You are on page 1of 4

ANAK TUKANG BOHONG. Si Salham anak tukang bohong.

Geus kaceluk kamana mendi yen Bapa Salham jelema gede wadul, gede omong, sumawonna tatangga-tatanggana mah geus teu aya nu percaya saurang-urang acan kana omong Bapa Salham teh. Lamun aya jelema ngawadul cek baturna teh Silaing mah kawas Bapa Salham bae. Barudakna ge salembur eta mah geus nyarahoeun kabeh, nepi ka nelah Si Salham anak tukang wadul. Sakali mangsa mah Si Salham kacida ngenes atina, dumeh rek milu ulin ku baturna teu dibawa, pokna:Montong ulin jeung Si Salham bisi katepaan wadul, da anak tukang bohong, meureun manehna ge gede bohong. Tina ngenesna, tuluy balik ka imahna bari jamedud. Manehna teh ngomong bae di jero atina ku hayang ngabuktikeun omong batur-baturna, naha enya bapana teh ahli wadul atawa pitenah bae. Kabeneran barang datang ka imahna, cek bapana : Salham isukan mah maneh ulah ulin, urang ngala suluh ka leuweung. Walon Si Salham heug, Di jero atina manehna ngomong: Nya ayeuna bisa nyelok ka bapa teh. Kacaritakeun isukna isuk-isuk bral arindit ka leuweung, mekel timbel, deungeunna oncom jeung sambel, da lalabna mah di leuweung ge loba. Ari Si Salham mawa wajit deui hiji diselapkeun dina calana. Barang nepi ka leuweung, cek Si Salham:Euleuh, bapa....itu badak. Omong bapana:Euleuh heueuh, deuleu itu anakna aya dalapan. Cek SiSalham:Mana bapa?. Cek bapana deui: Tuh geuning ka lebak. Padahal euweuh badak, euweuh naon-naon. Si Salham ngomong di jero atina: Beu, enya, manahoreng bapa teh tukang wadul. Tidinya ger maranehna ngala suluh. Kira wanci pecat sawed Bapa Salham jeung anakna areureun di handapeun tangkal kai rek murak bekelna, ari lalabna mah geus ngunduh, bongborosan jeung pupucukan, keur bawaeun balik ongkoh sawareh.. Kacaritakeun deukeut ka dinya aya susukan gede. Sanggeus entep barang daharna, kesang geus pepes jeung geus reureuh capena, Si Salham ngomong, pokna: Bapa, kula hayang mandi heula, cing anteur. Tuluy Si Salham jeung bapana ka cai. Barang datang ka cai Si Salham mandi, tapi calanana dipake bae, lep teuleum. Barang bijil deui tuluy hanjat, pok ngomong ka bapana :Euleuh bapa, mana horeng di jero cau teh aya lembur, di dinya aya nu keur kariaan, kaula ge dibawa ngariung, tah ieu berekatna ngan mawa wajit we hiji. Walon bapana:Aeh aeh na enya?. Cing bapa rek kaditu. Tuluy Bapa Salham turun ka cai, lep teuleum. Ari susukan teh teu kira-kira loba batuna, kawantu susukan di pagunungan. Bapa Salham tidadalagor kana batu, tarangna

bancunur. Ari teuleumna mah teu wudu kebel. Tidinya jol deui bijil, tuluy hanjat. Cek Si Salham:Kunaon bapa tarang baloboran getih?. Walon bapana:Har kapan bapa teh di nu kariaan ditanggap menca, diadukeun jeung urang ditu, teu wudu rada ripuh diteunggeulan tarang, tapi ari nu eleh mah itu, rubuh ku bapa, teu bisa hudang deui. Omong Salham:Na dimana bapa aya nu kariaan? Kapan di ditu di jero cai Cek Si Salham: Atuh sameureun bapa, kula ku batur-batur sok disarebut anak tukang wadul nepi ka btur teh teu daraekeun dipiluan ulin, kula teh kacida nya ngenes ati. Manhoreng bapa teh lain ka deungeun-deungeun bae ngawadul teh, ka anak ge kitu we. Ari kitu mah bapa teh lain nyontoan bageur ka anak teh. Cing atuh bapa ulah kitu. Bapa Salham reup geuneuk ray pias, awahing ku era ku anakna, sarta niat di jero atina rek kapok moal wadul-wadul deui

. TILU RUPA PAMNTA.


Jaman baheula aya hiji jalma teuing ku malarat, dahar sor henteu isuk. Ari pakasabannana buburuh ngangon domba. Sanajan manhna kacida getolna, henteu mahi ba, sumawonna cukup keur sapopo, sabab panghasilanana leutik. Ari buruhannana dina sabulan th ukur lima geugeus par jaba dahar. Demi dununganana jalma beunghar, tapi teuing ku kort jeung licik, ka pangangon th ngan minteran ba. Upama tukang ngangon domba rk indit ngangon, dibekelan th ngan ukur sangu jeung uyah sambel, langka pisan dibr deungeun sangu nu sjn. Lamun keur usum pann, dibr par buruhan th sok dipangmilihkeun par nu gambrang pisan. Atuh mun dijual th teu sabaraha hargana, teu bisa keur meuli baju nu pangmurahna. Papakana geus ruwang rawing pisan, cara jalma nu owah ba. Sakali mangsa tukang ngangon th gering nepi ka teu bisa ngangon, ku dununganana teu diurus. Barang geus cageur sarta keur mamayu, ngan can kaduga ngangon. Ka dununganana mnta barang dahar teu dibr da can aya hasil gawna, nepi ka manhna jajaluk. Liwat saking prihatin sarta ngenes di jero hatna. Beurang peuting manhna neneda hayang bisa cara deungeun-deungeun, teu kurang ku dahareun, teu kurang ku pakeeun. Ku tina nyeri hatna, antukna miceun manh ka leuweung, teu dahar teu nginum. Barang geus meunang sababaraha po sar di leuweung hanpaeun tangkal kai. Ari hudang bet manggih batu gigireunana tilu siki, saged-ged muncang, baruleud laleucir, kawas batu cao. Teu kira-kira manhna kagteunana. Ngomong di jero hatna : Na saha nu neundeun ieu batu th, da tadi mah euweuh. Sabot kitu kadng aya sora tan katingalan, pokna : H jalma miskin, kusabab manh sakitu prihatinna, ayeuna pamnta manh dikabulkeun. Manh meunang mnta tilu rupa, naon ba karep manh, Unggal rupa pamnta ta batu anu tilu kudu dialungkuen hiji-hiji. Tukang ngangon kacida atohna, batu dicokot, di kana pesakkeun, bari nyembah acong-acongan, pokna : Nuhun Gusti, nuhun..!! Ti dinya tuluy indit rk balik ka lemburna. Sajajalan mut ngaggelenyu seuri sorangan, awahing ku atoh, bari mikir-mikir rk mnta naon. Di jero hatna : Hiji aing rk mnta beunghar, dua rk menta jadi raja, sanajan beunghar g ari teu boga kakawasaan mah kurang sampurna, katilu rk menta boga loba anak, sangkan aya nu nuluykeun jadi raja, sarta aya nu ngurus banda pakaya Barang datang ka imahna, manhna rk nyoba mnta beunghar, tapi ck pikirna leuwih had menta duit ba sing loba, sabab ari mnta munding atawa kuda mah amba, jeung deui ari geus boga duit mah hayang naon-naon g tangtu bisa. Tuluy ngodok batu rk dialungkeun bari mnta ta. Tapi ngomongna kacaltot, maksudna rk menta loba duit ari pok bet mnta loba ceuli. Barang keleweng th batu dialungkeun, ngan reng w awakna pinuh ku ceuli, kawas tunggul pinuh ku supa lmbr. Atuh manhna gogolran ceurik, awahing ku gila ningali awak sorangan, jeung handeueul pamnta geus mubadir hiji. Sanggeus rada leler, ngomong di jero hatna : Ah keun ba teu kudu menta jadi raja, teu kudu loba anak, dapon beunghar ba, ieu batu nu hiji rk dialungkeun deui, menta supaya ceuli leungit kabh. Keleweng batu

dialungkeun. Les ba ceuli nu rimbil th ngiles, leungit kabeh. Manehna bungah liwat saking, sarta niat rk ati-ati dina mnta nu katilu supaya ulah kacaltot deui. Dumadak inget kana ceuli nu dua, nu asalna aya, bet euweuh, kabawa leungit ku ceuli ciciptaan. Atuh ngan hing deui we ceurik, leuwih tarik batan tadi, sabab pamnta ngan kari hiji deui. Ngomong di jero hatna : Kumaha petana, ayeuna lamun aing mnta beunghar tangtu jadi jelema tanpa daksa, teu boga ceuli. Lamun tetep mnta ceuli nu asli balik deui, meureun tetep jadi jalma malarat. Tidinya jorojoy ba aya pikiran nu sampurna, ck atina : Wah leuwih had aing mnta didatangkeun deui ba dua ceuli nu asli, sabab saur sepuh g nu utama mah badan walagri sarta cageur, ta th leuwih utama batan kabeungharan. Saenyana jalma nu disebut beunghar th nyata jelema nu narima kana kulak canggeum awakna. Saperti diri kuring da geus milikna kudu malarat, ari usaha mah da geus dilakonan. Hanas ta teu boga dahareun jeung pakeun nya rk ihtiar w, da anggahota lengkep, tanaga rosa. Anggur rk nangan deui ba dunungan nu bageur tur haat ka diri kuring. Tidinya batu nu tinggal sasiki th dialungkeun, mnta ceulina nu asli balik deui sabihari. Harita knh awakna walagri deui.

You might also like