Professional Documents
Culture Documents
Jaman baheula aya Kuya imah-imah di sisi muara. Gawena ngahuma, ngahumateh indit isuk datang sore magrib. Hiji poe Kuya keur di huma, aya hujan geode bari jeung angina. Tatangkalan rarungkad imah Kuya oge
kaapungkeun murag ka leuwi brus ti teleum. Sakadang Kuya sedih kacida, isukana manehna ngieun dei anu leuwih keker supaya te kabawa angina. Hiji poe manehna balik ti hima, Kuya teh masak pikeun dahar sore. Sabot masak Kuya kacai hela, keur di cai katingali hasep ngebul dina suhunan imahna ku Kuya diburu tapi imah geus angus seneuna gede nakeranan. Kuya teh ceurik. Keur kitu jol bae Monyet kolot. Monyet ngomong ka sakadang Kuya, tong ceuri sakadang Kuya ngieun deui imahmah! Anu matak sakadang Monyet lain sakali wae kacilakaan imah teh bareto kabawa angina. Kudu kumaha akalnanya supaya imah awet? cak sakadang Kuya! Sakadang Monyet ngajawab, gampang atuh, ngarah imah ulah cilakamah dibawa bae, ulah ditinggalkeun. Pek ngieun dei anu alus tur kuat ke lamun geus anggeus arang tangkodkeun kana tonggong anjeun, pantone sakira asup sirah supaya gampang ngelokeun sirah ka jero. Eta papatah teh ku Kuya diturutkeun, saenggeus anggeus prak ditengkodkeun dina tonggongna, monyet anu memenerna. Nah ti haritamah imah sakadang Kuya teh sok dibabawa bae, digagandong.
Rincian Dongeng: - Judulna : Kuya Ngagandong Imahna - Bahasana : Kasar - Palakuna : Sakadang Kuya jeung sakadang Monyet - Watek palakuna : Sakadang Kuya = Getol daek digawe, gampang putus asa an, te kuat kena musibah. Sakadang Monyet = Daek babantu jeung mere saran - Tempat/latar : Baheula dihiji kebon deket walungan - Eusi/hikmah nu bisa di cokot : Jadi jalma kudu getol kos sakadang Kuya tapi tong gampang putus asa jeung tong bodo. Jeung kudu daek babantu ka batur kos sakadang Monyet.
tanduk ka sakadang jago haritamah jago teh aya tandukan menta di anteur ka titinggi. Sanggeus aprok dicaritakeun sakabeh pamasalahan naga ka jago. Maksudnamah nginjeum tanduk ka jago, engke dianteurkeuna deui ku sakadang titinggi cak sakadang naga. Hayam jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung licikna naga. Lila-lila naga ngarayu, jago oge merekeun tandukna ka sakadang naga. Cak naga ka jago engke tandukna dibalikeun deui dianteurkeun ku titinggi samemeh balebat, lamun balebat can balik wae bisi kaula poho ngawangkong jeung dewa, anjeun mere tanda weh kongkorongok sing tarik. Geus kitumah jung weh naga jenug titinggi the arindit. Isukna samemeh balebat hayam jago kongkorongok satakerna. Sakali dua kali titinggi teu datang wae, terus jago teh kongkorongok sababaraha kali deui, tapi tetep titinggi teu dating keneh bae. Nepi ka brayna berang titinggi teu datang-datang. Keun sugan cenah peuting engke pok hayam teh. Tapi weleh ditunggu nepi kasubuh titinggi teu dating keneh wae. Pohara ambekna hayam jago nepi ka nyancam lamun titinggi dating arek di pacok nepikeun ka paehna. Ti harita hayam jago teh tiap-tiap subuh kongkorongok sarta mun papanggih jeung titinggi sok langsung dipacok nepi ka paehna, males pati dumeh kungsi ngabobodo.
Rincian Dongeng: - Judulna : Hayam Kongkorongok Subuh - Bahasana : Kasar - Palakuna : Hayam Jago, Titinggi jeung Oray Naga - Watek palakuna : Oray Naga = jahat, sok nipu, teu sukur, sok hayang nu batur.
Titinggi = Daek wae di titah sanajan salah, teboga pamadegan. Hayam Jago = Babari percaya, gampang dibobodo. - Tempat/latar : Hiji tempat jaman bahela nyaeta di leuweung - Eusi/hikmah nu bisa di cokot : Ari hirup teh ulah sombong, adigung, ulah sok nipu, jiga Oray Naga. Ulah sok daek wae di titah lamun salah jiga Titinggi. Ulah gampang di bobodo bisi kaduhung, ulah gampang percaya ka jalma jiga sakadang Hayam Jago.
Rincian Dongeng: Tema : Perang Duduluran Judulna : Cai Laut Asin Bahasana : Kasar Alur/plot : Ngagunakeun alur maju Cara Nyarita/ Sudut Pandang : orang ka 3 palaku utama Palakuna : Dua urang adi lanceuk: lanceukna Ki Jana, Adina Ki Jani. Watek palakuna :
Ki Jana = Sarakar, koret, embung tutulung kanu susah. Ki Jani = Bageur, berehan, daek tutulung kanu susah. Tempat/latar : Jaman baheula di hiji lembur. Eusi/hikmah nu bisa di cokot :Jadi jalma ulah koret jeung jahat, siga Ki Jana anu tung-tungna bakal cilaka. Kudu kos Ki Jani bageur sok daek nulungan batur, hirupna jadi senang tur tentrem
Watek palakuna : Prabu Rakata = Arip, adil, tur bijaksana. Raden Sundana = Sarakah Raden Topobrana = Embung ditindes Tempat/latar : Jaman baheula di Pulo Jawa belah kulon.
Eusi/hikmah nu bisa di cokot : Jadi jalma kudu arif, jujur, adil tur bijak sana kawas Prabu Rakata, ulah Sarakah jiga Raden Sundana.
Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara, Engga, gaaaa! Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!
Rincian Dongeng: - Judulna : Gagak Jadi Hideung - Bahasana : Kasar - Palakuna : Gagak jeung Oray Sanca - Watek palakuna : Gagak = Badeur, sok daek nyopet, te bisa digenggereuhkeun. Oray Sanca = Getol, daek usaha, rajin. - Tempat/latar : Caritana jaman baheula di hiji balong nu loba laukan - Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Ari jadi jalma teh kudu getol daekan, ulet, usaha lamun hayang bog amah kos sakadang Oray Sanca. Ulah jiga Gagak baong, haying ngenah doing embung gawe.