You are on page 1of 3

Nalika Engkang Teu Damang

Kategori: Carita Pondok Dibaca: 1.594 kali Dilebetkeun: 30-12-2007 Carpon Ttty Suharti Wallohi, Engkang! Irahaeun teuing abdi wantun susumpahan. Kantenan bari ngababantun asmana Alloh sagala rupi. Sok asa teu wararantun. Rumaos diri seueur knh katuna. Sok sieun hanas abdi susumpahan, ari hg ninggang di abdi nu lepat. Beu, tada teuing isinna diri di payuneun Mantenna. Wantun susumpahan soth ka Engkang, kajurung ku hoyong ngayakinkeun, supados manah Engkang ngaraos reugreug, henteu aya kacangcaya. Abdi leres-leres kumawula ka pangersa Engkang th teu pisan-pisan ngarasula, stu lillahi Taala. Engkang! Welas-welas taun Engkang teu damang, ukur tiasa rumingkang sanyaliraeun. Welaswelas taun abdi ngurus barudak dugi ka sadaya lulus SLTA. Teu, Engkang, teu pisan-pisan abdi asa gaduh jasa sosoranganan. Abdi sadar, upami sans ku pangersa Mantenna, abdi mah kapan henteu daya teu upaya. mutan abdi, ta mah mung pangaturan Gusti Alloh, abdi nu kedah turun makalangan. Abdi mah darma kapapancnan jadi nu gaduh lalakon. Nanging sagala rupi og kapan Nu Maha Ngatur mah anging Anjeunna. Alloh SWT. Engkang sing percanten, abdi mah ukur darma wawayangan, kumaha dalang anu ngamankeunana. Peupeujeuh Engkang ulah kagungan manah cangcaya. Ulah sieun kna-kna abdi jagjag, teras wantun campelak ka Engkang. Kapan Engkang th pangeran abdi di dunya, sanaos kumaha ba kaayaanana. Ningal sarat, Engkang th teu daya teu upaya. Tapi kapan Alloh mah Maha Welas. Maha Asih. Moal nanggeuy di bongkokna. Welas asih ka sakumna mahlukna. Dua sasih sammh Engkang kaserang stroke nu kadua kalina, duka ku naon abdi bet teras-terasan ngaraos sedih. Teu welh ngembeng cipanon. Ras ka Engkang nu tos sering tiktikbrek, teu welh ririwit, bet asa lalewang, asa pinuh ku kamelang. Nanging mut deui kapan sagala rupi og anging Mantenna nu ngatur. Ras ka diri sorangan, sanaos ayeuna nuju jagjag belejag, umur mah saha nu terang. Boa abdi nu bakal langkung ti payun mulang. Bet jorojoy hoyong ngadoa, Gusti, upami salah saurang di antawis abdi Gusti aya anu dipundut, sim abdi gaduh panuhun, salian ti neda dihampura dosa, hirup hoyong aya dina rido Gusti, sareng neda disalametkeun dunya ahrat. Kahiji upami maot th ulah matak pikasieuneun batur. Kadua mugi ulah matak pikagilaeun nu ngalereskeun. Katilu ulah matak pikaisineun barudak anu dikantun. Nu pikareuwaseun mah nalika salira babareuhan. Saur dokter Solh, Engkang teh kaserang panyawat jantung. Kedah diopnameu. Abdi bingung, teu puguh laku. Teu kacipta atuda upami Engkang dirawat, pisakumahaeun teuing riweuhna. Dokter Solh nu tos biasa marios Engkang, bobolh basa disuhunkeun landong wungkul, bari teu kedah dirawat. Aya rasa keuheul og, tos aya kana sapuluh wangsulanana marios Engkang ka anjeunna teh, tapi mani teu aya pisan tinimbanganana. Ngalih we ka dokter sans. Angger kedah dirawat. Panasaran dicobian ka Puskesmas, sami kedah dirawat. Nypkeun kapanasaran dibantun ka dokter Mumi. Dokter istri urang Jawa nu praktkna teu pati tebih ti rorompok urang. Anjeunna teh tos dua belas taun

ngaasistnan dokter ahli panyawat jantung. Rupina tos terang pisan maparin landong matih kanggo nu kaserang panyawat jantung tos rada parna. Dupi Bapa kumaha tuangna, tiasa seueur? dokter naros. Nu mawi, Dok, tuangna th mung ukur bubur lemu campur susu, kitu g sakedik pisan. Da sok palay luga ba, sanaos tuangna ukur sakedik og, waler abdi. Bapa teh kirang gizi, Bu. Ti ayeuna mah kedah sina seueur tuangna. Rncangna g kedah nu ngandung gizi, nanging ulah nu digorng. Pais hayam, pais lauk, pais tahu campur sungsum g tiasa. Hawatos atuh Bu, dugi ka kieu, ck dokter. Abdi ukur ngabelehm, isin. Tapi dokter th bangun nu surti, da teras ngupahan. Teu kedah salempang, tebus w ieu landong saminggueun, sp landong ka dieu deui. Wilujeng, mugi sing nggal damang. cenah. Sapaparat jalan mulang, abdi ngusapan panangan Engkang bari neda dihapunten. Paralun abdi th sans teu nyaah ka Engkang. Abdi kirang towksa, dina ngurus tuangeun. Panangan Engkang anu bareuh bukekeng ku abdi diusapan. Deudeuh teuing. Engkang th busung lapar panginten. Hapunten abdi. Ti harita, sanaos kumaha riweuhna, abdi sok teu welh mayunkeun ngurus tuangeun Engkang. Engkang ku abdi sok diwagel angkat-angkatan. Dihaturanan kopah sareng sarung anyar knging msr abdi. Wawartos ka Engkang mah ti rrncangan, tang-tang nyanggakeun panglayad ka Engkang. Engkang imut. Duka leres percanten rrncangan abdi nyaraaheun ka Engkang, duka Engkang ngartos kana rkayasa abdi bakat ku hoyong nyenangkeun manah Engkang. Nu penting Engkang tiasa wirid bari nganggo anggoan nu sagala beresih. Sanaos sanes hartosna kedah sagala anyar, nanging kapan Engkang bakal bingah upami sagala nu disanggakeun anyar. Panuhun abdi diturut ku Engkang. Bari sila andekak dina korsi panjang, Engkang teras-terasan ngucapkeun Lailahailallah, da mung ta-tana kalimah nu tiasa kaluar kalawan lancar tina baham Engkang. Pita suara Engkang nu reksak, ku kamurahan Gusti Alloh, tiasa knh ngucapkeun Lailahailallah kalawan lancar. Dinten Saptu harita th. Abdi libur teu ngantor. Kaleresan aya aturan nggal, unggal Saptu diliburkeun. Jam satengah dalapan njing-njing, Engkang dihuapan bubur. Dumadakan atuh bet asa rarinh boh mutan boh kaayaan. Engkang ngalimed tuang, bubur sapiring th mani lnang. Ngahaja ku abdi dihuapan th supados tiasa seueur tuangna. Leres ba geuning ari bari diajak ngobrol mah, Engkang keresa tuang bari bangun anu bingah. Engk siang urang ngadamel deui pais hayam, nya Engkang, sanggem abdi. Duka ku naon raraosan th mani asa bingah tapi asa aya nu nyrst kana hat. Mani hoyong th ngabingahkeun manah Engkang, nanging teu terang kedah kumaha. Aya rasa deudeuh tan wangenan nu nyaliara jeroeun dada. Tapi aya rasa lewang nu teu puguh lantaranana. Asa tingsrdt hat, asa ngaleketey sedih, tapi asa mendak kabungah nu og teu puguh marga lantaranana.

Nuang landong heula nya, Engkang. Bad nganggo cai amis? abdi naros. Heeh, Engkang ngawaler bari unggeuk. Sabot abdi ngabantun gelas, Ahmad ngajerit. Engkang tos ngajoprak dina korsi, bari salira jegjreg. Abdi ngusap beungeut bari istigfar. Ningal kaayaan sapertos kitu, abdi apal, Engkang koma. Ciri-ciri sapertos kitu biasana pecah pembuluh darah dina mastaka. Dijajap ku mobil pun adi, Engkang dibantun ka rumah sakit. Kaleresan teu aya kelas nu kosong. Aya oge di mung VIP. Kedah sayagi uang muka lima ratus rbu. Abdi mung gaduh satengahna. Tapi knging karinganan, ssana tiasa dibayar dinten Senn. Sabada diparios sababaraha rupi pamariosan, Engkang lebet ka ruang VIP. Sasadrkan ngawitan jul-jol ngalayad. Jol suster nu bad masang kateter. Jol deui nu ngawartosan, Ibu, ieu rmot kanggo AC, ieu rmot kanggo TV, ieu konci kulkasna, tiasa dianggo, pokna. Abdi ngarrt ka Engkang nu nuju dipasang selang. Bari tungkul nahan cipanon nu murubut, abdi ngagero nyambat jenengan Mantenna. Ya Alloh! Kedah kumaha abdi nmbongkeun rasa tumarima? Nuhun Gusti, abdi dipaparin kasempetan kanggo ngurus pun lanceuk kalayan utami, henteu ngagolr dina samak saheulay, disimbutan samping butut. Sanaos hirup abdi mung ukur paspasan, sawios welas-welas taun kedah bajoang kalawan tohtohan. Nanging abdi yakin, abdi henteu sorangan. Aya panangan Salira anu tetep nungtun, tetep nuyun. Anu nebihkeun tina sagala rupi wiwirang. Anu kawasa maparinkeun nu pangsana kanggo sing saha anu dipilihna. Engkang bangun kulem tibra. Abdi reumbay cimata pinuh rasa tumarima. Nyanggakeun Ya Robbi, naon ba anu baris tumiba, abdi moal mungpang kana Pangersa Salira. Nanging mugi salamina aya dina rido Gusti. Salami Engkang teu damang, teu tiasa pisan palmk. Engkang ngalemprh, ngantos putusan nu baris tumiba. Abdi ngaheruk, neda kasalametan dunya aherat kanggo Engkang. Neda dipaparin kakiatan kanggo nampi naon nu baris tumiba.***

You might also like