You are on page 1of 1

Teu di Bandung teu di Tasik, teu di Garut, boa ketang di Cikajang mah bda....

Eta kalakuan kenek angkot atawa angped di mana wae lamun jojorowokan nawarkeun jurusan angkotna atawa nanyakeun nu erek turun atawa eureun ka panumpang sakapeungmah matak piambeukeun,pikabingungeun anu kakara tapi lamun geus apal mah sok hayang seuri, geura reungeukeun:

Di Bandung: "Gede.....Panjang......Gede.....Panjang......!!" Kade...sjn keur promosi ubar taeun nu ayeuna keur meuweuh atawa promosi sabangsa ma erot, tapi nawarkeun rute angkotjurusan Gedebage - Leuwi panjang....!

"Ach......Merdika......Ach.......Merdika......!!" jojorowokan satakerbek najan hareupeun tangtara atawa pulisi oge moal nepi kadi tewak da di Bandung mah geus arapaleun lamun kenek eta nawarkeun angkot jurusan Cicaheum Kebon kalapa ngan rutena ngaliwatan jalan Merdika jeung jalan Ach.

"Sato.....aya turun.....? ibu......bapa.....sato......!!" tongwaka ambek disebut kitu th, si kenek nanyakeun bisi aya nu turun di kebonsato di jalan Taman Sari anu kaliwatan kuangkot.

Eta di Tasik mah kieu jorowok na th: "sila.......sila.....hijideui...!!" lamun seug ninggang ka jalma nu anyar ulin ka Tasik mah bakalho'okeun ngadeng jorowok kenek anu ngagantung na lawang panto, rek teu kitu kumaha atuh....sakitu katingali metetna bet anu dijero oge diaradu tu'ur ari jojorowokan sila......sila...hiji deui.......? Padahal manehna th nawarkeun jurusan ka pancasila

Ari di Garut mah karunya ka anu ngarana DANA, kade na bisi aya baraya anu ngarana dana tong waka ambek jeung kasigeung lamun ngadenge jorowok kenek angkot "DANA EGANG....DANA EGANG.........." eta th sjn moyokan dana pedah leumpangna egang tapinawarkeun angkot jurusan Sukadana-sukaregang.

Ehhh Naha ari di Cikajang Mah nyaaa!!! Siga nu edek nawaran kandang keur Sato, tong waka seuri tong waka ngagik-gik jorowok kenek angkot KANANG....KANANG....KANANG....KANANG....!!! tah eta teh sjn keur nawaran kandang sato tapinawarkeun angkot jurusan Cikandang.

You might also like