You are on page 1of 1

Girang pangajeng anu ku sim kuring dipihormat, Bapa miwah ibu guru anu ku sim kuring dipihormat, rerencangan

sadaya anu ku sim kuring dipikameumeut. Langkung tipayun mangga urang panjatkeun puja sinareng puji ka Gusti nu Maha Kuasa anu parantos nakdirkeun urang sadaya, tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu kasempatan anu sakieu mulyana. Mudah-mudahan Allah SWT tetep masihkeun pitulung sareng taufik-Na ka urang sadaya, dugi ka urang tiasa nyuprih hikmah, padilah sinareng manfaat, tina ieu acara sareng pamaksadan. Hadirin anu mulya, unggal poe tangtos urang sadaya teu leupas tina maos kecap-kecap. Nu tangtosna aya gunana pisan ka kahirupan sadayana. Sanajan kitu, aosan nu resep dimaos nyaeta wartos-wartos nu penting jeung haneut. Teu kawon pentingna maos buku pangajaran, ensiklopedia, jeung artikel- artikel dina Koran, majalah atawa liwat internet. Kanyataanana loba nonoman jeung barudak nu kedul maca hal- hal penting kawas warta, pedaran- pedaran jsb. Bakating eta, budaya maos kedah didedetkeun kana budaya maca atawa maos. Kusabab pangaweruhna gede kanggo ngalatih ingetan urang sadaya jeung nambah elmu sangkan teu kolot panalarna.. Mudah-mudahan, ti ayeuna kapayun aya kereteg dina manah urang sadaya, hoyong ngamumule, ngajaga sinareng ngariksa budaya maos. Ngamanah heula pangaweruhna Amiin. Sakitu anu ka sanggakeun pamungkas pihatur, agung cukup lumur jembar pangampura, tina sadaya kakirangan sareng kalepatan. Hampura mun aya cariosan anu teu ngeunah. Wilujeung siang jeung hatur nuhun.

You might also like