung dosa Pangna abdi gering nangtung Reh ka sepuh wantun nundung

Laras: Pelog

Pangkur
Watek: nafsu, lumampah atawa sadia rek perang. Unggal Pada diwangun kutujuh Padalisan. Pupuh 13: Pangkur Seja nyaba ngalalana ( 8 a ) ngitung lembur ngajajah milang kori ( 12 i ) henteu puguh nu dijugjug ( 8 u ) balik paman sadaya ( 7 a ) nu ti mana tiluan semu rarusuh ( 12 u ) Lurah Begal ngawalonan ( 8 a ) Aing ngaran Jayapati( 8 i ) Panambih: Euleuh itu budak gembul Awak gembru bayuhyuh gawena kedul

Ukur heuay jeung nundutan Ka sakola unggal poe kabeurangan He barudak tong nurutan Ka nu gembul kokomoan Bisi kedul jeung ogoan Awal akhir katempuhan

Laras: Salendro

Pucung
Watekna piwuruk, wawaran, atawa mepelingan. Unggal Pada diwangun ku opat Padalisan.

Pupuh 14: Pucung Estu untung nu bisa mupunjung indung ( 12 u ) jeung nyenangkeun bapa ( 6 a ) tanda yen bagjana gede ( 8 e ) hitup mulus kaseundeuhan ku berekah ( 12 a ) Lutung buntung luncat kana tunggul gintung Monyet loreng leupas luncat kana pager dengdek Bajing kuning jaralang belang buntutna Panambih: Hayu batur urang diajar sing suhud Ulah lalawora bisi engke henteu naek Batur seuri urang sumegruk nalangsa

Laras: Salendro

Sinom
Watekna gumbira. Unggal Pada diwangun ku salapan Padalisan.

Di wetan fajar balebat ( 8 a ) panon poe arek bijil ( 8 i ) sinarna ruhay burahay ( 8 a ) kingkilaban beureum kuning ( 8 i ) campur wungu saeutik ( 7 i ) kaselapan semu biru ( 8 u ) tanda Batara Surya ( 7 a ) bade lumungsur ka bumi ( 8 a ) murub mubyar langit sarwa hurung herang ( 12 a ) Pupuh 15: Sinom Warna-warna lauk empang Aya nu sami jeung pingping Pagulung patumpang-tumpang Ratna Rengganis ninggali Warnaning lauk cai Lalawak pating suruwuk Sepat pating karocepat Julung-julung ngajalingjing Sisi balong balingbing, sisi balungbang Panambih: Harta pada nareangan Harti pada narabahan Harta harti sarwa guna Pada bisa mere bukti Bisa hasil sapaneja Sok nyumponan cita-cita Harta harti song mangpaat Dapon diraksa taliti

Laras: Madenda

Wirangrong
Barudak mangka ngalarti Ulah rek kadalon-dalon Enggon-enggon nungtut elmu Mangka getol mangka tigin Pibekeleun sarerea Modal bakti ka nagara Panambih: He barudak mangka ngarti Ulah rek kadalon-dalon Nungtut elmu jeung pangarti Masing rajin soson-soson Pibekeleun hirup tandang Modal bakti ka nagara Lemah cai anu urang Perlu dijaga dibela Laras: Vokal: Seniman/wati RRI Bandung Sumber: Dokumen RRI Bandung Encryptor: Ki Hasan (khs579@yahoo.@#$%&) Titimangsa: 11 September 2004

You might also like