You are on page 1of 1

SAJARAH ISTANA BOGOR

Istana Bogor diwangun ku Gustaf Willem Baron Van Imhoff 1745-1749, baheula dingaranan Buitenzorg atawa sans souci anu hartina teu aya kahariwang. Lokasi istana dipilih ku Van Imhoff sorangan sabab kairut ku katingtriman hiji kampung anu ngaranna Kampung Baru, patilasan Karajaan Pajajaran. Van Imhoff sorangan anu nyieun desain, nyonto kana arsitktur Bienheim Palace, imahna The Duke Of Malborough, deukeut kota Oxford, Inggris. Awalna, Van Imhoff miboga rarancang pikeun ngawangun ta wilayah minangka darah pertanian jeung tempat reureuh nalika liburan. Istana Bogor mimiti diwangun ngan ngawengku tilu tingkat wungkul, pross ngawangunna diteruskeun ku Gubernur Jendral Jacob Mossel (1750-1761). Tanggal 10 Oktober 1834, Istana Bogor kungsi ruksak alatan gempa vulkanik.

Taun 1850, istana diwangun deui tapi henteu ditingkat sabab rawan gempa. Dina mangsa pamarntahan Gubernur Jndral Albertus Jacob Dujimayer (1855-1856) wangunan heubeul diruntuhkeun terus diwangun wangunan anyar anu mak gaya Eropa abad ka-19. Taun 1870, Istana Bogor dijadikeun imah dines Gubernur Jndral Hindia Walanda jeung Inggris. Nu nempatan terahir Istana Bogor zaman harita nya ta Gubenur Jendral Tjaarda Van Starkenborg Stachurwer, sabab kudu masrahkeun Istana Bogor ka Jndral Imamura, taun 1942. Taun1950, Istana mimiti dipak ku pamarntah Indonsia, anu satuluyna diresmikeun jadi Istana prsidn.

Agung Wibisono XI TP 1

You might also like